NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Nur Fajrih nu judulna “Gaya Basa dina Novel Puputon Karya Aam Amalia”
2009, aya ogé nu kungsi nalungtik gaya basa dina sajak nya éta, Hari Ramdani nu judulna
“Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Lagu Hujan Silampang Karya Etty R.S
” taun 2005, kitu ogé dina carpon geus aya sababaraha urang nu nalangtik, salah sahijina Syamsudin nu judulna
“Gaya Basa Dina Kumpulan Carpon Oknum Karya Hadi Aks 2005.
Di Jurusan Pendidikan Basa Sunda kungsi ogé aya sababaraha anu nalungtik ngeunaaan drama, diantarana
“Analisis Naskah Drama “Meredong” Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM
Massardi Ulikan Semiotik ” nu ditalungtik ku Sanjani taun 2012, terus Hendi
Perdiansyah kungsi nalungtik “Ajén Moral dina Naskah Drama “Cucunguk”
Karya Yoseph Iskandar ” taun 2007 jeung Asri Afriliani kungsi nalungtik “Aspék
Sosiologi Naskah Drama “Cempor” Karya R. Hidayat Suryalaga: Tilikan
Strukturalisme ” Genetik taun 2007.
Panalungtikan gaya basa dina karya sastra lolobana nganalisis gaya basa dina novel, carpon jeung sajak, kitu ogé dina panalungtikan anu maké naskah
drama, can aya nu nalungtik ngeunaan gaya basana. Ku kituna, dumasar tinimbang-tinimbang di luhur, ieu panalungtikan ngeunaan Analisis Naskah
Drama “Pajaratan Cinta” Karya Dhipa Galuh Purba Tilikan Struktural
Stilistika perlu dilaksanakeun.
1.2 Identifikasi Masalah
Identifikasi masalah dina ieu panalungtikan nya éta, analisis gaya basa nu aya dina naskah drama
“Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba, dumasar tiori gaya basa Keraf 1998, ngawengku gaya basa dumasar la
ngsung henteuna ma’na nya éta, gaya basa retoris: aliterasi, asonansi,asidenton, ellipsis, eufemismus,
pleonasmeu, jeung hiperbola, sarta gaya basa kiasan: simile, metafora, personifikasi, alusi, metonimia, jeung satire.
NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.3 Rumusan Masalah
Patali jeung panalungtikan, aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun, nya éta:
1 kumaha struktur drama dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba?; 2
gaya basa naon waé nu nyampak dina naskah “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba?;
3 kumaha ma’na gaya basa kiasan nu nyampak dina naskah drama “Pajaratan
Cinta” karya Dhipa Galuh Purba?;
1.4 Tujuan Panalungtikan
1.4.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho struktur, gaya basa jeung ma’na tina gaya basa nu aya dina karya sastra, hususna naskah
drama.
1.4.1 Tujuan Khusus
Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta, pikeun mikanyaho jeung
ngadeskripsikeun:
1 struktur drama nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba; 2
gaya basa naon waé nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba;
3 ma’na gaya basa nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba;
1.5 Métode Panalungtikan
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif analisis. Metode deskriptif analisis, nya éta metode nu dilakukeun ku cara
ngadeskripsikeun fakta-fakta, nu satuluyna disusul ku analisis Ratna, 2013, kc. 53. Prosedur métode déskriptif nya éta analisis, interprétasi, jeung évaluasi.
NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.6 Mangpaat Panalungtikan 1.6.1 Mangpaat Téoritis
Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan nyaéta sangkan bisa méré sumbangan élmu dina hal kasusastraan jeung kabasaan, hususna dina karya sastra
drama.
1.6.1 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan, nya éta: 1
méré informasi ngeunaan struktur carita dina naskah drama; 2
méré informasi ngeunaan gaya basa naon waé nu dipaké dina hiji naskah drama;
3 méré informasi ngeunaan ma’na-ma’na gaya basa nu aya dina hiji naskah
drama; 4
bisa jadi referensi ngeunaan matéri gaya basa nu dipaké dina karya sastra;
1.7 Anggapan Dasar
Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta: 1
gaya basa bisa kapanggih dina karya sastra; 2
naskah drama mangrupa salasahiji jenis karya sastra; 3
dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba kapanggih sababaraha gaya basa;
1.8 Raraga Nulis BAB I ngawengku kasang tukang masalah, idèntifikasi masalah, rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, mètode jeung sarta sistematika nyieun skripsi.
BAB II ngawengku tiori ngeunaan drama, gaya basa jeung stilistika. BAB III ngawengku mètode panalungtikan, wangenan operasional, instrument
panalungtikan jeung teknik ngolah data.
BAB IV ngawengku analisis data
NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V ngawengku kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus
dilaksanakeun.
NENDEN POPI NURASYIAH, 2014 Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan