Rumusan Masalah Raraga Tulisan

5 Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta: 1 pikeun maluruh jeung medar asal-muasal ayana Kasenian Ulin Barong; 2 pikeun maluruh jeung medar runtuyan prak-prakan mintonkeun Kasenian Ulin Barong; 3 pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun unsur-unsur seni nu nyampak dina Kasenian Ulin Barong; 4 pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun ajén éstétis nu nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong; sarta 5 pikeun ngadéskripsikeun luyu henteuna hasil panalungtikan dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan tèh dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh jeung apresiasi budaya hususna kasenian, sarta pikeun ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda ngeunaan bahasan budaya Sunda pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta: 1 pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih jero ngeunaan kasenian nu aya disabudeureuna, nambahan pangaweruh dina widang budaya Sunda, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya ; 2 pikeun masarakat, hasil panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan budaya jeung kasenian, numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda, sarta méré motivasi pikeun ngarojong dina usaha ngamumulé kasenian Sunda di sabudeureuna; 6 Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 pikeun guru, bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan pangajaran, ku cara ngalarapkeun ajén éstétis dina Kasenian Ulin Barong jadi bahan pangajaran; jeung 4 pikeun siswa, bisa mikawanoh kasenian nu aya di sabudeureuna jeung paham kana éstétika dina kabudayaan.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah nu ditalungtik, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi. Dina bab II eusina tiori-tiori ngeunaan ajén éstétis dina Kasenian Ulin Barong jeung bahan pangajaran nu dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah anu ditalungtik, panalungtikan saméméhna, sarta kalungguhan tiori. Dina bab III eusina ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, analisis data, sarta wangenan operasional. Dina bab IV eusina ngeunaan analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan anu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab II. Dina bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan, implikasi, jeung rékomendasi kana panalungtikan nu geus aya. Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu Sugiono, 2010, kc. 2. Métode nu dipaké nya éta métode déskriptif kualitatif. Métode panalungtikan kualitatif nyaéta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun maksud tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya Sugiono, 2010, kc. 8. Métode déskriptif kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun gambaran umum tempat panalungtikan, asal-muasal Kasenian Ulin Barong, prak-prakan Kasenian Ulin Barong, ajén éstétis nu aya dina kasenian Ulin Barong, sarta matalikeun ajén éstétis nu aya dina Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung pikeun pangajaran maca di SMA kelas XII. 24 Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1 Désain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa talaah pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data jeung nyieun laporan panalungtikan. Bagan 3.1 Désain Panalungtikan Permasalahan Ngadéskripsikeun: 1. Asal-muasal kasenian Ulin Barong 2. Prak-prakan kasenian Ulin Barong 3. Unsur-unsur seni nu aya dina kasenian Ulin Barong 4. Ajén éstétis dina kasenian Ulin Barong 5. Larapna kana bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Ngumpulkeun Data talaah pustaka, observasi, wawancara Ngolah Data Nyieun Kacindekan Nyieun Laporan 25 Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan

3.2.1 Partisipan

Partisipan nya éta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan nya éta unsur masarakat nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Partisipan bisa disebut ogé sumber data. Partisipan nu dijadikeun narasumber dina wawancara nya éta pupuhu Kasenian Ulin Barong Lingkung Seni Sekar Saluyu, pamaén Kasenian Ulin Barong, jeung masarakat Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung. Palaku dijadikeun narasumber sabab dianggap nyaho ngeunaan Kasenian Ulin Barong ti mimiti asal-muasal, prak-prakan, jeung maksud nu aya dina éta kasenian. Tabél 3.1 Biodata Informan Biodata Informan Wasta Umur Pakasaban Atikan Alamat Kalungguhan : : : : : :

3.2.2 Tempat Panalungtikan

Lokasi dina ieu panalungtikan nya éta di RT.01RW04 Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung. Dumasar data ti Kalurahan, Sékéloa dibagi jadi 15 RW sarta 88 RT. Dumasar data kependudukan Kalurahan Sékéloa taun

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 15 28

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 8 22

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA : Ulikan Struktural-Sémiotik.

1 29 24

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN RÉOG DONGKOL DI DESA KARYAMUKTI KACAMATAN PATARUMAN KOTA BANJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMP KELAS IX.

2 33 33

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3