S BD 1205849 Chapter1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Aturan Gubernur Jawa Barat nomer 69 taun 2013, nu eusina ngeunaan
pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daérah pikeun satuan pendidikan dasar
jeung menengah, mangrupa tarékah ti pamaréntah sangkan budaya Sunda tetep
nanjeur di tatar priangan. Dina éta peraturan disebutkeun dina poin B yén sastra
daérah kudu dijadikeun muatan lokal dina prosés diajar unggal satuan pendidikan
luyu jeung poténsi sarta kaunikan di Jawa Barat (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat, 2013).
Nilik kana poin di luhur geus aya rojongan ti pamaréntah pikeun
ngasupkeun Basa Sunda kana pangajaran di sakola. Tujuanana sangkan barudak
di sakola apal jeung bisa ngamumulé budayana sorangan. Luyu jeung pamadegan
Sudaryat (2010 kc. 5), nu nétélakeun yén tujuan pangajaran Basa Sunda téh nya
éta sangkan parasiswa mibanda pangaweruh ngeunaan basa Sunda, mibanda
kamahéran maké basa Sunda, jeung mibanda sikep nu hadé kana basa Sunda.
Pikeun ngahontal éta tujuan tangtu kudu binarung ku bahan pangajaran nu
lengkep, métodeu anu merenah, média anu cocog, jeung pangajén anu keuna.
Patali jeung pangajaran Basa Sunda nu tadi disebutkeun, dina pangajaran
basa geus pasti bakal ngajarkeun opat kompetensi basa, diantarana nya éta maca,
nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun. Kitu ogé dina pangajaran Basa Sunda, nu
mana kompetensi basa jadi pangajaran wajib nu kudu diajarkeun di sakola. Dina
opat kompetensi basa tadi pangajaran nulis masih jadi salasahiji nu ngirut pikeun
ditalungtik. Loba nu bisa ditalungtik dina pangajran nulis diantarana
kamekaranana, ditalungtik kaparigelan nulis siswana, ditalungtik cara guru dina
ngajarkeunana, ditalungtik modél nu dipakéna, jrrd.
Hasil nyata tina nulis téh nya éta tulisan. Tulisan salasahiji karya anu bisa
ngaleuwihan umur nu nulisna. Maksudna nalika hiji jalma geus euweuh di dunya
bisa jadi karya nu geus ditulisna masih kénéh sumebar tur dibaca ku balaréa. Lian
ti éta, tulisan ogé loba pisan mangpaatna boh keur nu nulis boh keur nu macana.
Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN
ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1
2
Mangpaat keur nu nulis contona, tulisan bisa jadi sarana ngébréhkeun pikiran, ide,
gagasan, ngarékam sejarah, jrrd. Sedengkeun mangpaat keur nu maca, tulisan
bisa jadi alat pikeun nyangking informasi, nambahan pangaweruh, mantuan dina
prosés diajar, jrrd.
Nulis jadi kaparigelan anu penting dipiboga ku unggal jalma. Nulis atau
ngarang teu ngan ukur jenis sastra hungkul kawas carpon, novel, drama jeung
sajak. Tapi ngawengku unggal widang séjén, contona pengawas gudang
perusahaan nulis laporan kaluar asup barang, kepala bagéan penjualan nulis
advertensi pikeun diasupkeun ka surat kabar atawa majalah, wartawan nulis
warta, guru tatahar pikeun nyieun skenario pangajaraan, camat nuliskeun laporan
wewengkonna, cendikiawan nulis buku-buku, jste. Sujianto (dina Hasim &
Nurjamal, 2012 kc. 1).
Tapi teu saeutik nu boga anggapan yén nulis téh mangrupa kaparigelan
anu hésé. Luyu jeung pamadegan Alwasilah (dina Hasim & Nurjamal, 2012 kc.
1), nétélakeun yén kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan basa nu pang ahirna
tina sakabéh kaparigelan basa, jeung deui sok dianggap kaparigelan nu pang
héséna. Kaparigelan nulis (writing skill) kudu ngalibetkeun kaparigelan ortografi,
struktur, jeung kosa kecap salian ti tilu kaparigelan basa séjenna, nya éta
ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Sanajan kitu, kaparigelan nulis téh sabenerna
bisa diulik sarta tempat nu merenah pikeun diajar nulis nya éta di sakola.
Loba tulisan nu kudu diajarkeun ka siswa di sakola, salasahijina
kaparigelan nulis karangan, diantarana narasi, déskripsi, persuasi, éksposisi, jeung
arguméntasi. Dina silabus pangajaran basa Sunda, nulis karangan éksposisi jadi
kompeténsi dasar nu wajib dikawasa.
Nulis karangan éksposisi nya éta pangajaran nulis karangan pikeun méré
informasi anyar, mesék, tur ngadadarkeun hiji hal. Nilik kana éta wangenan,
kalintang gedé mangpaatna upama siswa diajar nulis karangan éksposisi. Tapi
saacanna aya sababaraha masalah dina pangajaran nulis karangan éksposiasi di
sakola, diantarana siswa loba nu teu resep kana pangajaran basa utamana
pangajaran nulis, éta téh mangaruhan kana prosés diajar. Siswa anu teu resep
bakal hésé narima élmu nu ditepikeun ku guru. Faktor séjénna nya éta guru maké

3
pola ajar nu kitu-kitu waé atawa teu maké modél pangajaran, hartina siswa
boseneun dina situasi diajar anu monoton. Padahal dumasar panalungtikan Gage
& Barliner (dina Indriana, 2011 kc. 17), parasiswa nu diajar ngagunakeun modél
bisa nginget patalékan ngeunaan informasi konséptual 57% leuwih loba tinimbang
siswa nu narima pangajaran teu ngagunakeun modél. Katitén yén modél
pangajaran penting pisan dina prosés pangajaran di kelas. Masalah-masalah nu
geus ditataan tadi téh kudu diréngsékeun sagancangna.
Dina paragraf saacanna disebutkeun yén sangkan ngahontal pangajaran
Basa Sunda nu hadé, salasahijina nya éta kudu ayana métodeu nu merenah. Lian ti
métodeu nu merenah, kudu aya sistem, média, modél jeung perangkat diajar
séjénna sangkan siswa jadi manusa nu boga daya saing. Abidin (2015 kc. 305),
maké istilah abad-21 pikeun nyebutkeun éta hal. Abidin neruskeun yén manusa nu
dibutuhkeun di abad-21 nya éta manusa nu miboga kompeténsi abad ka-21. Éta
Kompoténsi téh diantarana kamampuh mikir kritis, kamampuh mikir rancagé,
kompeténsi komunikasi jeung gawé bareng sarta kamampuh ngawasa téhnologi
informasi jeung komunikasi. Pangajaran nu dianggap bisa ngahontal tur
ngungkulan masalah nu geus ditataan tadi, nya éta pangajaran multiliterasi.
Modél pangajaran multiliterasi bisa jadi salasahiji alternatif pikeun
ngajarkeun pangajaran nulis karangan éksposisi, utamana mah keur guru anu
hayang maké pola ajar anyar sangkan siswa teu bosen. Modél pangajaran
multiliterasi mangrupa modél pangajaran nu nempatkeun kamampu maca, nulis,
ngaregepkeun jeung nyarita leuwih éfisien pikeun ngaronjatkeun kamampu
ngritik, nganalisis, ngevaluasi sarta nyangking informasi tina sababaraha sumber,
Abidin (2014, kc. 187).
Nilik kana pamadegan diluhur panalungtik boga anggapan yén modél
pangajaran multiliterasi luyu upama dilarapkeun dina pangajaran nulis utamana
pangajaran nulis karangan éksposisi, sarta bisa ngahontal siswa jadi manusa nu
miboga daya saing. Tapi saacanna kudu ditalungtik heula pikeun mikanyaho naha
modél pangajaran multiliterasi téh bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis
karangan éksposisi. Atawa sabalikna, modél pangajaran multiliterasi teu bisa
ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis karangan éksposisi.

4
Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran multiliterasi geus aya nu
nalungtik saméméhna ku Retnasari (2015), dina skripsi nu judulna “Penerapan
Model Pembelajaran Multiliterasi untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis
Iklan” dina éta panalungtikan dijéntrékeun yén pangajaran nulis iklan (jenjang
Sekolah Dasar) ngaronjat upama maké modél multiliterasi. Dina panalungtikan
séjénna Yogaswara (2015), nu judulna “Modél Pangajaran Quantum Teaching
Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi” disebutkeun yén
kamampuh nulis karangan éksposisi téh ngaronjat upama maké modél pangajaran
quantum Teaching.
Kasangtukang masalah nu geus didadarkeun téh jadi tatapakan judul nu
diangkat ku panalungtik, nya éta panalungtikan ngeunaan “Modél Pangajaran
Multiliterasi Pikeung Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi (Studi
Kuasi Ékspérimen ka siswa kelas VII-K SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran
2015/2016)”. Nu saterusna kudu dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, éta rumusan masalah bakal jadi
pituduh dina ngumpulkeun data. Ku kituna, rumusan masalah panalungtikan
dipidangkeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45
Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél pangajaran
multiliterasi?
2) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45
Bandung taun ajaran 2015/2016 saenggeus ngagunakeun modél pangajaran
multiliterasi?
3) Naha aya béda nu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa
kelas VII-K SMPNegeri 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung
saenggeus ngagunakeun modél pangajaran pangajaran multiliterasi?

5
1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung masalah anu dipedar, ieu di handap dijéntrékeun tujuan umum
jeung tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum, tujuan dina ieu panalungtikan téh pikeun nguji signifikansi
modél pangajaran multiliterasi dina ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan
éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung
taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi;
2) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung
taun
ajaran
2015/2016
saenggeus
ngagunakeun
modél
pangajaran
multiliterasi;
3) Béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas
VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung saenggeus
ngagunakeun modél pangajaran pangajaran multiliterasi.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Sanggeus ieu panalungtikan réngsé, dipiharep ngabogaan mangpaat,
nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan téh bisa leuwih ngeuyeuban jeung
neuleuman ngeunaan modél pangajaran di Sakola, hususna keur siswa kelas VIIK SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep aya mangpaatna, hususna
pikeun nu nulis, lembaga, sarta pihak-pihak séjén nu miboga kapentingan kana ieu
panalungtikan. mangpaat nu dipiharep, diantarana:

6
1) Panalungtikan bisa nyaho kumaha kamampuh siswa nu ngagunakeun model
Multiliterasi dina nulis karangan éksposisi.
2) Ngahudang karep siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi.
3) Ngalatih siswa sangkan bisa mekarkeun basa jeung pangaweruh anu dipiboga
dina wangun karangan éksposisi.
4) Bisa nambahan élmu pangaweruh dina nulis karangan éksposisi ngagunakeun
modél pangajaran Multilitereasi pikeun nu maca.
1.5 Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta:
1) BAB I BUBUKA, nu ngawengku kasang tukang panalungtikan, Rumusan
masalah, tujuan umum panalungtikan, tujuan husus panalungtikan, mangpaat
tioritis panalungtikan, mangpaat praktis panalungtikan, jeung raraga tulisan.
2) BAB II ULIKAN PUSTAKA, nu ngawengku modél pangajaran, modél
pangajaran multiliterasi, nulis, nulis karangan éksposisi, panalungtikan
saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung hipotésis.
3) BAB
III
MÉTODEU
PANALUNGTIKAN
nu
ngawengku
desain
panalungtikan, sumber data, prosedur panalungtikan, téhnik analisis data.
4) BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN nu ngawengku
hasil panalungtikan, jeung pedaran ngeunaan éféktivitas model pangajaran
multiliterasi dina pangajaran nulis karangan éksposisi (studi kuasi ékspérimen
ka siswa kelas VII-K SMPN 45 Kota Bandung taun ajaran 2015/2016).
5) BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI JEUNG SARAN nu ngawengku
kacindekan, implikasi, jeung saran.