WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA KALIMAH NGANTÉT DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA.

(1)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... vi

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR BAGAN ... xi

DAFTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan ... 6

1.2.1 Watesan Masalah Panalungtikan ... 6

1.2.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 7

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 8

1.5 Définisi Istilah ... 8

1.6 Sistematika ... 10

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 Ulikan Tiori ... 12

2.1.1 Sintaksis ... 12

2.1.2 Klausa ... 14

2.1.2.1 Unsur Fungsional Klausa ... 15

2.1.2.2 Klausa Bébas ... 27

2.1.3 Kecap Panyambung (Konjungsi) ... 43

2.1.4 Kalimah ... 46

2.1.4.1 Wangenan Kalimah ... 46

2.1.4.2 Unsur Kalimah ... 47

2.1.5 Kalimah Ngantét ... 57

2.1.5.1 Wangun Kalimah Ngantét ... 57

2.1.5.2 Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét ... 61

2.1.6 Kawih ... 69

2.2 Anggapan Dasar ... 74


(2)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan ... 76

3.2 Sumber Data ………. 76

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 77

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 78

3.5 Desain Panalungtikan ... 78

3.6 Téhnik Ngolah Data ... 86

BAB IV WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA 4.1 Déskripsi Data ... 81

4.2 Analisis Data ... 89

4.2.1 Wangun Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda ... 89

4.2.2 Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda ... 91

4.2.2.1 Hubungan Jumlah ... 92

4.2.2.2 Hubungan Lalawanan ... 94

4.2.2.3 Hubungan Tumuluy ... 97

4.2.2.4 Hubungan Sinambung ... 96

4.2.2.5 Hubungan Panandes ... 100

4.2.3 Pedaran hasil Panalungtikan ... 101

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 104

5.2 Saran ... 105

DAFTAR PUSTAKA ... 113

LAMPIRAN-LAMPIRAN... 116


(3)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Basa Sunda anu nyampak ayeuna mangrupa hasil tina kamekaran ti mangsa ka mangsa. Éta kamekaran téh ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang Sunda anu kapangaruhan ku suasana tempat jeung waktu anu kasorang dina sajarah hirupna. Kamekaran basa Sunda sajalan jeung kamekaran kahirupan kabudayaan urang Sunda. Ari sababna basa téh miboga fungsi pikeun nyumponan sabagian tina pangabutuh anggota masarakat dina hirup kumbuhna.

Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya anu makéna, nepi ka miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda deuih (Sudaryat,2007: 2). Jaba ti éta, basa Sunda mibanda kalungguhan salaku basa daérah anu hirup-huripna ditangtayungan ku nagara. Luyu jeung UUD 1945 (hasil Amandemen), Bab XIII, Pasal 32, ayat 2 anu

nétélakeun yén “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional”.

Dina kalungguhanana salaku basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri (identitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung


(4)

masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran bahasa Indonesia jeung pangajaran lianna jeung, (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat,2007: 2). Nilik kana éta hal, tétéla basa Sunda miboga fungsi nu kalintang pentingna dina kahirupan urang Sunda. Kiwari pikeun kalumangsungan hirup-huripna basa Sunda Pemda Propinsi Jawa Barat

ngaluarkeun Perda Nomer 5 taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra

dan Aksara Daerah“.

Pamakéan Basa Sunda téh lain ngan ukur digunakeun dina komunikasi lisan, tapi ogé digunakeun dina komunikasi tulisan boh dina situasi resmi boh situasi teu resmi. Dina situasi resmi basa Sunda digunakeun upamana dina gempungan, seminar, lokakarya, buku pelajaran basa Sunda pikeun murid di sakola, ngajarkeun pangajaran basa Sunda di sakola, jeung sajabana. Dina situasi teu resmi basa Sunda digunakeun dina hubungan kulawarga di imah, antara tatangga nu saséké-sélér Sunda, jeung anggota masarakat lianna nu maham kana basa Sunda. Salian ti éta basa Sunda digunakeun pikeun sababaraha kaperluan saperti urusan pamaréntahan, dagang, tatanén, atikan, kaséhatan, kaagamaan, dunya industri, téknologi, patalimarga, pakasaban, sosial, ékonomi, pulitik, budaya, Jeung karya sastra.

Wellek jeung Warren (1989:14) nétélakeun yén basa mangrupa bahan baku kasusastraan, saperti batu jeung tambaga pikeun seni patung, cét pikeun lukisan, jeung sora pikeun seni sora. Tapi kudu sadar yén basa lain barang paéh


(5)

(saperti batu), taya lian ciptaan manusa, jeung miboga muatan budaya jeung linguistik ti kolompok basa nu tangtu.

Pikeun ningali digunakeunana basa anu has sastra urang kudu ngabédakeun basa sastra, basa sapopoé, jeung basa ilmiah. Basa sastra sifatna konotatif, miboga fungsi ékspresif, nuduhkeun nada (tone), jeung sikep nu nyarita atawa nu nulisna. Basa sapopoé miboga fungsi ékspresif nu komunikatif. Basa ilmiah sipatna dénotatif: aya kasaluyuan antara tanda (sign) jeung anu dimaksud

(refernt). Basa nu konotatif dipaké dina karya sastra saperti puisi, aya tipe-tipe

puisi nu tangtu nu kalayan ngahaja ngagunakeun paradoks, ambiguitas, ngagésérna harti sacara kontékstual, asosiasi irasional kalayan ngagunakeun kategori tatabasa saperti gender jeung tense. Basa puitis ngatur, ngandelan sumber

daya basa sapopoé. Aya kalana ngahaja nyieun kasalahan-kasalahan pikeun maksa nu maca merhatikeun jeung sadar.

Puisi nya éta karya sastra anu miara euyeubna basa. Ngaliwatan puisi aya kalana basa nu geus leungit diaktifkeun deui. Salian éta, loba diciptakeun kekecapan atawa gejala anyar lianna (idiom, adegan kalimah). Ku stilistikana, puisi ogé loba méré imaji nu ngajembaran basa. Basa Puisi ogé bisa berpretensi

miboga tujuan kana dirina pribadi jeung hayang nyiptakeun hiji wangun émosi (dina harti nu lega) puitis nu sipat jeung pangaruhna kana pangrasa nu maca kalintang ragemna.

Basa digunakeun salaku medium dina karya sastra. Salasahiji hasil karya sastra Sunda, di antarana waé, puisi. Puisi nu dihaleuangkeun maké rumpaka disebutna kawih. Kawih téh rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan


(6)

pupuh (Sopandi jeung Oyon Sofyan Umsari, 1985:7). Istilah kawih geus lila disabit-sabit ku urang Sunda, di antarana, nu ditulis dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian anu ditulis dina daun palem dina taun 1518:

Hayang nyaho di sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih pengpeledan, kawih bongbongkaso, kawih pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung , kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan, sing sawatek kawih ma, paraguna tanya.

Lamun seug nengetan genre kawih nu ditataan di luhur, kiwari mah geus teu bisa kapanggih deui. Apung S. Wiraatmadja (1964:76-77) ngabagi genre kawih jadi tilu nya éta kawih budak, kawih kolot, jeung kawih anyar. RMA Koesoemadinata ( Soepandi, 1985: 14 ) nétélakeun yén kawih téh nya éta sekar (tembang=kawih). Kadieunakeun istilah kawih dibédakeun tina tembang. Kiwari kawih dihartikeun sekar tandak, ari tembang dihartikeun sekar irama merdéka.

Kawih minangka karya sastra nu rumpakana disusun dina Basa Sunda. Éta Rumpaka nu disusun dina basa Sunda téh winangun kalimah-kalimah. Ari papasingan kalimah bisa disawang tina rupa-rupa hal, salasahijina disawang tina jumlah jeung warna klausa pangwangunna. Nurutkeun jumlah jeung warna klausa pangwangunna, kalimah bisa dibédakeun jadi kalimah salancar, jeung kalimah ngantét. Struktur kalimah dina rumpaka kawih téh diwangun ku rupa-rupa komponen nu pakait. Hubungan antara éta komponén-komponén téh nimbulkeun rupa-rupa harti, boh nu mangrupa fungsi (peran) semantis boh nu mangrupa hubungan semantis antara éta komponén.

