NOVEL PATEPUNG DI BANDUNG KARANGAN TAUFIK FATUROHMAN = TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA.

(1)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

575/FPBS/0251/2013

NOVÉL PATEPUNG DI BANDUNG

KARANGAN TAUFIK FATUROHMAN:

TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Suci Sarifah Muda’im NIM 0900079

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PANGJAJAP

Puji anu ngancik dina ati kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja anu sumarambah dina manah kasanggakeun ka Pangéran Nu Murbéng alam, tandaning sukur urang ka Allah Nu Maha Gofur. Solawat miwah salam mugia salawasna dikocorkeun ka nabi anu pinilih, rosul anu pinunjul, kangjeng Nabi Muhammad Saw. ogé ka kulawargina para sahabatna tur ka urang sadaya salaku umatna anu tumut kana ajaranana.

Alhamdulillah, bingah moal disingkah, gumbira henteu diréka, sabab geus cumpon naon anu dilakon, nya éta panalungtikan anu jejerna “Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturohman: Tilikan Psikologi Sastra.” Eusi ieu panalungtikan nya éta analisis unsur-unsur prosa (téma jeung fakta carita: plot, setting, tur tokoh jeung penokohan), konsép émosi tokoh-tokoh, jeung interprétasi gejala psikoanalisis kapribadian Sigmund Freud kana tokoh jeung penokohan dina novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman.

Katatu tur katuna tinangtu maturan ieu karya. Ku kituna, panyusun neda pangampura tur miharep kana pangdeudeul pikeun ngaronjatkeun ajén ieu karya. Mugia aya mangpaatna pikeun balaréa.

Bandung, Fébruari 2013 Panyusun,


(3)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TAWIS NUHUN

Tawis nuhun nu pinuh ku rasa sukur utamana kasanggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa anu parantos ngamalirkeun berkah tur pitulung-Na ka panyusun dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan. Teu dihihilapkeun tur hamo dileuleungit kana samudaya pangaping tur pangrojong ti sababaraha pihak anu baris ditataan ieu di handap.

1. Bapa Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. salaku Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

2. Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M. Pd. salaku Sekretaris Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

3. Ibu Retty Isnendes, S. Pd., M. Hum. salaku Pangaping I anu parantos ha’at kanggo ngaping tur ngajaring, ogé ngajeujeuhkeun ieu panalungtikan.

4. Bapa Agus Suherman, S. Pd., M. Hum. salaku Pangaping II anu parantos nuyun tur niténan ieu panalungtikan.

5. Bapa miwah Ibu réngréngan Dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu parantos ngatik tur ngadidik panyusun nepi ka laksana ngalakonan ieu panalungtikan: Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd., Dr. Dedi Koswara, M. Hum., Dr. Ruhaliah, M. Hum., Dr. Yayat Sudaryat, M. Hum., Drs. H. Usep Kuswari, M. Pd., Drs. Ano Karsana, M. Pd., H. Oleh Solehudin, M. Pd., Drs. Ruswendi Permana, M. Hum., Drs. Dede Kosasih, M. Si., Ade Sutisna, S. Pd., Hernawan, M. Pd., Dian Hendrayana, S. S., M. Pd., tur Temmy Widiastuti, M. Pd.

6. Réngréngan jurusan anu teu bosen tur satia ngabantu panyusun dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, utamana dina hal administrasi, nya éta Bapa Hermawan, Bapa Apan Kuswara, tur Kang Dede.

7. Pun biang; Dede Rosita, S. Pd., pun bapa; Dede Jono, S. Pd, tur pun adi; Muhamad Hafid Nugraha, anu teu weléh ngamalirkeun dunga tur kanyaah. 8. Pun aki; Amer Sutisna sareng pun nini; Nanah, anu teu kendat ngarojong ku


(4)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

9. Kakang Aji Fauziana Ridwan, S. Pd anu teu elat nyumangetan tur ngarojong ieu panalungtikan.

10.Réngréngan sobat anu teu wéléh méré sumanget tur pangdeudeulna, di antarana: Rahayu Yulistia, Purwanti Indra Sumantri, Erwita Novia Purwanti, Dea Apriani, jeung Damalia Suci Asihna.

11.Pihak séjén anu teu tiasa ditataan hiji-hiji anu parantos ngarojong tur ngadeudeulan ieu panalungtikan.

Ka sakumna pihak anu ditataan di luhur, panyusun ngedalkeun tawis nuhunna. Hatur séwu nuhun laksa keti kabingahan kana pangdunga, pangrojong, katut pangdeudeulna.

Bandung, Fébruari 2013 Panyusun,


(5)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NOVÉL PATEPUNG DI BANDUNG KARANGAN TAUFIK FATUROHMAN:

TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA1) oleh

Suci Sarifah Muda’im2) ABSTRAK

Novél merupakan karya sastra yang kaya akan unsur-unsurnya, di antara unsurnya adalah tokoh dan penokohan. Di dalam diri tokohnya terdapat karakter yang mengisi jiwa dan membangunnya. Hal ini menjadi menarik karena tokoh dan penokohan merupakan garapan ilmu psikologi sastra. Oleh karena itu, diadakan sebuah penelitian yang berjudul “Novél Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturohman: Tilikan Psikolosi Sastra”. Penelitian ini bertujuan untuk mengupas dan mendeskripsikan isi dari novel ini dengan pisau analisis menggunakan pendekatan psikologi sastra. Masalah yang dikaji dalam penelitian ini adalah: 1) analisis unsur-unsur prosa (tema dan fakta carita: plot, setting, serta tokoh dan penokohan) pada novel Patepung di Bandung karangana Taufik Faturohman; 2) analisis konsep emosi tokoh-tokoh dalam novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman; dan 3) interpretasi gejala psikoanalisis kepribadian Sigmund Freud terhadap tokoh dan penokohan dalam novel Patepung di Bandung karangana Taufik Faturohman. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan yaitu studi pustaka. Hasil dari penelitian ini yaitu berupa gambaran deskriptif tentang isi novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman yang terdiri atas: 1) unsur-unsur novel Patepung di Bandung yang mempunyai tema cerita, yaitu perjuangan yang dipayungi nilai kehidupan juga diikat dengan rasa sayang terhadap orang tua untuk menghadapi cobaan hidup hingga ahirnya bisa bertemu dengan kebahagiaan. Novel ini terdiri dari sepuluh subjudul yang antara satu dan lainnya saling terkait. Tokoh utama dalam novel ini yaitu Kondi dan beberapa tokoh tambahan. Latar yang digunakan dalam novel ini meliputi latar waktu, latar tempat, dan latar sosial, 2) konsep emosi para tokoh terutama tokoh utama dan beberapa tokoh tambahan merupakan respon atau reaksi terhadap peristiwa yang terjadi di sekelilingnya dan mempengaruhi tindakan yang diambilnya, seperti rasa cinta, rasa bersalah, rasa benci, dan rasa salah yang dipendam, dan 3) interpretasi psikoanalisis kepribadian Sigmund Freud terhadap tokoh-tokoh dalam novel Patepung di Bandung terlukiskan pada struktur kepribadiannya yang terjadi pergumulan antara id, ego, dan superego yang mempengaruhi sikap dan tindakan yang dilakukan oleh para tokohnya. Dari ketiga unsur tersebut menggambarkan kepribadian yang utuh pada diri tokoh-tokohnya.

1)

Skripsi dibawah bimbingan Retty Isnendes, S. Pd., M. Hum. dan Agus Suherman, S. Pd., M. Hum.

2)


(6)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI PANGJAJAP... TAWIS NUHUN... ABSTRAK... DAPTAR EUSI... DAPTAR TABÉL... DAPTAR GAMBAR... DAPTAR BAGAN... DAPTAR LAMPIRAN... BAB I BUBUKA...

1.1Kasang Tukang Panalungtikan... 1.2Watesan jeung Rumusan Masalah... 1.2.1 Watesan Masalah... 1.2.2 Rumusan Masalah... 1.3Tujuan Panalungtikan... 1.3.1 Tujuan Umum... 1.3.2 Tujuan Husus... 1.4Mangpaat Panalungtikan... 1.4.1 Mangpaat Teoritis... 1.4.2 Mangpaat Praktis... 1.5 Raraga Tulisan...

BAB II NOVÉL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA...

2.1 Novel... 2.1.1 Wangenan Novel... 2.1.2 Ciri-ciri Novel... 2.1.3 Papasingan Novel... 2.1.4 Unsur-unsur Prosa Robert Stanton...

2.1.4.1Téma... 2.1.4.2Fakta Carita... 2.1.4.3Sarana Carita... 2.2 Psikologi Sastra... 2.2.1 Psikologi jeung Sastra... 2.2.2 Psikologi Sastra... 2.2.3 Sastra jeung Tiori Sigmund Freud... 2.2.4 Psikologi Kapribadian... 2.2.5 Tiori Kapribadian Psikoanalisis Sigmund Freud... 2.2.6 Klasifikasi Émosi...

2.2.6.1Konsep Rasa Salah... 2.2.6.2Rasa Salah nu Disidem... 2.2.6.3Ngahukum Diri Sorangan... 2.2.6.4Rasa Éra (Kaéra)... 2.2.6.5Rasa Sedih (Kasedih atawa Kakingkin)... 2.2.6.6Rasa Ceuceub...

iv v vii viii xi xii xiii xiv 1 1 4 4 5 5 5 6 6 6 6 7 9 9 9 10 10 14 14 14 20 20 20 23 25 26 29 34 36 36 36 37 37 38


(7)

ix

2.2.6.7Cinta (Duriat)...

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN...

3.1Desain Panalungtikan... 3.2Métode Panalungtikan... 3.3Wangenan Operasional... 3.4Instrumén Panalungtikan... 3.5Sumber Data... 3.5.1 Déskripsi Novél... 3.5.2 Biografi Singget Pangarang... 3.6Téhnik Panalungtikan... 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data... 3.6.2 Téhnik Nganalisis Data...

BAB IV NOVÉL PATEPUNG DI BANDUNG KARANGAN

TAUFIK FATUROHMAN:TILIKAN PSIKOLOGI

SASTRA...

4.1 Analisis Unsur-unsur Prosa (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan) novél Patepung di Bandung karya Taufik Faturohman... 4.1.1 Sinopsis Novél... 4.1.2 Tema jeung Masalah... 4.1.3 Fakta Carita...

4.1.3.1Plot... 4.1.3.2Latar atawa Sétting... 4.1.3.3Tokoh jeung Penokohan... 4.2 Analisis Konsép Émosi Tokoh-tokoh dina novél Patepung di

Bandung karya Taufik Faturohman... 4.2.1 Gambaran Konsép Cinta (Duriat/Kanyaah)... 4.2.2 Gambaran Konsép Rasa Sedih... 4.2.3 Gambaran Konsép Rasa Ceuceub... 4.2.4 Gambaran Konsép Rasa Salah... 4.2.5 Gambaran Konsép Rasa Salah anu Disidem... 4.3 Interprétasi Gejala Psikoanalisis Kapribadian Sigmund Freud kana

Tokoh jeung Penokohan dina novél Patepung di Bandung karya Taufik Faturohman... 4.3.1 Gambaran Konsép Id... 4.3.2 Gambaran Konsép Ego... 4.3.3 Gambaran Konsép Superego... 4.4 Kacindekan Analisis...

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN...

5.1 Kacindekan... 5.2 Saran... 38 40 40 41 41 42 43 44 45 47 47 47 49 49 49 53 56 56 59 61 73 73 78 80 81 85 86 86 89 92 96 101 101 102


(8)

DAPTAR PUSTAKA... LAMPIRAN-LAMPIRAN...

104 106


(9)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Dina enas-enasna, basa jeung sastra mangrupa dua unsur anu teu bisa dipisahkeun dina kabudayaan manusa. Duanana silih lengkepan (méré tur narima), sakumaha nu kungsi diébréhkeun ku Aftarudin (dina Jamaludin, 2003: 31):

“Sastra, suatu komunikasi seni yang hidup bersama bahasa. Tanpa bahasa,

sastra tak mungkin ada. Melalui bahasa, ia dapat mewujudkan dirinya berupa sastra lisan maupun tertulis.”

Éta hal luyu jeung wangenan sastrana sorangan anu diébréhkeun ku Iskandarwassid (1992: 135), yén sastra nya éta karya seni anu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh diciptana napak kana usaha ngolah unsur-unsur éstétis (kaéndahan sastra). Jadi, tétéla yén sastra ngajanggélék ngaliwatan médium basa, boh lisan boh tinulis tur mibanda unsur éstétis.

Sastra minangka produk tina proses kréatif anu taya lian ti mangrupa éksprésitas pangarang dina ngagelarkeun karyana boh lisan boh tinulis. Éta betusan-betusan rasa nu ahirna jadi sastra téh diwadahan kana wadah nu dianggap merenah ku sastrawan, nya éta dina warna prosa, puisi, atawa (naskah) drama (Isnendes, 2009: 11)

Sastra Sunda mibanda papasinganan (penggolongan; klasifikasi) nu diwengku ku wangun, warna, jeung wanda. Wangun nya éta klasifikasi dumasar kana gunggungan wujudna, warna nya éta klasifikasi dumasar kana période mangsa/waktu sastra gelarna, wanda nya éta klasifikasi dumasar média nu dipaké pikeun nepikeunana. Wangun (karya) sastra Sunda aya tilu rupa, nya éta prosa, puisi jeung drama (Isnendes, 2009: 20).

Numutkeun Sumardjo jeung & Saini K.M. (1986: 29), prosa atawa disebut ogé prosa naratif dina hakékatna dibagi jadi tilu “genre”, nya éta novél atawa roman, carita pondok, jeung novélét (novél pondok). Tiluanana miboga unsur-unsur fiksi anu sarua, ngan takeranana béda-béda. Novél nya éta carita winangun


(10)

prosa dina ukuran anu lega. Ukuran lega anu dipimaksud bisa dihartikeun carita kalawan plot atawa galur anu kompléks, karakterna réa, témana euyeub, suasana carita jeung sétting carita anu loba wandana. Tapi legana carita téh henteu mutlak kawas kitu, bisa waé anu lega téh ngan ukur salasahiji unsur fiksina waé, upamana témana, sedengkeun karakter, sétting, jeung nu séjénna mah ngan hiji. Tina éta ébréhan disebutkeun yén di antara unsur pangwangun novél aya karakter anu ngawujud dina diri tokoh-tokohna.

Salaku dunya dina wengkuan karya sastra, pangarang ngasupkeun rupa-rupa aspék kahirupa-rupan anu ngagambarkeun rupa-rupaning raraga kapribadian manusa, anu ngajanggélék jadi tokoh-tokohna. Tokoh anu dicipta ku pangarang miboga muatan kajiwaan anu mangrupa gambaran palaku nu aya di masarakat. Jadi, tokoh dina karya sastra jadi hiji pangwangun karya sastra nu bisa jadi mangrupa ébréhan jiwa pangarangna.

Potrét jiwa para palaku anu dihirupkeun ku pangarang, salian ti ngawakilan jiwa pangarangna sorangan, ogé bisa jadi ngawakilan jiwa nu séjénna, dina ieu perkara nya éta nu maca. Teu saeutik pangarang anu ngasupkeun pangalamanana sorangan dina karyana, anu ogé sarua dialaman ku nu séjénna (Minderop, 2010: 59).

Demi tokoh jeung penokohan mangrupa hal anu penting dina hiji karya, sabab jadi „motor penggerak‟ carita. Ku kituna, wajar upama dina hiji pamarekan sastra disebutkeun yén tokoh jeung penokohan bisa dijadikeun puseur implengan dina nganalisis, nya éta pamarekan psikologi sastra. Ieu hal luyu jeung pamadegan Ratna (dina Minderop 2010: 54), yén dina hakékatna psikologi sastra méré perhatian kana masalah unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional anu aya dina karya. Dina enas-enasna, psikologi gumelar pikeun ngamutolaah kajiwaan manusa, sedengkeun sastra mangrupa hasil karancagéan manusa (pangarang), tur pangarang hirup di tengah-tengah masarakat, sarta pangarang nyipta karyana nu ngalibetkeun tokoh dina karyana.

