PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.

(1)

No. 651/FPBS/0251/2013

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN

KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Ayi Surtani 0900442

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013

(2)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN

KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Oleh

Ayi Surtani

Sebuah Skripsi yang Diajukan untuk Memenuhi Salah Satu Syarat Memperoleh Gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Ayi Surtani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

No. 651/FPBS/0251/2013

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

AYI SURTANI NIM 0900442

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN

KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M. Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN

KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATEN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII1)

Ayi Surtani 2)

ABSTRAK

Skripsi yang berjudul Pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng

Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII ini

merupakan hasil penelitian terhadap pupujian yang ada di Desa Panyindangan Kecamatan Pakenjeng Kabupaten Garut. Tujuan penelitian ini adalah untuk: 1) menginventarisasi pupujian di Desa Panyindangan Kec. Pakenjeng Kab. Garut, 2) menggali bentuk, isi, dan unsur pupujian yang ditemukan di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut, 3) membuat bahan pembelajaran menyimak pupujian di SMP. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif, sedangkan tekhniknya menggunakan tekhnik telaah pustaka, observasi, wawancara, dan tekhnik dokumentasi. Langkah yang ditempuh adalah mencatat dan merekam pupujian langsung dari narasumber. Pupujian yang terinventarisir jumlahnya ada 25. Berdasarkan metode dan tekhnik yang digunakan, yang dianalisis hanya 12 pupujian, dan analisisnya didasarkan pada bentuk, isi, dan unsur.

Setelah dianalisis, dapat disimpulkan bahwa isi 12 pupujian tersebut (1) mengingatkan kepada umat Islam supaya selamanya menjalankan perintah dan menjauhi larangan Allah, (2) memuji keagungan Allah, (3) ajakan kepada umat Islam supaya memperbanyak do’a, (4) tobat kepada Allah, (5) solawat kepada Nabi, dan (6) pepatah kepada manusia supaya sabar dalam segala cobaan. Pupujian tersebut dapat dijadikan alternatif sebagai bahan pembelajaran muatan lokal bahasa dan sastra Sunda untuk SMP, karena semua pupujian (nadom) memiliki nilai pendidikan dan moral yang berguna bagi perkembangan emosional siswa.

Kata kunci : pupujian, pangajaran ngaregepkeun.

1)

Skripsi ini di bimbing oleh pembimbing I : Dr. Dedi Koswara, M. Hum dan; pembimbing II : Dr. Ruhaliah, M. Hum.

2)

Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Penddidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia, Angkatan 2009.

(5)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PUPUJIAN IN PANYINDANGAN VILLAGE THE DISTRICT OF PAKÉNJÉNG GARUT REGENCY FOR CREATE THE MATERIAL OF LEARNING IN LISTENING

CLASS VII SMP1)

Ayi Surtani 2)

ABSTRACT

A thesis that entitled Pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng

Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII this is

the result of research which is appear in Panyindangan village the district of Pakenjeng Garut regency. The purpose of this research are for: 1) inventory the praise in Panyindangan village the district of Pakenjeng Garut regency, 2) explore the form, content and the elements of praise that found in Panyindangan village the district of Pakenjeng Garut regency, 3) create the material of learning in listening of junior high school. This research uses descriptive method, while the techniques uses literature reviews, observation interviews and documentation techniques. The steps are note and record the praise direct from the speaker. The praise that inventory are 25. Based on the methods and technique which is used, that was analized only 12 praise, and the analize based on the forms, contents, and the elements.

After the analized, in can be conluded of the 12 praise are (1) to remind the muslims in order to running away the orders and prohibitions of Allah, (2) to praise the greatness of Allah, (3) an invitation to the muslims in order to multiple prayer, (4) repentance to Allah, (5) solawat to the prophet, and (6) goes to the men in order to patient in all trials. The praise can be used as an alternative as a local content of learning material and literacy language of Sunda for junior high school, because all of the praise has the education and moral values which are usefull for the emotional development of students.

Keywords : Pupujian, Listening study.

3)

This thesis is guided by mentors I : Dr. Dedi Koswara, M. Hum and; supervisor II : Dr. Ruhaliah, M. Hum.

4)

The student Department of Education Regional Languages and Arts Faculty of Education University of Indonesia, of 2009.

(6)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR BAGAN ... xii

DAPTAR GAMBAR ... xiii

DAPTAR TABÉL ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 3

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5 Raraga Tinulis ... 4

BAB II TÉORI PUPUJIAN JEUNG BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN ... 5

2.1 Pupujian ... 5

2.1.1 Wangenan Pupujian ... 5

2.1.2 Sajarah Kamekaran Pupujian ... 6

2.1.3 Fungsi Pupujian ... 7

2.1.4 Papasingan Pupujian ... 7

2.1.4.1 Dumasar tina Wangun ... 7

2.1.4.2 Dumasar kana Eusi ... 8

2.1.4.3 Dumasar kana Harti ... 9

2.1.5 Purwakanti ... 10

2.1.6 Basa Pupujian ... 13

2.2 Bahan Pangajaran ... 13

(7)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2 Tujuan Pangajaran ... 14

2.2.3 Métode Pangajaran ... 14

2.2.4 Nyusun Bahan Pangajaran ... 14

2.3 Ngaregepkeun ... 15

2.3.1 Wangenan Ngaregepkeun ... 15

2.3.2 Tujuan Ngaregepkeun ... 15

2.3.3 Téhnik Ngaregepkeun ... 16

2.4 Pangajaran Ngaregepkeun dina SKKD Basa jeung Sastra Sunda ... 18

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 20

3.1 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan ... 20

3.1.1 Sumber Data ... 20

3.1.2 Lokasi Géografis Tempat Panalungtikan ... 21

3.2 Desain Panalungtikan ... 22

3.3 Métode Panalungtikan ... 22

3.4 Wangenan Operasional ... 23

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 24

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 25

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 27

3.8 Léngkah-Léngkah Panalungtikan ... 27

BAB IV ANALISIS DATA PUPUJIAN NU AYA DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT ... 29

4.1 Pupujian nu Aya di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut ... 29

4.2 Analisis Pupujian ... 30

4.2.1 Pupujian “Nabi Ahir Jaman” ... 31

4.2.1.1 Téks Pupujian ... 31

4.2.1.2 Analisis Pupujian “Nabi Ahir Jaman”... 33

4.2.1.2.1 Wangun ... 32

4.2.1.2.2 Eusi ... 33

4.2.1.2.3 Unsur ... 33

4.2.2 Pupujian “Éling-éling” ... 34

4.2.2.1 Téks Pupujian ... 34

4.2.2.2 Analisis Pupujian “Éling-éling” ... 35

4.2.2.2.1 Wangun ... 35

4.2.2.2.2 Eusi ... 36

(8)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

4.2.3 Pupujian “Masa Alloh” ... 37

4.2.3.1 Téks Pupujian ... 37

4.2.3.2 Analisis Pupujian “Masa Alloh” ... 38

4.2.3.2.1 Wangun ... 38

4.2.3.2.2 Eusi ... 40

4.2.3.2.3 Unsur ... 41

4.2.4 Pupujian “Paniatan Ngaos” ... 41

4.2.4.1 Téks Pupujian ... 41

4.2.4.2 Analisis Pupujian “Paniatan Ngaos” ... 42

4.2.4.2.1 Wangun ... 42

4.2.4.2.2 Eusi ... 43

4.2.4.2.3 Unsur ... 44

4.2.5 Pupujian “Tujuh GolonganAhli Surga” ... 44

4.2.5.1 Téks Pupujian ... 44

4.2.5.2 Analisis Pupujian “Tujuh Golongan Ahli Surga” ... 45

4.2.5.2.1 Wangun ... 45

4.2.5.2.2 Eusi ... 47

4.2.5.2.3 Unsur ... 47

4.2.6 Pupujian “Solawat ka Nabi”... 48

4.2.6.1 Téks Pupujian ... 48

4.2.6.2 Analisis Pupujian “Solawat ka Nabi” ... 49

4.2.6.2.1 Wangun ... 49

4.2.6.2.2 Eusi ... 51

4.2.6.2.3 Unsur ... 51

4.2.7 Pupujian “Nasab Rosul” ... 51

4.2.7.1 Téks Pupujian ... 51

4.2.7.2 Analisis Pupujian “Nasab Rosul” ... 52

4.2.7.2.1 Wangun ... 52

4.2.7.2.2 Eusi ... 54

4.2.7.2.3 Unsur ... 54

4.2.8 Pupujian “Alam Mahsar” ... 55

4.2.8.1 Téks Pupujian ... 55

4.2.8.2 Analisis Pupujian “Alam Mahsar” ... 60

4.2.8.2.1 Wangun ... 60

4.2.8.2.2 Eusi ... 68

(9)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.9 Pupujian “Istigfar” ... 69

4.2.9.1 Téks Pupujian ... 69

4.2.9.2 Analisis Pupujian “Istigfar” ... 70

4.2.9.2.1 Wangun ... 70

4.2.9.2.2 Eusi ... 73

4.2.9.2.3 Unsur ... 73

4.2.10 Pupujian “Ngabagéakeun nu Susah” ... 74

4.2.10.1 Téks Pupujian ... 74

4.2.10.2 Analisis Pupujian “Ngabagéakeun nu Susah”... 74

4.2.10.2.1 Wangun ... 74

4.2.10.2.2 Eusi ... 75

4.2.10.2.3 Unsur ... 75

4.2.11 Pupujian “Robana Ya Robana” ... 76

4.2.11.1 Téks Pupujian ... 76

4.2.11.2 Analisis Pupujian “Robana Ya Robana” ... 76

4.2.11.2.1 Wangun ... 76

4.2.11.2.2 Eusi ... 77

4.2.11.2.3 Unsur ... 78

4.2.12 Pupujian “Pangalaman Santri” ... 78

4.2.12.1 Téks Pupujian ... 78

4.2.12.2 Analisis Pupujian “Pangalaman Santri” ... 82

4.2.12.2.1 Wangun ... 82

4.2.12.2.2 Eusi ... 88

4.2.12.2.3 Unsur ... 88

4.3 Kacindekan Analisis... 89

4.3.1 Wangun ... 89

4.3.2 Purwakanti ... 93

4.3.3 Eusi Pupujian ... 98

4.4 Nyusun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi Pupujian pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP... 99

4.4.1 Bahan Pangajaran “Ngaregepkeun Pupujian” ... 99

4.4.2 Matéri Bahan Pangajaran Ngaregepkeun “Pupujian” ... 100

4.4.3 Latihan Soal ... 104

4.4.4 Konci Jawaban ... 106

4.4.5 Conto Silabus Pangajaran “Ngaregepkeun Pupujian” ... 107 4.4.6 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP)

(10)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

“Ngaregepkeun Pupujian” ... 108

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 117

5.1 Kacindekan ... 117

5.2 Saran ... 118

DAPTAR PUSTAKA ... 120

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 122

(11)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Pupujian kaasup kana golongan puisi heubeul, nya éta karangan dina wangun ugeran. Eusi pupujian raket patalina jeung ajaran Islam; aya anu mangrupa pujian ka Alloh, solawat ka Nabi, aya ogé anu mangrupa du’a jeung pépéling. Pupujian dina basa Sunda sok disebut nadoman. Puisi pupujian gelarna bareng jeung mimiti sumebarna agama Islam di Jawa Barat, kira-kira taun 1580, sabada karajaan Pajajaran runtag, terus taluk ka karajaan Islam. Nilik kana mediana, pupujian téh hirupna dina lisan (dikawihkeun), apalna ku pangrungu, mana pantes wacanana parondok (Iskandarwassid dina Sudaryat, 2007:111).

Dina hirup kumbuhna, pupujian mangrupa bagian tina sastra daérah anu kudu dimumulé jeung dipiara, sabab éta téh salah sahiji warisan titinggal budaya karuhun pikeun ngajembaran kabudayaan nasional. Hal ieu luyu jeung UUD 1945 pasal 32 yén:

kebudayaan bangsa ialah kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budi rakyat Indonesia seluruhnya. Kebudayaan lama dan asli, yang terdapat sebagai puncak-puncak kebudayaan bangsa”.

Salian ti éta aya deui Garis-Garis Besar Haluan Negara (GBHN) dina ketetapan MPR Nomer II/MPR/1993 anu nandeskeun, yén:

kebudayaan Indonesia yang mencerminkan nilai-nilai luhur bangsa harus terus dipelihara, dan dikembangkan guna memperkuat penghayatan dan pengalaman Pancasila, meningkatkan kualitas hidup, memperkuat kepribadian bangsa, mempertebal rasa harga diri, dan kebanggaan nasional, memperkokoh persatuan dan kesatuan bangsa, serta mampu menjadi penggerak bagi perwujudan cita-cita bangsa di masa depan”.

Salah sahiji tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah nya éta ku cara ngayakeun panalungtikan. Ku ayana panalungtikan ieu, sastra daérah bisa didokuméntasikeun dina wangun tulisan tur bisa dianalisis nepi ka bisa kapanggih kaéndahan wangun katut eusina.

(12)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Luyu jeung pamadegan di luhur, salah sahiji panalungtikan anu mangrupa tarékah ngamumulé budaya daérah, dilaksanakeun di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut. Anu jadi objékna nya éta puisi heubeul nu mangrupa pupujian (pépéling, pangajaran kaagamaan, muji ka Pangéran, solawat ka Nabi, du’a atawa ménta sapaat, jeung anu némbongkeun kedaling rasa).

Pupujian anu ditalungtik di Désa Panyindangan téh nya éta pupujian anu masih kénéh dinadomkeun di unggal masjid, madrasah, jeung lingkungan pasantrén nu ngawengku pépéling, muji kaagungan Pangéran, solawat ka

Rosululloh, du’a jeung tobat ka Alloh, ménta sapaat ka Rosululloh, jeung

pupujian ngeunaan ajaran Agama.

Ngeunaan panalungtikanana, pupujian geus aya nu nalungtik dina wangun skripsi nya éta: “Analisis Puisi Pupujian di Kampung Ciodéng Désa Andir Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung” (M. M. Sirojul Munir, 2004),

“Pupujian di Désa Cibarégbég Kacamatan Cibeber Kabupatén Cianjur pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi Sekolah Lanjutan Tingkat Pertama” (Rini Marlina, 2000), “Analisis Pupijian di Kampung Lusian Désa Sukapadang Kacamatan Pagerageung Kabupatén Tasikmalaya” (Dédy Hérmawan, 2000), jeung nu lianna.

Dina SKKD basa Sunda kelas tujuh, aya kompeténsi dasar ngaregepkeun puisi pupujian. Upama dipatalikeun ieu panalungtikan jeung SKKD, tangtu raket patalina. Hartina, pupujian anu ditalungtik bisa dijadikeun bahan pangajaran di SMP kelas tujuh.

Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan dijudulan “Pupujian di Désa

Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII”. Ku sabab, pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut, teu acan aya nu nalungtik.

(13)

3

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Luyu jeung kasang tukang di luhur, karya sastra Sunda téh kacida euyeubna. Pupujian minangka salah sahiji bagian tina karya sastra nu perlu ditalungtik. Sangkan ieu panalungtikan bisa museur, ieu masalah kudu diwatesanan. Pasualan nu baris dipedar dina ieu panalungtikan ngawengku.

1) Analisis wangun (jumlah pada, jumlah padalisan, jumlah engang, basa pupujian, jeung purwakanti);

2) Eusi pupujian;

3) Unsur (téma, rasa, nada, jeung amanat)

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap.

1) Pupujian naon waé anu kapanggih di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut?

2) Kumaha wangun, eusi, jeung unsur pupujian anu aya di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut?

3) Naha pupujian di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut, bisa dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP Kelas VII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung kasangtukang katut masalahna, tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun:

1) Ngainvéntarisasi pupujian di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut;

2) Ngaguar wangun, eusi jeung unsur pupujian anu kapanggih di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut;

3) Nyieun wangun bahan pangajaran pupujian di Désa Panyindangan, Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut dina aspék kaparigelan ngaregepkeun di SMP.

(14)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré mangpaat hususna pikeun anu nulis, umumna pikeun pihak séjén, di antarana anu ditataan ieu di handap.

1) Pikeun siswa, bisa nyaho kana pupujian nu aya di wewengkonna sorangan, upama diajar pupujian di sakola;

2) Mangpaat pikeun pangajaran, bisa dijadikeun bahan pangajaran dina ngajarkeun pupujian di SMP, jadi teu salawasna nyokot kana bahan anu geus nyampak dina buku téks, tapi bisa méré conto lianna;

3) Pikeun nu nalungtik, bisa mikawanoh sarta nambahan pangaweruh ngeunaan pupujian nu aya di wewengkon sorangan; jeung

4) Pikeun guru, bisa dijadikeun sumber bahan pangajaran pupujian di sakola SMP.

1.5 Raraga Tinulis

BAB I : Bubuka, nu ngawengku judul panalungtikan, kasang tukang

masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangfaat panalungtikan, jeung raraga tinulis.

BAB II : Landasan tiori, nu ngawengku wangenan pupujian, wangenan

ngaregepkeun, jeung bahan pangajaran.

BAB III : Métodologi Panalungtikan, nu ngawengku déskripsi wewengkon,

populasi jeung sampel, métode jeung téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, léngkah-léngkah panalungtikan, tahap ngumpulkeun data, tahap ngolah data, jeung tahap nyusun laporan.

BAB IV : Analisis Puisi Pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan

Pakénjéng Kabupatén Garut, nu ngawengku data hasil panalungtikan, analisis data, daftar tabél hasil analisis, jeung bahan pangajaran ngaregepkeun.

BAB V : Panutup, nu ngawengku kacindekan jeung saran. DAFTAR PUSTAKA

(15)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Sumber Data

Sugiyono (2012: 308) nétélakeun yén dina ngumpulkeun data bisa ngagunakeun sumber primer jeung sumber sekunder. Sumber primer nya éta sumber data nu langsung dibikeun ka nu ngumpulkeun data atawa panalungtik, sedengkeun sumber sekunder nya éta sumber data nu teu langsung dibikeun ka panalungtik, misalna ngaliwatan jalma lian atawa ngaliwatan dokumén. Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap.

1) Pupuhu DKM, guru ngaji, guru sakola, para santri anu dianggap leuwih apal kana pupujian nu aya di Désa Panyindangan;

2) Masarakat anu dianggap apal kana pupujian.

Format data informan anu diasongkeun nalika lumangsungna kagiatan wawancara nya éta:

Tabél 3.1 Format Data Informan

Data Informan

1. Ngaran : Pa Lutfi

2. Umur : 30 taun

3. Jenis Kelamin : Lalaki

4. Alamat : Kp. Sindangpalay

5. Pakasaban : Guru Mts

(16)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

3.1.2 Lokasi Géografis Tempat Panalungtikan

Désa Panyindangan mangrupa salasahiji Désa di Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut nu lega wilayahna 716 Ha. Kaayaan penduduk dina taun 2012 jumlahna aya 5.978 jiwa, nu jumlah lalakina 3.158 jeung jumlah awéwéna 2.820 jiwa. Wates Désa Panyindangan nya éta: di beulah kalér diwatesan ku Désa Linggarjati, beulah wétan diwatesan ku Désa Wangunjaya, di beulah kidul diwatesan ku Désa Bojong, di beulah kulon diwatesan ku Désa Wangunjaya. Ditempo tina topografi jeung kontur taneuh, Désa Panyindangan mangrupa dataran nu luhur antara 600–800 di luhureun permukaan laut, kaayaan suhu 30 jeung curah hujan kira-kira 13.000 mm/taun. Sacara umum jenis taneuh nu aya di Désa Panyindangan mangrupa jenis regosol, latosal, jeung alluvial. (Sumber: Sekertaris Désa Panyindangan).

Gambar 3.1 Péta Wilayah

PÉTA WILAYAH DÉSA PANYINDANGAN

(17)

22

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan

Desain nu dipaké dina ieu panalungtikan digambarkeun dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode mangrupa salasahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan dina panalungtikan. Cara nu digunakeun dumasar kana tinimbangan anu nalungtik sabada nyawang tujuan jeung objék anu rék ditalungtik.

Nurutkeun Subagyo (2006: 2) métode panalungtikan nya éta salasahiji cara atawa jalan pikeun meunangkeun data tina sagala pasualan nu aya. Ku kituna, sagala hal nu baris dilakonan kudu maké métode anu luyu pikeun ngahontalna, sangkan hasil dina panalungtikanna luyu jeung kaayaan sabenerna.

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Tegesna métode anu ngagambarkeun jeung ngajéntrékeun kaayaan jeung kajadian anu keur

TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngarumuskeun Masalah

Ngumpulkeun data

Ngolah data

Nangtukeun métode jeung teknik panalungtikan

(18)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

disanghareupan. Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana bahan anu bisa dianalisis ku cara déskriptif. Surakhmad dina Natalia (2006: 29) nyebutkeun yén métode déskriptif nya éta métode anu bisa ngungkulan masalah anu aktual ku jalan nyusun atawa papasingan data, nganalisis data, nafsirkeun data, jeung nyieun kacindekan.

Istilah “déskriptif” asalna tina Basa Inggris to describe nu hartina

ngajéntrékeun atawa ngagambarkeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd (Arikunto, 2010:3). Métode déskriptif ogé miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun, nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, sarta akurat ngeunaan fakta-fakta, anu sipat jeung hubunganna nyoko kana kaayaan daérah nu tangtu. Tujuan ngagunakeun métodé déskriptif dina ieu panalungikan nya éta pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan bisa jeung henteuna pupujian anu aya di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran di SMP.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung babari dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, diperlukeun katerangan sangkan teu nimbulkeun rupa-rupa panapsiran. Ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtikan, diwincik ieu di handap.

1) Pupujian

“Puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa:

Sadaya puji kagungan (kanggo) Alloh, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillahi robil „alamin; muji, nyebut rupa-rupa kaagungan, kapunjulan atawa kaalusan; muji ka Pangéran, nyebut jenengan-jenengan Alloh nu mulya; Pupujian, 1. Kecap barang kecap-kecap nu sok dipaké muji Alloh atwa Rosululloh; 2. Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun puji-pujian ka Alloh atawa ka Rosul-Na”. (Kamus Umum Basa Sunda, 1995: 401).

2) Désa Panyindangan

Désa Panyindangan mangrupa salasahiji Désa nu aya di Kacamatan Pakénjéng, Kabupatén Garut. Di beulah kalér diwatesan ku Désa Linggarjati, beulah wétan

(19)

24

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diwatesan ku Désa Wangunjaya, di beulah kidul diwatesan ku Désa Bojong, sedengkeun di beulah kulon diwatesan ku Désa Wangunjaya.

3) Kacamatan Pakénjéng

Kacamatan mangrupa salasahiji tingkat pamaréntahan anu aya di saluhureun Désa sahandapeun Kabupatén.

4) Bahan Pangajaran

Bahan pangajaran nya éta sajumlahing matéri anu rék ditepikeun ka murid dina prosés diajar-ngajar. Dina hakékatna bahan pangajaran mangrupa eusi tina mata pelajaran atawa bidang studi anu dibikeun ka siswa luyu jeung kurikulum anu dipakéna (Sudjana, 2011: 67).

5) Ngaregepkeun

Ngaregepkeun (menyimak) nya éta kagiatan maham jeung nanggap wacana lisan ngaliwatan ngadéngékeun lambang-lambang sora ujaran. Ngaregepkeun mangrupa salasahiji kaparigelan berbahasa reseptif.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta kaméra digital, handphone, jeung pedoman wawancara.

Nurutkeun Suyatna (2000: 19) instrumén panalungtikan nya éta “cara atau alat untuk memperoleh dan mengumpulkan data tentang status sesuatu dibandingkan dengan ukuran yang telah ditentukan”.

1) Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun foto kagiatan dina lumangsungna panalungtikan;

2) Handphone

(20)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

3) Pedoman Wawancara

Saluyu jeung téhnik wawancara nu digunakeun, instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara sacara gurat badagna wungkul, anu di jérona ngan diwangun ku sababaraha wangun patalékan anu ditujukeun ka narasumber.

3.6 Téhnik Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun sababaraha téhnik, di antarana (1) téhnik talaah pustaka, (2) obsérvasi, jeung (3) wawancara.

1) Talaah Pustaka

Suyatna Amir (2000: 19) nétélakeun yén talaah pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung subjék panalungtikan anu keur ditalungtik, diantarana waé tiori-tiori ngeunaan: 1) sastra jeung 2) puisi pupujian

2) Obsérvasi

Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun informasi sarta gambaran nyata ngeunaan kagiatan panalungtikan nu museur kana hiji objék nu ngagunakeun sakabéh alat indra (Suyatna, 2000: 20).

Ditillik tina cara ngalaksanakeun panalungtikan, obsérvasi téh dibagi jadi dua bagian nya éta:

1. Obsérvasi non-sistematis nya éta obsérvasi nu dilaksanakeun ku panalungtik kalawan teu ngagunakeun instrumen panalungtikan.

2. Obsérvasi sistematis nya éta obsérvasi nu dilaksanakeun ku panalungtik kalawan ngagunakeun pedoman instrumen panalungtikan.

Téhnik obsérvasi nu rék digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik obsérvasi sistematis.

(21)

26

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3) Wawancara

Wawancara nya éta salasahiji paguneman nu dilakukeun ku nu ngawawancara jeung nu diwawancara pikeun meunangkeun informasi. Téhnik wawancara ieu digunakeun pikeun meunangkeun data sacara lisan (sumber lisan) ti narasumber.

Esterberg dina Sugiyono (2012: 319), nyebutkeun yén wawancara téh dibagi jadi tilu rupa, nya éta wawancara terstruktur, wawancara semiterstruktur, jeung henteu terstruktur.

a) Wawancara terstruktur “structured interview”, nya éta nu ngawawancara geus nyiapkeun instrumén panalungtikan mangrupa patalékan-patalékan sacara lengkep. Dina wawancara terstruktur, salian ti mawa instrumén pikeun cecekelan pikeun ngawawancara, nu ngawawancara ogé mawa alat bantu pikeun meunangkeun data saperti tape recorder, handphone, jeung material séjénna nu bisa ngarojong kana kalancaran wawancara.

b) Wawancara semiterstruktur “semistructure interview”, nya éta wawancara anu dilakukeun sacara bébas mun seug dibandingkeun jeung wawancara terstruktur. Tujuan wawancara ieu nya éta pikeun meunangkeun datana leuwih terbuka, sangkan pihak nu diwawancara dipénta pamadeganna jeung ide-idena. Dina ngalaksanakeunna, panalungtik kudu ngadéngékeun sacara taliti jeung nuliskeun naon waé anu geus diomongkeun ku informan.

c) Wawancara teu terstruktur “unstructured interview”, nya éta wawancara nu dilakukeun ku cara mawa daptar patalékan sacara gurat badagna wungkul, ngeunaan hal-hal nu rék ditanyakeun ka narasumber.

Téhnik wawancara nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik wawancara teu terstruktur. Wawancara dilaksanakeun jeung masarakat, pingpinan DKM, guru ngaji, jeung para santri anu aya di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut.

(22)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

4) Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi mangrupa tulisan kajadian nu geus kaliwat. Dokuméntasi bisa nu ngawujud tulisan, gambar, atawa karya-karya

monumental. Dokuméntasi nu ngawujud tulisan saperti catétan sapopoé, sajarah

kahirupan, biografi. Dokuméntasi nu ngawujud gambar saperti foto, skétsa, jrrd. Dokuméntasi nu ngawujud karya saperti karya seni, nu mangrupa gambar, pilem, vcd, jeung sajabana.

Studi dokuméntasi mangrupa panglengkep tina ngagunakeun métode obsérvasi jeung wawancara dina panalungtikan.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, satuluyna ngolah data. Téhnik ngolah data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ku cara purvosive

sampeling.

Purvosive Sampeling nya éta téhnik nyokot sampel sumber data ku

tinimbangan nu tangtu. Tinimbangan nu tangtu ieu, saperti hiji jalma nu dianggap paling nyaho kana naon anu dipiharep, atawa nu dianggap ngawasa matéri anu ditalungtik, anu ngalantarankeun bisa ngalancarkeun panalungtik neuleuman objék/situasi sosial anu keur ditalungtik (Sugiyono, 2012: 300).

Sanggeus sampel kapilih, satuluyna hasil tina data panalungtikan didéskripsikeun jeung dilarapkeun dina bahan pangajaran “Ngaregepkeun Pupujian” di SMP kelas VII. Sanggeus éta nyieun kacindekan tina hasil ngolah data anu geus didéskripsikeun jeung dianalisis.

3.8 Léngkah-Léngkah Panalungtikan

Anu dijadikeun rarancang dina ieu panalungtikan ngawengku opat léngkah kagiatan nya éta:

(23)

28

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) Tahap tatahar

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan tatahar, ngawengku (1) néangan katerangan ngeunaan masalah anu arék ditalungtik (studi pustaka), (2) ngajukeun judul panalungtikan, (3) ngumpulkeun sumber bahan kajian, (4) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan, (5) nyieun proposal panalungtikan, (6) konsultasi ka dosén pangaping, jeung (7) ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan. 2) Tahap ngumpulkeun data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan ngumpulkeun data, ngawengku (1) telaah pustaka pikeun meunangkeun pamahaman awal ngeunaan pupujian nu rék ditalungtik, (2) ngalaksanakeun obsérvasi, (3) ngalaksanakeun wawancara jeung pupuhu DKM, guru ngaji, guru sakola, jeung masarakat nu dianggap apal, jeung (4) ngadokuméntasikeun kagiatan salila panalungtikan.

3) Tahap ngolah data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahap ngolah data, ngawengku (1) mariksa data anu geus dikumpulkeun, jeung (2) nganalisis data nu bisa dijadikeun bahan pangajaran.

4) Tahap nyusun laporan panalungtikan

Kagiatan nyusun laporan mangrupa tahapan pamungkas dina ieu panalungtikan. Hasil panalungtikan dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.

(24)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Pupujian mangrupa salasahiji wangun karya sastra anu masih kénéh hirup tur aya di masarakat Sunda kiwari, anu sumebarna sacara lisan tatalepa ti nu hiji ka nu lianna. Pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut umumna masih kénéh diparaké dina pangajian/pangaosan, nungguan solat berjamaah. Hal ieu bisa katitén atawa kabuktikeun tina hasil panalungtikan ngeunaan pupujian di éta désa.

Sanggeus ditalungtik, bisa dicindekkeun yén pupujian anu kapanggih di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjén, Kabupatén Garut aya 25 judul pupujian. Dina nangtukeun pupujian nu dianalisis dipilih ku cara purposive

sample nu dianggap bisa ngawakilan tina sakabéh pupujian. Nu ahirna, tina 25

pupujian anu dianalisis, ngan 12 pupujian nu judulna nya éta “Nabi Ahir Jaman”,

“Éling-Éling”, “Masa Alloh”, “Paniatan Ngaos”, “Tujuh Golongan Ahli Surga”,

“Solawat ka Nabi”, “Nasab Rosul”, “Alam Mahsar”, “Istigfar”, “Ngabagéakeun nu Susah”, “Robana Ya Robana”, jeung “Pangalaman Santri”.

. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Anu dianalisisna ngawengku wangun, eusi, jeung unsur puisina.

Analisis pupujian dumasar kana wangun nya éta jumlah pada pangasaeutikna diwangun ku-2 pada, jeung anu panglobana diwangun ku-44 pada. Jumlah padalisan diwangun ku-2 padalisan, 4 padalisan, jeung 6 padalisan. tapi rata-rata diwangun ku opat padalisan (wangun kantétan opat). Engang anu kapanggih ti mimiti 6 nepi ka 18 engang. Palebah purwakanti kapanggih anu runtuyan pungkasna a-a, a-b, a-a-a-a, a-a-a-b, a-a-b-a, a-a-b-b, a-b-a-a, a-b-b-b, jeung a-b-c,a.

Basa anu dipaké dina pupujian nya éta basa Sunda jeung basa campuran (Arab-Sunda, Jawa-Sunda). Eusi pupujian nu kapanggih ti Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut nya éta:

(25)

118

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a. Ngélingan ka umat Islam sangkan salawasna ngajalankeun paréntah jeung ngajauhan larangan Alloh SWT;

b. Muji kaagungan Pangéran;

c. Umajak ka Umat Islam sangkan lobakeun ngadu’a; d. Tobat ka Pangéran;

e. Solawat ka Kangjeng Nabi;

f. Papatah sangkan manusa salawasna kudu sadrah, jeung pasrah narima kana sagala cocoba anu tumiba.

Saterusna, unsur puisi nu kapanggih ti Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut aya téma, rasa, nada, jeung amanat. Témana, kapanggih ngeunaan tobat, muji ka Alloh, gumelarna Kangjéng Nabi, ménta safaat ka Nabi, amalan nu bakal kabawa ka ahérat, jeung silih tulungan ka papada manusa. Dina rasa, kapanggih aya rasa bungah, tingtrim, keuheul, watir, sedih, handeueul, hariwang, waas jeung pikasieuneun. Dina nada, kapanggih aya anu nadana ngélingan, nyaritakeun ngeunaan hiji jalma anu bakti ka Alloh, méré nyaho ngeunaan ajaran agama. Dina amanat kapanggih paréntah sangkaan umat manusa turut kana ajaran Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ibadah ka Alloh, silih élingan papada manusa, silih tulungan, ngajauhan kana larangan anu geus ditangtukeun ku Alloh, ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh.

Tina hasil panalungtikan, ieu pupujian bisa dijadikeun wangun bahan pangajaran di SMP kelas VII. Lantaran matéri pupujian aya dina SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda dina kaparigelan ngaregepkeun. Eusi nu aya dina pupujian bisa ngadidik siswa dina ngahadéan aqidah jeung ahlak, lantaran ieu pupujian eusina ngeunaan piwuruk, élmu agama, muji ka Alloh, jeung ka Rosul-Na.

5.2 Saran

Sabada réngsé ditalungtik, ngeunaan wangun, eusi, jeung unsur harti tina pupujian anu kakumpulkeun ti Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun minangka saran.

(26)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

a. Pikeun ngamumulé, miara, jeung ngamekarkeun pupujian nu aya di masarakat bisa ngaliwatan pangajaran di sakola-sakola. Pupujian anu sumebar sacara lisan hadé lamun dikumpulkeun dina wangun tulisan, upama pupujian anu dikumpulkeun ti hiji daérah dijieun jadi hiji buku nu eusina husus ngeunaan pupujian. Tujuanna sangkan guru babari ngadumaniskeun pangajaran basa Sunda, komo bari jeung ngalagukeun pasti siswana bakal leuwih daria diajarna;

b. Dina mangsa kiwari anu geus maju sarta gancang pisan mangaruhan kana sikep jeung tingkah paripolah siswa/i SMP/MTs, alusna mah pupujian henteu ditepikeun di kelas tujuh wungkul, tapi ogé di kelas dalapan jeung salapan. Lantaran sacara teu langsung pangajaran pupujian bisa méré papatah jeung ajaran agama ka para siswa/i;

Pamungkas, mugia pupujian hasil panalungtikan ieu bisa ngadeudeulan bahan pangajaran ngaregepkeun puisi pupujian di SMP/MTs/Sadarajat.

(27)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung. PT Kiblat.

Departemen Pendidikan Nasional. 2005. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Fathurrohman, jeung Sobry Sutikno. 2011. Strategi Belajar Mengajar. Bandung: PT. Reflika Aditama.

Hérmawan, Dédi. 2005. Analisis Pupujian di Kampung Lusian Désa Sukapada Kacamatan Pagerageung Kabupatén Tasikmalaya. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Jamaludin. 2003. Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: Adicipta Karya Nusa.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah. 2008 (rev. cit ka-IV) Palanggeran Éjahan Basa

Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Kartini, Tini. spk. 1986. Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Ketetapan Majelis Permusyawaratan Rakyat Republik Indonesia Nomor II/MPR/1993. 1993. Jakarta: Departemen Penerangan Republik Indonesia. Koswara, Dédi. 2010. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

FPBS UPI.

Munir, Sirojul. 2008. Analisis Puisi Pupujian di Kampung Ciodéng Désa Andir Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

(28)

Ayi Surtani, 2013

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Natalia, Férawati. 2006. Pupujian di Kampung Pasar Cadasari Désa Cadasari Kacamatan Cadasari Kabupatén Pandéglang pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMP. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Novianti. 2006. Pupujian di Pasantrén Miftahul Ulum Kacamatan Darangdan Kabupatén Purwakarta pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.

Subagyo, P. Joko, S.H. 2006. Penelitian Dalam Teori dan Praktek. Jakarta: PT Asdi Mahasatya.

Sudaryat, Yayat, dkk. 2007. Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudjana, Nana. 2011. Dasar-Dasar Proses Belajar Mengajar. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Al Fabeta.

Suyatna, Amir. 2000. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran

Bahasa. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.

Tarigan, Hary Guntur. (2008). “Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa”.

Bandung: Angkasa.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung.

Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia 1945. 2004. Jakarta: Sekretariat Jenderal MPR Republik Indonesia.

(1)

28

1) Tahap tatahar

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan tatahar, ngawengku (1) néangan katerangan ngeunaan masalah anu arék ditalungtik (studi pustaka), (2) ngajukeun judul panalungtikan, (3) ngumpulkeun sumber bahan kajian, (4) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan, (5) nyieun proposal panalungtikan, (6) konsultasi ka dosén pangaping, jeung (7) ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan. 2) Tahap ngumpulkeun data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan ngumpulkeun data, ngawengku (1) telaah pustaka pikeun meunangkeun pamahaman awal ngeunaan pupujian nu rék ditalungtik, (2) ngalaksanakeun obsérvasi, (3) ngalaksanakeun wawancara jeung pupuhu DKM, guru ngaji, guru sakola, jeung masarakat nu dianggap apal, jeung (4) ngadokuméntasikeun kagiatan salila panalungtikan.

3) Tahap ngolah data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahap ngolah data, ngawengku (1) mariksa data anu geus dikumpulkeun, jeung (2) nganalisis data nu bisa dijadikeun bahan pangajaran.

4) Tahap nyusun laporan panalungtikan

Kagiatan nyusun laporan mangrupa tahapan pamungkas dina ieu panalungtikan. Hasil panalungtikan dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.

(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Pupujian mangrupa salasahiji wangun karya sastra anu masih kénéh hirup tur aya di masarakat Sunda kiwari, anu sumebarna sacara lisan tatalepa ti nu hiji ka nu lianna. Pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut umumna masih kénéh diparaké dina pangajian/pangaosan, nungguan solat berjamaah. Hal ieu bisa katitén atawa kabuktikeun tina hasil panalungtikan ngeunaan pupujian di éta désa.

Sanggeus ditalungtik, bisa dicindekkeun yén pupujian anu kapanggih di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjén, Kabupatén Garut aya 25 judul pupujian. Dina nangtukeun pupujian nu dianalisis dipilih ku cara purposive

sample nu dianggap bisa ngawakilan tina sakabéh pupujian. Nu ahirna, tina 25

pupujian anu dianalisis, ngan 12 pupujian nu judulna nya éta “Nabi Ahir Jaman”, “Éling-Éling”, “Masa Alloh”, “Paniatan Ngaos”, “Tujuh Golongan Ahli Surga”, “Solawat ka Nabi”, “Nasab Rosul”, “Alam Mahsar”, “Istigfar”, “Ngabagéakeun nu Susah”, “Robana Ya Robana”, jeung “Pangalaman Santri”.

. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Anu dianalisisna ngawengku wangun, eusi, jeung unsur puisina.

Analisis pupujian dumasar kana wangun nya éta jumlah pada pangasaeutikna diwangun ku-2 pada, jeung anu panglobana diwangun ku-44 pada. Jumlah padalisan diwangun ku-2 padalisan, 4 padalisan, jeung 6 padalisan. tapi rata-rata diwangun ku opat padalisan (wangun kantétan opat). Engang anu kapanggih ti mimiti 6 nepi ka 18 engang. Palebah purwakanti kapanggih anu runtuyan pungkasna a-a, a-b, a-a-a-a, a-a-a-b, a-a-b-a, a-a-b-b, a-b-a-a, a-b-b-b, jeung a-b-c,a.

Basa anu dipaké dina pupujian nya éta basa Sunda jeung basa campuran (Arab-Sunda, Jawa-Sunda). Eusi pupujian nu kapanggih ti Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut nya éta:

(3)

118

a. Ngélingan ka umat Islam sangkan salawasna ngajalankeun paréntah jeung ngajauhan larangan Alloh SWT;

b. Muji kaagungan Pangéran;

c. Umajak ka Umat Islam sangkan lobakeun ngadu’a; d. Tobat ka Pangéran;

e. Solawat ka Kangjeng Nabi;

f. Papatah sangkan manusa salawasna kudu sadrah, jeung pasrah narima kana sagala cocoba anu tumiba.

Saterusna, unsur puisi nu kapanggih ti Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut aya téma, rasa, nada, jeung amanat. Témana, kapanggih ngeunaan tobat, muji ka Alloh, gumelarna Kangjéng Nabi, ménta safaat ka Nabi, amalan nu bakal kabawa ka ahérat, jeung silih tulungan ka papada manusa. Dina rasa, kapanggih aya rasa bungah, tingtrim, keuheul, watir, sedih, handeueul, hariwang, waas jeung pikasieuneun. Dina nada, kapanggih aya anu nadana ngélingan, nyaritakeun ngeunaan hiji jalma anu bakti ka Alloh, méré nyaho ngeunaan ajaran agama. Dina amanat kapanggih paréntah sangkaan umat manusa turut kana ajaran Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ibadah ka Alloh, silih élingan papada manusa, silih tulungan, ngajauhan kana larangan anu geus ditangtukeun ku Alloh, ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh.

Tina hasil panalungtikan, ieu pupujian bisa dijadikeun wangun bahan pangajaran di SMP kelas VII. Lantaran matéri pupujian aya dina SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda dina kaparigelan ngaregepkeun. Eusi nu aya dina pupujian bisa ngadidik siswa dina ngahadéan aqidah jeung ahlak, lantaran ieu pupujian eusina ngeunaan piwuruk, élmu agama, muji ka Alloh, jeung ka Rosul-Na.

5.2 Saran

Sabada réngsé ditalungtik, ngeunaan wangun, eusi, jeung unsur harti tina pupujian anu kakumpulkeun ti Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun minangka saran.

(4)

119

a. Pikeun ngamumulé, miara, jeung ngamekarkeun pupujian nu aya di masarakat bisa ngaliwatan pangajaran di sakola-sakola. Pupujian anu sumebar sacara lisan hadé lamun dikumpulkeun dina wangun tulisan, upama pupujian anu dikumpulkeun ti hiji daérah dijieun jadi hiji buku nu eusina husus ngeunaan pupujian. Tujuanna sangkan guru babari ngadumaniskeun pangajaran basa Sunda, komo bari jeung ngalagukeun pasti siswana bakal leuwih daria diajarna;

b. Dina mangsa kiwari anu geus maju sarta gancang pisan mangaruhan kana sikep jeung tingkah paripolah siswa/i SMP/MTs, alusna mah pupujian henteu ditepikeun di kelas tujuh wungkul, tapi ogé di kelas dalapan jeung salapan. Lantaran sacara teu langsung pangajaran pupujian bisa méré papatah jeung ajaran agama ka para siswa/i;

Pamungkas, mugia pupujian hasil panalungtikan ieu bisa ngadeudeulan bahan pangajaran ngaregepkeun puisi pupujian di SMP/MTs/Sadarajat.

(5)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung. PT Kiblat.

Departemen Pendidikan Nasional. 2005. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Fathurrohman, jeung Sobry Sutikno. 2011. Strategi Belajar Mengajar. Bandung: PT. Reflika Aditama.

Hérmawan, Dédi. 2005. Analisis Pupujian di Kampung Lusian Désa Sukapada Kacamatan Pagerageung Kabupatén Tasikmalaya. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Jamaludin. 2003. Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: Adicipta Karya Nusa.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah. 2008 (rev. cit ka-IV) Palanggeran Éjahan Basa

Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Kartini, Tini. spk. 1986. Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Ketetapan Majelis Permusyawaratan Rakyat Republik Indonesia Nomor II/MPR/1993. 1993. Jakarta: Departemen Penerangan Republik Indonesia. Koswara, Dédi. 2010. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

FPBS UPI.

Munir, Sirojul. 2008. Analisis Puisi Pupujian di Kampung Ciodéng Désa Andir Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

(6)

121

Natalia, Férawati. 2006. Pupujian di Kampung Pasar Cadasari Désa Cadasari Kacamatan Cadasari Kabupatén Pandéglang pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMP. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Novianti. 2006. Pupujian di Pasantrén Miftahul Ulum Kacamatan Darangdan Kabupatén Purwakarta pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.

Subagyo, P. Joko, S.H. 2006. Penelitian Dalam Teori dan Praktek. Jakarta: PT Asdi Mahasatya.

Sudaryat, Yayat, dkk. 2007. Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudjana, Nana. 2011. Dasar-Dasar Proses Belajar Mengajar. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Al Fabeta.

Suyatna, Amir. 2000. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran

Bahasa. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.

Tarigan, Hary Guntur. (2008). “Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa”.

Bandung: Angkasa.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung.

Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia 1945. 2004. Jakarta: Sekretariat Jenderal MPR Republik Indonesia.

Dokumen yang terkait

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL).

1 49 31

PUPUJIAN DI PASANTRÉN SYAFI’IYAH AL-FALAH DÉSA MEKARJAYA KECAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

0 49 24

PUISI SAWÉR PANGANTÉN DI KACAMATAN NUSAHÉRANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

0 21 19

INVÉNTARISASI DONGÉNG DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

0 10 32

PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DESA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATEN KUNINGAN PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP.

1 44 32

INVENTARISASI DONGENG DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

6 33 38

PUPUJIAN DI KAMPUNG RANCAMALANG DÉSA MARGAASIH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN KELAS VII DI SMP - repository UPI S BD 1205456 Title

0 0 3

AJÉN SOSIAL DINA KASENIAN SURAK IBRA DI KACAMATAN WANARAJA KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VIII - repository UPI S BD 1100714 Title

0 0 5

PUPUJIAN DI PASANTRÉN SYAFI’IYAH AL-FALAH DÉSA MEKARJAYA KECAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP - repository UPI S BD 1004552 Title

0 0 3