Téhnik Ngolah Data

ASTRI HANDAYANI, 2014 Struktur Dina Kaulinan Tradisional Di Desa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di Smp Kelas Vii 1 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Jaman kiwari, kaulinan tradisional geus kaéréd ku parobahan jaman, utamana ku kamekaran téhnologi. Loba kaulinan-kaulinan modéren anu dianggap leuwih pikaresepeun tibatan kaulinan tradisional. Kaulinan tradisional ogé beuki teu dipikawanoh, lantaran ayeuna mah buruan imah téh hareurin jeung tegalan beuki heurin baé. Ku kituna, geus jarang manggihan barudak ngarumpul bari ulin sondah, galah, bancakan, boy-boyan, ucing nagog, jeung sajabana. Lian ti éta, ieu panalungtikan téh pikeun mikanyaho kumaha prak-prakan, palaku, waktu, tempat, alat, purwakanti, eusi, jeung basa dina kaulinan tradisional. Unsur-unsur intrinsik nu aya dina kaulinan tradisional nu maké kakawihan nu diungkarakeun perkara pusi, nu ngawengku basa, eusi, purwakanti, jeung wangun. Unsur-unsur intrinsik nu aya dina kaulinan tradisional nu teu maké kakawihan nya éta asal-usul kaulinan, palaku, alat, prak-parakan, waktu, jeung tempat. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif, nu miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis kaulinan tradisional. Hasil panalungtikan kagambarkeun ngeunaan struktur jeung hasil. Kaulinan anu kapaluruh aya 43 kaulinan. Éta kaulinan téh dipasing-pasing kana kaulinan maké alat aya 4, nya éta bandring, bedil sorolok palapah cau, jajangkungan, jeung langlayangan. Kaulinan prosés tur maké alat aya 10, di antarana bancakan, béklen, boy-boyan, jeung sajabana. Kaulinan murni prosés tanpa alat aya 11, di antarana barén, gagarudaan, hahayaman, jeung sajabana. Kaulinan maké kakawihan aya 18, di antarana “Cacag Guramé”, “Endog- endogan”, “Kelenang-kelenéng”, jeung sajabana. Struktur nu aya dina kaulinan maké alat, kaulinan prosés tur maké alat, jeung kaulinan murni prosés tanpa alat nya éta palaku, alat, prak-parakan, waktu, ASTRI HANDAYANI, 2014 Struktur Dina Kaulinan Tradisional Di Desa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di Smp Kelas Vii 1 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu jeung tempat, sedengkeun struktur nu aya dina kaulinan nu maké kakawihan nya éta téks kakawihan, basa, eusi, purwakanti, wangun, wirahma, palaku, alat, prak- parakan, waktu, jeung tempat. Unsur anu dianalisis dina ieu panalungtikan saperti unsur intrinsik asal-usul kaulinan, téks dina kakawihan, basa anu digunakeun di antarana basa Sunda, eusi dina kakawihan di antarana ngeunaan kasuburan di Tatar Sunda, purwakanti anu digunakeun lolobana purwakanti maduswara, jumlah wangun jeung wirahma dina unggal kakawihan béda-béda, waktu nu dipaké nya éta tibeurang, tempat nu dipaké nya éta di buruan, palaku dina ieu kaulinan nya éta budak lalaki jeung budak awéwé, alat anu digunakeun saperti plastik, keretas, jsb, sarta prak-prakanana. Tina sakabéh kaulinan, anu kagolong kana kaulinan pikeun heureuy play sarta pasanggiri game aya 4 kaulinan, kaulinan pikeun heureuy wungkul play aya 23 kaulinan, jeung kaulinan pikeun pasanggiri wungkul game aya 16 kaulinan. Ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII. Ku hal ieu dipiharep siswa bisa leuwih mikawanoh kana kakawihan jeung kaulinan tradisional.

5.2 Saran

Dina nalungtik struktur kaulinan tradisional téh loba pisan mangpaatna, utamana dina widang budaya jeung élmu lianna. Saran ditepikeun ka guru, siswa jeung masarakat réa. 1 Guru Pikeun guru bisa jadi pangdeudeul pikeun bahan ajar pangajaran basa jeung sastra Sunda. 2 Siswa Pikeun siswa sangkan bisa leuwih wanoh deui kana kaulinan tradisional. 3 Masarakat réa Pikeun masarakat réa bisa nambahan pangaweruhna ngeunaan budaya Sunda, hususna kaulinan tradisional nu aya di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang

Dokumen yang terkait

UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA RUWATAN BUMI HAJAT BURUAN DI KAMPUNG CIKAREUMBI DÉSA CIKIDANG KACAMATAN LÉMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 17 32

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

0 53 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

0 26 28

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN RÉOG DONGKOL DI DESA KARYAMUKTI KACAMATAN PATARUMAN KOTA BANJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMP KELAS IX.

2 33 33

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.

2 45 28

PAMALI DINA KAKANDUNGAN ANU AYA DI DÉSA JAYAGIRI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1105923 Title

0 0 4