Aya tilu cara pikeun mikanyaho kumaha patalina psikologi jeung sastra, nya éta: a) mutolaah unsur-unsur kajiwaan pangarang salaku nu nyipta karya; b) mutolaah unsur-unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional dina karya sastra; jeung c)


(11)

3

mutolaah unsur-unsur kajiwaan pamaca. Dina enas-enasna psikologi sastra leuwih nyoko kana masalah ngamutolaah unsur-unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional dina karya sastra (Ratna, 2009: 343).

Ku ayana patula-patalina antara aspék psikologis jeung karya sastra kalawan unsur tokoh jeung penokohanana, dirasa merenah saupama novél dianalisis sacara psikologis ku sabab dina novél euyeub ku tokoh jeung penokohan sarta euyeub ku karakter kapribadian tokohna nu mangrupa aspék kajiwaanana.

Ku kituna, merenah pisan upama diayakeun panalungtikan ngeunaan hiji karya sastra wangun prosa (novél) anu judulna Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman. Ieu analisis ngagunakeun pamarekan psikologi sastra. Ieu pamarekan suméndér kana tiori psikologi Sigmund Freud (1856-1939) anu leuwih nyoko kana nganalisis tokoh tur penokohan dina karya sastra dumasar kana tiori tur hukum-hukum psikologi anu ngébréhkeun paripolah tur karakter manusa (Wiyatmi, 2006: 107).

Nepi ka kiwari, aya sababaraha panalungtikan anu sawanda jeung ieu panalungtikan anu kacatet di ruang baca Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, nya éta nganilisis hiji karya ngagunakeun pamarekan psikologi sastra, di antarana:

1) Tatang. 2002. Analisis Tokoh dina Kumpulan Carita Pondok Lalakon Bingbang Karangan Dian Hendrayana pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SLTP.

2) Andriany. 2005. Sawangan Psikoanalisis kana Novél Pangantén Karya Deden Abdul Aziz.

3) Hapitasari. 2005. Aspek Psikologis Carpon Sintung Kalapa Karya Iskandarwassid.

4) Perdiwan. 2006. Kajian Psikoanalisis dina Novel Tempat Balabuh Karangan Aam Amilia.

5) Gugun Dedi Guntara. 2008. Tokoh Novél Pipisahan Karya RAF (Kajian Psikologis Humanistik).


(12)

6) Rida Lela Meiwindra. 2011. Ulikan Psikologis kana Novél Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP.

Sanajan ieu panalungtikan sawanda jeung panalungtikan nu geus disebutkeun, tapi dina enas-enasna aya bédana, nya éta karya sastra nu dianalisisna jeung ambahan analisisna. Subjék ieu panalungtikan nya éta novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman. Analisisna nyoko kana analisis karya sastrana, anu dianalisis dumasar kana tiori kapribadian Sigmund Freud.

Nganalisis tur ngamutolaah ieu novél ngagunakeun pamarekan psikologi sastra mangrupa salasahiji tarékah pikeun nyumponan pangabutuh masarakat dina hal papahaman karya. Sabab dumasar kana pamadegan Esten dina bukuna Kasusastraan Pengantar Teori & Sejarah (2000: 32), dina kahirupan kasusastraan Indonésia, salila ieu dianggap aya gap (jurang pamisah) antara sastrawan (kalawan cipta sastrana) jeung masarakat pamacana. Para sastrawan jauh ti masarakatna, nepi ka masarakat miboga ukuran-ukuran anu salah ngeunaan karangan-karangan anu geus dibacana. Alatan kitu, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji salasahiji rawayan pikeun ngantengkeun hubungan antara sastrawan katut cipta rasana jeung masarakat pamacana.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Karya sastra nyoko kana karya tinulis jeung lisan nu bahan bakuna (média ciptana) basa nu has; ambigu; homonim; mibanda katégori-katégori tan aturan; acak; teu rasional; jeung asosiatif (konotatif). Salian ti éta, disebutkeun yén sipat-sipat sastra téh matok kana fiksionalitas, ciciptan, jeung imajinatif. Di sagigireun ti éta, karya sastra boh prosa boh puisi, ogé drama tinangtu miboga unsur-unsur pangwangunna sakumaha anu diébréhkeun ku Stanton dina Isnendes (2010: 35), yén karya fiksi diwangun ku unsur-unsur: 1) téma carita; 2) fakta carita (alur, tokoh, latar); jeung 3) sarana carita (sudut pandang, gaya basa jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul).


(13)

5

Novél mangrupa karya sastra wangun prosa anu miboga unsur-unsur pangwangunna. Tokoh jeung penokohan mangrupa salasahiji unsur pangwangunna anu bisa dianggap salasahiji anu pangpentingna. Sok komo upama ditilik tina pamarekan psikologi sastra anu neundeun puseur implengan kana unsur kajiwaan dina tokoh-tokohna.

Istilah psikologi sastra miboga opat kamungkinan sakumaha anu diébréhkeun ku Renne Wellek & Austin Werren (1989: 90), nya éta: (1) studi psikologi pangarang salaku tipe atawa pribadi; (2) studi prosés kréatif; (3) studi tipe jeung hukum-hukum psikologi anu diterapkeun kana karya sastra; jeung (4) studi psikologi pamaca (dampak sastra ka nu maca).

Tapi dina ieu panalungtikan, supaya ambahanana henteu lega teuing, diwatesanan ngan kana aspék nu katilu, nya éta studi tipe jeung hukum-hukum psikologi anu diterapkeun kana karya sastra.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sabadana diidéntifikasi, masalah anu baris ditalungtik diwangun dina kalimah tanya ieu di handap.

1) Kumaha unsur-unsur prosa (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan) novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman? 2) Kumaha émosi tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung karangan

Taufik Faturohman?

3) Kumaha interprétasi struktur kapribadian tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, tujuan anu baris dihontal sabadana diayakeun ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun novél anu judulna Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman kalawan ngagunakeun pamarekan psikologi sastra.


(14)

1.3.2 Tujuan Husus

Luyu jeung kasang tukang anu geus diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun medar tur ngaguar novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman anu ngadéskripsikeun:

1) unsur-unsur prosa (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan) novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman;

2) émosi tokoh-tokoh dina novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman; jeung

3) interprétasi struktur kapribadian tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun hiji référénsi pikeun ngeuyeuban karya kritik dina hasanah kasusastraan Sunda. Salian ti éta ogé bisa dijadikeun hiji acuan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar deui.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu hasil panalungtikan dipiharep bisa dimangpaatkeun salaku hiji média informasi dina raraga nambahan pangaweruh hususna masarakat pamaca, boh masarakat biasa boh masarakat kalangan akademisi, sakumaha anu diébréhkeun dina kasang tukang ieu panalungtikan nya éta pikeun jadi salasahiji rawayan anu ngantengkeun hubungan antara sastrawan katut cipta sastrana jeung masarakat pamaca dina hal papahaman karya sastra. Éta hal luyu jeung salasahiji fungsi kritik sastra, nya éta pikeun nyaangan kaweruh masarakat, hartina kritik sastra bisa ngabéjérbéaskeun hiji gunggungan karya sastra tur masarakat umum bisa nyokot mangpaat kritik sastra pikeun pamahaman jeung aprésiasi kana karya sastra.


(15)

7

1.5Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkahna. Anapon raraga tulisan dina ieu panalungtikan, nya éta saperti ieu di handap.

BAB I: Bubuka

Bab 1 mangrupa bagian awal atawa munggaran dina ieu karya tulis wangun skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

Dina ieu panalungtikan, Bab I medar kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan anu patali jeung jejer panalungtikan nya éta “Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturohman: Tilikan Psikologi Sastra.”

BAB II: Kajian Pustaka

Kajian pustaka miboga fungsi salaku dadasar tioritis anu ngarojong kana masalah anu dipedar dina hiji panalungtikan, anu eusina nya éta: a) konsep-konsep/tiori-tiori/dalil-dalil tur hukum-hukum ngeunaan widang anu ditalungtik; jeung b) panalungtikan saméméhna anu luyu jeung widang anu ditalungtik, kaasup prosedur, subjék jeung pamanggihna.

Dina ieu panalungtikan, kajian pustaka anu dipedar patali jeung jejer panalungtikan anu ditalungtik, nya éta ngeunaan wangenan, ciri-ciri, jeung jenis-jenis novél, unsur-unsur prosa Robert Stanton, psikologi jeung sastra, psikologi sastra, sastra jeung tiori Sigmund Freud, psikologi kapribadian, tiori kepribadian psikoanalisis Sigmund Freud jeung klasifikasi émosi.

BAB III: Métode Panalungtikan

Bab III eusina mangrupa pertélaan ngeunaan métode panalungtikan, kaasup sababaraha komponén, saperti: a) desain panalungtikan; b) métode panalungtikan; c) wangenan operasional; d) sumber data; e) instrumén panalungtikan; jeung f) téhnik panalungtikan.


(16)

BAB IV: Hasil Panalungtikan jeung Pembahasan

Bab hasil panalungtikan jeung pembahasan eusina nya éta ngeunaan: a) ngolah atawa nganalisis data pikeun nyangking hasil anu patali jeung masalah panalungtikan, pertanyaan panalungtikan, tujuan palnalungtikan; jeung b) pembahasan atawa analisis hasil anu kapanggih.

Dina ieu panalungtikan, dibahas tur dianalisis sakur hasil anu kapanggih ngeunaan gejala psikologi sastra anu kawengku dina tokoh tur penokohan dina novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman.

BAB V Kacindekan jeung Saran

Bab kacindekan jeung saran nétélakeun penafsiran tur pema‟naan panalungtik ngeunaan hasil analisis panalungtikan. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar hasil analisis kana novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman kalawan gejala psikologi sastrana.

Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan anu geus dicangking. Dina ieu panalungtikan, saran ditulis pikeun masarakat pamaca salaku penikmat karya sastra, pangarang salaku nu nyipta karya sastra, ogé lembaga anu patali jeung kamekaran paélmuan sastra tur pikeun panalungtik séjénna.


(17)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan diperlukeun salaku gambaran umum panalungtikan nu baris dilaksanakeun. Desain ieu panalungtikan diébréhkeun dina bagan saperti ieu di handap.

Novél Patepung di Bandung: Tilikan Psikologi Sastra

Téhnik Ngolah Data

1) Tahap Déskriptif 2) Tahap Klasifikasi 3) Tahap Analisis 4) Tahap Interprétasi 5) Tahap Évaluasi

Sumber Data

Novél Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturohman

Instrumén Panalungtikan

Kartu data anu ngébréhkeun data dina wangun sempalan-sempalan carita nu aya dina novél anu nyoko kana indikator-indikator nu baris dianalisisna, nya éta ngeunaan karakter, konsép émosi, jeung psikoanalisis

kapribadianana.

HASIL

Téhnik Ngumpulkeun Data


(18)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1Bagan Desain Panalungtikan 3.2Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa hiji cara ilmiah pikeun nyangking data kalawan tujuan tur kagunaan anu tangtu. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif, sedengkeun pamarekanana nya éta pamarekan kualitatif.

Numutkeun Whintney (1960), métode déskriptif nya éta maluruh fakta kalwan interprétasi anu keuna. Tujuan tina ieu métodé nya éta pikeun nyieun déskripsi, gambaran sacara ngéntép seureuh, faktual tur akukrat ngeunaan fakta-fakta, sipat-sipat tur hubungan antar fénoména anu ditalungtik.

3.3Wangenan Operasional

Wangenan istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan, ditétélakeun saperti ieu di handap.

1) Sastra

Sastra nya éta karya seni anu diébréhkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh diciptana napak kana usaha ngolah unsur-unsur éstétis (kaéndahan sastra) (Iskandarwassid, 1992: 135). Dina ieu panalungtikan istilah sastra ngawengku karangan wangun prosa nya éta novél.

2) Novél

Sumardjo & Saini KM. (1986: 29) nétélakeun yén novel nya éta carita wangun prosa dina ukuran anu lega. Ukuran anu lega bisa dihartikeun carita kalawan plot atawa galur anu kompléks, karakter anu loba, téma anu euyeub, suasana carita anu loba wandana, jeung sétting carita anu loba wandana. Tapi legana carita téh henteu mutlak kawas kitu, bisa waé anu lega téh ngan ukur salasahiji unsur fiksina waé, misalna témana, sedengkeun karakter, sétting, jeung nu séjénna mah ngan hiji.

3) Patepung di Bandung

Patepung di Bandung mangrupa salasahiji novél pedalan CV Geger Sunten bulan Désémber taun 1995 tur ngalaman citak ulang nu kadua nya éta


(19)

42

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Oktober 2007. Ieu karangan téh minangka salasahiji hasil karancagéan pangarang Sunda, Taufik Faturohman. Ieu novél téh mangrupa sumber data anu dijadikeun bahan panalungtikan.

4) Psikologi Sastra

Psikologi sastra mangrupa salasahiji jenis pamarekan sastra anu leuwih nyoko kana nganalisis tokoh tur penokohan dina karya sastra dumasar kana tiori tur hukum-hukum psikologi anu ngébréhkeun paripolah tur karakter manusa (Wiyatmi, 2006: 107).

Dina ieu panalungtikan, psikologi sastra dijadikeun tatapakan panalungtik dina nganalisis tokoh-tokoh nu aya dina novél Patepung di Bandung anu suméndér kana tiori psikoanalisis kapribadian Sigmund Freud.

3.4Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta hiji alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina hiji panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Kartu data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, ngébréhkeun data dina wangun sempalan-sempalan carita nu aya dina novél Patepung di Bandung anu nyoko kana indikator-indikator nu baris dianalisisna, nya éta ngeunaan karakter, konsép émosi, jeung psikoanalisis kapribadianana.

IDÉNTIFIKASI

Bagian : 1

Kaca : 48

Paragraf : 1

Dialog : 25 Ngaran Tokoh : Kondi

KONTÉKS

“Cacak mun kaayaan urang kawas baréto kénéh mah, manéh téh bakal sina

terus sakola. Tapi da ayeuna mah kumaha atuh, kapan sakieu buktina.” Ceuk

Bapa, sorana ngahelas.

Keun waé, Pa, ulah jadi pikiran. Perkara, uing teu bisa neruskeun sakola, nya teu nanaon.”

KARAKTER KONSÉP ÉMOSI PSIKOANALISIS


(20)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ihlas (bisa

narimakeun kaayaan)

Sedih (inhibited grief: rasa sedih anu disamunikeun)

Ego bisa ngenyed kahayang id dumasar kana prinsip réalita.

Katerangan:

1) Idéntifikasi hal-hal anu patali jeung idéntitas anu méré gambaran ngeunaan data anu baris dianalisis anu ngawengku: (a) bagian, (b) kaca, (c) paragraf, (d) kalimah/dialog, jeung (e) ngaran tokoh.

(a) Bagian: némbongkeun data aya di bagian sabaraha tina sapuluh bagian atawa subjudul dina novél Patepung di Bandung.

(b) Kaca: némbongkeun data perenahna aya dina kaca nu tangtu urutanana. (c) Paragraf: dina ieu novél tur dina unggal bagian, ciri anu nangtukeun hiji

paragraf ditandaan ku tanda bintang tilu (***) sabab dina enas-enasna

ayana paragraf pikeun ngabédakeun ide poko anu dibahasna tur éta tanda téh biasana mah digunakeun pikeun menggel bagian anu béda bahasanana.

(d) Kalimah/Dialog: némbongkeun urutan kalimah atawa dialog nu mangrupa data nu baris dianalisisna.

(e) Ngaran tokoh: némbongkeun tokoh anu kakeunaan atawa nu baris dianalisis.

2) Kontéks mangrupa sempalan carita anu nyoko kana data nu baris dianalisis luyu kana indikatorna.

3) Karakter, konsép émosi, jeung psikoanalisis kapribadian mangrupa indikator anu dijadikeun cecekelan dina nganalisis tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung.

3.5Sumber data

Upama panalungtikan téh ngagunakeun dokumén disebut sumber data panalungtikan, ari eusi dokumén disebutna téh subjék atawa variabel panalungtikan (Arikunto, 1987: 102 dina Nurjanah, 2004: 31).


(21)

44

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana éta katerangan, anu jadi sumber data ieu panalungtikan nya éta novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman.

3.5.1 Déskripsi Novél

Gambar 3.1 Cover Novél Patepung di Bandung

Novél Patepung di Bandung mangrupa hasil karancagéan salasahiji pangarang Sunda nya éta Taufik Faturohman. Ieu novél téh munggaran medal bulan Désémber taun 1995 anu diterbitkeun ku CV Geger Sunten. Tuluy ngalaman citakan ulang nepi ka dua kali, nya éta citakan nu kadua bulan Oktober taun 2007 jeung citakan katilu bulan Fébruari taun 2012, nu masih dipedalkeun ku pamedal nu sarua, nya éta CV Geger Sunten nu perenahna di Bandung.

Novél hasil karangan Taufik Faturohman téh kandelna aya 112 kaca. Dina sampulna digambarkeun hiji budak kalawan paneuteup nu ringrang alatan nyidem


(22)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kasusah nu ngabeungbeuratan hirupna. Éta budak téh keur nangtung bari rada nyarandé kana lawang, siga nu keur nganti-nganti datangna hiji hal. Di tukangeunana aya hiji jalma keur nyoléndang tas. Dina dedeganana mah awak pangadegna rada gedé batan éta budak anu nandakeun yén umurna gé sigana mah saluhureun manéhna. Tapi éta jalma téh ngan saukur kalangkang. Tina éta hal bisa ditapsirkeun yén bisa waé éta hal téh mangrupa gambaran hiji hal anu dianti-anti ku éta budak téh. Kunaon ngan mangrupa kalangkang, ku sabab sagalana can pasti da ngan ukur pangharepan. Éta hal sacara gurat badag ngagambarkeun eusi novélna anu ngalalakonkeun hiji budak anu bajoang dina nandangan hirupna nu dibarung ku sumanget tur rasa pangharepan.

Novél Patepung di Bandung téh dilélér hadiah Samsudi 1996. Éta hal bisa langsung katangén sabab dina sampul hareupna ditembrakkeun dina tulisan

“Piunggul Hadiah Samsudi 1996” anu perenahna di juru luhur beulah katuhu anu

tulisanana aya dina wengkuan gambar pita tandaning hadiah. Tuluy di peutaseunana, nya éta di luhur juru beulah kénca aya hiji ngaran “Taufik

Faturohman” nu mangrupa pangarang ieu novél. Judulna ogé bisa langsung

katitén jelas dina sampulna anu diteundeun di tengah-tengah tur ditulis ku aksara

gedé, nya éta “PATEPUNG DI BANDUNG”. Salian ti éta ogé bakal langsung kanyahoan anu medalkeun ieu novél, anu ditulis di handapeun judul, nya éta Geger Sunten.

Upama dibalikkeun, novél anu miboga ukuran panjang 20,7 cm jeung lébar 14,5 cm téh, dina sampul tukangna anu perenahna di handap, aya tulisan

“Ieu buku parantos lulus tur sah dianggo di sakola dumasar kana Kaputusan Gubernur Jawa Barat Nomor: 481.3/Kep.964-Disdik/2009 Tanggal 24 Juli 2009”.

3.5.2 Biografi Singget Pangarang

Taufik Faturohman dibabarkeun di Pagerageung, Tasikmalaya ping 10 Méi 1959. Anjeunna téh kaasup salasahiji penyair, pangarang carita pondok (carpon), panulis buku pangajaran, ogé miboga pausahaan pamedal di tatar Sunda. Satamatna ti SMA, anjeunna neruskeun nyiar élmu ka IKIP Bandung anu kiwari


(23)

46

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

robah jadi UPI (Universitas Pendidikan Indonésia) jurusan Bahasa dan Sastra Sunda.

Salaku pangarang, anjeunna munggaran ancrub dina dunya “tulis-menulis” nalika kelas 2 SMA dina raraga pasanggiri ngarang tingkat SLTA sa-Kabupatén Tasikmalaya. Sanajan bari dipaksa, tapi hasilna nyugemakeun sabab jadi pinunjulna. Ti harita, anjeunna aktif nulis hususna pikeun majalah dinding sakolana. Basa keur jadi mahasiswa, anjeunna kungsi nulis sajak, carpon, artikel boh basa Sunda boh basa Indonésia anu dipedalkeun ku sababaraha média citak. Salian ti aktif nulis, anjeunna ogé aktif di organisasi. Sawatara kalungguhan anu pernah dicangking nya éta salaku Ketua Umum Sénat Mahasiswa FPBS IKIP Bandung.

Karancagéan Taufik Faturohman teu saukur dina widang akademik, tapi ogé dina ngokolakeun usaha, nya éta dina usaha rumah makan. Anjeunna nyieun rumah makan anu ngaranna PLO (Penahan Lapar Orang) anu perenahna di deukeut kampus IKIP Bandung. Ieu rumah makan téh geus kasohor boh di kalangan mahasiswa boh padumuk nu aya di deukeut lingkungan kampus. Tina ngaran éta rumah makan bisa némbongkeun karakter nu bogana, nya éta humoris. Sanajan dina awak pangadegna katémbong sérius tapi ningan resep ocon. Éta hal katitén tina ngaran warung makanna téa, ogé ku dipedalkeunna buku anjeunna nu mangrupa buku kumpulan tatarucingan Sunda nu judulna Beregejed.

Sabadana nyangking gelar sarjana, anjeunna teu jadi guru, tapi ancrub kana dunya jurnalistik salaku wartawan. Satuluyna jadi redaktur sk. Sipatahunan (1978-1981), Manglé (1981-1986) jeung Cakakak (1987-1989). Nalika jadi redaktur Manglé, anjeunna ngawangun pamedal nu ngaranna Medal Agung. Éta pamedal geus medalkeun sababaraha buku, boh nu kaasup kategori buku pangajaran boh buku karya sastra, kalibet buku hasil karancagéan anjeunna. Kiwari éta pamedal diganti ngaranna jadi Geger Sunten.

Sabadana ancrub di masarakat, anjeunna ilubiung dina organisasi-organisasi saperti Paguyuban Pasundan, LBSS, Dewan Kesenian Jawa Barat, PERSIB, jeung sajabana ti éta. Salian ti jadi kalungguhanana bagerak dina widang pamedalan buku, ogé anjeunna jadi panulis buku, di aantarana hasil


(24)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

karancagéanana nya éta Kun Fayakun (1983), kumpulan carita pondok; Sajak-sajak Cilauteureun (1983), Wasiat Konglomerat (1995) salaku kumpulan Sajak-sajak, kaasup novél Patepung di Bandung (1995). Buku pangajaran anu ditulis anjeunna nya éta Ulikan Sastra Sunda (1983), Tatabasa Sunda (1983), Cupumanik (1984), Gapura Basa (1985), Piwulang Basa (1987), Peperenian (1989), jeung sajabana ti éta.

3.6Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa salasahiji tarékah atawa cara (prosédur) anu kudu dalakonan kalawan ngagunakeun métode anu tangtu, anu satemenna bisa ngahontal tujuan dina hiji panalungtikan (Suyatna, 2002: 18). Téhnik dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik nganalisis data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkan data dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka. Ieu téhnik digunakeun boh nalika ngumpulkeun data nu baris dianalisis boh nalika néangan sumber tur tiori anu dijadikeun “acuan” atawa cecekelan dina ieu panalungtikan.

3.6.2 Téhnik Nganalisis Data

Data anu ditalungtik nya éta novél Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman. Sabadana data kakumpul, tuluy dianalisis kalawan léngkah-léngkah atawa tahapan téhnik ngolah data sakumaha anu ditétélakeun ieu di handap.

1. Tahap Déskriptif

Nya éta sakabéh data anu geus kakumpul dipatalikeun jeung masalah nu rék ditalungtik tuluy diayakeun tahap ngadéskripsikeun jeung ngaidéntifikasi. Dina ieu panalungtikan anu mimiti dideskripsikeun nya éta eusi tina novélna, anu judulna Patepung di Bandung dina wangun sinopsis.

2. Tahap Klasifikasi

Nya éta ngaklasifikasikeun data anu geus didéskripsikeun luyu jeung permasalahan séwang-séwangan. Sabadana novél ditulis sinopsisna,


(25)

48

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diklasifikasikeun dumasar unsur caritana (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan) anu engkéna baris dianalisis.

3. Tahap Analisis

Nya éta ngayakeun analisis kana data anu geus diklasifikasi numutkeun kelompokna séwang-séwangan dumasar kana tiori anu luyu jeung panalungtikan. Dina ieu hal, novel Patepung di Bandung dianalisis unsur prosana nya éta téma jeung fakta carita (plot, latar/setting, tur tokoh jeung penokohan). Dina ieu panalungtikan, analisis leuwih nyoko kana unsur tokoh jeung penokohan anu engkéna jadi dadasar atawa bahan pikeun analisis unsur psikologisna. Anapon unsur-unsur séjénna saperti téma, alur atawa plot ogé sétting dianalisis sabab miboga hubungan tur mangaruhan kana tokoh jeung penokohan.

4. Tahap Interprétasi

Nya éta napsirkeun hasil analisis data pikeun ngahontal papahaman anu luyu jeung tujuan panalungtikan. Tahap interprétasi dina ieu panalungtikan nya éta napsirkeun data nu diébréhkeun dina wangun kartu data nu mangrupa sempalan carita dina novél Patepung di Bandung anu némbongkeun indikator-indikator nu baris ditapsirkeunana, nya éta ngeunaan karakter, konsép émosi, jeung psikoanalisis kapribadian Sigmund Freud.

5. Tahap Évaluasi

Nya éta tahap ngecék ulang kana hasil analisis data pikeun ngamutolaah bebeneranana, nepi ka bisa méré hasil anu hadé tur bisa dipertanggungjawabkeun.


(26)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Novél bisa dianalisis ngagunakeun pamarekan psikologi sastra sabab euyeub ku unsur kajiwaanana anu ngajanggélék dina tokoh-tokohna. Dina enas-enasna psikologi sastra miboga puseur implengan dina nganalisisna, nya éta unsur tokoh jeung penokohan anu suméndér kana tiori Sigmund Freud. Tiori Sigmund Freud anu dijadikeun tatapakan dina ieu panalungtikan nya éta psikoanalisis kapribadian anu nyoko kana konsép émosi jeung struktur kapribadianana.

Patepung di Bandung mangrupa novél anu dianalisis ngagunakeun pamarekan psikologi sastra. Métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif tur téhnik studi pustaka. Hasil anu dicangking tina ieu panalungtikan anu nyoko kana analisis unsur-unsur novél (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan), konsép émosi tur interprétasi psikoanalisis kapribadian tokoh-tokohna.

Hasil tina analisis unsur-unsur novél Patepung di Bandung, nya éta miboga téma perjuangan dina nandangan inggeungna kahirupan nu dibarung ku sumanget tur pangaharepan pikeun ngahirup jeung ngahuripkeun kulawarga kalawan papayung ajén hirup nu dipanteng rasa kanyaah ka kolot anu ahirna bisa patepung jeung kabagjaan. Ieu novél kabagi jadi sapuluh subjudul. Unggal subjudul mangrupa bagian anu nyambung tur mangrupa ide poko unggal bagianna dina ranggeuyan caritana. Tokoh utama dina ieu novél nya éta Kondi jeung sababaraha tokoh tambahan séjénna, saperti Odong, Mang Majid, Ceu Oyoh, Ceu Iti, Uwa Alkasan, Mang Majid, bapa téré Kondi, jeung Asép Dodoy. Unggal tokoh miboga karakter séwang-séwangan anu méré warna kana lajuning kahirupanana anu diébréhkeun ku pangarang kalawan ngagunakeun téhnik pelukisan tokoh atawa métode perwatakan tokoh anu tangtu. Latar anu digunakeun dina ieu novél ngawengku latar waktu, latar tempat, jeung latar sosial; Konsép émosi anu kapanggih tur témbong dina tokoh-tokoh anu aya dina novél Patepung di Bandung, utamana tokoh utama jeung sababaraha tokoh


(27)

102

tambahan, mangrupa ébréhan atawa réspon tina kaayaan tur kajadian atawa masalah anu lumangsung anu mangaruhan kana paripolahna. Éta émosi anu nyampak dina diri tokoh-tokohna téh ngawengku rasa duriat atawa kanyaah, rasa sedih, rasa ceuceub, rasa salah, tur rasa salah anu disidem.

Hasil interprétasi psikoanalisis kapribadian tokoh-tokohna, ngajanggélék dina struktur kapribadianana nu ngawengku konsép id, ego, jeung superego. Éta hal téh témbong dina diri tokoh-tokohna anu mangaruhan kana paripolah anu dilakonan. Unggal paripolah anu dilakonan téh mangrupa hasil tina pagedrugna éta tilu konsép struktur kapribadian, nu ahirna nu pangkuatna mangaruhan, bakal nuyun kana naon anu kudu dilakon.

Tina éta hal, luyu jeung pamadegan Sigmund Freud anu ngibaratkeun id salaku raja atawa ratu anu kudu dihormat tur dicumponan kahayangna, ego salaku perdana menteri anu miboga pancén nu patali jeung réalitas, tur superego salaku

pendeta “tertinggi” anu gedé tinimbangan kana hadé atawa goréng paripolah anu

dilakonan, dina ieu novél ébréh dina paripolah tokoh-tokohna. Jadi, tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung ngagambarkeun éta struktur kapribadian anu katitén tina paripolah anu dilakonan.

Tina ébréhan hasil analisis kana karakter, konsép émosi, jeung struktur kapribadian tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung, bisa katitén patalina tina éta tilu unsur. Karakter tokoh anu kagambar tina paripolahna dipangaruhan ku émosi nu mangrupa réspon kana kaayaan atawa kajadian ogé masalah anu lumangsung tur hasil tina pagedrugna antara id, ego, jeung superego. Éta hal téh mangrupa gambaran kapribadian anu lengkep tina diri tokoh-tokohna séwang-séwangan.

5.2 Saran

Saran atawa rekoméndasi tina ieu panalungtikan disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan anu geus dicangking, saperti masarakat pamaca, pangarang, lembaga paélmuan sastra, jeung panalungtik séjénna.


(28)

5.2.1 Masarakat Pamaca

Pikeun masarakat pamaca dipiharep bisa terus ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan hal papahaman karya sastra kalawan loba maca karya kritik atawa kajian sastra saperti maca ieu hasil panalungtikan.

5.2.2 Pangarang

Pikeun pangarang dipiharep bisa terus ngaronjatkeun deui kamampuh dina hal ngolah tokoh jeung panokohan anu euyeub ku unsur-unsur kajiwaanana sangkan carita bisa leuwih hirup deui sabab dina enas-enasna mah tokoh téh jadi

“motor penggerak” carita.

5.2.3 Lembaga Paélmuan Sastra

Pikeun lembaga anu patali jeung ieu panalungtikan nya éta lembaga anu bagerak dina widang paélmuan sastra dipiharep bisa ngahudang karep para panulis ogé “penikmat sastra” utamana kalangan akademisi tur kritikus, sangkan bisa terus ngaronjatkeun hasil karyana dina widang “pengkajian” sastra ogé kritik sastra.

5.2.4 Panalungtik

Pikeun panalungtik séjénna dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa jadi hiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar, boh dina hal ngajembaran wengkuan analisis dumasar tiori pamarekan anu tangtu hususna pamarekan psikologi sastra, boh karya sastra anu dianalisisna.


(29)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Endraswara, Suwardi. 2003. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Widyatama.

Esten, Mursal. 2000. Kesusastraan Pengantar Teori & Sejarah. Bandung: Angkasa.

Fasa, Zaky M. (2012). Pengertian, Ciri-ciri, dan Jenis-jenis Novel. [Online].Tersedia: http://blogtoblogtoo.blogspot.com/2012/04/pengertian-ciri-ciri-jenis-jenis-novel.html [20 November 2012]

Faturohman, Taufik. 2012 (cit. ka-3). Patepung di Bandung. Bandung: Geger Sunten.

Hary. (2011). Teori Kepribadian Aliran Psikoanalisa Sigmund Freud. [Online].Tersedia:http: //harycalonpsikolog.wordpress.com/2011/11/30/teori-kepribadian-aliran-psikoanalisa-sigmund-freud/html [5 Desember 2012]

Hendy. (2009). Teori Psikoanalisis Sigmund Freud. [Online].Tersedia: http://hendygoblog.blogspot.com/2009/07/teori-psikoanalisis-sigmund-freud/html [25 September 2012]

Hidayatullah, Sultan. (2012). Teori Kepribadian, Id, Ego, Superego Menurut

Sigmund Freud. [Online].Tersedia:

http://mizaneducation.blogspot.com/2012/04/teori-kepribadian-id-ego-superego.html [5 Desember 2012]

Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra Hand Out Teori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

---. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori dan Kritik. Bandung: Daluang.

---. 2012. Panyawangan Sastra Hand Out Kritik Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Jamaludin. 2003. Problematika Bahasa & Sastra. Yogyakarta: Adicita.

Nurjanah, Neneng. 2004. Analisis Struktural Carpon Oknum Karya Hadi AKS. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.

Minderop, Albertine. 2010. Psikologi Sastra: Karya Sastra, Metode, Teori, dan Contoh Kasus. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Ratna, Nyoman Kutha. 2009 (cet. ke-6). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.


(30)

Rejo, Uman. (2012). Teori Psikologi Sastra ala Sigmund Freud. [Online].Tersedia: http://www.jendelasastra.com/wawasan/artikel/teori-psikologi-sastra-ala-sigmund-freud/html [25 September 2012]

Rosidi, Spk. (2003). Apa Siapa Orang Sunda. Jakarta: PT. Kiblat Buku Utama. Sumardjo, Jacob & saini KM. 1988 (cet. ke-2). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta:

Gramedia.

Teater08. (2010). Tokoh dan Penokohan. [Online].Tersedia: http://teater08.wordpress.com/2010/07/28/tokoh-dan-penokohan/html [24 November 2012]

Wellek, Rene dan Austin Werren. 1989. Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Wikipedia. (2012). Emosi. [Online].Tersedia: http://id.wikipedia.org/wiki/Emosi/

html [25 Desember 2012]

Wirwan, Teguh. (2009). Analisis Psikologi Sastra dalam Roman Larasati Karya Pramordya Ananta Toer. [Online].Tersedia: http://teguhwirwan.blogdetik.com/2009/08/27/analisis-psikologi-sastra-dalam-roman-larasati-karya-pramoedya-ananta-toer/html [3 Oktober 2012] Wiyatmi. 2006. Pengantar Kajian Sastra. Yogyakarta: Pustaka.


(1)

48

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diklasifikasikeun dumasar unsur caritana (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan) anu engkéna baris dianalisis.

3. Tahap Analisis

Nya éta ngayakeun analisis kana data anu geus diklasifikasi numutkeun kelompokna séwang-séwangan dumasar kana tiori anu luyu jeung panalungtikan. Dina ieu hal, novel Patepung di Bandung dianalisis unsur prosana nya éta téma jeung fakta carita (plot, latar/setting, tur tokoh jeung penokohan). Dina ieu panalungtikan, analisis leuwih nyoko kana unsur tokoh jeung penokohan anu engkéna jadi dadasar atawa bahan pikeun analisis unsur psikologisna. Anapon unsur-unsur séjénna saperti téma, alur atawa plot ogé sétting dianalisis sabab miboga hubungan tur mangaruhan kana tokoh jeung penokohan.

4. Tahap Interprétasi

Nya éta napsirkeun hasil analisis data pikeun ngahontal papahaman anu luyu jeung tujuan panalungtikan. Tahap interprétasi dina ieu panalungtikan nya éta napsirkeun data nu diébréhkeun dina wangun kartu data nu mangrupa sempalan carita dina novél Patepung di Bandung anu némbongkeun indikator-indikator nu baris ditapsirkeunana, nya éta ngeunaan karakter, konsép émosi, jeung psikoanalisis kapribadian Sigmund Freud.

5. Tahap Évaluasi

Nya éta tahap ngecék ulang kana hasil analisis data pikeun ngamutolaah bebeneranana, nepi ka bisa méré hasil anu hadé tur bisa dipertanggungjawabkeun.


(2)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Novél bisa dianalisis ngagunakeun pamarekan psikologi sastra sabab euyeub ku unsur kajiwaanana anu ngajanggélék dina tokoh-tokohna. Dina enas-enasna psikologi sastra miboga puseur implengan dina nganalisisna, nya éta unsur tokoh jeung penokohan anu suméndér kana tiori Sigmund Freud. Tiori Sigmund Freud anu dijadikeun tatapakan dina ieu panalungtikan nya éta psikoanalisis kapribadian anu nyoko kana konsép émosi jeung struktur kapribadianana.

Patepung di Bandung mangrupa novél anu dianalisis ngagunakeun pamarekan psikologi sastra. Métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif tur téhnik studi pustaka. Hasil anu dicangking tina ieu panalungtikan anu nyoko kana analisis unsur-unsur novél (téma jeung fakta carita: plot, sétting, tur tokoh jeung penokohan), konsép émosi tur interprétasi psikoanalisis kapribadian tokoh-tokohna.

Hasil tina analisis unsur-unsur novél Patepung di Bandung, nya éta miboga téma perjuangan dina nandangan inggeungna kahirupan nu dibarung ku sumanget tur pangaharepan pikeun ngahirup jeung ngahuripkeun kulawarga kalawan papayung ajén hirup nu dipanteng rasa kanyaah ka kolot anu ahirna bisa patepung jeung kabagjaan. Ieu novél kabagi jadi sapuluh subjudul. Unggal subjudul mangrupa bagian anu nyambung tur mangrupa ide poko unggal bagianna dina ranggeuyan caritana. Tokoh utama dina ieu novél nya éta Kondi jeung sababaraha tokoh tambahan séjénna, saperti Odong, Mang Majid, Ceu Oyoh, Ceu Iti, Uwa Alkasan, Mang Majid, bapa téré Kondi, jeung Asép Dodoy. Unggal tokoh miboga karakter séwang-séwangan anu méré warna kana lajuning kahirupanana anu diébréhkeun ku pangarang kalawan ngagunakeun téhnik pelukisan tokoh atawa métode perwatakan tokoh anu tangtu. Latar anu digunakeun dina ieu novél ngawengku latar waktu, latar tempat, jeung latar sosial; Konsép émosi anu kapanggih tur témbong dina tokoh-tokoh anu aya dina novél Patepung di Bandung, utamana tokoh utama jeung sababaraha tokoh


(3)

102

tambahan, mangrupa ébréhan atawa réspon tina kaayaan tur kajadian atawa masalah anu lumangsung anu mangaruhan kana paripolahna. Éta émosi anu nyampak dina diri tokoh-tokohna téh ngawengku rasa duriat atawa kanyaah, rasa sedih, rasa ceuceub, rasa salah, tur rasa salah anu disidem.

Hasil interprétasi psikoanalisis kapribadian tokoh-tokohna, ngajanggélék dina struktur kapribadianana nu ngawengku konsép id, ego, jeung superego. Éta hal téh témbong dina diri tokoh-tokohna anu mangaruhan kana paripolah anu dilakonan. Unggal paripolah anu dilakonan téh mangrupa hasil tina pagedrugna éta tilu konsép struktur kapribadian, nu ahirna nu pangkuatna mangaruhan, bakal nuyun kana naon anu kudu dilakon.

Tina éta hal, luyu jeung pamadegan Sigmund Freud anu ngibaratkeun id salaku raja atawa ratu anu kudu dihormat tur dicumponan kahayangna, ego salaku perdana menteri anu miboga pancén nu patali jeung réalitas, tur superego salaku

pendeta “tertinggi” anu gedé tinimbangan kana hadé atawa goréng paripolah anu

dilakonan, dina ieu novél ébréh dina paripolah tokoh-tokohna. Jadi, tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung ngagambarkeun éta struktur kapribadian anu katitén tina paripolah anu dilakonan.

Tina ébréhan hasil analisis kana karakter, konsép émosi, jeung struktur kapribadian tokoh-tokoh dina novél Patepung di Bandung, bisa katitén patalina tina éta tilu unsur. Karakter tokoh anu kagambar tina paripolahna dipangaruhan ku émosi nu mangrupa réspon kana kaayaan atawa kajadian ogé masalah anu lumangsung tur hasil tina pagedrugna antara id, ego, jeung superego. Éta hal téh mangrupa gambaran kapribadian anu lengkep tina diri tokoh-tokohna séwang-séwangan.

5.2 Saran

Saran atawa rekoméndasi tina ieu panalungtikan disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan anu geus dicangking, saperti masarakat pamaca, pangarang, lembaga paélmuan sastra, jeung panalungtik séjénna.


(4)

103

5.2.1 Masarakat Pamaca

Pikeun masarakat pamaca dipiharep bisa terus ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan hal papahaman karya sastra kalawan loba maca karya kritik atawa kajian sastra saperti maca ieu hasil panalungtikan.

5.2.2 Pangarang

Pikeun pangarang dipiharep bisa terus ngaronjatkeun deui kamampuh dina hal ngolah tokoh jeung panokohan anu euyeub ku unsur-unsur kajiwaanana sangkan carita bisa leuwih hirup deui sabab dina enas-enasna mah tokoh téh jadi

“motor penggerak” carita.

5.2.3 Lembaga Paélmuan Sastra

Pikeun lembaga anu patali jeung ieu panalungtikan nya éta lembaga anu bagerak dina widang paélmuan sastra dipiharep bisa ngahudang karep para panulis ogé “penikmat sastra” utamana kalangan akademisi tur kritikus, sangkan bisa terus ngaronjatkeun hasil karyana dina widang “pengkajian” sastra ogé kritik sastra.

5.2.4 Panalungtik

Pikeun panalungtik séjénna dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa jadi hiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar, boh dina hal ngajembaran wengkuan analisis dumasar tiori pamarekan anu tangtu hususna pamarekan psikologi sastra, boh karya sastra anu dianalisisna.


(5)

Suci Sarifah M , 2013

Novel patepung di bandung karangan taufik faturohman = tilikan psikologi sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Endraswara, Suwardi. 2003. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Widyatama.

Esten, Mursal. 2000. Kesusastraan Pengantar Teori & Sejarah. Bandung: Angkasa.

Fasa, Zaky M. (2012). Pengertian, Ciri-ciri, dan Jenis-jenis Novel. [Online].Tersedia: http://blogtoblogtoo.blogspot.com/2012/04/pengertian-ciri-ciri-jenis-jenis-novel.html [20 November 2012]

Faturohman, Taufik. 2012 (cit. ka-3). Patepung di Bandung. Bandung: Geger Sunten.

Hary. (2011). Teori Kepribadian Aliran Psikoanalisa Sigmund Freud. [Online].Tersedia:http: //harycalonpsikolog.wordpress.com/2011/11/30/teori-kepribadian-aliran-psikoanalisa-sigmund-freud/html [5 Desember 2012]

Hendy. (2009). Teori Psikoanalisis Sigmund Freud. [Online].Tersedia: http://hendygoblog.blogspot.com/2009/07/teori-psikoanalisis-sigmund-freud/html [25 September 2012]

Hidayatullah, Sultan. (2012). Teori Kepribadian, Id, Ego, Superego Menurut

Sigmund Freud. [Online].Tersedia:

http://mizaneducation.blogspot.com/2012/04/teori-kepribadian-id-ego-superego.html [5 Desember 2012]

Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra Hand Out Teori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

---. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori dan Kritik. Bandung: Daluang.

---. 2012. Panyawangan Sastra Hand Out Kritik Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Jamaludin. 2003. Problematika Bahasa & Sastra. Yogyakarta: Adicita.

Nurjanah, Neneng. 2004. Analisis Struktural Carpon Oknum Karya Hadi AKS. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.

Minderop, Albertine. 2010. Psikologi Sastra: Karya Sastra, Metode, Teori, dan Contoh Kasus. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Ratna, Nyoman Kutha. 2009 (cet. ke-6). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.


(6)

105

Rejo, Uman. (2012). Teori Psikologi Sastra ala Sigmund Freud. [Online].Tersedia: http://www.jendelasastra.com/wawasan/artikel/teori-psikologi-sastra-ala-sigmund-freud/html [25 September 2012]

Rosidi, Spk. (2003). Apa Siapa Orang Sunda. Jakarta: PT. Kiblat Buku Utama. Sumardjo, Jacob & saini KM. 1988 (cet. ke-2). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta:

Gramedia.

Teater08. (2010). Tokoh dan Penokohan. [Online].Tersedia: http://teater08.wordpress.com/2010/07/28/tokoh-dan-penokohan/html [24 November 2012]

Wellek, Rene dan Austin Werren. 1989. Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Wikipedia. (2012). Emosi. [Online].Tersedia: http://id.wikipedia.org/wiki/Emosi/

html [25 Desember 2012]

Wirwan, Teguh. (2009). Analisis Psikologi Sastra dalam Roman Larasati Karya

Pramordya Ananta Toer. [Online].Tersedia:

http://teguhwirwan.blogdetik.com/2009/08/27/analisis-psikologi-sastra-dalam-roman-larasati-karya-pramoedya-ananta-toer/html [3 Oktober 2012] Wiyatmi. 2006. Pengantar Kajian Sastra. Yogyakarta: Pustaka.


Dokumen yang terkait

Novel deana pada suatu ketika karya Titie Said sebuah pendekatan psikologi sastra

1 21 98

KONFLIK BATIN TOKOH RINAI DALAM NOVEL RINAI, TINJAUAN PSIKOLOGI SASTRA DAN IMPLEMENTASINYA PADA PEMBELAJARAN Konflik Batin Tokoh Rinai dalam Novel Rinai, Tinjauan Psikologi Sastra dan Implementasinya Pada Pembelajaran Sastra di SMK.

0 13 19

KONFLIK BATIN TOKOH RINAI DALAM NOVEL RINAI, TINJAUAN PSIKOLOGI SASTRA DAN IMPLEMENTASINYA PADA Konflik Batin Tokoh Rinai dalam Novel Rinai, Tinjauan Psikologi Sastra dan Implementasinya Pada Pembelajaran Sastra di SMK.

0 9 13

KONFLIK BATIN TOKOH UTAMA NOVEL PUSPARATRI KARYA NURUL IBAD: TINJAUAN PSIKOLOGI SASTRA Konflik Batin Tokoh Utama Novel Pusparatri Karya Nurul Ibad: Tinjauan Psikologi Sastra.

0 0 11

KARAKTERISTIK TOKOH DINA NOVÈL PRASASTI NU NGANCIK NA ATI KARYA POPON SAADAH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA (TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA).

35 325 27

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS.

9 61 30

KECAP PAGAWÉAN INTRANSITIF DINA NOVEL MERCEDES 190 KARANGAN MUH. RUSTANDI KARTAKUSUMA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA: Tilikan Struktur jeung Semantis.

1 65 36

AJÉN KAAGAMAAN DINA NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA.

2 17 23

NOVEL JERMAL KARYA YOKIE ADITYO: PENDEKATAN PSIKOLOGI SASTRA.

3 12 13

KARAKTERISTIK TOKOH DINA NOVÈL PRASASTI NU NGANCIK NA ATI KARYA POPON SAADAH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA (TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA) - repository UPI S BD 1100492 Title

1 20 3