Prosedur Panalungtikan MÉTODEU PANALUNGTIKAN

Wira Oka Kurnia , 2016 MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur ieu Panalungtikan dijéntreun dina bagan di handap. Bagan 3.1 Prosedur Panalungtikan Panalungtikan ngagunakeu modél pangajaran ngaliwatan pretest jeung posttest , nganalisis data nepi ka ngahasilkeun kacindekan, sakabéhna bakal dijéntrékeun ieu di hanadap. 1 Tatahar Saacan ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik konsultasi heula jeung guru basa Sunda SMPN 45 Bandung ngeunaan masalah anu karandapan ku siswa Pendekatan Kuantitatif Studi Kuasi Ékspérimén Kelas VII-K SMPN 45 Bandung Masalah nu Karandapan dina Nulis Nulis Karangan Éksposisi Posttest Pretest Modél Pangajaran Multiliterai Analisis Data Kacindekan Wira Oka Kurnia , 2016 MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dina pangajaran nulis karangan éksposisi nu mangrupa salasahiji kompeténsi di éta sakola. Panalungtik nyusun léngkah-léngkah anu baris dilaksanakeun pikeun ngungkulan masalah ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi . Dina ieu panalungtikan katitén aya dua variabel, nya éta variabel bébas jeung variabel kauger. Variabel bébas nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel lianna, sedengkeun variabel kauger nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas, Arikunto, 2010, Kc. 161. Dumasar kana babagian variabel di luhur, variabel bébas variabel X dina ieu panalungtikan nya éta modél pangajaran multiliterasi, lantaran anu mangaruhan variabel kauger nya éta kamampuh nulis karangan éksposisi. Variabel kauger variabel Y dina ieu panalungtikan nya éta pangaweruh nulis karangan éksposisi, lantaran dipangaruhan ku variabel bébas nya éta modél pangajaran multiliterasi. 2 Nagalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data Sanggeus kapanggih masalah pangajaran nulis anu karandapan ku siswa SMPN 45 Bandung, panalungtik langsuk ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas. Fungsina nya éta pikeun ngumpulkeun data. Téhnik anu dipaké pikeun panalungtikanna nya éta téhnitk tés uraian. Tés dilaksanakeun dua kali pretest jeung posttest . Pretest dilaksanakeun saméméh perlakuan, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nulis karangan éksposisi saméméh ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi , sedengkeun posttest dilaksanakeun saenggeus perlakuan, anu tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nulis karangan éksposisi saenggeus ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi . 3 Nganalisis Data Data anu geus aya nya éta hasil pretest jeung posttest tuluy dianalisis ku cara ngagunakeun rumus-rumus statistik. Ngeunaan téhnk analisis data bakal dijéntrékeun dina poin 3.5. 4 Kacindekan Sanggeus tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan jeung nganalisis data, satuluyna panalungtik nyieun kacindekan tina sakabéh prosés anu geus dilaksanakeun salila panalungtikan lumangsung. Wira Oka Kurnia , 2016 MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Téhnik Analisis Data