RPP Bahasa Sunda Kelas 9 Semester 1

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
Nama Sekolah
Mata Pelajaran
Kelas/Semester
Alokasi Waktu

: .............................
: Bahasa Sunda
: IX / 1
: 2 x 40 Menit

A. Standar Kompetensi
Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato.khotbah, lirik (rumpaka)
lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok).
B. Kompetensi Dasar
Menyimak pidato khotbah (hutbah)
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat menemukan, menyimpulkan dan menanggapi hal-hal penting dalam pidoto, khotbah
Indikator
• Dapat menemukan hal-hal penting dalam pidoto, khotbah

• Dapat menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana
• Dapat menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun.
D. Materi Pokok
Hutbah/Ceramah
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan
: Komunikatif, alamiah
2. Metode
: Langsung
3. Teknik
: Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan
1

Kegiatan
Pendahuluan

Waktu/
Pertemuan
10

Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi

Kegiatan Inti
 Salah seorang siswa membacakan wacana hutbah /memutar kaset
rekaman
 Bersama-sama menyimak wacana hutbah yang
dibacakan/diperdengarkan
 Bertanya jawab tentang topik hutbah yang disimak
 Bertanya jawab tentang isi hutbah
 Dengan bimbingan guru menafsirkan kalimat-kalimat kunci dan
maksud hutbah

60

Penutup
 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana hutbah
 Siswa ditugaskan untuk membaca wacana hutbah serta menelaah
isinya

10

G. Alat/ Bahan / Sumber
 Wacana hutbah
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar

H. Penilaian
Tujuan Pembelajaran
Dapat menemukan hal-hal
penting dalam pidoto,
khotbah

Teknik
Lisan/
Tulisan

Bentuk
Uraian

Instrumen
Sebutkeun hal-hal penting nu
ku hidep kacangkem tina
hutbah!

Dapat menyimpulkan
pesan pidato, khotbah,
atau ceramah dengan
kalimat sederhana

Lisan/
Tulisan

Uraian

Sebutkeun amanat nu ku hidep
kacangkem tina hutbah!

Dapat menanggapi pesan
pidato khutbah atau
ceramah dengan bahasa
yang santun.

Lisan/
Tulisan

Uraian

Jentrekeun, kumaha
pamadegan hidep kana eta
eusi hutbah?

Mengetahui

Kepala Sekolah,

Pameungpeuk, Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. .............................

.............................
.............................

Kunci Jawaban

LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR
Regepkeun hutbah ieu di handap! ( dibaca ku guru atawa ku salasaurang siswa )
FADILAH ELMU
HUTBAH KAHIJI
Hotib maca hamdalah, sholawat jeung wasiat taqwa.
Parahadirin Kaum Muslimin !

Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang
sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin.
Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga
urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di
dunya sareng aherat.
Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh.
Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat lantaran
boga élmu. Lamun teu boga élmu, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana jeung sato.
Imam Syafi i ngadawuh : Hirup manusa atawa hiji pamuda, nyaéta ku elmu jeung taqwa.
Lamun élmu jeung taqwa teu aya dina diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina. Kukituna
hayu urang tungtut élmu. Sing getol hadir di majlis élmu.
Seueur pisan ganjaranana pikeun jalmi nu resep nungtut élmu. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi
Muhammad SAW. Dina haditsna:
Diukna anjeun dina majlis élmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan,
sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka éta geus leuwih hadé tibatan ngamedikakeun sarébu budak
beulian.
Anjeunna ogé ngadawuh, hiji jalma disebut sial upama dina éta poé teu nambahan élmuna.
Lamun datang ka kaula hiji poé anu teu nambah élmu, mangka kaula nganggap éta poé-poé sial,
henteu aya berekahna.
Urang sering miceunan waktu , dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana

urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti
Imam Syafi i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan
élmu. Nabi Muhammad SAW tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : Aranjeun kedah diajar élmu,
sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma siatma siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.
Nyakitu deui lamun urang ngajarkeun élmu maka saolah-olah sidekah. Kauntungan séjénna pikeun
jalma nu boga élmu nyaéta sakumaha dawuhan Nabi Muhammad SAW. :
Kitu deui unggal barang anu aya di alam dunya ieu, tina barang anu garing jeung anu baseuh
mangméntakeun hampura ka jalma anu boga élmu.
Dugi ka sato nu aya di darat jeung di laut ti nu panggedéna nepi ka nu pangleutikna, nu galak jeung
nu lindeuk, nya kitu deui sakabéh mahluk langit mangméntakeun hampura keur jalma-jalma nu tolab
élmu.

Ku sabab kitu, hayu urang soson-soson diajar élmu satungtung masih kénéh aya kasempetan, aya
keneh para-Ustad, para-Kiyai, para-Guru nu ikhlas ngajarkeun elmu.
Mugia urang dipasihan hidayah, taufiq sareng kasumanget enggoning nyiar élmu. Amin.
HUTBAH KADUA, Hotib maca hamdalah, sholawat, wasit taqwa diteraskeun ku du a.

Pedaran kecap
Dina hutbah di luhur loba kecap nu asalna tina basa Arab.

Hamdalah

: ngucapkeun Alhamdulillahirobbil alamin

Sholawat

: ngucapkeun Allohummasholli ala muhammad jst.

Wasiat

: nepikeun ajakan kana jalan kataqwaan

Taqwa

: ngalaksanakeun paréntah Alloh sarta ninggalkeun anu dilarang-Na

Salam

: kasalametan

Dunya

: marcapada tempat hirup urang ayeuna

Aherat

: alam kalanggengan sabada maot

Kaum

: bangsa, umat

Rohimakumulloh

: nu dipikaasih ku Alloh

ma siat

: pagawéan nu dilarang ku Alloh

elmu

: kanyaho

tolab

: néangan, nyiar élmu

Ustad

: guru

Ikhlas

: nu miharep balesan

PEDARAN
Hidep tangtu sering ngaregepkeun cermah atawa hutbah. Komo pikeun lalaki mah da wajib
ngalaksanakeun ibadah Jumaah. Salah sahiji bagian tina ibadah Jumaah nyaéta hutbah. Hutbah téh
nyaéta pidato atawa biantara anu ditepikeun ku hotib di hareupeun jamaah. Tangtuna urang kudu
ngabédakeun antara hutbah jeung biantara. Hutbah mibanda ciri khusus boh ditilik tina eusina,
tempatna jeung waktuna.
Ditilik tina eusina, hutbah mah husus medar ngeunaan ajakan kana kasalametan dunya jeung
ahérat, ngajak éling ka Alloh swt, ogé ngageuing sangkan teu ngagugu kana pangajak syétan. Sarta
dipungkas ku du a atawa paménta ka Alloh sangkan nyumponan sagala kabutuh manusa.
Lamun ditilik tina waktuna, hutbah dilaksanakeun dina waktu-waktu nu tangtu, saperti Jumaah,
Idul Fitri, Idul Adha, Sanggeus sholat khusuf/khusuf (gerhana), jeung sabada sholat Istisqo (ménta hujan).
Husus pikeun jamaah nu ngaregepkeun hutbah, aya larangan nyarita atawa nyarék nyarita ka nu
séjén. Ieu hal nu ngabedakeun antara hutbah jeung biantara.
Hal séjénna nu ngabédakeunana nyaéta dina hal-hal nu kudu ditepikeun ku hotib (struktur
hutbah).

(Tengetan tabél di handap ! )
HUTBAH
HUTBAH KAHIJI

BIANTARA
Teu dibagi 2 babak

- Ngucapkeun salam (diselang ku adzan)

- Ngucapkeun salam (teu diselang ku adzan)

- Ngucapkeun hamdalah, sholawat, wasiat taqwa,

- Ngucapkeun hamdalah, sholawat

ayat Qur an (Basa Arab)
- Medar eusi

- Medar eusi
- Panutup

- Panutup hutbah (Basa Arab)
HUTBAH KADUA
Bari ngaregepkeun hutbah atawa ceramah, catet ku hidep hal-hal penting tina eusina, jieun
kacindekanana. Hal ieu bisa nambah élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hidep enggoning hirup di alam
dunya sangkan salamet di ahérat.

Materi Pangdeudeul

KECAP SEREPAN
Dina hutbah kapanggih kecap-kecap hadirat, illahi, robbi, solawat jeung sohabat. Eta kecap tehe
asal muasalna tina basa Arab. Sakur kecap dina basa Sunda nu asalna tina basa deungeun disebut kecap
serepan. Lantaran geus dipaké dina kahirupan sapopoé ku urang Sunda, nya urang aku baé jadi milik
urang Sunda. Urang paké dina kahirupan sapopoé sarta urang mumulé minangka milik budaya bangsa tur
pikeun kabeungharan kecap dina basa Sunda.
Sajaba ti serepan tina basa Arab, loba kecap-kecap din basa Sunda nu asalna tina basa séjénna.
Geura titénan contona!
1. Asalna tina basa Arab
Contona : ahad, hakim, hukum, hayat, elmu, hak, darajat, imam, waktu, jilid
2. Asalna tina basa Cina
Contona : tauco, taogé, loténg, locéng, kelenténg, capcay, mie, cengkéh, panggung
3. Asalna tina basa Walanda
Contona : semir, selip, emur, baki, béngkél, kartu, kopi, bor, duit, pelesir, selop
4. Asalna tina basa Perancis
Contona : presiden, stasion, stadion, halteu
5. Asalna tina basa Potugis
Contona : armada, bandéra, lantéra, jandéla, kaméja, ronda, kamer
6. Asalna tina basa Inggris
Contona : botol, kiper, suksés, gelas, meter, heden, aut, gul, aktif
7. Asalna tina basa Malayu
Contona : korék api, karéta api, méja makan, lomari makan, rumah sakit, korsi goyang

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI
Sabada hutbah, jawab pananya ieu di handap !
1. Tuliskeun deui bubuka hutbah kalawan lengkep !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------2. Naon kauntungan pikeun jalma nu boga élmu ?
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------3. Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu diuk di majlis élmu !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------4. Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu ngamalkeun élmu !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------5. Sebutkeun bédana antara hutbah jeung biantara atawa ceramah biasa !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------6. Tuliskeun ringkesan eusi hutbah ku basa hidep sorangan !

--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------7. Tuliskeun léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku hotib ti mimiti nepi ka ahir hutbah !
-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------

UJI KOMPETENSI
1. Tuliskeun kecap-kecap basa Arab séjénna nu aya dina naskah hutbah !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------2. Jéntrékeun maksud tina éta kecap-kecap nu ku hidep ditulis dina nomer 1 !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------3. Jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap !
a. élmu

: _____________________________________________________________

b. imam

: _____________________________________________________________

c. sholat

: _____________________________________________________________

d. ibadah

: _____________________________________________________________

e. salamet

: _____________________________________________________________

f.

wasiat

: _____________________________________________________________

g. takwa

: _____________________________________________________________

h. salam

: _____________________________________________________________

i.

dunya

: _____________________________________________________________

j.

ahérat

: _____________________________________________________________

4. Teangan harti/maksud kecap-kecap ieu di handap dina kamus!
a. darajat

: _________________________________________________________

b. pelesir

: _________________________________________________________

c. kelenténg

: _________________________________________________________

d. halteu

: _________________________________________________________

e. armada

: _________________________________________________________

f.

: _________________________________________________________

korsi goyang

g. aktif

: _________________________________________________________

h. skénner

: _________________________________________________________

i.

selip

: _________________________________________________________

j.

ajaib

: _________________________________________________________

5. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap !
a. darajat

: _________________________________________________________

b. pelesir

: _________________________________________________________

c. kelenténg

: _________________________________________________________

d. halteu

: _________________________________________________________

e. armada

: _________________________________________________________

f.

: _________________________________________________________

korsi goyang

g. aktif

: _________________________________________________________

h. selip

: _________________________________________________________

i.

: _________________________________________________________

ajaib

PANCEN
Regepkeun ceramah tina radio/kasét/TV.
a. Judul cermah/hutbah

:

___________________________________________________

b. Nu ceramah

:

___________________________________________________

c. Tingkesan eusi ceramah

:

__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
Nama Sekolah
Mata Pelajaran
Kelas/Semester
Alokasi Waktu

: .............................
: Bahasa Sunda
: IX / 1
: 2 x 40 Menit

A. Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis
surat, teks pidato, hasil wawancara, menulis berita dan karangan ilmiah.
B. Kompetensi Dasar
Menulis Surat
C. Tujuan Pembelajaran
Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun.
Indikator
• Dapat mengidentifikasi struktur surat resmi.
• Dapat menulis salam surat dengan baik.
• Dapat menulis pembukaan surat dengan baik.
• Dapat mengutarakan maksud dengan jelas, singkat, dan tepat.
• Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik.
• Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun.
• Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah surat.
D. Materi Pokok
Surat
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan
: Komunikatif, alamiah
2. Metode
: Langsung
3. Teknik
: Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan
1

Kegiatan
Pendahuluan
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
Kegiatan Inti
 Secara seksama siswa meneliti contoh-contoh surat resmi
 Bersama-sama menyimak penjelasan guru tentang surat resmi
 Bertanya jawab tentang topik yang dipelajari
 Bertanya jawab tentang teknik penulisan surat resmi
 Berlatih menulis sebuah surat resmi
Penutup
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi
 Postes
 Siswa ditugaskan untuk melanjutkan penulisan surat resmi

G. Alat/ Bahan / Sumber
 Contoh surat
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar

Waktu/
Pertemuan
10

60

10

H. Penilaian
Teknik

Bentuk

Dapat mengidentifikasi
struktur surat resmi.

Lisan/
tulisan

Uraian

Sebutkeun babagian tina wangun eta
surat!

Dapat menulis salam surat
dengan baik.
Dapat menulis
pembukaan surat dengan
baik.
Dapat mengutarakan
maksud dengan jelas,
singkat, dan tepat.
Dapat menulis bagian
penutup surat dengan
baik.
Dapat menulis surat
dengan bahasa yang
santun.
Dapat memperbaiki atau
menyempurnakan naskah
surat.

Tulisan

Unjuk
Kerja
Unjuk
Kerja

Tulis ku hidep bagian salam tina surat!
Tulis ku hidep bagian bubuka tina
surat!

Kunci
Jawaban
Dina
lampiran
materi
Gumantung
siswa
Gumantung
siswa

Tulisan

Unjuk
Kerja

Tulis ku hidep bagian eusi/maksud tina
surat!

Gumantung
siswa

Tulisan

Unjuk
Kerja

Tulis ku hidep bagian panutup tina
surat!

Gumantung
siswa

Tulisan

Unjuk
Kerja

Tulis ku hidep hiji surat anu lengkep
kalawan hade!

Gumantung
siswa

Tulisan

Unjuk
Kerja

Benerkeun ku hidep surat nu geus
ditulis!

Gumantung
siswa

Tujuan Pembelajaran

Tulisan

Instrumen

Mengetahui
Kepala Sekolah,

Pameungpeuk, Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. .............................

.............................
.............................

LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR

Tengetan conto surat resmi di handap !

ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH
O S I S
SMP NEGERI 2 PAMEUNGPEUK
Alamat: Jl Raya Pameungpeuk-Cisompet KM 3 Telp. (0262) 522132Pameungpeuk Garut 44175
Pameungpeuk, 10 Juli 2006
Nomer
Lampiran
Perkawis

Hulu Surat

Titimangsa

: 025/OSIS/U/2006
:: ULEMAN GEMPUNGAN
Bubuka

Kahatur
Pangurus OSIS SMPN 1 Pameungpeuk
Di Pameungpeuk
Sinareng hormat.
Mayunan taun ajaran 2006/2007 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku
sadaya pangurus OSIS utamina
patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa
Oriantasi Siswa (MOS). Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten
: Jumaah
Kaping
: 14 Juli 2006
Waktos
: tabuh 08.00 dugi ka 10.00 WIB
Tempat
: Kampus SMP Negeri 1 Pameungpeuk
Ku kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta
gempungan.
Kana samukawis perhatosanana sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun.

Pupuhu,

Hormatna,
Sekretaris,

ERMA LASMAWATI

ANI SRIYANI
Disaluyuan ku
Pembina OSIS

Eusi

Panutup

Drs. M. YUSUF SYAEFUDIN
NIP. 132 631 272v
Tembusan :
Kepala SMP Negeri 2 Pameungpeuk
PEDARAN
Hidep kungsi maca surat dines? Tangtu baé kungsi, sabab dina kahirupan sapopoé boh di sakola,
di RT/RW, sok ngayakeun rapat. Conto di luhur téh kaasup kana surat dines. Surat dines sok disebut oge
surat resmi nyaéta surat anu eusina patali jeung masalah anu dines atawa resmi boh anu dikaluarkeun
instansi pamarentah boh ku instansi sejenna. Malah surat anu ditulis ku hiji jalma bisa digolongkeun kana
surat dines upama eusina ngeunaan hal anu dines.

Ciri dines henteuna hiji surat teu ngan ditangtukeun ku eusina wungkul, tapi ditangtukeun oge ku
wangun surat.
Struktur surat dines di luhur téh dibagi jadi sababaraha bagian, nyaéta :

(a) hulu surat, disebut ogé kop surat anu ngawengku lambang, ngaran organisasi, alamat, nomer
telepon, nomor kotak pos, nomer faksimile (mun aya);
ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH
O S I S
SMP NEGERI 2 PAMEUNGPEUK
Alamat: Jl Raya Pameungpeuk-Cisompet KM 3 Telp. (0262) 522132Pameungpeuk Garut 44175
(b) bubuka, anu ngawengku nomer surat, tanggal, lampiran, hal, alamat, jeung salam bubuka;
Nomer
Lampiran
Perkawis

: 025/OSIS/U/2006
:: ULEMAN GEMPUNGAN

Kahatur
Pangurus OSIS SMPN 1 Pameungpeuk
Di Pameungpeuk
Sinareng hormat.
(c) eusi;
1) Bubuka
Mayunan taun ajaran 2006/2007 seueur pisan perkawis nu kedah
dibadantenkeun ku sadaya pangurus OSIS utamina patali sareng tatahar
kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa (MOS).
2) Eusi
Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten : Jumaah
Kaping : 14 Juli 2006
Waktos : tabuh 08.00 dugi ka 10.00 WIB
Tempat : Kampus SMP Negeri 1 Pameungpeuk
Ku kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan
eta gempungan.
3) Panutup
Kana samukawis perhatosanana sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun.
(d) panutup, anu ngawengku salam panutup, tanda tangan, ngaran nu nanda tangan surat,
kalungguhan, tembusan, jeung inisial.
Pupuhu,

Hormatna,
Sekretaris,

Dian Setiawan

Sri Nurbani Yusuf
Disaluyuan ku
Pembina OSIS
Asep Dian F., S.Hum
NIP. 132 631 272

Tembusan :
Kepala SMP Negeri 2 Pameungpeuk

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
Sabada niténan conto-conto surat dines di luhur, prak hidep nulis hiji surat dines/resmi anu eusina
mangrupa ondangan rapat Pramuka dina raraga tatahar kagiatan Perjusami. Hidep salaku ketua Déwan
Kerja Penggalang (DKP).
...........................................................................................................................................................

: 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)

A.

Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis
surat, teks pidato, hasil wawancara, menulis berita dan karangan ilmiah.

B.

Kompetensi Dasar
Menyimak lirik-lirik (rumpaka) lagu-lagu jenis tembang

C.

Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang dan dapat menganalisis serta menembangkan
lirik rumpaka tembang.

Indikator
• Dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang.
• Dapat menganalisis lirik rumpaka tembang.
• Dapat menembangkan lirik rumpaka tembang.
• Dapat menceritakan isi rumpaka dalam parafrase.
• Dapat menanggapi rumpaka lagu dari berbagai aspek.
D.

Materi Pokok
Tembang

E.

Metode Pembelajaran
1. Pendekatan
: Komunikatif, alamiah
2. Metode
: Langsung
3. Teknik
: Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas

F.

Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan
1-2

Kegiatan
Pendahuluan

Waktu/
Pertemuan
10

Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Pretes

Kegiatan Inti
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang tembang
 Secara seksama siswa menyimak tembang yang dilantunkan
 Bersama-sama menyimak penuturan temannya tentang tembang yang
didengarnya
 Dengan bimbingan guru, siswa melantunkan sebuah tembang
 Dengan bimbingan guru, siswa bertanya jawab sekitar rumpaka
tembang

60

Penutup
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Postes
 Siswa ditugaskan menghafalkan sebuah tembang untuk dilantunkan di
depan temannya

10

G. Alat/ Bahan / Sumber
 Buku pegangan
 Tape recorder

H. Penilaian
Tujuan Pembelajaran

Teknik

Bentuk

Dapat menganalisis lirik
rumpaka tembang.

Lisan/
Tulis

Uraian

Ditilik tina kecap-kecapna, sebutkeun
ciri rumpaka tembang!

Dapat menembangkan lirik
rumpaka tembang.
Dapat menceritakan isi
rumpaka dalam parafrase.
Dapat menanggapi
rumpaka lagu dari berbagai
aspek.

Lisan

Unjuk
Kerja
Uraian

Tembangkeun ku hidep eta rumpaka
kalawan hade!
Caritakeun ku hidep eusi/maksud tina
eta tembang kana wangun paraphrase!
1. Naon bedana tembang jeung
kawih ?
2. Saha nu mimiti ngabedakeun
antara tembang jeung kawih ?
3. Aya sabaraha jumlah pupuh nu
kaasup sekar ageung? Sebutkeun!
4. Pupuh naon bae nu sering dipake
patokan dina nyusun rumpaka
tembang ?
5. Tembangkeun salasahiji pupuh nu
ku hidep kacangkem !
6. Pupuh naon nu ditembangkeun ku
hidep?
7. Jentrekeun eusi eta pupuh nu
ditembangkeun ku hidep!
8. Tulis patokan nu dipake dina eta
pupuh!
9. Kumaha watek eta pupuh ?

Lisan/
Tulis
Lisan/
Tulis

Uraian

Instrumen

Mengetahui
Kepala Sekolah,

Pameungpeuk, Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. .............................

.............................
.............................

Kunci
Jawaban
Dina
lampiran
materi
Gumantung
siswa
Gumantung
siswa
Dina
lampiran
materi

LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR
Regepkeun /lenyepan tembang ieu di handap !
1.

Kidung; Payo; Warna-warni; Kunasari Maké patokan pupuh Kinanti

SINDANGKASIH
Wewengkon nu subur ma mur
Nagri raharja tur mukti
Nu dagang padasarenang
Parapatani sarugih
Pajabatna suka bungah
Harepan pangeusi nagri
Sepi paling hasud suwung
Towong rampog taya julig
Ais pangampih sarenang
Rahayat henang ngahening
Tiis ceuli hérang mata
Tibra saré tingtrim ati
Sindang Kasih dipicatur
Majalengka sugih mukti
Ngudag harepan kabagjan
Na mangsa nu bakal dugi
Sadayana pada taqwa
Ka Gusti Nu Maha Héman

