Raraga Tulisan Sumber data Desain Panalungtikan

Arif Taufik Rahman, 2013 Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a Wanda interférénsi anu muncul dina karangan biografi probadi otobiografi siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung. b Interférénsi fonologis, morfologis, jeung leksikal basa Sunda anu kapangaruhan ku basa Indonésia dina karangan biografi pribadi otobiografi siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung. c Faktor anu ngabalukarkeun munculna interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Manpaat Téoritis

Sacara téorotis ieu panalungtikan miboga manpaat: 1. Pikeun mikawanoh interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda. 2. Bisa méré sumbangan analisis pikeun kamajuan paélmuan kabasaan basa Sunda.

1.4.2 Manpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga manpaat pikeun bahan ajar dina lumangsungna kagiatan pangajaran.

1.5 Raraga Tulisan

Anapon babagian raraga ieu tulisan dibagi jadi lima bab, nya éta: Bab I Bubuka anu ngawengku; kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II Ulikan Téori anu medar ngeunaan téori-téori anu aya patalina jeung interférénsi, nulis, jeung biografi nu jadi dadasar panalungtikan. Bab III Métode panalungtikan anu medar léngkah atawa cara dina ngalaksanakeun panalungtikan, sarta ngarincikeun sumber data. Arif Taufik Rahman, 2013 Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bab IV Analisis Data, medar ngeunaan data sacara faktual sarta hasil panalungtikan timimiti data analisis nepi ka hasil analisis data. Bab V Kacindikan jeung Saran, mangrupa hasil kacindekan tina panalungtikan sarta saran pikeun pihak-pihak anu aya hubunganana. Arif Taufik Rahman, 2013 Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta murid kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung pikeun nyumponan data primer panalungtikan. Pikeun meunangkeun sumber data anu dibutuhkeun dina ieu panalungtikan, ditangtukeun sakelas tina tujuh kelas VII A – VII G nya éta kelas VII G pikeun sampel panalungtikan. Tina sumber data dijaring interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda dina karangan biografi siswa. Salian ti éta, aya data sekundér nu mangrupa data makéna basa murid nu dijaring ngaliwatan angkét nu disebar jeung deusian ku sumber data.

3.2 Desain Panalungtikan

Interférénsi anu jadi puseur dina ieu panalungtikan dilaksanakeun nurutkeun desain panalungtikan anu geus disusun. Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar kana léngkah-léngkah: 1 nangtukeun masalah, 2 studi pendahuluan, 3 ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4 ngarumuskeun anggapan dasar, 5 milih pamarekan, 6 nangtukeun sumber data, 7 nangtukeun jeung nyusun instrumén, 8 ngumpulkeun data, 9 analisis data, 10 nyieun kacindekan, jeung 11 nyusun laporan Arikunto, 2010:61. Galur panalungtikanana baris diébréhkeun dina bagan ieu di handap. Arif Taufik Rahman, 2013 Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3. 1 Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah Tinjaun Panalungtikan Saacana Ngarumuskeun rumusan jeung tujuan panalungtikan Ngarumuskeun Anggapan Dasar Nangtukeun Tiori nu Dipaké Nangtukeun Sumber Data Ngarumuskeun Instrumén Panalungtikan Ngumpulkeun Data Analisis Data Nyieun Kacindekan Nyusun Laporan Arif Taufik Rahman, 2013 Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan