Kasang Tukang Tujuan Waktu jeung Tempat Tujuan Pamilon Waragad Kagiatan

62 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX S abada ngayakeun hiji kagiatan, urang kudu bisa nuliskeun laporan tina éta kagiatan. Wanda tulisanana ngaharib-harib karya ilmiah, resmi, henteu kawas nulis karangan iksi. Naon-naon anu kasaksén dina hiji kagiatan kudu dituliskeun kalawan jéntré. Ari maksudna, ngarah hiji kagiatan téh bisa jadi catetan atawa dokuméntasi sarta bisa kabaca ku nu lian. Ku sabab kitu merenah pisan upama dina pangajaran basa Sunda, urang diajar nulis laporan tina hiji kagiatan.

A. Maca Laporan Kagiatan

Baca ieu conto laporan kagiatan di handap Laporan Kagiatan Wisata Budaya ka Kampung Mahmud

1. Kasang Tukang

Ku pangaruh modérenisasi jeung kamajuan jaman, kiwari beuki loba budaya urang anu kalindih ku budaya deungeun. Para rumaja loba anu henteu apal kana adat kabiasaan urang Sunda anu ngandung ajén-ajén atikan nu luhung. Éta sababna kudu aya kagiatan anu bisa ngawanohkeun para rumaja atawa para siswa di sakola kana budaya Sunda nu aya di tatar Sunda. Dumasar kana kasang tukang pamikiran éta, SMP Sunda Mekar ngayakeun kagiatan Wisata Budaya ka Kampung Mahmud. Sumber: dokumen pribadi 63 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

2. Tujuan

Ieu wisata budaya diayakeun kalawan tujuan: 1 sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Mamud, 2 sangkan para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di éta wewengkon, 3 sangkan para siswa boga tekad jeung sumanget pikeun miara banda budaya titinggal karuhun.

3. Waktu jeung Tempat Tujuan

Wisata budaya lumangsung dina tanggal 15 Novémber 2013, kalawan tujuan Kampung Mahmud di Désa Mekarrahayu, Kacamatan Margaasih, Kabupatén Bandung.

4. Pamilon

Jumlah pamilon 255 urang 250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping.

5. Waragad

Waragad ieu kagiatan téh tina iuran para siswa anu gedéna Rp 50.000urang jeung dana batuan ti sakola. Éta waragad téh digunakeun pikeun transportasi ongkos beus, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi di perjalanan.

5. Kagiatan

Di Kampung Mahmud para siswa ningalian kaayaan lembur, niténan wangunan imah panggung sarta nanyakeun adat kabiasaan urang dinya ku cara ngawawancara sababaraha tokoh masarakat. Para siswa ogé jarah ka makam Eyang Abdul Manaf, anu mimiti ngadegkeun Kampung Mahmud. Hasil tina niténan kaayaan di Kampung Mahmud, bisa dicindekkeun sawatara perkara ieu di handap: a. Kampung Mahmud téh perenahna di Désa Mekar rahayu, Kacamatan Margaasih, Kabupatén Bandung. Kaasup kampung anu masih kénéh tukuh nyekel adat-istiadat titinggal karuhun. Dina kahirupan sapopoé aya pantrangan anu teu meunang dirempak ku masarakat di éta wewengkon. 64 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX b. Nurutkeun sajarahna, Kampung Mahmud téh diadegkeun ku Éyang Abdul Manaf. Dina jaman Walanda anjeunna ngamukim di Mekah. Saméméh mulang ka lemahcai, kungsi ngadu’a sarta munajat ka Alloh di kubah Mahmud nu aya di wewengkon Masjidil Harom. Anjeunna ménta pituduh di mana tempat pamulangan anu bakal moal katincak ku Walanda. Nya meunang ilapat, yén tempat anu kudu dijugjug téh nyaéta wewengkon ranca. Éta sababna Éyang Abdul Manaf tuluy ngajugjug ka tanah ranca nu aya di deukeut walungan Citarum, di pasisian Bandung. Kitu sasakalana naon sababna ieu lembur dingaranan Kampung Mahmud. c. Di Kampung Mahmud loba kénéh wangunan imah panggung. Sawaréhna deui imah gedong. Baheula mah imah téh kabéh ogé panggung cenah, sabab kitu wasiat ti Éyang Abdul Manaf, teu meunang nyieun imah permanén ku témbok. Di hiji tempat aya makam tempat pangjarahan. Dina gapurana aya tulisan “Makom Mahmud”. Anu dikuburkeun di dinya téh Éyang Abdul Manaf jeung karuhun Kampung Mahmud séjénna. Ieu makam sok haneuteun baé ku anu ngadon jarah ti mana-mana, boh ti Bandung boh ti daérah séjén. d. Aya sababaraha pantrangan di Kampung Mahmud téh, nyaéta: 1 Teu meunang nyieun imah tina bahan témbok permanén. 2 Teu meunang nyieun imah ngagunakeun kaca. 3 Teu meunang nabeuh goong. 4 Teu meunang nyieun sumur. 5 Teu meunang ngingu soang. Éta pantrangan-pantrangan téh aya pakaitna jeung gentingna kaayaan dina jaman Walanda harita. Ku sabab Éyang Abdul Manaf hayang ulah kanyahoan ku penjajah, nya lingkungan lembur ogé kudu simpé. Ulah aya sora goong atawa soang, sabab bakal babari kapanggihna ku Walanda. Kitu deui imah ogé ulah maké kaca ngarah nu ngeusina teu katénjo saha-sahana. Ayeuna mah éta pantrangan téh geus loba anu dirempak. Ari sababna éta pantrangan téh geus teu saluyu jeung kaayaan jaman. 65 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX

6. Panutup