Kasang Tukang ANALISIS NASKAH DRAMA “PAJARATAN CINTA” KARYA DHIPA GALUH PURBA : Tilikan Struktural & Stilistika.

NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Sastra mangrupa karya tulis nu miboga unsur éstétika, nu ngagunakeun basa salaku medium utamana. Dina karya sastra pangarang ngaekspresikeun rasana ngaliwatan runtuyan basa anu endah tur pinuh ku ma’na, ieu hal luyu jeung pamadegan Isnendes 2010, kc. 6 nu nétélakeun yén sastra nya éta potensi basa nu ngaronjat tina segi ma’na, ku kituna basa-basa sastra mah ambigu; konotatif; henteu sajalantrahna; henteu saujratna, aya hal-hal nu dikemu salian ti harti kahijina meaning; leksikal. Sastra nya éta hiji karya tinulis nu méré hiburan jeung ditepikeun ngaliwatan basa nu unik, éndah tur artistik sarta nyangkaruk ajén-ajén kahirupan jeung moral nu bisa ngahudangkeun pangalaman, kasadaran, moral, spiritual jeung emosi nu maca Minderop, 2011, kc. 76. Mun disawang tina waktu gelarna sastra dibagi jadi dua nyaéta, sastra buhun jeung sastra modern. Gendre sastra Sunda buhun diantarana carita pantun, wawacan, sisindiran, jeung kakawihan, sedengkeun sastra Sunda modern mah nya éta sajak, prosa, jeung drama. Anu jadi objek dina ieu panalungtikan nyaéta karya sastra wangun drama. Nu kaasup garapan sastra dina wangun drama nya éta naskahna, naskah anu jadi dadasar pintonan drama. Naskah drama mangrupa karangan sastra nu eusina dialog tokoh anu ngaguluyur ngawangun hiji jalan carita, nu engkéna dijieun hiji pintonan drama, ieu hal luyu jeung pamadegan Isnendes 2010, kc. 21 nu nétélakeun yén drama atawa carita drama nya éta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilalakonkeun ku aktor dina pintonan drama. Naskah drama kaasup karya sastra nu teu pati loba diguar jeung teu pati loba dipigandrung lamun dibandingkeun jeung jenis karya sastra séjénna. Ieu hal bisa katitén saeutikna panaluntikan ngeunaan naskah drama, sarta tulisan dina wangun naskah drama ogé teu saloba carpon, sajak, jeung novel. Naskah drama teu saukur bisa dibaca sakumaha umumna karya sastra, jalan carita dina drama bisa katempo gerakna, karasa ringkakna jeung kadangu sorana, nalika hiji naskah NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu drama geus diperankeun ku aktor jadi hiji pintonan drama. Drama bisa dijadikeun salasahiji media pikeun miara basa, utamana basa Sunda, ku wangun drama nu audio visual, carita jeung basa dina drama bisa dilenyepan ku bungkusan nu leuwih ngirut. Ulikan dina ieu panalungtikan nya éta, naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba, nu eusina nyaritakeun sapasang manusa nu hayang ngurebkeun cintana di tempat nu dipercaya bisa ngamusnakeun cinta, nya éta “Pajaratan Cinta”. Naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba ieu kungsi jadi naskah pilihan FDBS, nu dialpukahan ku Teater Sunda Kiwari taun 2012, sakaligus jadi pintonan drama pinujul dina éta pasanggiri, nu dibawakeun ku Teater Lorong Subang. Naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba mangrupa naskah tema cinta nu dibungkus ku jalan carita nu bener-bener unik, imajinatif, jeung ngagunakeun basa-basa kiasan nu beuki ngahirupkeun carita. Hal ieu teu leupas ti kaparigelan pangarang dina ngaekspresikeun eusi carita ngaliwatan susunan dialog-dialog di antara lakon caritana. Tétéla dina hiji drama, dialog mangrupa situasi basa nu kacida pentingna, tapi Hasanudin 1996, kc. 99 nétélakeun garapan basa dina karya sastra henteu ngan saukur dialogna wungkul tapi ogé kudu merhatikeun basa nu dipaké ku pangarang nu jadi situasi basa. Leuwih merenahna nu dimaksud garapan basa di dieu nya éta nu biasa disebut style atawa gaya. Gaya nya éta cara pangarang ngagunakeun basa dina karya sastra. Ngaguar ngeunaan gaya dina karya sastra moal leupas ti kaparigelan pangarang ngagunakeun basa salaku medium utama, kumaha kaparigelan pangarang milih kekecapan sangkan masalah-masalah atawa naon anu dimaksud dina alur carita bisa leuwih kaekspresikeun jeung katepikeun. Tarékah pikeun maham garapan basa dina karya drama sakumaha dina karya sastra séjénna biasana leuwih popular maké istilah kajian stilistika. Nu dimaksud stilistika nya éta élmu anu maluruh ngeunaan dipakéna basa, rakitan basa jeung gaya basa dina hiji karya sastra Tamsyah, 1999, kc. 237 NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gaya basa nya éta rakitan basa kalimah anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh efek anu leleb karasana kanu maca atawa nu ngadéngékeun, ku cara ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén Sudaryat, 2010, kc. 123. Gaya bahasa adalah unsur karya sastra sebagai akibat cara penyusunan bahasa sehingga menimbulkan aspek estetis Ratna 2013, kc. 416. Nurutkeun Keraf 1984, kc. 129 gaya basa dumasar kana langsung henteuna ma’na dibagi jadi dua golongan nyaéta gaya basa retoris jeung gaya basa kiasan. Ieu biasa disebut trope atawa figure of speech nu hartina penyimpangan atawa pembalikan, nu miboga pungsi ngajelaskeun, nguatkeun, ngahirupkeun, atawa pikeun hiasan. Dilarapkeunna ciri has gaya basa hiji tokoh ngaliwatan ucapan-ucapan, dialog-dialog dina drama mangrupa salasahiji hal anu penting diperhatikeun ku pamaca atawa penikmat drama, lantaran ngaliwatan gaya basa nu dipaké ku tokoh-tokoh dina jalan carita, urang bisa leuwih wanoh kana karakter tokohna. Salah sahiji tarékah maham drama nyaéta ku cara niténan atawa merhatikeun ciri has gaya basa tokoh-tokoh nu diwangun ku pangarang. Tapi dina panalungtikan sastra, kaasup téks drama, tarékah pikeun maham gaya basa dianggap kurang penting jeung lain hal nu utama, lantaran situasi basa utama dina drama nyaéta mangrupa dialog. Ku kituna sanajan maké basa tulis tapi tuturan lisan dina basa langsung tetep leuwih dominan dina drama dibandingkeun jeung fiksi, padahal basa kaasup dijerona gaya basa mangrupa pangwangun karya sastra nu kawilang penting pisan Hasanudin, 1996, kc. 100. Dumasar pedaran-pedaran di luhur nu jadi kasang tukang dipilihna naskah drama “Pajaratan Cinta” jadi objek panalungtikan, lantaran ieu naskah téh mangrupa naskah pinujul karya Dhipa Galuh Purba nu bener-bener parigel dina ngulinkeun basa. Salian ti éta, nu ngulik gaya basa dina naskah drama kawilang langka padahal gaya basa mangrupa salasahiji kabeungharan basa nu pinuh ku ajén jeung ma’na nu nyampak ogé dina karya sastra drama, nu di mana bisa nambahan pangaweruh ngeunaan basa jeung sastra. Aya sabaraha panalungtikan saméméhna ngeunaan gaya basa di Jurusan Pendidikan Basa Daerah, diantarana nu nalungtik gaya basa dina novel Widya NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Nur Fajrih nu judulna “Gaya Basa dina Novel Puputon Karya Aam Amalia” 2009, aya ogé nu kungsi nalungtik gaya basa dina sajak nya éta, Hari Ramdani nu judulna “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Lagu Hujan Silampang Karya Etty R.S ” taun 2005, kitu ogé dina carpon geus aya sababaraha urang nu nalangtik, salah sahijina Syamsudin nu judulna “Gaya Basa Dina Kumpulan Carpon Oknum Karya Hadi Aks 2005. Di Jurusan Pendidikan Basa Sunda kungsi ogé aya sababaraha anu nalungtik ngeunaaan drama, diantarana “Analisis Naskah Drama “Meredong” Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM Massardi Ulikan Semiotik ” nu ditalungtik ku Sanjani taun 2012, terus Hendi Perdiansyah kungsi nalungtik “Ajén Moral dina Naskah Drama “Cucunguk” Karya Yoseph Iskandar ” taun 2007 jeung Asri Afriliani kungsi nalungtik “Aspék Sosiologi Naskah Drama “Cempor” Karya R. Hidayat Suryalaga: Tilikan Strukturalisme ” Genetik taun 2007. Panalungtikan gaya basa dina karya sastra lolobana nganalisis gaya basa dina novel, carpon jeung sajak, kitu ogé dina panalungtikan anu maké naskah drama, can aya nu nalungtik ngeunaan gaya basana. Ku kituna, dumasar tinimbang-tinimbang di luhur, ieu panalungtikan ngeunaan Analisis Naskah Drama “Pajaratan Cinta” Karya Dhipa Galuh Purba Tilikan Struktural Stilistika perlu dilaksanakeun.

1.2 Identifikasi Masalah