Mangpaat Téoritis Mangpaat Panalungtikan

ASTRI HANDAYANI, 2014 Struktur Dina Kaulinan Tradisional Di Desa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di Smp Kelas Vii 1 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat téoritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis, nya éta: 1 pikeun panalungtik, bisa nambahan pangaweruh dina widang budaya, hususna ngeunaan kaulinan tradisional; 2 pikeun guru bisa jadi pangdeudeul pikeun bahan ajar pangajaran basa jeung sastra Sunda; 3 pikeun siswa sangkan bisa leuwih wanoh deui kana kaulinan tradisional; 4 pikeun masarakat réa bisa nambahan pangaweruhna ngeunaan budaya Sunda, hususna kaulinan tradisional nu aya di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat, sarta sangkan masarakat bisa ilubiung dina ngamumulé budaya Sunda.

1.5 Struktur Organisasi Skripsi

Struktur organisani nyusun skripsi eusina ngeunaan wincikan runtuyan tulisan tina unggal bab jeung bagian bab, ti mimiti bab hiji nepi ka bab ahir. BAB I : Bubuka nu ngabahas ngeunaan kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan sacara umum jeung husus, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi nyusun skripsi. Dina ieu bab, eusina ngeunaan kontéks tina masalah anu baris ditalungtik. BAB II : Kajian Téori ngeunaan folklor, kaulinan tradisional, struktur, jeung bahan pangajaran maca. BAB III : Métode Panalungtikan, nu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan oprasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data. BAB IV : Struktur kaulinan tradisional jeung kaulinan tradisional pikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII. BAB V: Kacindekan jeung saran. ASTRI HANDAYANI, 2014 Struktur Dina Kaulinan Tradisional Di Desa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di Smp Kelas Vii 1 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi, Sumber Data, jeung Data Panalungtikan

3.1.1 Lokasi

Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat. Désa Pagerwangi téh perenahna aya di Kacamatan Lembang. Upama ditempo tina tipologina, Pagerwangi téh kaasup kana daérah luhur, sabab loba pasir, katambah deui aya gunung batu. Wates-watesna nya éta beulah kulon kawatesanan ku Désa Wangunsari, beulah wétan kawatesanan ku Désa Langensari, beulah kidul kawatesanan ku Désa Mekarwangi, sedengkeun beulah kalér kawatesanan ku Désa Kayuambon. Désa Pagerwangi legana kira-kira 120,22 ham2, kabagi jadi sababaraha bagéan, nya éta, lega pamukiman 7,8 ham2, lega pemakaman 2,5 ham2, lega pakarangan 1,5 ham2, lega taman 1,02 ham2, lega perkantoran 0,5 ham2, jeung pasilitas umum séjénna 1 ham2. Komoditas anu dihasilkeun di Désa Pagerwangi di antarana sayuran kayaning: jagong, kacang panjang, cabé, tomat, sawi, kentang, engkol, bonténg, brokoli, salada, taleus, wortel; bungbuahan kayaning: jeruk, alpuket, kadu, cau, nangka, jeung stroberi; tangkal cengkéh; ingon-ingon kayaning: sapi, hayam kampung, kuda, domba, kelenci; jeung produksi tina sapi nya éta susu. Jumlah penduduk Désa Pagerwangi aya 8.959 urang anu kabagi kana 2.763 kuren. Pakasaban masarakat Désa Pagerwangi lolobana patani. Masarakat geus waranoh kana téhnologi modéren, tapi masih aya kénéh anu mertahankeun kahirupan cara tradisional. Contona, mun gering teu langsung ka dokter atawa maké ubar warung, tapi masih aya kénéh anu ngamangpaatkeun tutuwuhan pikeun ubarna, misalna mun nyeri mata maké seureuh. Tapi beuki dieu, hal-hal nu tradisional téh geus kaéréd ku hal-hal nu modéren, kaasup kaulinan tradisional.

Dokumen yang terkait

UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA RUWATAN BUMI HAJAT BURUAN DI KAMPUNG CIKAREUMBI DÉSA CIKIDANG KACAMATAN LÉMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 17 32

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

0 53 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

0 26 28

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN RÉOG DONGKOL DI DESA KARYAMUKTI KACAMATAN PATARUMAN KOTA BANJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMP KELAS IX.

2 33 33

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.

2 45 28

PAMALI DINA KAKANDUNGAN ANU AYA DI DÉSA JAYAGIRI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1105923 Title

0 0 4