AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

(1)

No.572/FPB.0251/2013

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SENI RAJA DOGAR

DI KACAMATAN CIBATU KABUPATÉN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

ku Marlina Efendi

0900356

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2013

(2)

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SENI RAJA DOGAR

DI KACAMATAN CIBATU KABUPATÉN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII

Oleh Marlina Efendi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Marlina Efendi 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

MARLINA EFENDI NIM 0900356

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Retty Isnendes S.Pd., M.Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001

(4)

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII 1)

Marlina Efendi 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Ajén Èstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan sejarah perkembangan Seni Raja Dogar, pola penyajian seni Raja Dogar, fungsi Seni Raja Dogar di Kecamatan Cibatu Kabupaten Garut, nilai estetika yang terdapat pada kesenian Seni Raja Dogar, serta bagaimana hasil penelitian ini dijadikan bahan pembelajaran membaca kelas XII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif dengan teknik telaah pustaka, observasi, wawancara dan dokumentasi. Dalam penelitian ini ditemukan hal-hal atau data, yaitu Seni Raja Dogar diciptakan pada tanggal 18 Desember 2005, kesenian ini merupakan seni kreasi yang diciptakan oleh Bapak Entis Sutisna. Pelaksanaan Seni Raja Dogar terbagi dua yaitu helaran “ngaleunggeuh” dan adu ketangkasan “ngadu domba” di lapangan. Selain menjadi hiburan Seni Raja Dogar memiliki beberapa fungsi sebagai keindahan, kreativitas, simbol, komersial dan ekspresivitas. Di dalam Seni Raja Dogar terdapat nilai estetika atau nilai keindahan yang ditemukan pada unsur-unsur estetika seperti wujud, bobot, dan penampilan Seni Raja Dogar. Nilai estetika yang terdapat pada Seni Raja Dogar di antaranya ada dalam bentuk kostum domba, baju dan properti, warna, gerak tari, tempo dalam musik, dan bobot dalam penampilan SRD. Berdasarkan hasil penelitian nilai estetika yang terdapat pada Seni Raja Dogar di Kecamatan Cibatu Kabupaten Garut untuk dijadikan bahan pembelajaran membaca bahasan tentang kesenian kelas XII. Penelitian ini bermanfaat untuk melengkapi bahan pembelajaran bahasa dan sastra Sunda di sekolah, juga untuk melestarikan budaya dan kearifan lokal.

1)Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum., dan Retty Isnendes S.Pd., M.Hum.

(5)

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII 1)

Marlina Efendi 2) ABSTRACT

This research entitled “Ajén Èstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII” is aimed to describe historical development of Raja Dogar Art, function of Raja Dogar Art in Cibatu-Garut, esthetic value which is exist in Raja Dogar art, and how the result of this research is used as reading learning material of twelfth grade students. The method that is used of this research is descriptive by using literature review, observation, interview, and documentation. The result showed that Raja Dogar art is created on December 18th, 2005. This art is categorized as creation art which is created by Mr. Entis Sutisna. The implementation of Raja Dogar art is divided into two, namely, “helaran ngaleunggeuh” and compete agility “ngadu domba” in the field. Besides as entertainment, Raja Dogar art has some functions, such as aesthetic, creativity, symbol, commercialism, and expressiveness. In Raja Dogar art, there is aesthetic value which is found in aesthetic elements such as form, content and Raja Dogar art performance. The aesthetic values in Raja Dogar art can be seen on sheep costume form, property and clothes, color, dance movement, beat of the music, and content of Raja Dogar art performance. Based on the results of the research, aesthetic value in Raja Dogar art is used as reading learning material about art for the student in twelfth grade. This research is useful because it can be used as a complement in language learning material and Sundanese literature in school and also to perpetuate the local culture.

3)This research is supervised by Dr. Ruhaliah, M.Hum., dan Retty Isnendes S.Pd., M.Hum.

(6)

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ………..………... i

PANGJAJAP ………..……….. ii

TAWIS NUHUN ………... iv

DAPTAR EUSI ………. vii

DAPTAR TABÉL ………. xi

DAPTAR BAGAN………. xii

DAPTAR GAMBAR……….. xiii

DAPTAR SINGGETAN……… xiv

DAPTAR LAMPIRAN ………. xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ……….. 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ………... 4

1.2.1 Watesan Masalah ………... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ………... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ……….. 4

1.3.1 Tujuan Umum………. 5

1.3.2 Tujuan Husus……….. 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ……….. 5

1.4.1 Mangpaat Téoritis………... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis………. 5

1.5 Sistematika Panulisan ……….. 5

BAB II ÉSTÉTIKA JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Éstétika………... 6

2.1.1 Wangenan Éstétika…….……….……… 6

2.1.2 Unsur-unsur Éstétika ………..………. 7

(7)

viii

2.1.2.2 Eusi……….. 7

2.1.2.3 Pintonan……… 10

2.1.3 Éstétika jeung Seni ………….………... 12

2.1.3.1 Kaéndahan Alami (Seni Alami)……… 13

2.1.3.2 Kaéndahan jieunan Manusa …………...……….. 13

2.1.4 Kasenian………..………. 14

2.1.4.1 Kamekaran Kasenian ………... 14

2.1.4.2 Tujuan Kasenian ……….. 16

2.1.5 Ajén Éstétika jeung Ajén Seni ………...…………. 17

2.1.5.1 Ajén Éstétis………... 18

2.1.5.2 Ajén Seni. ………. 20

2.1.5.3 Filsafat Seni……….. 21

2.2 Bahan Pangajaran Maca ……… 22

2.2.1 Bahan Pangajaran ………... 22

2.2.2 Kritéria Milih Bahan Ajar……… 22

2.2.3 Kasang Tukang Pangajaran Basa Sunda…………... 23

2.2.4 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar Pangajaran Basa Sunda di SMA ……… 24

2.2.4.1 Wangenan SKKD Basa Sunda SMA ……... 24

2.2.4.2 Standar Kompetensi Lulusan SMA/ SMK/ MA……... 24

2.2.4.3 Ambahan ……….. 25

2.2.5. Wangenan Maca ……….. 25

2.2.5.1 Pangajaran Maca………... 26

2.2.5.2 Pangajaran Maca Bahasan di SMA……….. 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ………...………... 31

3.2 Téknik Ngumpulkeun Data ……….………. 31

3.3.Téhnik Ngolah Data………...……... 32

3.4 Instrumén Panalungtikan ………...………...…… 32

(8)

3.6 Sumber Data……….. 35

3.6.1 Seniman Lingkung Seni Raja Dogar………... 35

3.6.2 Gambaran Umum Lokasi jeung Sosial Budaya Tempat Panalungtikan………. 36

3.6.2.1 Lokasi Géografis………. 36

3.6.2.2 Warga……….. 37

3.6.2.3 Pendidikan………... 37

3.6.2.4 Agama………. 38

3.6.2.5 Basa………. 38

3.6.2.6 Pakasaban……… 38

3.7 Wangenan Operasional ………... 38

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII 4.1 Déskripsi Seni Raja Dogar………...…………... 40

4.2 Sajarah Kamekaran Seni Raja Dogar………...... 58

4.2.1 Sajarah Seni Raja Dogar.………. 58

4.2.2 Kamekaran Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu…… 59

4.3 Prak-prakan Seni Raja Dogar ………...…………. 62

4.4 Pungsi Seni Raja Dogar di Kacamatana Cibatu Kabupatén Garut………..……… 65 4.4.1 Pungsi pikeun Kaéndahan……… 66

4.4.2 Pungsi pikeun Simbol……….. 66

4.4.3 Pungsi pikeun Kréativitas……… 66

4.4.4 Pungsi pikeun Komérsial………. 66

4.4.5 Pungsi pikeun Éksprésivitas……… 66

4.5 Analisis Ajén Éstétika anu Nyangkaruk dina Seni Raja Dogar Dumasar Kana Tiori Kant………. 67 4.4.1 Ajén Éstétika dina Wujud SRD.……….. 67

(9)

x

4.4.3 Ajén Éstétika dina Baju jeung Properti………. 69

4.4.4 Ajén Éstétika dina Pamilihan Warna………... 71

4.4.5 Ajén Éstétika dina Gerak jeung Tari……….... 72

4.4.6 Ajén Éstétika dina Waditra……… 73

4.4.2 Éstétika dina Eusi jeung Pintonan SRD……….….. 74

4.5 Matalikeun Ajén Éstétika anu nyangkaruk dina Seni Raja Dogar pikeun pangajaran maca di kelas XII………... 77

4.5.1 Nyususn Matéri Ajar……… 77

4.5.2 Nyieun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Kasenian Kelas XII anu luyu jeung KTSP……… 79

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ………. 87

5.2 Saran ………... 89

DAPTAR PUSTAKA ……… 90

LAMPIRAN ………. 92

(10)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Indonésia diwangun ku sababaraha sélér bangsa. Sunda mangrupa salah sahiji selér bangsa anu aya di Indonésia nu miboga kabudayaanana sorangan. Kabudayaan nya éta sagemblengna gagasan jeung karya manusa anu kudu dibiasakeun ku cara diajar (Koentjaraningrat, 1978: 3). Ku kituna, kabudayaan téh mangrupa kabiasaan manusa nu aya dina kahirupan sapopoé jeung alamna.

Kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal nya éta: 1) basa, 2) sistem pangaweruh, 3) organisasi sosial, 4) sistem teknologi, 5) sistem pakasaban, 6) sistem kepercayaan, jeung 7) sistem kasenian (Koentjaraningrat, 1978:12).

Sacara umum, kasenian bisa ngaraketkeun solidaritas hiji masarakat. Kasenian nya éta kompleks tina ide-ide, gagasan, ajén-ajén, norma-norma, jeung papagon tina kompleks aktivitas jeung tindakan berpola dina diri manusa di masarakat anu biasana miwujud barang hasil kréativitas manusa dina hiji masarakat{il. http//: carapedia.com}. Kasenian ogé miboga fungsi pikeun nangtukeun norma, paripolah anu tangtu, sarta neruskeun adat jeung ajén-ajén kabudayaanana, ku kituna kasenian nu mangrupa warisan karuhun kudu dijaga jeung dimumulé. Rupa-rupa kasenian anu aya di masarakat aya opat nya éta : 1) seni sora, 2) seni gerak, 3) seni rupa, jeung 4) kaulinan tradisional, hal ieu saluyu jeung catetan anu kapanggih dina Kamus Déwan Seni {il.http:// carapedia.com}.

Dina hakékatna, kasenian téh aya dina wilayah éstétika. Éstetika téh cabang filsafat anu ngabahas ngeunaan kaéndahan. Ukuran kaéndahan kasenian miboga sajarah anu panjang. Aristoteles nyébutkeun yén kasenian anu éndah téh mangrupa wujudiah tina daya cipta manusa anu spesifik (Bakker, 1984: 47). Seni ogé mikabutuh ayana pangajén, lantaran lamun euweuh pangajén, seni téh moal mekar. Pangajén téh mangrupa babandingan antara rarasaan jeung pikiran nu ngabandingkeun bener atawa salah {il. http://filsafat.kompasiana.com}.

(11)

2

Manusa Sunda ngawujudkeun rupa-rupa kasenianana dina kasenian rahayat. Urang Garut ngawujudkeun kasenian rahayatna dina seni, diantarana: lais, ngadu domba, SRD, dodombaan, hadro, penca oray, surak ibra, badéng, debus, gésrék, bangklung, cigawiran, pantun beton, jeung macapat. Kiwari kasenian-kasenian éta hirup tapi teu hurip, lantaran masarakat Garut dianggap geus carang nu mikanyahona.

Seni Raja Dogar (satuluyna disingget SRD) salah sahiji kasenian rahayat anu dijadikeun objék dina ieu panalungtikan. Ieu kasenian mangrupa salah sahiji pintonan rahayat anu sarupa jeung kasenian ngadu domba, dina prak-prakanana lain domba asli anu diadukeunana, tapi manusa anu maké kostim domba. Ieu kasenian téh wangun anyar tina tradisi ngadu domba. Sanajan kitu, ieu kasenian geus ngalindih kasenian-kasenian rahayat Garut nu saméméhna. SRD geus kakoncara lantaran jadi maskot kota Garut nya éta domba Garut, anu jadi kareueus masarakat Garut.

Dina ieu kasenian, salian ti ngadu domba pintonan SRD ogé dieuyeuban ku seni séjénna, di antarana seni tari, seni gerak, seni rupa, jeung seni musik. Hal éta gé diaku ku masarakat Garut, sanajan maranéhna teu weruh kana unsur-unsur éstétika naon nu nyampak kana SRD.

SRD saméméhna geus aya nu ngaguar dina wangun karya populér. SRD anu geus diguar medal dina media massa, nya éta ditulis ku:

1) Edi Efendi anu judulna “Kesenian Raja Dogar Dari Kecamatan

Malangbong Karya Cipta Entis Sutisna” dina Koran Priyangan (édisi 21 Maret 2005);

2) DD (Sandiasma) anu judulna “Raja Dogar jadi Kesenian Unggulan

Kabupaten Garut” dina Kompas Indonesia (édisi 18-25 Juli 2009); 3) Radar Garut anu judulna “Raja Dogar Siap Tampil di Istana Negara”

(édisi 8 Agustus 2009);

4) Tribun Jabar anu judulna “Dua Domba Raksasa akan Bertarung di Istana Negara(édisi 12 Agustus 2009);

5) AM (Sandiasma) anu judulna “Raja Dogar jadi Kesenian Unggulan

(12)

6) Ridwan anu judulna “Seniman Garut Kutuk Pemerintah Malaysia” dina Siasat Kota (édisi 7-21 Oktober 2009);

7) Ridwan anu judulna “Setelah di Istana, Raja Dogar Kini Siap Tampil di

Acara Kemilau Nusantara” dina Siasat Kota (édisi 7-21 Oktober 2009); 8) Simson/Harold anu judulna “Raja Dogar Siap Ramaikan Hari Pahlawan”

dina Siasat Kota (édisi 21 Oktober – 4 November 2009);

9) DD (Sandiasma) anu judulna “Raja Dogar Siap Ramaikan Hari

Pahlawan” dina Siasat Kota (édisi 17 – 24 Oktober 2009); 10)Pikiran Rakyat anu judulna “Raja Dogar” (édisi 3 Agustus 2009);

11)Pepen Ependi anu judulna “Tampilkan SRD sebelum Pentas di Istana

Negara” (tan titimangsa).

Tina bébéréndélan di luhur katitén tacan aya nu nalungtik SRD jadi karya ilmiah. Perkara ajén éstétika dina wangun tulisan ilmiah skripsi kapanggih dua judul anu ditulis ku:

1) Dini Novianti Cahyati (2009) “Unsur Éstétis dina Kasenian Celempung

“Sinata Grup” anu aya di Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang” Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, Fakultas Pendidikan Bahasa

dan Seni, UPI Bandung.

2) Eka Purwanti (2011) “Ajén Éstétis dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén

Subang” Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, Fakultas Pendidikan Bahasa

dan Seni, UPI Bandung,

Tétéla perkara éstétika dina SRD can aya nu nulis sacara ilmiah, komo dipatalikeun jeung bahan pangajaran mah tacan aya nu nalungtik. Hal éta nu jadi alesan perluna ngayakeun panalungtikan. Ku kituna, panalungtikan ngeunaan

“Ajén Èstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut

(13)

4

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1Watesan Masalah

Pedaran ngeunaan kasenian di tatar Sunda téh lega pisan ambahanana ti mimiti ajén falsafah, ajén éstétika, ajén moral, ajén agama, jeung ajén atikan. Sangkan puguh pedaranana tur teu jembar teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan ku nalungtik perkara ngeunaan ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD pikeun bahan pangajaran maca kelas XII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, ieu panalungtikan dirumuskeun jadi patalékan, nya éta:

1)Kumaha sajarah kamekaran SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut? 2)Kumaha prak-prakanana SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut? 3)Naon waé pungsi SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut?

4)Naon waé ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut?

5)Kumaha matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD pikeun pangajaran maca kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan ieu panalungtikan pikeun ngawanohkeun SRD ka sélér Sunda hususna nonoman-nonoman Garut. Dipiharep nonoman-nonoman Garut miboga rasa reueus kana kabudayaan lokalna, lantaran lamun wanoh kana budaya sorangan tangtu bakal tumuwuh hayang ngamumulé éta kasenian. Salian ti éta ieu panalungtikan bakal ngeuyeuban bahan pangajaran maca bahasan kasenian kelas XII.

(14)

1.3.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan mibanda tujuan husus nya éta ngadéskripsikeun: 1) Sajarah kamekaran SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut; 2) Prak-prakanana SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut; 3) Naon waé pungsi SRD Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut; 4) Ajén éstétika anu nyampak dina SRD; jeung

5) Bahan pangajaran maca kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun: 1) ngajembaran pangaweruh ngeunaan SRD anu aya di Kp. Loji, Désa Kérésék Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut sangkan nonoman-nonoman Sunda reueus kana kasenian lokal. 2) bahan pangajaran maca pikeun siswa kelas XII, sarta 3) nambahan pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu hirup di Tatar Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta ngawujudkeun bahan pangajaran maca bahasan kasenian pikeun dilarapkeun di kelas XII.

1.5 Sistematika Panalungtikan

BAB I : Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan. Dina ieu bab eusina ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik.

BAB II : Kajian Teori

BAB III: Métodelogi panalungtikan medar ngeunaan métode jeung téknik panalungtikan, tékni ngolah data, instrument panalungtikan, desain panalungtikan , sumber data, jeung wangenan operasional.

BAB IV : Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan BAB V : Kacindekan jeung saran

(15)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan anu gumantung kana tujuan panalungtikan nya éta métode déskriptif. Saluyu jeung pamanggih Moléong (Cahyati, 2009:6) “penelitian yang bermaksud untuk memahami fenomena tentang apa yang di alami oleh subjek penelitian misalnya perilaku, persepsi, motivasi, tindakan, dll. Metode déskriptif dina ieu panalungtikan pikeun ngagambarkeun prak-prakanana, pungsi SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, ajén-inajén hususna ajén éstétika dina SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, jeung matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD pikeun pangajaran maca di kelas XII.

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha sajarah kamekaran, prak-prakan, jeung pungsi SRD.

2) Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman Raja Dogar di Désa Kérésék Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, pikeun nyangking bahan lisan (sumber lisan). Ieu téhnik téh salah sahiji bagéan anu penting dina unggal survey. Ieu hal geus diécéskeun Arikunto (2010: 198) nya éta:

Wawancara (interview) adalah sebuah dialog yang dilakukan oleh pewawancara (interviewer) untuk memperoleh informasi dari

terwawancara.”

3) Dokuméntasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara ngulik jeung nganalisis dokumén-dokumén nu mangrupa dokumén tinulis, gambar, jeung éléktonik. Dokuméntasi digunakeun pikeun meunangkeun data dina wangun arsip,

(16)

gambar, video jeung data séjénna anu dianggap perlu pikeun ngarojong ieu panalungtikan.

4) Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha prak-prakanana éta panalungtikan, jeung ngadokuméntasikeun naon waé nu ditalungtik ti mimiti nepi ka ahir.

3.3 Téhnik Ngolah Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis data hasil obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Sanggeus ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih waktu panalungtikan. Satuluyna data didéskripsikeun, sanggeus kitu diolah dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan sajarah kamekaran SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, prak-prakan SRD, pungsi SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, satuluyna dipedar ajén éstétika anu aya dina SRD, nyieun bahan pangajaran maca bahasan kasenian pikeun mikanyaho luyu henteuna dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca kelas XII.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngarékam pintonan SRD jeung dipaké ogé pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman SRD. Salian ti éta digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina magelarkeun SRD.

2) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman SRD di Désa Kérésék Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut. Patalékan-patalékan dina padoman wawancara nya éta:

(17)

Tabél 3.1 Padoman Patalékan dina wawancara

No. Patalékan-patalékan Wawancara

1. Ti iraha ayana SRD téh?

2. Naon kasang tukang Bapa tiasa nyiptakeun ieu SRD? 3. Naha kasenian ieu bet dingaranan SRD?

4. Saurna Bapa téh pituin kampung Loji, namung ieu kasenian nyanggélékna di Malangbong. Hal naon anu ngalantarankeun kasenian ieu bisa nyanggélékna di Malangbong?

5. Naon alesana SRD ngalaman pindah tempat, anu asalna di Malangbong tuluy pindah ka kampung Loji?

6. Ditilik tina wangun dogar, bahan-bahan naon waé anu dipaké téh? Naha aya kritéria husus dina pamilihan bahanna?

7. Bahan-bahan naon waé anu dipaké pikeun nyieun wangun kostim Dogar téh?

8. Ti mimiti ngadegna SRD, naha aya parobahan tina pamilihan bahan pikeun nyieun wangun dogar?

9. Ditilik tina wangunna dogar, ti taun ka taun téh aya sabaraha kali parobahan tina segi warna anu dipilih?

10. Naha aya kasang tukang nu ngalantarankeun dina pamilihan warna dogar?

11. Ti mimiti ngadegna ieu kasenian naha ngalaman parobahan tina properti jeung baju anu dipaké ku pamaén? Lamun ngalaman, sabaraha kali parobahanna?

12. Naon waé waditra anu dipaké dina mirig SRD téh?

13. Waditra anu dipaké naha ngalaman parobahan? Naha nambahan atawa ngurangan?

14. Saencan prungna ieu kasenian, naha aya persiapan anu husus? Saupama aya persiapan tina segi naon?

15. Saencan prungna ieu kasenian, naha aya ritual husus atawa hal-hal anu ngawajibkeun pikeun kalancaran lumangsungna ieu kasenian?

(18)

16. Naon alesana dina SRD teu aya kawih (lalaguan) anu marengan dina prungna ieu kasenian?

17. Pola tari kembang désa jeung bobotoh, naha geus matok pola tarina atawa henteu?

18. Naon udagan Bapa dina nyiptakeun ieu kasenian téh?

3.5 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI KACAMATAN CIBATU JEUNG NGAWAWANCARA SENIMAN SRD.

NGADÉSKRIPSIKEUN DATA JEUNG NGANALISIS AJÉN ÉSTÉTIKA DINA SRD.

MATALIKEUN AJÉN ÉSTÉTIKA ANU NYANGKARUK DINA SRD PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

NYIEUN KACINDEKAN TINA HASIL NGOLAH DATA. TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Sajarah kamekaran SRD 2. Prak-prakanana SRD

3. Pungsi SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut 4. Ajén éstétika naon waé anu nyangkaruk dina SRD

5. Matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD pikeun pangajaran maca di SMA kelas XII

(19)

3.6 Sumber Data

Sumber data nya éta subjék ti mana éta data dicangking. Sacara gurat badagna, sumber data ngawengku tilu rupa nya éta jalma, tempat jeung kertas atawa dokumén (Arikunto, 2010:172).

1) Jalma, nya éta sumber data nu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét;

2) Tempat, nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Tempat mangrupa tempat pikeun observasi.

3) Kertas atawa dokumén, nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi.

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta data ti seniman SRD ngaliwatan hasil rékaman nalika ngawawancara, tina foto atawa video pintonan SRD anu aya di Désa Kérésék Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut. Cindekna, anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Dapur Seni Béntang Pasundan.

3.6.1 Seniman Lingkung SRD

Dina ngumpulkeun data ngeunaan SRD, panalungtik ngayakeun wawancara ka para seniman Raja Dogar anu aya di Désa Kérésék Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut. Wawancara ka para seniman di antarana ka pupuhu SRD, kokolot (Pengasuh) SRD sakaligus ketua RW Kampung Loji, jeung pamaén.

1. Biodata Informan

Wasta : Entis Sutisna Umur : 55 taun

Pakasaban : Pegawai Swasta Atikan : KOKAR/SMKI

Alamat : Kp. Loji Rt 05 Rw 08 Désa Kérésék, Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut.

(20)

Kalungguhan : Pupuhu SRD sakaligus pupuhu Dapur Seni Béntang Pasundan

2. Biodata Informan Wasta : Méméd Umur : 57 taun

Pakasaban : Pensiunan PT. Kereta Api Atikan : SMP

Alamat : Kp. Loji Rt 02 Rw 08 Désa Kérésék, Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut.

Kalungguhan : Kokolot (Pengasuh) SRD sakaligus Pupuhu RW kp. Loji

3. Biodata Informan

Wasta : Dedy Supriadi Umur : 32 taun

Pakasaban : Pegawai Swasta Atikan : STM

Alamat : Kp. Loji Rt 04 Rw 08 Désa Kérésék, Kec. Cibatu Kabupatén Garut.

Kalungguhan : Pamaén salaku wasit

3.6.2 Gambaran Umum Lokasi jeung Sosial Budaya Tempat Panalungtikan 3.6.2.1Lokasi Géografis

Kampung Loji nu dijadikeun tempat panalungtikan téh perenahna aya di Désa Kérésék wilayah Kacamatan Cibatu, Kabupatén Garut. Wates kampung Loji nya éta di béh kalér diwatesan ku Kampung Cibodas Désa Kérésék Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, béh kidul diwatesan ku Kampung Gunung Limbangan Désa Cibatu Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, di béh wétan diwatesan ku Kampung Dungusari Désa Wanakerta Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, di béh kulon diwatesan ku Kampung Baru Désa Cibatu Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut. Kampung Loji salah sahiji kampung anu loba jumlah pendudukna.

(21)

Numutkeun data ti Posyandu taun 2012, jumlah penduduk Kampung Loji aya 831 urang kalayan jumlah lalaki aya 423 urang jeung awéwé 408 urang nu kabagi kana 230 KK.

Gambar 3.1 Peta Désa Kérésék

3.6.2.2 Warga

Hubungan antar masarakatna kawilang alus dina kahirupan sapopoéna, sarta masarakatna soméah hadé ka sémah. Salian ti éta, lamun aya kapapaténan jeung nu gering sok silih bantuan boh tanaga boh matéri. Ieu nandakeun masarakatna hirup kumbuh sauyunan, silih ajénan, antara masarakat hiji jeung nu lianna. Kitu ogé lamun aya kerja bakti, masarakat Kampung Loji sok paheuyeuk-heuyeuk leungeun.

3.6.2.3 Pendidikan

Kamekaran widang pendidikan di Kampung Loji geus kawilang alus, lantaran katémbong tina perséntase pendidikan di Kampung Loji di antarana SD 20%, SMA 50 %, jenjang lanjutan sakola (D1,D2,D3,S1,S2) 10%. Sarana jeung prasarana pendidikan anu aya di Kampung Loji di antarana Paud jumlahna hiji nya éta Paud Darul Mutaqin, TK jumlahna hiji, wangunan SD aya hiji nya éta SD

(22)

Kérésék IV, jeung wangunan SMA aya dua nya éta SMA PGRI jeung SMA 3 Garut.

3.6.2.4 Agama

Masarakat Kampung Loji sakabéhna ngagem agama Islam. Kagiatan-kagiatan rutin kaagamaan Islam masih kénéh remen dilaksanakeun, misalna pangajian ibu-ibu unggal poé Rebo, Kemis, jeung Minggu, pikeun bapa-bapa jeung pemuda unggal malam minggu, pikeun barudak ti mimiti soré ba’da Ashar jeung ba’da Magrib.

3.6.2.5 Basa

Basa anu dipaké ku masarakat Kampung Loji nya éta basa Sunda, sok sanajan aya warga anu lain urang Sunda saperti urang Jawa, tapi sanajan urang Jawa manéhna nyaluyukeun maké basa Sunda dina komunikasi jeung warga nu séjénna sanajan lentongna mah anger kadéngéna lentong Jawa.

3.6.2.6 Pakasaban

Pakasaban masarakat Kampung Loji ngawengku kana sababaraha widang, di antarana kuli bangunan, karyawan, pedagang, tani, jeung PNS. Umumna mah masarakat Kampung Loji pakasabana nya éta kuli bangunan.

3.7 Wangenan Operasional

Dina ieu panalungtikna diperlukeun katerangan anu jéntré sangkan teu nimbulkeun rupa-rupa panapsiran. Ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtian, diwincik saperti ieu di handap:

1) Ajén mangrupa harga atawa nilai barang anu abstrak. Éstétika bakal kapanggih dina karya-karya senina sorangan, nalika keur diciptakeunna éta kasenian, kitu ogé basa keur ditingali (aprésiasi) tur dirasakeun ku pamirsa. Dina ieu panalungtikan museur kana ajén éstétika nu mangrupa nilai atawa harga kaéndahan anu nyangkaruk dina SRD;

(23)

2) SRD nya éta salah sahiji kasenian nu aya di Kabupatén Garut, anu mekarna di Kampung Loji, Désa Kérésék Kacamatan Cibatu. Ieu kasenian mintonkeun adu domba anu jadi maskot kota Garut;

3) Bahan pangajaran mangrupa salah sahiji komponén dina prosés diajar-ngajar.

4) Pangajaran maca nya éta salah sahiji pangajaran anu aya dina SKKD basa Sunda, nu miboga tujuan sangkan siswa bisa nyangkem kana wacana nu jadi bahan pangajaran;

5) SMA (Sekolah Menengah Atas) nya éta lembaga pendidikan formal tingkat menengah anu aya dina naungan Depdikbud.

(24)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5. 1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Èstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”. Ieu panalungtikan nyoko kana perkara éstétika dina SRD. Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode déskriptip kalayan téknik telaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, di antarana: sajarah kamekaran SRD, prak-prakan SRD, pungsi SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut, ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD, matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD pikeun bahan pangajaran maca kelas XII.

Kahiji, sajarah kamekaran SRD. Gelarna SRD persisna tanggal 18 Désémber 2005 di Kampung Cikarag Kacamatan Malangbong Kabupatén Garut. Taun 2007 ieu kasenian pindah ka Kampung Loji, Desa Kérésék, Kacamatan Cibatu, Kabupaten Garut. Sanggeus pindah ka Kampung Loji Seni Raja Dogar ngalaman kamekaran tug dugi ka ayeuna. SRD mangrupa seni kréasi wangun anyar anu diciptakeun ku Bapa Entis Sutisna. Sacara artistik seni ieu teu leupas tina has tradisi jeung kaayaan sabudeureun. SRD lain kasenian anu sakral, béda jeung kasenian-kasenian tradisional ilaharna, lantaran SRD ngutamakeun kamonésan, kaparigelan jeung kakuatan pisik dina mintonna.

Kadua, prak-prakan SRD. Dina mintonkeun SRD aya dua wangun pagelaran nya éta helaran anu sok disebut “ngaleunggeuh” jeung “ngadu domba” (adu ketangkasan) langsung di lapangan. Pintonan SRD disaluyukeun jeung wirahma tur gerakan anu sipatna ngahibur, saluyu jeung kabiasaan sosio-budaya urang Sunda, nu mibanda sipat humor. Dina magelarkeun SRD euweuh sarat kudu nyadiakeun sasajén sakumaha ilaharna, lantaran ieu kasenian mangrupa seni inovasi anu euweuh patalina jeung karuhun tur dunya gaib.

(25)

89

Katilu, pungsi SRD di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut. Kasenian SRD salian ti jadi hiburan SRD ogé mibanda pungsi pikeun tujuan kaéndahan, kréativitas, simbol, komérsial jeung pikeun éksprésivitas.

Kaopat, Ajén éstétika (kaéndahan) dina Seni Raja Dogar ditilik tina unsur-unsur éstétis ngawengku wujud (kostim dogar, baju jeung properti, gerak jeung tari, jeung waditra), eusi jeung pintonan SRD. Kaéndahan anu nyangkaruk dina kostim dogar aya dina pamilihan bahan-bahan dipaké pikeun nyieun wangun dogar tangtu katempo pisan ajén ékstrinsik, lantaran nu tadina bahan limbah anu teu mibanda daya jual tur kaéndahan dirobah jadi hiji karya seni anu ngahasilkeun kaéndahan nya éta kostim domba Garut anu siga pisan jeung domba asli. Salian ti éta kostim domba miboga ajén ékstra éstétis atawa ajén luar éstétis, lantaran domba salaku inspirasi pikeun seniman anu nyiptakeun SRD.

Baju jeung properti anu dipaké saluyu jeung warnana. Warna-warna dina SRD mibanda ajén éstétika ngagambarkeun éksprési para pamaén diantarana warna beureum anu mibanda ajén éstétika kaayaan bungah, warna héjo jeung biru, anu mibanda ajén éstétika kaayaan tenang, warna bodas, anu mibanda ajén éstétika kaayaan suci, warna hideung, anu mibanda ajén éstétika kaayaan suram. Gerak jeung tari dina Seni Raja Dogar kaasup kana ajén éstétis anu murni, lantaran dina gerak, tari anu saluyu jeung tempo dina wirahma.

Waditra-waditra anu dipaké mibanda ajén éstétika saperti kendang mibanda pungsi waditra kendang nya éta pikeun ngatur irama lagu. Kalungguhan/peran waditra kendang nya éta salaku mirig jenis-jenis tarian para pamaén jeung waktu bobotoh pencak silat. Kulanter mibanda kalungguhan/peran kulantér nya éta pikeun méré variasi dina tabeuhan kendang biasa. Goong lamun ditakol mibanda sora “gung”.

Dina pintonan SRD goong mibanda pungsi pikeun panutup unggal lagu. Pungsi waditra tarompét nya éta salaku mélodi lagu. Tarompét dipaké salaku alat tiup mirig dina pintonan SRD. Waktu penca silat jeung ngadu dogar, lantaran ngadu domba idéntikna jeung sora tarompét. Kaéndahan dina pintonan SRD mibanda ajén éstétika anu mangrupa ajén éksprési. Ajén éksprési dina SRD jeung katarsis katémbong waktu pintonan pamiarsa bisa ngarasa kahibur lantaran

(26)

nimbulkeun rasa kabungah tina gerak domba basa diadu lantaran sok totolonjongan jeung hésé hudang deui lamun domba geus labuh, kitu ogé réngkak peta para pamaén bobodoran anu matak pikaseurieun.

Kalima, ajén éstétika anu nyangkaruk dina SRD bisa jadi salah sahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya nya éta

“Maca bahasan kasenian”. Ku lantaran matéri ngeunaan éstétika téh kaasup kana

matéri nu rada kompleks, jadi nu saluyu pikeun nyangking ieu pangajaran téh nya éta siswa SMA kelas XII. Dina pangajaran basa Sunda SMA kelas XII, aya

pangajaran “Maca bahasan kasenian”. Matéri ngeunaan ajén éstétika anu

nyangkaruk dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut bisa dilarapkeun dina éta pangajaran maca bahasan kasenian anu luyu jeung KTSP.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara rékoméndasi pikeun lajuning laku panalungtikan maca hususna maca bahasan ngeunaan kasenian. Dipiharep ieu hasil panalungtikan ngeuyeuban kana kajembaran kasenian tradisioanl nu aya di Jawa Barat, hususna kasenian Seni Raja Dogar. Sangkan ieu seni teu tumpur, aya sababaraha saran diantarana:

1)Saran kanggo lembaga-lembaga kasenian

Lembaga-lembaga kasenian dipiharep sangkan leuwih ngainvéntarisir kana budaya jeung seni, hususna kasenian nu aya di tatar Sunda.

2)Saran kanggo Guru

Ieu hasil panalungtikan bisa dipaké saluyu jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) nu geus disadiakeun dina bab IV.

3)Saran kanggo mahasiswa

Seni Raja Dogar bisa ditalungtik deui dina garapan anu leuwih husus, sangkan kaguar hal-hal séjén.

4)Saran kanggo masarakat umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat mikawanoh leuwih jembar ngeunaan Seni Raja Dogar.

(27)

91

DAPTAR PUSTAKA

Anwar, Wafiz F. 1980. Filsafat Estetika.Yogyakarta: Nur Cahaya.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Bakker, 2001. Filsafat Kebudayaan. Yogyakarta: Kanisius.

Cahyani, Deti N. 2009. Unsur Éstétika dina Kasenian Celempungan “Sinta Grup” anu aya di Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djelantik, A.A.M. 1999. Estetika Sebuah Pengantar. Bandung: Masyarakat Seni Pertunjukan Indonesia.

Farida, E. (2009). Ragam Basa Padagang Asongan pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP (Studi Kasus Basa Sunda Padagang Asongan dina DAMRI Tanjungsari Kebon Kalapa). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Herliana, Nina. 2011. Maca Téks Kesenian Badud Dusun Margajaya Désa Margacinta Kacamatana Cijulang Kabupatén Ciamis pikeun Pangajarana Maca Bahasan di SMA. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun.

http://carapedia.com/pengertian_definisi_kesenian_menurut_para_ahli_info491.ht ml

http://filsafat.kompasiana.com/2010/02/16/estetika-untuk-karya-seni-relevankah/ http://hiburan.kompasiana.com/musik/2010/12/28/seni-dan-estetika/[2 Desember

2012]

http://id.scribd.com/doc/40514330/Manusia-Dan-Keindahan[1 Desember 2012] http://saungdombagarut.blogspot.com/2012/03/profil-domba-garut.html

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Press.

(28)

Kartika, S Dharsono & Nanang Ganda P. 2004. Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Koentjaraningrat. 1978. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia.

Kubarsah, Ubun. 1994. Waditra. Bandung: STSTI.

Purwanti, Eka. 2011. Ajén Éstétika dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun. Ratna, Nyoman K. 2007. Éstétika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka

Pelajar.

Setjoatmodjo, Pranjoto. 1988. Bacaan Pilihan tentang Estetika. Jakarta: Departemen Pedidikan dan Kebudayaan Direktorat Jendral Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan. Sopandi, Andi. 2012. Analisis Struktur Semioti Dongéng-Dongéng di Désa

Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun.

Sumardjo, Jakob. 2000. Filsafat Seni. Bandung: ITB.

Sutrisno, Mudji& Christ Verhaak. 1993. Estetika Filsafat Keindahan. Yogyakarta: Kasinius.

Tarigan, Hendry Guntur. 2008. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Percetakan Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Yuniawati, Tresna. 2012. Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Désa Panjalu Kacamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XII. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun.

“Maca bahasan kasenian”. Ku lantaran matéri ngeunaan éstétika téh kaasup kana matéri nu rada kompleks, jadi nu saluyu pikeun nyangking ieu pangajaran téh nya éta siswa SMA kelas XII. Dina pangajaran basa Sunda SMA kelas XII, aya

pangajaran “Maca bahasan kasenian”. Matéri ngeunaan ajén éstétika anu nyangkaruk dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut bisa dilarapkeun dina éta pangajaran maca bahasan kasenian anu luyu jeung KTSP.