RUMPAKA KAWIH WANDA POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG: Ulikan Struktural Sémiotik Jeung Ajén Moral.

(1)

RUMPAKA KAWIH WANDA POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG (ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK JEUNG AJÉN MORAL)

TÉSIS

Diajukeun pikeun Nyumponan Sabagian tina Sarat Nyangking Gelar Magister Pendidikan

ku

NIKNIK DEWI PRAMANIK NIM 1102692

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang

(Ulikan Struktural Sémiotik Jeung Ajén Moral)

Oleh

Niknik Dewi Pramanik

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) Program Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Niknik Dewi Pramanik 2013 Universitas Pendidikan Indonesia


(3)

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(4)

(5)

RUMPAKA KAWIH WANDA POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG (ULIKAN STRUKTURAL SÉMIOTIK JEUNG AJÉN MORAL)¹

Niknik Dewi Pramanik² ABSTRAK

Ieu tésis miboga tujuan pikeun: (1) ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun struktur puisi rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang anu ngawengku, imaji, simbol, musikalitas suasana, téma jeung gaya; (2) ngaidéntifikasi aspék sémiotik (ikon, indéks, jeung simbol) anu nyangkaruk tina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang; (3) ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif anu mertélakeun struktur, semiotik, jeung ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang. Sedengkeun tehnik nu dipaké nya éta dokuméntasi jeung transkripsi. Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka lagu pop Sunda dina album Doel Sumbang. Tina ieu panalungtikan, katitén yén kahirupan di alam dunya téh, éstu moal leupas tina dua kamungkinan nu bakal karandapan, nya éta kabungah jeung kasusah. Dua hal ieu téh bakal karandapan ku unggal manusa nu hirup kumelendang di alam dunya. Kacindekanana, imaji nu loba nyampak dina rumpaka nya éta imaji panempo, musikalitas nu nyampak dina unggal rumpaka parondok, témpona gancang. Gaya basa nu mindeng kapanggih nya éta gaya basa rarahulan jeung mijalma. Tanda nu loba nyampak nya éta simbol jeung indéks. Ajén moral dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang, lolobana némbongkeun kritik kana sikep jalma, boh jalma sangsara boh para panguasa anu boga sikep kurang hadé, anu antukna nyangsarakeun dirina sorangan.


(6)

SYAIR LAGU JENIS POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG (KAJIAN STRUKTURAL SÉMIOTIK DAN NILAI MORAL)¹

Niknik Dewi Pramanik² ABSTRAK

Tesis ini bertujuan untuk: (1) mengidentifikasi dan mendeskripsikan struktur puisi syair lagu jenis pop Sunda karya Doel Sumbang yang meliputi imaji, simbol, musikalitas, suasana, tema dan gaya bahasa; (2) mengidentifikasi aspek semiotik (ikon, indeks dan simbol) yang terdapat dalam syair lagu jenis pop Sunda karya Doel Sumbang; (3) mendeskripsikan nilai moral yang terdapat dalam syair lagu jenis pop Sunda karya Doel Sumbang. Metode yang digunakan dalam tesis ini adalah metode deskripsi yang memaparkan tentang struktur, semiotik, dan identifikasi nilai moral yang terdapat dalam syair lagu jenis pop Sunda karya Doel Sumbang. Sedangkan teknik yang digunakan adalah tehnik dokumentasi dan transkripsi . Data dalam penelitian ini adalah syair yang isinya mengandung unsur struktur semiotik dan nilai moral. Sumber data penelitian ini adalah syair lagu pop Sunda dalam album Doel Sumbang. Setelah dianalisis terlihat bahwa kehidupan di dunia tidak terlepas dari dua kemungkinan, yaitu kesenangan dan kesedihan. Dua hal ini pasti teralami oleh setiap manusia yang hidup di muka bumi ini. Kesimpulan hasil analisis struktur syair lagu jenis pop Sunda karya Doel Sumbang yaitu imaji yang banyak ditemukan adalah imaji penglihatan. Musikalitas dalam lagu karya Doel Sumbang banyak ditemukan bertempo cepat. Gaya bahasa yang paling banyak terlihat adalah hiperbola dan personifikasi. Sedangkan hasil analisis semiotik syair lagu karya Doel Sumbang menunjukkan tanda yang paling banyak dijumpai adalah simbol dan indeks. Hasil analisis nilai moral dalam syair lagu karya Doel Sumbang banyak menceritakan kritikan masarakat kecil, dan para penguasa yang mempunyai prilaku kurang terpuji yang menyengsarakan dirinya sendiri.


(7)

SONG LYRIC TYPE POP SUNDA CREATED BY DOEL SUMBANG (STRUCTURAL-SEMIOTIC STUDIES AND MORAL VALUE)¹

Niknik Dewi Pramanik² Abstract

The title of this thesis is “ Song Lyric Type Pop Sunda Created by Doel Sumbang

(Structural-Semiotic Studies and Moral Value) The thesis is written: (1) to identify the structure of poetry of the song lyric type pop Sunda created by Doel Sumbang which includes imagination, symbols, musicality, situation, thme and figure of speech. (2) to identify the aspect of smiotics (ikons, indexes, and symbols) contained in the song lyric type pop Sunda created by Doel Sumbang, (3) to describe the moral value contained in the song lyric type pop Sunda created by Doel Sumbang. The method that describes structure, semiotics, and identification of moral value contained in the song lyric type pop Sunda created by Doel Sumbang. While the technique used are transcription and dokumentation tecnique. The data in this study is lyrics that contain elements of semiotic structure and moral value. Sources of the research is song lyric of Sunda pop in the album of Doel Sumbang. After analizing, it shows that life in the world has two possibilities, namely pleasure and misery. Everyone in the worldmust experience those two things through this study, it can be concluded that imagination mostly used is sight imagination. It can be found that musicality in the songs created by Doel Sumbang mostly in fast tempo. The figure of speech mostly found in the lyrics are hyperbole ang personification. The result of the semiotic analysis show that symbols and indexes have most often found in the lyrics. The moral values in the song lyric created by Doel Sumbang mostly show criticism for people behavior, either common people or rulers whose always behave torment themselves.


(8)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN...v

DAFTAR EUSI... vii

DAFTAR TABÉL ... xiii

DAFTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ...1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ...5

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ...5

1.2.2 Rumusan Masalah ...6

1.3 Tujuan Panalungtikan...6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...7

1.5 Anggapan Dasar ...7

1.6 Sistematika Nulis ...8

BAB II KAWIH, RUMPAKA, STRUKTURAL-SÉMIOTIK JEUNG AJÉN MORAL 2.1 Kawih ...9

2.2 Puisi...12

2.3 Struktur...13

2.4 Sémiotik ...19


(9)

(10)

viii

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ...28

3.2 Désain Panalungtikan...28

3.3 Métode Panalungtikan... 29

3.4 Wangenan Operasional ...29

3.5 Instrumén Panalungtikan...31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...31

3.6 Té hnik Ngolah Data ...31

BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI STRUKTURAL SÉMIOTIK KATUT AJÉN MORAL RUMPAKA KAWIH KARYA DOEL SUMBANG 4.1 Analisis Struktural Sémiotik jeung Ajén Moral Rumpaka Kawih Doel Sumbang ... 32

4.1.1 Déskripsi Rumpaka “Berenyit” ...32

4.1.1.1 Téks Rumpaka “Berenyit” ...32

4.1.1.2 Analisis Struktural Rumpaka “Berenyit” ...33

4.1.1.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Berenyit”...37

4.1.1.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Berenyit” ...39

4.1.2 Déskripsi Rumpaka “Jurig”...40

4.1.2.1 Téks Rumpaka “Jurig” ...40

4.1.2.2 Analisis Struktural Rumpaka “Jurig”...40

4.1.2.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Jurig” ...44


(11)

ix

4.1.3 Déskripsi Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...47

4.1.3.1 Téks Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri”...47

4.1.3.2Analisis Struktural Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...48

4.1.3.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...52

4.1.3.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...53

4.1.4 Déskripsi Rumpaka “Tuturut Munding” ...54

4.1.4.1 Téks Rumpaka “Tuturut Munding” ...54

4.1.4.2 Analisis Struktural Rumpaka “Tuturut Munding” ...55

4.1.4.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Tuturut Munding”...58

4.1.4.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Tuturut Munding”...59

4.1.5 Déskripsi Rumpaka “Urang Sunda”...61

4.1.5.1 Téks Rumpaka “Urang Sunda” ...61

4.1.5.2 Analisis Struktural Rumpaka “Urang Sunda”...62

4.1.5.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Urang Sunda” ...65

4.1.5.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Urang Sunda” ...66

4.1.6 Déskripsi Rumpaka “Col Blem” ...67

4.1.6.1 Téks Rumpaka “Col Blem”...67

4.1.6.2 Analisis Struktural Rumpaka “Col Blem” ...69

4.1.6.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Col Blem” ...73

4.1.6.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Col Blem” ...75

4.1.7 Déskripsi Rumpaka “Éma” ...76

4.1.7.1 Téks Rumpaka “Éma”...76

4.1.7.2 Analisis Struktural Rumpaka “Éma” ...77

4.1.7.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Éma” ...81


(12)

x

4.1.8 Déskripsi Rumpaka “Ah Horéam” ...83

4.1.8.1 Téks Rumpaka “Ah Horéam” ...83

4.1.8.2 Analisis Struktural Rumpaka “Ah Horéam” ...83

4.1.8.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Ah Horéam”...86

4.1.8.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Ah Horéam” ...87

4.1.9 Déskripsi Rumpaka “Pépéling”...88

4.1.9.1 Téks Rumpaka “Pépéling” ...88

4.1.9.2 Analisis Struktural Rumpaka “Pépéling”...89

4.1.9.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Pépéling” ...93

4.1.9.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Pépéling” ...94

4.1.10 Déskripsi Rumpaka “Sono ka Kodim” ...95

4.1.10.1 Téks Rumpaka “Sono ka Kodim” ...95

4.1.10.2 Analisis Struktural Rumpaka “Sono ka Kodim”...96

4.1.0.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Sono ka Kodim” ...99

4.1.10.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Sono ka Kodim” ...100

4.1.11 Déskripsi Rumpaka “Polisi No Ban” ...101

4.1.11.1 Téks Rumpaka “Polisi No Ban”...101

4.1.11.2 Analisis Struktural Rumpaka “Polisi No Ban” ...111

4.1.11.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Polisi No Ban” ...115

4.1.11.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Polisi No Ban” ...108

4.1.12 Déskripsi Rumpaka “Dijajah”...110

4.1.12.1 Téks Rumpaka “Dijajah” ...110

4.1.12.2 Analisis Struktural Rumpaka “Dijajah” ...111

4.1.12.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Dijajah”...115


(13)

xi

4.1.13 Déskripsi Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap”...117

4.1.13.1 Téks Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...117

4.1.13.2 Analisis Struktural Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...117

4.1.13.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...120

4.1.13.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...122

4.1.14 Déskripsi Rumpaka “Gogog”...122

4.1.14. Téks Rumpaka “Gogog” ...122

4.1.14.2 Analisis Struktural Rumpaka “Gogog” ...123

4.1.14.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Gogog” ...126

4.1.14.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Gogog” ...127

4.1.15 Déskripsi Rumpaka “Sélébritis” ...128

4.1.15.1 Téks Rumpaka “Sélébritis” ...128

4.1.15.2 Analisis Struktural Rumpaka “Sélébritis”...129

4.1.15.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Sélébritis” ...132

4.1.15.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Sélébritis” ...133

4.1.16 Déskripsi Rumpaka “Pemilu” ...134

4.1.16.1 Téks Rumpaka “Pemilu”...134

4.1.16.2 Analisis Struktural Rumpaka “Pemilu” ...135

4.1.16.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Pemilu” ...139

4.1.16.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Pemilu” ...140

4.1.17 Déskripsi Rumpaka “Béja ti Jurig” ...141

4.1.17.1 Téks Rumpaka “Béja ti Jurig” ...141

4.1.17.2 Analisis Struktural Rumpaka “Béja ti Jurig” ...142

4.1.17.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Béja ti Jurig”...144


(14)

xii

4.1.18 Déskripsi Rumpaka “Beurit”...146

4.1.18.1 Téks Rumpaka “Beurit” ...146

4.1.18.2 Analisis Struktural Rumpaka “Beurit”...148

4.1.18.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Beurit” ...152

4.1.18.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Beurit” ...154

4.2 Tabulasi hasil Panalungtikan Struktural-Sémiotik...157

4.2.1 Tabulasi Struktural ...157

4.2.1.1 Imaji ...157

4.2.1.2 Suasana...165

4.2.1.3 Téma...168

4.2.1.4 Gaya Basa...170

4.2.1.5 Sémiotik ...177

4.2.3 Kacindekan Pedaran Tabulasi Struktural-Sémiotik ...183

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan...184

5.2 Saran...185

DAFTAR PUSTAKA ...187


(15)

DAPTAR LAMPIRAN

SK Tésis

Rumpaka Kawih Karya Doel Sumbang Riwayat Hirup


(16)

xiii

DAPTAR TABÉL

Kaca

Tabél 4.2.1 Struktural...172

Tabél 4.2.1.2 Suasana...180

Tabél 4.2.1.3 Téma...183

Tabél 4.2.1. 4 Gaya Basa ...186


(17)

DAPTAR GAMBAR

Kaca

Gambar 1 Rambu Lalu Lintas, Simpang Jalan...22 Gambar 2 Kartu Data ...32


(18)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Rumpaka mangrupa salah sahiji wujud hasil karya sastra, lantaran rumpaka téh disusun maké rakitan basa anu éndah. Nu ngahudangkeun rasa éndah téh lain ngan ukur tina jihat basana wungkul, tapi leuwih nyoko kana eusina. Karya sastra bisa ditempo salaku kahayang pangarang pikeun nepikeun hiji hal, bisa mangrupa hiji kamandang ngeunaan idé, moral, jeung amanat. Hartina karya sastra téh salaku sarana komunikasi, tinulis atawa lisan, anu boga ajaran husus dina nepikeun ajén-ajén moralna. Hal anu ditepikeun téh mangrupa tarékah pikeun nepikeun bebeneran. Karya sastra mibanda kalungguhan salaku karya seni, méré hiburan, méré kani’matan émosional jeung inteléktual, nu digelarkeun ngagunakeun pakakas basa. Ayana rupa-rupa wanda karya sastra lantaran masarakat Sunda anu rancagé, anu ngajadikeun di masarakat Sunda leubeut ku hasil karyana.

Kamekaran sastra Sunda dina kahirupan henteu leupas tina rupaning faktor anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang masarakat kana karya sastra. Ieu hal téh patali jeung kalungguhan sastra salaku karya seni. Karya seni mangrupa kréativitas manusa pikeun méré kasenangan jeung kani’matan éstétis.

Sacara umum, nilik kana wangunna karya sastra kabagi jadi tilu bagian, nya éta wangun lancaran, wangun puisi, jeung drama. Tilu wangun (génré) sastra ieu gelar ngaliwatan (medium) lisan jeung tulisan. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Iskandarwassid (2003:138) nu nétélakeun yén lamun nilik kana médiana, aya nu kagolongkeun kana sastra lisan jeung tinulis. Disebut karya sastra lisan lantaran tumuwuhna, mekarna, jeung sumebarna ngaliwatan media lisan (ucapan). Disebut karya sastra tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis.

Nurutkeun kana waktuna gelar karya sastra Sunda téh kabagi kana dua bagian, nya éta: 1) karya sastra Sunda buhun, nu mangrupa jangjawokan;


(19)

2

kakawihan; pupujian; sisindiran; pupuh; wawacan; carita pantun; carita wayang; dongéng; jeung 2) karya sastra Sunda modern nu mangrupa carita pondok (carpon); novel; sajak, jeung carita drama (Koswara, 2003: 107).

Salah sahiji karya sastra anu gumelar ngaliwatan lisan téh nya éta kawih. Dina kawih nyangkaruk ajén-ajén budaya manusa Sunda. Ku lantaran kitu, sawadina urang Sunda ngayakeun panalungtikan ngaguar struktur-semiotik nu nyampak dina karya sastra kawih. Ieu hal mangrupa tarékah pikeun ngamumulé budaya Sunda ulah nepi ka teu dipikanyaho ku nonoman Sunda kiwari.

Dina Kamus Umum Basa Sunda (1985:220) kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh, kawih téh lalaguan Sunda bébas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana.

Anu disebut rumpaka téh nya éta teks lagu sarua jeung lirik (Ind.) karangan anu aralus dina wangun dangding, anu dimuat mangrupa karya sastra, sakapeung sok dipaké rumpaka tembang (Cianjuran) (Iskandarwassid, 2003: 128). Sedengkeun nurutkeun Nano S, “rumpaka téh kekecapan dina lagu, dina tembang sok disebut dangding, atawa guguritan, dina lagu kapasindenan, sok disebut kekecapan, dina lagu kawih sok disebut rumpaka, dina lagu pop Sunda sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu” (http://sanggarsr.blogspot.com/2010/04/rumpaka-dina-lagu-sunda.html 17 Maret 2013).

Tina béda-béda sebutan jeung istilah, ayeuna mah nyoko kana hiji istilah nu dianggap sineger tengah, nya éta rumpaka baé disebutna téh. Wangunan éta rumpaka rupa-rupa, aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jeung réa-réa deui. Malah dina kamekaran ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok maké sajak bébas baé.

Loba rumpaka anu leubeut ku ajén moral jeung réligius, kaasup di jerona anu miboga sifat kaagamaan, jeung kritik sosial loba kapanggih dina karya fiksi atawa sastra nu kudu disurahan, ti mimiti kahirupan pribadi, jati diri, lingkungan hirup, tug kahirupan nu leuwih jembar, geus nyampak kari diguar.

Sakumaha anu geus dijelaskeun dina pedaran di luhur, sangkan kahontalna hubungan antara manusa di masarakat, diciptakeun norma-norma anu


(20)

3

disebut cara (usage), kabiasaan (folkways), paripolah (mores), jeung adat istiadat (custom) ( Suryani, 2011:115).

Salah sahiji rumpaka anu ditalungtik nya éta rumpaka kawih Pop Sunda meunang Doel Sumbang. Doel Sumbang ngaran sabenerna mah Wahyu Affandi, gumelar di Bandung, 16 Méi 1963. Doel Sumbang téh nya éta salah saurang penyanyi pop Sunda ti Bandung anu kawéntar ti taun 1980an. Doel anu kawéntar ku lagu-laguna anu ngahudang kritik sosial. Handoko Kusumo, produser anu ngarékam lagu-lagu Doél Sumbang, anu méré lalandian Doel Sumbang. Harti sumbang di dieu lain sora anu silung atawa goréng, tapi pinuh ku kritik sosial. Aya anggapan séjén, anu ngahartikeun sumbang téh sabab Doel Sumbang jalmana soméah, bageur ka batur, jeung resep nulungan, duitna sok disumbangkeun kana kapentingan sosial, saperti nyumbang ka masjid jeung budak yatim.

