TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA.

(1)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun nyumponan sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

Ku

DENA SETIAWAN NIM 1002623

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu Halaman Hak Cipta untuk Mahasiswa S1

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS

NASKAH PALINTANGAN

TI MAJALENGKA

Oleh Dena Setiawan

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Dena Setiawan 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

November 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu


(4)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS

NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA1)

Dena Setiawan2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Transliterasi jeung Kajian Téks Naskah Palintangan ti Majalengka”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh berkurangnya minat dan perhatian masyarakat dalam menggali isi téks pada naskah (manuscript). Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif analitis melalui pendekatan filologi, dengan langkah-langkah yaitu: 1) deskripsi naskah, 2) transliterasi teks, dan 3) kajian teks. Naskah diteliti dengan menggunakan metode naskah tunggal. Agar lebih mudah dipahami, dalam penelitian ini disusun edisi teks naskah beserta terjemahannya. Setelah prosés tersebut, teks lalu dikaji dan dianalisis isi téksnya secara deskriptif. Naskah Palintangan ini ditemukan di Jatiwangi, Majalengka dengan kolofon tahun 1959 Masehi. Naskah ini berbahasa Jawa-Cirebon dengan menggunakan aksara Cacarakan. Jumlah halaman pada naskah yaitu 68, dengan media tulis berupa kertas pabrik. Alat tulis yang digunakan yaitu belpen dengan dominasi warna hitam pada tulisan teksnya, sedangkan tinta berwarna merah digunakan pada karakter tertentu. Hasil transliterasi teksnya menunjukan bahwa naskah ini masih menggunakan kebiasaan menuliskan kata yang berlaku pada jamannya. Selain itu, banyak pula ditemukan tata cara penulisan kata yang merupakan pengaruh dari bahasa Jawa. Naskah Palintangan ini adalah salah satu bentuk akulturasi antara budaya Arab kuno, Islam, dan Jawa. Dari naskah ini bisa terlihat bahwa masyarakat Sunda kaya akan pengetahuan. Hal ini terlihat dari dipakainya ilmu-ilmu perbintangan, obat-obatan herbal, do’a-do’a dan mantra, serta hitungan yang berdasarkan pada kejadian alam ataupun penanggalan. Penelitian ini diharapkan bisa membangunkan kesadaran kaum akademisi dan masyarakat akan pentingnya menggali hasanah kebudayaan pada naskah-naskah kuno. Selain itu, penelitian ini juga diharapkan menjadi dasar bagi penelitian-penelitian lainnya.

Kata kunci: transliterasi, naskah, kajian téks

1Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum. 2Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI (angkatan 2010).


(5)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS

NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA1)

Dena Setiawan2) ABSTRACT

This research entitled “Transliterasi jeung Kajian Teks Naskah Palintangan ti Majalengka”. The background of this research came from a lesser of human interest and attention in taking the content of the text (manuscript). In this research, the writer used qualitative method through philology approach, by the steps that were included: 1) text description, 2) transliteration of the text, and 3) text analysis. The text was observed by using the singular text method. The purpose was to make easy in understanding the text. In this research there were some texts edition and the text that had been translated. After those processes, then, the content of the texts were studied and analyzed in a description. The Palintangan text was found in Jatiwangi, Majalengka with kolofon at 1959 M. The text was in Javanese-Cirebon with Cacarakan letter of the alphabet. The text has 68 pages, by using media of writing material such as factory’s paper. The writing materials that were used cover pen with black color for the text and red color for some specific characters. The result of this analysis showed that the text was still used humans’ custom on writing in that period. On the other hand, there were found a grammar that showed an effect from Javanese language. Palintangan text was a form of acculturation between Arab Kuno, Islam, and Javanese culture. It could be seen from the used of astronomy science, some natural medicine, prayers and magic formula, and also the quantification that was related on world events or a removal. This research was hoped could build academician’s awareness and also for human about the importance of the culture in ancient texts. Except that, this research was hoped to became a basic for other researchers.

Keywords: transliteration, text, text analysis.

1This research is promoted by Dr. Ruhaliah, M.Hum. and Dr. Ruswendi Permana, M. Hum. 2Student of Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI (2010).


(6)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR GAMBAR ... ix

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 ... K asang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 ... I déntifikasi Masalah ... 3

1.3 ... R umusan Masalah ... 4

1.4 ... T ujuan Panalungtikan ... 5

1.5 ... M angpaat Panalungtikan ... 5

1.6 ... S istematika Nulis Skripsi ... 5


(7)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

2.1 ... F

ilologi ... 7

2.1.1... Harti Filologi ... 7

2.1.2... Objék Filologi ... 9

2.1.2.1 Naskah jeung Téks ... 9

2.1.2.2 Naskah Sunda ... 10

2.1.2.3 Kritik Téks ... 12

2.1.3... Tujuan Filologi ... 14

2.1.4... Cara Gawé Filologi ... 14

2.2 ... T ransliterasi ... 15

2.2.1... H arti Transliterasi ... 15

2.2.2... M étode Transliterasi ... 16

2.2.2.1 Métode Édisi Naskah Tunggal ... 16

2.2.2.2 Métode Édisi Naskah Jamak ... 17

2.2.3... P edoman Transliterasi ... 18

2.3 ... T aréh ... 22


(8)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

3.1 ... M étode Panalungtikan ... 26 3.2 ... D

esain Panalungtikan ... 26 3.3 ... S

umber Data ... 27 3.4 ... I nstrumén Panalungtikan ... 27 3.5 ... W

angenan Operasional ... 28 3.6 ... T

éhnik Panalungtikan ... 29 3.6.1... T

éhnik Ngumpulkeun Data ... 29 3.6.2... T

éhnik Ngolah Data ... 29 BAB IV TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH

PALINTANGAN TI MAJALENGKA ... 30 4.1 ... D

éskripsi Naskah Palintangan ti Majaléngka ... 30 4.2 ... T

ransliterasi Téks Naskah Palintangan ti Majaléngka ... 31 4.2.1... S

istem Transliterasi Téks ... 31 4.2.2... T


(9)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4.2.3... T

arjamahan Téks ... 47

4.3 ... K ajian Téks Naskah Palintangan ti Majaléngka ... 63

4.3.1... P ananggalan ... 64

4.3.1.1 Naktu ... 64

4.3.1.2 Windu ... 65

4.3.1.3 Saptawara jeung Pancawara ... 66

4.3.1.4 Katangtuan Usum ... 69

4.3.2... P oé Hadé jeung Naas ... 71

4.3.3... W aktu Hadé jeung Goréng ... 75

4.3.3.1 Kolénjér ... 75

4.3.3.2 Siklus Rejeki ... 77

4.3.3.3 Lintang ... 78

4.3.4... W atek Alam ... 80

4.3.4.1 Samagaha ... 80

4.3.4.2 Lindu ... 81

4.3.5... W atek dina Ngadegkeun Imah ... 83

4.3.6... N aga Poé ... 84

4.3.7... W ayangan Jelema ... 86


(10)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4.3.8... D

o’a jeung Mantra ... 88

4.3.8.1 ... D o’a ... 88

4.3.8.2 ... M antra ... 92

4.3.9... N gubaran Kasakit ... 93

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 98

5.1 ... K acindekan ... 98

5.2 ... S aran ... 99

DAPTAR PUSTAKA ... 100

LAMPIRAN ... 103


(11)

1

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Nagara Indonesia diwangun ku rinéka sélér anu béda-béda tur miboga ciri has atawa karakteristik séwang-séwangan, boh ditilik tina kabiasaanana boh ditilik tina rupana (dedeg warugana). Unggal sélér bangsa pasti miboga inovasi jeung kréativitas pikeun nyumponan pangabutuh hirupna. Rupa-rupa hasil karya, cipta, jeung rasa manusa téh ngajanggélek jadi hiji beungkeutan anu disebut kabudayaan, sarta ngawujud dina wangun gagasan (sawangan manusa), aktivitas (kabiasaan), jeung artéfak (J.J Hoeningman dina Sulasman, 2013, kc. 35).

Karinékaan budaya dianggap kacida pentingna pikeun némbongkeun yén bangsa Indonésia téh luhung ku ajén-ajén kabudayaan lokal anu ngawangun kabudayaan nasionalna. Dina ieu hal, pamaréntah ngarojong kabudayaan nasional sakumaha anu kaunggel dina UUD 1945 pasal 32 ayat 1, unina: “Nagara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban dunia dengan menjamin kebebasan masyarakat dalam memelihara dan mengembangkan

nilai-nilai budayanya.”

Salah sahiji sélér bangsa Indonésia nya éta sélér Sunda, anu mayoritas masarakatna hirup di Jawa Barat jeung Banten. Istilah Sunda mimiti dipikawanoh dina prasasti Juru Pengambat (± abad 9 M) anu kapanggih di Kebon Kopi, Bogor. Ieu prasasti maké aksara Jawa Kuna jeung basa Malayu Kuna. Eusina nétélakeun yén ayana kajadian pikeun mulangkeun deui kakawasaan prahajyan Sunda (Bosch dina Ekadjati, 1995, kc. 2). Bisa dicindekkeun yén harita geus aya nagara atawa wilayah anu dibéré ngaran Sunda jeung dipingpin ku prahajian Sunda.

Geus teu bireuk deui yén masarakat Sunda miboga budaya anu jembar. Ieu hal bisa katitén tina rupa-rupa hasil budayana, boh anu ngawujud boh anu abstrak. Wangun budaya anu mangrupa artéfak réa jirimna, di antarana: prasasti, naskah kuna, candi, waditra musik, jrrd. Salah sahiji jenis artéfak anu bisa méré pangaruh gedé kana studi ngeunaan hiji bangsa nya éta naskah (manuscript).


(12)

2

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Naskah nya éta wacana (téks) hasil tulisan, biasana dibeundeul atawa dibukukeun (lain hasil citak), atawa buku anu eusina wacana dina tulisan leungeun (Iskandarwassid, 2003, kc. 90). Saluyu jeung éta pamadegan, Baried (1985, kc. 54) nambahkeun yén naskah téh mangrupa pamikiran, rasa, jeung pangaweruh masarakat atawa kelompok sosial jaman harita. Ku kituna, naskah bisa disebut hasil kabudayaan kongkrit anu bisa méré rupa-rupa informasi.

Minangka sumber informasi sosial budaya, naskah mangrupa salah sahiji unsur budaya anu raket patalina jeung kahirupan sosial budaya masarakat anu ngalahirkeun jeung ngarojong kana éta naskah. Ditulisna naskah-naskah Sunda ogé aya patalina jeung ngaronjatna kamampuh maca sarta nulis atawa pangaweruh ngeunaan aksara. Ku ayana tradisi tulis di tatar Sunda anu disusun ku para raja, resi, atawa jelema anu ngayakeun hiji lalampahan di jaman harita, katerangan ngeunaan kahirupan masarakat Sunda jaman harita masih bisa dibaca nepi ka kiwari (Suryaatmana, 1992, kc. 2).

Tradisi tulis naskah di Tatar Sunda geus dimimitian saméméh abad ka-17 Maséhi. Ieu hal bisa katitén dumasar kana naskah-naskah Sunda anu kapanggih, saperti: Bujangga Manik, Sanghyang Siksa Kanda(ng) Karesian, Sewaka Darma, Ratu Pakuan, jeung Carita Parahyangan. Basa nu dipaké dina naskah Sunda nya éta basa Sunda kuna, Jawa, Arab, jeung Malayu kalawan maké aksara-aksara: Sunda, Jawa, Cacarakan, Pégon, jeung Arab (Ekadjati, 2006, kc. 199). Naskah-naskah Sunda kuna loba ditulis di kabuyutan. Ieu tempat mangrupa tempat pikeun ngalaksanakeun ritual kaagamaan sarta nyuprih rupa-rupa élmu. Rakéyan Darmasiksa dina Amanat Galunggung nepikeun yén lamun kabuyutan direbut musuh, kalungguhan rajaputra (teureuh raja) leuwih hina tibatan kulit lasun dina jarian (Ekadjati, 2009,kc. 194).

Nurutkeun Ekadjati (2006, kc. 198), sacara gurat badag klasifikasi eusi naskah Sunda ngawengku: (1) sajarah, anu diwincik deui jadi sajarah Jawa Barat, Sajarah Jawa, jeung mitologi, (2) ajaran agama Islam, anu diwincik jadi carita Islam (Nabi Muhammad, para anbiya, sahabat, jeung tokoh Islam), fiqih tasawuf,


(13)

3

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

manakib, tauhid, adab, jeung kumpulan du’a, (3) sastra, (4) paririmbon jeung mujarobat, (5) adat-istiadat, jeung lian-lian ti éta.

Salah sahiji naskah anu méré rupa-rupa informasi ngeunaan kabudayaan masarakat nya éta naskah Palintangan. Nurutkeun Rosidi (dina Jamil, 2006, kc. 199), ieu naskah kaasup kana wanda naskah paririmbon atawa mujarobat. Naskah Palintangan ngadéskripsikeun ngeunaan hadé-goréng jeung naas-mujur kana perkara-perkara kahirupan. Kagiatan-kagiatan anu ditataan dina palintangan teu jauh jeung kabiasaan-kabiasaan hirup kumbuh sapopoéna, saperti pakasaban, kamasarakatan, jeung kaagamaan. Naskah Palintangan dipaké ku masarakat minangka hiji tarékah sangkan kahirupanana jauh tina naas atawa kagoréngan.

Dina mangsa kiwari, panitén masarakat kana naskah téh geus nyirorot. Naskah ngan saukur dipikawanoh ku kelompok masarakat anu museurkeun paniténna kana ngoléksi jeung nalungtik wungkul. Kitu ogé naskah Palintangan, anu ngan dipikawanoh ku masarakat anu masih nyekel anu kalungguhanana di kalangan masarakat Sunda geus teu bireuk deui. Masih aya masarakat anu percaya lantaran eusina dianggap bisa jadi kanyataan. Lian ti éta, masarakat séjénna nganggap yén paririmbon téh ngan saukur buku anu eusina mangrupa masalah anu henteu bisa dipercaya bebeneran tina eusina (Suryaatmana, 1992, kc. 3).

Naskah Sunda loba nu geus leungit atawa ruksak lantaran prosés alam, atawa teu kariksa (ruksak ku rayap, bobo lantaran kabeueusan), malah ngahaja dimusnahkeun. Naskah Sunda ogé aya di masarakat, boh anu masih dipaké pikeun kahirupan sapopoé boh anu dijieun pusaka atawa koléksi. Sawaréhna deui disimpen di Museum Negeri, saperti: Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI), Museum Sri Baduga, Museum Pangeran Geusan Ulun, Keraton Kasepuhan, jeung Museum Cigugur Kuningan. Lembaga luar negeri anu ngilu ngariksa naskah Sunda, diantarana Universitas Bibliotheek Leiden, Walanda; British Museum London, Bodleian Library, Inggris; jeung Australian National University (Ruhaliah, 2005, kc. 54).

Tarékah pikeun ngagarap naskah-naskah heubeul terus dilakonan sangkan eusi tina naskah téh bisa kasalametkeun jeung kacangking. Inventarisasi sarta


(14)

4

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

pencatatan mangrupa salah sahiji tarékah sangkan naskah-naskah Sunda anu sumebar di masarakat bisa dipikanyaho. Anapon kitu, tarékah ku cara inventarisir jeung nyutat dirasa kurang cukup lamun henteu dibarengan ku kajian kana téks naskah. Sangkan gampang ngaguar eusi téksna, naskah leuwih heula ditransliterasikeun kana aksara Latén. Kagiatan samodél kieu asup kana garapan élmu filologi, sabab objék kongkrit garapan filologi téh mangrupa téks tulisan. Kagiatan panalungtikan filologi ieu kudu terus dimekarkeun jeung dirojong pikeun ngungkabkeun informasi nu aya dina naskah-naskah heubeul (Baried dina Ruhaliah, 2005, kc. 55).

Panalungtikan saacanna ngeunaan naskah Palintangan nya éta panalungtikan Suryaatmana (1992) anu judulna Paririmbon Sunda: Jawa Barat. Lian ti éta, panalungtikan Palintangan Sunda: Ulikan Semiotik jeung Filologis ku Eli Awaludin Jamil (2012), anu ngaguar kode-kode basa minangka konsépsi sosio-budaya masarakat Sunda tina dua rupa naskah palintangan jeung kolénjér.

Salah sahiji naskah Palintangan kapanggih di wewengkon Jatiwangi, Majaléngka. Ieu naskah can pernah ditalungtik saacanna. Panalungtikan kalawan maké métode transliterasi jeung kajian téks kana ieu naskah, dipiharep bisa méré informasi anu mangpaat pikeun masarakat atawa panalungtik séjénnna. Ti dinya bisa kapanggih sawatara hal ngeunaan papagon hirup urang Sunda. Lian ti éta, ieu panalungtikan penting pikeun ngeuyeuban panalungtikan saacanna. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Transliterasi jeung Kajian Téks Naskah Palintangan ti Majalengka”.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah anu dipedar di luhur, ieu panalungtikan museur kana transliterasi jeung kajian téks Naskah Palintangan ti Majalengka. Naskah ditransliterasi kana aksara Latén pikeun ngaguar eusi téksna. Kajian téks dina élmu filologi téh diwincik jadi dua, nya éta kajian struktur jeung kajian eusi. 1.3 Rumusan Masalah


(15)

5

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana Idéntifikasi masalah di luhur ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan di handap ieu:

a. Kumaha déskripsi naskah Palintangan ti Majalengka?

b. Kumaha transliterasi téks naskah Palintangan ti Majalengka? c. Kumaha kajian téks kana naskah Palintangan ti Majalengka? 1.4 Tujuan Panalungtikan

1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan diayakeun ieu panalungtikan nya éta pikeun ngahudang kasadaran jeung panitén masarakat sarta kalangan akademis ngeunaan kabudayaan Sunda, utamana naskah (manuscript).

1.4.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan disusun kalawan miboga tujuan pikeun ngabuktikeun jawaban tina rumusan masalah, di antarana:

1) ngadéskripsikeun naskah Palintangan Majalengka;

2) nyusun hasil transliterasi naskah Palintangan Majalengka; 3) ngaguar eusi téks naskah Palintangan Majalengka.

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat sacara tioritis anu dipiharep bisa dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngalengkepan kajian-kajian ngeunaan naskah Sunda, hususna naskah jenis palintangan.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis anu dpiharep bisa dihontal dina ieu panalungtikan, di antarana: (1) pikeun méré informasi ngeunaan déskripsi jeung eusi naskah Palintangan; jeung (2) nambahan pangaweruh ngeunaan naskah Sunda, hususna naskah kelompok palintangan atawa paririmbon.

1.6 Sistematika Nulis Skripsi

Ieu skripsi diwangun ku lima bab. Bab I eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan


(16)

6

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nulis skripsi. Bab II eusina ngeunaan filologi, transliterasi, jeung, taréh. Pedaran filologi ngawengku harti filologi, objék filologi (naskah jeung téks, naskah Sunda, jeung kritik téks), tujuan filologi, jeung cara gawé filologi. Pedaran ngeunaan transliterasi ngawengku harti transliterasi, métode transliterasi (métode édisi naskah tunggal jeung métode édisi naskah jamak), jeung pedoman transliterasi. Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, instumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. Téhnik panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data. Bab IV eusina medar ngeunaan déskripsi naskah Palintangan, transliterasi katut tarjamahan tina téksna. Eusi téks dianalisis sabada prosés transliterasi jeung tarajamah téks. Téks dianalisis dumasar kana struktur jeung eusi téksna. Bab V medar ngeunaan kacindekan jeung saran tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun.


(17)

26

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana léngkah-léngkah panalungtik dina ngumpulkeun jeung ngolah datana. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode gawé filologi édisi naskah tunggal ngaliwatan édisi naskah standar. Dina ngaguar struktur jeung eusi téks tina naskah Palintangan, panalungtik ngagunakeun métode deskriptif-analitis.

Ieu panalungtikan maké éta métode naskah tunggal (codex unicus) ngaliwatan édisi naskah standar (editio criticia). Édisi standar nya éta migawé transliterasi ku cara ngoréksi tulisan anu henteu konsistén atawa kasalahan-kasalahan leutik séjénna dumasar kana palanggeran éjahan, sarta nyieun tafsiran kana bagéan anu sakirana perlu dipedar. Ieu hal dimaksudkeun sangkan nu maca leuwih gampang dina maca jeung mikaharti eusi téks (Baried, 1985, kc. 69).

Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu miboga tujuan pikeun ngungkabkeun hiji fakta émpiris sacara objéktif tur ilmiah. Ieu métode dumasar kana logika paélmuan, prosedur, tur kudu nyoko kana métodologi katut kajian tiori anu saluyu jeung disiplin élmuna (Mukhtar, 2013, kc. 29).

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta gambaran atawa sawangan ngeunaan prosés pnalungtikan anu rék dilaksanakeun. Kerlinger (dina Mukhtar, 2013, kc. 40) méré wangenan yén desain panalungtikan (research plan) téh nya éta rencana jeung struktur panalungtikan anu disusun sangkan panalungtik bisa meunangkeun jawaban tina pertanyaan-pertanyaan panalungtikan. Desain panalungtikan ngébréhkeun prosés dina nyieun rencana katut prak-prakanna panalungtikan. Ieu di handap dipedar desain panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan.


(18)

27

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Gambar 3.1

Desain Panalungtikan Naskah Palintangan

3.3 Sumber data

Sumber data nya éta sajumlahing informasi atawa data-data anu sakirana bisa dipaké ku panalungtik pikeun dijadikeu sumber primer atawa sekunder (Mukhtar, 2013, 107). Sumber data bisa dimeunangkeun ti lembaga, subjék informan, jeung hasil dokuméntasi lembaga. Data-data anu dimeunangkeun kudu dipilah-pilah heula disaluyukeun jeung kabutuhan panalungtikan.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Naskah Palintangan. Ieu naskah mangrupa koléksi Iis Sugiarti ti Jatiwangi, Majaléngka. Ieu naskah ditulis dina basa Sunda-Cirebon kalawan maké aksara Cacarakan. Kertas anu dipaké nya éta kertas pabrik, kandelna 68 kaca sarta teu kapanggih watermark dina kertasna. Ieu sumber data dijadikeun sumber utama.