8
8
8
8
8
8

u
i
a
i
a
i

8
8
8
8
7
8
7
8
12

a
i
a
i
i
u
a
i
a

2. Make patokan pupuh Sinom
GUNUNG CIREMAI
Mun nyawang ka tebéh wétan
Gunung Ciremai ku asri
Ngabedega mungguh gagah
Matak resep nu ningali
Tanda Agungna Gusti
Alloh anu Maha Luhung
Murba sadaya alam
Bumi langit sapangeusi
Ka manten-Na kedah muji sadayana
PEDARAN
Mikawanoh Tembang Sunda
Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang sabenerna lain istilah asli Sunda. Istilah nu aya di
Sunda mah nyaéta kawih. Ieu dumasar kana katerangan dina naskah Sunda Siksakanda ng Karesian taun
1518.
Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan pujangga Sunda nu jenengan M.A. Salmun. Dina
musyawarah Tembang Sunda taun 1962, ngahaja éta istilah téh ditepikeun pikeun kapentingan parapenyiar Bandung sangkan teu nyieun ngaran sora Sunda nu sakahayang hatena dina mangsa siaran.
Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah pikeun seni mamaos nyaéta Cianjuran,
sedengkeun istilah pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti daerah sejen saperti
Sumedang, Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang Sunda.
Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun Cianjuran Wungkul.
Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih dipikawanoh ku masyarakat.
Sacara umum aya ciri mandiri dina tembang nyaéta teu miboga birama/metrum/ketukan anu
tangtu. Tatang Suryana nétélakeun yen kaendahan jeung irama dina tembang gumantung ka nu
nembangkeunanana, boh éksprési, léotan, panjang pondokna randegan boh eur-eurna. Pon kitu mélodi
disusun dina wangun improvisasi.

Dina dunya tembang, boh di Jawa Tengah, boh di Bali pon kitu di Sunda, nepi ka kiwari masih tuhu
kana patokan pupuh. Lamun juru mamaos nganggit teu maké patokan pupuh disebut minculak bisa ogé
disebut teu nyaho kana aturan. Di Jawa tengah pupuh nu dipaké patokan lobana aya 51 pola.
R. Satjadibrata ngajéntrékeun yén tembang Sunda teh nyaéta ngalagu nurutkeun aturan pupuh
Dumasar kana éta wangenan bisa dicindekkeun yén ciri utama tembang nyaéta ngalagu maké rumpaka
pupuh. Opat pola pupuh nu sok digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Kinanti, Sinom,
Asmarandana, jeung Dangdanggula sok disingget KSAD atawa sering disebut istilah sekar ageung.
1.Nu maké patokan pupuh Kinanti
Contona : Kidung, Payo, Kunosari, Ceurik Rahwana, jsb.
2.Nu maké patokan pupuh Sinom
Contona : Liwung, Cirebonan, jsb.
3. Nu maké patokan pupuh Asmarandana
Contona : Wani-wani, Papalayon, Udan Liris, jsb.
4. Nu maké patokan pupuh Dangdanggula
Contona : Pancaniti, Bayubud, jsb.
Pupuh lianna nu jarang digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Balakbak, Juru Demung,
Durma, Gambuh, Gurisa, Lambang, Maskumambang, Mijil, Ladrang, Pangkur, Pucung, Wirangrong,
jeung Magatru. Pupuh nu 13 ieu disebut sekar alit.
Watek pupuh nu diberendelkeun di luhur nyaéta :
• Asmarandana, watekna silih asih, silih pikacinta, birahi
• Balakbak, watekna humor, banyol, pikaseurieun
• Dangdanggula, watekna ngagambarkeun kaéndahan, suasana nu pikaresepeun
• Durma, watekna ngagmbarkeun rasa ambek, perang, pabentar
• Gambuh, watekna tambuh laku, samar polah, bingung teu nyaho nu kudu dipilampah
• Gurisa, watekna ngagambarkeun pikaseurieun, banyol, humor, lulucon, heuheureuyan
• Juru Demung, watekna ngagambarkeun rasa kaduhung, hanjakal, ngarasa dosa
• Kinanti, watekna ngagambarkeun kaayaan prihatin, nalangsa, harepan, nganti-nganti
• Lambang, watekna humor ( saperti Gurisa/Balakbak)
• Magatru, watekna mangrupa lulucon pikeun selingan dina suasana sedih
• Maskumambang, watekna ngagambarkeun suasana sedih, prihatin, cilaka, jempling, kanyeri,
sasambat, nalangsa
• Mijil, watekna susah, sedih, ( saperti Maskumambang)

Pangkur, watekna ngagambarkeun nu aya diperjalanan, napsu, siap perang

Pucung, watekna méré atikan, bewara, kagét

Sinom, watekna ngagambarkeun suasana gumbira

Wirangrong, watekna ngagambarkeun wiwirang, naas, rugi

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI
Sabada ngaregepkeun tur nembangkeun rumpaka tembang, eusian ieu patalékan !
1. Kumaha watek rumpaka tembang nu kahiji ?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
2. Eusina nétélakeun naon ? Jéntrékeun !

3. Watek rumpaka nu kadua kumaha ?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
4. Jéntrékeun, eusina nétélakeun ngeunaan naon ?

5. Tembangkeun hiji rumpaka pupuh nu ku hidep kacangking !

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
Nama Sekolah
Mata Pelajaran
Kelas/Semester
Alokasi Waktu

: .............................
: Bahasa Sunda
: IX / 1
: 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)

A. Standar Kompetensi
Mampu membaca, memahami, dan menanggapi wacana tulis bentuk atau jenis cerita drama,
karangan bahasan, puisi, dan artikel.
B. Kompetensi Dasar
Membaca puisi karangan sendiri
C. Tujuan Pembelajaran
Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik serta dapat
berimprovisasi dengan wajar.
Indikator
• Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik.
• Dapat berimprovisasi dengan wajar.
• Dapat menceritakan proses kreatif penulisan puisi.
• Dapat menyempurnakan pembacaan.
D. Materi Pokok
Puisi
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan
: Komunikatif, alamiah
2. Metode
: Langsung
3. Teknik
: Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan
1-2

Kegiatan
Pendahuluan
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
Kegiatan Inti
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik
membaca puisi
 Dengan bimbingan guru, siswa membacakan puisi karangan sendiri
dengan baik
 Dengan bimbingan guru, siswa menyampaikan latar belakang
ditulisnya puisi tersebut
 Dengan bijak siswa menyampaikan tanggapan tentang puisi temannya
Penutup
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Postes
 Siswa ditugaskan untuk memperbaiki puisi yang telah ditulis sesuai
dengan saran dan kritik dari temannya

G. Alat/ Bahan / Sumber
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar

Waktu/
Pertemuan
10

60

10

H. Penilaian
Tujuan Pembelajaran
Dapat membaca puisi
dengan lafal, volume suara,
intonasi, dan mimik yang
baik.
Dapat berimprovisasi
dengan wajar.
Dapat menceritakan proses
kreatif penulisan puisi.

Teknik
Lisan

Bentuk
Unjuk
Kerja

Instrumen
Baca ku hidep eta sajak
kalawan hade!

Kunci Jawaban
Gumantung siswa

Lisan

Unjuk
Kerja
Uraian

Gumantung siswa

Dapat menyempurnakan
pembacaan.

Lisan

Baca ku hidep eta sajak
kalawan hade!
Cing caritakeun, naon
alesanana pangna
hidep/panyajak nulis eta sajak?
Baca ku hidep eta sajak
kalawan hade!

Lisan/
Tulisan

Unjuk
Kerja

Gumantung siswa

Gumantung siswa

Mengetahui
Kepala Sekolah,

Pameungpeuk, Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. .............................

.............................
.............................

LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR
Ieu di handap puisi karangan babaturan hidep, geura baca !
1.

AL-QUR AN
Qur an firman Pangéran
Dilungsurkeun sasih Ramadhan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran
Ayat nu suci tur mulya
Jadi saksi umat manusa
Di saantero alam marcapada
Nu ngagimbung pinuh ku dosa
Bukti sareng jangji Pangéran
Kaunggel dina ayat-ayat Al-Qur an
Sanés jangji nu tacan kaciri
Tapi pakta anu tétéla nyata
Al-Qur an salah sahiji cara
Sangkan manusa ngajauhan tina dosa
Lamun yakin kana eusina
Pinasti jadi ahli sawarga
( Nurhalimah, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk)

Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta hayang méré gambaran ka sakabéh umat Islam sangkan
yakin kana eusi tur kaagungan Al-Qur an. Harepan tumuwuh kareueus jeung karesep kana maca sarta
ngamalkeun eusina.
2.

GURU
Salira ngawulangkeun sagala hal
Salira ngadidik abdi nepi ka ngarti
Salira teu kantos ngarep-ngarep imbalan
Salira teh pahlawan tanpa tanda jasa
Abdi sadar, mindeng nyusahkeun Salira
Abdi terang, Salira teh capé ngawulang
Abdi ngarasa, Salira henteu putus asa
Abdi yakin, Salira ngatik tanpa pamrih
Mung ka Gusti abdi neneda
Supados ngaganjar kana jasa-jasa Salira.

Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun rasa rumasa hiji murid nu geus diatik
dididik ku guruna kalawan tanpa pamrih.
3.

BULAN
Mangsa beurang diganti ku peuting
Bulan mimiti nembongan datang
Cahyana caang gumilang
Nyingraykeun poékna peuting
Duh, bulan
Matak waas disawangna
Sinar anjeun hurung mancur
Nyaangan jagat buana

Duh, bulan
Anjeun éndah tanpa tanding
Mapaes ngéntépna béntang
Nu baganti ting kariceup tingkaretip
( Susi Novia, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk )
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun pangalamanana dina mangsa peuting keur
meujeuhna caang ku bulan purnama.

4.

PANASNA DUNYA
Panon anteb neuteup
Nangkeup dada bari nyanghareup
Ka langit nu angkeub
Haté pinuh ku kaceuceub
Ceuceub ku nyongkabna dunya
Panas ku héabna dunya
Dunya nu mawa cilaka
Matak poho ka baraya
Dunya dipaké adigung
Dunya dipaké kumalungkung
Loba nu lat ka Maha Agung
Tungtungna jadi kaduhung
Gering nangtung ngalanglayung
Na sanubari nguyungkung
Mikiran dunya taya tungtung
Antukna kalah ka linglung
( Erma Lasmawati, kelas IX A SMPN 1 Pameungpeuk )

Nu ngarang ieu sajak hayang ngébréhkeun balukar tina dunya. Mun manusa geus kalimpudan ku hawa
dunya hirupna pasti sangsara. Dunya kudu disiar, tapi hirup ulah katungkul ku dunya.
PEDARAN
Di kelas VII atawa VIII hidep oge kungsi diajar ngarang sajak. Geura ilikan deui éta sajak karya
hidep téh. Sanggeus kapaham eusina, baca ku hidep di hareupeun babaturan. Pasti reueus geura.
Maca sajak tangtu béda jeung maca karangan wangun lancaran (prosa) atawa maca karangan
wangun drama. Tapi, sacara umum mah sarua, nyaéta kudu bener ngucapkeunnana, jéntré henteuna
sora nu dikedalkeun, kendor tarikna sora (lentong), jeung robahna paroman. Sajaba ti éta, sangkan
leuwih alus dina maca puisi bisa improvisasi (ditambah ku kréatifitas sorangan, upamana maké gaya,
gerak, jeung sajabana).
MATERI PANGDEUDEUL
GAYA BASA
Titenan deui sajak di luhur! Dina éta sajak aya kalimah:
1. Bulan mimiti némbongan deui.
2. panonpoé nyingraykeun poékna peuting.

Dua conto kalimah di luhur téh kaasup kana kalimah nu ditulis ngagunakeun gaya basa Mijalma
(personifikasi). Naon sababna? Pangna disebut kitu lantaran dina éta kalimah nu migawe pagawéan (
némbongan jeung nyingraykeun ) téh lain jalma, tapi bulan jeung panonpoé. Sakur barang anu
pagawéanana diibaratkeun kana pagawéan jalma disebut mijalma.
Conto séjénna upamana baé : daun kalapa gugupay, sora suling ngabangingik, jeung sajabana.
Dina omongan atawa obrolan sapopoé sering kapanggih nu ngagunakeun gaya basa. Di antarana baé aya
nu ngagunakeun gaya basa rarahulan, rautan, ngasor, sindir, jeung réa-réa deui.
1. Gaya basa rarahulan, nyaéta gayabasa anu eusi kalimahna rahul, gedebul, kaleuleuwihi. Padahal
kajadian nu sabenerna mah teu kitu-kitu teuing.
Contona :
a. Saantéro eusi jagat bakal surti.
b. Manéhna ngajerit maratan langit basa bapana maot.
2. Gaya basa rautan, nyaéta gaya basa nu eusi kalimahna miboga tujuan sangkan nu diajak nyarita
teu ngarasa nyeri haté, lantaran kecapna dina éta kalimah geus diraut.
Contona :
a. Hapunten, putra ibu téh kirang dina matematika téh.
b. Punten, pangnungtunkeun Pun Aki, tos kirang titingalanana.
3. Gaya basa ngasor, nyaéta gaya basa anu eusina ngalaipkeun diri, handap asor, dépé-dépé.
Ucapanana teu adigung asa aing uyah kidul. Cindekna teu némbongkeun yén dirina leuwih alus,
leuwih beunghar, leuwih pinter, leuwih sagalana batan nu séjén.
Contona :
a. Ah, saung abdi mah ukur saageung pelok.
b. Abdi mah ngaos téh masih diajar alip-alipan kénéh.
4. Gaya basa sindir, nyaéta gaya basa nu eusina nepikeun hiji perkara tapi malibir teu togmol.
Cukup ku mangrupa sindir ogé jalma nu diajak nyarita bakal terus rasa, surti kana maksudna.
Contona :
a. Pantes rék dipikangéwa oge da manéh mah gedé hulu.
b. Paingan loba kukupu, sihoreng di dieu téh aya malati nu sumedeng mekar..

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
1. Tuliskeun deui ku hidep sajak nu kungsi dijieun !
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
2. Caritakeun, naon nu jadi kasang tukang / sababna / alesanana pangna hidep nulis éta sajak?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
3. Cing baca di hareup éta sajak karangan hidep téh kalawan hadé !

Teangan hartina/maksudna/sasaruaan kecapna dina kamus !
Tina Sajak 1
1. saantéro

hartina

________________________________________________________

2. marcapada

hartina

________________________________________________________

3. ngagimbung hartina

____________________________