Panalungtikan ngeunaan struktur basa Sunda geus loba dilakukeun boh nu patalina jeung subsistem fonologis, subsistem gramatikal (morfologi jeung


(7)

sintaksis), boh subsistem leksikal. Panalungtikan nu patalina jeung struktur basa

Sunda téh, di anatarana, “Struktur Bahasa Sunda Dialek Priangan” (Sutawijaya et

al, 1976), “Struktur Bahasa Sunda Pesisir Utara Jawa Barat” (Hardjasudjana et al,

1977), “Morfologi jeung Sintaksis Basa Sunda” (Sutawijaya et al, 1978) “Tata

Basa Sunda: Sintaksis” (Prawirasumantri et al, 1987 ),”Tata Bahasa Acuan

Bahasa Sunda” (Djajasudarma et al , 1991) “Tata Bahasa Sunda” (Dadi Sumardi

Spk. at el 1992). Dina éta panalungtikan-panalungtikan téh saeutik gedéna geus

didéskripsikeun ngeunaan fonologi, morfologi, fungsi sintaksis atawa unsur fungsional klausa saperti Jejer (J), Caritaan (C), Udagan (U), Panglengkep (Pang), jeung Katerangan (K). Éta Panalungtikan téh wengkuanana kalintang lega, nya éta struktur basana sacara umum.

Salian ti panalungtikan nu ditataan di luhur, aya kénéh panalungtikan lianna nu husus luyu jeung garapanana di antarana waé: (1) “A Typological Study Of Sundanese” (disertasi) ditulis ku Nurahman (1997); (2) “Fungsi Sintaksis dalam Klausa Bahasa Sunda sebagai Ancangan Bahan Pembelajaran Struktur Bahasa” (Laporan Hibah Penelitian) ditulis ku Yayat Sudaryat (2000);

(3)“Adegan Diatesis Kalimah Sumélér dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot

karangan Karna Yudibrata” (Skripsi) ditulis ku Rani Rabiussani (2005); (4)

“Kalimah Ngantét Satata dina novel Payung Butut karangan Ahmad Bakri”

(Skripsi) ditulis ku Nia Kurniasih (2007); jeung (5) “Analisis Rumpaka Kawih

Tembang (Katem) Karya Nano S.” (Skripsi) ditulis ku Kania Pujasari (2007).

Dina éta panalungtikan-panalungtikan téh geus didéskripsikeun ngeunaan tipologi basa, fungsi sintaksis dina klausa basa Sunda, adegan diatésis kalimah sumélér nu


(8)

aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, kalimah

ngantét satata nu aya dina novel Payung Butut karangan Ahmad Bakri, jeung

analisis puisi dina wanda katem beunang Nano S..

Panalungtikan ngeunaan struktur basa Sunda anu dipuseurkeun kana struktur jeung semantik dina rumpaka Kawih Sunda sakaterang panalungtik can aya. Hususna ngeunaan ulikan struktur kalimah dina rumpaka kawih Sunda dumasar jumlah jeung warna klausa pangwangunna katut peran semantis dina kalimah salancar sarta hubungan semantis dina kalimah ngantét. Ku kituna,

panalungtikan nu judulna “Wangun jeung Hubungan Semantis Antarklausa

Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda” perelu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Basa Sunda disusun ku rupa-rupa struktur, di antarana waé struktur kalimah. Ulikan struktur kalimah téh rupa-rupa, di antarana dumasara kana: (a) Jumlah jeung jenis klausa, (b) struktur internal klausa utama, (c) jenis responsi nu dipiharep, (d) sipat hubungan aktor-aksi, (e) aya euweuhna unsur negatip dina frasa verbal utama, (f) kabasajanan jeung kawewegan (g) posisina dina paguneman, jeung (h) kontéks jeung jawaban nu dibikeun (Tarigan, 1984:8-9).

Struktur kalimah téh diwangun ku komponén-komponén nu pakait. Hubungan antara éta komponén-komponén téh nimbulkeun rupa-rupa harti, boh nu mangrupa fungsi semantis (peran) boh nu mangrupa hubungan semantis antara éta komponén. Peran-peran semantis saperti nu dipibanda ku fungsi jejer, caritaan,


(9)

udagan, panglengkep, jeung katerangan nuduhkeun harti anu béda kayaning palaku, kalakuan, pangrandap, tempat jeung waktu. Hubungan semantis antara éta komponén-komponén dina kalimah bisa nuduhkeun rupa-rupa harti saperti jumlah, pilihan, lalawanan, undak, jsb.

Dina prosés nyiptakeunana, rumpaka kawih miboga unsur-unsur saperti: (1) unsur basa, (2) unsur sastra, (3) eusi sastra, jeung (4) wangun sastra. Rumpaka kawih dina ieu panalungtikan mangrupa média pikeun dijadikeun sumber data.

Dumasar kana lingkup di luhur, ieu panalungtikan diwatesanan kana analisis struktur kalimah rumpaka kawih disawang tina jumlah jeung warna klausa pangwangunna. Aspék semantis anu digarap dina ieu panalungtikan nyoko kana hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét.

1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah di luhur, aya sababaraha masalah nu kudu dirumuskeun. Éta rumusan masalah téh bisa ditepikeun dina wangun pananya ieu di handap.

1) Kumaha wangun kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda?

2) Kumaha hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun dua hal anu patali jeung kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Éta dua hal téh nyaéta: 1) wangun kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda, jeung


(10)

2) hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan téh bisa ditilik tina jihat paélmuan jeung kagunaan praktis. Tina jihat paélmuan, ieu panalungtikan téh gedé gunana geusan nambahan jeung ngajembaran pangaweruh pamaké basa kana hal-hal nu aya patalina jeung struktur basa Sunda dina rumpaka kawih Sunda.

Tina jihat kagunaan praktis, ayana panalungtikan kana rumpaka kawih dipiharep bakal: (1) ngajembaran hasanah karya tata basa Sunda, (2) ngajembaran wawasan keur nu minat kana tata basa Sunda, (3) méré input keur pangarang kawih Sunda, (4) ngarojong jeung numuwuhmekarkeun kajian satuluyna dina raraga ngalengkepan linguistik Sunda, jeung (5) mangrupa input pikeun guru enggoning milih bahan pangajaran sintaksis hususna kalimah salancar jeung kalimah ngantét.

1.5 Definisi Istilah

Pikeun ngagampangkeun panalungtikan, perelu dirumuskeun heula sawatara istilah anu dipaké dina judul panalungtikan minangka variabelna. Éta istilah téh nya éta, ulikan Sintaksis jeung Semantik, Rumpaka, jeung, Kawih Sunda. Ieu dihandap éta istilah-istilah téh dijentrékeun.

a. Kalimah ngantét nya éta kalimah anu diwangun ku dua klausa atawa leuwih anu sarua tahapanana, satata, atawa sadarajat. Klausa-klausa katut kecap


(11)

ngandung harti yén lamun dipaksa dipatukeurkeun, kalimahna jadi henteu gramatis, henteu bisa ditarima ku akal séhat panyatur. Dina kalimah ngantét mindeng aya kecap barang anu mangrupa ngaran dipakéna babarengan jeung kecap sulurna. Lamun kecap barang jeung kecap sulur dipaké dina dua klausa kalimah ngantét, kecap sulurna kudu ditempatkeun dina klausa sanggeus klausa ngandung kecap barangna téa.

b. Wangun kalimah ngantét mangrupa rupa-rupa wujud kalimah ngantét dumasar ciri sintaksisna, ngawengku kalimah koordinasi, nya éta hubungan antarklausa

bébas anu satata.

c. Hubungan semantis antar klausa mangrupa patali harti antarklausa anu ngawangun kalimah ngantét. Hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét téh aya sababaraha rupa, nya éta hubungan jumlah, lalawanan, pilih, tumuluy, sinambung, jeung panandes.

d. Rumpaka nya éta “lirik”, “teks”, atawa kekecapan dina lagu (Wahyu Wibisana,

Spk., 2000:701).

e. Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh (Atik Sopandi jeung Oyon Umsari, 1985: 5). Kawih diwangun ku dua unsur, nya éta unsur musik jeung unsur sastra. Unsur musik ngalahirkeun lagu (nada jeung wirahma), sedengkeun unsur sastra di antarana bisa katitén tina rumpaka atawa lirik lagu.


(12)

1.6 Sistematika

Ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab, kalawan sistematika saperti ieu di handap.

1) Bab I BUBUKA

Eusina mertélakeun kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeung sistematika tésis.

2) Bab II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR

Eusina ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan liannna salaku rujukan konsép jeung tiori. Sawangan anu didadarkeun ngawengku tiori perkara kalimah, wangun kalimah, peran jeung hubungan semantis dina kalimah, jeung kawih. Salian ti éta, didadarkeun anggapan dasar jeung raraga pikir.

3) Bab III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Eusina mertélakeun perkara métode panalungtikan, désain panalungtikan, nangtukeun data, instrumén panalungtikan, jeung prosedur analisis data.

4) Bab IV WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA

KALIMAH NGANTÉT DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA

Eusina mangrupa déskripsi jeung analisis ngeunaan wangun jeung hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Didadarkeun ogé pedaran hasil panalungtikan.


(13)

5) Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Eusina mangrupa kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab IV, jeung saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.


(14)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, kalayan ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun salasahiji gejala, kajadian nu kaalaman dina waktu panalungtikan lumangsung kalayan ngébréhkeun hal-hal nu jadi puseur panitén dina éta objek panalungtikan. Ieu métode dieuyeuban ku kagiatan prosés analisis sangkan nyangking pedaran nu teleb ngeunaan struktur sintaksis jeung peran semantis dina kawih Sunda satuluyna dianalisis. Ari anu déskripsikeunana nya éta perkara adegan jeung hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét nu aya dina rumpaka kawih Sunda.

3.2Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih sunda. Judul rumpaka kawih téh éstu loba jumlahna sarta pangarangna. Sakumna judul rumpaka kawih dina ieu panalungtikan dijadikeun populasi. Anapon judul rumpaka kawih nu dianalisis rumpakana dina ieu panalungtikan jumlahna 50 judul rumpaka kawih kalayan pangarangna nu béda di antarana: Mang Koko, Nano S., Doel Sumbang, Darso, jeung Yayan Jatnika, jeung sajabana.

Obyék ieu panalungtikan nya éta Struktur sintaksis jeung Semantis basa Sunda dina rumpaka kawih sunda. Rumpaka kawih Sunda sakumaha nu nyampak


(15)

dina populasi téh teu sakabéhna dianilis, tapi digunakeun sawatara sampel. Anapon judul rumpaka kawih nu dianalisis rumpakana dina ieu panalungtikan jumlahna 10 judul rumpaka kawih. Dipilihna éta sampel data ngagunakeun téhnik

snowball sampling.

3.3Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik téks atawa talaah pustaka, nya éta téhnik pikeun ngumpulkeun informasi nu tumali jeung tiori-tiori nu aya patalina jeung masalah katut varibel nu keur ditalungtik. Ieu téhnik digunakeun pikeun meunangkeun data sekunder, dina ieu hal panalungtik meunang ti perpustakaan jeung buku rujukan lianna. léngkah-lengkah ngumpulkeun data, di antarana waé: 1) studi dokumentasi di perpustakaan;

2) invetarisasi rumpaka kawih Sunda nu kakumpul dina studi dokumen ngaliawatan internet;

3) milah-milah data rumpaka kawih dumasar kana jaman jeung wandana (kategori); jeung


(16)

3.4Instrumén Panalungtikan

Instrumén ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data, sakumaha ieu di handap.

Kode: Kalimah:

Adegan:

Hubungan Semantis Antarklausa:

Bagan 3.1: Format Kartu Data

3.5Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipuseurkeun kana wangun jeung hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Anu ditalungtik dina wangun kalimah ngantét nya éta kalimah ngantét koordinasi. Sedengkeun nu ditalungtik dina wengkuan hubungan semantis antarklausana nya éta hubungan jumlah, hubungan lalawanan, hubungan milih, hubungan tumuluy, hubungan sinambung, jeung hubungan panandes.. Patalina jeung masalah dina ieu panalungtikan, alur ieu panalungtikan digambarkeun sakumaha bagan di handap.


(17)

Bagan 3.2: Paradigma Panalungtikan

Jejer Panalungtikan

Wangun jeung Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda

Tujuan Panalungtikan

Ngadéskripsikeun: 1) adegan kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda, jeung 2) hubungan semantis

antarklausa kalimah ngantét dina

rumpaka kawih Sunda.

Rumusan Masalah

1) Kumaha adegan kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda?

2) Kumaha hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda?

Watesan Masalah

Kawih miboga unsur-unsur saperti: (1) unsur basa, (2) unsur sastra, (3) eusi sastra, jeung (4) wangun sastra.

Métodologi

- Pamarekan: Kualitatif - Métode: Déskriptif - Téhnik: Observasi,

Talaah Pustaka, Rékam

Analisis Data

-Wangun Kalimah Ngantét

-Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét

Kacindekan jeung Saran


(18)

3.6Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis unsur langsung, nya éta téhnik nu digunakeun pikeun meunangkeun gambaran nu jéntré ngeunaan objek nu ditalungtik. Ngaliwatan ieu téhnik, panalungtik bisa ngaanalisis data nepika réngsé. Ieu téhnik téh miboga ogé fungsi salaku éksplorasi nu bisa méré gambaran kalayan jéntré ngeunaan masalah jeung méré pituduh ngeunaan cara ngungkulanana.

Basa jadi panitén poko dina ieu panalungtikan adegan kalimah dina rumpaka kawih sunda. Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi kalimah ngantét nu aya dina rumpaka kawih Sunda;

3) Ngadistribusikeun data luyu jeung papasinganana, dina ieu hal ngarékap jumlah kalimah kalimah ngantét nu kapanggih dina rumpaka kawih Sunda; 4) Nalaah fungsi sintaksis kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda;

5) Nalaah hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét; jeung 6) Nyieun kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan.


(19)

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis perkara wangun jeung hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

a. Tina jihat hubungan antarklausana kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda kagolong kana kalimah koordinasi. Wangun kalimah ngantét (koordinasi) téh ngagabungkeun dua klausa atawa leuwih nu séwang-séwangan miboga kalungguhan nu satata dina struktur konstituén kalimah. Kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda nu klausana miboga hubungan koordinasi bisa dipolakeun: KngKoord: Klausa Bebas ± Konj Koord + Klausa Bebas. Pola kalimah ngantét (koordinasi) téh diwangun ku dua klausa bébas, boh disambungkeun ku konjungsi koordinatif (satata) boh henteu.

b. Tina 10 rumpaka kawih Sunda nu dijadikeun sampel, kapaluruh 57 kalimah ngantét. Hubungan semantis kalimah ngantét nu kapaluruh ngawengku hubungan jumlah, hubungan lalawanan, hubungan tumuluy, hubungan sinambung, jeung hubungan panandes. Hubungan jumlah aya 9 kalimah (15,8%), hubungan lalawanan aya 7 kalimah (12,3%), hubungan tumuluy aya 15 kalimah (26,3%), hubungan sinambung aya 10 kalimah (17,5%). Ari kalimah panandes aya 16 kalimah (28,1%). Ditilik tina perséntasena, tétéla


(20)

rumpaka kawih Sunda.

5.2 Saran

Sacara métodologis, ieu panalungtikan didasarkeun kana sumber data nu kawatesanan. Rumpaka kawih Sunda nu mekar saéstuna kawilang réa pisan, ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh kawatesanan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, média sumebarna, boh tina jihat jumlah téksna sorangan. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung rumpaka tembang katut sajak.

Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik téks rumpaka kawih Sunda tina jihat wangun jeung hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan, hadéna ambahan ulikanana dilegaan tina jihat kontéks

Nalungtik rumpaka kawih Sunda tétéla teu cukup ukur dibekelan ku pangaweruh paélmuan basa. Rumpaka kawih Sunda raket patalina jeung widang-widang paélmuan lianna saluareun paélmuan basa jeung musik. Ku éta hal, penting pisan panalungtik nu aya minat ngulik perkara rumpaka kawih Sunda jeung karya sastra lianna, mekelan dirina ku pangaweruh-pangaweruh dina widang paélmuan musik, sosiologi, antropologi, psikologi, pédagogik, jeung komunikasi.


(21)

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung:

Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Baldwin, John R., Spk. (Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines. New Jersey: Lawrence Erlbaum Associates Publisher.

Bavin, Edith L. 2009. The Cambridge Handbook of Child Language. New York:

Cambridge University Press.

Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal.

Jakarta: PT Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. 2010. Kesantunan Berbahasa. Jakarta: Rineka Cipta.

Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge.

Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh, Inggris:

Edinburgh University Press.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan RI. 1993. Tata Bahasa Baku Bahasa Indonesia: Edisi Kedua. Jakarta: Depdikbud.

Djojosuroto, Kinayati. 2007. Filsafat Bahasa. Yogyakarta: Pustaka Book

Publisher.

Eckert, Penelope jeung Sally McConneell-Ginet. 2003. Language and Gender.

New York: Cambridge University Press.

Fairclough, Norman. 2003. Analysing Discourse: Textual Analysis for Social Research. London: Routledge.

Findlay, Michael Shaw. 1998. Language and Communication: A Crosscultural Encyclopedia. California: ABC-CLIO Inc.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka


(22)

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave

Macmillan.

Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007.

Semantics: A Coursebook. New York: Cambridge University Press.

Kartomihardjo, Soeséno. 1988. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta:

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan. Keraf, Gorys. 1994. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia

Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia.

Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York: Cambridge University Press.

Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York:

Cambridge University Press.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik: Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia

Pustaka Utama.

Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Prawirasumantri, Abud. 2000. “Sintaksis Basa Sunda: Analisis Tagmémik

Tingkat Kalimah, Klausa, jeung Frasa”. Diktat kuliah di Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah, FPBS, UPI. Teu diterbitkeun.

Purwo, Bambang Kaswanti (Éditor). 2000. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton Moeliono Pereksa Bahasa. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia.

Putrayasa, Ida Bagus.2008. Analisis Kalimat (Fungsi, Kategori, dan Peran).Bandung: PT Refika Aditama.

Ramlan, M. 1987. Sintaksis. Yogyakarta: CV. Karyono.

Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York: Cambridge University

Press.

Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta.

Soepandi, Atik jeung Oyon Sofyan Umsari.1985. Kakawihan Barudak Nyanyian Anak-anak Sunda. Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan. Depdikbud

Dirjen Kebudayaan.


(23)

Sudaryat, Yayat. 1989. Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP

Bandung.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat, H. Abud Prawirasumantri, jeung H. Karna Yudibrata. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung:

Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret

University Press.

Tarigan, Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.

Tim UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wibisana, Wahyu, Iskandarwassid, jeung Tini Kartini (éditor). 2000. Lima Abad Sastra Sunda: Sebuah Antologi Jilid 1. Bandung: Geger Sunten.


(1)

3.6Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis unsur langsung, nya éta téhnik nu digunakeun pikeun meunangkeun gambaran nu jéntré ngeunaan objek nu ditalungtik. Ngaliwatan ieu téhnik, panalungtik bisa ngaanalisis data nepika réngsé. Ieu téhnik téh miboga ogé fungsi salaku éksplorasi nu bisa méré gambaran kalayan jéntré ngeunaan masalah jeung méré pituduh ngeunaan cara ngungkulanana.

Basa jadi panitén poko dina ieu panalungtikan adegan kalimah dina rumpaka kawih sunda. Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi kalimah ngantét nu aya dina rumpaka kawih Sunda;

3) Ngadistribusikeun data luyu jeung papasinganana, dina ieu hal ngarékap jumlah kalimah kalimah ngantét nu kapanggih dina rumpaka kawih Sunda; 4) Nalaah fungsi sintaksis kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda;

5) Nalaah hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét; jeung 6) Nyieun kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan.


(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis perkara wangun jeung hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

a. Tina jihat hubungan antarklausana kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda kagolong kana kalimah koordinasi. Wangun kalimah ngantét (koordinasi) téh ngagabungkeun dua klausa atawa leuwih nu séwang-séwangan miboga kalungguhan nu satata dina struktur konstituén kalimah. Kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda nu klausana miboga hubungan koordinasi bisa dipolakeun: KngKoord: Klausa Bebas ± Konj Koord + Klausa Bebas. Pola kalimah ngantét (koordinasi) téh diwangun ku dua klausa bébas, boh disambungkeun ku konjungsi koordinatif (satata) boh henteu.

b. Tina 10 rumpaka kawih Sunda nu dijadikeun sampel, kapaluruh 57 kalimah ngantét. Hubungan semantis kalimah ngantét nu kapaluruh ngawengku hubungan jumlah, hubungan lalawanan, hubungan tumuluy, hubungan sinambung, jeung hubungan panandes. Hubungan jumlah aya 9 kalimah (15,8%), hubungan lalawanan aya 7 kalimah (12,3%), hubungan tumuluy aya 15 kalimah (26,3%), hubungan sinambung aya 10 kalimah (17,5%). Ari kalimah panandes aya 16 kalimah (28,1%). Ditilik tina perséntasena, tétéla


(3)

yén hubungan panandes pangréana muncul dina kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda.

5.2 Saran

Sacara métodologis, ieu panalungtikan didasarkeun kana sumber data nu kawatesanan. Rumpaka kawih Sunda nu mekar saéstuna kawilang réa pisan, ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh kawatesanan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, média sumebarna, boh tina jihat jumlah téksna sorangan. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung rumpaka tembang katut sajak.

Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik téks rumpaka kawih Sunda tina jihat wangun jeung hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan, hadéna ambahan ulikanana dilegaan tina jihat kontéks

Nalungtik rumpaka kawih Sunda tétéla teu cukup ukur dibekelan ku pangaweruh paélmuan basa. Rumpaka kawih Sunda raket patalina jeung widang-widang paélmuan lianna saluareun paélmuan basa jeung musik. Ku éta hal, penting pisan panalungtik nu aya minat ngulik perkara rumpaka kawih Sunda jeung karya sastra lianna, mekelan dirina ku pangaweruh-pangaweruh dina widang paélmuan musik, sosiologi, antropologi, psikologi, pédagogik, jeung komunikasi.


(4)

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan

Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Baldwin, John R., Spk. (Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across

the Disciplines. New Jersey: Lawrence Erlbaum Associates Publisher.

Bavin, Edith L. 2009. The Cambridge Handbook of Child Language. New York: Cambridge University Press.

Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. 2010. Kesantunan Berbahasa. Jakarta: Rineka Cipta.

Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge. Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh, Inggris:

Edinburgh University Press.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan RI. 1993. Tata Bahasa Baku Bahasa

Indonesia: Edisi Kedua. Jakarta: Depdikbud.

Djojosuroto, Kinayati. 2007. Filsafat Bahasa. Yogyakarta: Pustaka Book Publisher.

Eckert, Penelope jeung Sally McConneell-Ginet. 2003. Language and Gender. New York: Cambridge University Press.

Fairclough, Norman. 2003. Analysing Discourse: Textual Analysis for Social

Research. London: Routledge.

Findlay, Michael Shaw. 1998. Language and Communication: A Crosscultural

Encyclopedia. California: ABC-CLIO Inc.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate

Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan

Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka


(5)

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in

Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave

Macmillan.

Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007.

Semantics: A Coursebook. New York: Cambridge University Press.

Kartomihardjo, Soeséno. 1988. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan. Keraf, Gorys. 1994. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia

Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia. Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York: Cambridge University Press. Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York:

Cambridge University Press.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source

Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik: Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Prawirasumantri, Abud. 2000. “Sintaksis Basa Sunda: Analisis Tagmémik Tingkat Kalimah, Klausa, jeung Frasa”. Diktat kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS, UPI. Teu diterbitkeun.

Purwo, Bambang Kaswanti (Éditor). 2000. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton

Moeliono Pereksa Bahasa. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia.

Putrayasa, Ida Bagus.2008. Analisis Kalimat (Fungsi, Kategori, dan Peran).Bandung: PT Refika Aditama.

Ramlan, M. 1987. Sintaksis. Yogyakarta: CV. Karyono.

Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York: Cambridge University Press.

Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Soepandi, Atik jeung Oyon Sofyan Umsari.1985. Kakawihan Barudak Nyanyian

Anak-anak Sunda. Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan. Depdikbud

Dirjen Kebudayaan.


(6)

Sudaryat, Yayat. 1989. Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP Bandung.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat, H. Abud Prawirasumantri, jeung H. Karna Yudibrata. 2007. Tata

Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret University Press.

Tarigan, Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.

Tim UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan

Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wibisana, Wahyu, Iskandarwassid, jeung Tini Kartini (éditor). 2000. Lima Abad