Niténan Naskah Drama

94 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX 4. Kudu ditumbalan ku naon cenah sangkan nagara ma’mur sarta Endén Putri cageur? 5. Saha ngaranna putra Gusti Prabu téh? Kumaha pasipatanana? 6. Naon ari praméswari téh? 7. Adegan naon ceuk hidep anu pikaseurieun tina éta sempalan drama? 8. Saha ahirna atah rék dititah néangan Tujuh Mustika téh?

B. Niténan Naskah Drama

Naskah drama anu tadi dibaca ku hidep téh minangka sempalan atawa bagian tina naskah “Si Ujang Jadi Prabu”. Jadi caritana teu acan tamat, da kakara dua babak. Ké hidep bisa maca babak satuluyna. Upama ku hidep dititénan, naon ciri anu pangkatingalna tina naskah drama? Ayana paguneman dialog. Ieu minangka ciri anu ngabédakeun naskah drama jeung wangun karangan anu séjénna. Tegesna drama téh carita rékaan anu winangun paguneman dialog para palaku. Dina naskah drama katémbong ayana ciri-ciri anu husus, nyaéta: 1 Pertélaan palaku, anu ngabéréndélkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku. Aya ogé drama anu henteu maké pertélaan palaku, kawas naskah anu tadi di luhur. 2 Babak jeung adegan, anu ngabagi-bagi karangan drama. Unggal babak dibagi jadi sababaraha adegan nurutkeun robahna kajadian. Aya drama anu ukur diwangun ku sababak jeung aya anu sababaraha babak. 3 Candraan atawa katerangan dina awal babak, nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian jeung sajabana, contona: Sang Prabu, Praméswari, Para Putri, Ponggawa, jeung Paman Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-huleng, Bangun keur boga kabingung. 95 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX 4 Paguneman, nyaéta kalimah langsung para palaku anu silih témpas, contona: Gusti Prabu : Ih, orok ajaib atuh éta mah. Terus naon nu matak jadi kahariwang Paman? Paman Léngsér : Numawi, Gusti Prabu, éta orok téh rampus pisan sagala dituang. Gusti Prabu : Alus, Paman, hartina éta orok téh séhat. Paman Léngsér : Sanés kitu, Gusti Prabu, anu dituangna téh sanés kadaharan wungkul. Pepelakan di buruan, anak hayam, malah ka lamak bubu-tutan ogé sok dituang ku orok téh. Gusti Prabu : Seuri ngagakgak Ha ha ha....Turunan jurig sugan, Paman Nya alus ari daék ngadahar lamak bubututan mah, da harga béas keur mahal apan ayeuna téh 5 Prolog jeung épilog. Aya drama anu henteu maké prolog jeung épilog. Prolog ditulis dina awal drama, eusina katerangan ngeunaan lalakon anu disuguhkeun. Ari épilog ditulis dina bagian panutup drama, eusina kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang. Dina naskah “Si Ujang Jadi Prabu” mah teu aya prolog jeung épilog. Drama kaasup kana sastra lalakon, lantaran karangan drama ngébréhkeun paripolah palaku. Para palaku sina meta sarta maguneman jeung palaku lianna. Ieu anu ngabédakeun drama jeung carita rékaan lianna, upamana baé novel atawa carita pondok anu ngébréhkeun paripolah palaku ku cara dicaritakeun ku juru catur. Dina drama mah dilampahkeun atawa bisa katémbong dina omongan para palaku. Dina drama “Si Ujang Jadi Prabu” anu tadi, urang bisa nyindekkeun kumaha upamana pasipatan Nini Paraji atawa Radén Aria, sabada nengetan omongan-omonganana. Dina sastra Sunda loba pisan karangan drama anu kungsi dipagelarkeun, upamana baé: Lutung Kasarung R.T.A. Sunarya, Yaomal Kiyamah RAF, Masyitoh Ajip Rosidi, Cahaya Maratan Waja Yus Rusyana, Bandung Lautan Api Rukasah S.W. Prabu Siliwangi Yoséph Iskandar, 96 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX Inten Déwata Wahyu Wibisana, Raja Wales R. Hidayat Suryalaga, Prabu Tarusbawa Saini KM, Nagri Katumbiri Nunu Nazarudin Azhar, Cukang Dadan Sutisna, Bandéra Bandéra Bandéra Toni Lesmana. jsb.

C. Metakeun Drama