Karya Doel Sumbang dipilih, lantaran ditempo tina sababaraha faktor, di antarana, galindeng musikna éndah tur ngeunah kadéngéna, ciri khas waditra anu dipakéna ngan saukur gitar akustik teu ngurangan rasa éstétis tina wirahmana. Salian ti éta Doel dina nyieun rumpaka lagu boga ciri has, gaya ngawangkong wangun monolog, dina unggal lagu nu diciptakeunana, biasana ngebréhkeun ngeunaan protes sosial pikeun manusa dina hirup kumbuhna, atawa para pajabat nu keur nyekel kakawasaan.

Rumpaka Doel Sumbang ogé boga kapunjulan dina jihat sastra, budaya, jeung moral. Lamun ditilik tina jihat sastrana kapunjulan rumpaka karya Doel Sumbang, kekecapanna dieuyeuban ku purwakanti. Diksi dina unggal kalimahna keuna kana haté. Ditilik tina jihat budaya jeung ajén moral, eusi rumpakana maké gaya basa anu hampang teu matak kerung. Loba karyana anu raket jeung moral jalma jaman kiwari. Manéhna pinter pisan nyieun lagu anu temana kritik pikeun hirup manusa, sangkan miboga ajén nu hadé. Di antarana aya sababaraha laguna anu ngaguar ngeunaan ajén moral nya éta “Jurig”, “Berenyit”, “Polisi No Ban”, “Sono ka Kodim”, “Éma”, jeung rumpaka séjénna nu aya dina album Doel Sumbang. Rumpaka-rumpaka dina ieu lagu, loyog pikeun dijadikeun bahan panalungtikan anu ngaguar ajén moral, sabab eusi rumpakana medar ngeunaan kahayang manusa pikeun hirup kumbuh di masarakat, sangkan tengtrem, ayem,


(21)

4

silih ajénan, nu pinuh ku kabagjaan jeung karaharjaan, anu mibanda tatakrama jeung kapribadian, atawa ahlak (jiwa) anu luhung. Sangkan hal nu geus disebutkeun tadi kawujud, tangtuna jadi jelema téh kudu lemes budina, hadé tékadna, lain lahirna waé nu hadé budi, tapi jiwana ogé kudu miboga jiwa nu luhung, nu pantes diajénan. Upama jelema geus bener tatakrama jeung sopan santun lahir batinna, dina jiwana bakal tumuwuh hiji kakuatan batin nu pasti bakal diajénan ku batur.

Tatakrama dina harti nu jembar nya éta sistim sagemblengna tina kabiasaan jeung cara-cara hirup manusa dina lingkunganana. Dina harti heureut tatakrama téh kabiasaan sopan santun nu disaluyuan (dimupakatan) ku anggota masarakat di hiji tempat atawa daerah (Suryani, 2011:121).

Aya tilu rupa nu jadi tatapakan hirup bener téh, nya éta (1) bener tékadna, (2) bener ucapanana, jeung (3) bener lampahna. Tandesna nu pangheulana kudu dipibanda ku urang téh nya éta tékad atawa niat dina jero haté nu bener, boh patokan agama boh darigama, moal matak ngarugikeun batur. Ari beresih haté nya éta sarat hirup nu pangutamana dina hirup, geus bener tékadna terus bener ucapna. Maksudna omongan anu dikedalkeun téh kudu sarua benerna jeung tékadna, ulah papalingpang, ari tékad hayang bener, ari omongan ngacaprak, matak nyugak jeung garihal. Upama ucap jeung omongan urang geus bener, geus luyu antara tekad jeung nu dikedalkeun, kakara bisa disebut sampurna, upama diwujudkeun dina laku lampah nu bener, nya éta nu luyu jeung tékad katut ucap nu bener téa.

Tina déskripsi di luhur kagambar pentingna nanjeurkeun ajén nu hadé téh. Salah sahiji carana nya eta diulik maké kajian struktural semiotik. Panalungtik miboga kahayang pikeun néangan ma’na kana rumpaka kawih ngaliwatan kajian struktur-semiotik sarta maluruh ajén moral nu nyangkaruk dina eusi rumpaka karya Doel Sumbang.

Sababaraha panalungtikan anu nalungtik struktural-semiotik jeung ajén moral di antarana:

1. “Tilikan Struktural jeung Sémiotik kana Rumpaka Cianjuran Wanda Rambatan Sanggian Ubun Kubarsah pikeun Bahan Pangajaran


(22)

5

Ngaregepkeun di SMA” ku Dimas Patria taun 2012. Ieu panalungtikan téh ngadeskripsikeun Cianjuran wanda rambatan, dianalisis struktur puisi jeung semiotikna.

2. “Ajén Falsafah dina Rumpaka Kakawihan Kaulinan Barudak Dusun Krajan 1 Désa Kutagandok Kecamatan Kutawaluya Karawang pikeun Pangdeudeul Matéri Pangajaran Muatan Lokal Basa Sunda” ku Novita Kurnia taun 2011. Ieu panalungtikan ngadeskripsikeun ajén filsafat anu nyangkaruk dina rumpaka kakawihan kaulinan barudak, jeung réa-réa deui panalungtikan sejénna.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun panalungtikan anu ngaguar struktural-sémiotik jeung ajén moral tina rumpaka Pop Sunda karya Doel Sumbang. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dijudulan, “Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang (Ulikan Struktural Sémiotik jeung Ajén Moral)”.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, di handap ieu dipedar ngeunaan idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1. Idéntifikasi Masalah

Munculna rumpaka lantaran ayana prosés kréatif ti pangarang. Saupama maluruh ngeunaan rumpaka sacara gembleng lega teuing ambahanna. Ku kituna dumasar tinimbangan waktu, biaya tur tanaga panalungtik, ieu panalungtikan diwatesanan ku identifikasi tina ulikan struktural-sémiotik jeung ajén moral. Ulikan struktural rumpaka nyoko kana unsur struktur puisi, nya éta imaji, simbol atawa lambang, jeung musikalitas atawa wirahma. Aya deui unsur séjénna nu mangrupa sambarana, nyaéta suasana, téma jeung gaya (Mustappa, 1985:21). Sedengkeun ulikan sémiotik dumasar tiori Charles Sander Pierce (dina Isnendes, 2010:95-96), anu nyoko kana kaayaan jeung wangun dasarna anu ngawengku:

a. Ikon, tanda anu nunjukkeun ayana hubungan anu sipatna alamiah antara pananda jeung petandana.


(23)

6

c. Simbol, hubungan antara penanda jeung petanda dina sipatna anu arbiter. Ngeunaan ulikan ajén moralna, rumpaka kawih téh dianalisis tina komponen moral agama jeung darigama. Moral agama nya éta ajaran anu saluyu jeung Al Qur’an jeung hadis. Sedengkeun darigama nya éta ajaran anu luyu jeung aturan-aturan hirup di masarakat.

Rumpaka Pop Sunda anu ditalungtik téh rumpaka Pop Sunda tina Album Doel Sumbang, anu dianggap miboga ajén moral dina ngalakonan kahirupan, ngan kasang tukang pangarang lagu dina ieu panalungtikan moal dipaluruh sangkan ieu panalungtikan museur kana rumpaka laguna.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah dina ieu panalungtikan, dirumuskeun rumusan masalah ieu di handap:

a. Kumaha rumpaka kawih karya Doel Sumbang disawang tina segi struktur puisi nu ngawengku, imaji, simbol, musikalitas, suasana, téma jeung gaya? b. Aspék sémiotik naon baé anu aya dina rumpaka kawih wanda pop Sunda

karya Doel Sumbang disawang tina ikon, indéks, jeung simbol?

c. Ajén moral naon waé nu nyangkaruk dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan, miboga dua tujuan nya éta tujuan umum jeung tujuan husus, anu dipedar saperti ieu di handap:

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun karya sastra, hususna rumpaka kawih dina wanda Pop Sunda dumasar kana struktur pangwanguna, anu satuluyna diulik sacara sémiotik jeung ajén moralna.


(24)

7

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta:

a. Ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun struktur puisi rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang anu ngawengku, imaji, simbol, musikalitas suasana, téma jeung gaya;

b. Ngaidéntifikasi aspék sémiotik (ikon, indéks jeung simbol) anu nyangkaruk tina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang;

c. Ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sangkan leuwih jentré mangpaat ieu panalungtikan dibagi jadi dua bagian, nya éta mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan pikeun ngawewegan élmu sastra, seni, jeung psikologi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan sacara praktis nyaéta: a. Pikeun sakumna masarakat, bisa jadi référénsi pikeun ngungkab ajén moral

nu digambarkeun dina rumpaka-rumpaka kawih anu luyu jeung kaayaan jaman;

b. Pikeun dunya atikan, bisa dijadikeun tatapakan boh pikeun guru, boh pikeun siswa sangkan leuwih kréatif dina ngamekarkeun bahan pangajaran kawih nu dicokot tina rumpaka-rumpaka kawih.

1.5 Anggapan Dasar

Anggapan dasar nyaéta hiji pamikiran anu bebeneranna ditarima ku panalungtik (Surakhmad dina Arikunto, 2006:65). Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:


(25)

8

b. Rumpaka kawih miboga struktur saperti karya sastra wangun puisi; c. Rumpaka kawih miboga ajén moral anu luhung;

d. Méré wawasan ngeunaan kawih wanda Pop Sunda.

1.6 Sistematika Nulis

Sistematika nulis baris diébréhkeun dina wangun saperti ieu di handap. BAB I Bubuka, anu mertélakeun kasang Tukang, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, manfaat panalungtikan, anggapan dasar, métode panalungtikan, sistematika nulis.

BAB II Tatapakan tiori, anu ngadadarkeun sajumlahing téori anu dijadikeun tatapakan pikeun nganalisis nu ditalungtik, di antarana ngawengku téori kawih, rumpaka, Pop Sunda, puisi, struktur puisi, sémiotik, jeung ajén moral.

BAB III métode panalungtikan, ngawengku data jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

BAB IV Analisis Jeung Déskripsi Struktural-Sémiotik Katut Ajén Moral Rumpaka Kawih Karya Doel Sumbang.

BAB V kacindekan jeung saran, mertélakeun kacindekan tina hasil analisis jeung sababaraha saran pikeun panalungtikan lianna.


(26)

(27)

28

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka lagu pop Sunda dina album Doel Sumbang. Aya 9 judul album Doel Sumbang nu ditalungtik, sedengkeun jumlah rumpaka lagu nu ngandung ajén moral nu kapanggih aya 18 judul kawih. Tina 9 album, unggal album dicokot 2 judul anu eusina ngeunaan kritik pikeun manusa. Judul-judulna nya éta, “Berenyit”, “Jurig”, “Nini-nini Luar Nagri”,“Tuturut Munding”, “Urang

Sunda”, “Col Blem”, “Ema”, “Ah Horéam”, “Pepeling”, “Sono ka Kodim”,

“Polisi No Ban”, “Dijajah”, “Teu di Luhur Teu di Handap”, “Gogog”,

“Selebritis”, “ Pemilu”, “Beja ti Jurig”, “Beurit”. Henteu kawatesanan ku taun

gelarna ieu rumpaka, tapi unggal rumpaka lagu anu dianggap ngandung ajén moral dijadikeun sumber data pikeun ditalungtik sacara struktural-sémiotik.

3.2 Desain Panalungtikan

JEUNG SARAN

RUMPAKA KAWIH

NGUMPULKEN DATA

MILIH DATA NGANALISIS

DATA

AJEN MORAL

STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

KACINDEKAN JEUNG SARAN


(28)

29

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode déskriptif. Nurutkeun Sudjana (2004:52), metodé penelitian deskriptif digunakeun saupama miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun atawa ngajelaskeun kajadian nu aya dina mangsa kiwari. Nu kaasup kana ieu métode nya éta studi kasus, studi kamekaran, studi korélasi.

Sacara étimologis métode asalna tina kecap methodos (basa Latén), anu hartina cara-cara atawa stratégi pikeun maham kana réalitas (kanyataan), tur dianggap léngkah-léngkah sacara sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab jeung akibat. Ari fungsina, saéstuna métodé téh pikeun ngabasajankeun masalah panalungtikan sangkan gampang diungkulanana.

Tujuan ngagunakeun métode déskriptif téh nya éta pikeun ngaidéntifikasi struktur puisi rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang, anu ngawengku, imaji, simbol, musikalitas suasana, téma, jeung gaya; ngaidéntifikasi aspék sémiotik (ikon, indéks, jeung simbol) anu nyangkaruk tina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang; ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih maham kana tujuan panalungtikan, perlu ayana wangenan operasional nu aya hubunganna jeung judul panalungtikan saperti ieu dihandap

a. Kawih

Kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa’ir (karya bujangga), nya éta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga, sarta miboga birama anu ajeg (angger), mibutuh lagu tur kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan.

Dina Kamus Umum Basa Sunda (1985:220) wangenan kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh.


(29)

30

b. Rumpaka

Rumpaka nya éta teks lagu sarua jeung lirik (Ind.) karangan anu aralus dina wangun dangding, anu dimuat mangrupa karya sastra, sakapeung sok dipaké rumpaka tembang (Cianjuran).

c. Pop Sunda

Pop Sunda minangka wanda anyar dina kasenian Sunda. Ku ayana pop Sunda anu gumulung ti generasi ka generasi mangrupa bukti lagu pop Sunda tetep hirup di masarakat ti mangsa ka mangsa. Irama musikna rupa-rupa henteu matok dina musik tradisi wungkul. Lagu pop Sunda mimiti dipikawanoh dina taun 1980. Tapi mimiti kawéntar pisan mah, basa lagu

“Kalangkang” ciptaan Nano S. Diragum kana pop Sunda nu asalna tina

wanda degung. Anu dihaleuangkeun ku Nining Meida.

d. Struktur

Nurutkeun Jean Peaget dina Isnendes (2010:91) nétélakeun yén struktur ngawengku tilu gagasan poko. Kahiji, gagasan anu gembleng (wholeness, keseluruhan). Hartina, unggal unsur nyaluyukeun manéh jeung pakakas kaédah instrinsik nu nangtukeun sakumna unsur jeung bagian-bagianna. Kadua, gagasan transformasi (transformation). Hartina struktur nyanggupan prosedur transformasi nu tuluy-tumuluy ngawangun bahan-bahan anyar. Katilu, gagasan mandri (self regulation). Hartina struktur téh teu butuheun ku hal-hal di saluareun dirina pikeun mertahankeun prosedur transformasi téa, éta struktur téh otonom baé tina rujukan sistem séjén.

e. Sémiotik

Sémiotik hartina “élmu tanda”. Tanda hartina hiji hal nu ngawakilan nu

séjénna. Jadi sémiotik téh élmu nu nalungtik sagala rupa dina posisi minangka wakil tinu séjénna, cabang élmu nu nguruskeun tanda, kawas sistim tanda jeung proses nu bisa dilarapkeun pikeun digunakeunna tanda (van Zoest, terj Soekowati dina Isnendes, 2010:95).

f. Ajén

Ajén mangrupa kumpulan sikep jeung rasa anu diwujudkeun ngaliwatan kalakuan anu mangaruhan kalakuan hiji jalma. Ajén digunakeun pikeun silih


(30)

31

ajénan, jeung silih hormat. Upama dititénan, saenyana mah méh unggal jalma geus pada nyaho kudu kumaha cara-carana hirup kumbuh téh, nu mana kalakuan hadé jeung nu mana kalakuan goréng, ngan nu hésé mah prakna, dina ngajalankeunana (Asmara. 1994:11).

g. Moral

Harti moral nya éta ma’na ngeunaan alus goréngna hiji kalakuan. Sedengkeun

harti moral dina karya sastra sakumaha anu ditétélakeun ku Nurgiyantoro (2002:321) biasanya mencerminkan pandangan hidup pengarang yang bersangkutan, pandangan tentang nilai-nilai kebenaran, dan hal itulah yang ingin disampaikannya kepada pembaca.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan téh nya éta alat dina waktu panalungtikan ngagunakeun métode (Arikunto, 2006:149). Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan téh nya éta kartu data. Kartu data dipaké pikeun nyatet unsur-unsur struktural-sémiotik jeung ajén moral dina rumpaka kawih.

Gambar 2. Kartu Data

KARTU DATA

No : ...

Rumpaka :...

1. Analisis struktural :...

Imaji :...

Simbol :...

Musikalitas :...

2. Analisis sémiotik : ...

Ikon :...

Indéks :...

Simbol :...


(31)

32

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi jeung transkripsi. Léngkah-léngkahna:

1. Nyetél kaset VCD jeung CD kawih-kawih karya Doel Sumbang; 2. Ngupingkeun lagu bari transkripsi;

3. Milah-milah lagu nu ngandung ajén moral; 4. Nyalin kana kartu data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Aya sababaraha tahapan dina ngolah data, nya éta:

1. Analisis struktur rumpaka langsung tina rumpaka-rumpaka kawih nu ditalungtik.

2. Ngalakukeun analisis sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, simbol. 3. Nginterprétasi data hasil analisis sémiotik

4. Analisis ajén moral tina rumpaka kawih Doel Sumbang.

5. Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana hasil analisis struktural-sémiotik jeung ajén moral.


(32)

200

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Doel Sumbang téh salah sahiji tokoh seniman pituin urang Sunda, anu kiwari masih kénéh produktip ngarang lagu. Salian ti ngarang lagu basa Sunda, leubeut ogé karyana dina lagu basa Indonésia. Dina album karya Doel Sumbang loba kaguar kritikan-kritikan kana kaayaan nagara, di antarana loba kritik ka para pajabat anu korupsi, jalma leutik anu katalangsara, jeung kahirupan barudak kiwari salaku nonoman bangsa anu boga kalakuan kurang hadé. Gambaran rupa-rupa kahirupan di luhur ku Doel Sumbang diragum jadi rumpaka lagu, ngeunaan hadé jeung goréngna sipat manusa di alam dunya, pikeun dijadikeun hiji pieunteungeun.

Ayana panalungtikan kana rumpaka kawih karya-karya Doel Sumbang, miboga tujuan pikeun maluruh ma’na rumpaka kalayan ulikan struktural semiotik jeung ajén moralna. Tina hasil panalungtikan aya sababaraha hasil kacindekan, di antarana:

a) Tina hasil analisis struktur rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang anu ngawengku imaji, simbol, musikalitas, suasana téma jeung gaya basa, yén imaji nu loba nyampak nya éta imaji panempo, musikalitas nu nyampak dina unggal rumpaka lolobana parondok, jeung témpona gancang. Suasana nu mindeng kapanggih dina lagu karya Doel Sumbang lolobana ngébréhkeun rasa sedih jeung prihatin ka nasib jalma leutik anu jadi korban para panguasa nagara anu ngadoliman rahayat, saperti korupsi. Téma nu loba nyampak dina ieu rumpaka ngeunaan sosial . Gaya basa nu mindeng kapanggih nya éta gaya basa rarahulan (hiperbola) jeung mijalma (personifikasi).

b) Unsur sémiotik rumpaka kawih karya Doel Sumbang anu nyoko kana ikon, indéks jeung simbol. Tanda anu loba nyampak nya éta simbol jeung indéks. Kecap nu mindeng kapanggih dina waktu nganalisis simbol ngagambarkeun


(33)

201

kalakuan jalma anu miboga sikep kurang hadé jauh tina kaimanan, sedengkeun dina indéks Doel Sumbang loba ngagambarkeun sabab akibat tina eusi rumpaka nu ditepikeun.

c) Ajén moral dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang dina ieu panalungtikan nyoko kana komponén agama jeung darigama. Ajén agama réréana nembongkeun kalakuan jalma anu geus teu baroga iman, réa jalma anu geus naringgalkeun kana ibadah. Sedengkeun ajén darigama lolobana némbongkeun sikep anu patukang tonggong jeung ajaran agama, di antarana réa kritik kana sikep jalma, boh jalma sangsara boh para panguasa atawa pajabat anu boga sikep kurang hadé, dina ieu rumpaka loba dicaritakeun jalma miskin aral ku kamiskinanna, lain usaha sangkan kaluar tina kasangsaraan, tapi kalah boga peta kurang hadé, saperti mabok, ngajual diri, jeung pangangguran, atuh jalma gedéna atawa para panguasa kacaritakeun korupsi, anu antukna rahayat leutik nu jadi korban.

5.2 Saran

Sabada nalungtik rumpaka kawih karya Doel Sumbang ngeunaan ulikan struktural-semiotik jeung ajén moral, tangtu dipiharep aya mangpaatna tina ieu panalungtikan téh, ku lantaran kitu panalungtik nyarankeun ieu di handap:

5.2.1 Pikeun Dunya Atikan

Tina hasil panalungtikan nu dipiharep:

a. Hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru kana kaweruh siswa ngeunaan ajén moral.

b. Hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan boh guru boh siswa, sangkan ajén moral nu kapanggih bisa dijadikeun pieunteungeun, tina hadé goréngna sikep jalma saperti nu dicaritakeun dina eusi rumpaka. c. Eusi rumpaka karya Doel Sumbang anu kekecapanna rada garihal, kudu


(34)

202

5.2.2 Pikeun Masarakat Umum

Hasil ieu panalungtikan dipiharep:

a. Masarakat leuwih jembar deui ngayakeun panalungtikan kana karya Doel Sumbang.

b. Dijadikeun sumber pamahaman pikeun masarakat ngeunaan ajén moral anu aya dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang

c. Dijadikeun référénsi pikeun panalungtik séjén nu rék ngaguar, struktural-sémiotik karya Doel Sumbang.


(35)

203

DAFTAR PUSTAKA

Agustian, Ari Ginanjar. 2002. ESQ (Emotional Spiritual Quotient) Berdasarkan Enam Rukun Iman dan Lima Rukun Islam. Jakarta : Arga.

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Asmara, AS. 1994. Pengantar Studi Akhlak,. Jakarta: Raja Grafindo Persada Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Danesi, Marcel. 2012. Pesan, Tanda, dan Makna. Yogyakarta: Jalasutra. Darmadi, Hamid. 2007. Dasar Konsep Pendidikan Moral: Landasan Konsep

dan Implementasi. Bandung: Alfabeta

Ekadjati, S. Edi. 1995. Kebudayaan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. http://sanggarsr.blogspot.com/2010/04/rumpaka-dina-lagu-sunda.html

17 Maret 2013

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djambatan.

Koswara, Dedi. 2003. Racikan Sastra (diktat). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Minderoup, Albertine. 2005. Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Mustappa, Abdulah.1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung

Nurgiyantoro, Burhan. 2002. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Pradopo, Rahmat Djoko. 1995. Beberapa Teori Sastra, Métode Kritik dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.


(36)

204

Praja, Juhaya S. 2010. Aliran-aliran Filsafat dan Etika. Jakarta: Kencana Prenada Media Group

Siswantoro. 2008. Métode Penelitian Sastra: Analisis Struktur Puisi. Surakarta: Pustaka Pelajar.

Sopandi, Atik. 1985. Kamus Istilah Karawitan Sunda. Bandung: Pustaka Buana.

Sudjana, Nana. 2001. Penelitian dan Peilaian Pendidikan. Bandung; Sinar Baru Algesindo.

Sumardjo, Jakob. 2011. Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Suryalaga, Hidayat. 1993. Etika jeung Tatakrama: Panuyun Pangaweruh

Tatakrama Kanggo Guru Sakola Dasar. Bandung: Geger Sunten. Suryani. 2011. Ragam Pesona Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia. Suratno, Nano. 1983. Pengetahuan Karawitan Sunda. Bandung: Dinas

Pendidikan dan Kebudayaan

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Galuring Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia Tarigan, Henry Guntur.1993. Prinsip-Prinsip Dasar Sastra Indonesia.

Bandung: Angkasa

Teeuw, A. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra: Pengantar Teori Sastra. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya

Zoest, Van Aart dan Panuti Sudjiman. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pusaka Utama


(1)

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi jeung transkripsi. Léngkah-léngkahna:

1. Nyetél kaset VCD jeung CD kawih-kawih karya Doel Sumbang; 2. Ngupingkeun lagu bari transkripsi;

3. Milah-milah lagu nu ngandung ajén moral; 4. Nyalin kana kartu data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Aya sababaraha tahapan dina ngolah data, nya éta:

1. Analisis struktur rumpaka langsung tina rumpaka-rumpaka kawih nu ditalungtik.

2. Ngalakukeun analisis sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, simbol. 3. Nginterprétasi data hasil analisis sémiotik

4. Analisis ajén moral tina rumpaka kawih Doel Sumbang.

5. Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana hasil analisis struktural-sémiotik jeung ajén moral.


(2)

Niknik Dewi Pramanik,2013

Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang (Ulikan Struktural-Sémiotik Jeung Ajén Moral)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Doel Sumbang téh salah sahiji tokoh seniman pituin urang Sunda, anu kiwari masih kénéh produktip ngarang lagu. Salian ti ngarang lagu basa Sunda, leubeut ogé karyana dina lagu basa Indonésia. Dina album karya Doel Sumbang loba kaguar kritikan-kritikan kana kaayaan nagara, di antarana loba kritik ka para pajabat anu korupsi, jalma leutik anu katalangsara, jeung kahirupan barudak kiwari salaku nonoman bangsa anu boga kalakuan kurang hadé. Gambaran rupa-rupa kahirupan di luhur ku Doel Sumbang diragum jadi rumpaka lagu, ngeunaan hadé jeung goréngna sipat manusa di alam dunya, pikeun dijadikeun hiji pieunteungeun.

Ayana panalungtikan kana rumpaka kawih karya-karya Doel Sumbang, miboga tujuan pikeun maluruh ma’na rumpaka kalayan ulikan struktural semiotik jeung ajén moralna. Tina hasil panalungtikan aya sababaraha hasil kacindekan, di antarana:

a) Tina hasil analisis struktur rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang anu ngawengku imaji, simbol, musikalitas, suasana téma jeung gaya basa, yén imaji nu loba nyampak nya éta imaji panempo, musikalitas nu nyampak dina unggal rumpaka lolobana parondok, jeung témpona gancang. Suasana nu mindeng kapanggih dina lagu karya Doel Sumbang lolobana ngébréhkeun rasa sedih jeung prihatin ka nasib jalma leutik anu jadi korban para panguasa nagara anu ngadoliman rahayat, saperti korupsi. Téma nu loba nyampak dina ieu rumpaka ngeunaan sosial . Gaya basa nu mindeng kapanggih nya éta gaya basa rarahulan (hiperbola) jeung mijalma (personifikasi).

b) Unsur sémiotik rumpaka kawih karya Doel Sumbang anu nyoko kana ikon, indéks jeung simbol. Tanda anu loba nyampak nya éta simbol jeung indéks. Kecap nu mindeng kapanggih dina waktu nganalisis simbol ngagambarkeun


(3)

kalakuan jalma anu miboga sikep kurang hadé jauh tina kaimanan, sedengkeun dina indéks Doel Sumbang loba ngagambarkeun sabab akibat tina eusi rumpaka nu ditepikeun.

c) Ajén moral dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang dina ieu panalungtikan nyoko kana komponén agama jeung darigama. Ajén agama réréana nembongkeun kalakuan jalma anu geus teu baroga iman, réa jalma anu geus naringgalkeun kana ibadah. Sedengkeun ajén darigama lolobana némbongkeun sikep anu patukang tonggong jeung ajaran agama, di antarana réa kritik kana sikep jalma, boh jalma sangsara boh para panguasa atawa pajabat anu boga sikep kurang hadé, dina ieu rumpaka loba dicaritakeun jalma miskin aral ku kamiskinanna, lain usaha sangkan kaluar tina kasangsaraan, tapi kalah boga peta kurang hadé, saperti mabok, ngajual diri, jeung pangangguran, atuh jalma gedéna atawa para panguasa kacaritakeun korupsi, anu antukna rahayat leutik nu jadi korban.

5.2 Saran

Sabada nalungtik rumpaka kawih karya Doel Sumbang ngeunaan ulikan struktural-semiotik jeung ajén moral, tangtu dipiharep aya mangpaatna tina ieu panalungtikan téh, ku lantaran kitu panalungtik nyarankeun ieu di handap:

5.2.1 Pikeun Dunya Atikan

Tina hasil panalungtikan nu dipiharep:

a. Hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru kana kaweruh siswa ngeunaan ajén moral.

b. Hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan boh guru boh siswa, sangkan ajén moral nu kapanggih bisa dijadikeun pieunteungeun, tina hadé goréngna sikep jalma saperti nu dicaritakeun dina eusi rumpaka. c. Eusi rumpaka karya Doel Sumbang anu kekecapanna rada garihal, kudu


(4)

Niknik Dewi Pramanik,2013

Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang (Ulikan Struktural-Sémiotik Jeung Ajén Moral)

5.2.2 Pikeun Masarakat Umum

Hasil ieu panalungtikan dipiharep:

a. Masarakat leuwih jembar deui ngayakeun panalungtikan kana karya Doel Sumbang.

b. Dijadikeun sumber pamahaman pikeun masarakat ngeunaan ajén moral anu aya dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang

c. Dijadikeun référénsi pikeun panalungtik séjén nu rék ngaguar, struktural-sémiotik karya Doel Sumbang.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

Agustian, Ari Ginanjar. 2002. ESQ (Emotional Spiritual Quotient) Berdasarkan Enam Rukun Iman dan Lima Rukun Islam. Jakarta : Arga.

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Asmara, AS. 1994. Pengantar Studi Akhlak,. Jakarta: Raja Grafindo Persada Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Danesi, Marcel. 2012. Pesan, Tanda, dan Makna. Yogyakarta: Jalasutra. Darmadi, Hamid. 2007. Dasar Konsep Pendidikan Moral: Landasan Konsep

dan Implementasi. Bandung: Alfabeta

Ekadjati, S. Edi. 1995. Kebudayaan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. http://sanggarsr.blogspot.com/2010/04/rumpaka-dina-lagu-sunda.html

17 Maret 2013

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djambatan.

Koswara, Dedi. 2003. Racikan Sastra (diktat). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Minderoup, Albertine. 2005. Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Mustappa, Abdulah.1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung

Nurgiyantoro, Burhan. 2002. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Pradopo, Rahmat Djoko. 1995. Beberapa Teori Sastra, Métode Kritik dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.


(6)

Niknik Dewi Pramanik,2013

Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang (Ulikan Struktural-Sémiotik Jeung Ajén Moral)

Praja, Juhaya S. 2010. Aliran-aliran Filsafat dan Etika. Jakarta: Kencana Prenada Media Group

Siswantoro. 2008. Métode Penelitian Sastra: Analisis Struktur Puisi. Surakarta: Pustaka Pelajar.

Sopandi, Atik. 1985. Kamus Istilah Karawitan Sunda. Bandung: Pustaka Buana.

Sudjana, Nana. 2001. Penelitian dan Peilaian Pendidikan. Bandung; Sinar Baru Algesindo.

Sumardjo, Jakob. 2011. Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Suryalaga, Hidayat. 1993. Etika jeung Tatakrama: Panuyun Pangaweruh

Tatakrama Kanggo Guru Sakola Dasar. Bandung: Geger Sunten. Suryani. 2011. Ragam Pesona Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia. Suratno, Nano. 1983. Pengetahuan Karawitan Sunda. Bandung: Dinas

Pendidikan dan Kebudayaan

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Galuring Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia Tarigan, Henry Guntur.1993. Prinsip-Prinsip Dasar Sastra Indonesia.

Bandung: Angkasa

Teeuw, A. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra: Pengantar Teori Sastra. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya

Zoest, Van Aart dan Panuti Sudjiman. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pusaka Utama