Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik Ngolah Data

Wulan Widianingsih, 2014 UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH MANUSCRIPT “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Sanggeus sakabéh data dianalisis, tuluy hasil analisis datana didéskripsikeun.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téknik panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta téknik studi lapangan jeung studi pustaka. Téknik studi lapangan digunakeun pikeun ngumpulkeun data sacara langsung ka lapangan kalayan ngagunakeun téknik wawancara. Téknik wawancara nu digunakeun nya éta wawancara tak berstruktur. Nurutkeun Sugiyono 2010, kc. 140, wawancara tak berstruktur nya éta wawancara anu bébas. Panalungtik teu ngagunakeun padoman wawancara anu disusun sacara sistematis dina ngumpulkeun datana. Padoman wawancara anu digunakeun ngan mangrupa gurat badag tina masalah anu hayang ditanyakeun. Téknik studi pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nalaah buku nu dijadikeun bahan pustaka pikeun sumber répérénsi anu aya patalina jeung topik panalungtikan Suyatna, 2002, kc. 17. Dina ieu panalungtikan, téhnik studi pustaka digunakeun pikeun néangan data atawa informasi anu aya patalina jeung téori ngeunaan unsur budaya jeung ajén atikan anu nyampak dina naskah manuscript “Wawacan Barjah”. Léngkah-léngkah téhnik studi pustaka dina ieu panalungtikan, nya éta: 1 Néangan informasi nu aya patalina jeung naskah “Wawacan Barjah”; 2 Nyusun transliterasi naskah “Wawacan Barjah”; 3 Maca naskah “Wawacan Barjah”; 4 Nyirian data anu aya patalina jeung unsur budaya sarta ajén atikan karakter; jeung 5 Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data sangkan babari nganalisisna.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téknik panalungtikan anu digunakeun pikeun ngolah data nya éta téknik analisis data. Nurutkeun Sugiyono 2010, kc. 147 analisis data mangrupa Wulan Widianingsih, 2014 UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH MANUSCRIPT “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu kagiatan sanggeus data ti sakabéh réspondén atawa sumber data anu séjén kakumpulkeun. Ieu tehnik digunakeun pikeun maluruh jeung nganalisis data atawa bahan anu geus aya. Téhnik analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktif, nya éta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur. Kagiatannya éta réduksi data, midangkeun data, katut nyindekkeun jeung verifikasi nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap. Bagan 3.2 Téhnik Analisis interaktif Miles jeung Huberman, 1992, kc. 16 Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada diklasifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés seléksi, museurkeun, ngabasajankeun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diseléksi ku jalan milah- milah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina puseur pasualan panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun ngarakit atawa ngaorgaisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyindekkeun jeung verifikasi. Kagiatan nyindekkeun jeung verifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didasaran ku kagiatan informasi nu dicangking dina kagiatan analisis data. Sabada éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicangking Ngumpulkeun - Nyindekkeun - Verifikasi Réduksi Data Midangkeun Data Wulan Widianingsih, 2014 UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH MANUSCRIPT “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Dumasar masalah panalungtikan, sanggeus data kakumpulkeun, satuluyna data diklasifikasikeun, didéskripsikeun, dianalisis dumasar kana masalah panalungtikan. Téknik analisis data saperti ieu di handap. 1 Maca sarta neuleuman naskah manuscript “Wawacan Barjah”; 2 Nyusun transliterasi naskah manuscript “Wawacan Barjah”; 3 Data dikelompokkeun atawa diklasifikasikeun dumasar masalah panalungtikan, nya éta dumasar: unsur budaya basa, sistem pangaweruh, organisasi sosial, pakakas jeung téknologi, pakasaban, sistem kapercayaan atawa réligi, jeung kasenian; ajén inajén atikan karakter bangsa dumasar Pusat Kurikulum Departemen Pendidikan Nasional nu nyampak tina diri palaku naskah manuscript “Wawacan Barjah”; 4 Nganalisis unsur budaya jeung ajén-inajén atikan karakter dumasar kana katangtuan Pusat Kurikulum Departemen Pendidikan Nasional nu nyampak tina diri palaku naskah manuscript “Wawacan Barjah”; 5 Nyieun kacindekan tina hasil analisis data panalungtikan ngeunaan naskah manuscript “Wawacan Barjah”; jeung 6 Nyusun hasil analisis atawa hasil ulikan. Wulan Widianingsih, 2014 UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH MANUSCRIPT “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan