Maca Ngajembaran Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 6 PDF 2014

36 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

H. Maca Ngajembaran

Baca sing gemet Sapatu Hibar Syahrul Gafur Kungsi aya berita, boh dina koran boh dina acara salah sahiji televisi swasta. Eusi warta téh nyaéta dipanggihkeunana hiji modél sapatu anu fungsina kacida pisan pentingna pikeun kasalametan. Di masarakat beuki dieu téh beuki mahabu kajahatan. Kajahatanana kayaning ‘penjambretan, penodongan, hipnotis, ngabius penumpang’. Kitu deui, nu jail ngaganggu ka kaom wanita, boh dina angkot, boh dina beus kota, atawa di jalan pasampangan. Mindeng kajadian kaom wanita anu ditodong direbut perhiasanana, direbut HP-na, dijéwang tasna. Malah aya nu dirogahala sagala. Tah, jigana ku mindeng manggihan kajadian kawas kitu, boa deuih , karandapan ku babaturanana, siswa SMP Negeri I Bogor anu umurna kakara 14 taun téh, ngarasa melang. Kumaha mun éta kajadian tumiba ka kulawargana. Éta budak, boga gagasan hayang nyalametkeun papada jalma, hususna kaom wanita. Nya, manéhna mikir, janggélék baé pilihan téh kana sapatu. Sapatu mah bisa langsung ditajongkeun kana suku nu jahat. Tangtu baé kudu maké sapatu anu husus. Kacipta Sumber: health.kompas.com 37 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI kawasna, siswa anu ngaran Hibar téh terus konsultasi jeung guru pembimbingna. Éta gagasan diwujudkeun dina sapatu anu dimodifi kasi, maké tegangan listrik 450W. Éta sapatu téh meunang sababaraha kali percobaan. Sapatu anti kekerasan hasil karya Hibar Syahrul Gafur 14 taun, nyaéta siswa kelas VIII SMPN I Bogor téh diilukeun dina ajang kompetisi “Sain Internasional Exhibition of Young Inventors IEYI 2013 di Kuala Lumpur, Malaysia”. Malah hasilna ogé meunang medali emas pikeun kategori Safeti and Health. Babaturan sasakolana, umumna warga SMPN I Bogor kacida bungaheunana. Saréréa milu reueus ku préstasina meunang medali emas. Kitu deui, Wakil Kepala SMPN I Bogor, Bapa Budiman BW nyebutkeun, pangalaman Hibar ngajadikeun tumuwuhna sumanget keur murid-murid séjénna geusan némbongkeun préstasina supaya teu éléh ku bangsa séjén. Diropéa tina sumber internét Dina bacaan 1 “Imah Awi Jatnika”. Geus dipedar tokoh ngaran Jatnika nu geus manggihkeun, nyiptakeun, modél imah pikeun ékspor ka daérah jeung nagara séjén. Dina bacaan 2 tokoh nu ngaran Hibar Syahrul Gafur 14 taun geus manggihkeun, nyiptakeun sapatu anti kekerasan, ”Safety and Health.” Dua barang ciptaan anu kacida mangpaatna keur nu séjén. Nyaritakeun Bacaan Baca deui kalawan taliti carita sapatu téh a. Panggihkeun poko-poko caritana. b. Jieun ringkesan carita dumasar kana poko-pokona, maké keke- capan sorangan. c. Geus réngsé, pék baca sing tartib . 38 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

I. Nulis Sajak

Ayeuna mah hayu urang nulis sajak maké cara manjangkeun kecap nu dibéréndélkeun ka handap, upamana ngaran sorangan atawa naon baé. Mun geus réngsé, tukeurkeun sajak nu urang téh jeung nu babaturan. Pék lisankeun, resep geura Ieu ayeuna contona. Basa Sunda B asa Sunda basa daérah urang A yana di Propinsi Jawa Barat S ering nu nyebut basa urang Priangan A ya ogé nu maké di Cirebon jeung Banten S aha baé kudu miara basana U rang kudu ngarasa reueus N agara jadi beunghar budaya basana D ina globalisasi, basa Sunda mageuhan idéntitas bangsa A lhamdulillah, mugia tetep manggung di propinsina Pancen mandiri, bisa dijieun di imah Tulis sajak bébas ngeunaan ieu hal. Judulna, Imah atawa Sapatu impleng, ciptakeun, tuluy tulis • Wangun sajakna bébas, teu kauger ku jumlah jajaran, kumaha • kahayang atawa karep murid. Rék naon nu digambarkeundicarita- keunana bébas. Kitu deui média basana bébas, Naon-naon nu rék digambarkeun • dicaritakeun bisa maké kekecapan nu boga harti saujratna, harti injeumangaya basa atawa babasan Baca keur babaturan sabangku, pék sina ngoméntaran • Diskusikeun. • 39 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

J. Ngadéklamasikeun Sajak