Siti Meisaroh, 2015 HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG
TAHUN AJARAN 2014 2015
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
3.2 Desain Panalungtikan
Nurutkeun Sugiyono 2008, kc. 2 métode panalungtikan dina dadasarna mah mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data saluyu jeung tujuan jeung
mangpaat nu tangtu. Cara ilmiah miboga harti kagiatan panalungtikan dumasar kana ciri-ciri kaélmuan, nya éta rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional nya
éta kagiatan panalungtikan nu dilakukeun ku cara- cara masuk akal sahingga bisa katepian ku
penalaran
manusa. Émpiris miboga harti cara-cara nu dilakukeun jeung bisa ditilik ku indera manusa, nepika jalma lian nisa nilik jeung mikanyaho
cara-cara nu digunakeun. Sistematis hartina, prosés nu digunakeun dina panalungtikan nu ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu nu sipatna logis.
Métode panalungtikan mangrupa hiji cara atawa jalan pikeun meunangkeun deui
pemecahan
kana sagala masalah nu karandapan Subagyo, 1991, kc. 2. Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun pamarekan kualitatif jeung métode
deskriptif korélasional. Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris
to describe
, nu hartina ngagambarkeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan,
jrrd Arikunto, 2010, kc. 3. Ku kituna, panalungtikan deskriptif nya éta panalungtikan nu dimaksudkeun pikeun nalungtik hiji kaayaan, kondisi, atawa
hal-hal séjén nu disebutkeun, nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan. Panalungtikan korélasi atawa panalungtikan korélasional nya éta
panalungtikan nu dilakukeun ku panalungtik pikeun mikanyaho tingkat hubungan antara dua variabel atawa leuwih, tanpa ngalakukeun parobahan , tambahan atawa
manipulasi, kana data nu geus aya Arikunto, 2010, kc. 5. Nurutkeun Kirk jeung Miller dina Moleong ,2002, kc. 3 panalungtikan
kualita tif nya éta “
tradisi tertentu dalam ilmu pengetahuan sosial yang secara fundamental bergantung dari pengamatan pada manusia baik dalam kawasannya
maupu dalam peristilahannya
” . Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode panalungtikan kualitatif deskriptif korélasional sabab akibat nu miboga tujuan
pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun ngeunaan hubungan lingkungan atikan, hususna atikan di sakola nu miboga peran kana sikep basa siswa. Éta sikep
Siti Meisaroh, 2015 HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG
TAHUN AJARAN 2014 2015
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
basa ngawengku kasatiaan basa, kabanggan basa, jeung kasadaran basa. Katilu éta sikep basa diwangun ku dalapan patalékan, nu ngawakilan tina masing-masing
sikep basa nu disebut diluhur. Desain panalungtikan ngawengku nangtukeun masalah, ngawatesanan jeung
ngarumuskeun masalah, nangtukeun jeung nyieun instrumén, ngumpulkeun data, nganalisis data, ngadéskripsikeun data, nu pamungkas nyieun kacindekan.
Dumasar kana katerangan diluhur, desain panalungtikan nu geus disebutkeun diluhur ngagambarkeun galur panalungtikan, saperti ébréh dina bagan ieu di
handap.
Siti Meisaroh, 2015 HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG
TAHUN AJARAN 2014 2015
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Nangtukeun Masalah -
kaayan lingkungan SMPN 44 Bandung
- lingkungan atikan sakola
SMPN 44 Bandung -
Sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung
- Pangaruh lingkungan atikan
kana sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung.
Ngumpulkeun Data -
Téknik obsérvasi -
Téknik wawancara -
Téknik dokuméntasi Instrumén Panalungtikan
- Alat rekam
- Kaméra digital
- Pedoman wawancara
Ngolah Data -
Téknik Analisis unsur langsung
Nyieun kacindekan Ngadeskripsikeun Data
Siti Meisaroh, 2015 HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG
TAHUN AJARAN 2014 2015
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Dina ieu
panalungtikan, digunakeun
pamarekan kualitatif.
Métode panalungtikan kualitatif bisa dihartikeun métode panalungtikan dumasar kana
filsafat postpositivisme, nu digunakeun pikeun nalungtik kana objék nu alamiah. Sugiyono,2012, kc. 9.
3.4 Ngumpulkeun Data 3.4.1 Instrumén Pangumpul Data