Ngahaturanan: Nganuhunkeun: Nepikeun koméntar: Mungkas acara:

11 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX 10. Panumbu catur téh pancénna purah ngatur lumangsungna sawala diskusi. Cing pék tuduhkeun lebah mana pancén panumbu catur dina téks di luhur

B. Niténan Téks

Sabada dititénan, conto téks omongan panata acara di luhur téh aya sasaruaanana jeung naskah biantara, nyaéta ayana bagian bubuka jeung panutup anu kalimah-kalimahna ilahar sok digunakeun dina biantara. Upamana baé nepikeun puji sukur sarta nganuhunkeun ka jalma-jalma anu ngaluuhan acara. Panata acara téh pancénna purah ngatur lumangsungna hiji acara sangkan ngaguluyur kalawan tartib. Manéhna anu méré waktu sarta ngahaturanan saha baé anu cacarita atawa midangkeun pintonan. Ku sabab kitu, nyaritana teu kudu papanjangan. Cukup ku ngahaturanan, nganuhunkeun, sarta nepikeun koméntar saperluna. Titénan ieu conto téks omongan anu di luhur tadi

1. Ngahaturanan:

Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa Rahmawati kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan

2. Nganuhunkeun:

Hatur séwu nuhun ka Pupuhu Panitia, kersana Bapa Drs. Galih Sundana anu parantos ngadugikeun biantara laporanana.

3. Nepikeun koméntar:

Sabilulungan, sipat silihrojong. Sipat urang Sunda nu kalintang éndahna. Pamugi kawih anu nembé dihaharingkeun sing nyerep kana angen, sing nitih kana ati sanubari. Dina enggoning diajar urang salamina tiasa silihrojong, silihasih ku pangarti, silihasah ku kabisa, silihasuh ku kaweruh. 12 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

4. Mungkas acara:

Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh Acara Paturay Tineung parantos lekasan. Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahé carék, mugia kersa ngahapunten. Billahitauik wal hidayah wassalamu’alaikum wr. wb. Sagédéngeun éta panata acara kudu tandes lebah ngatur waktu, sangkan acara henteu ngambay, tapi saluyu jeung waktu anu geus dibadamikeun ti anggalna. Malah anu rék biantara atawa anu rék mintonkeun pagelaran, kudu dipaheutkeun heula waktuna ti anggalna. Maksudna ngarah katémbong durasi lilana saban-saban anu midang sarta luyu jeung waktu anu geus dirarancang ti anggalna. Upama teu kitu, aya kalana anu biantara atawa magelaran sok kajongjonan tepi ka nyontang waktu anu lian. Dina conto wacana anu kadua, nyaéta omongan panumbu catur, ku urang katingal ayana sasaruaan jeung omongan panata acara. Panumbu catur ogé ngan saukur ngatur lumangsungna ‘acara’, nyaéta sawala. Kalungguhanana nganteurkeun anu rék cacarita nyaéta pangjejer anu nepikeun pedaran, jeung jalma-jalma anu rék mairan kana pasualan anu disawalakeun. Émbohna ti éta, dina pungkasan sawala, panumbu catur sok nyindekkeun naon-naon anu dipadungdengkeun. Jadi upama dicindekkeun, pancén panumbu catur téh ngawengku:

1. Muka sawala sarta ngahaturanan pangjejer: