Nembangkeun Pupuh tina Wawacan

23 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

2. Diskusikeun jeung batur sabangku

Baca deui pupuh durma “Buméla ka Lemah Cai, jeung kawih “Karatagan Pahlawan”. Pék tembangkeun Pupuh Durma, tuluy kawih- keun Karatagan Pahlawan Tugas: nyorangan individu dijieun di imah 1. Jieun sapada pupuh durma. Témana, kumaha hidep baé. 2. Jieun sajak bébas, sajudul. Témana, kumaha hidep baé.

E. Nembangkeun Pupuh tina Wawacan

Saméméhna hidep geus maca durma ‘Buméla ka Lemah Cai’, éta bacaan téh diwangun ku salahsahiji pupuh, tina 17 pupuh. Kitu deui, hidep ogé geus bisa nembangkeun rupa-rupa pupuh nu geus diajarkeun saméméhna. Aya carita anu pondok anu diwangun ku hiji pupuh disebutna téh guguritan. Aya deui carita anu panjang, anu diwangun ku rupa-rupa pupuh, disebutna wawacan. Ayeuna hayu urang nembangkeun pupuh Ratna Suminar Nepangan Déwi Pramanik Kinanti Ratna Suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku Sang Ajeng Ratna Putri. Lapat-lapat puncak gunung, sidik aya taman sari, jeung gumebyar cahayana, tingburinyay tingkaretip, tur aya bandéra bodas, di tengah banjaransari. Ratna Suminar seug nyaur, ka Nyi Putri Mandrawati, Bibi tempat naon éta, mana leuwih teuing resmi, kaya karang kalangenan, tempat pelesir narpati 24 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu acan tingali, enyaéta nu kasebat, patapan Déwi Pramanik, masjid Binarum Kania, nu cahyana tingkaretip. Gamparan sumangga atuh, di ieung tong lami-lami, énggal ngabujeng ka dinya, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norojol teu pamit. Gancangna anu dicatur, harita Déwi Pramanik, di beulah kalér lenggahna, ngadéngé nu déhém tarik, sada-sada batuk kuda, teu lami Déwi Pramanik. Sang Déwi Pramanik nyaur, coba atuh sina linggih, ku putra téh diantosan, Mandrawati henteu lami, belesat ka jomantara, ngemban dawuhan Sang Déwi. Teu lami Putri ngadangu, soara tan katingali, montong jadi kasusahan, baris ngahormat Putri Jin, duméh sagala teu aya, ayeuna ku Nyai gasik. Déwi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nursajati seug diudar, dikebutkeun diperedih, bari disebat ngaranna, éh jimat Nursajati. Nyi Mandrawati kacatur, geus tepang jeung Ratu Putri, dina kalang méga bodas, Ratna Suminar teu lami, ka patih buta mariksa, coba kula ménta warti. Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nya galih, henteu aya papadana, dumugi raosing Putri, ngalantung di pawenangan, ngalincing di alam lahir. 25 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI Nembé mendak bingah kitu, lir catur nimat sawargi, ku asal nampi panyambat, angkiran Déwi Pramanik, bawaning ku lintang bingah, teu kendat gumuyu manis. Dicutat tina Panyungsi Sastra, kaca 106-109 Dina pangajaran ieu, hidep geus ngaregepkeun jeung maca: durma ‘Buméla ka Lemah Cai’ sarta rumpaka kawih ‘Karatagan Pahlawan’,

F. Maca Jero Haté