Tujuan Panalungtikan Mangpaat Panalungtikan Sistematika Tulisan

Muhamad Yogi Hamdani, 2015 KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1 kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang, 2 struktur kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang, 3 ajén étnopédagogik nu nyangkaruk dina kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang, jeung 4 fungsi kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap. 1 Mangpaat Téoritis Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa: 1 Ngabeungharan pangaweruh perkara ulikan kabudayaan jeung tradisi Sunda, utamana dina wengkuan tiori-tiori kajian étnopédagogik. 2 Aplikasi ulikan struktur pertunjukan dina kaulinan barudak. 3 Aplikasi ulikan étnopédagogik dina kahirupan nu nyampak di masarakat. 2 Mangpaat Praktis Panalungtikan ieu miboga mangpaat praktis, diantarana: 1 Pikeun Panalungtik Nambahan pangalaman dina prosés panalungtikan budaya, utamana dina produk budaya nu mangrupa tradisi nu hirup di masarakat. 2 Pikeun Pangajaran Nambahan pangdeudeul ulikan, utamana ulikan ngeunaan ajén moral jeung karakter bangsa. 3 Pikeun Sakola Ku ayana panalungtikan ieu, dipiharep bisa nambahan référénsi kajian, utamana dina pangajaran di sakola. Muhamad Yogi Hamdani, 2015 KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Sistematika Tulisan

ABSTRAK PANGJAJAP DAPTAR EUSI DAPTAR TABÉL BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.5 Sistematika Tulisan BAB II KAJIAN PUSTAKA 2.1 Konsép nu Diulik 2.2 Panalungtikan Saméméhna 2.3 Posisi Tioritis Panalungtik BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan 3.2 Sumber Data 3.3 Instrumén Panalungtikan 3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data 3.5 Téhnik Analisis Data BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Hasil Panalungtikan 4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, jeung RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan 5.2 Implikasi 5.3 Saran DAPTAR PUSTAKA RIWAYAT HIRUP Muhamad Yogi Hamdani, 2015 KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Panalungtikan kualitatif ngagunakeun desain panalungtikan studi kasus, dina harti panalungtikan dipuseurkeun kana hiji runtuyan kajadian nu dipilih jeung dicangkem sacara leuwih teleb. Panalungtikan kualitatif nataharkeun jeung ngararancang sacara leuwih asak pikeun nangtukeun tempat, partisipan, jeung ngamimitian ngumpulkeun data. Sangkan leuwih jéntré, bisa diilikan dina bagan ieu di handap. Fungsi Kaulinan Étnopédagogik Nangtukeun Obyék Panalungtikan Kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang Nangtukeun Tiori jeung Métode Panalungtikan Étnopédagogik: A. Ajén Moral Warnaen 1. Moral Manusa ka Pangéran MMP 2. Moral Manusa ka Dirina MMD 3. Moral Manusa ka Manusa MMM 4. Moral Manusa ka Alam MMA 5. Moral Manusa ka Waktu MMW 6. Moral Manusa dina Ngahontal Kasugemaan Lahir Batin MMLB B. Atikan Karakter Bangsa Ngaliwatan Étnopédagogik Fungsi Kaulinan: Dumasar kana kelompok kaulinan antara kaulinan pikeun ulin play atawa pikeun tanding game Struktural: 1. Ngaran Kaulinan 2. Waktu 3. Tempat 4. Palaku Pamaén a. Jumlah b. Umur c. Jenis Kelamin 5. Kalengkepan kaulinan 6. Prak-prakan kaulinan a. Tatahar b. Prung arulin c. Réngsé arulin Ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung napsirkeun Nyindekkeun Nyusun Laporan Nangtukeun Masalah Struktur Kaulinan