INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII SMP PASUNDAN 4 BANDUNG.

(1)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII

SMP PASUNDAN 4 BANDUNG

SRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku Arif Taufik R

0906290

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII

SMP PASUNDAN 4 BANDUNG

Oleh

Arif Taufik Rahman

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Arif Taufik Rahman 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Lembar Pengesahan

Arif Taufik Rahman 0906290

INTERFERENSI BASA INDONESIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII

SMP PASUNDAN 4 BANDUNG

Disaluyuan ku: Pangaping I,

Dr. H Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP, 196302101987031001

Pangaping II,

Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI,

Drs. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP, 196408221989031001

(4)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII

SMP PASUNDAN 4 BANDUNG

Arif Taufik R

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan pengaruh bahasa Indonesia terhadap bahasa Sunda dalam melakukan komunikasi tulisan yang dibuat dalam karangan biografi pribadi, serta mendeskripsikan faktor apa saja yang menyebabkan adanya pengaruh dari bahasa Indonesia terhadap bahasa Sunda. Penelitian ini dilaksanakan di SMP Pasundan 4 Bandung kelas VII G yang berjumlah 33 orang siswa. Adapun metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan menggunakan teknik studi pustaka, teknik tes dan teknik angket. Berdasarkan hasil penelitian, ditemukan adanya interferensi fonologis sebanyak 9 kata (10.00%), interferensi morfologis sebanyak 50 kata (55.56%) yang terbagi dalam tiga bentuk kata, yakni interferensi kata berimbuhan terdapat 39 kata (43.33%), kata reduplikasi sebanyak 3 kata (03.33%), serta kata majemuk sebanyak 8 kata (08.89%). Selain itu terdapat interferensi leksikal sebanyak 31 kata (34.44%). Dengan demikian, tampak bahwa siswa banyak terpengaruh oleh bahasa Indonesia ketika memakai bahasa Sunda ragam tulisan dikarenakan terbawanya kebiasaan bahasa lisan.

(5)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII

SMP PASUNDAN 4 BANDUNG

Arif Taufik R

ABSTRACT

This research aims at describing the influence of Indonesian on the Sundanese language in the article that is made in the autobiography, as well as describes any factor that causes the existence of the influence from Indonesian towards the Sundanese language. This research is carried out in the Pasundan 4 JUNIOR HIGH SCHOOL class of VII G that is numbering 33 students. As for the method that is used in this research am the descriptive method by using the study technique of the book, the test technique and the poll technique. Is based on results of the research, is found by the existence of the phonological interference totalling 9 words (10,00%), the interference of morphological totalling 50 words (55,56%) that is shared in three morphologies, that is the affixed word interference is received by 39 words (43,33%), reduplication word totalling 3 words (03,33%), as well as the compound word totalling 8 words (08,89%). Moreover is gotten by the lexical interference totalling 31 words (34,44%). Therefore, apparently that the student often is affected by Indonesian when using the Sundanese language the style of the article is caused terbawa him the spoken language habit.

(6)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

TAWIS NUHUN ... ii

DAPTAR EUSI ... iv

DAPTAR BAGAN JEUNG TABEL ... vii

DAPTAR SINGKETAN ... viii

DAPTAR LAMPIRAN ... ix

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR JEUNG RARAGA MIKIR 7 2.1 Ulikan Tiori ... 7

2.1.1 Kadwibahasaan ... 7

2.1.1.1 Wangenan Kadwibahasaan ... 7

2.1.1.2 Aspék Kadwibahasaan ... 8

2.1.1.3 Faktor-faktor anu Ngabalukarkeun Kadwibahasaan ... 9

2.1.1.4 Wanda Kadwibahasaan ... 10

2.1.1.5 Cara Ngukur Tingkat Kadwibahasaan ... 12

2.1.1.6 Masalah Anu Balukar di Masarakat Dwibahasawan ... 13

2.1.2 Interférénsi Basa ... 14

2.1.2.1 Wangenan Interférénsi Basa ... 15

2.1.2.2 Faktor anu Ngabalukarkeun Interférénsi ... 16

(7)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

2.1.3 Kecap ... 18

2.1.3.1 Wangenan Kecap ... 18

2.1.3.2 Wanda Kecap ... 19

2.1.3.3 Warna Kecap ... 22

2.1.4 Nulis... 24

2.1.4.1 Wangenan Nulis ... 24

2.1.4.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis ... 25

2.1.4.3 Papasingan Nulis ... 26

2.1.5 Biografi ... 28

2.1.5.1 Wangenan Biografi ... 28

2.1.5.2 Papasingan Biografi ... 28

2.2 Anggapan Dasar ... 29

2.3 Raraga Mikir ... 30

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 31

3.1 Sumber Data ... 31

3.2 Desain Panalungtikan ... 31

3.3 Métode Panalungtikan ... 33

3.4 Wangenan Operasional ... 33

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.5.1 Lembar Tés ... 34

3.5.2 Angkét ... 35

3.6 Téhnik Pnalungtikan ... 36

3.6.1 Téhnik Tés ... 36

3.6.1 Téhnik Angkét ... 37

3.7 Métode jeunh Téhnik Ngolah Data ... 37

3.7.1 Métode Ngolah Data ... 37

3.7.2 Téhnik Ngolah Data ... 38

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS DATA ... 40

4.1 Déskripsi Data ... 40

4.2 Déskripsi jeung Analisis Data Interférénsi Fonologis ... 45

4.2.1 Déskripsi Data Interférénsi Fonologis ... 45

(8)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

4.2.2.1 Pola 1 IF : Nambahan Foném Konsonan ... 46

4.2.2.2 Pola 2 IF : Nambahan Engang Wangu K V ... 46

4.2.2.3 Pola 3 IF : Ngaganti Foném Vokal ... 47

4.2.2.4 Pola 4 IF : Ngaganti Foném V jeung Ngurangan K ... 48

4.2.2.3 Pola 5 IF : Ngaganti Foném V jeung Nambahan K ... 48

4.3 Déskripsi jeung Analisis Data Interférénsi Morfologis ... 49

4.3.1 Déskripsi Data Interférénsi Morfologis ... 49

4.3.2 Analisis Data Interférénsi Morfologis ... 51

4.3.2.1 Interférénsi Morfologis Kecap Rundayan ... 51

4.3.2.2 Interférénsi Morfologis Kecap Rajékan ... 64

4.3.2.3 Interférénsi Morfologis Kecap Kantétan ... 65

4.4 Déskripsi jeung Analisis Data Interférénsi Léksikal ... 67

4.4.1 Déskripsi Data Interférénsi Léksikal ... 67

4.4.2 Analisis Data Interférénsi Léksikal ... 69

4.5 Faktor anu Mangaruhan Interférénsi ... 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 77

5.1 Kacindekan ... 77

5.2 Saran ... 79

DAPTAR PUSTAKA ... 80

LAMPIRAN ... 82 RIWAYAT HIRUP ...

(9)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Basa mangrupa jatidiri hiji bangsa anu arbitrér. Nurutkeun Kridalaksana dina Chaer (2007:32), basa nya éta sistem lambang sora anu arbitrér anu dipaké ku kelompok sosial pikeun gawé bareng, komunikasi, jeung mangrupa cicirén jatidiri hiji budaya. Basa mangrupa alat komunikasi anu dipaké ku kelompok anu tangtu anu miboga sistem lambang sora anu sarua pikeun ngalancarkeun tujuan komunikasi. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Corder dina Alwasillah (1993:09) anu nétélakeun yén

kita bisa berkomunikasi dengan orang-orang hanya karena mereka bersama kita memiliki seperangkat cara bertingkah laku yang „terseperangkat‟. Basa dalam arti ini merupakan milik satu kelompok sosial, seperangkat aturan yang mutlak diperlukan yang memungkinkan para anggotanya berhubungan satu sama lainna, berinteraksi satu sama lainna, bekerja satu sama lainna: basa adalah satu lembaga sosial”. Unggal basa miboga ciri has anu béda jeung basa lianna, tapi unggal basa miboga fungsi anu sarua. Nurutkeun Halliday dina Tarigan (2009:05-07) nétélakeun tujuh fungsi basa, di antarana (1) fungsi instrumental, (2) fungsil regulasi, (3) fungsi representasional, (4) fungsil interaksional, (5) fungsi personal, (6) fungsi heuristik, jeung (7) fungsi imajinatif. Fungsi basa anu 7 miboga peranan anu penting dina kahirupan sapopoe, hususna fungsi interaksional. Fungsi interaksional mangrupa fungsi basa pikeun ngalancarkeun komunikasi basa, kusabab dina fungsi interaksional diperlukeun pangaweruh sangkan komunikasi lancar sanajan ngagunakeun sababaraha sistem basa anu béda. Sistem basa anu ragem disababkeun budaya anu ragem ogé. Kaayan budaya di Indonésia anu ragem bakal ngabalukarkeun basa anu ragem ogé.

(10)

2

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Basa Sunda mangrupa salah sahiji basa daérah di Indonésia. Basa Sunda mangrupa basa indung urang Sunda anu digunakeun pikeun komunikasi urang Sunda anu ditangtayungan ku perda no. 5 taun 2003. Anu eusina ngeunaan ngamumulé basa, aksara, jeung budaya Sunda.

Basa Sunda miboga dialék anu ragem, di antarana dialék kuningan, cirebon, tasik, indramayu, jeung sajabana. Ieu hal ngabalukarkeun munculna masalah anyar dina komunikasi basa. Pikeun ngalancarkeun komunikasi sarta ngahontal tujuan jeung eusi komunikasi anu hayang ditepikeun, digunakeun basa Nasional sangkan henteu ngabalukarkeun salah persépsi. Basa Sunda ilaharna digunakeun dina situasi anu non-formal, contona dina kahirupan sapopoé, surat pribadi, sarta dina kagiatan-kagiatan non-formal liannan. Sedengkeun basa Nasional ilaharna digunakeun dina situasi anu formal, contohna dina kagiatan diajar di sakola, surat dines, kagiatan-kagiatan protokoler jeung kagiatan formal lianna.

Ku kituna basa anu dipaké pikeun panganteur dina pangajaran ngunakeun basa Nasional. Pangajaran basa di sakola miboga tujuan sangkan siswa ngawasa opat kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis.

Opat kaparigelan basa miboga dua sipat nya éta sipat pasif anu ngawengku kaparigelan ngaregepkeun jeung maca, sarta sipat aktif anu ngawengku kaparigelan nyarita jeung nulis. Nulis mangrupa salah sahiji kaparigelan basa anu miboga sipat aktif jeung produktif. Hartina nulis mangrupa kagiatan aktif waktu nyangkem informasi anu ditarima sarta produktif méré informasi anu diwuwuhan ku pangaweruh, pikeun nyusun rangaka tulisan sangkan bisa jadi informasi anu miboga mangpaat. Salah sahiji kaparigelan nulis anu diajarkeun ditingkat SMP kelas VII nya éta nulis biografi.

Kaparigelan nulis biografi geus diatur dina kurikulum basa Sunda pikeun siswa SMP kelas VII, sangkan siswa bisa ngedalkeun eusi haté boh mangrupa pamikiran boh mangrupa gagasan boh mangrupa ngawanohkeun diri maké basa Sunda. Tapi kanyataana, siswa SMP kelas VII masih kénéh loba anu ngagunakeun sistem basa séjen dina nyieun biografi basa Sunda. Éta masalah alatan kawatesana

(11)

3

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

kamampuh siswa dina ngagunakeun kandaga kecap basa Sunda. Ku kituna loba siswa anu masih kénéh macorokeun sistem basa séjén dina sistem basa Sunda. Masalah kawas anu dialaman ku siswa disababkeun siswa mangrupa masarakat dwibahasawan.

Ku ayana masarakat dwibahasawan bakal ngabalukarkeun gejala kontak basa. Kontak basa mangrupa gejala sosial anu muncul balukar ayana dua sitem basa anu béda dina diri panyatur waktu komunikasi boh sacara lisan boh sacara tinulis. Kontak basa bakal ngabalukarkeun sababaraha masalah, di antarana campur kode, alih kode, integrasi jeung interférénsi. Éta masalah mangrupa asupna unsur basa séjén kana hiji basa anu ngabalukarkeun kagangguna sistem basa anu dipangaruhanana boh dina basa lisan boh dina basa tulisan. Interférénsi mangrupa salah sahiji masalah anu disababkeun ayana gejala kontak basa.

Salian tina faktor kontak basa, interférénsi bisa muncul balukar kurangna kamampuh ngagunakeun kandaga kecap hiji basa ku saurang panyatur dina komunikasi. Interférénsi basa awalna balukar dina wangun lisan, gelar dina wangun kecap anu satuluyna turun dina wangun tinulis.

Alwasillah (1985: 131) nétélakeun wangenan interférénsi nurutkeun rumusan Hartman jeung Stonk, yén interférénsi mangrupa kasalahan anu muncul kusabab ayana kabiasaan maké ujaran hiji basa dina basa lianna waktu komunikasi dina widang tata sora, tata basa, jeung kandaga kecap. Interférénsi miboga dampak positip jeung negatif.

Hocket (dina Chaer jeung Agustin, 2004:128) nétélakeun dampak positip tina interférénsi mangrupa gejala anu gedé, sarta penting, ogé paling dominan dina kamajuan basa. Éta pamadegan méré sawangan yén dina gejala interférénsi, basa anu kapangaruhan bisa leuwih mekar nepi ka dianggap geus sampurna pikeun ngigelan jaman. Sedengkeun dampak negatif tina ayana interférénsi nya éta bisa ruksakna sistem basa anu dipangaruhana. Salian ti éta, basa anu dipangaruhanana bisa leungit kalindih ku basa anu mangaruhanana.

Ayana masalah interférénsi dina komuniksasi lisan jeung tulisan panyatur basa, bisa ngabalukarkeun siswa leuwih taliti pikeun milih kecap anu baris dipake

(12)

4

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

dina komunikasi lisan jeung tinulis. Dipiharep siswa bisa leuwih lancar dina maké dua basa anu dikawasana dina kagiatan nulis atawa nyarita.

Tapi dina kaayaan siswa waktu komunikasi boh dina wangun lisan boh dina wangun tinulis, masih loba kénéh kapanggih kasalahan ngalarapkeun sistem basa séjén dina sistem basa Sunda. Ku kituna diperlukeun ayana panalungtikan ngeunaan interférénsi sangkan leuwih maham kana sistem basa anu digunakeun.

Dina panalungtikan saacana, aya sababaraha panalungtikan ngeunaan interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda. Salah sahijina panalungtikan meunang Linda Nurmalasari (2009) anu judulna “Interférénsi Léksikal Basa Indonésia Jeung Basa Jawa Kana Basa Sunda Dina Karangan Eksposisi Siswa Kelas VII SMPN 1 Pebayuran Bekasi”. Salian ti éta aya panalungtikan meunang Teten Sutendi (2010) anu judulna “Interférénsi Léksikal Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Karangan Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Ciawigebang Kab. Kuningan”.

Tina sababaraha panalungtikan anu geus aya, sasaruaan ieu panalungtikan jeung panalungtikan saacana nya éta sarua nalungtik ngeunaan gejala sosiolinguistik anu disababkeun ku ayana kontak basa anu ngabalukarkeun munculna interférénsi basa. Salian ti éta sasaruaan ditilik tina analisis, sarua nganalisis dina tatanan léksikal. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan saacana, nya éta ieu panalungtikan nalungtik ogé interférénsi dina widang fonologis, morfologis, jeung sumber data anu digunakeun pikeun ngajaring data primer anu ngagunakeun tulisan biografi séwang-séwangan (otobiografi).

Sanajan intérfénsi basa dina tulisan kawilang saeutik, tapi lainna hartina teu penting. Sabab unggal basa nu kapangaruhan basa lianna bisa ngabalukarkeun basa aslina leungit sarta ganti ku basa anu mangaruhanana. Kasalahan dina wangun tulisan jarang katempo, tapi kabisaaan basa lisan bisa kabawa kana basa tulisan. Ku kituna panalungtikan anu judulna “Interferensi Basa Indonesia Kana Basa Sunda Dina Nulis Biografi Pribadi (Otobiografi) Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung” dilaksanakeun.

(13)

5

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

1.2 Watesan Jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dina ulikan basa ngeunaan interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda aya sababaraha masalah, boh dina basa tulisan boh dina basa lisan. Disawang tina tatanan basa, interférénsi kabagi kana interférénsi fonologi, interférénsi gramatikal, interférénsi semantik, sarta interfér;ensi leksikal. Dina wangun gramatikal, interférénsi kabagi jadi dua nya éta interférénsi morfologis jeung interférénsi sintaksis. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesan ngeunaan interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda dina wangun tulisan anu aya dina tatanan fonologis, morfologis jeung léksikal.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, masalah nu muncul dina ieu panalungtikan di antarana:

a) Wanda interférénsi naon waé anu muncul dina karangan biografi pribadi (otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung ?

b) Interférénsi fonologis, morfologis, jeung leksikal basa Sunda naon waé anu kapangaruhan ku basa Indonésia dina karangan biografi pribadi (otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung ?

c) Faktor naon waé nu ngabalukarkeun munculna interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda ?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Saluyu jeung masalah anu tos dijéntrékeun di luhur, ku kituna ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

(14)

6

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

a) Wanda interférénsi anu muncul dina karangan biografi probadi (otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung.

b) Interférénsi fonologis, morfologis, jeung leksikal basa Sunda anu kapangaruhan ku basa Indonésia dina karangan biografi pribadi (otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung.

c) Faktor anu ngabalukarkeun munculna interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Manpaat Téoritis

Sacara téorotis ieu panalungtikan miboga manpaat:

1. Pikeun mikawanoh interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda. 2. Bisa méré sumbangan analisis pikeun kamajuan paélmuan kabasaan

basa Sunda.

1.4.2 Manpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga manpaat pikeun bahan ajar dina lumangsungna kagiatan pangajaran.

1.5 Raraga Tulisan

Anapon babagian raraga ieu tulisan dibagi jadi lima bab, nya éta:

Bab I Bubuka anu ngawengku; kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Téori anu medar ngeunaan téori-téori anu aya patalina jeung interférénsi, nulis, jeung biografi nu jadi dadasar panalungtikan.

Bab III Métode panalungtikan anu medar léngkah atawa cara dina ngalaksanakeun panalungtikan, sarta ngarincikeun sumber data.

(15)

7

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Bab IV Analisis Data, medar ngeunaan data sacara faktual sarta hasil panalungtikan timimiti data analisis nepi ka hasil analisis data.

Bab V Kacindikan jeung Saran, mangrupa hasil kacindekan tina panalungtikan sarta saran pikeun pihak-pihak anu aya hubunganana.

(16)

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta murid kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung pikeun nyumponan data primer panalungtikan. Pikeun meunangkeun sumber data anu dibutuhkeun dina ieu panalungtikan, ditangtukeun sakelas tina tujuh kelas (VII A – VII G) nya éta kelas VII G pikeun sampel panalungtikan. Tina sumber data dijaring interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda dina karangan biografi siswa.

Salian ti éta, aya data sekundér nu mangrupa data makéna basa murid nu dijaring ngaliwatan angkét nu disebar jeung deusian ku sumber data.

3.2 Desain Panalungtikan

Interférénsi anu jadi puseur dina ieu panalungtikan dilaksanakeun nurutkeun desain panalungtikan anu geus disusun. Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar kana léngkah-léngkah: 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) milih pamarekan, 6) nangtukeun sumber data, 7) nangtukeun jeung nyusun instrumén, 8) ngumpulkeun data, 9) analisis data, 10) nyieun kacindekan, jeung 11) nyusun laporan (Arikunto, 2010:61).

(17)

32

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu Bagan 3. 1

Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah

Tinjaun Panalungtikan Saacana

Ngarumuskeun rumusan jeung tujuan panalungtikan

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Nangtukeun Tiori nu Dipaké

Nangtukeun Sumber Data

Ngarumuskeun Instrumén Panalungtikan

Ngumpulkeun Data

Analisis Data

Nyieun Kacindekan

(18)

33

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Djadjasudarma (2010:1) métode nya éta cara anu disusun pikeun ngahontal pamaksadan sarta prosedur tersistem pikeun méré solusi sangkan tujuan anu geus ditangtukeun kahontal. Métode panalungtikan mangrupa pakakas anu dipilih dina ngalaksanakeun panalungtikan, ieu hal luyu jeung pamadegan Djadjasudarma (2010:3) anu nyebutkeun yén métode panalungtikan mangrupa pakakas jeung téhnik anu digunakeun dina panalungtikan pikeun ngumpulkeun data. Ku kituna dina ngalakukeun panalungtikan kudu ngagunakeun métode anu bener sarta luyu jeung tujuan panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan digunakeun métode deskriptif, nya éta métode anu ngajelaskeun data sacara jéntré, kucara ngagambarkeun, nganalisis, jeung méré klarifikasi sacara objektif. Métode déskriptif ngagambarkeun kaayaan objek panalungtikan di lapangan sacara paktual.

Ieu panalungtikan téh nalungtik ngeunaan interférénsi basa anu kaasup kana disiplin élmu sosiolinguistik. Gejala interférénsi mangrupa gejala sosial anu dianggap ngaruksak kana basa anu kapangaruhanana, sarta mangrupa gejala sosial anu muncul dimasarakat dwibahasawan.

3.4 Wangenan Operasional

1) Interférénsi Fonologis, Morfologis jeung Léksikal

Anu dimaksud interférénsi nya éta asupna unsur basa séjén kana hiji basa, anu ngalantarankeun kagangguna basa anu kapangaruhanana. Interférénsi dina ieu panalungtikan nya éta interférénsi anu balukar dina tataran fonologis, morfologis jeung leksikal. Interférénsi fonologis nya éta kapangaruhana unsur tata sora hiji basa ku basa séjénna. Ari interférénsi morfologis nya éta asupna unsur morfologis hiji basa kana basa séjén. Sedengkeun anu dimaksud interférénsi léksikal nya éta interférénsi anu muncul kusabab ayana pangaruh kandaga kecap hiji basa kana basa séjénna sacara konsisten.

(19)

34

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2) Nulis

Nulis nya éta kamampuh ngaéksprésikeun diri pikeun ngébréhkeun gagasan, kereteg haté, pikiran, komunikasi atawa inpormasi dina wangun tulisan.

3) Biografi

Biografi nya éta riwayat anu kawilang lengkep ngeunaan kahirupan hiji jalma anu ditulis boh ku jalma anu nyieuna sorangan boh ku jalma lianana (sejarawan, budayawan, pangarang, jsb.). Biografi anu dituliskeun ku sorangan ngeunaan riwayat hirupna sorangan disebut otobiografi.

3.5 Instrumén panalungtikan

Instrumen panalungtikan mangrupa pakakas pikeun ngumpulkeun data anu diperlukeun dina panalungtikan, sarta mangrupa pakakas pikeun ngolah jeung nganalisis data anu diperlukeun. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun instrumen lembar tés jeung angkét.

3.5.1 Lembar Tés

Tés mangrupa pakakas pikeun ngumpulkeun data sacara paktual jeung objektif dina prosedur panalungtikan. Sacara harfiah kecap tés asalna tina basa perancis kuno, nya éta testum anu hartina piring pikeun misahkeun logam-logam mulia. Ari nurutkeun Kerling (dina Susetyo, 2001:2) tés nya éta

“seperangkat rangsangan (stimulus) yang diberikan kepada seseorang dengan maksud untuk mendapatkan jawaban yang dapat dijadikan dasar bagi penetapan sekir atau angka”.

Ari nurutkeun Sudjiono dina Susetyo (2012:2) nétélakeun yén anu dimaksud tés mangrupa prosedur anu disusun pikeun ngabandingkeun paripolah dua jalma atawa leuwih.

(20)

35

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.5.2 Angkét

Angkét nya éta salah sahiji instrument panalungtikan pikeun ngumpulkeun data sacara tinulis sarta kudu dieusian sacara tinulis. Angkét anu dipaké sipatna tertutup, nya éta siswa ngeusian angkét kucara milih salah sahiji jawaban anu geus disadiakeun dina pilihan jawaban.

Conto angkét

A. Basa nu digunakeun dina kagiatan sapopoé

1. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung kolot . …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 2. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeng saluhureun (lanceuk / babaturan,

tatangga nu umurna leuwih kolot). …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 3. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung sahandapeun ( adi / babaturan,

tatangga, nu umurna leuwih ngora). …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)

B. Basa nu digunakeun di sakola

1. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeng babaturan sakola. …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)

2. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung guru basa Sunda. …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 3. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung guru lain basa Sunda. …

(21)

36

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)

C. Basa nu digunakeun dina média sosial elektronik

1. Basa nu digunakeun dina SMS-an/ jeung kolot . …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 2. Basa nu digunakeun dina SMS-an/ jeung saluhureun . …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 3. Basa nu digunakeun dina SMS-an/ jeung babaturn ulin ( boh di imah boh

di sakola). …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 4. Basa nu digunakeun waktu facebook-an. …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 5. Basa nu digunakeun waktu twitter-an. …

a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun téhnik tés jeung angkét.

3.6.1 Téhnik Tés

Téhnik tés digunakeun pikeun meunangkeun data primér anu dibutuhkeun dina panalungtikan, ku cara siswa ditugaskeun pikeun nyieun biografi séwang-sewangan ngeunaan riwayat hirupna sorangan.

(22)

37

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.6.2 Téhnik Angkét

Téhnik angkét digunakeun pikeun meunangkeun data sekunder anu mangrupa kasang tukang siswa dina ngagunakeun basa dina komunikasi jeung situasi anu tangtu.

Dumasara kana téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu dihandap.

1) Nyusun instrumén panalungtikan

2) Konfirmasi ka pihak sakola pikeun ngalaksanakeun panalungtikan

3) Ngabagikeun instrumén panalungtikan, mangrupa lembar tés anu digunakeun siswa pikeun nyieun biografi séwang-séwangan (otobiografi). 4) Sabada siswa bérés nyieun biografi, satuluyna hasil biografi siswa

dikumpulkeun

5) Ngabagikeun instrumén angkét pikeun data panglengkep dina panalungtikan.

6) Ngumpulkeun data tés jeung angkét sabada bérés dieusian ku siswa.

3.7 Métode jeung Téhnik Ngolah Data 3.7.1 Métode Ngolah Data

Métode ngolah data mangrupa cara anu disusun sacara sistematis dina panalungtikan basa, sarta ngacu kana data anu kakumpul di lapangan sacara deskriprif. Métode anu digunakeun dina analisis data nya éta métode linguistik.

Panalungtikanm nu dilakukeun dina ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa pikeun ngumpulkeun jeung ngulik data, sarta pénoména-pénoména kabasaan. Nurutkeun Djadjasudarma ( 2010:3)

“Di dalam penelitian bahasa (linguistik) dapat dilakukan di lapangan atau perpustakaan. Keduanya dianggap sebagai lokasi penelitian. Di lapangan akan melibatkan hubungan peneliti dengan penutur bahasa yang diteliti, di perpustakaan akan melibatkan peneliti dengan buku-buku (kepustakaan) sebagai sumber data.”

(23)

38

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Dina panalungtikan ieu digunakeun dua sumber data anu silih lengkepan. Data nu kahiji nya éta data kepustakaan pikeun landasan ngalakukeun panalungtikan, jeung data kadua nya éta data faktual di lapangan anu mangrupa hasil tés siswa nyieun biografi jeung angkét siswa.

3.7.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data anu dipaké pikeun nganalisis data nya éta ngagunakeun téhnik analisis kasalahan basa, ku sabab interférénsi mangrupa kasalahan dina ngagunakeun basa ku ayana silih pangaruhan hiji basa kana basa séjéna. Nurutkeun Ellis dina Mustika (2011:45) ngébréhkeun yén analisis kasalahan basa mibanda léngkah-lengkah.

1) Nyirian kasalahan tina sumber data, 2) Ngaidéntifikasi kasalahan,

3) Ngajéntrékeun kasalahan, 4) Ngélasifikasikeun kasalahan, 5) Ngaévaluasi kasalahan, jeung 6) Ngadadarkeun kasalahan

Téhnik anu dijéntrékeun di luhur mangrupa téhnik anu dipaké pikeun ngolah data primer anu mangrupa hasil nulis biografi siswa kelas VII G SMP Pasundan 4 Bandung. Sedengkeun pikeun ngolah data sekunder anu mangrupa data angke, digunakeun tehnik ngolah data anu baris dijabarkeun léngkah-léngkahna ieu dihandap:

1) Nganalisis angkét dumasar kana katégori soal, pikeun ngumpulkeun data faktor anu mangaruhan ayana interférénsi.

2) Hasil analisis dijieun presentasi.

3) Sabada bérés dipresentasekeun, data angkét tuluy dicindekkeun pikeun méré sawangan ngeunaan faktor anu ngabalukarkeun interférénsi

Rumus anu digunakeun pikeun ngitung présentasi dina ieu panalungtikan boh data primér boh data sekundér, ngagunakeun rumus:

(24)

39

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Katerangan: P = présentase

f = frékuénsi aspék nu ditalungtik = jumlah siswa / jumlah interférénsi

(25)

77

BAB V

KACINDEKN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sakumaha anu geus disebutkeun dina rumusan masalah, ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun interférénsi fonologis, morfologis jeung léksikal basa Indonésia kana basa Sunda dina otobiografi siswa kelas VII G SMP Pasundan 4 Bandung. Dumasar kana hasil analisis jeung deskripsi data, ieu panalungtikan bisa dincidekkeun ieu di handap.

a. Interférénsi fonologis basa Indonésia kana basa Sunda kapaggih aya salapan kecap (10.00%). Éta interférénsi téh bisa dicindekkeun jadi lima pola, nya éta:

a. Pola 1 IF : Nambahan foném konsonan, aya dua kecap (02.22%). b. Pola 2 IF : Nambahan Engang Wangun KV, aya sakecap (01.11%). c. Pola 3 IF : Ngaganti Foném vocal, aya opat kecap (04.44%).

d. Pola 4 IF : Ngaganti Foném V jeung Ngurangan K, aya sakecap (01.11%).

e. Pola 5 IF : Ngaganti Foném V jeung Nambahan K, aya sakecap (01.11%).

b. Interférénsi morfologis basa Indonésia kana basa Sunda disawang tina widang morfologis kapaggih aya 50 kecap (55.56%). Disawang tina wanda kecapna, interférénsi morfologis bisa dibédakeun jadi tilu wanda, nya éta: 1) Interférénsi morfologis wanda kecap rundayan kapanggih 39 kecap

(43.33%), anu nyoko kana opat pola, nya éta:

a) Pola 1 IMr : Rarangkén BI + KA BS ({ber-}, {men-}, {ke--an}), aya tilu kecap (03.33%).

(26)

78

{meng-}, {pe-}, {-an}, {di--i}, {ke--an}, {me--kan}, {pe--an}, {per--an}), aya dua puluh hiji kecap (23.33%)

c) Pola 3 IMr : Rarangkén BS + KA BI ({ka-}, {m(a)-}, {ng(a)-}, {ny(a)-}, {-ar-}, {-an}, {di--keun}), aya sapuluh kecap (11.11%) d) Pola 4 IMr : Rarangkén BS -- BI + KA BI ({pe--na}, {ng(a)- + -i},

{pang- + me- + -na}), aya opat kecap (04.44%)

2) Interférénsi morfologis wanda kecap rajékan kapanggih tilu kecap (03.33%), anu nyoko kana 2 pola, nya éta:

a) Pola interférénsi rajékan dwimurni tan rarangkén, kapanggih aya dua kecap (02.22%)

b) Pola interférénsi rajékan dwimurni binarung rarangkén, kapanggih aya sakecap (01.11%)

3) Interférénsi Morfologis wanda Kecap Kantétan kapanggih dalapan kecap (08.89%), anu nyoko kana 2 pola, nya éta:

a) Pola interférénsi rajékan dwimurni tan rarangkén, kapanggih aya genep kecap (06.67%)

b) Pola interférénsi rajékan dwimurni binarung rarangkén, kapanggih aya dua kecap (02.22%)

c. Interférénsi léksikal basa Indonésia kana basa Sunda kapaggih aya 31 kecap (34.44%), anu nyoko kana genep pola, nya éta:

a. Pola Kecap Barang (nomina), kapanggih aya tujuh kecap (07.78%) b. Pola Kecap Sulur (pronominal), kapanggih aya dua kecap (02.22%) c. Pola Kecap Pagawéan (vérba), kapanggih aya lima kecap (05.56%) d. Pola Kecap Sipat (adjéktif), kapanggih aya dalapan kecap (08.89%) e. Pola Kecap Bilangan (numerial), kapanggih aya sakecap (01.11%) f. Pola Kecap Pancén (partikel), kapanggih aya dalapan kecap (08.89%)

(27)

79

5.2 Saran

Ieu panalungtikan ngan saukur museur kana interférénsi fonologis, morfologis jeung léksikalna wungkul dina karangan biografi pribadi (otobiografi) siswa kelas VII G SMP Pasundan 4 Bandung. Ku kituna, perlu dilakukeun panalungtikan nu leuwih lega ngeunaan iterférénsi basa, sabab ngukur interférénsi basa téh lain saukur tina widang fonologis, morfologis jeung léksikalna wungkul, tapi kudu gembleng boh dina widang sintaksisna, boh dina widang semantikna, leuwih alus nepi ka widang grafologina.

Ku lantaran makéna basa Sunda siswa dina komunikasi boh lisan boh tulisan masih kénéh loba kapangaruhan ku basa Indonésia, komo deui kaayaan siswa di lingkungan kota samodél di daérah Bandung anu jadi puseur Jawa Barat. Hadéna mah diayakeun kagiatan anu leuwih museur kana kaparigelan ngagunakeun basa Sunda siswa sangkan kandaga kecap siswa leuwih loba deui.

(28)

Daptar Pustaka

A. Sumber Buku

Alwasilah, A Chaedar. (1985). Beberapa Madhab dan Dikotomi Teori Linguistik. Bandung: Angkasa.

Arikunnto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta : Rineka.

Aslinda dan Syafyahya Leni. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.

Atar Semi, M. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa Chaer, Abdul dan Leoni Agustina. (2004). Sosiolinguistik Perkenalan Awal.

Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2006). Tata Bahasa Praktis Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta. Chaer, Abdul. 1994. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta Danadibrata R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat

Djadjasudarma, T. Fatimah. (2010). Metode Linguistik Ancangan Metode Penelitian dan Kajian. Bandung: Eresco

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI

Rahayu Tamsyah, Budi. et al. (1999). Kamus Istilah Tata Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia

(29)

81

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Rusyana, R. (1984). Bahasa dan Sastra Dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV. Diponegoro.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung : Walatra. Sudaryat, Yayat. (2007). Makaya Basa. bandung: Sonagar Press

Susetyo, Budi. (2011). Menyusun Tes Hasil Belajar. Bandung: CV. Cakra. Tarigan, Henry Guntur. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa Tarrigan, Henry Guntur. (1988). Pengajaran Kedwibahasaan. Bandung: Aksara

B. Sumber Karya Ilmiah

Mustika, Restylawati. (2011). Kasalahan Morfologis Dina Karangan Éséy Siswa Kelas XII Sma Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajar 2010/2011. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

Nurmalasari, Linda. (2009). Interférénsi Léksikal Basa Indonésia jeung Basa Jawa Kana Basa Sunda Dina Karangan Eksposisi Siswa Kelas VII SMPN 1 Pebayuran Bekasi. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

Sutendi, Teten. (2010). Interférénsi Léksikal Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Karangan Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Ciawigebang Kab. Kuningan. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak Wati, Lesi Nursinta. (2008). Campur Kode Basa Indonesia Kana Basa Sunda

Dina Naskah Biantara Siswa Kelas X Sma Pasundan 8 Bandung. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

C. Sumber Internet

Gultom, Syawal. (2012). Karakteristik Perkembangan Bahasa Anak.[Online]. Tersedia:http://sergur.kemdiknas.go.id/index.php?NoSmart&docidp=Bhs %20Indonesia%20Modul%201%20Karakteristik%20%20perkembangan% 20bahasa%20anak&p=mdlpuka [12 Februari 2013].

Ruriana, P. et al. (2011). Interferensi Dan Integrasi Bahasa. [Online]. Tersedia:

(1)

Katerangan: P = présentase

f = frékuénsi aspék nu ditalungtik = jumlah siswa / jumlah interférénsi

(2)

77

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sakumaha anu geus disebutkeun dina rumusan masalah, ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun interférénsi fonologis, morfologis jeung léksikal basa Indonésia kana basa Sunda dina otobiografi siswa kelas VII G SMP Pasundan 4 Bandung. Dumasar kana hasil analisis jeung deskripsi data, ieu panalungtikan bisa dincidekkeun ieu di handap.

a. Interférénsi fonologis basa Indonésia kana basa Sunda kapaggih aya salapan kecap (10.00%). Éta interférénsi téh bisa dicindekkeun jadi lima pola, nya éta:

a. Pola 1 IF : Nambahan foném konsonan, aya dua kecap (02.22%). b. Pola 2 IF : Nambahan Engang Wangun KV, aya sakecap (01.11%). c. Pola 3 IF : Ngaganti Foném vocal, aya opat kecap (04.44%).

d. Pola 4 IF : Ngaganti Foném V jeung Ngurangan K, aya sakecap (01.11%).

e. Pola 5 IF : Ngaganti Foném V jeung Nambahan K, aya sakecap (01.11%).

b. Interférénsi morfologis basa Indonésia kana basa Sunda disawang tina widang morfologis kapaggih aya 50 kecap (55.56%). Disawang tina wanda kecapna, interférénsi morfologis bisa dibédakeun jadi tilu wanda, nya éta: 1) Interférénsi morfologis wanda kecap rundayan kapanggih 39 kecap

(43.33%), anu nyoko kana opat pola, nya éta:

a) Pola 1 IMr : Rarangkén BI + KA BS ({ber-}, {men-}, {ke--an}), aya tilu kecap (03.33%).

(3)

{meng-}, {pe-}, {-an}, {di--i}, {ke--an}, {me--kan}, {pe--an}, {per--an}), aya dua puluh hiji kecap (23.33%)

c) Pola 3 IMr : Rarangkén BS + KA BI ({ka-}, {m(a)-}, {ng(a)-}, {ny(a)-}, {-ar-}, {-an}, {di--keun}), aya sapuluh kecap (11.11%) d) Pola 4 IMr : Rarangkén BS -- BI + KA BI ({pe--na}, {ng(a)- + -i},

{pang- + me- + -na}), aya opat kecap (04.44%)

2) Interférénsi morfologis wanda kecap rajékan kapanggih tilu kecap (03.33%), anu nyoko kana 2 pola, nya éta:

a) Pola interférénsi rajékan dwimurni tan rarangkén, kapanggih aya dua kecap (02.22%)

b) Pola interférénsi rajékan dwimurni binarung rarangkén, kapanggih aya sakecap (01.11%)

3) Interférénsi Morfologis wanda Kecap Kantétan kapanggih dalapan kecap (08.89%), anu nyoko kana 2 pola, nya éta:

a) Pola interférénsi rajékan dwimurni tan rarangkén, kapanggih aya genep kecap (06.67%)

b) Pola interférénsi rajékan dwimurni binarung rarangkén, kapanggih aya dua kecap (02.22%)

c. Interférénsi léksikal basa Indonésia kana basa Sunda kapaggih aya 31 kecap (34.44%), anu nyoko kana genep pola, nya éta:

a. Pola Kecap Barang (nomina), kapanggih aya tujuh kecap (07.78%) b. Pola Kecap Sulur (pronominal), kapanggih aya dua kecap (02.22%) c. Pola Kecap Pagawéan (vérba), kapanggih aya lima kecap (05.56%) d. Pola Kecap Sipat (adjéktif), kapanggih aya dalapan kecap (08.89%) e. Pola Kecap Bilangan (numerial), kapanggih aya sakecap (01.11%) f. Pola Kecap Pancén (partikel), kapanggih aya dalapan kecap (08.89%)

(4)

79

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Ieu panalungtikan ngan saukur museur kana interférénsi fonologis, morfologis jeung léksikalna wungkul dina karangan biografi pribadi (otobiografi) siswa kelas VII G SMP Pasundan 4 Bandung. Ku kituna, perlu dilakukeun panalungtikan nu leuwih lega ngeunaan iterférénsi basa, sabab ngukur interférénsi basa téh lain saukur tina widang fonologis, morfologis jeung léksikalna wungkul, tapi kudu gembleng boh dina widang sintaksisna, boh dina widang semantikna, leuwih alus nepi ka widang grafologina.

Ku lantaran makéna basa Sunda siswa dina komunikasi boh lisan boh tulisan masih kénéh loba kapangaruhan ku basa Indonésia, komo deui kaayaan siswa di lingkungan kota samodél di daérah Bandung anu jadi puseur Jawa Barat. Hadéna mah diayakeun kagiatan anu leuwih museur kana kaparigelan ngagunakeun basa Sunda siswa sangkan kandaga kecap siswa leuwih loba deui.

(5)

Daptar Pustaka

A. Sumber Buku

Alwasilah, A Chaedar. (1985). Beberapa Madhab dan Dikotomi Teori Linguistik. Bandung: Angkasa.

Arikunnto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta : Rineka.

Aslinda dan Syafyahya Leni. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.

Atar Semi, M. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa

Chaer, Abdul dan Leoni Agustina. (2004). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2006). Tata Bahasa Praktis Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. 1994. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta

Danadibrata R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat

Djadjasudarma, T. Fatimah. (2010). Metode Linguistik Ancangan Metode Penelitian dan Kajian. Bandung: Eresco

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate

Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI

Rahayu Tamsyah, Budi. et al. (1999). Kamus Istilah Tata Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia

(6)

81

Arif Taufik Rahman, 2013

Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Rusyana, R. (1984). Bahasa dan Sastra Dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV. Diponegoro.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung : Walatra.

Sudaryat, Yayat. (2007). Makaya Basa. bandung: Sonagar Press

Susetyo, Budi. (2011). Menyusun Tes Hasil Belajar. Bandung: CV. Cakra.

Tarigan, Henry Guntur. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa

Tarrigan, Henry Guntur. (1988). Pengajaran Kedwibahasaan. Bandung: Aksara