Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Erin Irtanti, 2014 Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Sastra mangrupa kagiatan kréatif manusa atawa hasil réka cipta anu gelar dina médium basa, sarta mintonkeun rupaning kahirupan manusa jeung kaayaan alam harita. Sastra ogé bisa disebut minangka gambaran peradaban manusa sarta dianggap salaku gejala social, sabab sastra nu aya dina waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma sarta adat istiadat nu tumuwuh dina jamanna. Sanajan kitu, karya sastra sipatna fiksi atawa rékaan, bisa jadi mangrupa hasil pangalaman hirup manusa, bisa ogé mangrupa carita nu geus diréka ku panulis. Sastra mangrupa éksprési pribadi manusa nu mangrupa pangalaman, hasil mikir, rasa, ide, sumanget, kayakinan dina wangun gambaran kongkrit nu nimbulkeun perkara nu pikatajieun, kalawan basa minangka alatna. Karya sastra téh aya tilu bagian: puisi, prosa jeung drama. Minangka salasahiji wanda prosa, novel mangrupa prosa rékaan fiksi nu naratif ngawujud lalakon, umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks ngarancabang. Ku lantaran kitu, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa tokoh, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi Iskandarwassid, 1992, kc. 91. Sastra jeung psikologi raket patalina dina kahirupan sabab patali jeung pasualan manusa salaku individu jeung mahluk sosial. Duanana ngamangpaatkeun dasar nu sarua nya éta pangalaman manusa. Pamarekan psikologi dianggap penting dina panalungtikan sastra. Panalungtikan psikologi nu dipatalikeun jeung sastra miboga peran penting dina pamahaman sastra ku sabab ayana sawatara kaonjoyan saperti: pentingna psikologi sastra dina maluruh leuwih jero aspék penokohan; pamarekan ieu dipiharep méré umpan-balik ka panalungtik ngeunaan penokohan nu Erin Irtanti, 2014 Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu dimekarkeun; sarta panalungtikan ieu mantuan pikeun nganalisis karya sastra nu patali jeung aspék-aspék psikologis Endraswara dina Minderop, 2011, kc. 2. Panalungtikan psikologi sastra ngawengku tilu kamungkinan, salasahijina panalungtikan karakter para palaku nu aya dina karya sastra ngaliwatan analisis palaku jeung penokohan. Psikologi sastra boga tujuan pikeun ngaréngsékeun pasualan psikologi praktis dina nyangkem aspek-aspek nu aya dina karya sastra. Psikologi sastra ngaguar masalah nu aya patalina jeung unsur-unsur kajiwaan tokoh nu aya dina hiji karya Nyurahan aspék psikolog dina karya sastra bisa ku cara neuleuman sawatara aliran psikologi, saperti psikoanalisis, béhaviorisme, jeung humanistik. Aspék psikologi dina karya sastra ditalungtik tina kajadian-kajadian anu dialaman ku para tokoh, tina kalimah-kalimah nu diucapkeun ku tokoh, atawa tina déskripsi jeung narasi pangarang dina téks. Pikeun nyangkem eusi karya, tangtu kudu maca téks, nganalisis, nalungtik kana puseur pasualan nu hayang dipaluruh. Psikoanalisis mangrupa wangun kritik sastra nu maké sajumlah téhnik psikoanalisis dina nafsirkeun sastra. Psikoanalisis sorangan mangrupa wangun terapi nu tujuanan pikeun nyageurkeun gangguan méntal ku cara maluruh jeung niténan interaksi antara unsur-unsur sadar jeung teu sadar dina jero pikiran Concise Oxford Dictionary dina Barry, 2010, kc. 113. Ieu novel baris ditalungtik ngeunaan salasahiji unsur kajiwaan dina karya sastra nya éta ngeunaan psikoanalisis tokoh utama dina hiji karya sastra. Panalungtikan psikoanalisis sastra téh nya éta mangrupa cara nu dipaké pikeun nalungtik karya sastra ku cara ngidentifikasikeun aspék-aspék kajiwaan anu aya dina hiji karya sastra. Aspék-aspék kajiwaan bisa ditalungtik ku cara: maham unsur-unsur kajiwaan pangarang salaku panulis, maham unsur-unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional dina karya sastra, maham unsur kajiwaan pamaca karya sastra Ratna, 2009, kc. 343. Novel Sabalakana karya Dadan Sutisna mangrupa karya sastra nu asup nominasi Hadiah Sastra Rancagé 2014. Kasang tukang caritaan dina novel Erin Irtanti, 2014 Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Sabalakana mangrupa kahirupan masarakat golongan handap nu hésé meunang kaadilan. Kaum Balakasontang mangrupa gambaran kaum nu ‘termarjinalkan’ sarta dianggap minangka sumber masalah. Pamarekan psikologis nyoko kana analisis karya sastra boh intrinsik boh ékstrinsik. Dina analisis penokohan perlu dipaluruh ngeunaan paripolah tokoh, naha penokohan katerap panyakit neurosis, psikosis, jeung halusinasi. Wabah sabalakana nu aya dina caritaan novel Sabalakana ampir sarua jeung gejala psikosis, nya éta gangguan tilikan pribadi balukar sindrom psikiatri, nyababkeun kateumampuhan hiji jalma dina ngajén réalita ku sabab kasieun dina fantasi dirina. Nepi ka ngarojong betusna kamarudahan nu mangrupa paripolah atawa omongan nu sacara jujur balaka. Dadan Sutisna sorangan nya éta pangarang nu dianggap poténsial. Dina taun 2002, 2004, jeung 2011 dilélér hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara Djatnika, 2001, Misteri Haur Geulis Kiblat, 2003, jeung Rasiah Kodeu Binér Kiblat, 2010. Taun 2003 anjeunna ogé kungsi meunang Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi. Tulisanana sering dimuat dina sawatara kalawarta saperti Manglé, Pikiran Rakyat, Kompas, jrrd. Aya sawatara panalungtikan ngeunaan psikologi, anu kacatet ti mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS-UPI Bandung, dina wangun skripsi di anatarana: Sawangan Psikoanalisis kana Novel Pangantén Karya Deden Abdul Aziz Andriany, 2005; Aspek Psikologis Carpon Sintung Kalapa Karya Iskandarwassid Hapitasari, 2005; Kajian Psikoanalisis dina Novel Tempat Balabuh Karya Aam Amilia Perdiwan, 2006; Tokoh Novel Pipisahan Karya RAF Kajian Psikologi Humanistik Gugun Dedi Guntara, 2008; Ulikan Psikologis kana Novel Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Rida Lela Meiwindra, 2011; Kajian Psikologi Humanistik kana Novel Déng Karya Godi Suwarna Hudaya, 2012; Kajian Psikologi Humanistik kana Kumpulan Carita Pondok Anak Jadah Karya Cecep Burdansyah Erfhan Ertanto, 2012. Erin Irtanti, 2014 Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Ku kituna, panalungtik ngarasa perlu nalungtik aspék psikolog kalayan judul Kajian Psikoanalisis kana Novel Sabalakana Karya Dadan Sutisna. Anu jadi alesan nalungtik éta judul pikeun mikanyaho kumaha aspék psikologi dina novél éta, kalayan dipiharep bisa ngeuyeuban atawa méré kontribusi kana khasanah sastra Sunda. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah