SAJARAH CIJULANG: ULIKAN STRUKTURAL, SEMIOTIK, JEUNG ÉTNOPÉDAGOGIK.

(1)

DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP ... ii

KEDALING RASA SUKUR ... iii

ABSTRAK ... v

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR TABÉL ... xi

DAFTAR BAGAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.4.2.1 Pikeun nu Nalungtik ... 5

1.4.2.2 Pikeun Masarakat ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN PUSTAKA 2.1 Naskah Sunda ... 7

2.1.1 Naskah Sajarah Cijulang ... 9

2.2 Sastra ... 9

2.2.1 Sastra Sunda ... 11

2.2.2 Fungsi Sastra Sunda ... 13

2.3 Babad ... 14

2.3.1 Kamekaran Babad ... 14

2.4 Strukturalisme ... 17

2.4.1 Fakta Carita ... 22

2.4.1.1 Galur ... 22

2.4.1.2 Karakter ... 23

2.4.1.3 Latar ... 23

2.5 Semiotik ... 23

2.5.1 Tiori Charles Sanders Peirce ... 25

2.5.1.1 Hubungan Obyék jeung Tanda... 26

2.5.1.2 Tanda Ikonis ... 26

2.6 Étnopédagogik ... 27

2.6.1 Kearifan Lokal salaku Landasan Étnopédagogik ... 28

2.6.1.1 Konsép Kearifan Lokal ... 28

2.6.1.2 Oriéntasi Étnopédagogik Sunda ... 29

2.7 Panalungtikan Saméméhna ... 31


(2)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan ... 35

3.2 Métode panalungtikan ... 36

3.3 Sumber Data ... 36

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 37

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 38

3.6 Téhnik Analisis Data ... 38

BAB IV HASIL JEUNG BAHASAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 40

4.1.1 Déskripsi Naskah Sajarah Cijulang ... 40

4.1.1.1 Ringkesan Carita Sajarah Cijulang ... 40

4.1.2 Struktur Carita Sajarah Cijulang ... 51

4.1.2.1 Fakta Carita Babad Cijulang ... 51

4.1.3 Unsur Semiotik Carita Sajarah Cijulang ... 71

4.1.3.1 Ikon ... 71

4.1.3.2 Indéks ... 74

4.1.3.3 Simbol ... 86

4.1.4 Ajén Étnopédagogik Carita Sajarah Cijulang ... 91

4.1.4.1 Catur Jatidiri Insan ... 91

4.1.4.2 Moral Kamanusaan ... 104

4.1.4.3 Gapura Panca Waluya ... 127

4.2 Bahasan Hasil Analisis ... 143

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 146

5.2 Saran (Rékoméndasi) ... 148

DAFTAR PUSTAKA ... 149


(3)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Babad mangrupa carita anu miboga ajén sajarah atawa deukeut hubunganana jeung sajarah, (Darusuprapta dina Ekadjati, 1982, kc.1). Tina sawangan sastra, babad téh mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salasahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon. Nilik eusina, karep nu nyarusun babad téh bangun rék nulis sajarah. Malah judul-judulna ogé, di antarana, aya anu tandes ngagunakeun kecap sajarah. Tapi tacan diaku sajarah sabab mindeng kaselapan bagian-bagian anu sipatna rékaan, atawa tacan katarima ku panguji disiplin (élmu) sajarah (Iskandarwassid, 1996, kc. 17).

Nurutkeun Ekadjati, (1982, kc. 1) istilah babad dina sastra Sunda asalna tina basa Jawa. Saméméhna, pikeun harti anu sarua digunakeun istilah carita, saperti: Carita Parahiyangan, Carita Ratu Pakuan, (Atja dina Ekadjati, 1982, kc. 1), jeung Carita Waruga Guru (Pleyte dina Ekadjati, 1982, kc. 1). Salian ti éta, kecap babad ogé sok diganti ku kecap sajarah, saperti: Sajarah Sukapura, Sajarah Cijulang, jeung Sajarah Galuh (Ekadjati, 1982, kc. 1). Anapon carita anu bakal ditalungtik dina ieu panalungtikan téh nya éta Sajarah Cijulang.

Naskah-naskah anu sumebar di masarakat eusina ngandung rupa-rupa aspék, boh anu eusina ngeunaan sajarah, atikan, agama, boh sastra. Naskah Sajarah Cujulang mangrupa salasahiji naskah sajarah anu eusina nyaritakeun silsilah luluhur urang Cijulang. Ku ayana éta naskah urang bisa nyaho sajarah, atikan, jeung hal-hal séjén anu aya mangpaatna keur urang anu hirup di jaman kiwari.

Kaayaan naskah jaman kiwari béda pisan jeung jaman baheula. Kiwari naskah Sunda henteu digunakeun deui ku masarakat. Hal éta katitén ku héséna meunang informasi ngeunaan naskah Sunda di masarakat. Hal éta disababkeun ku sababaraha hal, saperti naskah Sunda geus henteu digunakeun dina kahirupan


(4)

sapopoé; ku kituna loba masarakat anu henteu apal kana naskah Sunda; tulisan naskah anu henteu ilahar jeung jaman kiwari; leungit; atawa ruksak. Salian ti éta, héséna meunangkeun informasi ngeunaan naskah disababkeun ogé ku sikep nu boga naskah. Aya anu nganggap naskah salaku barang penting, salaku barang biasa, salaku barang anu teu penting, aya ogé anu nganggap naskah salaku barang pusaka jeung dikaramatkeun sarta boga kakuatan gaib nepi ka éta naskah disumputkeun (Djamaris, 2002, kc. 11).

Naskah Sajarah Cijulang mangrupa salasahiji naskah anu masih kénéh dikaramatkeun ku sawatara kelompok masarakat. Éta kelompok téh percaya kana sawatara mitos anu raket patalina jeung éta sajarah. Saperti éta naskah téh teu meunang dibaca dina poé Salasa jeung poé Sabtu, teu meunang di poto, jeung teu meunang diinjeumkeun ka sagawayah jalma.

Naskah Sajarah Cijulang masih kénéh dibaca ku masarakat kacamatan Cigugur, kabupatén Pangandaran dina bulan Muharam, bulan Mulud, jeung malem-malem kaliwon anu tangtu. Sok sanajan kitu, henteu sakabéh masarakatna apal kana naskah Sajarah Cijulang.

Tina sajarah luluhur anu aya dina éta naskah téh loba élmu, piwuruk, tur ajén anu bisa diconto ku urang anu hirup jaman kiwari, salah sahijina nya éta pikeun kahirupan jeung atikan di masarakat.

Panalungtikan ngeunaan naskah Sajarah Cijulang patali jeung widang sastra, sajarah, jeung kabudayaan. Patalina jeung sastra, naskah sajarah Cijulang bisa méré informasi ngeunaan kagiatan sastra, wanda karya sastra jaman baheula, sarta kumaha cara midangkeun caritana. Patalina jeung sajarah, naskah Sajarah Cijulang bisa dijadikeun référénsi kasajarahan. Anu pamungkas, patalina naskah Sajarah Cijulang jeung kabudayaan nya éta naskah Sajarah Cijulang bisa méré gambaran ngeunaan kabudayan masarakat jaman baheula.

Fungsi atikan dina kontéks kabudayaan kacida pentingna, lantaran salah sahiji fungsina nya éta pikeun ngawariskeun ajén-inajén kamanusaan anu sumberna tina budaya bangsa. Salah sahiji sumber atikan téh nya éta tina kabudayaan anu aya di lingkungan sabudeureun, anu kiwari leuwih dipikawanoh


(5)

3

Kearifan lokal (local wisdom) mangrupa gagasan-gagasan jeung pangaweruh di éta tempat anu sipatna wijaksana, pinuh kearifan, miboga ajén luhung, anu dipibanda, dijadikeun tetekon, sarta dilaksanakeun ku anggota masarakatna. Kearifan lokal bisa dijadikeun acuan dina prakték atikan dina ngawangun generasi bangsa anu berkarakter anu salasahijina bisa kapaluruh dina sajarah.

Pikeun maluruh kumaha gambaran Sajarah Cijulang jeung ngungkab eusi nu ditepikeun dina sajarah Cijulang, tangtu kudu matalikeun jeung tiori. Anapon tiori anu dipaké téh nya éta strukturalisme, semiotik, jeung étnopédagogik. Nurutkeun Hawkes dina Pradopo (2010, kc, 37) strukturalisme disawang salaku cara mikir ngeunaan dunya sastra anu nyoko kana susunan hubunganana. Ku kituna, kodrat unggal unsur dina sistem struktur bakal miboga ma’na upama patali jeung unsur séjénna.

Hiji struktur kudu disawang salaku hiji totalitas. Ku kituna, sanajan diwangun ku sajumlah struktur anu leuwih leutik anu aya sahandapeunana, sakabéhna ngawangun hiji totalitas dina struktur anu leuwih jembar. Struktur henteu statis, tapi mangrupa hiji hal anu bisa ngalaman proses transformasi, kusabab konsép struktur lain ngan saukur ‘terstruktur’ (structure), hiji kaayaan, tapi ‘menstruktur’ (structurant), hiji hal anu miboga proses. Jadi, struktur bisa mekar boh ku ayana pangaruh ti jero boh pangaruh ti luar. Salaku hiji wangun, struktur diwangun ku sajumlahing komponén anu ngawangunna. Upama aya komponén anu leungit atawa robah, mangka struktur bakal ngatur dirina sorangan (Hoed, 2011, kc. 29).

Pikeun ngungkab leuwih jero ngeunaan unsur sinkronisna dina ieu panalungtikan digunakeun ogé tiori lianna nya éta semiotik. Nurutkeun Hoed (2011, kc. 3) semiotik mangrupa élmu atawa métode analisis pikeun ngulik tanda. Tanda mangrupa hiji hal anu ngawakilan hal séjén anu mangrupa pangalaman, pikiran, rasa, gagasan, jeung sajabana.

Panalungtikan ngeunaan Sajarah Cijulang kungsi dilaksanakeun ku Ruswendi Permana dina taun 1996 mangrupa tésis di Program Pascasarjana


(6)

Uyi Kodariah dina taun 2014 mangrupa skripsi di Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni UPI anu judulna Sajarah Cijulang: Kritik Téks, Tinjauan Isi, dan Tinjauan Fungsi. Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta ieu panalungtikan maluruh struktur, unsur semiotik, jeung ajén étnopédagogik anu nyampak dina naskah Sajarah Cijulang.

Ku kituna, panalungtikan anu judulna “Sajarah Cijulang (Ulikan Struktural, Semiotik jeung Étnopédagogik” perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan

Naskah Sajarah Cijulang bisa dipaluruh ngagunakeun rupa-rupa disiplin élmu, saperti élmu sastra, sajarah, sosiologi, antropologi, jeung élmu basa. Anu dipaluruhna ogé bisa rupa-rupa, bisa tina segi budayana, segi antropologisna, boh segi sosiologisna. Salian ti éta loba vérsi naskah Sajarah Cijulang, boh anu masih tulisan Arab-Pegon boh anu geus ditransliterasi. Sangkan ambahanna teu lega teuing, ieu panalungtikan diwatesanan pikeun nganalisis naskah Sajarah Cijulang koléksi Perpustakaan Nasional Republik Indonesia. Watesan dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap:

1) Kumaha déskripsi naskah Sajarah Cijulang? 2) Kumaha struktur carita Sajarah Cijulang?

3) Unsur-unsur semiotik naon baé anu aya dina carita Sjaraha Cijulang? 4) Ajén étnopédagogik naon baé anu aya dina carita Sajarah Cijulang?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan téh mangrupa salasahiji udagan nu kudu dihontal dina unggal panalungtikan. Hal ieu sangkan udaganana teu méngpar tina rumusan nu geus dirarancang saméméhna. Tujuan dina ieu panalungtikan aya dua nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun maham eusi salasahiji karya sastra, bisa ngungkab ajén-ajén budaya heubeul salaku léngkah pikeun


(7)

5

ngamumulé budaya nasional, sarta pikeun mikawanoh hasil pamikiran masarakat dina jaman baheula.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Naskah Sajarah Cijulang;

2) Struktur carita Sajarah Cijulang;

3) Unsur-unsur semiotik anu aya dina carita Sajarah Cijulang; jeung 4) Ajén étnopedagogik anu aya dina carita Sajarah Cijulang.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat nu sipatna tioritis jeung nu sipatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa mangpaat pikeun dunya atikan. Ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh urang utamana anu raket patalina jeung usaha mertahankeun sastra buhun anu patali jeung sajarah.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis hususna pikeun nu nalungtik, jeung masarakat.

1.4.2.1Pikeun nu nalungtik

Ku ayana ieu panalungtikan, panalungtik bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan carita Sajarah Cijulang, hususna ngeunaan struktur, unsur semiotik, jeung ajén étnopédagogik anu aya dina carita Sajarah Cijulang tur bisa numuwuhkeun kasadaran dirina kana pentingna dokuméntasi sajarah.

1.4.2.2Pikeun masarakat

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus masarakat kana sajarah daérahna, tur bisa ngamumulé jeung ngajaga sajarah karuhunna sangkan henteu leungit.


(8)

1.5 Raraga Tulisan

Raraga tulisan ieu tésis kabagi jadi lima bab nya éta: BAB I : Bubuka

Medar kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulis.

BAB II : Ulikan Pustaka

Medar tiori-tiori anu dipaké dina panalungtikan, anu ngawengku filologi, naskah, sastra, strukturalisme, semiotik jeung étnopédagogik; panalungtikan saméméhna; jeung raraga mikir.

BAB II I: Métodeu Panalungtikan

Medar desain panalungtikan, métode panalungtikan, sumber data, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, léngkah-léngkah ngumpulkeun data, téhnik analisis data, jeung léngkah-léngkah analisis data.

BAB IV: Hasil jeung Bahasan

Medar ngeunaan hasil jeung bahasan panalungtikan, anu ngawengku déskripsi naskah Sajarah Cijulang, hasil analisis unsur struktural, unsur semiotik, jeung ajén étnopédagogik tina naskah Sajarah Cijulang.

BAB V: Kacindekan jeung Saran.

Medar kacindekan tina hasil analisis data anu dipedar dina bab saméméhna. Lian ti éta, diébréhkeun ogé sawatara rékoméndasi pikeun kamekaran élmu pangaweruh dina widang atikan jeung panalungtikan ka hareupna.


(9)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta proses anu dirarancang pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun pasualan-pasualan panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan digambarkeun saperti dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

Struktur Carita

Ajén Étnopédagogik Unsur Semiotik

Struktural:

fakta carita: galur, karakter, jeung latar.

Nangtukeun Tiori jeung Métode Panalungtikan

Naskah Sajarah Cijulang Koléksi Perpustakaan

Nasional Jakarta Nangtukeun Obyék

Panalungtikan

Semiotik:

1. Ikon

2. Indéks

3. Simbol

Étnopédagogik:

1. Catur jatidiri insan: pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé gawéna.

2. Moral manusa: Moral manusa ka

Pangéran, moral manusa ka pribadi, moral manusa ka manusa, moral manusa ka alam, moral manusa kana waktu, jeung moral manusa dina ngudag kapuasaan lahiriah jeung batiniah.

3. Gapura panca waluya: cageur,

bageur, bener, pinter, singer, jeung pangger.

Ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung napsirkeun Nyindekkeun


(10)

3.2 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Ratna (2013, kc. 34) métode asalna tina basa Latin methodos anu diwangun tina kecap meta jeung hodos. Meta hartina nuju, ngaliwatan, nuturkeun, sedengkeun hodos hartina jalan, cara, arah. Dina kagiatan ilmiah, métode dianggap salaku cara-cara atawa strategi dina maham réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun ngungkulan masalah anu aya.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Métode déskriptif analisis dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta, tuluy dianalisis (Ratna, 2013, kc. 53). Ngaliwatan ieu métode, panalungtik baris ngadéskripsikeun data-data anu kapanggih dumasar hasil analisis nepi ka bisa nyieun kacindekan tina ieu panalungtikan.

Métode déskriptif analisis dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun struktur carita, unsur semiotik, jeung ajén étnopédagogik anu aya dina naskah Sajarah Cijulang.

3.3 Sumber Data

Sumber data nya éta subyék tempat data dipibanda. Saupama panalungtik ngayakeun kagiatan wawancara dina ngumpulkeun data, ku kituna sumber datana réspondén nya éta jalma anu ngaréspon patalékan-patalékan panalungtik, boh sacara lisan boh tinulis. Saupama panalungtik ngagunakeun téhnik obsérvasi sumber datana mangrupa barang, paripolah, atawa proses hiji hal. Saupama panalungtik ngagunakeun téhnik dokuméntasi, sumber datana mangrupa kumpulan catetan (Arikunto, 2010, kc. 129). Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta naskah Sajarah Cijulang koléksi Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI) nomer katalog SD 206B. Ukuran naskahna 20,5 x 32 cm, kandelna 37 kaca, ditulis ngagunakeun mangsi hideung dina kertas bergaris semu coklat. Basa anu digunakeunana basa Sunda-Jawa ngagunakeun hurup Latén kalawan ditulis dina wangun prosa.


(11)

37

3.4 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén nya éta pakakas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang sarta meunang hasil anu hadé, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang ngolahna. Lantaran ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif analisis, instrumén anu diperlukeun nya éta pedoman analisis jeung kartu data. Pedoman analisis gunana minangka tatapakan dina proses analisis jeung déskripsi data, sedengkeun kartu data digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu aya dina sumber data. Instrumén dina ieu panalungtikan bisa katitén saperti ieu di handap.

Tabél 3.1

Kartu Data 1

Struktur Sajarah Cijulang

Fakta Carita:

Galur Karakter Latar

Tabél 3.2

Kartu Data 2

Sajarah Cijulang Katerangan:

1. Ikon 2. Indéks 3. Simbol Kode

Data

Tabél 3.3

Kartu data 3

Sajarah Cijulang Katerangan:

1. Pengkuh agamana (SQ) 2. Luhung élmuna (IQ) 3. Jembar budayana (EQ) 4. Rancagé gawéna (AQ) Kode


(12)

Tabél 3.4

Kartu Data 4

Sajarah Cijulang Katerangan :

1.Moral manusa ka Pangéran 2.Moral manusa ka pribadi 3. Moral manusa ka manusa 4.Moral manusa ka alam 5.manusa kana waktu

6.Moral manusa dina ngudag kapuasan lahiriah & batiniah Kode

Data

Tabél 3.5

Kartu Data 5

Sajarah Cijulang Katerangan:

1. Cageur 2. Bageur 3. Bener 4. Pinter 5. Singer 6. Pangger Kode

Data

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi jeung ulikan pustaka. Téhnik dokuméntasi mangrupa téhnik ngumpulkeun data anu mangrupa catetan, transkrip, buku, jsb (Arikunto, 2010, kc. 231).

Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina ngumpulkeun data nya éta: (1) ulikan pustaka pikeun néangan pamahan awal ngeunaan masalah anu ditalungtik, jeung (2) maca naskah Sajarah Cijulang kalawan gemet.

3.6 Téhnik Analisis Data

Data anu geus dikumpulkeun tangtuna kudu diolah pikeun didéskripsikeun sangkan bisa dijieun kacindekan ngeunaan data panalungtikan. Data anu geus dikumpulkeun diolah kalawan ngaliwatan sababaraha léngkah nya éta:

a. Data analisis struktur naskah Sajarah Cijulang

Pikeun ngolah data anu patali jeung struktur naskah Sajarah Cijulang, panalungtik ngalakukeun sababaraha léngkah nya éta:


(13)

39

1) Panalungtik nganalisis naskah Sajarah Cijulang; 2) Hasil analisis bibaca sarta dibéré tanda;

3) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasi dumasar strukturna anu ngawengku fakta carita: galur, karakter, latar; Hasil analisis ditulis dina kartu data; 4) Kartu data disusun dina tabél.

b. Data analisis semiotik naskah Sajarah Cijulang 1) Panalungtik nganalisis naskah Sajarah Cijulang; 2) Hasil analisis bibaca sarta dibéré tanda;

3) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasi dumasar kana unsur semiotik anu ngawengku ikon, indéks, simbol;

4) Hasil analisis ditulis dina kartu data; 5) Kartu data disusun dina tabél.

c. Data analisis étnopédagogik naskah Sajarah Cijulang 1) Panalungtik nganalisis naskah Sajarah Cijulang; 2) Hasil analisis bibaca sarta dibéré tanda;

3) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasi dumasar kana ajén étnopédagogik anu ngawengku Catur Jatidiri Insan: pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, rancagé gawéna; moral: moral manusa ka Pangéran, moral manusa ka pribadi, moral manusa ka manusa, moral manusa ka alam, moral manusa kana waktu, moral manusa dina ngahontal kapuasan lahiriah jeung batiniah; Gapura Panca Waluya: cageur, bageur, bener, pinter, singer, pangger;

4) Hasil analisis ditulis dina kartu data; 5) Kartu data disusun dina tabél. d. Nyieun kacindekan


(14)

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. C., spk. (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan pendidikan guru. Kiblat Buku Utama, Bandung.

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian. Jakarta: PT Asdi Mahastya.

Budiman, Kris. (2011). Semiotoka visual: Konsep, isu, dan problem Ikonisitas. Yogyakarta: Jalasutra.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus besar bahasa Indonesia pusat bahasa edisi ke empat. Jakarta: Gramedia.

Ekadjati, E. S. & Darsa, U. A. (1999). Jawa barat: Koleksi lima lembaga. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Ekadjati, E. S. (1988). Naskah Sunda. Bandung: Universitas Padjadjaran.

Ekadjati, E.S. (1982). Naskah Sunda kelompok babad. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Hoed, Benny H. (2011). Semiotik dan dinamika sosial budaya. Depok: Komunitas Bambu.

Iskandarwassid. (1996). Kamus istilah sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. (2010). Teori sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Kodariah, Uyi. (2014). Sajarah Cijulang: Kritik téks, tinjauan isi, dan tinjauan fungsi. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Iindonesia, Bandung.


(15)

150

Koswara, Dedi. (2007). Racikan sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Kurniawan. (t.t). Semiologi Roland Barthes. Tanpa kota: Indonesiatera.

Luxemburg, J. V. spk. (1992). Pengantar ilmu sastra. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Mulyadi, S. W. R. (1994). Kodikologi Melayu di Indonesia (Lembar sastra edisi khusus no.24). Depok: Fakultas Sastra Universitas Indonesia.

Nurgiyantoro. (2010). Teori pengkajian fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Permana, Ruswendi. (1996). Sajarah Cijulang sebuah kajian filologis. (Tesis). Program Pascasarjana, Universitas Padjadjaran. Bandung.

Pradopo, Rachmat Djoko. (2010). Beberapa teori sastra, metode kritik, dan penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Pujiharto. (2012). Pengantar teori fiksi. Yogyakarta: Ombak.

Ratna, Nyoman Kutha. (2013). Teori, metode, dan teknik penelitian sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. (2009). Ngalanglang kasusastraan Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Rosidi, Ajip. (2013). Mengenal kesusastraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Ruhaliah. (2012). Sejarah sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI.

