Muka sawala sarta ngahaturanan pangjejer: Ngahaturanan pamilon pikeun mairan atawa Ngahudang sumanget pamilon sangkan mairan sarta nepikeun aturan sawala: Mungkas sarta nyindekkeun sawala:

12 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

4. Mungkas acara:

Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh Acara Paturay Tineung parantos lekasan. Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahé carék, mugia kersa ngahapunten. Billahitauik wal hidayah wassalamu’alaikum wr. wb. Sagédéngeun éta panata acara kudu tandes lebah ngatur waktu, sangkan acara henteu ngambay, tapi saluyu jeung waktu anu geus dibadamikeun ti anggalna. Malah anu rék biantara atawa anu rék mintonkeun pagelaran, kudu dipaheutkeun heula waktuna ti anggalna. Maksudna ngarah katémbong durasi lilana saban-saban anu midang sarta luyu jeung waktu anu geus dirarancang ti anggalna. Upama teu kitu, aya kalana anu biantara atawa magelaran sok kajongjonan tepi ka nyontang waktu anu lian. Dina conto wacana anu kadua, nyaéta omongan panumbu catur, ku urang katingal ayana sasaruaan jeung omongan panata acara. Panumbu catur ogé ngan saukur ngatur lumangsungna ‘acara’, nyaéta sawala. Kalungguhanana nganteurkeun anu rék cacarita nyaéta pangjejer anu nepikeun pedaran, jeung jalma-jalma anu rék mairan kana pasualan anu disawalakeun. Émbohna ti éta, dina pungkasan sawala, panumbu catur sok nyindekkeun naon-naon anu dipadungdengkeun. Jadi upama dicindekkeun, pancén panumbu catur téh ngawengku:

1. Muka sawala sarta ngahaturanan pangjejer:

Assalamu’alaikum wr. wb. BapaIbu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat, dina danget ieu sim kuring sapakaranca ti kelompok hiji badé medar pasualan “Ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé”. Ieu pasualan badé didugikeun ku Sadérék Jajang, sumangga dihaturanan 13 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

2. Ngahaturanan pamilon pikeun mairan atawa

nepikeun kamandang: Hatur nuhun ka Sadérék Jajang anu parantos ngadugikeun pasualan. BapaIbu Guru kalih réréncangan sadaya, rupina éta jejer pasualan anu diasongkeun ku sim kuring saparakanca kanggo bahan sawalakeuneun urang danget ieu. Jalaran kitu, sim kuring badé langsung waé masihan waktos ka réréncangan sadayana supados mairan, nga- dugikeun pamendak masing-masing. Sumangga, saha anu badé mairan?

3. Ngahudang sumanget pamilon sangkan mairan sarta nepikeun aturan sawala:

Hatur nuhun ka réréncangan anu parantos ngedalkeun pamendakna. Sawala urang janten langkung ramé. Naha undak-usuk kedah dileungitkeun atawa henteu, mangga tiasa dipairan deui ku nu sanés. Nanging anu badé mairan atawa ngadugikeun pamendak, mugi henteu papanjangan. Singget baé nujul kana poko pasualan. Mangga saha deui anu badé mairan?

4. Mungkas sarta nyindekkeun sawala:

Hatur nuhun kana pamair ti réréncangan sadaya. Tina sawala urang nembé rupina tiasa dicindekeun, yén anu penting téh nyaéta kasadaran urang ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sadidinten. Perkawis undak-usuk, naha leres atawa lepat ngalarapkeunana, rupina teu kedah janten hahalang. Nu penting urang nyarita ku basa Sunda. Tangtos baé kedah bari teras diajar, supados langkung paham, mana basa anu merenah atawa saé sareng mana anu henteu. BapaIbu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat, rupina sakitu anu tiasa kapidangkeun dina ieu sawala. Hatur séwu nuhun kana perhatosan ti sadayana. Hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan. Wassalamu’alaikum wr. wb. 14 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

C. Metakeun 1. Panata Acara