AJÉN-AJÉN ÉTNOPÉDAGOGI DINA DONGÉNG DI KOTA TASIKMALAYA : Ulikan Struktural jeung Hermeneutik.

(1)

v

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ……….…i

PANGJAJAP ……… iv

DAFTAR EUSI ...………v

BAB I BUBUKA ...1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ...1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...5

1.3 Tujuan Panalungtikan...6

1.4 Mangfaat Panalungtikan...6

1.5 Définisi Operasional ...7

BAB II TATAPAKAN TIORI ...9

2.1 Étnopédagogi...9

2.2 Hakékat Folklor ...11

2.3 Folklor dina Kahirupan Masarakat Sunda ...12

2.4 Téori Struktural ...21

2.5 Téori Hermeneutika ...25

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ...29

3.1 Métodologi Panalungtikan ...29

3.2 Data jeung Sumber Data ...………29

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data……….………..29

3.3.1Studi Pustaka ...30

3.3.2 Analisis Eusi ...30

3.4 Skéma Panalungtikan ...31

BAB IV ANALISIS DATA ...32

4.1 “Sasakala Gunung Ranca Pasung...33

(2)

vi

4.1.2 Struktur Dongéng…….………. 33

4.1.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng….………36

4.2 “Tikukur jeung Éngang ...38

4.2.1 Klasifikasi Dongéng………….…….……….38

4.2.2 Struktur Dongéng………...38

4.2.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…..……….……..41

4.3 “Sasakala Situ Malingping”……….………42

4.3.1 Klasifikasi Dongéng………..……….42

4.3.2 Struktur Dongéng…………...………43

4.3.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng….……… 46

4.4 “Sakadang Peucang jeung Bagong” ...46

4.4.1 Klasifikasi Dongéng………..……….46

4.4.2 Struktur Dongéng……….………..46

4.4.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…….……...……….… 50

4.5 “Kuya Silih Duruk jeung Maung”...51

4.5.1 Klasifikasi Dongéng……..……….51

4.5.2 Struktur Dongéng………...………51

4.5.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…….……….54

4.6 “Sakadang Buhaya jeung Sakadang Monyét”……….……….55

4.6.1 Klasifikasi Dongéng……….…..………...……….55

4.6.2 Struktur Dongéng……….………..56

4.6.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...……….………..58

4.7 “Sangkuriang Kabeurangan”………59

4.7.1 Klasifikasi Dongéng………..………….59

4.7.2 Struktur Dongéng……….………..59

4.7.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng.…………...………..64

4.8 “Kuda”...………..……..65

4.8.1 Klasifikasi Dongéng…..……….65

4.8.2 Struktur Dongéng………,,,,,………..66

(3)

vii

4.9 “Sasakala Batu Dua”……….………...69

4.9.1 Klasifikasi Dongéng……….………..69

4.9.2 Struktur Dongéng………....……….…..70

4.9.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………..73

4.10 “Selat Sunda jeung Gunung Krakatau……...………..73

4.10.1 Klasifikasi Dongéng….………...……….73

4.10.2 Struktur Dongéng………...74

4.10.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...……….77

4.11 “Sasakala Japati Sukuna Beureum”……...……….……78

4.11.1 Klasifikasi Dongéng……….………78

4.11.2 Struktur Dongéng……….78

4.11.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………...……….81

4.12 “Sasakala Situ Paténggang”………82

4.12.1 Klasifikasi Dongéng………..………...82

4.12.2 Struktur Dongéng……….82

4.12.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...……….………… …………...85

4.13 “Si Kabayan Resep Ngalamun”………..………....85

4.13.1 Klasifikasi Dongéng………...………..…85

4.13.2 Struktur Dongéng……….………....85

4.13.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……….…………...…89

4.14 “Kuya jeung Monyet Ngala Nangka”………...…………..…90

4.14.1 Klasifikasi Dongéng……….…………....90

4.14.2 Struktur Dongéng………...…………..90

4.14.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng...………..……….. 93

4.15 “Sasakala Uncal Tandukan”…………..………..…94

4.15.1 Klasifikasi Dongéng……….………94

4.15.2 Struktur Dongéng……….94

4.15.3 Ajén Étnopédagog tina Dongéng………...……..98

4.16 “Kunaon Biruang bet jadi Galak”………...…....99

(4)

viii

4.16.2 Struktur Dongéng………...…..99

4.16.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...102

4.17 “Talaga Warna”………...102

4.17.1 Klasifikasi Dongéng………...102

4.17.2 Struktur Dongéng………...103

4.17.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...106

4.18 “Sasakala Lalay”………...107

4.18.1 Klasifikasi Dongéng………...107

4.18.2 Struktur Dongéng………...108

4.18.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……...……….. ………111

4.19 “Si Kabayan Ngimpi’………..…………..111

4.19.1 Klasifikasi Dongéng……….……..…111

4.19.2 Struktur Dongéng……….…….….112

4.19.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……...……….………..115

4.20 “Nyi Loro Kidul’……….……..115

4.20.1 Klasifikasi Dongéng………..….115

4.20.2 Struktur Dongéng………...…116

4.20.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……….……….119

4.21“Hayam Jago Kongkorongok Subuh”………...….120

4.21.1 Klasifikasi Dongéng………...120

4.21.2 Struktur Dongéng………...121

4.21.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng...………. ……….123

4.22 “Situ Sanghyang”………..124

4.22.1 Klasifikasi Dongéng………..………….124

4.22.2 Struktur Dongéng………..………….124

4.22.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…………...……….………..127

4.23 “Budak Pahatu”………...………..127

4.23.1 Klasifikasi Dongéng………..…….127

(5)

ix

4.23.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…………...……….…..130

4.24 “Sasakala Situ Bagendit”………..132

4.24.1 Klasifikasi Dongéng………...132

4.24.2 Struktur Dongéng………...132

4.24.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………. ...……….135

4.25 “Kuya Ngagandong Imahna”………..………..136

4.25.1 Klasifikasi Dongéng……….………..136

4.25.2 Struktur Dongéng……….………..136

4.25.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….138

4.26 “Bawang Bodas Bawang Beureum”………...………..139

4.26.1 Klasifikasi Dongéng……….………..139

4.26.2 Struktur Dongéng……….…………..140

4.26.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………...………..………….144

4.27 “Sakadang Monyét Melak Cau”………146

4.27.1 Klasifikasi Dongéng……….………..146

4.27.2 Struktur Dongéng………..……….146

4.27.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….149

4.28 “Sasakala Gunung Putri”……….……..151

4.28.1 Klasifikasi Dongéng……….…..151

4.28.2 Struktur Dongéng………...…151

4.28.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..….154

4.29 “Sasakala Lutung Buluna Hideung Sébra Buluna Belang”………..…155

4.29.1 Klasifikasi Dongéng……….……..155

4.29.2 Struktur Dongéng………...……155

4.29.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongén………..…….159

4.30 “Beurit Pinter”……….…..160

4.30.1 Klasifikasi Dongéng………...…160

4.30.2 Struktur Dongéng………..….161

4.30.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...164

(6)

x

4.31.1 Klasifikasi Dongéng………...…166

4.31.2 Struktur Dongéng………..….166

4.31.3 Ajén Étnopédagog tina Dongéng…...………169

4.32 “Sasakala Cai Laut Asin”………..170

4.32.1 Klasifikasi Dongéng………...…170

4.32.2 Struktur Dongéng………...170

4.32.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...174

4.33 “Aki-aki jeung Situ Gedé”………174

4.33.1 Klasifikasi Dongéng………...174

4.33.2 Struktur Dongéng………...174

4.33.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..………….178

4.34 “Raja jeung Doran Pacul”……….…………179

4.34.1 Klasifikasi Dongéng………...…………179

4.34.2 Struktur Dongéng………...…………179

4.34.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….182

4.35 “Sakadang Toké jadi Raja”……….……..183

4.35.1 Klasifikasi Dongéng………..…….183

4.35.2 Struktur Dongéng………...……183

4.35.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………...………..….186

4.36 “Sakadang Ucing jeung Beurit Mumusuhan”……….…..186

4.36.1 Klasifikasi Dongéng….……….….186

4.36.2 Struktur Dongéng………...…187

4.36.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...190

4.37 “Situ Gedé”………...191

4.37.1 Klasifikasi Dongéng………...191

4.37.2 Struktur Dongéng………...191

4.37.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...194

4.38 “Tasikmalaya Nagri Sarébu Gunung”………...196

4.38.1 Klasifikasi Dongéng………...196

(7)

xi

4.38.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…….……….200

4.39 “Parakan Honjé”………...……….201

4.39.1 Klasifikasi Dongéng……….………..201

4.39.2 Struktur Dongéng………...………201

4.39.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….205

4.40 “Maung Sieuneun ku Tai Manuk”………..………..205

4.40.1 Klasifikasi Dongéng……….………..205

4.40.2 Struktur Dongéng………..……….206

4.40.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……...………..……….209

BAB V KACINDEKAN & SARAN.……….211

5.1 Kacindekan………..…211

5.2 Saran………..………..214

DAFTAR PUSTAKA…… ...…..………..215

LAMPIRAN…. ...218 RIWAYAT HIRUP

(8)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa hirup teu leupas ti lingkunganna, sabab manusa mangrupa mahluk sosial nu enas-enasna mah butuh ku jalma séjén dina hirup kumbuhna. Nya di dinya témbong interaksi sosial antara hiji manusa jeung manusa lianna. Interaksi sosial mangrupa konci tina kahirupan sosial.

Ilaharna, tina interaksi sosial téh sok ngadatangkeun balukar positip jeung balukar négatif. Balukar négatif tina interaksi sosial baris mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal nu teu luyu jeung norma-norma agama katut norma tatanan nagara. Kiwari loba kajahatan nu tumiba di masarakat, contona garelut nu disababkeun ku hal-hal nu teu sapira akibat kadupak keur lalajo atawa gara-gara masalah awéwé, parebut panumpang, malah nepi ka masalah politik, nu ngabalukarkeun rajapati.

Pikeun mageran pangaruh négatif nu neba di lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun nadah éta pangaruh négatif téa. Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh jengglénganana mangrupa aturan dina wangun tinulis jeung teu tinulis.

Aturan nu teu tinulis sabenerna nyampak dina budaya lokal. Dina budaya lokal leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palasipah hirup. Éta ajén-inajen téh nyangkaruk dina sawatara matéri budaya kayaning sastra.

(9)

2

Karuhun urang Sunda nepikeun pikiran, ide jeung rasana dina wangun carita sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan, kaasup karya sastra. Sabab karya sastra nyaritakeun rupa-rupa masalah kahirupan manusa boh nu karasa, boh nu katingali ku pangarang. Nurgiyantoro (2007:3) nyebutkeun salaku karya sastra imaginér, carita rékaan (fiksi) nyaritakeun rupa-rupa masalah manusa jeung kamanusaan, hirup jeung kahirupan.

Sastra mangrupa salah sahiji cabang kasenian anu geus aya ti ratusan taun ka tukang (Danandjaja, 2002:9). Sastra henteu ngan diajén salaku hiji karya kréatif anu dimangpaatkeun pikeun konsumsi inteléktual di sagigireun konsumsi émosi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Rasmita (2000:2) anu nyebutkeun yén anu disebut sastra téh nya éta karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaéndahan boh eusina boh rakitanana.

Dina tradisi masarakat tutur, sastra lisan beuki mekar, ieu hal téh lumangsung lantaran masarakat jaman baheula can ngabogaan média pikeun hiburan ka anggota masarakat séjénna. Pikeun nyumponan éta hal diciptakeun carita-carita sastra pikeun ngirut panitén masarakat. Pungsi sastra lisan salian ti pikeun hiburan, bisa ogé jadi alat pikeun ngajarkeun atikan moral utamana pikeun barudak. Biasana dina sastra lisan mibanda atikan-atikan moral nu dipercaya tur dijadikeun conto patokan ku masarakat. Ku sastra, masarakat bisa ngedalkeun rupaning kréativitasna ngagunakeun basa nu éndah, antukna nepi ka kiwari sastra lisan ngabogaan ajén jeung pungsi (Teeuw, 1982:10).

(10)

3

Rusyana (1978:1-2) nétélakeun yén sastra lisan nya éta sastra nu hirup jeung sumebarna lain dina wangun tinulis. Ciri lianna tina sastra lisan nya éta katradisianna.

Sastra daerah (sastra lisan) hirup di sabagéan wilayah Indonesia. Pungsi sastra daérah pikeun ngébréhkeun alam pikiran manusa, sikep jeung ajén-ajén budaya masarakat nu ngadukungna, nu ngarojong kamekaran basa daérah jeung sastra Indonésia ogé nepikeun gagasan-gagasan nu ngarojong pangwangunan (Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, 1977:23-37). Ku kituna, sastra lisan perlu dimumulé jeung dipiara. Salasahiji cara miarana nya éta ngaliwatan panalungtikan sabab salasahiji panalungtikan sastra lisan nya éta ngarékam carita nu ditranskipkeun dina wangun tulisan.

Sastra lisan mangrupa karya kréatip para pangarangna nu dianggap ngagambarkeun kahirupan masarakatna, nya éta ngeunaan sawangan hirup jeung kawijakanna. Ku kituna, sastra lisan ngabogaan ajén.

Salah sahiji ajén nu nyangkaruk dina sastra nya éta ajén budaya. Upama éta matéri budaya diguar tur disurahan kalawan gemet, tanwandé baris ngaruniang rupaning tuduh hirup pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé.

Dongéng téh mangrupa salah sahiji matéri nu nyampak dina sastra buhun. Kaasup kana wangunan prosa. Dina hirup kumbuh masarakat Sunda, dongéng tumuwuh tur mekar kalawan lisan tur tatalépa. Kabéhdieunakeun, sanggeus masarakat Sunda wawuh jeung tradisi tulis, éta wangun sastra lisan téh didokuméntasikeun dina buku. Ku ieu hal téh, masarakat bisa leuwih laluasa nyurahan tur ngalenyepan eusi dongéng kalawan imeut tur gemet. Ngaliwatan

(11)

4

dongéng, masarakat asup kana pangalaman atawa imajinasi ngaliwatan para palaku dina caritana.

Panalungtikan kana dongéng kawilang penting dipigawé pikeun maluruh rélevansi dongéng jeung kanyataan nu aya di masarakat. Ajén-ajén nu aya dina dongéng ngagambarkeun réalita sosial nu mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna, dongéng bisa dijadikeun médium pikeun mikanyaho réalitas sosial nu diolah kalawan kréatip ku pangarang.

Dongéng mangrupa salasahiji wangun sastra lisan nu ngagambarkeun kahirupan manusa. Dongéng mibanda ajén-inajén nu réligius jeung kamanusaan anu universal, nya éta ngagambarkeun kahirupan manusa dina jamanna. Ajén inajén nu nyampak dina dongéng méré tuladan ka masarakat.

Eusi dongéng bisa dipikanyaho lamun ditalungtik ngagunakeun rupa-rupa pamarekan diantarana struktural jeung hermeneutika. Unsur ajén-inajén nu aya dina dongéng bisa dijadikeun tetekon dina kahirupan sapopoé jeung ngabeungharahan batin masarakat. Dongéng ngandung ajén-inajén budaya nu dijieun ku pangarang ngaliwatan seni basana. Loba dongéng nu mibanda idé gedé, pikiran, pangalaman jiwa nu alus, tinimbangan ngeunaan sipat alus jeung goréng, rasa kaduhung geus ngalakukeun dosa, rasa karunya, jeung kamandang kamanusaan nu luhung. Koentjaraningrat (1984: 8-25) nyebutkeun yén ajén budaya téh tahapan mimiti kabudayaan idéal atawa adat. Ajén budaya nya éta lapisan paling abstrak jeung lega ruang lingkupna. Ieu tahapan téh mangrupa idé-idé nu ngonsépkeun ngeunaan hirup nu dianggap ngandung ajén-inajén budaya nu luhung di alam pikiran masarakat. Ku kituna, ajén budaya mibanda pungsi

(12)

5

salaku tetekon pangluhungna pikeun kalakuan manusa nu leuwih kongkrit, kitu deui étika dina campur gaul museur kana ajén budaya nu mangrupa kaaripan lokal.

Ajén-inajén dina dongéng téh saterusna dijadikeun bahan pikeun panalungtikan. Éta ajén-inajén téh diulik pikeun larapkeuneun dina perkara pédagogik, nu engkéna baris museur kana hiji obyék ulikan étnopédagogi.

Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Ieu dongéng dipilih lantaran ieu dongéng téh geus ngaliwatan tahap seléksi ti unggal wewengkona nu tinangtu euyeub ku ajén atikan dumasar kaaripan lokal.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Ieu panalungtikan téh rék diwatesanan medar perkara sawatara dongéng nu dipasanggirikeun di Kota Tasikmalaya.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sangkan masalah nu dipedar museur kana tujuan nu dipimaksud diperlukeun rumusan masalah. Masalah nu rék ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Kumaha papasingan dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya? Dina ieu hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma teu lumrah, jeung dongéng sasakala.

(13)

6

3) Ngaliwatan ulikan hermemeutik, ajén étnopédagogi naon waé nu aya dina dongéng di kota Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Hiji panalungtikan kudu museur, sangkan museur jeung teu méngpar tina pedaran utamana. Ku kituna, ieu panalungtikan téh tujuanna pikeun:

1) Ngelompokkeun dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Dina ieu hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma teu lumrah, jeung dongéng sasakala;.

2) Ngadeskripsikeun struktur dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya; 3) Ngadéskripsikeun ajén étnopedagogi nu aya dina dongéng di kota

Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Dumasar kana tujuan panalungtikan, ieu panalungtikan téh mibanda sababaraha mangpaat, di antarana:

1) Pikeun ngamumulé salasahiji warisan karuhun;

2) Pikeun jadi latihan dina nganalisis karya sastra, hususna ngeunaan ajén étnopédagogi;

3) Bisa digunakeun salaku bahan ajar ngaprésiasi karya sastra;

4) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun dokumén ngeunaan karya dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya.

(14)

7

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional sakumaha ieu di handap.

1) Ajén-ajén étnopédagogi

Ajén, pangaji, harga: ngajénan, ngahormatan, ngahargaan (LBSS, 1995:7). Étnopédagogi nya éta praktek atikan dumasar kaarifan lokal {Alwasilah, 2010:45).

Ajén-ajén étnopédagogi dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa ajén-ajén kaaripan lokal nu nyampak dina dongéng.

2) Dongéng di Kota Tasikmalaya

Dongéng nya éta carita rékaan dina wangun lancaran nu panjangna rélatip pondok jeung ngandung unsur pamohalan.

Kota Tasikmalaya nya éta hiji kota di Priangan wétan nu diresmikeun jadi kota dumasar Undang-undang No.10 Taun 2001. Kota Tasikmalaya ngawengku 10 kacamatan, 69 kalurahan.

Dongéng di Kota Tasikmalaya dina ieu panalungtikan nya éta carita rékaan nu ngandung unsur pamohalan. nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng nu dipasanggirikeun bulan Maret taun 2011 di Kota Tasikmalaya.

3) Ulikan Stuktur jeung Hermeneutik

Struktur asal kecapna tina struktura (basa Latin) nu hartina wangun atawa wangunan.

(15)

8

Strukturalisme téh salasahiji pamarekan dina panalungtikan sastra nu leuwih museurkeun nalungtik hubungan antara unsur-unsur nu ngawangun sastrana.

Ulikan Struktural nya éta ngadadarkeun teks dongéng dumasar unsur-unsur intrinsik pikeun mikanyaho patalina éta unsur-unsur. Dina ieu panalungtikan analisis téks didadarkeun pikeun néangan hubungan sabab-musababna unsur-unsur pangwangun karya sastra saperti dina alur jeung palaku.

Sacara étimologis, kecap hermeneutika asalna tina basa Yunani: hermeneuin nu hartina “napsirkeun”. Kecap hermeneuin lamun diIndonésiakeun jadi hermeneutika nu hartina napsirkeun atawa ngébréhkeun pikiran hiji jalma dina kecap nu dipakéna (Martono, 2006:11). Nu ditapsirkeun dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa basa jeung nu lain basa nu aya dina téks.

(16)

29

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan ajén-ajén étopédagogi dina dongéng nu sumebar di kota Tasikmalaya téh maké pamarekan kualitatif. Pamarekan kualitatif dipaké sabab data nu dikumpulkeun jeung cara nganalisisna ku cara kualitatif, sedeng métode nu dipakéna nya éta métode deskriptif. Ieu hal dipilih sabab digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sipatna alamiah, boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikan kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména liana (Sukmadinata, 2009: 72).

2.1 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta 68 dongéng nu kungsi dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya, tapi sabada ditalungtik eusina loba nu sarua, ngan judulna nu béda. Ku kituna, dongéng nu ditalungtik téh jadina 40 dongéng, sok sanajan aya 2 judul dongéng nu sarua tapi eusina béda.

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data raket patalina jeung masalah panalungtikan nu kudu diréngsékeun. Masalah panalungtikan bakal méré arah jeung mangaruhan pikeun nangtukeun métode ngumpulkeun data. Loba masalah nu geus dirumuskeun henteu bisa diréngsékeun kalawan hadé, lantaran métode pikeun meunangkeun data nu dibutuhkeun henteu bisa ngahasilkeun data sakumaha nu dipiharep.

(17)

30

Ngumpulkeun data dina panalungtikan ilmiah nya éta prosédur anu sistematis pikeun meunangkeun data anu diperlukeun (Satori, 2009:103). Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngaliwatan studi pustaka jeung analisis eusi.

3.3.1 Studi Pustaka

Suyatna (2002: 19) nétélakeun, yén studi pustaka téh néangan rupa-rupa téori anu dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan.

3.3.2. Analisis Eusi

Fraenkel (2007: 472) nétélakeun, yén analisis eusi téh nya éta téhnik anu ngamungkinkeun panalungtik pikeun nalungtik paripolah manusa sacara teu langsung, ngaliwatan analisis komunikasi maranéhna.

(18)

31

3.4 Skéma Panalungtikan

Identifikasi masalah

é

Analisis

(19)

2112 2

BAB V

KACINDEKAN & SARAN

5.1. Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan tina 68 dongéng anu ditalungtik anu béda téh ukur 40 dongéng. Tina 40 dongéng téh, aya 2 dongéng sasakala anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, tapi palaku jeung jalan caritana béda.

Dumasar hasil analisis klasifikasi dongéng, kapanggih yén lolobana dongéng sasakala, nu lobana aya 22 dongéng, 12 dongéng fabel, 5 dongéng parabel, jeung 1 dongéng mite.

Sabada nganalisis strukturna, kapanggih yén téma nu nyangkaruk tina dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya lolobana ngeunaan hirup kumbuh di masarakat, Ieu téma téh ngeunaan kulawarga, percintaan, hubungan jeung papada mahluk hirup, ogé kakawasaan. Palaku nu aya dina dongéng rata-rata diwakilan ku jalma biasa, jalma sakti, Raja, Putri, jeung sasatoan. Latar tempat nu digunakeun umumna di leuweung, kebon, pasawahan, basisir, jeung pakampungan. Galur nu nyampak tina 40 dongéng kabéhanna maké galur mérélé. Amanat nu ditepikeun ku pangarang rata-rata yén dina hirup kumbuh di masarakat téh kudu maké tingkah paripolah nu hadé luyu jeung tetekon agama katut darigama.

Tina 40 dongéng nyangkaruk ajén-ajen étnopédagogi. Ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kapribadian ngawengku kudu tuhu kana pasini, henteu pondok harepan , tong haripeut ku pangbibita, ulah gampil ngaluarkeun

(20)

2122 2

ucap, butuh pitulung batur, pinter, réa akal, luhung élmu jembar panalar, henteu takabur, ulah ngarasa pangaingna (adigung) tapi kudu handap asor, kudu asak tinimbangan ulah gurung gusuh, calakan, ngagugu napsu bakal kaduhung, sipat adigung lain sipat nu alus, ulah ngalamun, hirup kudu calakan, hirup kudu waspada, adil, wijaksana, ulah ginding ku barang batur, ulah maksa, kudu sabar, bageur, bener, ulah sarakah, narima titis tulis, teu putus harepan, ulah dir jeung sombong, ulah korét, soson-soson, bageur, bener, nyiar élmu, ulah takabur, ulah kurung batok, jeung ulah pidunya.

Tina 40 dongéng nu ditalungtik, éta dongéng téh ngandung ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung masarakat. Ieu ajén ngawengku hirup kudu luyu jeung aturan , sauyunan, tutulung ka nu susah, aya idin ti pamajikan, hirup kudu silihtulungan, musyawarah pikeun mupakat, badami, gotong royong ,sieun, mulang tarima, silih ingétan, euweuh nu resep ka jalma nu sarakah, hormat ka kolot, sipat adigung lain sipat nu alus, hayang ditaksir, jadi jalma kudu beunang dipercaya, kudu bisa ngajénan batur, ku rasa éra sagala gé dibikeun, bohong bakal kapanggih jeung bakal meunang wawales, sombong tur adigung teu dipikaresep, embung kalindih jeung kasaingan, béréhan ka sasama, tara ngabéda-béda jalma,waspada, ngarasakeun kasusah kolot jeung sopan.

Dumasar hasil nalungtik tina ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung alam, dongéng nu 40 téh ngandung ajén étnopédagogi. Ieu ajén téh nya éta manusa merlukeun suluh, manusa butuh ku tutuwuhan, manusa merlukeun alam, jeung perlu apal pangaweruh.

(21)

2132 2

Ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kapercayaan aya 7 ajén. Ieu ajén téh ngawengku percaya ka Déwata nu ngajaga, sukuran, percaya ka Gusti Alloh, manusa ukur ihtiar nu nyageurkeun Nu Maha Kawasa, ngado’a, dosa kawin ka indung, jeung percaya kana paririmbon téh musrik.

Ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kasugemaan lahiriah jeung bathiniah aya 11 ajén. Ieu ajén-ajén téh nya éta hayang beunghar, embung dijodokeun, hirup tentrem, nikah, boga turunan, permaisuri, dahareun teu halal, kalangenan, miara sasatoan, nembang, jeung nyorangan.

Dumasar hasil ulikan ajén-ajén étnopédagogi nu nyangkaruk dina dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Ieu dongéng bisa dijadikeun salahsahiji bahan ajar, sabab dumasar wangun basana, wangun caritana, jeung ajén nu nyangkaruk dina dongéng nu 40 bisa dipaké salaku alternatif bahan pangajaran di TK, SD, SMP, jeung SMA.

Ku ngajarkeun dongéng nu ngandung ajén-ajén étnopédagogi, dipiharep jadi salahsahiji léngkah stratégis dina nanjeurkeun atikan kasundaan, bisa nuyun masarakat Sunda sangkan leuwih motékar jeung parigel tur napak dina kasadaran budaya Sunda, nu ngarojong pangwangunan bangsa.

5.6 Saran

Dumasar hasil kacindekkan di luhur, aya sababaraha hal nu perlu disarankeun. Kahiji, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa dijadikeun bahan pangajaran, sabab ieu dongéng téh ngandung ajén étnopédagogi nu alus tur luhung.

(22)

2142 2

Kadua, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa ditalungtik ku cara panalungtikan nu béda.

Katilu, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya luyu jeung atikan karakter. Ku kituna, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa dijadikeun bahan pangajaran berbasis karakter.

Kaopat, Pamaréntah alusna ngayakeun panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng ti Kota Tasikmalaya, sabab ieu hal pikeun maluruh sabagéan budaya nu tacan kaguar.

(23)

212

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, Chaedar spk. 2009. Etnopedagogi. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Anas, Zulfikri. 2011. Membangun Karakter dan Go Internasional Melalui

Pembelajaran yang Berbasis Kearifan. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI. Danandjaja, James.2002. Folklor Indonesia:Ilmu Gosip, Dongéng, dan lain-lain.

Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.

Fraenkel, J.R. & Wallen, N.E. 1990. How to Design and Evaluate Research in Education. New York: McGraw Hill Publishing Company.

Hadi, Abdul. 2008. Hermeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta: Pusat Bahasa Departeumen Pendidikan Nasional.

Hasan, Hamid Said spk. 2010. Pengembangan Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa. Jakarta: Kementrian Pendidikan Nasional Badan Penelitian dan Pengémbangan Pusat Kurikulum.

Iskandarwassid jeung Dadang Sunendar. 2008. Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Sekolah PascaSarjana dan PT. Remaja Rosdakarya.

Iskandarwassid spk. 2009. Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI BANDUNG.

Jabrohim (Ed). 2003. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: PT. Hanindita Graha Widya.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung. 1988. Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: UPI Bandung.

Kartadinata, Sunaryo. 2010. Etnopedagogik: Sebuah Resureksi Ilmu Pendidikan (Pedagogik). Bandung: Pascasarjana UPI Bandung.

Kartadinata, Sunaryo. 2011. Membangun Atikan Sunda Melalui Penerapan Unsur Budaya: Sebuah Kerangka Berpikir. Bandung: UPI Bandung.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. Bandung: CV Wahana Grafika.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.

Koentjaraningrat. 1969. Arti Antropologi Untuk Indonesia Masa Kini. Djakarta: Lembaga Ilmu Pengétahuan Indonesia.

Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Djakarta: Djambatan.

Kurnia, Ganjar. 2011. Masarakat Sunda jeung Alamna. Bandung: Cahara Bumi Siliwangi No. 8.

(24)

216

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Nurgiyantoro, Burhan. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Palmer, Richard E. 2005. Hermeneutika. Yogyakarta: Pustaka Jaya.

Priyadi, A. Totok. 2010. Analisis Struktur dan Makna Cerita Dayak Kanayatn (Disertasi). Bandung: UPI Bandung.

Propp, Vladimir. 1987. (ed Melayu). Morfologi Cerita Rakyat (terj. Noriah Taslim). Malaysia: Percétakan Sais Baru Bgdn. Bhd.

Pudentia MPSS (ed). 1998. Seri Tradisi Lisan: Metodologi Kajian Tradisi Lisan. Jakarta:Yayasan Obor Indonesia dan Yayasan Asosiasi Tradisi Lisan.

Retty Isnendes, Chye. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Rosidi, Ajip. 2009. Manusia Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Rosidi, Ajip spk. 2010. Masa Depan Budaya Daérah. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Rosyidi, M. Ikhwan spk. 2010. Analisis Teks Sastra. Yogyakarta: Graha Ilmu. Ruhaliah. 2010. Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

FPBS UPI.

Rusyana, Yus.1981. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

Rusyana, Yus. 1984. Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV Dipenegoro.

Rusyana, Yus. 2001. Peranan Tradisi Lisan dalam Ketahanan Budaya. Jakarta: Festival dan Workshop Tradisi Lisan Nusantara.

Sadi Hutomo, Suripan. 1991. Mutiara yang Terlupakan: Pengantar Studi Sastra Lisan. Komisariat Jawa Timur: HISKI.

Salmun, M.A. 1963. Kandaga: Kasusastraan Sunda. Bandung: Taraté.

Santosa, Puji. 1999. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Satori, Djam’an dan Aan Komariah, M.Pd.2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung:Alfabéta.

Sugiyono. 2009. Métode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D). Bandung:Alfabéta.

(25)

217

Sumaryono, E. 1999. Hermeneutik Sebuah Metode Filsafat. Yogyakarta: KANISIUS.

Sumardjo, Jakob. 2004. Hermeneutika Sunda: Simbol-simbol Babad Pakuan/Guru Gantangan. Bandung: Kelir.

Sudjiman, Panuti. 1992, Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Suryalaga, Hidayat. 2010. Filsapat Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah. Suryalaga, Hidayat. 2010. Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur

Hidayah

Suwondo, Tirto. 2003. Studi Sastra:Beberapa Alternatif. Yogyakarta: PT Hanindita Graha Widya.

Tarigan, Henry Guntur.1995. Dasar-dasar Psiko Sastra. Bandung:Angkasa. Teeuw. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.

Teeuw. A. 1994. Indonesia Antara Kelisanan dan Keberaksaraan.Jakarta: PT Penebar Swadaya.

Warnaen, Suwarsih spk. 1987. Pandangan Hidup Orang Sunda. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian.

http://www.adicita.com/artikel/détail/id/348/Folklor, diaksés Rebo, 13 April 2011 jam 20.20