Ruhaliah. (2015). Pendidikan karakter dalam sastra sunda klasik. Pendidikan karakter dalam budaya Sunda dan Jepang: Sebuah kajian perbandingan, kc. 41-60.


(16)

Semi, Atar. (t.t). Anatomi sastra. Padang: Angkasa Raya.

Stanton, Robert. (2007). Teori fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Yayat. (2014). Wawasan kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sukyadi, D. (2011). Teori dan analisis semiotika. Bandung: Rizqi Press.

Suryalaga, Hidayat. (2009). Kasundaan rawayan jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Syuropati, Mohammad A. (2003). Teori sastra kontemporer dan 13 tokohnya. Yogyakarta: In Azna Book.

Teeuw, A. (2003). Sastra dan ilmu sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.

Warnaen, Suarsih. (1987). Pandangan hidup orang Sunda seperti tercermin dalam tradisi lisan dan sastra Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat.


(1)

37

3.4 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén nya éta pakakas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang sarta meunang hasil anu hadé, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang ngolahna. Lantaran ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif analisis, instrumén anu diperlukeun nya éta pedoman analisis jeung kartu data. Pedoman analisis gunana minangka tatapakan dina proses analisis jeung déskripsi data, sedengkeun kartu data digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu aya dina sumber data. Instrumén dina ieu panalungtikan bisa katitén saperti ieu di handap.

Tabél 3.1 Kartu Data 1

Struktur Sajarah Cijulang

Fakta Carita: Galur

Karakter Latar

Tabél 3.2 Kartu Data 2

Sajarah Cijulang Katerangan:

1. Ikon 2. Indéks 3. Simbol Kode

Data

Tabél 3.3 Kartu data 3

Sajarah Cijulang Katerangan:

1. Pengkuh agamana (SQ) 2. Luhung élmuna (IQ) 3. Jembar budayana (EQ) 4. Rancagé gawéna (AQ) Kode


(2)

Tabél 3.4 Kartu Data 4

Sajarah Cijulang Katerangan :

1.Moral manusa ka Pangéran 2.Moral manusa ka pribadi 3.Moral manusa ka manusa 4.Moral manusa ka alam 5.manusa kana waktu

6.Moral manusa dina ngudag kapuasan lahiriah & batiniah Kode

Data

Tabél 3.5 Kartu Data 5

Sajarah Cijulang Katerangan:

1. Cageur 2. Bageur 3. Bener 4. Pinter 5. Singer 6. Pangger Kode

Data

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi jeung ulikan pustaka. Téhnik dokuméntasi mangrupa téhnik ngumpulkeun data anu mangrupa catetan, transkrip, buku, jsb (Arikunto, 2010, kc. 231).

Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina ngumpulkeun data nya éta: (1) ulikan pustaka pikeun néangan pamahan awal ngeunaan masalah anu ditalungtik, jeung (2) maca naskah Sajarah Cijulang kalawan gemet.

3.6 Téhnik Analisis Data

Data anu geus dikumpulkeun tangtuna kudu diolah pikeun didéskripsikeun sangkan bisa dijieun kacindekan ngeunaan data panalungtikan. Data anu geus dikumpulkeun diolah kalawan ngaliwatan sababaraha léngkah nya éta:

a. Data analisis struktur naskah Sajarah Cijulang

Pikeun ngolah data anu patali jeung struktur naskah Sajarah Cijulang, panalungtik ngalakukeun sababaraha léngkah nya éta:


(3)

39

1) Panalungtik nganalisis naskah Sajarah Cijulang; 2) Hasil analisis bibaca sarta dibéré tanda;

3) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasi dumasar strukturna anu ngawengku fakta carita: galur, karakter, latar; Hasil analisis ditulis dina kartu data; 4) Kartu data disusun dina tabél.

b. Data analisis semiotik naskah Sajarah Cijulang 1) Panalungtik nganalisis naskah Sajarah Cijulang; 2) Hasil analisis bibaca sarta dibéré tanda;

3) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasi dumasar kana unsur semiotik anu ngawengku ikon, indéks, simbol;

4) Hasil analisis ditulis dina kartu data; 5) Kartu data disusun dina tabél.

c. Data analisis étnopédagogik naskah Sajarah Cijulang 1) Panalungtik nganalisis naskah Sajarah Cijulang; 2) Hasil analisis bibaca sarta dibéré tanda;

3) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasi dumasar kana ajén étnopédagogik anu ngawengku Catur Jatidiri Insan: pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, rancagé gawéna; moral: moral manusa ka Pangéran, moral manusa ka pribadi, moral manusa ka manusa, moral manusa ka alam, moral manusa kana waktu, moral manusa dina ngahontal kapuasan lahiriah jeung batiniah; Gapura Panca Waluya: cageur, bageur, bener, pinter, singer, pangger;

4) Hasil analisis ditulis dina kartu data; 5) Kartu data disusun dina tabél. d. Nyieun kacindekan


(4)

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. C., spk. (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan

pendidikan guru. Kiblat Buku Utama, Bandung.

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian. Jakarta: PT Asdi Mahastya.

Budiman, Kris. (2011). Semiotoka visual: Konsep, isu, dan problem Ikonisitas. Yogyakarta: Jalasutra.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus besar bahasa Indonesia pusat

bahasa edisi ke empat. Jakarta: Gramedia.

Ekadjati, E. S. & Darsa, U. A. (1999). Jawa barat: Koleksi lima lembaga. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Ekadjati, E. S. (1988). Naskah Sunda. Bandung: Universitas Padjadjaran.

Ekadjati, E.S. (1982). Naskah Sunda kelompok babad. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Hoed, Benny H. (2011). Semiotik dan dinamika sosial budaya. Depok: Komunitas Bambu.

Iskandarwassid. (1996). Kamus istilah sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. (2010). Teori sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Kodariah, Uyi. (2014). Sajarah Cijulang: Kritik téks, tinjauan isi, dan tinjauan

fungsi. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas


(5)

150

Koswara, Dedi. (2007). Racikan sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Kurniawan. (t.t). Semiologi Roland Barthes. Tanpa kota: Indonesiatera.

Luxemburg, J. V. spk. (1992). Pengantar ilmu sastra. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Mulyadi, S. W. R. (1994). Kodikologi Melayu di Indonesia (Lembar sastra edisi

khusus no.24). Depok: Fakultas Sastra Universitas Indonesia.

Nurgiyantoro. (2010). Teori pengkajian fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Permana, Ruswendi. (1996). Sajarah Cijulang sebuah kajian filologis. (Tesis). Program Pascasarjana, Universitas Padjadjaran. Bandung.

Pradopo, Rachmat Djoko. (2010). Beberapa teori sastra, metode kritik, dan

penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Pujiharto. (2012). Pengantar teori fiksi. Yogyakarta: Ombak.

Ratna, Nyoman Kutha. (2013). Teori, metode, dan teknik penelitian sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. (2009). Ngalanglang kasusastraan Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Rosidi, Ajip. (2013). Mengenal kesusastraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Ruhaliah. (2012). Sejarah sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI.

Ruhaliah. (2015). Pendidikan karakter dalam sastra sunda klasik. Pendidikan

karakter dalam budaya Sunda dan Jepang: Sebuah kajian perbandingan,


(6)

Semi, Atar. (t.t). Anatomi sastra. Padang: Angkasa Raya.

Stanton, Robert. (2007). Teori fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Yayat. (2014). Wawasan kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sukyadi, D. (2011). Teori dan analisis semiotika. Bandung: Rizqi Press.

Suryalaga, Hidayat. (2009). Kasundaan rawayan jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Syuropati, Mohammad A. (2003). Teori sastra kontemporer dan 13 tokohnya. Yogyakarta: In Azna Book.

Teeuw, A. (2003). Sastra dan ilmu sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.

Warnaen, Suarsih. (1987). Pandangan hidup orang Sunda seperti tercermin

dalam tradisi lisan dan sastra Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan

dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat.