KALIMAH IMPOSITIF DINA NOVÉL BARUANG KA NU NGARORA KARANGAN D.K. ARDIWINATA: Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan.

(1)

KALIMAH IMPOSITIF DINA NOVÉL BARUANG KA NU NGARORA KARANGAN D.K. ARDIWINATA

(Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Rahmalia Ulfah NIM 1105451

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015

(2)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Kalimah Impositif dina Novél Baruang ka nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata (Tilikan Adegan, Ma’na,

jeung Maksim Kasopanan)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya sendiri.

Bandung,12 Januari 2015 Yang membuat pernyataan,

Rahmalia Ulfah NIM 1105451

(3)

LEMBAR PENGESAHAN RAHMALIA ULFAH

NIM 1105451

KALIMAH IMPOSITIF DINA NOVÉL BARUANG KA NU NGARORA KARANGAN D. K ARDIWINATA

(Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan)

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 1978102003121001

Kauninga ku,

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KALIMAT IMPOSITIF DALAM NOVEL

BARUANG KA NU NGARORA KARANGAN D.K. ARDIWINATA (Kajian Adegan, Makna, dan Maksim Kesopanan)1

Rahmalia Ulfah2

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi dengan masalah, yaitu tidak sedikit penutur bahasa, khususnya bahasa Sunda yang masih ragu dalam memahami maksud ujaran dari penutur berdasarkan adegan, makna, dan maksim kesopanan yang digunakan dalam komunikasi. Oleh sebab itu, penelitian ini bertujuan untuk menganalisis dan mendeskripsikan adegan, makna, dan maksim kesopanan kalimat impositif. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Untuk mengumpulkan data digunakan tekhnik studi pustaka dengan menggunakan kartu data sebagai instrument penelitiannya. Data yang sudah terkumpul dianalisis dengan menggunakan tekhnik analisis unsur langsung. Berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan bahwa dalam novel Baruang ka nu Ngarora terdapat 187 kalimat impositif (perintah). Ditemukan ada dua bagian pola adegan kalimat impositif, yakni empat pola adegan kalimat impositif sempurna dan lima pola adegan kalimat impositif tidak sempurna, ada sembilan makna kalimat impositif, yakni makna suruhan, permintaan, desakan, harapan, larangan, ajakan, permohonan, pemberian ijin dan anjuran, serta ada enam maksim kesopanan kalimat impositif, yakni maksim kebijaksanaan, maksim kedermawanan, maksim pujian, maksim rendah hati, maksim kemufakatan dan maksim simpati.

Kata Kunci: kalimat impositif, adegan, makna, maksim kesopanan

1 Sksipsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat M.Hum. dan Hernawan S.Pd., M.Pd. 2Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Angkatan 2011

(5)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

IMPOSITIF SENTENCE IN THE NOVEL

BARUANG KA NU NGARORA BY D.K. ARDIWINATA (Study Scene, Meaning, and Maxims of Politeness)1

Rahmalia Ulfah2

ABSTRACT

The background of this research is the problems, it's many speakers a language, especially the speaker Sundanese language are still on doubt of understanding the intent of speech of speakers based on the scene, meaning, and the maxims of politeness used in communication. Therefore, this study aims to analyze and describe the scene, meaning, and the maxims of politeness impositif sentences. The method used in this research is descriptive method. To collect the data used technique the literature study with use the card data as its research instrument. The data has been collected analyzed using the direct element analysis techniques. Based on the results, it can be concluded that in the novel Baruang ka nu Ngarora there are 187 impositif sentence (command). There are found two parts pattern of impositif sentences, four patterns of perfect impositive sentences, five patterns of imperfect impositive sentences, there are nine meanings of impositive sentence, namely the meaning of the messenger, demand, insistence, hope, the ban, solicitation, the request, giving the permit and suggestion, and there are six the maxims of politeness impositive sentence, namely wisdom maxim, generosity maxim, approbation maxim, modesty maxim, agreement maxim and sympathy maxim.

Keyword: impositif sentence, scene, meaning, maxims of politeness

1

This script guided by Dr. H. Yayat Sudaryat M.Hum. and Hernawan S.Pd., M.Pd.

2The Student of Departement Vernacular (Sundanese) Education, FPBS UPI Bandung Class of 2011

(6)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... ii

ABSTRAK ... vi

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR BAGAN ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Rumusan Masalah ... 3

1.3Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2Mangpaat Praktis ... 4

1.5Sistematika Tulisan ... 5

BAB II KAPRAGMATISAN KALIMAH DINA WACANA ... 6

2.1 Pragmatik ... 6

2.1.1 Watesan Pragmatik ... 6

2.1.2 Kapragmatisan Wacana ... 9

2.1.3 Kalimah dina Wacana ... 10

2.2 Kalimah Impositif ... 10

2.2.1 Wangenan jeung Ciri-ciri Kalimah Impositif ... 10

(7)

vi

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.3 Ma’na Kalimah Impositif ... 13

2.2.4 Maksim Kasopanan Kalimah Impositif ... 19

2.3 Panalungtikan Saméméhna ... 21

2.4 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan ... 23

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 25

3.1 Desain Panalungtikan ... 25

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 27

3.3 Ngumpulkeun Data ... 27

3.3.1 Instrumén Ngumpulkeun Data ... 27

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 28

3.4 Analisis Data ... 29

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 30

4.1 Hasil Panalungtikan ... 30

4.1.1 Data Kalimah Impositif ... 30

4.2 Analisis Kalimah Impositif ... 31

4.2.1 Adegan Kalimah Impositif ... 31

4.2.1.1 Adegan Kalimah Impositif Sampurna ... ... 31

4.2.1.1.1 Pola 1: Kal Imp S J C – K + In Fi: 222 ... 31

4.2.1.1.2 Pola 2: Kal Imp S J – C – K – Pangl + In Fi: 222 ... 33

4.2.1.1.3 Pola 3: Kal Imp S J – C – U – K + In Fi: 222 ... 34

4.2.1.1.4 Pola 4: Kal Imp S J – C – U – Pang – K + In Fi: 222 ... 36

4.2.1.2 Adegan Kalimah Impositif Teu Sampurna ... 37

4.2.1.2.1 Pola 1: Kal Imp ST C + In Fi: 222 ... 37

4.2.1.2.2 Poal 2: Kal Imp ST C – K + In Fi: 222 ... 38

4.2.1.2.3 Pola 3: Kal Imp ST C – U – K + In Fi: 222 ... 39

4.2.1.2.4 Pola 4: Kal Imp ST C – Pangl – K + In Fi: 222 ... 40

4.2.1.2.5 Pola 5: Kal Imp ST C – U – Pangl – K + In Fi: 222 ... 42

4.2.2 Ma’na Kalimah Impositif ... 43

(8)

vii

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.2.2 Kalimah Impositif Ménta ... 44

4.2.2.3 Kalimah Impositif Ngadesek ... 45

4.2.2.4 Kalimah Impositif Miharep ... 46

4.2.2.5 Kalimah Impositif Nyarék ... 47

4.2.2.6 Kalimah Impositif Ngajak ... 48

4.2.2.7 Kalimah Impositif Ngageuri ... 49

4.2.2.8 Kalimah Impositif Ngajurung ... 50

4.2.2.9 Kalimah Impositif Ngawawadian ... 51

4.2.3 Maksim Kasopanan dina Kalimah Impositif ... 53

4.2.3.1 Maksim Impositif Kawijaksanaan ... 53

4.2.3.2 Maksim Impositif Katumarima ... 54

4.2.3.3 Maksim Impositif Pujian ... 55

4.2.3.4 Maksim Impositif Handap Asor ... 56

4.2.3.5 Maksim Impositif Pangcocog ... 57

4.2.3.6 Maksim Impositif Kasimpatian ... 57

4.3 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 59

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 61

5.1 Kacindekan ... 61

5.2 Rékoméndasi ... 63

DAPTAR PUSTAKA ... 64

LAMPIRAN ... 65

(9)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa salaku mahluk sosial jeung mahluk individu salawasna ngayakeun interaksi enggoning campur gaul di masarakat. Interaksi nu lumangsung téh bisa antara individu jeung individu, antara individu jeung kelompok, atawa kelompok jeung kelompok.

Prosés interaksi hakékatna mah mangrupa prosés komunikasi. Makéna basa mangrupa kagiatan tumuluy anu dilakukeun ku manusa unggal waktu. Maké basa dina komunikasi lain kagiatan anu hésé, unggal manusa mampuh maké basa pikeun alat komunikasi. Ari komunikasi dina enas-enasna mah nepikeun amanat ka nu lian maké basa. Ku kituna, basa minangka alat komunikasi anu dipaké dina rupa-rupa fungsi jeung naon anu hayang ditepikeun ku panyatur. Sangkan amanat nepi ka pamiarsa luyu jeung pamaksudan panyatur sarta teu matak pasalia paham, basa nu dipaké kudu bener tur merenah. Basa anu bener nya éta basa anu dipakéna kukuh kana aturan atawa kaédah basa. Ari basa anu merenah nya éta basa anu keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna.

Basa nya éta sistem lambang omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004, kc. 6).

Basa mibanda adegan jeung cara makéna. Adegan basa dipatalikeun kana makéna basa, boh lisan (nyarita jeung ngaregepkeun) boh tulisan (nulis jeung maca), ku kaédah husus anu disebut pragmatik (Sudaryat spk., 2011, kc. 10). Pragmatik mangrupa dahan linguistik anu maluruh ngeunaan kumaha basa digunakeun dina komunikasi ogé salaku ulikan ngeunaan ma’na dina hubungana jeung situasi-situasi ucapan atawa omongan (speech situation) (Leech dina Nadar, 2009, kc. 5).

(10)

2

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kaédah pragmatik dipaké geusan nangtukeun luyu henteuna adegan basa jeung makéna basa dina hiji kontéks situasi, nangtukeun bener jeung merenah henteuna komunikasi basa. Pragmatik ngalibetkeun unsur basa pangjembarna nu disebut wacana. Ku kituna, sistem basa ogé ngawengku pragmatik atawa tata wacana (Sudaryat spk., 2011, kc. 10).

Dumasar wanda kalimah dina wacana, aya opat rupa kalimah atawa omongan dina wacana, nya éta kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif. Sangkan leuwih museur ieu panalungtikan ngeunaan kalimah impositif dina wacana. Kalimah impositif nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngedalkeun paréntah (Sudaryat spk., 2011, kc. 291).

Mekarna basa hususna basa Sunda tumuwuh saluyu jeung mekarna kahirupan kabudayaan masarakatna. Mekarna basa Sunda ébréh pangpangna tina kandaga kecapna. Jaba tina kandaga kecapna, mekar jeung robahna basa Sunda jeung adegan basana gumantung panyaturna (Sudaryat spk., 2011, kc. 7). Kalimah dipaké pikeun alat komunikasi, pikeun ngébréhkeun naon-naon anu aya dina pikiran atawa rasa. Ku lantaran kitu, kalimah téh ngandung naon-naon anu ditétélakeun, diébréhkeun, dituduhkeun, jeung dipikahayang ku panyaturna sangkan aya réspon ti pamiarsa. Ku sabab omongan ti panyatur ka pamiarsa nangtukeun pesen anu ditepikeun, sangkan jadi amanat tur ayana timbal balik ti pamiarsa ka panyatur.

Teu saeutik panyatur basa Sunda anu hésé maham kana maksud bacaan atawa omongan nalika komunikasi. Ku kituna, ieu panalungtikan salasahiji tarékah ngungkulan pasualan di lapangan sarta pikeun nambahan pangaweruh katatabasaan, ieu panalungtikan ngeunaan kalimah impositif (paréntah) dina novél

Baruang ka nu Ngarora” anu loba ngawengku kalimah miharep jeung ngawawadian, anu kaasup kana salasahiji ma’na kalimah impositif.

Panalungtikan anu patali jeung pragmatis kalimah impositif (paréntah) kungsi dilaksanakeun saméméhna, di antarana waé, “ Kalimah Paréntah dina Kumpulan Carita Pondok Djurig Karangan Tini Kartini“ ku N Ati Rahmawati, 2002.

Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Kumpulan Carpon Dukun Lepus

(11)

3

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kalimah Paréntah dina Karangan Paguneman Persuasif Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2010/2011” ku Dian Cesar Maharani, 2011. “Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Drama Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” ku Septiadi Angga Yuda, 2012.

Panalungtikan di luhur miboga sasaruaan nya éta medar ngeunaan ma’na jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun nya éta ieu panalungtikan henteu saukur ngulik adegan jeung

ma’nana wungkul, tapi ogé jeung maksim kasopanan dina wacana/omongan sacara husus dina objék anu béda nya éta novél Baruang ka nu Ngarora.

Dumasar masalah di luhur, yén panalungtikan ngeunaan kalimah impositif anu sacara husus can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan kalayan judul

Kalimah Impositif dina Novél Baruang ka nu Ngarora Karangan D.K.

Ardiwinata (Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan)”. 1.2Rumusan Masalah

Basa téh mangrupa alat komunikasi manusa. Dina maké basa dipangaruhan ku tata sora, tata kecap, tata kalimah, jeung tata wacana. Henteu saeutik panyatur basa Sunda anu masih kénéh mangmang dina maham maksud omongan ti panyatur dina wangun kalimah paréntah dumasar ma’na jeung kasopanan kalimah anu dipakéna. Ku kituna, ieu panalungtik leuwih museur kana kalimah impositif (paréntah) ditilik tina adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan anu aya dina wacana.

Kalimah impositif nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngedalkeun paréntah

dumasar kana ma’na jeung adegan kalimahna dina omongan atawa wacana. Kalimah impositif mibanda adegan pragmatis nya éta wangunan nu ngéntép seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks omongan, sarta ngadumaniskeun adegan basa jeung nu makéna, éta adegan ngawujud pola-pola téknis. Dina kalimah

impositif mibanda ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud paréntah anu dipatalikeun jeung kontéks situasi omongan anu jadi kasang tukangna. Jaba ti éta, dina kalimah impositif mibanda maksim kasopanan anu mangrupa tingkat kasopanan omongan/wacana antara panyatur jeung pamiarsa dina maké basa.

(12)

4

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan bisa dirumuskeun dina kalimah pananya di handap.

a. Naon waé kalimah impositif anu kapanggih dina novél Baruang ka nu Ngarora?

b. Kumaha adegan pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora?

c. Kumaha ma’na pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora?

d. Kumaha maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora?

1.3Tujuan Panalungtikan

Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.

Sedengkeun sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun:

a. kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora;

b. adegan pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora; c. ma’na pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora; d. maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan pikeun ngeuyeuban paélmuan tatabasa tur kamekaran élmu pangaweruh dina widang tatabasa Sunda patali jeung kapragmatisan kalimah impositif anu aya dina salasahiji karya sastra nya éta novél.

1.4.2Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat sacara praktik saperti di handap. a. Pikeun panalungtik séjén, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan référénsi.

(13)

5

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Pikeun guru, ieu panalungtikan mangrupa bahan materi pikeun pangajaran kalimah.

c. Pikeun nu maca, ieu panalungtikan mangrupa pangaweruh ngeunaan salasahiji wangun tatabasa Sunda nya éta kalimah impositif jadi leuwih jembar, sarta bisa ngalarapkeunana dina paguneman sapopoé nalika ngedalkeun kahayangna anu mangrupa kalimah paréntah pikeun jalma lian anu dilengkepan ku maksim kasopanan pikeun mikanyaho tingkat kasopanan wacana/omonganana.

1.5Sistematika Tulisan

Raraga tulisan dina ieu panalungtikan ngawengku lima bab.

Bab I mangrupa tahap bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan.

Bab II mangrupa bab anu eusina ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tioritis panalungtikan. Tiori anu dipedar nya éta ngeunaan tiori kapragmatisan wacana, kalimah impositif, jeung maksim kasopanan.

Bab III mangrupa bab anu eusina ngeunaan métode panalungtikan. Ieu bab mangrupa dadasarna pikeun nyusun bab IV, lantaran dina nyusun bab IV, kudu aya dadasar atawa strategi pikeun ngaréngsékeun pasualan anu aya dina ieu panalungtikan, dina bab III eusina ngeunaan desain panalungtikan, data jeung sumber data panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung analisis data hasil panalungtikan.

Bab IV mangrupa bab anu inti dina ieu panalungtikan, lantaran dina ieu bab didéskripsikeun hasil panalungtikan jeung pedaranana. Dina ieu bab bakal dipedar sacara gembleng hasil tina ngolah atawa analisis data dina panalungtikan. Ku kituna, hasil jeung pedaran tina panalungtikan bakal katitén dina ieu bab.

Bab V mangrupa bab anu eusina ngeunaan kacindekan tina sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékomendasi anu ditepikeun ku panulis ka pamaca.

(14)

6

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

(15)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa bagan guluyuran tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Dina ieu desain ngawengku métode panalungtikan. Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2006, kc. 160).

Desain ieu panalungtikan nyoko kana desain kualitatif kalayan ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data (Arikunto, 2006, kc. 239). Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta

data adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif dina novél

Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Ieu métode dipiharep bisa ngaréngsékeun pasualan kalimah impositif anu aktual ku cara papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data kalimah impositif.

Dina desain panalungtikan, tahapan awal panalungtik néangan jeung nyusun masalah dumasar pasualan anu bakal ditalungtik, saenggeus nangtukeun masalah tahapan kadua nya éta ngumpulkeun data tina objék nu ditalungtik, ari dina ngumpulkeun data pikeun meunangkeun hasil ngagunakeun instrumén panalungtikan nya éta kartu data, tahapan katilu nya éta data hasil ngumpulkeun, diolah ku cara analisis unsur langsung sarta masing-masing data kalimah impositif

didéskripsikeun sacara jéntré dumasar adegan, ma’na jeung maksim kasopanan,

(16)

26

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tina déskripsi di luhur, bisa katitén desain pikeun ieu panalungtikan nu kagambar sakumaha bagan di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Masalah:

1) Naon waé kalimah impositif nu kapanggih? 2) Kumaha adegan pragmatis kalimah impositif?

3) Kumaha ma’na pragmatis kalimah impositif?

4) Kumaha maksim kasopanan kalimah impositif?

Nyieun kacindekan

Instrumén panalungtikan: Kartu data

Déskripsi data:

1) Adegan kalimah impositif

2) Ma’na kalimah impositif

3) Maksim kasopanan kalimah impositif Téhnik ngolah data:

Analisis unsur langsung Téhnik ngumpulkeun data: Studi pustaka

(17)

27

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nya éta kalimah impositif nu disusun tina

adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan. Data kalimah impositif dicokot tina

sumber data.

Sumber data panalungtikan mangrupa subjék ti mana data dimeunangkeun. Ieu panalungtikan digunakeun ragam basa tulis tina karangan sastra minangka

sumber datana. Sumber datana nya éta novél “Baruang ka nu Ngarora” karangan

D.K. Ardiwinata. Ari datana Sakabéh klausa atawa kalimah anu ngandung kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora.

Novél Baruang ka nu Ngarora mangrupa novél Sunda anu munggaran, anu medal ti taun 1914, ayeuna dikaluarkeun ku Kiblat Buku Utama nu perenahna di jalan Gumuruh Bandung. Ieu novél kandelna 107 kaca, jeung ukuranana 22 cm x 15 cm x 1 cm. Eusina aya salapan épisode.

Ieu novél nyaritakeun ngeunaan kahirupan asmara budak ngora. Kawinna Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén anu pada-pada geulis jeung kasép, kacida bagjana pangantén anyar, tapi éta kabagjaan teu lila, dilantaranan ayana gogoda ti Aom Usman anu bogoh ka Nyi Rapiah. Rasa bogoh Aom Usman ka Nyi Rapiah anu gedé nyababkeun rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah burantak nepi ka pipisahanana. Ahirna Nyi Rapiah jeung Aom Usman kawin, sanajan kulawarga Aom Usman henteu panuju lantaran nganggap status Nyi Rapiah henteu sapantar jeung kolotna Aom Usman anu golongan ménak.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Ngumpulkeun Data

Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang jeung hasil anu hadé, dina harti lengkep jeung sistematis nepi ka gampang diolah (Arikunto, 2006, kc. 160).

(18)

28

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data salaku alat atawa instrumén panalungtikan. Eusi dina kartu data nya éta cutatan data kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, saterusna dibéré nomer jeung kodeu anu aya disajeroeun tanda kurung (....) nya éta nomer urut data anu ngawengku judul novél, kaca, jeung no pada, kalimah impositif nu aya dina novél.

KARTU DATA

Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu, (BKNN/6/5) Adegan : Pola 1: Kal Imp S J – C – K + In Fi: 222

Ma’na : Kal impositif nyarék Maksim Kasopanan: Maksim kawijaksanaan

Katerangan kartu data:

(a) Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu = kalimah impositif nu dicutat

(b) (BKNN/6/5/1) = ID sumber cutatan

BKNN = singgetan judul novél

6 = kaca dina novél

5 = nomer pada dina novél

(c) Analisis = adegan, ma’na, maksim kasopanan

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik studi pustaka. Téhnik studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun informasi dina néangan jeung ngumpulkeun data anu mangrupa buku, nya éta karya sastra novél nu judulna Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.

Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun, dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di handap.

1) Maca buku anu rék ditalungtik, nya éta novél Baruang ka nu Ngarora

karangan D.K. Ardiwinata.

(19)

29

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Nyalin kalimah impositif kana kartu data. 4) Nyusun kartu data dumasar alfabétis.

5) Nalaah kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan. 6) Nyieun papasingan kalimah dumasar kana adegan, ma’na, jeung maksim

kasopanan kalimah impositif.

3.4 Analisis Data

Téhnik anu dipaké pikeun analisis data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis unsur sacara langsung. Téhnik analisis unsur langsung dipaké lantaran sumber data panalungtikan mangrupa data tinulis, udaganana pikeun ngolah data anu patali jeung déskripsi adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D. K. Ardiwinata.

Téhnik ngolah jeung nganalisis anu dipaké dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha tahapan anu ditétélakeun di handap.

1) Mariksa deui sakabéh data kalimah impositif anu geus disusun sacara alfabétis. 2) Nangtukeun papasingan kalimah impositif.

3) Nganalisis data tina papasingan kalimah impositif. 4) Ngitung persentase papasingan kalimah impositif.

5) Ngadéskripsikeun kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan dina kalimah basa Sunda.

(20)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Dumasar kana analisis jeung déskripsi data, hasil tina panalungtikan jumlahna aya 187 data kalimah impositif. Ieu data kawengku kana

adegan, ma’na jeung maksim kasopanan. Hasil tina panalungtikan katitén aya dua pola adegan, nya éta adegan kalimah impositif sampurna jeung teu sampurna, aya salapan ma’na kalimah impositif, jeung aya genep maksim kasopanan kalimah impositif. Di handap dipedar sacara rinci hasil panalungtikan dumasar tilikan

adegan, ma’na jeung maksim kasopanan.

Kahiji, adegan pragmatis kalimah impositif nya éta wangunan nu ngéntép seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks omongan, sarta ngadumaniskeun adegan basa jeung nu makéna, éta adegan ngawujud pola-pola téhnis. Dumasar kana hasil analisis data jumlahna aya dua bagian, nya éta adegan kalimah impositif sampurna jeung adegan kalimah impositif teu sampurna, anu masing-masing ngawengku opat pola adegan kalimah impositif sampurna jeung lima pola adegan kalimah impositif teu sampurna. Pola 1 nya éta: (1) pola 1: Kal Imp S, jumlahna aya 70 (37,43%) data adegan kalimah impositif, (2) pola 2: Kal Imp S, jumlahna aya 34 (18,18%) data adegan kalimah impositif, (3) pola 3: Kal Imp S, jumlahna aya dalapan (4,28%) data adegan kalimah impositif, jeung (4) pola 4 : Kal Imp S, jumlahna aya dalapan (4,28%) data adegan kalimah impositif. Pola 2 nya éta: (1) pola 1: Kal Imp TS, jumlahna aya dua (1,07%) data adegan kalimah impositif, (2) pola 2: Kal Imp TS, jumlahna aya 47 (25,13%) data adegan kalimah impositif, (3) pola 3 : Kal Imp TS, jumlahna aya tilu (1,60%) data adegan kalimah impositif, (4) pola 4: Kal Imp TS, jumlahna aya 11 (5,88%) data adegan kalimah impositif, jeung (5) pola 5: Kal Imp TS, jumlahna aya opat (2,14%) data kalimah imposif. Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén pola adegan pragmatis

(21)

62

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kalimah impositif nu panglobana, nya éta pola 1 adegan kalimah impositif sampurna nu jumlahna 70 (37,43%), sedengkeun pola nu pangsaeutikna, nya éta pola 1 adegan pragmatis kalimah impositif teu sampurna nu jumlahna dua (1,07%).

Kadua, ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud paréntah anu dipatalikeun jeung kontéks situasi omongan anu jadi kasang tukangna. Dumasar kana hasil

analisis data ma’na kalimah impositif jumlahna aya salapan ma’na, nya éta: (1)

kalimah impositif nitah, jumlahna aya genep (3,21%), (2) kalimah impositif ménta, jumlahna aya 28 (14,97%), (3) kalimah impositif ngadesek, jumlahna aya 18 (9,63%), (4) kalimah impositif miharep, jumlahna aya 19 (10,16%), (5) kalimah impositif nyarék, jumlahna aya 10 (5,35%), (6) kalimah impositif ngajak, jumlahna aya salapan (4,81%), (7) kalimah impositif ngageuri, jumlahna aya 14 (7,49%), (8) kalimah impositif ngajurung, jumlahna aya 36 (19,25%), jeung (9) kalimah impositif ngawawadian, jumlahna aya 46 (24,60%). Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén ma’na pragmatis kalimah impositif nu panglobana, nya éta kalimah impositif ngawawadian nu jumlahna 46 (24,60%),

sedengkeun ma’na pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna, nya éta kalimah impositif nitah nu jumlahna genep (3,21%).

Katilu, maksim kasopanan mangrupa tingkat kasopanan omongan/wacana antara panyatur jeung pamiarsa dina maké basa. Dumasar kana hasil analisis data maksim kasopanan jumlahna aya genep maksim kasopanan, nya éta: (1) maksim impositif kawijaksanaan, jumlahna aya 80 (61,07%), (2) maksim impositif katumarima, jumlahna aya 24 (18,32%), (3) maksim impositif pujian, jumlahna aya opat (3,05%), (4) maksim impositif handap asor, jumlahna aya hiji (0,76%), (5) maksim impositif pangcocog, jumlahna aya opat (3,05%), jeung (6) maksim impositif kasimpatian, jumlahna aya 18 (7,63%). Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén maksim kasopanan pragmatis kalimah impositif nu panglobana, nya éta maksim impositif kawijaksanaan nu jumlahna 80 (61,07%), sedengkeun maksim kasopanan pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna, nya éta maksim impositif handap asor nu jumlahna hiji (0,76%).

(22)

63

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana hasil data di luhur ébréh yén adegan, ma’na jeung maksim kasopanan kalimah impositif aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara rékoméndasi anu perlu ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan kalimah impositif anu aya dina karya sastra novél pedalan buhun, nya éta Baruang ka nu Ngarora. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah impositif anu sumberna tina karya sastra novél pedalan anyar, sangkan saluyu jeung basa nu dipaké ku masarakat dina jaman ayeuna.

Kadua, ieu panalungtikan masih kénéh sacara murni nganalisis jeung ngadéskripsikeun kalimah impositif tina adegan jeung ma’nana. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah impositif (paréntah) dipatalikeun kana bahan katut prosés pangajaran di sakola, sangkan nambahan référénsi pikeun guru di lapangan.

Katilu, dina ieu panalungtikan ngan saukur ngulik ngeunaan maksim kasopanan, masih aya kénéh aspék pragmatis anu can kaungkab, nya éta maksim gawé bareng (maksim kuantitas, kualitas, rélévansi jeung pelaksanaan). Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu nalungtik jeung maksim gawé barengna ogé.

(23)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K.Ardiwinata

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Ardiwinata, D.K. (2013). Baruang ka nu ngarora. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Arikunto, S. (2006). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2010). Kesantunan berbahasa. Jakarta: Rineka Cipta.

Djajasudarma, T.F. (2004). Penalaran deduktif-induktif dalam wacana bahasa Indonesia. Bandung: Alqaprint Jatinangor.

Leech, G. (1993). Prinsip-prinsip pragmatik. Jakarta: Universitas Indonesia Press. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus umum basa Sunda. Bandung:

CV. Geger Sunten.

Nadar, F.X. (2009). Pragmatik dan penelitian pragmatik. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Rahardi, R.K. (2010). Pragmatik: kesantunan imperatif bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.

Rahardi, R.K. (2012). Sosiopragmatik. Jakarta: Erlangga. Ramlan, M. (2001). Sintaksis. Yogyakarta: CV. Karyono.

Schiffrin, D. (2007). Ancangan kajian wacana. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Y. (2004). Elmuning basa. Bandung: CV Walatra.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan wacana basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., & Yudibrata, K. (2011). Tata basa Sunda

kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sumardi, D., Umsari, O.P., & Marzuki, A. (1992). Tata basa Sunda. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

(1)

28

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data salaku alat atawa instrumén panalungtikan. Eusi dina kartu data nya éta cutatan data kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, saterusna dibéré nomer jeung kodeu anu aya disajeroeun tanda kurung (....) nya éta nomer urut data anu ngawengku judul novél, kaca, jeung no pada, kalimah impositif nu aya dina novél.

KARTU DATA

Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu, (BKNN/6/5) Adegan : Pola 1: Kal Imp S J – C – K + In Fi: 222 Ma’na : Kal impositif nyarék

Maksim Kasopanan: Maksim kawijaksanaan Katerangan kartu data:

(a) Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu = kalimah impositif nu dicutat

(b) (BKNN/6/5/1) = ID sumber cutatan BKNN = singgetan judul novél

6 = kaca dina novél

5 = nomer pada dina novél

(c) Analisis = adegan, ma’na, maksim kasopanan

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik studi pustaka. Téhnik studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun informasi dina néangan jeung ngumpulkeun data anu mangrupa buku, nya éta karya sastra novél nu judulna Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.

Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun, dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di handap.

1) Maca buku anu rék ditalungtik, nya éta novél Baruang ka nu Ngarora

karangan D.K. Ardiwinata.

(2)

29

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Nyalin kalimah impositif kana kartu data. 4) Nyusun kartu data dumasar alfabétis.

5) Nalaah kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan. 6) Nyieun papasingan kalimah dumasar kana adegan, ma’na, jeung maksim

kasopanan kalimah impositif.

3.4 Analisis Data

Téhnik anu dipaké pikeun analisis data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis unsur sacara langsung. Téhnik analisis unsur langsung dipaké lantaran sumber data panalungtikan mangrupa data tinulis, udaganana pikeun ngolah data anu patali jeung déskripsi adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D. K. Ardiwinata.

Téhnik ngolah jeung nganalisis anu dipaké dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha tahapan anu ditétélakeun di handap.

1) Mariksa deui sakabéh data kalimah impositif anu geus disusun sacara alfabétis. 2) Nangtukeun papasingan kalimah impositif.

3) Nganalisis data tina papasingan kalimah impositif. 4) Ngitung persentase papasingan kalimah impositif.

5) Ngadéskripsikeun kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan dina kalimah basa Sunda.

(3)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Dumasar kana analisis jeung déskripsi data, hasil tina panalungtikan jumlahna aya 187 data kalimah impositif. Ieu data kawengku kana

adegan, ma’na jeung maksim kasopanan. Hasil tina panalungtikan katitén aya dua pola adegan, nya éta adegan kalimah impositif sampurna jeung teu sampurna, aya salapan ma’na kalimah impositif, jeung aya genep maksim kasopanan kalimah impositif. Di handap dipedar sacara rinci hasil panalungtikan dumasar tilikan

adegan, ma’na jeung maksim kasopanan.

Kahiji, adegan pragmatis kalimah impositif nya éta wangunan nu ngéntép seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks omongan, sarta ngadumaniskeun adegan basa jeung nu makéna, éta adegan ngawujud pola-pola téhnis. Dumasar kana hasil analisis data jumlahna aya dua bagian, nya éta adegan kalimah impositif sampurna jeung adegan kalimah impositif teu sampurna, anu masing-masing ngawengku opat pola adegan kalimah impositif sampurna jeung lima pola adegan kalimah impositif teu sampurna. Pola 1 nya éta: (1) pola 1: Kal Imp S, jumlahna aya 70 (37,43%) data adegan kalimah impositif, (2) pola 2: Kal Imp S, jumlahna aya 34 (18,18%) data adegan kalimah impositif, (3) pola 3: Kal Imp S, jumlahna aya dalapan (4,28%) data adegan kalimah impositif, jeung (4) pola 4 : Kal Imp S, jumlahna aya dalapan (4,28%) data adegan kalimah impositif. Pola 2 nya éta: (1) pola 1: Kal Imp TS, jumlahna aya dua (1,07%) data adegan kalimah impositif, (2) pola 2: Kal Imp TS, jumlahna aya 47 (25,13%) data adegan kalimah impositif, (3) pola 3 : Kal Imp TS, jumlahna aya tilu (1,60%) data adegan kalimah impositif, (4) pola 4: Kal Imp TS, jumlahna aya 11 (5,88%) data adegan kalimah impositif, jeung (5) pola 5: Kal Imp TS, jumlahna aya opat (2,14%) data kalimah imposif. Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén pola adegan pragmatis

(4)

62

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kalimah impositif nu panglobana, nya éta pola 1 adegan kalimah impositif sampurna nu jumlahna 70 (37,43%), sedengkeun pola nu pangsaeutikna, nya éta pola 1 adegan pragmatis kalimah impositif teu sampurna nu jumlahna dua (1,07%).

Kadua, ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud paréntah anu dipatalikeun jeung kontéks situasi omongan anu jadi kasang tukangna. Dumasar kana hasil

analisis data ma’na kalimah impositif jumlahna aya salapan ma’na, nya éta: (1)

kalimah impositif nitah, jumlahna aya genep (3,21%), (2) kalimah impositif ménta, jumlahna aya 28 (14,97%), (3) kalimah impositif ngadesek, jumlahna aya 18 (9,63%), (4) kalimah impositif miharep, jumlahna aya 19 (10,16%), (5) kalimah impositif nyarék, jumlahna aya 10 (5,35%), (6) kalimah impositif ngajak, jumlahna aya salapan (4,81%), (7) kalimah impositif ngageuri, jumlahna aya 14 (7,49%), (8) kalimah impositif ngajurung, jumlahna aya 36 (19,25%), jeung (9) kalimah impositif ngawawadian, jumlahna aya 46 (24,60%). Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén ma’na pragmatis kalimah impositif nu panglobana, nya éta kalimah impositif ngawawadian nu jumlahna 46 (24,60%),

sedengkeun ma’na pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna, nya éta kalimah impositif nitah nu jumlahna genep (3,21%).

Katilu, maksim kasopanan mangrupa tingkat kasopanan omongan/wacana antara panyatur jeung pamiarsa dina maké basa. Dumasar kana hasil analisis data maksim kasopanan jumlahna aya genep maksim kasopanan, nya éta: (1) maksim impositif kawijaksanaan, jumlahna aya 80 (61,07%), (2) maksim impositif katumarima, jumlahna aya 24 (18,32%), (3) maksim impositif pujian, jumlahna aya opat (3,05%), (4) maksim impositif handap asor, jumlahna aya hiji (0,76%), (5) maksim impositif pangcocog, jumlahna aya opat (3,05%), jeung (6) maksim impositif kasimpatian, jumlahna aya 18 (7,63%). Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén maksim kasopanan pragmatis kalimah impositif nu panglobana, nya éta maksim impositif kawijaksanaan nu jumlahna 80 (61,07%), sedengkeun maksim kasopanan pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna, nya éta maksim impositif handap asor nu jumlahna hiji (0,76%).

(5)

63

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana hasil data di luhur ébréh yén adegan, ma’na jeung maksim kasopanan kalimah impositif aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara rékoméndasi anu perlu ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan kalimah impositif anu aya dina karya sastra novél pedalan buhun, nya éta Baruang ka nu Ngarora. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah impositif anu sumberna tina karya sastra novél pedalan anyar, sangkan saluyu jeung basa nu dipaké ku masarakat dina jaman ayeuna.

Kadua, ieu panalungtikan masih kénéh sacara murni nganalisis jeung ngadéskripsikeun kalimah impositif tina adegan jeung ma’nana. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah impositif (paréntah) dipatalikeun kana bahan katut prosés pangajaran di sakola, sangkan nambahan référénsi pikeun guru di lapangan.

Katilu, dina ieu panalungtikan ngan saukur ngulik ngeunaan maksim kasopanan, masih aya kénéh aspék pragmatis anu can kaungkab, nya éta maksim gawé bareng (maksim kuantitas, kualitas, rélévansi jeung pelaksanaan). Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu nalungtik jeung maksim gawé barengna ogé.

(6)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K.Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu