SISTEM PENDIDIKAN RÉLIGI MASARAKAT KAMPUNG NAGA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

(1)

SISTEM PENDIDIKAN RÉLIGI MASARAKAT KAMPUNG NAGA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

COVE

ku

Agung Setiana NIM. 1002696

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

SISTEM PENDIDIKAN RÉLIGI MASARAKAT

KAMPUNG NAGA PIKEUN ALTERNATIF

BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Oleh

Agung Setiana

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Agung Setiana 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

(4)

Agung Setiana, 2014

SISTEM PENDIDIKAN RÉLIGI MASARAKAT KAMPUNG NAGA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA1)

Agung Setiana2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya sebuah perbedaan dalam penanaman nilai-nilai pendidikan keagamaan pada masyarakat umumnya dengan masyarakat adat khususnya yang masih menggunakan sebuah sistem yang sesuai dengan adat tradisi yang berlaku di dalam masyarakat tersebut. Dalam perkembangannya pendidikan membutuhkan adanya peranan keluarga di dalamnya, namun dalam hal ini sebuah masyarakat adat memiliki cara tesendiri dalam mendidik keturunannya seperti halnya masyarakat Kampung Naga. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan sistem pewarisan pendidikan réligi yang masih mengacu pada penerapan nilai-nilai tradisi yang sesuai dengan nilai-nilai yang dianut oleh setiap keluarga di masarakat Kampung Naga. Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif dengan menggunakan tekhnik telaah pustaka, wawancara, observasi dan dokumentasi. Hasilnya menunjukkan bahwa: 1) pewarisan nilai-nilai tradisional yang dilakukan oleh masyarakat Kampung Naga merupakan suatu amanat leluhur, 2) dalam penerapannya antara agama dan adat pada masyarakat Kampung Naga sulit untuk dipisahkan, 3) masarakat Kampung Naga dalam melaksanakan kewajiban tidak mencampuradukkan antara agama dan adat, namun dalam hidup tidak lepas dari hakekat dan sareat. Berdasarkan hasil penelitian, bisa disimpulkan bahwa masarakat Kampung Naga sampai sekarang masih berpegang teguh terhadap adat tradisi yang menjadi amanat leluhur mereka, dan dalam pola pewarisan nilai-nilai pendidikan réligi berlangsung dalam konteks penanaman nilai-nilai di keluarga. Adapun manfaatnya bagi dunia pendidikan, penelitian ini bisa dijadikan salah satu alternatif bahan pembelajaran membaca di SMA. Di samping di dalamnya terdapat nilai-nilai pendidikan, juga untuk mengenalkan kepada peserta didik tentang adat kebudayaan.

Kata Kunci : pendidikan religi, Kampung Naga, bahan pembelajaran membaca

1) Skripsi ini di bawah bimbingan: Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd sebagai Pembimbing I dan Dr. Dedi Koswara. M.Hum. sebagai Pembimbing II.


(5)

RELIGIOUS EDUCATION SYSTEM OF KAMPUNG NAGA SOCIETY AS ALTERNATIVE LEARNING OF READING MATERIAL

IN SENIOR HIGH SCHOOL1)

Agung Setiana2)

ABSTRAK

This research is motivated by the existence of a difference in the cultivation of religious education values on society in general with indigenous peoples in particular are still using a system that appropriate to traditional customs which occur in the society. In the development of education requires the role of family inside it, but in this case an indigenous people have their

own way in educating the offspring as well as Kampung Naga’s society. This research is meant

to describe the system of transfering religious education mainly focus on the traditional value which equivalent with the value of family behavior in the Kampung Naga civilization. This research used a descriptive method using the techniques of literature review, interview, observation, and documentation. The results show that: 1) the inheritance of traditional values which done by Kampung Naga society is an ancestral mandate, 2) in its application between

religion and customs in Kampung Naga’s society are difficult to be separated, 3) Kampung Naga society on their duty implementation does not mix between religion and customs, but it cannot be separated from nature and Islam law in their life. The concluding of the research is the civilization of Kampung Naga until now still cling on to the traditional customs of their ancestors mandated, and the transfering of the value of the religious education based on the context of the family customs. The benefits for education, this research can be used as an alternative material for reading learning in Senior High School. In addition, not only involved education values inside it, but also it introduce to the students about indigenous culture.

Keywords: religious education, Kampung Naga, reading study materials

1) Skripsi ini di bawah bimbingan: Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd sebagai Pembimbing I dan Dr. Dedi Koswara. M.Hum. sebagai Pembimbing II.

2


(6)

Agung Setiana, 2014

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kamekaran jaman anu beuki maju sarta ayana arus moderénisasi jeung globalisasi, méré lolongkrang kana asupna budaya deungeun ka Indonésia sarta mawa pangaruh dina sagala widang, kaasup kana adat-istiadat jeung kabudayaan masarakat.

Masarakat jeung kabudayaan mangrupa dua hal nu teu bisa dipisahkeun. Ditilik tina sisi kabudayaan, kahirupan unggal manusa dina hiji masarakat bakal ngahasilkeun kabiasaan, adat-istiadat, nilai-nilai sosial, pola hubungan individu di masarakat nu mangrupa hiji aspék tina kabudayaan.

Dina ngajalankeun kahirupan, manusa moal bisa leupas tina kagiatan pendidikan, boh pendidikan dina wangun fisik atawa psikis. Pendidikan mangrupa sistem jeung cara ningkatkeun kualitas hirup manusa dina sagala aspék kahirupan manusa. Dina sajarah umat manusa, euweuh kelompok nu teu ngagunakeun pendidikan salaku alat pikeun ngabudayakeun jeung ngarojatkeun kualitasna. Pendidikan salaku tarékah nu dibutuhkeun pikeun ngawangun katurunan nu miboga peran dina mangsa nu bakal datang. Ku kituna, pendidikan mangrupa hiji budaya nu ngangkat harkat jeung martabat manusa saumur hirupna nu miboga kalungguhan nu peting nu bakal nangtukeun éksisténsi manusa.

Pendidikan jeung kabudayaan téh teu bisa dipisahkeun sarta mangrupa hiji gemblengan pikeun kahirupan manusa. Pendidikan mangrupa kagiatan anu bisa ngaronjatkeun poténsi manusa sangkan mampuh ngalaksanakeun pancénna, sabab ngan manusa anu bisa dididik jeung ngadidik. Kabudayaan tangtu loba pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat anu nyekel éta budaya. Kitu deui bangsa Indonésia anu miboga rupa-rupa sélér bangsa, salah sahijina nya éta Sunda.

Dina kamekaranana pendidikan ngabutuhkeun peran kulawarga di jerona, lantaran kulawarga téh tempat mimitina manusa apal kana pendidikan. Kolot miboga


(7)

tanggung jawab pikeun ngadidik budakna sangkan hirup di jalan nu bener saluyu jeung nilai-moral-norma nu aya di lingkunganana. “Ciri Sabumi Cara Sadesa”, sakabéh masarakat miboga adat atawa norma kabiasaan séwang-séwangan, jeung biasana diturutan ku sakabéh anggota masarakatna.

Kiwari masih aya masarakat nu masih nyekel pageuh kana adat-istiadat karuhun, contona kahirupan masarakat Kampung Naga. Kampung Naga mangrupa kampung nu dicicingan ku sakelompok masarakat nu kuat dina ngajungjung luhur adat-istiadat, budaya, jeung kapercayaan titinggal karuhunna.

Sakabéh masarakat Kampung Naga ngagem ajaran agama Islam, ngan dina prakték kaagamanana loba diseselan ku ayana adat-istiadat jeung kapercayaan. Salian ti sababaraha upacara nu mangrupa ciri has kahirupan masarakat Kampung Naga, aya ogé sababaraha pantrangan (tabu).

Ku ayana kamekaran téhnologi, tétéla geus mangaruhan kana pola laku lampah manusa, nya munasabah ngabalukarkeun tradisi Sunda téh dina hiji waktu bisa tumpur. Salah sahiji tarékah nu bisa dilakukeun pikeun ngahontal éta tujuan nyaéta ngaliwatan pangajaran di sakola. Dumasar kana Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Basa Sunda taun 2006 di SMA diajarkeun perkara maca bahasan, kitu deui dina Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar (KIKD) kurikulum 2013 diajarkeun ogé perkara maca éksposisi. Maca mangrupa salah sahiji aspék dina kaparigelan basa anu gunana pikeun narima informasi tinulis. Peran guru jeung siswa dina prosés pembelajaran kacida pentingna. Guru salaku subyék dina prosés pembelajaran mibanda pungsi stratégis pikeun ngirut siswa sangkan kataji pikeun mikareueus, ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan nu tujuanana sangkan mibanda sikep anu positip.

Kabudayaan deungeun babari asup sarta mangaruhan kana pola hirup masarakat, hususna kaum rumaja. Kurangna kasadaran masarakat, hususna kaum rumaja, salaku penerus pikeun mertahankeun tur nanjeurkeun adat budaya nusantara, hususna budaya Sunda, katambah kurangna perhatian ti pamaréntah, jadi titik


(8)

3

Agung Setiana, 2014

pamiangan panalungtik pikeun leuwih neuleuman kana sistem pewarisan pendidikan réligi nu aya di tatar Sunda hususna di Kampung Naga.

Panalungtikan ngeunaan kabudayaan Kampung Naga geus kungsi ditalungtik ku sababaraha panalungtik diantarana panalungtikan ngeunaan Ajén Éstétika dina

Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga Désa Néglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Budaya Kelas XII (Dewi Kaniawati:

2013). Éta hal nu jadi salah sahiji tatapakan panalungtik pikeun medar sistem

pendidikan réligi masarakat Kampung Naga anu dijadikeun alternatif bahan

pangajaran maca di SMA. Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta panalungtik séjén ngan saukur nalungtik ngeunaan ajén éstetika imah adat di Kampung Naga sedengkeun dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun medar leuwih jero ngeunaan kumaha prosés pewarisan di kulawarga masarakat Kampung Naga dina nuwuhkeun ajén-ajén réligi ka barudakna, nepi ka maranéhna mampu ngalaksanakeun jeung turut kana sakabéh aturan nu diamanatkeun ku karuhunna.

Sabab-musabab, pangna panalungtik nalungtik Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga lantaran dina adat-istiadat jeung kapercayaan masarakat Kampung Naga miboga ajén-inajén anu kalintang jerona. Tur ka hareupna sangkan bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.

Poko masalahna lantaran masarakat utamana kolot ayeuna salaku lingkungan awal pikeun ngajarkeun budakna geus teu merhatikeun deui budakna sangkan tetep aya dina ajaran nu saluyu jeung adat-istiadat kapercayaan di masarakatna, antukna adat-istiadat jeung kapercayaan ieu bisa waé sawaktu-waktu leungit.

Ku kituna, diayakeun panalungtikan anu judulna “Sistem Pendidikan Réligi


(9)

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Luyu jeung judul panalungtikan, nya éta “Sistem Pendidikan Réligi

Masarakat Kampung Naga pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA”

jeung dumasar kana kasang tukang nu diébréhkeun di luhur. Masalah nu ditalungtik leuwih museur kana kumaha tarékah ngawariskeun nilai-nilai réligi ngaliwatan pendidikan kulawarga di masarakat Kampung Naga.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana pedaran di luhur, ieu masalah dirumuskeun dina wangun

patalékan di handap, di antarana:

1) kumaha dilaksanakeunana saréat Islam di masarakat Kampung Naga? 2) kumaha sistem pendidikan réligi di kulawarga masarakat Kampung Naga? 3) kumaha prosés ngawariskeun ajén-inajén réligi di masarakat Kampung Naga? 4) bahan pangajaran nu kumaha anu cocog dipaké di SMA ngeunaan sistem

pendidikan réligi di masarakat Kampung Naga?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung manggihan prosés pewarisan nilai-nilai réligi masarakat Kampung Naga. Panalungtikan ieu ogé miboga tujuan pikeun mekarkeun rasa kareueus kana budaya, hususna ngeunaan budaya lokal di Kampung Naga jeung konsép pewarisan nilai-nilai réligi di masarakat Kampung Naga.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kahirupan masarakat Kampung Naga dina ngalaksanakeun saréat Islam; 2) sistem pendidikan réligi di kulawarga masarakat Kampung Naga;


(10)

5

Agung Setiana, 2014

3) prosés pewarisan ajén-ajén réligi masarakat kampung Naga;

4) rarancang bahan pangajaran maca di SMA ngeunaan sistem pendidikan réligi di masarakat Kampung Naga.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Kuayana panalungtikan ieu dipiharep bisa ngeuyeuban leuwih jero deui ngeunaan kumaha prosés pewarisan sistem pendidikan réligi masarakat Kampung Naga méh bisa méré wawasan atawa gambaran nu leuwih jelas ngeunaan téori kabudayaan jeung unsur-unsur budaya.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Dipiharep ieu panalungtikan, bisa méré mangpaat hususna pikeun panyusun, masarakat, lembaga, sarta pihak-pihak nu milu ngeuyeuban langsung kana panalungtikan ieu, diantarana saperti kieu.

1) Bisa ngamotivasi masarakat Sunda hususna méh bisa ngamumulé jeung ngajaga kana Kaarifan Budaya Lokal.

2) Bisa méré gambaran ngeunaan sistem pendidikan réligi masarakat Kampung Naga nu kahareupna bisa dijadikeun acuan atawa référénsi dina ngajaga kabudayaan.

3) Bisa méré kasadaran kana pentingna budaya nu dipimilik ku unggal daérah, nu miboga khazanah budaya nu mangrupa titinggal karuhun urang.

1.5 Anggapan Dasar

Anggapan dasar mangrupa tatapakan dina mikir pikeun ngaréngsékeun masalah anu ditalungtik. Anggapan dasar nu jadi acuan penulisan ieu proposal diantarana saperti kieu.


(11)

2) Masarakat Kampung Naga masih nyekel pageuh kana adat jeung budaya tradisi titinggal karuhun,

3) Peran kulawarga gedé pangaruhna kana pewarisan budaya, utamana sistem pendidikan réligi masarakat Kampung Naga,

4) Masarakat Kampung Naga miboga sistem atawa carana sorangan dina ngadidik ngeunaan élmu kaagamaan, jeung

5) Hasil tina pangaweruh ngeunaan réligi nu diwariskeun ku kulawargana bisa méré wawasan ngeunaan nilai-nilai jeung norma.

1.6 Raraga Nulis

Hasil ahir dina ieu panalungtikan satuluyna dijieun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna kabagi jadi lima bab, nya éta:

Bab I bubuka: eusina ngawengku kasang tukang, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung raraga nulis.

Bab II tatapakan tiori: eusina ngawengku kabudayaan, wangenan budaya, wujud budaya, sistem budaya, pranata budaya, unsur-unsur budaya, pendidikan, wangenan pendidikan, hakékat pendidikan, pendidikan réligi, ajén réligi jeung bahan pangajaran maca, wangenan bahan pangajaran, tujuan pangajaran, kriteria milih bahan pangajaran, nyusun bahan pangajaran, métode jeung tehnik pangajaran, SKKD pangajaran Basa jeung sastra Sunda, standar kompeténsi lulusan, SKKD SMA/SMK/MA kelas XII, wangenan maca, pangajaran maca, watesan maca, tujuan maca, wanda maca jeung kamampuh maca.

Bab III métodologi panalungtikan: eusina ngawengku sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung sumber data.

Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan: eusina ngawengku kahirupan masarakat Kampung Naga dina ngalaksanakeun saréat Islam, sistem pendidikan réligi


(12)

7

Agung Setiana, 2014

di kulawarga masarakat Kampung Naga, prosés pewarisan nilai-nilai réligi masarakat kampung Naga jeung rarancang bahan pangajaran maca di SMA ngeunaan sistem pendidikan réligi di masarakat Kampung Naga..

Bab V kacindekan jeung saran: eusina nyindekkeun hasil panalungtikan jeung saran pikeun panalungtikan satuluyna.


(13)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Kampung Naga nya éta hiji daérah anu kaasup kana wilayah Désa Néglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya. Kampung Naga lokasina aya di tengah-tengah pasir, dina lahan anu legana 1.5 héktar. Dina lahan pamukiman Kampung Naga di wates-wates sacara alami nya éta ti belah kalér diwatesan ku walungan Ciwulan anu dina kocoran caina aya leuweung nu sok disebut Leuwueng Larangan, di belah wétan diwatesan ku pasawahan, di belah kulon diwatesan ku leuweung anu mangrupa tempat karamat nu dijerona aya astana karuhun sanaga baheula anu sok disebut Leuweung Hadepan jeung di belah kidul diwatesan ku pasawahan.

Lamun hayang nepi ka Kampung Naga bisa ngagunakeun kandaraan anu ka arah Singaparna Tasikmalaya ti arah Garut, sanggeus nepi ditempat satuluyna kudu leumpang ngaliwatan tangga sakurang-kurangna 449 tangga, sanggeus éta tuluy ngaliwatan jalan galengan digigir walungan Ciwulan sakaligus bisa nempo kaayaan lembur anu beresih sarta karawat kalawan hadé.

Sacara global masarakat Kampung Naga dibagi jadi dua kelompok, nya éta kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di pamukiman Kampung Naga sorangan jeung kelompok masarakat Kampung Naga nu aya disaluareun pamukiman nu sok disebut Sanaga. Masarakat Kampung Naga jumlahna aya 325 urang anu diantarana 106 kepala kulawarga nu nyicingan 111 bangunan kalawan 108 imah, 1 balai patemon, 1 masjid jeung 1 bumi ageung.


(14)

35

Agung Setiana, 2014

Gambar 3.1 Lokasi Kampung Naga 3.1.2 Kaayaan Masarakat

Jumlah masarakat Kampung Naga aya 325 urang nu diantarana 157 lalaki jeung 168 awéwé. Jumlah imah aya 108, masarakat anu nyicingan unggal imah aya 2 nepika 4 urang. Mobilitas masarakat di Kampung Naga kagolong rendah, sanajan arus migrasi sok aya waé sabab 1) pikeun ngadeukeutkeun kana harta, misalna kusabab miboga sawah diluar daérah Kampung Naga, méh leuwih inténsif dina ngolah lahan, ku kitu maranéhna cicing di daérah éta, 2) lantaran ayana perkawinan ka jalma di luar Kampung Naga.

3.1.3 Pola Padumukan

Padumukan masarakat Kampung Naga polana konsentrik atawa di kelompokeun ku ayana lahan kosong dibelah tengahna. Kampung Naga lokasina aya dina hiji aréa lahan anu miboga posisi anu béda. Di sakuriling kampungna maké pager awi atawa pepelakan pikeun ngawatesan pamukiman masarakat


(15)

Kampung Naga. Wates pager sok disebut kandang jaga. Panto pikeun asup ka kampung aya dibelah wétan nyanghareup ka walungan Ciwulan.

Kusabab kaayaan lahan di aréal Kampung Naga miboga posisi anu béda-béda, jadi imah-imah dibangun dina bagéan lahan anu béda ogé. Disusun tina bagéan lahan anu pangluhurna nepika lahan anu panghandapna. Barisan imah nu hiji jeung nu séjénna diwatesan ku sengked-sengked nu dijieun tina susunan batu-batu walungan anu ukuranna sagedé hulu jalma tuluy dipageuhan ku taneuh liat nu engkéna bakal aya lumutan nu miboga fungsi pikeun nahan jeung nyerep cai, sangkan taneuh nu leuwih luhur teu matak longsor. Sengkedan dijieun maké pola

ngais pasir. Takikan dina unggal sengkedan teu dijieun lempeng, nanging dijieun

condong luyu kalawan gurat ngabujur ti arah penclut ka kai pasir.

3.2Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan téh sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang jeung prak-prakanna panalungtikan, kagambar sakumaha bagan di handap ieu:

Dina ieu panalungtikan aya léngkah-léngkah nu diwengku jadi opat, nya éta:

1) léngkah tatahar;

2) léngkah ngumpulkeun data; 3) léngkah analisis data; jeung 4) léngkah nyusun laporan.

Ngumpulkeun/Ngolah Data

Analisis Data Tatahar


(16)

37

Agung Setiana, 2014

3.2.1 Léngkah Tatahar

Dina tahap tatahar aya sababaraha garapan nu dilaksanakeun, nya éta:

1) ngarumuskeun masalah; 2) ngayakeun ulikan pustaka;

3) nyusun rarancang panalungtikan; jeung 4) konsultasi ka dosén pangaping.

3.2.2 Léngkah Ngumpulkeun/Ngolah Data

Léngkah dina ngumpulkeun data, nya éta: 1) ngayakeun obsérvasi kana objék panalungtikan; 2) nyebarkeun angkét panalungtikan;

3) ngayakeun wawancara jeung masarakat ngeunaan data nu baris ditalungtik; 4) ngumpulkeun data nu rék dijadikeun bahan analisis.

3.2.3 Léngkah Nganalisis Data

Data anu kakumpulkeun, satuluyna diolah jeung dianalisis dumasar téhnik ngolahna, nya éta:

1) data nu geus disiapkeun dikumpulkeun; 2) data ditengetan deui;

3) data satuluyna dianalisis; jeung 4) nyieun kacindekan.

3.2.4 Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah pamungkas nya éta léngkah nyusun laporan anu satuluyna hasil panalungtikan dipasing-pasing tuluy dianalisis. Panalungtikan ieu dumasar kana sistematika nulis karya ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia nu paling anyar.

3.3Métode Panalungtikan

Sacara umum métode panalungtikan bisa dihartikeun cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nurutkeun Arikunto (2006,


(17)

kc. 160). Hartina, métode panalungtikan mangrupa hiji patokan pikeun ngahontal tujuan dina ngalaksanakeun panalungtikan.

Métode nu digunakeun panulis dina panalungtikan ieu nya éta métode déskriptif, lantaran dina masalahna méré gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sifat-sifat populasi. Tujuan ngagunakeun métode déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun sistem pendidikan réligi masarakat Kampung Naga.

Amir Suryatna (2002, kc. 14) nétélakeun yén métode déskriptif digunakeun pikeun méré gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sipat-sipat populasi atawa daérah nu tangtu. Panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan nu mangrupa akumulasi data dumasar kana cara ngadéskripsikeun wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun

ramalan atawa teu ngahasilkeun ma’na implikasi. Ieu métode téh mindeng

digunakeun pikeun:

1) ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung nggambarkeun gejala-gejala nu aya;

2) ngaidéntifikasi masalah-masalah nu aya ayeuna;

3) nangtukeun sagala rupa nu bisa dicokot atawa kumaha implikasi tina pangalaman pikeun ngararancang kaputusan dina mangsa nu bakal datang.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun pamahaman séjén, di handap ieu dipedar wangenan ngeunaan kecap-kecap nu dijadikeun judul panalungtikan.

a. Sistem Pendidikan

Hal-hal nu miboga hubungan nu silih pakuat kait jeung hal nu aya di jerona ngeunaan pendidikan, lantaran sistem moal jalan lamun salah sahiji elemenna teu jalan.

b. Réligi

Internalisasi jeung penghayatan hiji individu kana ajén-ajén agama nu

dipercaya dina wangun ketaatan jeung pemahaman kana ajén-ajén nu ka hareupna bisa dilarapkeun kana paripolah sapopoé.


(18)

39

Agung Setiana, 2014 c. Kampung Naga

Hiji padumukan nu dicicingan ku sakelompok masarakat nu masih nyekeul pageuh kana adat istiadat titinggal karuhun, dina ieu hal nya éta adat Sunda. d. Bahan pangajaran

Salasahiji sumber diajar pikeun siswa atawa hal-hal anu miboga tujuan pikeun pangajaran.

3.5Instrumén Panalungtikan

Dina ngumpulkeun data, téhnik panalungtikan dilengkepan ku instrumén panalungtikan nu mangrupa alat pikeun ngumpulkeun data anu mangaruhan kana hasil jeung henteuna panalungtikan.

Nurutkeun Arikunto (2006, kc. 150), instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé (leuwih lengkep jeung sistematis) nepi ka datana leuwih babari diolah. Nu jadi instrumén dina ieu panalungtikan diantarana mangrupa format obsérvasi, pedoman wawancara, sarta média-média pangrojong pikeun ngadokuméntasikeun hasil panalungtikan, nya éta kaméra, Hp, jsb.

Pedoman wawancara nu baris aya diantarana mangrupa patalékan-patalékan. Runtuyan patalékan-patalékan wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih ngalegaan. Pikeun nyiptakeun suasana anu leuwih lugina, patalékan-patalékan téh henteu tuluy-tuluyan merekpek ngabébéak teuing, tapi awor ngahiji dina obrolan nu hampang. Format obsérvasi jeung instrumen patalékan nu baris jadi acuan dina obsérvasi kawas di handap ieu.

Format Obsérvasi

Téma obsérvasi :

Lokasi obsérvasi : tgl./jam :


(19)

Koding Data/hasil obsérvasi

Instrumén Patalékan

Wasta :

Umur :

Pakasaban :

Jenjang atikan :

Kalungguhan :

1. Lolobana masarakat Kampung Naga ngagem agama naon?

2. Élmu agama nu siga kumaha nu diwariskeun sacara turun-temurun?

3. Kumaha cara ngadidik budak ngeunaan pangaweruh réligi nu saluyu jeung kabudayaan di masarakat kampung Naga?

4. Aya teu buku atawa acuan pikeun ngajarkeun budak dina pangajaran agama? 5. Faktor naon nu jadi bangbaluh jeung pangrojong dina upaya ngawariskeun

ajén-ajén agama di masarakat kampung Naga?

6. Aya teu kagiatan nu dipantrang saluyu jeung kabudayaan masarakat di Kampung Naga?

7. Paripolah kaagamaan nu siga kumaha nu dipikahayang ku kolot masarakat Kampung Naga?

8. Aturan-aturan agama nu siga kumaha nu diterapkeun di kulawarga? 9. Naon sababna teu meunang mantrang kana aturan agama?

10.Kumaha sikep kolot lamun aya budak nu ngarempak aturan jeung teu nurut ka kolot?

11.Aya teu kagiatan agama nu husus nu dilakukeun di imah?


(20)

41

Agung Setiana, 2014

13.Kumaha sistim pendidikan agama di Kampung Naga? Kumaha lajuning laku tina pendidikan agama di sakola formalna (upama aya budakna nu sakola di luar kampung)? Naha diterapkeun, atawa henteu?

14.Naon waé ajén-ajén kaagamaan nu mangrupa titinggal ti karuhun?

15.Kunaon sababna masarakat Kampung Naga masih mertahankeun tur maké kabudayaanna ngeunaan agama titinggal ti karuhun?

16.Naon balukarna lamun masarakat Kampung Naga mantrang kana aturan agama?

3.6 Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data pikeun panalungtikan, téhnik anu digunakeun nya éta téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung angkét.

1) Talaah pustaka, digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku jalan maca ngeunaan tiori-tiori nu aya dina buku-buku, tulisan dina internet, jeung makalah-makalah anu aya hubunganana jeung ieu panalungtikan jeung bisa ogé meunangkeun data nu sipatna dokumén (data gambar-gambar atawa tinulis).

2) Téhnik obsérvasi, digunakeun pikeun pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu valid. Dina téhnik ieu ogé panalungtik ngagunakeun média nu bisa ngarojong prosés panalungtikan, diantarana kaméra, HP, jeung tape recorder.

3) Téhnik wawancara, digunakeun pikeun nyokot data ngaliwatan kagiatan komunikasi jeung informan atawa tokoh masarakat dina wangun lisan nu

semi terstruktur hartina sok sanajan wawancara geus ditangtukeun ku

sajumlahing patalékan-patalékan teu nutup lolongkrang bisi aya deui patalékan-patalékan anu anyar nu spontan luyu jeung kontéks obrolan nu dilakukeun.

4) Angkét, mangrupa téhnik ngumpulkeun data nu dilakukeunana ku cara méré patalékan tinulis ka unggal réspondén pikeun dijawab. Angkét ogé


(21)

digunakeun pikeun meunangkeun informasi ti masarakat salaku narasumber nu dijadikeun sampel panalungtikan diwangun instrumén patalékan.

3.6.2. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus dikumpulkeun satuluyna diolah pikeun dijadikeun data nu bener-bener. Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus dikumpulkeun, diantarana:

a) mikawanoh kana sistem pendidikan réligi masarakat Kampung Naga,

b) ngadéskripsikeun kumaha sawangan masarakat ngeunaan sistem pendidikan réligi nu digunakeun ku masarakat Kampung Naga,

c) ngadéskripsikeun kumaha cara ngawariskeun budaya ngeunaan réligi ka generasi penerus dina pendidikan kulawarga, jeung


(22)

Agung Setiana, 2014

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh ngadéskripsikeun ngeunaan sistem pendidikan réligi di masarakat Kampung Naga. Dumasar kana analisis data bisa dicindekkeun yén sakabéh masarakat Kampung Naga ngagem ajaran agama islam, sakumaha halna masarakat nu aya di Jawa Barat. Masarakat Kampung Naga dina ngajalankeun kawajibanna teu macorokkeun agama jeung adat tapi dina kahirupanna teu leupas tina hakékat jeung saréat. Dina ngalarapkeun agama jeung adat istiadat masarakat Kampung Naga, hésé pikeun dipisahkeun. Ngalaksanakeun agama dina kahirupan sapopoé di masarakat Kampung Naga teu bisa leupas tina budaya nu luyu jeung amanat karuhun maranéhna. Sagalarupa kagiatan upacara ritual anu dilakukeun, mangrupa saréat anu kudu dilakonan sacara kongkrit salaku wujud pangabdian ka karuhun, sabab dina upacara anu dilakukeun anu jadi dadasarna tetep ngagungkeun Allah SWT jeung teu ménta ka nu geus paéh, sabab éta hukumna haram. Pewarisan nilai-nilai tradisional nu dilakukeun ku masarakat Kampung Naga mangrupa hiji amanat karuhun Sembah Dalem Singaparna ngeunaan opat prinsip hirup masarakat Kampung Naga, nu sacara turun-temurun kudu diwariskeun ka katurunan Kampung Naga. Pewarisan nilai-nilai tradisonal masarakat Kampung Naga dina prakték pendidikan kulawarga mangrupa penanaman nilai-nilai budaya salaku amanat karuhun anu kudu ditumut jeung dilaksanakeun ku cara bener-bener. Pembinaan nilai budaya Kampung Naga, salian patali jeung tumuwuhna kapribadian sacara babarengan, patali ogé jeung interaksi anu harmonis jeung jalma disakurilingna. Budak kudu mampu miboga sikep jeung paripolah nu saluyu jeung nilai, norma, jeung moral masarakatna, kusabab hirup lain ngan milik pribadi, tapi hirup milik babarengan, anu kudu silih jaga, silih asih, silih naséhatan, ngahargaan, silih méré


(23)

jeung silih nangtayungan. Ku kituna manusa teu bisa hirup sorangan ku euweuhna bantuan ti nu séjén, manusa lemah.

5.2 Saran

Kampung Naga mangrupa hiji daérah anu unik lantaran lokasina teu jauh tina kahirupan modérn tapi masih miara jeung mertahankeun adat-istiadat sarta kabudayaan sesepuhna. Masarakatna anu masih miara kana adat tradisi ieu, dipiharep bisa dipertahankeun ku pihak pamaréntah, utamana dina hal paripolah kaagamaan nu teu lésot tina hakékat jeung saréatna.

Leuwih alus dina kahirupan sapopoé bisa dipikaconto ku masarakat lianna, utamana dina miara, jeung ngokolakeun alam kalawan hadé sarta bisa dijadikeun salah sahiji tujuan urang hirup di dunya pikeun ngadeukeutkeun diri ka nu maha kawasa nya éta Allah SWT. Masih loba hal nu perlu ditalungtik antawisna dina hal mertahankeun adat jeung kabudayaan masarakatna. Ku kituna dipihareup sagala rupa hal kudu leuwih jero deui ditalungtik.


(24)

Agung Setiana, 2014

DAPTAR PUSTAKA

Abdullah, Tata. (2006). Upaya Pewarisan Nilai-nilai Tradisional melalui

Pendidikan Keluarga dalam Upaya Menangkal Pengaruh Negatif Globalisasi menurut Pandangan Masyarakat. Bandung: Universitas

Pendidikan Indonesia.

Abidin, Yunus. (2012). Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: PT Refika Aditama.

Amir, Suyatna. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran

Bahasa. Bandung: JPBD dan JPBI FPBS UPI.

Apriani, Dea. (2013). Struktur Carita dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak

Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Skripsi Mahasiswa UPI: Henteu dipedalkeun.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Effendi, Ridwan. dan Elly Malihah. (2011). Panduan Kuliah Pendidikan

Lingkungan Sosial Budaya Dan Teknologi (Plsbt). Bandung: CV. Maulana

Media Grafika.

Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik Pada

Karya Sastar Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Koentjaraningrat. (1985). Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Koentjaraningrat. (2000). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.


(25)

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Purnama, Yuzar, dkk. (2000). Peranan Keluarga dalam Penanaman Nilai-nilai

Budaya di Kota Madya Cilegon (Banten) Jawa Barat. Bandung: CV

Manfada Utama.

Ramayulis. (2012). Ilmu Pendidikan Islam. Jakarta: Kalam Mulia.

Rif’ati, Heni F., Dra., Drs. Toto Sucipto, dkk. (2002). Kampung Adat di Jawa Barat. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Propinsi Jawa Barat.

Sudana, Dadang, dkk. (2012). Eksplorasi Nilai Pendidikan Lingkungan Hidup

dalam Leksikon Etnobotani. Jurusan Pendidikan Bahasa Inggris FPBS

UPI.

Suganda, Her. (2006). Kampung Naga. Bandung: Kiblat.

Suryani, Elis. (2010). Menguak Tabir Kampung Naga. Bandung: Damar Jaya. Sutarya, Oyon. (2005). Kearifan Lokal dan Pelestarian Lingkungan Hidup di

Kampung Naga Tasikmalaya. Yogyakarta: Sekolah Pasacasarjana

Universitas Gadjah Mada

Sudaryat, Y. (2008). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung.

Tarigan, Henri Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2011). Kurikulum dan

Pembelajaran. Jakarta: Rajawali Pers.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.


(1)

Agung Setiana, 2014

Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

13.Kumaha sistim pendidikan agama di Kampung Naga? Kumaha lajuning laku tina pendidikan agama di sakola formalna (upama aya budakna nu sakola di luar kampung)? Naha diterapkeun, atawa henteu?

14.Naon waé ajén-ajén kaagamaan nu mangrupa titinggal ti karuhun?

15.Kunaon sababna masarakat Kampung Naga masih mertahankeun tur maké kabudayaanna ngeunaan agama titinggal ti karuhun?

16.Naon balukarna lamun masarakat Kampung Naga mantrang kana aturan agama?

3.6 Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data pikeun panalungtikan, téhnik anu digunakeun nya éta téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung angkét.

1) Talaah pustaka, digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku jalan maca ngeunaan tiori-tiori nu aya dina buku-buku, tulisan dina internet, jeung makalah-makalah anu aya hubunganana jeung ieu panalungtikan jeung bisa ogé meunangkeun data nu sipatna dokumén (data gambar-gambar atawa tinulis).

2) Téhnik obsérvasi, digunakeun pikeun pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu valid. Dina téhnik ieu ogé panalungtik ngagunakeun média nu bisa ngarojong prosés panalungtikan, diantarana kaméra, HP, jeung tape recorder.

3) Téhnik wawancara, digunakeun pikeun nyokot data ngaliwatan kagiatan komunikasi jeung informan atawa tokoh masarakat dina wangun lisan nu semi terstruktur hartina sok sanajan wawancara geus ditangtukeun ku sajumlahing patalékan-patalékan teu nutup lolongkrang bisi aya deui patalékan-patalékan anu anyar nu spontan luyu jeung kontéks obrolan nu dilakukeun.

4) Angkét, mangrupa téhnik ngumpulkeun data nu dilakukeunana ku cara méré patalékan tinulis ka unggal réspondén pikeun dijawab. Angkét ogé


(2)

42

Agung Setiana, 2014

Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

digunakeun pikeun meunangkeun informasi ti masarakat salaku narasumber nu dijadikeun sampel panalungtikan diwangun instrumén patalékan.

3.6.2. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus dikumpulkeun satuluyna diolah pikeun dijadikeun data nu bener-bener. Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus dikumpulkeun, diantarana:

a) mikawanoh kana sistem pendidikan réligi masarakat Kampung Naga,

b) ngadéskripsikeun kumaha sawangan masarakat ngeunaan sistem pendidikan réligi nu digunakeun ku masarakat Kampung Naga,

c) ngadéskripsikeun kumaha cara ngawariskeun budaya ngeunaan réligi ka generasi penerus dina pendidikan kulawarga, jeung


(3)

Agung Setiana, 2014

Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh ngadéskripsikeun ngeunaan sistem pendidikan réligi di masarakat Kampung Naga. Dumasar kana analisis data bisa dicindekkeun yén sakabéh masarakat Kampung Naga ngagem ajaran agama islam, sakumaha halna masarakat nu aya di Jawa Barat. Masarakat Kampung Naga dina ngajalankeun kawajibanna teu macorokkeun agama jeung adat tapi dina kahirupanna teu leupas tina hakékat jeung saréat. Dina ngalarapkeun agama jeung adat istiadat masarakat Kampung Naga, hésé pikeun dipisahkeun. Ngalaksanakeun agama dina kahirupan sapopoé di masarakat Kampung Naga teu bisa leupas tina budaya nu luyu jeung amanat karuhun maranéhna. Sagalarupa kagiatan upacara ritual anu dilakukeun, mangrupa saréat anu kudu dilakonan sacara kongkrit salaku wujud pangabdian ka karuhun, sabab dina upacara anu dilakukeun anu jadi dadasarna tetep ngagungkeun Allah SWT jeung teu ménta ka nu geus paéh, sabab éta hukumna haram. Pewarisan nilai-nilai tradisional nu dilakukeun ku masarakat Kampung Naga mangrupa hiji amanat karuhun Sembah Dalem Singaparna ngeunaan opat prinsip hirup masarakat Kampung Naga, nu sacara turun-temurun kudu diwariskeun ka katurunan Kampung Naga. Pewarisan nilai-nilai tradisonal masarakat Kampung Naga dina prakték pendidikan kulawarga mangrupa penanaman nilai-nilai budaya salaku amanat karuhun anu kudu ditumut jeung dilaksanakeun ku cara bener-bener. Pembinaan nilai budaya Kampung Naga, salian patali jeung tumuwuhna kapribadian sacara babarengan, patali ogé jeung interaksi anu harmonis jeung jalma disakurilingna. Budak kudu mampu miboga sikep jeung paripolah nu saluyu jeung nilai, norma, jeung moral masarakatna, kusabab hirup lain ngan milik pribadi, tapi hirup milik babarengan, anu kudu silih jaga, silih asih, silih naséhatan, ngahargaan, silih méré


(4)

66

Agung Setiana, 2014

Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung silih nangtayungan. Ku kituna manusa teu bisa hirup sorangan ku euweuhna bantuan ti nu séjén, manusa lemah.

5.2 Saran

Kampung Naga mangrupa hiji daérah anu unik lantaran lokasina teu jauh tina kahirupan modérn tapi masih miara jeung mertahankeun adat-istiadat sarta kabudayaan sesepuhna. Masarakatna anu masih miara kana adat tradisi ieu, dipiharep bisa dipertahankeun ku pihak pamaréntah, utamana dina hal paripolah kaagamaan nu teu lésot tina hakékat jeung saréatna.

Leuwih alus dina kahirupan sapopoé bisa dipikaconto ku masarakat lianna, utamana dina miara, jeung ngokolakeun alam kalawan hadé sarta bisa dijadikeun salah sahiji tujuan urang hirup di dunya pikeun ngadeukeutkeun diri ka nu maha kawasa nya éta Allah SWT. Masih loba hal nu perlu ditalungtik antawisna dina hal mertahankeun adat jeung kabudayaan masarakatna. Ku kituna dipihareup sagala rupa hal kudu leuwih jero deui ditalungtik.


(5)

Agung Setiana, 2014

Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Abdullah, Tata. (2006). Upaya Pewarisan Nilai-nilai Tradisional melalui Pendidikan Keluarga dalam Upaya Menangkal Pengaruh Negatif Globalisasi menurut Pandangan Masyarakat. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Abidin, Yunus. (2012). Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: PT Refika Aditama.

Amir, Suyatna. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran Bahasa. Bandung: JPBD dan JPBI FPBS UPI.

Apriani, Dea. (2013). Struktur Carita dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Skripsi Mahasiswa UPI: Henteu dipedalkeun.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Effendi, Ridwan. dan Elly Malihah. (2011). Panduan Kuliah Pendidikan

Lingkungan Sosial Budaya Dan Teknologi (Plsbt). Bandung: CV. Maulana Media Grafika.

Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik Pada Karya Sastar Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Koentjaraningrat. (1985). Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Koentjaraningrat. (2000). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.


(6)

68

Agung Setiana, 2014

Sistem Pendidikan Réligi Masarakat Kampung Naga Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Purnama, Yuzar, dkk. (2000). Peranan Keluarga dalam Penanaman Nilai-nilai Budaya di Kota Madya Cilegon (Banten) Jawa Barat. Bandung: CV Manfada Utama.

Ramayulis. (2012). Ilmu Pendidikan Islam. Jakarta: Kalam Mulia.

Rif’ati, Heni F., Dra., Drs. Toto Sucipto, dkk. (2002). Kampung Adat di Jawa Barat. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Propinsi Jawa Barat.

Sudana, Dadang, dkk. (2012). Eksplorasi Nilai Pendidikan Lingkungan Hidup dalam Leksikon Etnobotani. Jurusan Pendidikan Bahasa Inggris FPBS UPI.

Suganda, Her. (2006). Kampung Naga. Bandung: Kiblat.

Suryani, Elis. (2010). Menguak Tabir Kampung Naga. Bandung: Damar Jaya. Sutarya, Oyon. (2005). Kearifan Lokal dan Pelestarian Lingkungan Hidup di

Kampung Naga Tasikmalaya. Yogyakarta: Sekolah Pasacasarjana Universitas Gadjah Mada

Sudaryat, Y. (2008). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung.

Tarigan, Henri Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2011). Kurikulum dan Pembelajaran. Jakarta: Rajawali Pers.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.