Mangpaat Média Pangajaran

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 Ngagunakeun média dina pangajaran bisa ngagampilkeun siswa paham kana hiji hal anu abstrak jadi leuwih nyata. Siswa diajar téh ngaliwatan tilu tahap, nyaétaénaktif, ikonik, jeung simbolik. Tahap énaktif nyaéta tahap siswa diajar ku cara ngamanipulasi barang-barang nyata. Tahap ikonik, nyaéta hiji tahapan siswa diajar ku cara ngagunakeun gambar atawa video tape. Sedengkeun tahap simbolik, nyaéta tahap diajar ku cara ngagunakeun simbol-simbol. Ku kituna, anu dimaksud média pangajaran basa Sunda nyaéta sagala hal nu bisa nepikeun pesen, bisa méré rangsangan fikiran, perasaan, jeung kahayang siswa, kaasup ngagunakeun internét nu bisa ngamotivasi lumangsungna prosés diajar siswa kana pangajaran basa Sunda. Internét minangka média pangajaran basa Sunda, kaasup salahsahiji faktor sarana nu ngarojong kana kalancaran prosés pangajaran atawa sarana nu bisa mangaruhan sistem pangajaran basa Sunda di sakola.

2. Mangpaat Média Pangajaran

Mangpaatmédia pangajaran sacara umum, nyaéta ngalancarkeun interaksi antara guru jeung siswa sangkan kagiatan pangajaran leuwih éféktif jeung efésién. Sedengkeun sacara hususna mangpaat média pangajaran téh nyaéta: a Nepikeun matéri pangajaran bisa sarua Maké bantuan média pangajaran, nyegah bédana nafsirkeun matéri antara guru, ogé bisa ngurangan teu saimbangna informasi diantara siswa dimana baé ayana. b Pros é s pangajaran leuwih jelas tur pikaresepeun Média bisa nampilkeun informasi ngaliwatan sora, gambar, gerakan, jeung warna, boh sacara alami boh dimanipulasi, sangkan bisa ngabantu guru nyiptakeun suasana diajar nu leuwih aktif, henteu angger monoton, jeung henteu pikaboseneun c Pros é s pangajaran leuwih interaktif Ngaliwatan média pangajaran bakal lumangsung komunikasi dua arah sacara aktif, sedengkeun tanpa média guru biasana ngan nyarita saarah. d Ef é si é nsi waktu jeung tanaga PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 12 Ngaliwatan média tujuan diajar bakal leuwih gampang dihontal sacara maksimal, kalawan ngagunakeun waktu jeung tanaga saminimal mungkin. Guru henteu kudu sababaraha kali ngajelaskeun matéri pangajaran, cukup sakali nepikeun dibarengan ku makemédia pangajaran, siswa bakal leuwih gampang paham kana matéri pangajaran. e Ningkatkeun kualitas hasil diajar siswa Média pangajaran bisa ngabantu siswa nyangking matéri diajar leuwih jero tur gembleng. Lamun ngan sakadar ngabandungan informasi verbal ti guru, siwa biasana teu pati paham kana matéri pangajaran, tapi saupama dilengkepan ku kagiatan nempo, ngarampa, ngarasakeun, jeung ngalaman sorangan ngaliwatan média, siswa bakal leuwih paham kalawan hadé kana matéri pangajaran. f Média ngamungkinkeun prosés diajar bisa dilaksanakeun dimana baé jeung iraha baé. Média pangajaran bisa ngarangsang siswa ngalaksanakeun kagiatan diajar kalawan laluasa dimana baé jeung iraha baé, henteu gumantung ka guru. Kudu sadar yén waktu diajar siswa di sakola kawatesanan, sedengkeun waktu nu laluasa justru diluar lingkungan sakola. g Média bisa numuwuhkeun sikep positif siswa kana matéri jeung prosés diajar. Prosés diajar bakal leuwih pikaresepeun sarta bakal ngamotivasi siswa mikacinta kana pangaweruh sarta resep néangan sorangan sumber- sumber élmu pangaweruh. h Ngarobah peran guru sangkan leuwih positif jeung produktif. Guru bisa ngabagi peran jeung média sangkan leuwih réa waktu pikeun méré perhatian kana aspék-aspék edukatif séjénna, saperti ngabantu siswa nu hésé diajar, ngawangun kapribadian, ngamotivasi diajar, jsté.

3. Milih Média Pangajaran Basa Sunda