Metode Panalungtikan METODE PANALUNGTIKAN

Achmad Sopian Effendi , 2014 Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4. Wangenan Operasional

Ieu panalungtikan miboga judul “ Ajén-inajén Kaislaman dina Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter di SMP ” nu tujuanana pikeun meunangkeun ajén-ajén atikan karakter islami tina paribasa Sunda pikeun dijadikeun sumber bahan pangajaran basa Sunda di SMP. Pikeun nyingkahan salah tafsir jeung salah sasaran, dina ieu panalungtikan didadarkeun sababaraha wangenan istilah sacara operasional. a. Ajén-inajén Kaislaman Ajén-ajén kaislaman nu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta sistim nilai nu aya dina ajaran Islam sacara umum hukum syara, étika, logika, éstétika, jsb. Éta ajén-ajén atawa niléy kaislaman ngababon kana dua sumber hukum utama , nya éta Al- Qur‟an jeung Al-Hadist. Ajén –inajén kaislaman mangrupa intipati ajaran Islam. Ku kituna perlu dipernahkeun dina 3 poko ajaran Islam, nya éta 1 aqidah, 2 syariah, jeung 3 ahlak. b. Paribasa Sunda Paribasa Sunda nu dimaksud di dieu nya éta salahsahiji pakeman basa nu aya dina basa Sunda. Istilah paribasa dina basa Indonesia disebut peribahasa, atawa proverb dina basa Inggris. Dina pamarekan kabasaan, paribasa sok diréndéngkeun jeung babasan. Sok sanajan kitu dina ieu panalungtikan ukur nalungtik perkara paribasa, teu kaasup nalungtik perkara babasan ku sabab miboga karakter nu béda. Jadi nu dimaksud paribasa dina ieu panalungtikan nya éta pakeman basa nu runtuyan kecap-kecapna geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah atawa ditambahan jeung dikurangan sarta miboga harti atawa ma‟na nu jero mangrupa naséhat atawa wawaran luang pikeun masarakat pamakéna. c. Bahan Pangajaran Basa Sunda Bahan pangajaran nya éta rupa-rupa perkara nu dipersiapkeun atawa dirarancang kalayan sistematis pikeun dijadikeun materi pangajaran di sakola. Bahan pangajaran atawa learning material mangrupa materi ajar nu dibungkus Achmad Sopian Effendi , 2014 Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dina rupa bahan nu ditepikeun dina prosés diajar. Bahan pangajaran dina prak- prakanana mangrupa dadaran nu eusina ngeunaan fakta-fakta, prinsip-prinsip, norma, nu raket pakaitna jeung perkara aturan, ajén-inajén, jeung sikep, sarta sapuratining kaparigelam motorik. Ku kituna eusi bahan pangajaran dina enas- enasna mangrupa pangaweruh, ajén-inajén, sikep, tindakan jeung kaparigelan nu eusina amanat, informasi, jeung ilustrasi nu mangrupa fakta, konsep, prinsip, jeung proses nu diarahkeun pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Dina ieu panalungtikan bahan pangajaran nu dimaksud nya éta bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda sunda di SMP. d. Atikan Karakter Atikan karakter nu dimaksud nya éta atikan nu udaganana pikeun nu muwuhkeun sikep, tabé‟at, jeung ahlak nu mulya ka para siswa di sakola ngaliwatan internalisasi ajén-inajén moral linuhung sangkan maranéhna mikanyaho, maham, jeung ngabiasakeun diri milampah kalakuan nu hadé, alus, mangpaat keur kahirupan dirina, lingkunganana, bangsa, jeung agamana.

3.5. Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan mangrupa alat pikeun ngumpulkeun sarta ngolah sumber data. Pikeun ngumpulkeun data diperlukeun ayana instrumen paranti ngumpulkeun éta data. Ku kituna luyu jeung tehnik nu dipaké dina ieu panalungtikan, alat atawa instrumen nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta dina wangun kartu data. Kartu data dipaké pikeun ngawincik, ngolah, katut nganalisis sumber data nu wangunna mangrupa paribasa Sunda pikeun meunangkeun data panalungtikan tina buku-buku paribasa Sunda nu geus ditangtukeun. Dina éta kartu data kaunggel hal-hal sarupa kieu di handap. 1 Sumber data mangrupa paribasa Sunda nu nomerna disusun sacara alpabetis; 2 Harti jeung ma‟na paribasa 3 Tafsiran sumber data 4 Analisis :