6 Rida Lela Meiwindra. 2011. Ulikan Psikologis kana Novél Budak Teuneung
Karangan Samsudi pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP. Sanajan ieu panalungtikan sawanda jeung panalungtikan nu geus
disebutkeun, tapi dina enas-enasna aya bédana, nya éta karya sastra nu dianalisisna jeung ambahan analisisna. Subjék ieu panalungtikan nya éta novél
Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman. Analisisna nyoko kana analisis karya sastrana, anu dianalisis dumasar kana tiori kapribadian Sigmund
Freud. Nganalisis tur ngamutolaah ieu novél ngagunakeun pamarekan psikologi
sastra mangrupa salasahiji tarékah pikeun nyumponan pangabutuh masarakat dina hal papahaman karya. Sabab dumasar kana pamadegan Esten dina bukuna
Kasusastraan Pengantar Teori Sejarah 2000: 32, dina kahirupan kasusastraan Indonésia, salila ieu dianggap aya gap jurang pamisah antara sastrawan
kalawan cipta sastrana jeung masarakat pamacana. Para sastrawan jauh ti masarakatna, nepi ka masarakat miboga ukuran-ukuran anu salah ngeunaan
karangan-karangan anu geus dibacana. Alatan kitu, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji salasahiji rawayan pikeun ngantengkeun hubungan antara sastrawan
katut cipta rasana jeung masarakat pamacana.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Karya sastra nyoko kana karya tinulis jeung lisan nu bahan bakuna média ciptana basa nu has; ambigu; homonim; mibanda katégori-katégori tan aturan;
acak; teu rasional; jeung asosiatif konotatif. Salian ti éta, disebutkeun yén sipat- sipat sastra téh matok kana fiksionalitas, ciciptan, jeung imajinatif. Di sagigireun
ti éta, karya sastra boh prosa boh puisi, ogé drama tinangtu miboga unsur-unsur pangwangunna sakumaha anu diébréhkeun ku Stanton dina Isnendes 2010: 35,
yén karya fiksi diwangun ku unsur-unsur: 1 téma carita; 2 fakta carita alur, tokoh, latar; jeung 3 sarana carita sudut pandang, gaya basa jeung suasana,
simbol-simbol, imaji, judul.
Novél mangrupa karya sastra wangun prosa anu miboga unsur-unsur pangwangunna.
Tokoh jeung
penokohan mangrupa
salasahiji unsur
pangwangunna anu bisa dianggap salasahiji anu pangpentingna. Sok komo upama ditilik tina pamarekan psikologi sastra anu neundeun puseur implengan kana
unsur kajiwaan dina tokoh-tokohna. Istilah psikologi sastra miboga opat kamungkinan sakumaha anu
diébréhkeun ku Renne Wellek Austin Werren 1989: 90, nya éta: 1 studi psikologi pangarang salaku tipe atawa pribadi; 2 studi prosés kréatif; 3 studi
tipe jeung hukum-hukum psikologi anu diterapkeun kana karya sastra; jeung 4 studi psikologi pamaca dampak sastra ka nu maca.
Tapi dina ieu panalungtikan, supaya ambahanana henteu lega teuing, diwatesanan ngan kana aspék nu katilu, nya éta studi tipe jeung hukum-hukum
psikologi anu diterapkeun kana karya sastra.
1.2.2 Rumusan Masalah
Sabadana diidéntifikasi, masalah anu baris ditalungtik diwangun dina kalimah tanya ieu di handap.
1 Kumaha unsur-unsur prosa téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh
jeung penokohan novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman? 2
Kumaha émosi tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman?
3 Kumaha interprétasi struktur kapribadian tokoh-tokoh dina novél Patepung di
Bandung karangan Taufik Faturohman?
1.3 Tujuan Panalungtikan