ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS.

(1)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI

KARANGAN HADI AKS

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Sarat Ujian Sarjana Pendidikan

ku

PRAYOGA ADIWISASTRA NIM 1003318

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Aspék Sosiologi Sastra dina Novel

Saéni

Karangan Hadi AKS

Oleh

Prayoga Adiwisastra

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Prayoga Adiwisastra 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS


(4)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI

KARANGAN HADI AKS1

PRAYOGA ADIWISASTRA2

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul ”Aspék Sosiologi Sastra dina Novel Saéni Karangan Hadi AKS”. Permasalahan dalam penelitian ini adalah bagaimana dan apa saja aspek sosiologi yang terdapat dalam novel Saéni, baik sosiologi pengarang, sosiologi karya sastra, juga sosiologi pembaca. Adapun metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif-analitik yang bertujuan untuk mendeskripsikan data-data, baik lisan maupun tulisan, dan menafsirkan objek penelitian berdasarkan data-data tersebut. Sedangkan téhnik yang digunakan adalah téhnik studi dokumentasi, studi analisis data, dan téhnik wawancara. Berdasarkan penelitian yang telah dilakukan, penelitian ini memperoleh hasil sebagai berikut: (1) terbitnya novel Saéni amat dipengaruhi oleh latar belakang kehidupan pengarang, yaitu kondisi sosial-budaya dan kondisi sosial-politik masyarakat; (2) réalitas sosial dalam novel Saéni adalah réalitas yang benar-benar ada di masyarakat pesisir Banten, serta kritik terhadap budaya, sosial-politik, moral, dan lingkungan alam dapat ditujukan untuk kehidupan masyarakat Indonesia secara umum. Oleh karena itu, pengarang mengharapkan hal-hal yang ditulis dalam karyanya tersebut dapat menjadi bahan pemikiran bagi pembaca, dan menjadi pengalaman sosial; dan (3) terbitnya novel Saéni ternyata amat berdampak kepada pembacanya. Dampak tersebut disampaikan dengan kritik, rasa empati dan antipati terhadap gejala sosial dalam karya tersebut. Melalui penelitian ini, pandangan bahwa sastra adalah cerminan dari kehidupan sosial, terbukti benar adanya. Peneliti berharap kepada peneliti selanjutnya agar melakukan penelitian dengan lebih mendalam. Akhirnya, semoga hasil penelitian ini dapat menambah khazanah bahasa, sastra, dan budaya Sunda beserta pembelajarannya.

Kata kunci: sosiologi sastra, Saéni, Hadi AKS

1 Skripsi di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M. Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum. 2 Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas


(5)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

SOCIOLOGICAL ASPECTS OF LITERATURE IN NOVEL SAÉNI

CREATION HADI AKS1

PRAYOGA ADIWISASTRA2

ABSTRACT

This research titled “Sociological Aspects of Literature in novel Saéni

creation Hadi AKS". The problem in this research is how and what the sociological aspects of the novel Saéni, both authors sociology, sociology of literature, and sociology reader. The method used in this research is the descriptive analytic method aimed to describe data, both oral data, and litterature data, and interpretresearch object based on the data. While the technique used is the technique of study documentation, study data analysis and interview techniques. The results of this study are: (1) the birth of a novel Saéni work’s influenced by the background of the author, social-culture, and social-political situation; (2) the society situation described in the story of novel Saéni is real situation in Banten beach society, criticism of social-culture, sosial-political, and nature environment can adressed for universal Indonesian society. For that, the authors expect things depicted in his work as a thought for the readers, and social experience; and (3) the birth of a collection of novel Saéni apparently affect the reader. The impact was delivered with criticism, empathy and antipathy toward social phenomena depicted in these works. Through this research the notion that literature is a reflection of social life, proved to be true. And recommendation presented for the next researcher to more do reseach deeper. Finally, I hope the results of this research can enrich the repertoire Sundanese language and literature along with learning.

Keywords: sosiological aspects, Saéni, Hadi AKS

_____________________

1 Research under the guidance of Dr. Dedi Koswara, M. Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum.


(6)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

1 Students of the Department of Local Language Education Faculty of Education and Language Arts Education University of Indonesia of 2010


(7)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR GAMBAR ... ix

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Identifikasi Masalah ... 6

1.3 Rumusan Masalah ... 7

1.4 Tujuan Panalungtikan... 7

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.6. Sistematika Penulisan ... 8

BAB II SOSIOLOGI SASTRA, PÉRIODISASI SASTRA, NOVEL SUNDA, JEUNG NOVEL SUNDA 2.1 Sosiologi Sastra ... 9

2.1.1 Wangenan Sosiologi Sastra ... 9

2.1.2 Sajarah Kamekaran Sosiologi Sastra ... 10

2.1.3 Ambahan Sosiologi Sastra ... 11

2.1.4 Strukturalisme Genetik... 12

2.2 Periodisasi Sastra Sunda ... 13

2.3 Novel Sunda ... 14

2.3.1 Wangenan Novel ... 14

2.3.2 Sajarah Kamekaran Novel... 16


(8)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan ... 24

3.2 Téhnik Panalungtikan... 25

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 25

3.2.2 Téhnik Ngolah Data ... 25

3.3 Sumber Data ... 26

3.3.1 Idéntitas Novel Saéni ... 26

3.3.2 Ringkesan Novel Saéni ... 26

3.4 Wangenan Operasional ... 28

3.5 Desain Panalungtikan ... 28

3.6 Desain Panalungtikan ... 29

BAB IV ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS 4.1 Sosiologi Pangarang ... 30

4.1.1 Status Sosial ... 30

4.1.2 Idéologi Politik ... 31

4.2.3 Pribadi Pangarang ... 32

4.2 Sosiologi Karya Sastra ... 33

4.2.1 Kritik Sosial kana Ajén Sosial-Budaya ... 39

4.2.2 Kritik Sosial kana Ajén Sosial Politik ... 44

4.2.3 Kritik Sosial kana Ajén Moral ... 46

4.2.4 Kritik Sosial ka Masarakat nu Mindeng Ngaruksak Alam ... 49

4.3 Sosiologi Pamaca ... 50

4.4 Kacindekan Analisis... 54

BAB V KACINDEKAN & SARAN 5.1 Kacindekan ... 57


(9)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA ... 60

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 63


(10)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa salaku mahluk sosial moal leupas tina prosés interaksi sosial, boh interaksi individu jeung individu, boh individu jeung masarakat, atawa sabalikna. Salian ti éta, manusa ogé ngarandapan pangalaman empirik dina kahirupanana. Sajeroning nyorang hirup kumbuh, manusa mindeng nyurahan rupaning masalah dina kahirupanana. Salah sahiji hasil tina éta prosés nyurahan hirup téh nya éta karya seni.

Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén karya seni raket patalina jeung kahirupan masarakat. Salah sahiji wangun karya seni nya éta karya sastra. Minangka salah sahiji wangun seni, karya sastra moal leupas tina pangaruh masarakat jeung kabudayaanana. Duanana miboga hubungan resiprokal nu gumulung. Ku kituna, karya sastra jadi salah sahiji wujud éksprési idé, tur jadi salah sahiji bagian tina kabudayaan masarakat.

Anapon perkara wangenan sastra, rada hésé ditangtukeun watesanana. Ari anu jadi sabab, lantaran réa définisi sastra nu heureut teuing. Sabalikna, teu saeutik ogé définisi sastra nu lega teuing. Salian ti éta, karya sastra téh kaasup kana widang seni anu mibanda sipat subjéktif. Karya sastra lain élmu éksak anu objéktif tur puguh watesanana. Sok sanajan kitu, di handap aya sababaraha harti sastra nu dipedar ku sawatara ahli.

Koswara (2011, kc. 2), nétélakeun yén di Jerman dipikawanoh istilah

schrifftum jeung dichtung. Schrifftum ngawengku sagala perkara anu tinulis, sedeng dichtung mah ngawengku tulisan anu euweuh patalina sacara langsung jeung kanyataan, tur miboga sipat rékaan, sedeng Tamsyah & Purmawati (1999, kc. 219), ngajéntrékeun yén kecap sastra asalna tina basa Sansakerta, anu ngandung harti ‘buku pangajaran’; ‘élmu pangaweruh’; ‘naskah’; buku-buku


(11)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

suci’. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan. Anu kiwari disebut sastra nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan.

Sacara umum, sastra mibanda fungsi dulce et utile, hartina éndah sarta boga daya guna (Horace dina Wellek jeung Warren, 1990, kc. 25). Éndah ngandung harti miboga ajén éstétik, sedeng boga daya guna hartina méré mangpaat pikeun kahirupan. Salian ti éta, sastra ogé boga fungsi didactic heresy, hartina ngahibur nu maca (Poe dina Wellek jeung Warren, 1989, kc. 25).

Upama nilik kana wujudna, karya sastra bisa dipasing-pasing jadi tilu bagian, nya éta puisi, prosa, jeung carita drama. Salah sahiji wangun karya sastra nya éta novel. Tamsyah & Purmawati (1999, kc. 159) nétélakeun yén novel minangka salah sahiji karya sastra prosa miboga ciri-ciri: méré kesan lir enya-enya kajadian, sarta ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Dina novel aya sababaraha kajadian anu sambung-sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih (upama dibandingkeun jeung carita pondok, upamana). Atuh palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung palaku panambah (figuran), sanajan henteu mutlak kitu.

Karya sastra mémang miboga sipat imajinatif, tapi karya sastra lain dongéng nu ngumbar imajinasi, atawa fantasi nu kaleuleuwihi. Cindekna, Teeuw (Nurgiyantoro, 1998, kc. 6) ngadadarkeun yén dina karya sastra aya gurat nu nganteng antara hal nu faktual jeung hal nu imajinatif.

Sastra salaku pangwangun ajén kamanusaan teu kudu dipihamham deui. Lantaran ngan manusa nu mibanda rasa linuhung, minangka hiji mahluk nu diciptakeun ku Pangéran pinuh ku budi akal. Nya ngan manusa nu mampuh nepikeun sipat-sipat kamanusaanana dina karya sastra (Isnendes, 2007, kc. 14).

Dumasar pedaran di luhur, karya sastra éstu raket patalina jeung kahirupan masarakat. Pon kitu deui novel nu miboga rohang téks nu lega. Dina novel pangarang kacida laluasa pikeun ngarékam tur nyurahan rupaning masalah sosial. Minangka karya sastra prosa nu panjang, novel baris ngasongkeun masalah nu


(12)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

gemet tur kompleks. Ku kituna, novel nu ngagambarkeun realitas sosial baris merenah ditalungtik ku pamarekan sosiologi sastra.

Pikeun nalungtik hiji karya sastra, réa téori jeung pamarekan nu bisa digunakeun. Malah teu saeutik élmu-élmu séjén nu dipatalikeun jeung élmu sastra pikeun ngahontal pangabutuh panalungtikan, atawa mibanda sipat intertekstual. Upamana baé, élmu sosiologi, psikologi, sajarah, jeung cultural studies.

Pon kitu deui pamarekan sosiologi sastra, taya lian ti dua widang élmu nu dihijikeun. Nurutkeun Swingewood dina bukuna The Sociology of Literature

(Faruk, 2012, kc. 1), sosiologi nya éta pamarekan anu ilmiah tur objéktif ngeunaan manusa dina hirup kumbuhna di masarakat, sarta studi ngeunaan lembaga-lembaga tur prosés-prosés sosial. Sedeng sastra bisa disebut salasahiji lembaga sosial nu ngagunakeun basa minangka médiumna. Cindekna, sosiologi sastra nya éta ulikan sosiologi ngeunaan karya sastra dumasar prinsip élmu sosiologi jeung sastra.

Pamarekan sosiologi sastra béda jeung pamarekan nu neueulkeun kana prinsip otonomi sastra. Pamarekan sosiologi sastra miboga pamadegan yén karya sastra jeung kasang tukang sosial téh lain dunya nu séwang-séwangan, patukang tonggong, sarta taya gurat badag nu nganteng. Sosiologi sastra miboga pamadegan yén antara karya sastra, pangarang, jeung kasang tukang sosial téh mibanda

hubungan anu sipatna silih pangaruhan atawa resiprokal.

Pamarekan sosiologi sastra miboga pamadegan yén karya sastra téh narima pangaruh ti masarakat, sakaligus mampuh méré pangaruh pikeun masarakat. Malah masarakat mindeng nangtukeun ajén karya sastra dina hiji jaman. Sedeng sastrawan taya lian ti anggota masarakat nu teu bisa leupas tina pangaruh ti lingkungan masarakat di sabudeureunana (Semi, 2012, kc. 92)

Kawas tiori sastra nu séjénna, sosiologi sastra gé miboga sababaraha ambahan. Ian Watt (Damono, 1979, kc. 3) nétélakeun aya tilu ambahan dina pamarekan sosiologi sastra. Kahiji, kontéks sosial pangarang. Ieu kontéks nalungtik: (a) kumaha cara pangarang dina nyiar napakah; (b) perkara


(13)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

profésionalisme pangarang dina pakasabanana, tepi ka mana pangarang nganggap pakasabanana minangka hiji profési; (c) masarakat nu kumaha nu ditujul ku pangarang. Kadua, sastra minangka eunteung masarakat. Ieu kontéks maluruh tepi ka mana karya sastra bisa jadi eunteung kahirupan masarakat. Utamana ieu kontéks nalungtik: (a) tepi ka mana karya sastra jadi eunteung masarakat, sabab ciri-ciri masarakat nu ditulis dina karya sastra, bisa jadi geus teu lumaku deui dina mangsa pangarang nulis karya sastra; (b) pangarang mindeng milih fakta-fakta sosial nu tangtu, cindekna tepi ka mana pangaruh sipat pangarang kana karya nu ditulisna; (c) génre sastra mindeng jadi sikep sosial hiji kelompok, lain sikep sosial nu universal, cindekna tepi ka mana génre sastra bisa ngawakilan masarakat; (d) karya sastra nu satékah polah ngagambarkeun kaayaan sosial kalawan gemet, bisa jadi teu bisa dipercaya ku masarakat sacara gembleng. Katilu, fungsi sosial sastra. Dina ieu kontéks, aya tilu hal nu jadi bahan panalungtikan: (a) kaom Romantik nganggap yén karya sastra téh sarua jeung karya nabi, hartina tepi ka mana pangaruh karya sastra kana ajén sosial; (b) dina jihat séjén, karya sastra dianggap sakadar panglipur, tepi ka mana karya sastra dianggap minangka panglipur; (c) aya hiji kompromi klasik: sastra kudu ngajarkeun hiji hal ku cara nu ngalipur.

Sacara umum, pamarekan sosiologi sastra raket patalina jeung konsép

mimesis. Hartina karya sastra dianggap minangka eunteung tina kahirupan masarakat. Sok sanajan kitu, karya sastra teu sagemblengna minangka hasil tina mindahkeun kahirupan nyata kana karangan. Karya sastra mangrupa hasil rékaan pangarang dina nyurahan kahirupan kalawan jihat sawangan nu teu ragem. Salian ti éta, sosiologi sastra ogé nalungtik ajén-ajén sosial, ajén-ajén bebeneran, kabudayaan, interaksi sosial, lembaga sosial, sarta masalah sosial dina karya sastra.

Nu jadi objék dina ieu panalungtikan nya éta novel Saéni karangan Hadi AKS. Ieu novel dipilih dumasar tinimbangan: (1) euyeub ku unsur lokalitas, utamana dina ngagambarkeun masalah sosial jeung budaya di wewengkon basisir


(14)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Banten; (2) ayana gurat nu nganteng antara gaya basa dialék Banten jeung carita nu dipidangkeun dina ieu novel; sarta (3) ngandung kritik jeung ajén sosial.

Hadi AKS geus kasohor minangka pangarang nu kritis, tur karya-karyana euyeub ku unsur lokalitas basisir Banten. Hadi lahir 16 Méi 1965 di Citapis, pasisian kulon Pandéglang. Sanggeus lulus ti SPGN Pandéglang taun 1984, Hadi nuluykeun kuliah di Jurusan Pendidikan Basa & Sastra Sunda IKIP Bandung. Ti harita Hadi mimiti katarik kana dunya sastra Sunda. Mimiti resep nulis taun 1985. Éta karesep téh beuki ngagalura sanggeus milu kursus ngarang Sundanologi taun 1986. Karangan nu munggaran dimuat nya éta sajak Bandéra Hideung nu dimuat dina Kalawarta Kujang. Sedeng carponna nu munggaran nya éta Nu Mulang Pasosoré, dimuat dina majalah Katumbiri.

Hadi ogé mindeng kasinugrahan pangajén dina widang sastra. Di antarana Hadiah Sastra LBSS, D.K. Ardiwinata, Anugrah Soeria Di Radja, Hadiah Sastra R.H. Oeton Moechtar, Hadiah Sastra Paguyuban Pasundan, sarta Pinunjul 1 Pasanggiri Nulis Fiksimini di Unpad taun 2011. Anapon karya-karyana nu geus medal mangrupa buku di antarana kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan sajak Ombak Halimun (2002), kumpulan carpon Kalapati (2011), jeung novel

Saéni (2014). Kiwari Hadi nganjrek di Lembang. Salian ti ngajar di SMPN 3 Lembang, Hadi jeung istrina, Ai Koraliati, ngokolakeun Saung Sastra Lembang.

Opat karya Hadi di luhur, utamana novel Saéni, ngandung ajén-ajén budaya sarta masalah-masalah sosial nu kawilang kompleks tur jembar. Warna lokalitas dina novel Saéni teu saukur jadi papaés atawa ornamen wungkul, tapi éstu dalit ngahiji jeung lelembutan pangarang katut karyana. Ieu novel ogé ngandung

gejala-gejala sosial nu teu konvensional. Ku kituna, geusan nalungtik éta perkara, perlu dilaksanakeun panalungtikan kalawan ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra.

Mémang geus réa panalungtik nu ngayakeun panalungtikan ngeunaan sosiologi sastra. Éta panalungtikan-panalungtikan téh di antarana, ”Aspék Sosiologi Sastra dina kumpulan Carpon Nu Baralik ManggungKarangan Nano S”


(15)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(Fery Timorocmadi, 2005); “Kajian Sosiologi Sastra kana Novel Carios Agan Permas Karya Joehana” (Amelia Fauziah); ”Aspék Sosiologi Sastra dina Novel

Kembang-Kembang Petingan Karangan Holisoh M.E.” (Dewi Supriyatin Imanti, 2005); “Analisis Perspéktif Biografis kana Antologi Sajak Jiwalupat Karya Godi Suwarna: Panalungtikan Sosiologi Sastra” (Dea Lugina, 2009) ”Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon (Murang-Maring jeung Serat Sarwasatwa) jeung Novel (Sandékala jeung Déng) Karangan Godi Suwarna” (Ari Andriansyah, 2009); ”Sosiologi Sastra kana Kumpulan Carpon

Oknum Karangan Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” (Tika Yuanita, 2011); jeung “Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang Dihargaan karya Darpan” (Arif Abdillah, 2013).

Salian ti panalungtikan dina wangun skripsi di luhur, sawatara masarakat sastra sakaligus sastrawan jeung kritikus ogé kungsi nulis éséy ngeunaan novel

Saéni karangan Hadi AKS, di antarana baé: (1) Teddi Muhtadin: Miindung ka Laut, Mibapa ka Sagara (panganteur novel Saéni, 2014); (2) Popon Saadah:

Carnyam ”Saéni” Hasil Kréatifitas Pangarangna? (Lir Cahya Nyorot Eunteung,

2014); (3) Saini K.M., Duduh Durahman, Karno Kartadibrata: Béjér Pangajén Hadiah Sastra Sayembara Ngarang R. Oeton Moechtar (Majalah Manglé No. 1844, 10-16 Januari 2002); (4) Abdullah Mustapa: Saéni jeung Ijan, Antara Biheung jeung Rémpan (Awal Ramadhan 1425 H); (5) Ajip Rosidi: Hadiah Sastra Rancagé 2008, Karya Sastra Sunda: Buku Roman “Sandékala” Karya Godi Suwarna Baris Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2008 (www.sundanews.com, 2012); (6) Hawe Setiawan: Nu Goréng Patut Teu Alus Milik

(www.sundanews.com, 2012); sarta (7) M. Taufan Musonip: Arti Mitologi Bagi Kreatifitas Kita (www.mtaufanmusonip.blogspot.com, 2007)

Dumasar judul panalungtikan-panalungtikan di luhur, katémbong can aya panalungtik nu nalungtik ngeunaan novél Saéni kalawan ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra. Lian ti éta, pedaran séjén nu nalungtik novel Saéni gé ukur


(16)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

ngawujud dina wangun éséy. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Aspék Sosiologi Sastra dina Novel SaéniKarangan Hadi AKS” perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana, ambahan ieu panalungtikan perlu diwatesanan. Ku sabab, upama ambahan ieu panalungtikan teu diwatesanan, tangtu ieu panalungtikan bakal picawérangeun. Ku sabab ambahan sosiologi sastra kawilang lega, ieu panalungtikan téh rék diwatesanan luyu jeung pamadegan Wellek jeung Warren (1989: 111), nu medar: (1) sosiologi pangarang, nu nalungtik status sosial, ideologi politik, jeung hal-hal nu patalina ngeunaan pribadi pangarang; (2) sosiologi karya sastra, nu nalungtik karya katut ma’na, tujuan, jeung kontéks karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, nu nalungtik pamaca jeung pangaruh karya sastra pikeun masarakat.

1.3 Rumusan Masalah

Sangkan ambahan panalungtikan teu lega teuing, ieu panalungtikan tangtu perlu diwatesanan. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya di handap.

1) Kumaha aspék sosiologi pangarang dina novel Saéni? 2) Kumaha aspék sosiologi karya sastra dina novel Saéni?

3) Kumaha sawangan masarakat (sastrawan, kritikus) kana novel Saéni?

1.4 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kasang tukang katut rumusan masalah anu di luhur, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) aspék sosiologi pangarang dina novel Saéni;

2) aspék sosiologi karya sastra dina novel Saéni; jeung


(17)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

1.5 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat sakumaha nu dipedar di handap.

1) pikeun panalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung pangalaman panalungtik;

2) pikeun référénsi, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi pikeun lembaga, sarta sastra Sunda; jeung

3) pikeun masarakat, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan référénsi ngeunaan kasang tukang sosial hiji karya sastra, sarta mikanyaho yén karya sastra téh dalit jeung kahirupan masarakat

1.6 Sistematika Penulisan

Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta: Bab I bubuka, medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan; Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan, medar sosiologi sastra, strukturalisme génetik, periodisasi sastra sunda, jeung novel Sunda; Bab III eusina ngeunaan métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, desain panalungtikan, jeung instrumén panalungtikan; Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina panalungtikan, nya éta ngeunaan sosiologi sastra dina novel Saéni; Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal nu aya patalina jeung panalungtikan.


(18)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan

Kecap métode asalna tina kecap methodos (basa Latén). Sedeng kecap

methodos asalna tina kecap meta jeung hodos. Anapon kecap meta hartina ngaliwatan, nuturkeun, jeung sanggeus, sedeng kecap hodos mibanda harti jalan, padika, jeung arah. Sacara umum, metode miboga harti padika, tarékah, stratégi pikeun maham realitas (kanyataan), sarta léngkah-léngkah sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab-akibat (kausalitas). Salian ti éta, minangka alat, métode mibanda fungsi pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan (Ratna, 2013, kc. 34).

Dina enas-enasna, métode téh minangka léngkah ngahontal hiji udagan panalungtikan sangkan nyangking hasil nu gemet tur gembleng. Ku kituna, unggal panalungtikan baris merlukeun métode anu luyu jeung objék panalungtikan, sarta udagan nu hayang dihontal.

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta deskriptif-analitik.

Ieu métode dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu saterusna baris dianalisis. Sacara etimologis, istilah deskripsi jeung analisis teu sakadar miboga harti ngadadarkeun, tapi dibarengan ku maham tur mampuh méré pedaran nu gembleng (Ratna, 2013, kc. 53).

Objék nu baris ditalungtik nya éta novel Saéni karangan Hadi AKS. Sedeng metode nu digunakeun nya éta métode deskripstif analitik. Ieu metode dipilih lantaran luyu jeung objék nu ditalungtik, nya éta novel Saéni nu ngagambarkeun kaayaan sosial masarakat, sarta pamarekan sosiologi sastra nu nalungtik aspék sosiologi dina karya sastra tur masarakat pangarangna. Anapon anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta aspék sosiologi pangarang, sosiologi karya sastra, jeung sosiologi sastra pamaca dina novel Saéni karangan Hadi AKS.


(19)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Métode deskriptif-analitik dina ieu panalungtikan ngaliwatan tilu léngkah di handap.

1. Nangtukeun tatapakan téoritis.

2. Néangan sumber-sumber fakta, boh lisan boh tulisan, pikeun ngarojong panalungtikan.

3. Nganalisis objék panalungtikan, dumasar kana sumber-sumber faktana.

3.2 Téhnik Panalungtikan

Téhnik minangka alat dina panalungtikan, miboga sipat konkret. Sedeng minangka instrumén panalungtikan, téhnik bisa dipaluruh sacara indrawi (Ratna, 2013: 37). Luyu jeung métode anu digunakeun, ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik dokuméntasi, jeung wawancara. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun néangan data anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan sastra, téhnik analisis data dipaké dina prak-prakan nganalisis jeung milah-milih data anu kapanggih dina sumber data, nya éta novel Saéni ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra.

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina téhnik ngumpulkeun data, aya sawatara léngkah anu dilakukeun saperti ieu di handap:

1) milah jeung milih data; sarta 2) ngolom-ngolomkeun data.

3.2.2 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data, panalungtik ngagunakeun téhnik analisis data. Sabada data dikumpulkeun, data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap:

1) niténan deui data anu geus dikumpulkeun;

2) milihan sawatara novel anu dianggap raket patalina jeung data anu geus dikumpulkeun;


(20)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4) ngadéskripsikeun, nafsirkeun, tur nyindekkeun data anu geus diolah.

3.3 Sumber Data

Anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta novel karyana Hadi AKS, judulna Saéni citakan anu ka-2, diterbitkeun ku penerbit Kiblat Buku Utama. Laju ditalungtik jeung dipedar kondisi masarakat dina éta carpon, kondisi masarakat pangarangna, pangarang jeung masarakat anu maca karangan Hadi AKS.

Masarakat dina ieu panalungtikan nya éta masarakat anu boga pamahaman, sarta interprétasi ngeunaan karya sastra anu boga ajén ngaliwatan média massa, jeung individu anu bisa dijadikeun sumber panalungtikan. Éta masarakat téh bisa disebut masarakat sastra nu diwakilan ku sastrawan jeung kritikus.

3.3.1 Idéntitas Novel Saéni

Novel Saéni téh minangka novel munggaran karangan Hadi AKS, anu diterbitkeun ku Grafindo Media Pratama taun 2007. Saterusna ieu novel diterbitkeun deui ku Kiblat Buku Utama bulan Maret taun 2014, kalawan panganteur Teddi Muhtadin. Ieu novel kandelna 151 kaca, kaasup idéntitas pangarang, sasakala carita (panganteur pangarang), sarta panganteur Teddi Muhtadin. Jilidna dipasieup ku lukisan warna biru nu dirarancang ku Ésti Lestarini.

Saméméh diterbitkeun, ieu novel kungsi dilélér pinunjul kahiji pasanggiri ngarang novel Hadiah Sastra Oeton Moechtar nu diayakeun ku majalah Manglé

taun 2000-2001. Pinunjulna mangrupa 3 pinunjul satata. Salian ti novel Saéni,

pinunjul kahiji satata séjénna nya éta novel Sandékala karangan Godi Suwarna, jeung novel Ujay Kodok karangan Tatang Sumarsono. Saterusna novel Saéni dimuat jadi carita nyambung dina majalah Manglé taun 2002.


(21)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Novel Saéni nyaritakeun ngeunaan tokoh Ijan nu katarik ka Nyi Saéni, sripanggung ubrug Bénhur. Malah Ijan milu nganteurkeun Nyi Saéni ka Gunung Keneng. Tapi Ijan saterusna ngarasa tugenah, lantaran Nyi Saéni kaburu dipihukum ku tokoh bapa nu geus lila jadi duda. Cindekna, Nyi Saéni téh jadi indung téré Ijan. Ijan ngarasa bapa téga megatkeun duriat anak, tepi ka Ijan mindeng kabur ti imahna.

Sabada Nyi Saéni ngalilipur haté Ijan, ti harita Ijan bisa narima kanyataan. Basa Nyi Saéni keur kakandungan, tur bapa geus lawas tu mulang, duriat Ijan bet kahudang deui, lantaran di imah ukur aya Ijan jeung Nyi Saéni. Laju teu lila Nyi Saéni kaguguran, nya ti harita bapa ampleng-amplengan ngalaut, tepi ka kabéjakeun tilar dunya.

Sanggeus ditilar ku bapa, Nyi Saéni dibawa ku Ki Cindul, pupuhu kasenian ubrug ka Gunung Keneng sangkan Nyi Saéni jadi sripanggung deui. Ijan gé milu nuturkeun Nyi Saéni ka Gunung Keneng, lantaran Ijan di imah mindeng gering. Tapi duriat Ijan angger baé teu bisa laksana, sabab Saéni kaburu dikawin ku Ki Baidin, jawara di éta wewengkon. Tungtungna Ijan mulang deui ka lemburnna.

Gambar 3.1 Cover Buku Novel Saéni


(22)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré, perlu didadarkeun sababaraha wangenan nu ditulis jadi wangenan operasional di handap.

1) Sosiologi sastra nya éta pamarekan anu nalungtik hubungan antara karya sastra jeung masarakatna. Masarakat dina ieu panalungtikan diwakilan ku masarakat pangarangna, anu maca éta karya ngaliwatan média, hususna kritikus nu nulis kritik dina média citak jeung éléktronik (internét).

2) Strukturalisme genetik miboga pamadegan yén struktur karya sastra téh moal leupas tina faktor-faktor sosial anu mangaruhan karya sastra.

3) Novel Saéni minangka novel karangan Hadi AKS anu munggaran. Dina ieu novel, eusina euyeub ku unsur-unsur lokalitas basisir wewengkon Banten, sarta téma-témana dalit jeung kaayaan sosial. Salian ti éta, eusina ogé ngagambarkeun masalah hubungan antara bapa, indung téré, jeung anak téré.


(23)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

3.5 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan aya sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta: (1) tatahar; (2) ngumpulkeun data; (3) nganalisis data; (4) nyieun kacindekan; jeung (5) nyusun laporan panalungtikan. Sangkan leuwih jéntré, tahap léngkah panalungtikan di luhur baris dijieun bagan di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.6 Instumen Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (1998: 147) instumén nya éta alat bantu nalika panalungtik ku cara ngagunakeun hiji téhnik panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:

1) pedoman wawancara, dilakukeun pikeun maluruh jeung nguatkeun data ti pangarang; jeung

2) kartu data data digunakeun pikeun ngababarikeun milih data nu kapanggih tina téks sumber data panalungtikan.

Tabél 2 Conto Kartu Data

Tatahar panalungtikan Ngumpulkeun data

Nganalisis data Nyieun Kacindekan

Nyusun Laporan

1. No………

2. Aspék sosiologi sastra nu kapanggih……...

3. Sempalan carita………

4. Palaku………...


(24)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS


(25)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN & SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén ieu panalungtikan aspék sosiologi sastra dina novel Saéni karangan Hadi AKS, nu ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang; (2) sosiologi karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, ngagunakeun métode deskriptif-analitik. Ku téhnik studi analisis data, studi dokuméntasi, jeung téhnik wawancara, tilu aspék sosiologi sastra katut kamekaran pangarang jeung karya-karyana bisa katalungtik. Tétéla salah sahiji aspék sosiologi pangarang, nya éta kasang tukang pangarang nu lahir di basisir Banten, miboga hubungan jeung aspék sosiologi karya sastra nu euyeub ku warna lokalitas basisir Banten. Pon kitu deui dina aspék sosiologi pamaca, masarakat sastra sapuk novel Saéni dalit pisan ku unsur lokalitas basisir Banten.

Tina hasil panalungtikan sosiologi pangarang, kapaluruh yén Hadi AKS téh kaasup pangarang Sunda angkatan ’90-an. Hadi AKS ogé kawilang kritis dina niténan tur nyurahan kahirupan masarakat leutik di basisir wewengkon Banten. Hal éta jadi ciri mandiri dina karangan-karangan Hadi AKS. Kaayaan géografis, sosial, politik, moral, basa wewengkon Banten, katut kabudayaan basisir Banten éstu geus namper dina lelembutan Hadi AKS. Ku kituna, antara pangarang jeung

realitas nu ditulis téh geus dalit ngahiji, méh taya jarak nu misahkeun.

Novel Saéni katitén ditulis ku pangarangna ngaliwatan riset nu gemet. Sagala anu aya patalina jeung wewengkon basisir Banten, geus digambarkeun ku pangarangna kalawan gemet tur nodél mamaras. Hartina, ieu novel lain karangan nu ditulis tina hasil ngalamun. Hal éta tangtu ditulis ku Hadi AKS kalawan kasadaran jeung motif nu tangtu. Hadi AKS miboga kasadaran jeung motif hayang nulis novel nu kaluar tina mainstream novel-novel Sunda, nu réréana ngagambarkeun kabudayaan Priangan. Cindekna, Hadi AKS hayang ngagambarkeun kabudayaan lokal basisir Banten, katut masalah-masalah di jerona.


(26)

Dina perkara basa, Hadi AKS katémbong geus ngawasa basa Sunda nu merenah tur éndah. Salah sahiji ciri basa nu mandiri dina novel Saéni, nya éta diwuwuhan ku basa wewengkon Banten. Éta basa wewengkon Banten téh diadumaniskeun jeung gaya basa Hadi AKS nu ngagalindeng. Gaya basa nu ngagalindeng kitu téh digunakeun ogé ku pangarang séjén, upamana baé Sjarif Amin, RAF, Dian Hendrayana, jeung Wahyu Wibisana. Anapon anu ngabédakeunana, éta opat pangarang mah réa nyaritakeun wewengkon Priangan, sedeng Hadi AKS réa nyaritakeun wewengkon basisir Banten. Tétéla Hadi AKS leuwih milih basa nu ngalindeng pikeun ngagambarkeun kaayaan basisir nu masarakatna réa ngagunakeun basa nu garihal. Hal éta tangtu bakal mangaruhan kana gambaran kaayaan basisir nu kacangking ku pamaca. Papadaning kitu, Hadi AKS geus katitén kamampuhna dina ngawangun gaya basa nu éstétik.

Sakumaha nu geus dipedar di luhur, dina novel Saéni Hadi AKS ngasongkeun dua jagat anu béda, nya éta jagat fisik jeung jagat gaib. Dina méré tempat ka éta dua jagat, Hadi AKS geus méré tempat nu cukup adil, duanana sina lawung pada lawung. Ku kituna, ieu novel teu sakadar ngalilipur nu maca, tapi ngasongkeun dua jagat pikeun disurahan ku nu maca.

Karya sastra lain sakadar mindahkeun dunya nyata kana karangan fiksi, tapi kudu miboga jihat sawangan, atawa hasil surahan nu mandiri ti pangarangna. Éta jihat sawangan téh mindeng nguniangkeun kritik nu implisit. Pon kitu deui dina novel Saéni, katitén ngandung kritik sosial. Cindekna, tétéla novel Saéni téh ngandung kritik sosial kana ajén budaya, kritik sosial kana ajén sosial-politik, kritik sosial kana ajén moral, sarta kritik sosial ka masarakat nu mideng ngaruksak alam.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan ngeunaan aspék sosiologi sastra dina novel Saéni

karangan Hadi AKS, nu ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang; (2)

sosiologi karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, ngagunakeun analisis strukturalisme genetik sarta métode déskriptif analitik. Dumasar hal éta, ka


(27)

hareupna dipiharep aya mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, jeung masarakat akademik séjénna, nu nalungtik aspék sosiologi sastra dina novel Saéni

kalawan leuwih teleb tur gemet.

Salian ti éta, ieu panalungtikan téh minangka panalungtikan murni ulikan sastra. Ku kituna, ka hareupna perlu aya panalungtikan dina wanda séjén séjén kana ieu karya, upamana baé dipatalikeun tur dilarapkeun pikeun bahan ajar di sakola.


(28)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

AKS, Hadi. 2013. Saéni. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Abdillah, Arif. 2013. Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang Dihargaan Karya Darpan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Andriansyah, Ari. 2009. Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon (Murang-Maring jeung Serat Sarwasatwa) jeung Novel (Sandékala jeung Déng) Karangan Godi Suwarna. (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Damono, Sapardi Djoko. 1979. Sosiologi Sastra, Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa.

Dewojati, Cahyaningrum. 2010. Drama, Sejarah, Teori, dan Perkembangannya.

Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Durahman, Duduh, K.M., Saini, jeung Kartadibrata, Karno. 2002. Béjér Pangajén Hadiah Sastra Sayembara Ngarang R. Oeton Moechtar.

Bandung: Majalah Manglé, No. 1884.

Faruk. 1991. Hilangnya Pesona Dunia. Yogyakarta: Yayasan Adikarya IKAPI ______. 2012. Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai

Post Modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Rétty. 2007. Teori Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.


(29)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Junus, Umar. 1985. Sosiologi Sastera. Persoalan Teori dan Metode. Selangor: Dewan Bahasa dan Pustaka Kementerian Pelajaran Malaysia

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. 2008. Bandung: Sonagar Press.

Karsana, Ano & Rétty Isnéndés. 2008. Lir Cahya Nyorot Eunteung. Bandung: Sonagar Press.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Minderop, Albertin. 2011. Psikologi Sastra. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Moriyama, Mikihiro. 2013. Semangat Baru. Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad Ke-19. Depok: Komunitas Bambu.

Nurgiyantoro, Burhan. 1998. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Rahardjo, Supratikno. Kota Banten Lama. Mengelola Warisan Untuk Masa Depan. Jakarta: Wedatama Widya Sastra.

Ratna. 2011. Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra dari Strukturalisme hingga Postrukturalisme Perspektif Wacana Naratif. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

_______. 2013. Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, Ajip. 2003. Apa Siapa Orang Sunda. Bandung: Kiblat.

Ruhaliah. 2002. Sejarah Sastra Sunda (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Satjadibrata, R. 2005. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. Semi, Atar. 2012. Metode Penelitian Sastra. Bandung: CV Angkasa.


(30)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia

Tamsyah, Budi Rahayu & Tati Purmawati. 1999. Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tim Penyusun Penulisan Karya Ilmiah. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wellek, Rene jeung Austin Warren. 1989. Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Yuanita, Tika. 2010. Kajian Sosiologi Sastra Kana Kumpulan Carpon Oknum

Karangan Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA.

Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Sumber Online:

www.mtaufanmusonip.blogspot.com(akses: 14 September 2014) www.sundanews.com (akses: 15 September 2014)


(1)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN & SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén ieu panalungtikan aspék sosiologi sastra dina novel Saéni karangan Hadi AKS, nu ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang; (2) sosiologi karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, ngagunakeun métode deskriptif-analitik. Ku téhnik studi analisis data, studi dokuméntasi, jeung téhnik wawancara, tilu aspék sosiologi sastra katut kamekaran pangarang jeung karya-karyana bisa katalungtik. Tétéla salah sahiji aspék sosiologi pangarang, nya éta kasang tukang pangarang nu lahir di basisir Banten, miboga hubungan jeung aspék sosiologi karya sastra nu euyeub ku warna lokalitas basisir Banten. Pon kitu deui dina aspék sosiologi pamaca, masarakat sastra sapuk novel Saéni dalit pisan ku unsur lokalitas basisir Banten.

Tina hasil panalungtikan sosiologi pangarang, kapaluruh yén Hadi AKS téh kaasup pangarang Sunda angkatan ’90-an. Hadi AKS ogé kawilang kritis dina niténan tur nyurahan kahirupan masarakat leutik di basisir wewengkon Banten. Hal éta jadi ciri mandiri dina karangan-karangan Hadi AKS. Kaayaan géografis, sosial, politik, moral, basa wewengkon Banten, katut kabudayaan basisir Banten éstu geus namper dina lelembutan Hadi AKS. Ku kituna, antara pangarang jeung realitas nu ditulis téh geus dalit ngahiji, méh taya jarak nu misahkeun.

Novel Saéni katitén ditulis ku pangarangna ngaliwatan riset nu gemet. Sagala anu aya patalina jeung wewengkon basisir Banten, geus digambarkeun ku pangarangna kalawan gemet tur nodél mamaras. Hartina, ieu novel lain karangan nu ditulis tina hasil ngalamun. Hal éta tangtu ditulis ku Hadi AKS kalawan kasadaran jeung motif nu tangtu. Hadi AKS miboga kasadaran jeung motif hayang nulis novel nu kaluar tina mainstream novel-novel Sunda, nu réréana ngagambarkeun kabudayaan Priangan. Cindekna, Hadi AKS hayang ngagambarkeun kabudayaan lokal basisir Banten, katut masalah-masalah di jerona.


(2)

Dina perkara basa, Hadi AKS katémbong geus ngawasa basa Sunda nu merenah tur éndah. Salah sahiji ciri basa nu mandiri dina novel Saéni, nya éta diwuwuhan ku basa wewengkon Banten. Éta basa wewengkon Banten téh diadumaniskeun jeung gaya basa Hadi AKS nu ngagalindeng. Gaya basa nu ngagalindeng kitu téh digunakeun ogé ku pangarang séjén, upamana baé Sjarif Amin, RAF, Dian Hendrayana, jeung Wahyu Wibisana. Anapon anu ngabédakeunana, éta opat pangarang mah réa nyaritakeun wewengkon Priangan, sedeng Hadi AKS réa nyaritakeun wewengkon basisir Banten. Tétéla Hadi AKS leuwih milih basa nu ngalindeng pikeun ngagambarkeun kaayaan basisir nu masarakatna réa ngagunakeun basa nu garihal. Hal éta tangtu bakal mangaruhan kana gambaran kaayaan basisir nu kacangking ku pamaca. Papadaning kitu, Hadi AKS geus katitén kamampuhna dina ngawangun gaya basa nu éstétik.

Sakumaha nu geus dipedar di luhur, dina novel Saéni Hadi AKS ngasongkeun dua jagat anu béda, nya éta jagat fisik jeung jagat gaib. Dina méré tempat ka éta dua jagat, Hadi AKS geus méré tempat nu cukup adil, duanana sina lawung pada lawung. Ku kituna, ieu novel teu sakadar ngalilipur nu maca, tapi ngasongkeun dua jagat pikeun disurahan ku nu maca.

Karya sastra lain sakadar mindahkeun dunya nyata kana karangan fiksi, tapi kudu miboga jihat sawangan, atawa hasil surahan nu mandiri ti pangarangna. Éta jihat sawangan téh mindeng nguniangkeun kritik nu implisit. Pon kitu deui dina novel Saéni, katitén ngandung kritik sosial. Cindekna, tétéla novel Saéni téh ngandung kritik sosial kana ajén budaya, kritik sosial kana ajén sosial-politik, kritik sosial kana ajén moral, sarta kritik sosial ka masarakat nu mideng ngaruksak alam.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan ngeunaan aspék sosiologi sastra dina novel Saéni karangan Hadi AKS, nu ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang; (2) sosiologi karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, ngagunakeun analisis strukturalisme genetik sarta métode déskriptif analitik. Dumasar hal éta, ka


(3)

hareupna dipiharep aya mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, jeung masarakat akademik séjénna, nu nalungtik aspék sosiologi sastra dina novel Saéni kalawan leuwih teleb tur gemet.

Salian ti éta, ieu panalungtikan téh minangka panalungtikan murni ulikan sastra. Ku kituna, ka hareupna perlu aya panalungtikan dina wanda séjén séjén kana ieu karya, upamana baé dipatalikeun tur dilarapkeun pikeun bahan ajar di sakola.


(4)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

AKS, Hadi. 2013. Saéni. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Abdillah, Arif. 2013. Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu

Harayang Dihargaan Karya Darpan. Bandung: Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Andriansyah, Ari. 2009. Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon (Murang-Maring jeung Serat Sarwasatwa) jeung Novel (Sandékala jeung Déng) Karangan Godi Suwarna. (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Damono, Sapardi Djoko. 1979. Sosiologi Sastra, Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa.

Dewojati, Cahyaningrum. 2010. Drama, Sejarah, Teori, dan Perkembangannya. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Durahman, Duduh, K.M., Saini, jeung Kartadibrata, Karno. 2002. Béjér Pangajén Hadiah Sastra Sayembara Ngarang R. Oeton Moechtar. Bandung: Majalah Manglé, No. 1884.

Faruk. 1991. Hilangnya Pesona Dunia. Yogyakarta: Yayasan Adikarya IKAPI ______. 2012. Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai

Post Modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Rétty. 2007. Teori Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.


(5)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Junus, Umar. 1985. Sosiologi Sastera. Persoalan Teori dan Metode. Selangor: Dewan Bahasa dan Pustaka Kementerian Pelajaran Malaysia

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. 2008. Bandung: Sonagar Press.

Karsana, Ano & Rétty Isnéndés. 2008. Lir Cahya Nyorot Eunteung. Bandung: Sonagar Press.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Minderop, Albertin. 2011. Psikologi Sastra. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Moriyama, Mikihiro. 2013. Semangat Baru. Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad Ke-19. Depok: Komunitas Bambu.

Nurgiyantoro, Burhan. 1998. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Rahardjo, Supratikno. Kota Banten Lama. Mengelola Warisan Untuk Masa Depan. Jakarta: Wedatama Widya Sastra.

Ratna. 2011. Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra dari Strukturalisme hingga Postrukturalisme Perspektif Wacana Naratif. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

_______. 2013. Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, Ajip. 2003. Apa Siapa Orang Sunda. Bandung: Kiblat.

Ruhaliah. 2002. Sejarah Sastra Sunda (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Satjadibrata, R. 2005. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya. Semi, Atar. 2012. Metode Penelitian Sastra. Bandung: CV Angkasa.


(6)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia

Tamsyah, Budi Rahayu & Tati Purmawati. 1999. Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tim Penyusun Penulisan Karya Ilmiah. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wellek, Rene jeung Austin Warren. 1989. Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Yuanita, Tika. 2010. Kajian Sosiologi Sastra Kana Kumpulan Carpon Oknum

Karangan Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Sumber Online:

www.mtaufanmusonip.blogspot.com(akses: 14 September 2014) www.sundanews.com (akses: 15 September 2014)