Upacara Sérén Taun Salametan Maleman Opat Welas Wangunan Imah jeung Palasipahna Upacara Melak Batu Warogé

33 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX Niténan Adat Kabiasaan Dina wacana anu tadi urang manggihan sawatara tradisi atawa budaya Sunda anu nu masih kénéh hirup di Sindangbarang, nyaéta:

1. Upacara Sérén Taun

Upacara anu diayakeun minangka tanda sukur ka Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta miharep hasil nu leuwih punjul dina taun hareup. Salian ti di Sindangbarang, upacara sérén taun téh sok diayakeun ogé di wewengkon séjénna, upama baé di Baduy, Ciptagelar, Kampung Urug, Kampung Naga, jeung sajabana. Runtuyan kagiatanana ilaharna nyaéta ngadu’a, murak tumpeng, jeung pintonan rupa-rupa kasenian tradisi.

2. Salametan Maleman Opat Welas

Salian ti sérén taun, di Sindangbarang ogé aya salametan nu diayakeun saban bulan dina maleman opat welas purnama. Ieu salametan téh ngadu’akeun anu geus parupus sarta ménta kasalametan ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat salamet sarta raharja.

3. Wangunan Imah jeung Palasipahna

Pikeun urang Sindangbarang, imah téh diwangun ku tilu bagian sarta miboga harti sewang-séwangan. Bagian tengah disebutna ‘buana panca tengah’ nyaéta tempat cicingna manusa. Bagian handap atawa kolong imah, disebutna ‘buana handap’, tempat cicingna bangsa lelembut, jurig atawa siluman. Ari bagian luhur nyaéta suhunan, disebutna ‘buana luhur’, tempat cicingna karuhun. 34 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

4. Upacara Melak Batu

Upacara melak batu téh ngaruntuy dina sawatara kagiatan, nyaéta: a. Ngunduh Watu, néangan atawa milihan batu di walungan pikeun dijadikeun ungkal biang. b. Ngunduh Matur, néangan tatangkalan anu bakal dipelak di sabudeureun batu. c. Makukeun, melakkeun batu di hiji tempat, deukeut imah pupuhu kampung.

5. Warogé

Warogé téh gambar atawa simbul tina jangjawokan Sunda baheula anu diukir dina kai. Dina warogé aya lima gambar kalawan miboga ngaran masing-masing, nyaéta: a. Haranghasuan warogé simbul seuneu, gunana pikeun ngalolongkeun panon lelembut nu niat ngaganggu pakampungan atawa lahan tatanén. b. Ratuning Tutulak warogé simbul taneuh, pikeun panulak bala tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat. c. Watu Panggilang warogé simbul batu, panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya dina batu. d. Wangapah warogé simbul cai, panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di cai. e. Wawayangan warogé simbul angin, panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.

6. Kasenian Parebut Sééng