Ngaregepkeun Pupuh Durma Ngajawab Pertanyaan Ngalarapkeun Rarangkén Tengah

18 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

A. Ngaregepkeun Pupuh Durma

IbuBapa Guru badé nembangkeun pupuh durma. Pék regepkeun ku hidep, tuluy tembangkeun babarengan Durma Buméla ka Lemah Cai saréréa urang téh kudu sayaga ngajaga lemah cai ti nu niat jahat nagara jadi teu aman rayatna jadi teu tingtrim jiwa ragana ulah jadi karisi masarakat sadaya ngarasa aman lingkungan sepi paling sauyunan pisan ngajaga kaamanan ningtrimkeun raga jeung batin béla nagara ngariksa lemah cai Kénging: Ano Karsana

B. Ngajawab Pertanyaan

Pikeun maham eusi pupuh, pék jawab pertanyaan ieu di handap 1. Saha nu dimaksud “saréréa” dina rumpaka pupuh durma téh? 2. Naon nu dimaksud saréréa urang kudu sayaga? 3. Naon nu dimaksud lemah cai téh? 4. Naha urang kudu ngajaga lemah cai? 5. Kumaha carana urang ngajaga lemah cai téh? Sumber: blog.ub.ac.id 19 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI 6. Nurutkeun pamadegan hidep, saha baé nu rék niat jahat ka lemah cai téh? 7. Naon maksudna ”masarakat sepi paling” dina pada kadua? 8. Sebutkeun amanat eusi pupuh durma Buméla ka Lemah Cai Cangkem harti kecap ieu di handap. Pék jieun kalimah sayaga = sayogi lemesna, sadia tingtrim = rasa aman, tenang raga = awak atawa badan karisi = kasieun aya kajadian nu ngabahayakeun béla = daék nulungan batur tina kasusah kalawan ihlas ngariksa = ngajaga

C. Ngalarapkeun Rarangkén Tengah

Pék tengetan rarangkén tengah ieu di handap Rarangkén tengah –um-, -al-,-in-, ar- Urang nengetan deui kecap dina kalimah ieu di handap • Buméla ka lemah cai kecap buméla téh asal kecapna béla, ditambah rarangkén tengah -um-, jadi buméla. • Loba kaom ibu lalieur mikiran harga balanjaan nu beuki marahal Kecap lalieur, asal kecapna lieur, ditambah rarangkén tengah –al-, jadi lalieur. • Bukti tinulis geus kapanggih, dina jaman prasejarah jalma harita geus bisa nyieun barang tina taneuh. Kecap tinulis, asal kecapna tulis, ditambah sisipan –in-, jadi tinulis. 20 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI Pék baé hidep nyieun deui conto séjén nu maké rarangkén tengah: -um-, -al-,jeung –in-. Terus éta kecap téh jieun kalimahna, lisankeun baé ka babaturan

D. Ngabandingkeun Pupuh jeung Kawih