NASKAH TRANSLITERASI

SUNTINGAN TARJAMAHAN

NGOLAH DATA

KAJIAN TÉKS

NYIEUN KACINDEKAN


(19)

28

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu 3.4 Wangenan Operasional

Ieu di handap dipedar istilah-istilah anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta:

1. Transliterasi nya éta ngaganti jenis tulisan, ti aksara nu hiji ka aksara séjénna tapi hentu ngarobah basa jeung eusina. Istilah transliterasi ngan dipaké pikeun nalungtik naskah.

2. Kajian téks nya éta kagiatan nala’ah atawa neuleuman kandungan eusi dina

jero naskah. Téks diwincik jadi dua bagian, nya éta eusi (ide atawa amanat), jeung wangun (bungkeuleukan tulisan anu rék dibaca atawa dipaluruh). 3. Naskah nya éta karangan anu maké tulisan asli. Baheula, naskah sok ditulis

dina daun lontar, kawung, nipah, atawa kalapa. Alat tulis nu dipakéna péso pangot. Daluang jeung kertas Éropa mulai dipaké kurang leuwih abad ka-19, pakakas tulisna nya éta kalam kalawan maké mangsi hideung.

4. Palintangan nya éta élmu pangaweruh pikeun nangtukeun hadé-goréng dina migawé hiji kagiatan anu nyoko kana prosés itung-itungan, boh naktu, boh pasaranna, jrrd. Palintangan ogé sok disebut paririmbon.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Dina unggal panalungtikan pasti diperlukeun instrumén pikeun meunangkeun sumber data anu diperlukeun pikeun lumangsungna panalungtikan Instrumén panalungtikan nya éta alat anu dipaké pikeun ngumpulkeun sajumlahing informasi anu dipikawanoh minangka data panalungtikan (Mukhtar, 2013, kc. 109). Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara pikeun meunangkeun naskah. Sedengkeun alat anu dipaké nya éta kamera pikeun ngadokuméntasikeun naskah. Ieu di handap dipidangkeun pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan.


(20)

29

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Pedoman Wawancara 1. Ti saha jeung di mana éta naskah dimeunangkeun?

2. Naha aya sarat-sarat atawa ritual husus pikeun bisa ngapimilik naskah? 3. Kumaha kalungguhan éta naskah dina kahirupan masarakat?

4. Naon fungsi éta naskah? Naha nepi ka kiwari masih dipaké atawa henteu? 5. Naha aya ritual husus pikeun ngariksa éta naskah?

6. Naha aya carita husus anu patali jeung éta naskah?

3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data panlungtikan nya éta téhnik observasi (studi lapangan), wawancara (interview), dokuméntasi, jeung studi pustaka. Téhnik observasi jeung wawancara dipaké pikeun néangan naskah anu aya di masarakat atawa individu anu miboga koléksi naskah. Naskah anu kapanggih tur luyu pikeun jadi bahan panalungtikan difoto (studi dokuméntasi gambar). Ieu prosés dipilampah sangkan henteu hésé dina prosés maca katut migawé transliterasi téksna. Sedengkeun studi pustaka dipaké pikeun ngeuyeuban data anu patali jeung garapan panalungtikan.

Léngkah anu dipaké mimiti pikeun ngumpulkeun data nya éta maca naskah Palintangan. Léngkah anu saterusna nya éta migawé transliterasi naskah. Sabada ditransliterasi, naskah ditarjamahkeun kana basa Sunda ngarah leuwih kaharti. 3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Pikeun maluruh eusi naskah Palintangan ieu, téhnik anu dipaké pikeun ngolah data nya éta téhnik ngolah data naskah tunggal ngaliwatan édisi naskah


(21)

30

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

standar. Léngkah-léngkah anu dipilampah nya éta: 1) klasifikasi data (ngolom-ngolomkeun data), 2) nganalisis data, 3) prosés nafsirkeun data, jeung 4) ngadéskripsikeun data.


(22)

99

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN

5.1 Kacidekan

Naskah Palintangan ti Majaléngka anu jadi bahan ieu panalungtikan dijieun dina taun 1959 Maséhi/Landa (1374 Cina, jeung 1884 Jawa). Ieu naskah ditulis dina basa Jawa-Cirebon kalawan maké aksara Cacarakan. Alat tulis anu dipaké pikeun nuliskeun téksna nya éta bélpoin kalawan mangsi warna hideung jeung beureum. Sedengkeun anu jadi média tulisna nya éta kertas pabrik ukuran 19,8x30 cm kalawan ruang tulis ± 17x13,5 cm. Jumlah kacana nya éta 68 sarta henteu maké katerangan paginasi. Ngaran naskah Palintangan dicokot tina babandingan eusi téks naskah anu sarupa. Naskah Palintangan ti Majaléngka medar perkara ramalan atawa totondén nu hadé jeung goréng dumasar kana itung-itungan nu tangtu.

Tina hasil transliterasi téksna kapanggih yén ieu naskah masih maké kabiaasaan nulis kecap jaman harita anu loba kapangaruhan ku tata tulis kecap basa Jawa. Ieu hal tangtuna henteu lumrah dipaké dina jaman kiwari. Kabiasaan nulis kecapna mangrupa nambahna sora konsonan, saperti kecap salasa anu ditulis sallassa jeung kecap puasa anu ditulis puwassa. Salian ti éta, aya ogé anu mangrupa robahna foném, saperti foném /h/ anu jadi /k/ dina kecap akir anu sakuduna ditulis ahir.

Ditilik tina strukturna téksna, naskah Palintangan ti Majalengka téh bisa ditataan saperti kieu: 1) itungan kolénjér, 2) pananggalan, 3) poé-poé naas dina bulan nu 12, 4) poé hadé jeung poé naas dina sabulan, 5) poé naas dumasar kana pitu naas (naas nu tujuh), 6) perwatekan samagaha, 7) perwatekan lindu, 8) perwatekan dina ngadegkeun imah, 9) naga poé, 10) itungan nasib dumasar kana lintang jeung sadwara, 11) nambaan sawah, 12) siklus rejeki, 13) hajat, 14) wayangan dina lahiran, 15) nambaan panyakit anu datang dina poé nu tangtu. Dina enas-enasna mah, naskah Palintangan téh eusina nétélakeun ngeunaan


(23)

99

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

kasalametan diri jeung rejeki anu bisa diramalkeun ngaliwatan kajadian alam jeung paélmuan manusa.

Tina ieu naskah, bisa kapaluruh yén masarakat Sunda miboga pangaweruh anu kacida jembarna. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna pangaweruh palintangan, ubar, kajadian alam, wayang, jeung tokoh-tokoh séjénna. Masarakat Sunda geus bisa matalikeun totondén/ramalan jeung itung-itungan anu dumasar kana kajadian alam atawa pananggalan. Tina ieu naskah ogé bisa kagambarkeun yén lingkungan budaya harita mangrupa hasil akulturasi tina budaya-budaya séjénna. Éta budaya téh diantarana: Arab kuno, Islam, jeung Jawa. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna istilah-sitilah atawa ngaran-ngaran tina éta budaya pikeun dijadikeun dadasar dina itungan palintangan.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan anu ngaguar perkara eusi téks naskah Palintangan tangtuna masih heureut kénéh kajianana, ku kituna aya sababaraha saran anu pikeun panalungtik séjén. Éta hal dipedar ieu di handap.

1) Sabada ayana ieu panalungtikan, dipiharep aya panalungtikan séjén anu medar naskah Palintangan atawa naskah-nasakah sarupa tina jihat paélmuan séjénna.

2) Panalungtik ka hareupna dipiharep bisa nalungtik naskah kalawan leuwih gemet, tur bisa matalikeun naskah-naskah anu sipatna paélmuan kana widang pangajaran.


(24)

100

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Baried, Siti Baroroh. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Depdikbud. Gaur, Albertine. (1979). Writing Materials of the East. London: The British

Library

Ekadjati, Edi. S. (1983). Naskah Sunda Lama di Daerah Kotamadya dan Kabupaten Bandung. Bandung: Proyek Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah Jawa Barat Departeman Pendidikan dan Kebudayaan. --- .(1995). Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah. Jakarta: Pustaka

Jaya.

--- .(2009). Kebudayaan Sunda: Zaman Pajajaran. Jakarta: Pustaka Jaya. --- .(2006). Naskah Sunda: Sumber Pengetahuan Budaya Sunda (dimuat dalam

Prosiding Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I: Jilid 1). Yayasan Kebudayaan Rancagé: Bandung.

Gunawan, Aditia. (2009). Sanghyang Sasana Maha Guru dan Kala Purbaka: Suntingan dan Terjemahan. Jakarta: Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI).

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Istadiyantha. (2008). Diktat: Laboratorium Filologi. Surakarta: Jurusan Sastra Indonesia Fakultas Sastra dan Seni Rupa Universitas Sebelas Maret.

Jamil, Eli Awaludin (tesis). (2012). Palintangan Sunda: Ulikan Semiotik jeung Filologis. Bandung (tidak diterbitkan).

Kartasapoetra, G. (2006). Budidaya Tanaman Berkhasiat Obat. Jakarta: Rineka Cipta.

Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI.


(25)

101

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Kurnia, Atep. (2011). Lapat di Tatar Pustaka: Idéntifikasi Tradisi Literasi dina Naskah Sunda Kuna (dimuat dina Sundalana jilid 10). Bandung: Pusat Studi Sunda.

Mukhtar. (2013). Métode Praktis Penelitian Deskriptif Kualitatif. Jakarta Selatan: Referensi.

M.S, Jonni, spk. (2008). Cegah Malnutrisi dengan Daun Kelor. Yogyakarta: Kanisius.

Nurwansah, Ilham (skripsi). (2012). Kandaga Kecap dina Naskah Siksa Kandang Karesian (624) pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Bandung (tidak diterbitkan).

Rosidi, Ajip. (2006). Ensiklopedi Sunda. Bandung: Pustaka Jaya.

Ruhaliah. (2005). Analisis Struktur dan Nilai Budaya Naskah Sunda (dimuat dina Jurnal Sonagar Volume 1, Nomer 2, Fébruari 2005). Bandung: JPBD UPI. --- . (2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan: Aksara

Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon (Penunjang Mata Kuliah Filologi). Bandung: JPBD FPBS UPI.

Suryani, Elis. (2012). Filologi. Bogor: Ghalia.

Sulasman. (2013). Teori-teori Kebudayaan: Dari Teori Hingga Aplikasi. Bandung. Pustaka Setia.

Suryaatmana, Emon, Spk. (1992). Paririmbon Sunda (Jawa Barat). Jakarta: Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Nusantara.

Tanudidjadja, Moh. Ma’mur. (1994). Ilmu Pengetahuan Bumi dan Antariksa. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Wartini, Tien. (2010). Tutur Bwana dan Empat Mantra Sunda Kuna. Jakarta: Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI).


(26)

102

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Ardhiansyah, Nunung. (2010). Weru (Albizzia Procera (Roxb.) Benth). Aya dina

http://abuanjeli.wordpress.com/?s=weru [Diaksés 6 Oktober 2014].

Basri, Hasan. (2009). Pangeran Jagapati dalam Perang bayu. Aya dina

http://hasanbasri08.wordpress.com/2009/11/23/pangeran-jagapati-dalam-perang-bayu/ [Diaksés tanggal 8 Oktober 2014]

Balai Perbenihan Tanaman Hutan Jawa dan Madura (pdf). (2011). Informasi Singkat Binih no. 118 – Gempol (Nauclea Orientalis). Aya dina

http://bpth-jm.go.id/download/category/2-leaflet?download=14:gempol [Diaksés

tanggal 6 Oktober 2014].

Gunawan, Aditia. (2011). Naskah Sunda: Khazanah, Akses, dan Identitas. Aya dina

http://naskah-sunda.blogspot.com/2011/12/naskah-sunda-khazanah-akses-dan.html [Diaksés tanggal 4 Séptember 2014]

Ilmu Warisan Leluhur. (tanpa taun). Kisah Singkat Syekh Magelung Sakti.

http://ilmukesaktian.blogspot.com/2012/06/kisah-singkat-syekh-magelung-sakti.html [Diaksés tanggal 8 Oktober 2014].

NU Online (pdf). (2013). Kisah Ki Cokrojoyo, Sunan Geseng. Aya dina

http://goo.gl/Lw4Djv [Diaksés tanggal 8 Oktober 2014] Rumah Obat Tradisional. (tanpa taun). Aya dina

http://rumahobattradisional.blogspot.com/2011/12/khasiat-tanaman-obat-sembukan.html [Diaksés 6 Oktober 2014].

Wikipedia Indonesia. (tanpa taun). Aya dina http://id.wikipedia.org/wiki/Styrax


(1)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

standar. Léngkah-léngkah anu dipilampah nya éta: 1) klasifikasi data (ngolom-ngolomkeun data), 2) nganalisis data, 3) prosés nafsirkeun data, jeung 4) ngadéskripsikeun data.


(2)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN 5.1 Kacidekan

Naskah Palintangan ti Majaléngka anu jadi bahan ieu panalungtikan dijieun dina taun 1959 Maséhi/Landa (1374 Cina, jeung 1884 Jawa). Ieu naskah ditulis dina basa Jawa-Cirebon kalawan maké aksara Cacarakan. Alat tulis anu dipaké pikeun nuliskeun téksna nya éta bélpoin kalawan mangsi warna hideung jeung beureum. Sedengkeun anu jadi média tulisna nya éta kertas pabrik ukuran 19,8x30 cm kalawan ruang tulis ± 17x13,5 cm. Jumlah kacana nya éta 68 sarta henteu maké katerangan paginasi. Ngaran naskah Palintangan dicokot tina babandingan eusi téks naskah anu sarupa. Naskah Palintangan ti Majaléngka medar perkara ramalan atawa totondén nu hadé jeung goréng dumasar kana itung-itungan nu tangtu.

Tina hasil transliterasi téksna kapanggih yén ieu naskah masih maké kabiaasaan nulis kecap jaman harita anu loba kapangaruhan ku tata tulis kecap basa Jawa. Ieu hal tangtuna henteu lumrah dipaké dina jaman kiwari. Kabiasaan nulis kecapna mangrupa nambahna sora konsonan, saperti kecap salasa anu ditulis sallassa jeung kecap puasa anu ditulis puwassa. Salian ti éta, aya ogé anu mangrupa robahna foném, saperti foném /h/ anu jadi /k/ dina kecap akir anu sakuduna ditulis ahir.

Ditilik tina strukturna téksna, naskah Palintangan ti Majalengka téh bisa ditataan saperti kieu: 1) itungan kolénjér, 2) pananggalan, 3) poé-poé naas dina bulan nu 12, 4) poé hadé jeung poé naas dina sabulan, 5) poé naas dumasar kana pitu naas (naas nu tujuh), 6) perwatekan samagaha, 7) perwatekan lindu, 8) perwatekan dina ngadegkeun imah, 9) naga poé, 10) itungan nasib dumasar kana lintang jeung sadwara, 11) nambaan sawah, 12) siklus rejeki, 13) hajat, 14) wayangan dina lahiran, 15) nambaan panyakit anu datang dina poé nu tangtu. Dina enas-enasna mah, naskah Palintangan téh eusina nétélakeun ngeunaan


(3)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

kasalametan diri jeung rejeki anu bisa diramalkeun ngaliwatan kajadian alam jeung paélmuan manusa.

Tina ieu naskah, bisa kapaluruh yén masarakat Sunda miboga pangaweruh anu kacida jembarna. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna pangaweruh palintangan, ubar, kajadian alam, wayang, jeung tokoh-tokoh séjénna. Masarakat Sunda geus bisa matalikeun totondén/ramalan jeung itung-itungan anu dumasar kana kajadian alam atawa pananggalan. Tina ieu naskah ogé bisa kagambarkeun yén lingkungan budaya harita mangrupa hasil akulturasi tina budaya-budaya séjénna. Éta budaya téh diantarana: Arab kuno, Islam, jeung Jawa. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna istilah-sitilah atawa ngaran-ngaran tina éta budaya pikeun dijadikeun dadasar dina itungan palintangan.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan anu ngaguar perkara eusi téks naskah Palintangan tangtuna masih heureut kénéh kajianana, ku kituna aya sababaraha saran anu pikeun panalungtik séjén. Éta hal dipedar ieu di handap.

1) Sabada ayana ieu panalungtikan, dipiharep aya panalungtikan séjén anu medar naskah Palintangan atawa naskah-nasakah sarupa tina jihat paélmuan séjénna.

2) Panalungtik ka hareupna dipiharep bisa nalungtik naskah kalawan leuwih gemet, tur bisa matalikeun naskah-naskah anu sipatna paélmuan kana widang pangajaran.


(4)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Baried, Siti Baroroh. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Depdikbud. Gaur, Albertine. (1979). Writing Materials of the East. London: The British

Library

Ekadjati, Edi. S. (1983). Naskah Sunda Lama di Daerah Kotamadya dan Kabupaten Bandung. Bandung: Proyek Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah Jawa Barat Departeman Pendidikan dan Kebudayaan. --- .(1995). Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah. Jakarta: Pustaka

Jaya.

--- .(2009). Kebudayaan Sunda: Zaman Pajajaran. Jakarta: Pustaka Jaya. --- .(2006). Naskah Sunda: Sumber Pengetahuan Budaya Sunda (dimuat dalam

Prosiding Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I: Jilid 1). Yayasan Kebudayaan Rancagé: Bandung.

Gunawan, Aditia. (2009). Sanghyang Sasana Maha Guru dan Kala Purbaka: Suntingan dan Terjemahan. Jakarta: Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI).

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Istadiyantha. (2008). Diktat: Laboratorium Filologi. Surakarta: Jurusan Sastra Indonesia Fakultas Sastra dan Seni Rupa Universitas Sebelas Maret.

Jamil, Eli Awaludin (tesis). (2012). Palintangan Sunda: Ulikan Semiotik jeung Filologis. Bandung (tidak diterbitkan).

Kartasapoetra, G. (2006). Budidaya Tanaman Berkhasiat Obat. Jakarta: Rineka Cipta.

Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI.


(5)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Kurnia, Atep. (2011). Lapat di Tatar Pustaka: Idéntifikasi Tradisi Literasi dina Naskah Sunda Kuna (dimuat dina Sundalana jilid 10). Bandung: Pusat Studi Sunda.

Mukhtar. (2013). Métode Praktis Penelitian Deskriptif Kualitatif. Jakarta Selatan: Referensi.

M.S, Jonni, spk. (2008). Cegah Malnutrisi dengan Daun Kelor. Yogyakarta: Kanisius.

Nurwansah, Ilham (skripsi). (2012). Kandaga Kecap dina Naskah Siksa Kandang Karesian (624) pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Bandung (tidak diterbitkan).

Rosidi, Ajip. (2006). Ensiklopedi Sunda. Bandung: Pustaka Jaya.

Ruhaliah. (2005). Analisis Struktur dan Nilai Budaya Naskah Sunda (dimuat dina Jurnal Sonagar Volume 1, Nomer 2, Fébruari 2005). Bandung: JPBD UPI. --- . (2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan: Aksara

Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon (Penunjang Mata Kuliah Filologi). Bandung: JPBD FPBS UPI.

Suryani, Elis. (2012). Filologi. Bogor: Ghalia.

Sulasman. (2013). Teori-teori Kebudayaan: Dari Teori Hingga Aplikasi. Bandung. Pustaka Setia.

Suryaatmana, Emon, Spk. (1992). Paririmbon Sunda (Jawa Barat). Jakarta: Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Nusantara.

Tanudidjadja, Moh. Ma’mur. (1994). Ilmu Pengetahuan Bumi dan Antariksa. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Wartini, Tien. (2010). Tutur Bwana dan Empat Mantra Sunda Kuna. Jakarta: Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI).


(6)

DENA SETIAWAN, 2014

TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Ardhiansyah, Nunung. (2010). Weru (Albizzia Procera (Roxb.) Benth). Aya dina

http://abuanjeli.wordpress.com/?s=weru [Diaksés 6 Oktober 2014].

Basri, Hasan. (2009). Pangeran Jagapati dalam Perang bayu. Aya dina http://hasanbasri08.wordpress.com/2009/11/23/pangeran-jagapati-dalam-perang-bayu/ [Diaksés tanggal 8 Oktober 2014]

Balai Perbenihan Tanaman Hutan Jawa dan Madura (pdf). (2011). Informasi Singkat Binih no. 118 – Gempol (Nauclea Orientalis). Aya dina

http://bpth-jm.go.id/download/category/2-leaflet?download=14:gempol [Diaksés

tanggal 6 Oktober 2014].

Gunawan, Aditia. (2011). Naskah Sunda: Khazanah, Akses, dan Identitas. Aya dina

http://naskah-sunda.blogspot.com/2011/12/naskah-sunda-khazanah-akses-dan.html [Diaksés tanggal 4 Séptember 2014]

Ilmu Warisan Leluhur. (tanpa taun). Kisah Singkat Syekh Magelung Sakti. http://ilmukesaktian.blogspot.com/2012/06/kisah-singkat-syekh-magelung-sakti.html [Diaksés tanggal 8 Oktober 2014].

NU Online (pdf). (2013). Kisah Ki Cokrojoyo, Sunan Geseng. Aya dina http://goo.gl/Lw4Djv [Diaksés tanggal 8 Oktober 2014]

Rumah Obat Tradisional. (tanpa taun). Aya dina

http://rumahobattradisional.blogspot.com/2011/12/khasiat-tanaman-obat-sembukan.html [Diaksés 6 Oktober 2014].

Wikipedia Indonesia. (tanpa taun). Aya dina http://id.wikipedia.org/wiki/Styrax [Diaksés tanggal 6 Oktober 2014].