Yokeu Darisman, 2015 ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH  KARYA NAZARUDIN AZHAR  TILIKAN SÉMIOTIK
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.4.2    Mangpaat Praktis
Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan sacara praktis nya éta: a.
Pikeun méré informasi  yén naskah drama bisa diulik tina jihat sastrana, teu saukur tina jihat pintonanana.
b. Méré  informasi  ngeunaanan  analisis  karya  sastra  wangun  naskah  drama
dumasar kana struktur pangwangunna. c.
Pikeun méré gambaran ngeunaan analisis karya sastra naskah drama kalawan ngagunakeun ulikan sémiotik.
1.5     Wangenan Operasional
Istilah-istilah nu perlu dipedar dina ieu panalungtikan nyaéta: 1.
Naskah drama nya éta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon ku dialog, digarap pikeun dijieun hiji pintonan.
2. Analisis  sémiotik  nya  éta  panalungtikan  anu  nyoko  kana  tanda-tanda  anu
nyampak dina karya sastra kalayan pedaran anu jero tur sistematis. 3.
Sadrah  nyaéta  judul  naskah  drama  basa  Sunda  nu  dikarang  ku  Nazarudin Azhar.
1.6       Anggapan Dasar
Anggapan  dasar  nyaéta  asumsi  nu  jadi  cecepengan  dina  sakabéh  sawangan tina  kagiatan  kana  masalah  nu  keur  disanghareupan  Surakhmad  dina  Sanjani,
2012,  kc.8.  Ku  kituna  ieu  panalungtikan  miboga  sababaraha  anggapan  dasar, nyaéta:
1. Naskah drama Sadrah mangrupa karya sastra.
2. Naskah drama bisa dianalisis unsur-unsur caritana.
1.7       Sistematika Tulisan
BAB  I  ngawengku kasang tukang, watesan  jeung rumusan  masalah,  tujuan panalungtikan,  mangpaat  panalungtikan,  wangenan  operasional,  anggapan  dasar,
sarta sistematika tulisan. BAB II ngawengku tiori ngeunaan tiori drama jeung tiori sémiotik.
Yokeu Darisman, 2015 ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH  KARYA NAZARUDIN AZHAR  TILIKAN SÉMIOTIK
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB  III  ngawengku  métode  panalungtikan,  téhnik  panalungtikan,  jeung sumber data.
BAB  IV  ngawengku  analisis  struktur-sémiotik  naskah drama  Sadrah  karya Nazarudin Azhar.
BAB  V  ngawengku  kacindekan  jeung  saran  kana  panalungtikan  anu  geus dilaksanakeun.
Yokeu Darisman, 2015 ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH  KARYA NAZARUDIN AZHAR  TILIKAN SÉMIOTIK
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1    Métode Panalungtikan
Métode  panalungtikan  anu  digunakeun  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta métode déskriptif analisis. Ieu luyu jeung Ratna 2013, kc.53 anu nétélakeun yén
métode  déskriptif  analisis  téh  nya  éta  métode  anu  ngadéskripsikeun  fakta-fakta anu satuluyna dianalisis.
Prosedur anu bisa dilakonan tina métode  déskriptif ngawengku a analisis, b  interprétasi,  c  évaluasi.  Éta  tilu  tahap  téh  dilakonan  kalawan  sistematis,
faktual,  jeung  akurat,  luyu  jeung  puseur  masalah  anu  geus  ditetepkeun  dina nyanghareupan objék utama panalungtikan Ratna, 2013, kc.53.
3.2    Téhnik Panalungtikan
Téhnik  nu  digunakeun  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta  téhnik  ulikan  studi pustaka, téhnik analisis, jeung téhnik kartu data.
1      Téhnik Ulikan Studi Pustaka Téhnik  Ulikan  Studi  Pustaka  dipatéakeun  pikeun  ngumpulkeun  data  atawa
bahan-bahan  ku  cara  macaan  sarta  neuleuman  eusi  jeung  nalaah  sababaraha pustaka  anu  raket  patalina  jeung  masalah  anu  rék  ditalungtik.  Ieu  téhnik  ogé
pikeun nyangking gambaran tatapakan tiori struktural-sémiotik. 2      Téhnik Analisis
Téhnik  analisis  data  digunakeun  pikeun analisis  data nu  mangrupa struktur naskah drama nu dipatalikeun ma’nana maké kajian sémiotik dina naskah drama
Sadrah. 3      Téhnik Kartu Data
Téhnik Kartu data dipaké dina nganalisis unsur-unsur nu ditéangan sangkan gampang dina ngolah data. Anapon format kartu datana saperti di handap.