6
Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG
D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3 pikeun guru, bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan
pangajaran, ku cara ngalarapkeun ajén éstétis dina Kasenian Ulin Barong jadi bahan pangajaran; jeung
4 pikeun siswa, bisa mikawanoh kasenian nu aya di sabudeureuna jeung paham
kana éstétika dina kabudayaan.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah nu ditalungtik, idéntifikasi
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung
tujuan husus, mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi.
Dina bab II eusina tiori-tiori ngeunaan ajén éstétis dina Kasenian Ulin Barong jeung bahan pangajaran nu dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung
masalah anu ditalungtik, panalungtikan saméméhna, sarta kalungguhan tiori. Dina bab III eusina ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu
panalungtikan, boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan,
téhnik ngumpulkeun data, analisis data, sarta wangenan operasional. Dina bab IV eusina ngeunaan analisis data jeung pembahasan hasil
panalungtikan anu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab II. Dina
bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan, implikasi, jeung rékomendasi kana panalungtikan nu geus aya.
Ai Karlina, 2015 AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG
D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu Sugiono, 2010, kc. 2. Métode nu dipaké nya
éta métode déskriptif kualitatif. Métode panalungtikan kualitatif nyaéta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil
panalungtikanana leuwih nekenkeun maksud tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya Sugiono, 2010, kc.
8. Métode déskriptif kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun
ngadéskripsikeun gambaran umum tempat panalungtikan, asal-muasal Kasenian Ulin Barong, prak-prakan Kasenian Ulin Barong, ajén éstétis nu aya dina kasenian
Ulin Barong, sarta matalikeun ajén éstétis nu aya dina Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung pikeun pangajaran maca
di SMA kelas XII.