Ngajawab Pertanyaan Migawé Pancén Ngabédakeun Biantara jeung Ceramah

74 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI M nu kahiji menguras M nu kadua menutup M nu katilu menimbunmengubur Jadi, 3M téh program kaséhatan masarakat nu ayeuna keur digiat- keun mariksa utek-utek, jentik reungit ku jumantik juru pemantau jentik Hadirin Petugas jumantik téh ti Puskesmas, kader posyandu. Tugasna mariksa bak mandi, wadah cai sejenna. Ciri-ciri jentik gerakna ti handap ka luhur teu eureun-eureun. Cicingna nangtung sisi bak. Geus 6-8 poé jentik jadi cacaka. Saterusna, dina 1-2 poe jadi reungit anyar. Patugas murulukkeun abaté kana tempat nampung cai, supaya jentikna paraéh. Kitu deui, diayakeun “fogingpengasapan” Tah kitu Bapa-bapa, Ibu-ibu. Tos terang ayeuna mah, sangkan teu aya panyakit DB, lingkungan kudu beresih. Sakitu baé biantara ngeunaan DB, sareng cara ngabasmina. Wassalamualaikum, wr.wb. Hatur nuhun.

B. Ngajawab Pertanyaan

Sanggus ngaregepkeun téks biantara di luhur, sangkan paham kana eusina, pék jawab pertanyaan ieu di handap. 1. Naon nu dicaritakeun dina biantara téh? 2. Naon nu nyababkeun timbulna DB demam berdarah? 3. Sato naon nu mawa virus dangué? 4. Reungit naon nu mawa virus dangué? 5. Naha nu biantara nyaritakeun hal DB? 6. Naon amanat tina éta biantara téh? 7. Kumaha siklus “perkembangbiakan” reungit dangué téh? 8. Kudu kumaha ngungkulanana lamun di imah hidep loba reungit? 9. Kumaha cenah cara ngabasmi reungit dangué téh? 10. Naon tarékah pamaréntah pikeun ngungkulan panyakit DB? 75 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

C. Migawé Pancén

Tuliskeun poko-poko eusi biantara nu diregepkeun tadi Urang néangan harti kecap dina kamus babarengan jeung babaturan. Geus kitu, larapkeun kana kalimah 1. abaté 10. dicoco 2. foging 11. harééng 3. jentik 12. kamalir 4. lalening 13. megar 5. mendet 14. nalambru 6. ngeuyeumbeu 15. pabalatak 7. perkara 16. rabeng 8. sapaparat 17. tatalépa 9. trombosit 18. virus

D. Ngabédakeun Biantara jeung Ceramah

Hidep kungsi nyaksian nu keur biantara? Hidep kungsi nyaksian nu keur ceramah? Kumaha sikep hidep mun keur ngaregepkeun nu biantara jeung nu ceramah? Regepkeun IbuBapa Guru badé ngajelaskeun bédana. Rupa-rupa biantara Rupa-rupa ceramah Biantara kampanyeu Biantara perpisahan Pidato 17 Agustus Ceramah kaséhatan Ceramah DB Ceramah diaré Sabada hidep ngaregepkeun nu biantara atawa nu ceramah di televisi, di radio, sacara langsung bandingkeun hal- hal ieu: 1. Saha nu biantarana atawa nu ceramahna téh? 2. Sebutkeun naon judul biantarana atawa judul ceramahna 3. Kumaha cara nepikeun biantarana atawa ceramahna misalna: leuleuy, tegas, pikaresepeun, jree. 76 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI 4. Tuliskeun gurat badag eusi biantarana atawa ceramahna 5. Tuliskeun iraha sarta dina raraga naon biantarana atawa ceramahna téh? 6. Dimana tempat dilaksanakeunana biantarana atawa ceramahna téh? 7 Ditujulkeun ka saha biantarana atawa ceramahana téh? 8. Naha aya amanat nu kapanggih dina biantara atawa dina ceramahna téh?

E. Nepikeun Biantara