TRANSFORMASI SAJARAH CIKUNDUL : Tilikan Intertékstual jeung Étnopédagogik kana Wawacan “Sajarah Cikundul” jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén.
SRI NURBAETI, 2015
TRANSFORMASI SAJARAH CIKUNDUL
(Tilikan Intertékstual jeung Étnopédagogik kana Wawacan “Sajarah Cikundul” jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén)
TESIS
diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat
ngahontal gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
ku
SRI NURBAETI NIM 1302405
PRODI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA
SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2015
(2)
SRI NURBAETI, 2015
TRANSFORMASI SAJARAH CIKUNDUL
(Tilikan Intertékstual jeung Étnopédagogik kana Wawacan Sajarah Cikundul jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén)
Oleh Sri Nurbaeti
Sebuah tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister pada Sekolah Pascasarjana
© Sri Nurbaeti 2015 Universitas Pendidikan Indonesia
Juni 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Tésis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
(3)
SRI NURBAETI, 2015
LEMBAR PENGESAHAN
SRI NURBAETI NIM 1302405
TRANSFORMASI SAJARAH CIKUNDUL
(Tilikan Intertékstual jeung Étnopédagogik kana Wawacan Sajarah Cikundul jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén)
Disaluyuan jeung disahkeun ku Pangaping,
Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 19590614 198601 1 002
Kauninga ku
Pupuhu Prodi Pendidikan Bahasa Dan Budaya Sunda
Sekolah Pascasarjana
Universitas Pendidikan Indonesia,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 19630210 198703 1 001
(4)
SRI NURBAETI, 2015
TRANSFORMASI SAJARAH CIKUNDUL
(Tilikan Intertékstual jeung Étnopédagogik kana Wawacan “Sajarah Cikundul” jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén)1)
Sri Nurbaeti 2)
sundadika_skripsweet@yahoo.com ABSTRAK
Kasang tukang tina ieu panalungtikan nya éta pikeun maluruh ajén-ajén atikan anu nyangkaruk dina karya sastra, boh sastra buhun boh sastra anyar. Udagan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: (1) Unsur-unsur intrinsik tina wawacan “Sajarah Cikundul” jeung kumpulan carita pondok Jajatén Ninggang Papastén. (2) Prosés transformasi “Sajarah Cikundul”, tina wawacan kana kumpulan carita pondok, (3) Ajén-ajén étnopédagogik anu nyangkaruk dina wawacan “Sajarah Cikundul” jeung kumpulan carita pondok Jajatén Ninggang Papastén. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif kalayan pamarekan intertékstual jeung étnopédagogik. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntér. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Wawacan “Sajarah Cikundul” anu teu kapaluruh saha anu nyalinna jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén anggitan Yus Rusyana. Dumasar kana hasil analisis, bisa dicindekeun yén: (1) Sacara struktural, kapaluruh sawatara hal anu ngabédakeun antara wawacan “Sajarah Cikundul” jeung kumpulan carita pondok Jajatén Ninggang Papastén. (2) Dina analisis intertékstual, Tina opat téori hipogram, kapaluruh yén prosés transformasi tina hipogram anu panglobana kapanggih nya éta éskpansi. Ékspansi dina ieu panalungtikan henteu ngan saukur mekar jeung ngalegaan. Tapi ogé aya sawatara unsur anyar anu mimitina henteu teu kapanggih dina hipogramna. (3) Ajén-ajén étnopédagogik anu nyangkaruk dijerona ngawengku opat hal, nya éta Pengkuh Agamana; SQ (Spiritual Quotient), Luhung Élmuna; IQ (Intelektual Quotient), Jembar Budayana; EQ (Emosional Quotient), jeung Rancagé Gawéna AQ (Actional Quotient).
Kecap Galeuh: Intertékstual jeung Étnopédagogik,
1) Ieu tésis diaping ku Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
(5)
SRI NURBAETI, 2015
TRANSFORMASI SAJARAH CIKUNDUL
(Tinjauan Intertékstual dan Étnopédagogik terhadap “Wawacan Sajarah Cikundul”
dan Kumpulan Cerpen Jajatén Ninggang Papastén)3)
Sri Nurbaeti 4)
sundadika_skripsweet@yahoo.com
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya menggali nilai-nilai pendidikan yang terkandung dalam karya sastra, baik itu sastra klasik maupun sastra modern. Penelitian ini memiliki tujuan untuk mendéskripsikan: (1) unsur-unsur intrinsik wawacan “Sajarah Cikundul” dan kumpulan cerpen Jajatén Ninggang Papastén, (2) Prosés transformasi dari wawacan ke dalam cerita péndék, dan (3) nilai-nilai étnopédagogik yang terkandung di dalam wawacan “Sajarah Cikundul” dan kumpulan cerpen “Jajatén Ninggang Papastén”. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah métode penelitian kualitatif dengan pendekatan intertékstual dan étnopédagogik. Téknik pengumpulan datanya menggunakan tekhnik studi dokumenter. Sumber data yang digunakan adalah Wawacan “Sajarah Cikundul” dan Kumpulan Cerpen “Jajatén Ninggang Papastén”. Berdasarkan hasil analisis, diperoleh kesimpulan bahwa (1) Secara struktural, terdapat beberapa perbédaan antara wawacan “Sajarah Cikundul” dan kumpulan cerita péndék “Jajatén Ninggang Papastén”. (2) Dalam analisis intértékstual, digunakan téori penerapan hipogram dari Riffaterre dan gejala yang paling sering terjadi adalah gejala ekspansi. Ekspansi dalam penelitian ini tidak hanya bersifat perluasan atau pengembangan, tapi juga memunculkan sesuatu yang baru yang tidak terdapat dalam hipogramnya. (3) Nilai-nilai étnopédagogik yang terkandung di dalamnya meliputi empat hal, yaitu Pengkuh Agamana; SQ (Spiritual Quotient), Luhung Élmuna; IQ (Intelektual Quotient), Jembar Budayana; EQ (Emosional Quotient), dan Rancagé Gawéna AQ (Actional Quotient).
Kata Kunci: Intertékstual dan Étnopédagogik
3)
Tesis ini dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
4)
(6)
SRI NURBAETI, 2015
SAJARAH CIKUNDUL TRANSFORMATION
(Intertextual and Pedagogical Analysis towards Wawacan “Sajarah Cikundul” and Jajatén Ninggang Papastén Short Story Collection)5)
Sri Nurbaeti 6)
sundadika_skripsweet@yahoo.com
ABSTRACT
The research was motivated by the importance of digging the values of education belonging to literary works, both classical literature and modern literature. The research was aimed at describing: (1) the intrinsic elements of Wawacan “Sajarah Cikundul” and “Jajatén Ninggang Papastén” short story collection, (2) Transformation process from wawacan into short story, and (3) Étnopedagogical values belonging to wawacan “Sajarah Cikundul” and “Jajatén Ninggang Papastén” short story collection. The Method used in this study was qualitative method and the approach used was intertextual and pedagogical approach. The data collection technique employed was documentary study technique. The data sources were Wawacan “Sajarah Cikundul” and “Jajatén Ninggang Papastén” short story collection. Based on the analysis, it can be concluded that (1) structurally there are several differences between Wawacan “Sajarah Cikundul” and “Jajatén Ninggang Papastén” short story collection, (2) in the intertextual analysis, the analysis used the application of hipogram theory from Riffatere and the most frequent symptom was the expansion symptom. The expansion in this study is not only an extension or development, but also an emergence of something new which is not contained in the hipogram,(3) The pedagogical values cover four things: Pengkuh Agamana; SQ (Spiritual Quotient), Luhung Élmuna; IQ (Intelektual Quotient), Jembar Budayana; EQ (Emosional Quotient), and Rancagé Gawéna AQ (Actional Quotient).
Keywords: Intertextual and Etnopedagogy
5)The thesis was supervised by Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
(7)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR EUSI
Kaca
PERNYATAAN ... i
PANGJAJAP ... ii
ABSTRAK ... iv
DAPTAR EUSI ... vii
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR BAGAN ... xii
DAPTAR GAMBAR ... xiii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiv
DAPTAR SINGGETAN ... xv
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 5 BAB II ULIKAN PUSTAKA
(8)
SRI NURBAETI, 2015
2.1 Konsép anu Dikaji ... 7
2.1.1 Klasifikasi Sastra ... 7
2.1.2 Babad... 8
2.1.3 Wawacan ... 10
2.1.4 Pupuh ... 11
2.1.5 Carita Pondok ... 21
2.1.5.1 Wangenan Carita Pondok ... 21
2.1.5.2 Kamekaran Carita Pondok ... 22
2.1.6 Unsur Pangwangun Karya Fiksi ... 25
2.1.6.1 Téma Carita ... 26
2.1.6.2 Fakta Carita ... 27
2.1.6.3 Sarana Carita ... 30
2.1.7 Filologi ... 52
2.1.7.1 Métode Kajian Filologi ... 52
2.1.8 Intertékstual ... 56
2.1.8.1 Prosés Transformasi Sastra ... 61
2.1.9 Étnopédagogik... 62
2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 66
2.3 Raraga Mikir ... 68
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 70
3.2 Sumber Data ... 71
3.3 Instrumén Panalungtikan ... 71
3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 75
3.5 Téhnik Analisis Data ... 75 BAB IV DATA, ANALISIS, JEUNG PEDARAN HASIL PANALUNGTIKAN
(9)
SRI NURBAETI, 2015
4.1 Transformasi Sajarah Cikundul ... 77
4.1.1 Transformasi kana Carita Pondok ... 78
4.1.2 Transformasi kana Dongéng ... 79
4.2 Data Struktur Wawacan jeung Carita Pondok ... 83
4.2.1 Data Struktur Wawacan ... 84
4.2.2 Data Struktur Carita Pondok ... 88
4.2.3 Data Unsur Étnopédagogik ... 92
4.3 Wawacan “Sajarah Cikundul”... 93
4.3.1 Ringkesan Carita Wawacan “Sajarah Cikundul” ... 93
4.3.2 Analisis Struktur WSC ... 96
4.3.2.1 Téma ... 96
4.3.2.2 Sarana ... 97
4.3.2.3 Fakta Carita ... 100
4.4 Carita Pondok Jajatén Ninggang Papastén ... 116
4.4.1 Ringkesan Carita Pondok ... 116
4.4.2 Analisis Struktur ... 118
4.4.2.1 Téma ... 118
4.4.2.2 Sarana ... 119
4.4.2.3 Fakta ... 126
4.5 Analisis Intertékstual ... 135
4.5.1 Épisode I: Radén Arya Wiratanu I ... 135
4.5.2 Épisode I: Radén Arya Wiratanu II ... 147
4.5.3 Transformasi Téma ... 157
4.5.4 Transformasi Palaku... 161
4.5.6 Transformasi Latar ... 165
4.6 Analisis Étnopédagogi ... 167
4.6.1 Pengkuh Agamana ... 167
(10)
SRI NURBAETI, 2015
4.6.2 Luhung Élmuna ... 170
4.6.2.1 Moral Manusa kana Waktu ... 170
4.6.2.2 Moral Manusa ka Alam ... 172
4.6.3 Jembar Budayana ... 174
4.6.3.1 Moral Manusa ka Manusa ... 174
4.6.3.2 Moral Manusa ka Dirina ... 179
4.6.4 Rancagé Gawéna ... 194
4.6.4.1 Moral Manusa dina Ngahontal Kasugemaan Lahir Batin ... 194
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 201
5.2 Saran ... 205
DAPTAR PUSTAKA ... 207
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 209
(11)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR TABÉL
Kaca
2.1 Klasifikasi Sastra ... 8
2.2 Buku Kumpulan Carpon ti Bihari ka Kiwari ... 25
2.3 Rarangkay Kluckhohn ... 65
3.1 Komparasi Téks ... 72
3.2 Analisis Struktur Babad ... 72
3.3 Analisis Struktur Carita Pondok ... 73
3.4 Transformasi Wawacan kana Carita Pondok ... 73
3.5 Analisis Étnopédagogik ... 74
4.1 Data Struktur Wawacan ... 84
4.2 Data Struktur Carita Pondok ... 88
(12)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR BAGAN
Kaca
2.1 Gaya Basa jeung Suasana ... 33
3.1 Desain Panalungtikan ... 70
4.1 Moral Manusa ka Manusa ... 175
(13)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR GAMBAR
Kaca
2.1 Téori Fiksi Robert Stanton ... 26
2.2 Raraga Mikir Panalungtikan ... 69
3.1 Prosés Transformasi tina Hipogram ... 74
(14)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR LAMPIRAN
Kaca Lampiran 1 SK Pengesahan Judul dan Penunjukan Dosen Pembimbing
Tesis ... 209
Lampiran 2 Téks Wawacan “Sajarah Cikundul” ... 211
Lampiran 3 Téks Carita Pondok “Putri Jin” ... 242
(15)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR SINGGETAN Carpon : Carita Pondok
WSC : Wawacan Sajarah Cikundul CPPJ : Carita Pondok Putri Jin CPAG : Carita Pondok Apun Gencay
(16)
SRI NURBAETI, 2015
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Nurutkeun Horatius dina Wellek & Warren (1995, kc.25), karya sastra miboga sipat dulce et utile, hartina pikaresepeun jeung mangpaat. Sakabéh carita rékaan miboga sasaruaan jeung kahirupan lantaran mangrupa titiron tina kahirupan atawa bahan-bahanna dicokot tina pangalaman hirup. Leuwih jéntré, Wellek jeung Warren ngébréhkeun opat pungsi sastra anu ngawengku: (1) sastra bisa ngagantikeun pangalaman langsung, (2) sastra bisa dipaké ku sajarawan minangka dokumén sosial, (3) sastra minangka hiji sumber pangaweruh, jeung (4) sastra dijerona nyangkaruk unsur-unsur psikologis. Leuwih jéntré Sudjiman (1988, kc.15) nétélakeun, yén di dunya rékaan ogé medar naon anu disebut Scholes an “imitation” of life (konsépsi mimésis). Lantaran sastra mangrupa hiji konsépsi mimémis, anu maca kadituna bakal leuwih paham kana pasualan-pasualan kahirupan. Ku kituna, karya sastra anu hadé méré bekel anu mangpaat pikeun kahirupan anu maca kahareupna.
Nalika maca hiji karya sastra, unggal jalma tangtu miboga tujuan anu béda-béda. Aya jalma anu maca karya sastra ngan saukur pikeun hiburan jeung ngeusi waktu kosong. Aya ogé jalma anu maca karya sastra pikeun meunangkeun pangaweruh anu bisa méré pangalaman anyar, sarta bisa mekelan dirina ku ajén inajén sarta kearifan budaya lokal anu kawéntar ku istilah étnopédagogi.
Alwasilah (2009, kc. 51) nétélakeun yén étnopedagogi nyawang pangaweruh jeung kaaripan lokal (local knowledge, local wisdom) salaku sumber inovasi jeung kamahér nu bisa dimekarkeun pikeun karaharjaan jalma réa. Kaaripan lokal mangrupa kumpulan pakta, konsép, kapercayaan, jeung persépsi masarakat kana dunya sabudeureunana. Ieu hal ngawengku cara nalungtik jeung ngukur alam sabudeureun, ngaréngsékeun pasualan, jeung ngavalidasi informasi. Singgetna, kaaripan lokal mangrupa hiji prosés hubungan jeung pangaweruh nu dihasilkeun, disimpen, dilarapkeun, diolah, jeung diwariskeun.
(17)
2
SRI NURBAETI, 2015
Kearifan lokal bisa dijadikeun salaku sumber penting dina ngawangun nonoman harepan bangsa anu miboga karakter. Pangwangunan karakter hartina ngajarkeun kearifan lokal ka para nonoman. Salasahijina nya éta ngaliwatan carita Babad. Nurutkeun Iskandarwassid (1992, kc. 19), babad mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salasahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon.
Loba pisan versi carita anu ngadadarkeun perkara “Sajarah Cikundul”, tapi tina sawatara carita éta, teu saeutik anu béda dina perkara nyebutkeun palakuna, galurna, jeung latarna. Ku lantaran loba pisan versina, tangtu aya anu jadi hipogram jeung aya anu jadi téks transformasina. Éta hal bakal katitén saupama dilakukeun panalungtikan anu nyoko kana pamarekan intertékstual. Intertékstual nya éta patali marga antara téks anu kahiji jeung téks séjén anu aya sapandeurieunana. Ayana sasaruaan jeung bédana anu katitén tina éta dua téks anu lahir béda taun, nu ngarang, jeung wandana.
Babad kaasup salsahiji karya sastra anu bisa ditilik tina sagala aspék. Ngingetkeun yén babad bisa disusun dina wangun puisi jeung prosa. Babad moal bisa dilenyepan sagemblengna lamun henteu mikanyaho jeung sadar yén babad mangrupa karya éstétis anu miboga ma’na jeung mibanda harti, lain mangrupa hal anu kosong tanpa ma’na.
Panalungtikan ngeunaan Sajarah Cikundul tinangtu geus réa pisan, utamana dina wangun skripsi jeung makalah seminar anu diantarana waé:
1. Wawacan “Sajarah Cikundul” dalam Tinjauan Étnopédagogi, dipidangkeun dina Forum Ilmiah X dan Lokakarya Internasional ku Sri Nurbaeti ping 19-20 November 2014 di FPBS UPI Bandung.
2. Representasi Wanita Sunda Dalam Cerita Apun Gencay: Analisis Intertekstual dan Stilistika, ku Sri Nurbaeti anu dipidangkeun dina Seminar Sastra, Bahasa, dan Budaya dalam Media Massa dan Media Sosial ping 01-02 Desember 2014 di Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat.
3. Sajarah Cikundul: Kajian Sejarah dan Nilai Budaya ku Drs. Yuzar Purnama, Spk. di Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Jakarta.
(18)
3
SRI NURBAETI, 2015
Panalungtikan ngeunaan “Sajarah Cikundul” loba pisan kauntunganna saupama dilaksanakeun. Diantarana bakal mikanyaho mana anu jadi hipogram tina “Sajarah Cikundul”, bakal nimukeun rupaning ajén atikan anu nyangkaruk dijerona, bisa ngawanohkeun karuhun Cianjur ka para nonoman, sarta ngamumulé jeung numuwuhkeun kareueus masarakat Cianjur kana kearifan budaya lokalna. Utamana kana babad anu mangrupa milik sakumna masarakat Cianjur.
“Sajarah Cikundul” miboga sipat istiméwa saupama dibandingkeun jeung babad-babad séjén. “Sajarah Cikundul” raket patalina jeung kaahéngan bangsa lelembut anu dipercaya ku sakumna masarakat Cianjur. Sok sanajan kitu, masih kénéh loba masarakat Cianjur anu teu nyaho kana sajarah ngadegna wewengkon Cianjur jeung loba masarakat anu bingung kana ngaran-ngaran dalem Cianjur atawa karuhun Cianjur. Ku lantaran ayana kasalahan persépsi masarakat ti mangsa baheula. Ku kituna, perlu aya hiji panalungtikan anu ngagunakeun pamarekan intertékstul.
Materi babad kaunggel dina SKKD kelas XI sarta KIKD kelas X. Dina eusina nyangkaruk ajén-inajén, atikan budaya, sarta hal-hal séjén anu bisa dimangpaatkeun pikeun kahirupan sosial. Ku lantaran minangka hiji tradisi anu mibanda kearifan, babad kudu direvitalisasi pikeun diajarkeun ka para nonoman harepan bangsa enggoning nyiptakeun kedamaian jeung kasejahteraan kahirupan mangsa anu bakal datang.
Dina naskah akademik Pengembangan Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa (Suyanto dina Sibarani, 2012:142) Kementrian Pendidikan Nasional geus ngarumuskeun ajén karakter anu kudu diterapkeun ka siswa jeung para nonoman bangsa, anu ngawengku: 1) réligius, 2) jujur, 3) toléransi, 4) disiplin, 5) kerja keras, 6) kréatif, 7) mandiri, 8) démokratis, 9) rasa ingin tahu, 10) semangat kebangsaan, 11) inta tanah air, 12) menghargai préstasi, 13) bersahabat/kréatif, 14) cinta damai, 15) gemar membaca, 16) peduli lingkungan, 17) peduli sosial, jeung 18) tanggungjawab. Anu saterusna dikelompokeun jadi opat konfigurasi karakter dumasar kontéks prosés psikososial jeung sosiokultural, nya éta 1) olah haté (spiritual and emotional development), 2) olah pikir (intellectual
(19)
4
SRI NURBAETI, 2015
development) 3) olah raga jeung kinéstétik (phsycal and kinesthetic development), jeung olah rasa jeung karsa (affective and creativity development).
Ku kituna, perlu ayana panalungtikan kana“Sajarah Cikundul” sacara leuwih gembleng. Dumasar kana éta hal, nu nyusun nyokot judul “Transformasi Sajarah Cikundul (Tilikan Intertékstual Jeung Étnopédagogik Kana Wawacan “Sajarah Cikundul” Jeung Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén)”.
1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan
Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap:
1. Komparasi téks pikeun maluruh bédana unsur-unsur intrinsik antara wawacan “Sajarah Cikundul” jeung kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén. 2. Prosés transformasi “Sajarah Cikundul”, tina wawacan kana carita pondok. 3. Ajén-ajén étnopédagogik anu nyangkaruk dina wawacan “Sajarah Cikundul”
jeung kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén. 1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan tina ieu panalungtikan ngawengku kana tujuan umum jeung tujuan husus, nya éta sakumaha anu dipedar di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nambahan référénsi kajian sastra Sunda utamana dina wanda babad.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1. Komparasi téks pikeun maluruh bédana unsur-unsur intrinsik antara wawacan
“Sajarah Cikundul” jeung carpon Jajatén Ninggang Papastén.
2. Prosés transformasi “Sajarah Cikundul”, tina wawacan kana carita pondok. 3. Ajén-ajén étnopédagogik anu nyangkaruk dina wawacan “Sajarah Cikundul”
(20)
5
SRI NURBAETI, 2015
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.
1.4.1 Mangpaat Téoritis
Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa:
1. Ngabeungharan pangaweruh perkara ulikan sastra Sunda, utamana dina wengkuan tiori-tiori struktur fiksi, intertékstual, jeung kajian etnopedagogi. 2. Aplikasi ulikan sastra pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra Sunda. 1.4.2 Mangpaat Praktis
Panalungtikan ieu miboga mangpaat praktis, diantarana: 1. Pikeun Panalungtik
Nambahan pangalaman dina prosés panalungtikan sastra, utamana dina karya sastra wangun babad
1. Pikeun Pangajaran
Nambahan pangdeudeul ulikan, utamana ulikan babad jeung carita pondok dina pangajaran aprésiasi sastra.
2. Pikeun Sakola
Ku ayana panalungtikan ieu, dipiharep bisa nambahan référénsi kajian, utamana dina pangajaran sastra di sakola.
1.5 Raraga Tulisan
Hasil ieu panalungtikan disusun dina karya tulis anu ngawengku genep bab, anu sistematikana ieu di handap:
Bab I Bubuka
Dina Bab I didéskripsikeun bubuka nu ngawengku kasang tukang tina masalah anu ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus), mangpaat panalungtikan (anu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis), sarta raraga tulisan dina ieu tesis.
(21)
6
SRI NURBAETI, 2015 Bab Ii Kajian Pustaka
Dina ieu bab baris dipedar sawatara konsép dasar anu raket patalina jeung babad, wawacan, pupuh, carita pondok sarta kamekaranna, téori fiksi Robert Stanton, intertékstual, prosés transformasi sastra, jeung étnopédagogik.
Bab III Métodologi Panalungtikan
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan nu ngawengku: (1) desain panalungtikan, (2) prosédur panalungtikan, (3) sumber data panalungtikan, (4) instrumén panalungtikan, (5) téhnik ngumpulkeun data, jeung (6) téhnik analisis data.
Bab IV Deskripsi Analisis Hasil Panalungtikan
Dina ieu bab dipedar ngeunaan: 1) transformasi “Sajarah Cikundul”, 2) data struktur wawacan jeung carita pondok, anu ngawengku (1) data struktur wawacan , (2) data struktur carita pondok, jeung (3) data unsur étnopédagogik; 3) wawacan sajarah cianjur anu ngawengku (1) ringkesan carita wsc, (2) analisis struktur wsc, (3) téma, (4) sarana, jeung (5) fakta carita; 4) carita pondok jajatén ninggang papastén anu ngawengku: (1) ringkesan carita CPPJ jeung CPAG, (2) analisis struktur WSC, (3) téma, (4) sarana, jeung (5) fakta carita; 5) analisis intertékstual anu ngawengku: (1) épisode I: Radén Arya Wiratanu I, (2) épisode II: Radén Arya Wiratanu III, (3) transformasi téma, (4) transformasi palaku, jeung (5) transformasi latar; 6) analisis étnopédagogik anu ngawengku: (1) pengkuh agamana, (2) luhung élmuna, (3) jembar budayana, jeung rancagé gawéna.
Bab V Kacindekan Jeung Saran
Dina Bab V didéskripsikeun ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta saran atawa rékoméndasi-rékoméndasi pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.
(22)
SRI NURBAETI, 2015
BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan nu ngawengku: (1) desain panalungtikan, (2) prosédur panalungtikan, (3) sumber data panalungtikan, (4) instrumén panalungtikan, (5) téhnik ngumpulkeun data, jeung (6) téhnik analisis data.
3.1 Désain Panalungtikan
Ieu panalungtikan ngagunakeun wanda panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif ngagunakeun desain panalungtikan studi kasus, dina harti panalungtikan museur kana hiji runtuyan kajadian nu dipilih jeung dicangkem sacara leuwih teleb (Sukmadinata, 2012, kc. 99). Panalungtikan kualitatif nataharkeun jeung ngararancang sacara leuwih asak pikeun nangtukeun tempat, partisipan, jeung ngamimitian ngumpulkeun data.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskripstif digunakeun lantaran data anu dikumpulkeun mangrupa kecap lain angka kalayan pedaran anu murni kalayan henteu ayana perlakuan kana objék anu ditalungtik.
Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan intertékstual jeung étnopédagogi. Pamarekan intertékstual nya éta ngabandingkeun dua téks anu raket patali marga. Sedengkeun étnopédagogi nya éta maluruh ajén-ajén atikan anu nyangkaruk dina “Sajarah Cikundul” pikeun jadi dadasar pendidikan karakter. Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan dina bagan ieu di handap
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Watesan jeung Rumusan
Masalah Panalungtikan
Nyusun Patalékan-patalékan Inti
Ngumpulkeun Data, Ngaanalisis jeung Ngainterprétasi Data
Nyusun Laporan Panalungtikan
(23)
71
SRI NURBAETI, 2015 3.2 Sumber data
Nurutkeun Arikunto (2010:129), sumber data nya éta subjék anu ngahasilkeun data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Wawacan “Sajarah Cikundul” anu teu kapaluruh saha anu nyalinna. 2). Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén anggitan Yus Rusyana.
Data dina ieu panalungtikan mangrupa kecap-kecap atawa kalimat anu ngadéskripsikeun ngeunaan palaku, galur, latar, pikeun mikanyaho sasaruaan jeung bédana éta buku sajarah. Salian ti data anu mangrupa unsur intrinsik, aya data séjén anu mangrupa ma’na anu dijerona nyangkaruk ajén-inajén luhung keraifan budaya lokal anu engkéna pikeun dijadikeun dadasar pendidikan karakter.
Tina sabelas judul carpon anu aya dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén, dicokot dua carpon anu raket patalina jeung “Sajarah Cikundul”. Éta dua judul carpon téh nya éta “Putri Jin” jeung “Apun Gencay”. 3.3 Instrumén Panalungtikan
Alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta manusa. Dina ieu hal, panalungtik minangka instrumén utama. Kalungguhan panalungtik salaku instrumén utama dina ieu panalungtikan nya éta salaku anu nataharkeun, anu ngalaksanakeun, anu ngumpulkeun, anu nganalisis, anu nafsirkeun, sarta pamungkas anu ngalaporkeun hasil panalungtikan. Salian ti instrumén utama, digunakeun ogé alat ngumpulkeun data séjénna anu mangrupa kartu data. Éta kartu data téh digunakeun pikeun nyatet data-data anu saluyu jeung pasualan anu keur ditalungtik.
Ieu di handap baris diébréhkeun instrumén anu baris digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Saméméh diébréhkeun rupaning instrumén, baris dipedar heula sawatara cara pikeun ngalakukeun komparasi téks.
i. Ngabandingkeun kecap demi kecap pikeun menerkeun kekecapan anu salah. ii. Ngabandingkeun runtuyan kalimah atawa gaya basa pikeun ngelompokeun
(24)
72
SRI NURBAETI, 2015
iii. Ngabandingkeun eusi carita, nya éta pedaran téks pikeun meunangkeun naskah anu eusina lengkep sarta henteu méngkol, salian ti éta pikeun nangtukeun hubungan antara naskah anu disebut silsilah kekerabatanna, sahenteuna panalungtik kudu mikanyaho mana téks anu asli jeung mana téks anu aya unsur tambahan ti nu nyalinna. (Lubis, 2001, kc.78)
Tabél 3.1 Komparasi Téks
Téks kahiji Téks kadua Téks katilu
(1) (2) (3)
Tabél 3.2
Analisis Struktur Babad
Struktur Wawacan (Hipogram)
(1) (2)
Téma Sarana
Judul
Gaya Basa & Suasana Simbol-simbol
Imaji Puseur Sawangan
Fakta Karakter
Alur Latar
(25)
73
SRI NURBAETI, 2015
Tabél 3.3 Struktur Carita Pondok
Struktur Carpon
(1) (2)
Téma Sarana
Judul
Gaya Basa & Suasana Simbol-simbol
Imaji Puseur Sawangan
Fakta Karakter
Alur Latar
Tabél 3.4
Transformasi Wawacan kana Carita Pondok
No. Unsur Prosés Transformasi Katerangan
Wawacan Carita Pondok
(1) (2) (3) (4) (5)
1 Tema Ekspansi
Konversi Modifikasi Ekserp
2 Sarana 3 Fakta
(26)
74
SRI NURBAETI, 2015
Prosés Transformasi Wawacan kana Carita Pondok
Gambar 3.1
Prosés transformasi tina hipogram Katerangan:
Ekspansi nya éta ngarobah unsur-unsur utama kalimah jadi wangun anu leuwih kompléks, perluasan atawa kamekaran tina hipogram. Nambahkeun unsur-unsur anu asalna henteu aya.
Konversi nya éta ngarobah unsur-unsur kalimah matrik kalayan ngamodifikasikeunna ngagunakeun sawatara faktor anu sarua.
Modifikasi nya éta manipulasi tataran kecap atawa runtuyan kecap dina kalimah dina tataran kasastraan.
Ekserp nya éta intisari tina unsur-unsur atawa episode tina hipogram Tabél 3.5
Analisis Étnopédagogi Pasualan dasar
hirup manusa
Oriéntasi ajén budaya
Hadé Goréng Kuduna
(1) (2) (3) (4)
Pengkuh Agamana; SQ (Spiritual Quotient)
Moral Manusa ka Pangéran
Ekspansi
Konversi Modifikasi
(27)
75
SRI NURBAETI, 2015
(1) (2) (3) (4)
Luhung Élmuna; IQ (Intelektual Quotient) Moral Manusa ka Waktu
Moral Manusa ka Alam
Jembar Budayana; EQ (Emosional Quotient) Moral Manusa ka Manusa
Moral Manusa ka Dirina
Rancagé Gawéna AQ (Actional Quotient)
Moral Manusa dina ngahontal
kasugemaan Lahir Batin
3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntér. Ieu téhnik téh digunakeun lantaran objék anu ditalungtikna mangrupa dokumén. Anapon cara ngumpulkeun datana nya éta: 1) Ulikan pustaka, pikeun pemahaman awal kana pasualan anu keur ditalungtik. 2) Maca wawacan “Sajarah Cikundul”, carpon “Putri Jin”, jeung carpon “Apun Gencay”, 3) Ngaidéntifikasi data numutkeun rumusan panalungtikan, 4) Nyieun papasingan atawa data anu geus kakumpul dijieun klasifikasina dumasar kana pasualan anu geus dirumuskeun dina ieu panalungtikan.
3.5 Téhnik Analisis Data
Dumasar métode jeung téknik nu geus disebutkeun di luhur, téknik nganalisis data baris diébréhkeun saperti ieu di handap.
1) Ngabandingkeun tilu wawacan “Sajarah Cikundul”, pikeun maluruh sasaruaan jeung bédana diantara éta téks;
2) Maluruh unsur-unsur intrinsik wawacan “Sajarah Cikundul”, ngagunakeun pamarekan Robért Stanton anu ngawengku téma, sarana, jeung fakta carita;
(28)
76
SRI NURBAETI, 2015
3) Maluruh unsur-unsur intrinsik carita pondok “Jajatén Ninggang Papastén” ngagunakeun pamarekan Robért Stanton anu ngawengku téma, sarana, jeung fakta carita;
4) Analisis intertékstual dilakukeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap: 1) Wawacan dibagi kana lima épisode;
2) Épisode-épisode éta ditandaan ku angka Romawi (I-V);
3) Épisode-épisode anu raket patalina jeung carita pondok dicokot sarta ditandaan ku angka romawi;
4) Carita pondok dibagi kana dua épisode;
5) Épisode-épisode éta ditandaan ku angka Romawi (I-II);
6) Babak-babak tina kadua téks ditandaan ku angka Romawi. Contona, A babak nalika Radén Jayasasana tapa sarta kawin jeung jin.
5) Nerapkeun prosés hiporam pikeun maluruh prosés transformasi wawacan kana carpon;
6) Ngainterprétasi data-data anu kapanggih dina prosés tranformasi pikeun maluruh hubungan intertékstual wawacan jeung carpon;
7) Maluruh ajén-ajén etnopedagogi nu aya dina wawacan “Sajarah Cikundul” jeung kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén;
8) Ngarékapitulasi data etnopédagogi anu kapanggih; jeung 9) Ngadéskripsikeun hasil panalungtikan.
(29)
SRI NURBAETI, 2015
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil analisis data, ieu panalungtikan bisa dicindekeun saperti pedaran ieu di handap.
1) Unsur-unsur intrinsik tina wawacan “Sajarah Cikundul” jeung carpon carita pondok “Putri Jin” jeung carita pondok “Apun Gencay”.
(1) Wawacan “Sajarah Cikundul”
Anu jadi téma tina wawacan “Sajarah Cikundul” nya éta sajarah. Puseur
sawangan anu digunakeun dina ieu karangan nya éta caturan jalma katilu, atawa
third-person narrative. Palaku utama dina ieu wawacan nya éta: Raden Arya Wangsagoparana, Raden Arya Wira Tanu-Datar atawa Dalem Cikundul, Raden Arya Witanudatar II atau Dalem Tarikolot, jeung Raden Arya Wiratanudatar III atawa Dalem Dicondré. Palaku kaduana nya éta, Putri Jin Indang Sukesih, Dalem Cikondang, Dalem Arya Kidul atawa Raden Arya Natamanggala, Apun Gencay, Mas Pura, jeung 58 palaku tambahan laina. Galur caritana galur leunjeuran jeung galur simpay. Latar anu kapanggih nya éta latar tempat anu ngawengku: pileuweugan, pucuk batu agung, hareupeun leuweung guha, Nangkabeurit, Sagalahérang, alam kajinan, batu démprak Gunung Cadas, sisi Citarum, jeung Cijagang. Sarta latar waktu anu ngawengku: tunggang gunung, malem jumaah pukul tujuh, jeung isuk-isuk.
(2) Carita Pondok “Putri Jin”
Téma tina Carita Pondok Putri Jin nya éta martabat kamanusaan. Puseur sawangan anu digunakeun ku pangarang nya éta puseur sawangan jalma katilu. Palaku utama dina ieu carita nya éta Wiratanu Datar I jeung Endang Kusumah (Putri Jin). Anapon Palaku tambahanna nya éta Radén Aria Wangsagoparana, Sunan Ciburang, Sunan Wanapiri, Sunan Parunggangsa, Prabu Pucuk Umum, Prabu Mundingsari Leutik, Prabu Siliwangi, Prabu Anggalarang, Batara Wijaya, Prabu Sanggawijaya, Prabu Sanggawidana, Prabu Ciung Wanara, Radén Ajeng Endang Kancana, Aria Suryakancana. Galur anu digunakeun dina ieu carita nya
(30)
202
SRI NURBAETI, 2015
éta galur simpay. Latar anu kapaluruh ngawengku latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat dina CPPJ ngawengku: pileuweugan, pucuk batu agung, hareupeun leuweung guha, Nangkabeurit, Sagalahérang, alam kajinan, batu démprak Gunung Cadas, sisi Citarum, jeung Cijagang. Latar waktu anu kapaluruh dina CPPJ ngawengku soré jeung wanci sariak layung.
(3) Carita Pondok “Apun Gencay”
Téma tina ieu carita pondok nya éta duriat Apun Gencay. Puseur sawangan anu digunakeun ku pangarang nya éta puseur sawangan jalma katilu. Palaku utamana nya éta Apun Gencay kalayan palaku tambahan anu ngawengku: Wiratanudatar, Indung Rompés, Jajaka Urang Cipamingkis, Radén Ayu Batuwangi, jeung Mas Pura. Galur carita ngagunakeun galur leunjeuran. Latar tempat anu kapaluruh ngawengku: pasir, padaleman, pungkur, pamengkang, pajuaran, handapeun tangkal juar di tetelar, tampian, Cikembar, tangkal asem sisi alun-alun, Cipamingkis, jeung huma. Latar waktu anu kapaluruh ngawengku wanci bray-brayan, subuh, pasosoré, wengi, tengah wengi, wanci haneut moyan, malem jumaah, isuk-isuk, janari, jeung peuting.
2) Prosés transformasi “Sajarah Cikundul”, tina wawacan kana carita pondok. Salah sahiji anu matak kataji tina panalungtikan ieu nya transformasi tina dua wangun jeung warna anu béda. Ditilik dumasar kana gunggunan wujudna,
wawacan “Sajarah Cikundul” mangrupa karya sastra wangun ugeran (puisi),
sedengkeun Carita Pondok “Putri Jin” jeung “Apun Gencay” mangrupa karya
sastra wangun lancaran (prosa). Ditilik dumasar kana waktu, wawacan “Sajarah
Cikundul” mangrupa karya sastra warna heubeul, sedengkeun Carita Pondok
“Putri jin” jeung “Apun Gencay” mangrupa karya sastra warna anyar. Hal séjén
anu matak kataji tina ieu panalungtikan nya éta prosés transformasi anu nyangkaruk dina ieu karya sastra.
Carita anu mimitina mangrupa wawacan tuluy ditransformasikeun kana wangun carita pondok ngalaman sawatara prosés transformasi. Anapon analisis intertékstual anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téori Riffaterre dina
(31)
203
SRI NURBAETI, 2015
Pudentia (1992, kc.72) anu ngawengku ekspansi, konversi, modifikasi, jeung ekserp.
Tina opat téori hipogram, kapaluruh yén prosés transformasi tina hipogram anu panglobana kapanggih nya éta éskpansi. Ékspansi dina ieu panalungtikan henteu ngan saukur mekar jeung ngalegaan. Tapi ogé aya sawatara unsur anyar anu mimitina teu kapanggih dina hipogram, tapi dina téks transformasina ditambahkeun patali jeung pameredih wangun, warna, jeung zaman.
Prosés ékspansi katitén tina téma anu ngalegaan sarta nambahan. Dina WSC téma utamana nya éta sajarah. Dina CPPJ téma sajarah éta mekar kana sawatara sub téma anu ngawengku kasajatian hirup, martabat kamanusaan, kaweningan ati, sarta karakter calon pamingpin. Pon kitu deui dina CPAG, téma carita ngarunday kana sub téma anu leuwih lega kayaning kasatiaan, duriat hiji wanoja, amarah durjana, jeung étika.
Téma anu ngalegaan sarta ngésér ngabalukarkeun ayana transformasi dina tataran palaku jeung Latar. Dina wengkuan palaku kapanggih dua prosés transformasi tina hipogramna. Anu kahiji prosés ékspansi dina CPPJ, jeung anu kaduana nya éta prosés konvérsi dina CPAG.
Dina WSC, Putri jin ngan ukur salaku palaku tambahan atawa panglengkep anu ngan tilu kali dicaritakeun. Anu kahiji, ngadatangan Radén Arya nalika keur tapa. Anu kaduana nalika geus boga budak, sarta budakna nalaktak antukna badami pikeun nyingkirkeun éta budak. Anu pamungkas, nalika Radén Arya mimiti teu betah di alam jin sarta hayang balik ka alam manusa. dina CPPJ, Putri jin mangrupa palaku kadua anu marengan Radén Arya nepi ka pungkasan carita. Leuwih ti éta, Putri jin lain ngan saukur indungna barudak. Tapi Putri Jin mangrupa guru anu ngajarkeun rupaning ajén-ajén kahirupan, kasajatian diri, jeung kaweningan ati. Putri jin ogé mangrupa batur sawala dina nalika ngungkulan rupaning pasualan.
Dina WSC, Apun Gencay ngan ukur dicaritakeun sakali. Nalika barang datang ti Cikembar ka Pamoyanan. Tapi dina CPAG, aya prosés konversi kana palaku Apun Gencay. Apun Gencay lain deui palaku tambahan, tapi minangka
(32)
204
SRI NURBAETI, 2015
palaku utama. Apun Gencay anu boga carita, anu ngalalakon ti mimiti nepi ka pamungkas.
Prosés ékspansi ogé kapanggih dina wengkuan latar. Boh éta latar tempat, boh éta latar waktu. Aya latar tempat anu teu kapanggih dina hipogramna, tapi dina téks transformasina nyampak. Saperti tempat-tempat di padaleman tempat Apun Gencay jeung Dalem saling moho mikasono, jeung tempat dalem puput ajal.
3) Ajén étnopédagogik anu nyangkaruk dina wawacan “Sajarah Cikundul”,
carita pondok “Putri Jin” jeung carita pondok “Apun Gencay”.
Analisis étnopédagogik ieu nyindekel kana bag-bagan Catur Diri Insan anu ngawengku: (1) Pengkuh Agamana, (2) Luhung Élmuna, (3) Jembar Budayana (4) Rancagé Gawéna.
(1) Pengkuh Agamana;
Moral manusa ka Pangéran dilakukeun ku para palaku dina ieu carita nya éta suhud jeung getén. Carana ku ngalampahkeun sagala hal, ti mimiti tapa, neuleuman élmu agama, puasa, jeung kagiatan kaagamaan séjénna. Lian ti éta ogé maranéhna percaya kana takdir nu maha kawasa.
(2) Luhung Élmuna
Moral manusa ka alam bisa dicindekeun yén Kahirupan di alam dunya téh teu lana. Ieu pisan nu ngalantarankeun Arya Wangsagoparana nu milih ngagem Islam tinimbang agama Karuhunna. Éta mangrupa salah sahiji kasadaran manéhna kana waktu anu geus dipasinikeun ku pangéran. Lian ti éta aya ogé kasadaran manéhna kana rasa cinta, deudeuh, jeung kapangkatan anu geus sakuduna ku manéhna di pilampah enggoning nyumponan pangabutuh hirupna.
Moral manusa ka alam bisa dicindekkeun ku ayana alam lahir jeung alam batin, alam nyata jeung alam goib. Hal ieu pisan nu ngalantarankeun manusa kudu bisa silih hargaan. Mun seug manusa ngahargaan alam, alam gé moal ngalantarankeun hal anu matak pikuciwaeun, moal nyababkeun ayana bancang pakéwuh.
(33)
205
SRI NURBAETI, 2015
(3) Jembar Budayana
Moral manusa jeung manusa satemenna di témbongkeun ku ayana sikep silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Hal ieu nu bisa ngalantarankeun ayana sikep silih hargaan jeung papada manusa. Rasa ieu pisan nu nepi ka kiwari karandapan ku manusa dina enggoning nyumponan pangabutuh hirupna. Ku ayana rasa silih hargaan bakal ngabalukarkeun katingtriman nu tan wates wangen.
(4) Rancagé Gawéna
Moral manusa dina enggoning nyumponan kasugemaan lahir jeung batin, diantarana aya sawatara tabéat dina diri manusana sorangan, diantarana nya éta: karaharjaan, kasugemaan, kawaluyaan hirup, jeung kasajatian diri. Loba hal-hal anu dipilampah, enggoning nyumponan kasugemaan éta. Dina carita di luhur ka gambar ti mimiti ngayakeun tapa, nyantri, ngajalankeun solat jeung puasa, sarta ngababakan pikeun meunangkeun kaharharjaan hirup anu samistina.
5.2 Saran
Aya sawatara hal anu can kapaluruh dina ieu panalungtikeun. Ku lantaran kitu, pikeun saha waé anu kataji ku ieu panalungtikan disarankeun maluruh hal-hal ieu di handap.
1) Transformasi Wawacan “Sajarah Cikundul” kana Carita Pondok “Apun
Gencay” kalayan ngagunakeun kritik sastra Feminisme.
2) Transformasi Wawacan “Sajarah Cikundul” kana Carita Pondok “Putri
Jin” kalayan ngagunakeun kritik sastra Feminisme.
3) Pikeun ahli sastra, ulikan struktural, intertékstual, jeung etnopedagogi dina wawacan jeung carpon ieu leubeut pisan ku ajén-ajén atikan pikeun nambahan pangaweruh. Ku kituna, diperlukeun daya tapsir anu kuat
pikeun nyangkem ma’na-ma’na anu dikandungna. Tapi tinangtu ieu ulikan
téh masih héngkér, perlu ayana lajuning laku panalungtikan saterusna sangkan leuwih jembar.
4) Pikeun guru, sangkan leuwih ngajembaran kualitas éta pangaweruh, boh téorina boh aprésiasina;
(34)
206
SRI NURBAETI, 2015
5) Pikeun mahasiswa, panalungtikan ngeunaan struktural, intertékstual, jeung etnopedagogi ieu teu dipatalikeun sacara langsung jeung widang pangajaran. Ku kituna, perlu ayana lajuning laku kualitas panalungtikan saterusna.
(35)
SRI NURBAETI, 2015
DAPTAR PUSTAKA
Alwasilah, A. Chaedar spk. (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan pendidikan guru. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.
Ekadjati, Edi, Wahyu Wibisana, jeung Ade Kosmaya Anggawisastra. (1985). Naskah Sunda Lama Kelompok Babad. Jakarta: Pusat Penelitian dan Pengembangan Bahasa.
Iskandarwassid. (1992a). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Iskandarwassid. (1996b). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnéndés, Rétty. (2010). Teori Sastra. Bandung: UPI.
Koentjaraningrat. (1993). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Modern. Bandung:UPI
Lubis, Nabilah. (2001). Naskah, Teks, dan Metode Penlitian Filologi. Jakarta: Yayasan Media Alo Indonesia.
Luxemburg, Jan Van, Mieke Bal, jeung Willem G. Weststeijin. (1991). Tentang Sastra. Jakarta: Intermasa.
Luxemburg, Jan Van, Mieke Bal, jeung Willem G. Weststeijin. (1992). Pengantar Karya Sastra. Jakarta: Gramedia.
Muharam, Luki. (2014). Duriat Apun Gencay. [Online]. kapaluruh dina: http://sejarahtentangcianjur.blogspot.com/2014/05/duriat-apun-gencay.html.
[didownliad di Bandung, 28 November 2014].
Nurgiyatoro, Burhan (2007). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.
Pradopo, Rachmat Djoko. (2013). Beberapa teori sastra, métode kritik, dan penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Pudentia. (1992). Transformasi Sastra: Analisis Atas Cerita Rakyat “Lutung
(36)
208
SRI NURBAETI, 2015
Purnama, Yuzar, spk. (1998). Sajarah Cikundul: Kajian Sejarah dan Nilai Budaya. Jakarta: Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional.
Rosidi, Ajip. (2011a). Kearifan Lokal: Dalam Perspéktif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat.
Rosidi, Ajip. (2013b). Mengenal Kasusasteraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Ruhaliah. (2010a). Sastra Sunda Buhun. Bandung: UPI
Ruhaliah. (2012b). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: UPI.
Ruhaliah. (2015c). Pendidikan Karakter dalam Budaya Sunda dan Jepang: Sebuah Kajian Perbandingan. Bandung: UPI gawé bareng jeung Nanzan University.
Rusyana, Yus. (2011). Jajatén Ninggang Papastén. Bandung: Kiblat Buku Utama. Setiadi, Tatang. (2011). Asal-Usulna Hayam Pelung: jeung dongéng-dongéng
Cianjur lianna. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Sibarani, Robert. (2012). Kearifan Lokal. Hakikat, Peran, dan Métode Tradisi Lisan.Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan.
Stanton, Robert. (2007). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Yayat. (2010a). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat, Yayat. (2015b). Wawasan Kesundaan. Bandung: UPI.
Sudjiman, Panuti. (1988). Memahami Cerita Rékaan. Jakarta: Pustaka Jaya. Sukmadinata, Nana Syaodih. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung:
Remaja Rosdakarya.
Suryalaga, Hidayat. (2009). Kasundaan: Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nurhidayah.
Suryani, Elis. (2012). Filologi. Bogor: Galia Indonesia.
Teeuw, A. (1983a). Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia. Teeuw, A. (2013b). Sastra dan Ilmu Sastra. Bandung: Pustaka Jaya.
Todorov, Tzvetan. (2012). Dasar-Dasar Intertékstualitas. Bali: Bali Media Adhikarsa.
Wellek, Rene jeung Austin Warren. (1995). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.
(1)
Pudentia (1992, kc.72) anu ngawengku ekspansi, konversi, modifikasi, jeung ekserp.
Tina opat téori hipogram, kapaluruh yén prosés transformasi tina hipogram anu panglobana kapanggih nya éta éskpansi. Ékspansi dina ieu panalungtikan henteu ngan saukur mekar jeung ngalegaan. Tapi ogé aya sawatara unsur anyar anu mimitina teu kapanggih dina hipogram, tapi dina téks transformasina ditambahkeun patali jeung pameredih wangun, warna, jeung zaman.
Prosés ékspansi katitén tina téma anu ngalegaan sarta nambahan. Dina WSC téma utamana nya éta sajarah. Dina CPPJ téma sajarah éta mekar kana sawatara sub téma anu ngawengku kasajatian hirup, martabat kamanusaan, kaweningan ati, sarta karakter calon pamingpin. Pon kitu deui dina CPAG, téma carita ngarunday kana sub téma anu leuwih lega kayaning kasatiaan, duriat hiji wanoja, amarah durjana, jeung étika.
Téma anu ngalegaan sarta ngésér ngabalukarkeun ayana transformasi dina tataran palaku jeung Latar. Dina wengkuan palaku kapanggih dua prosés transformasi tina hipogramna. Anu kahiji prosés ékspansi dina CPPJ, jeung anu kaduana nya éta prosés konvérsi dina CPAG.
Dina WSC, Putri jin ngan ukur salaku palaku tambahan atawa panglengkep anu ngan tilu kali dicaritakeun. Anu kahiji, ngadatangan Radén Arya nalika keur tapa. Anu kaduana nalika geus boga budak, sarta budakna nalaktak antukna badami pikeun nyingkirkeun éta budak. Anu pamungkas, nalika Radén Arya mimiti teu betah di alam jin sarta hayang balik ka alam manusa. dina CPPJ, Putri jin mangrupa palaku kadua anu marengan Radén Arya nepi ka pungkasan carita. Leuwih ti éta, Putri jin lain ngan saukur indungna barudak. Tapi Putri Jin mangrupa guru anu ngajarkeun rupaning ajén-ajén kahirupan, kasajatian diri, jeung kaweningan ati. Putri jin ogé mangrupa batur sawala dina nalika ngungkulan rupaning pasualan.
Dina WSC, Apun Gencay ngan ukur dicaritakeun sakali. Nalika barang datang ti Cikembar ka Pamoyanan. Tapi dina CPAG, aya prosés konversi kana palaku Apun Gencay. Apun Gencay lain deui palaku tambahan, tapi minangka
(2)
204
palaku utama. Apun Gencay anu boga carita, anu ngalalakon ti mimiti nepi ka pamungkas.
Prosés ékspansi ogé kapanggih dina wengkuan latar. Boh éta latar tempat, boh éta latar waktu. Aya latar tempat anu teu kapanggih dina hipogramna, tapi dina téks transformasina nyampak. Saperti tempat-tempat di padaleman tempat Apun Gencay jeung Dalem saling moho mikasono, jeung tempat dalem puput ajal.
3) Ajén étnopédagogik anu nyangkaruk dina wawacan “Sajarah Cikundul”, carita pondok “Putri Jin” jeung carita pondok “Apun Gencay”.
Analisis étnopédagogik ieu nyindekel kana bag-bagan Catur Diri Insan anu ngawengku: (1) Pengkuh Agamana, (2) Luhung Élmuna, (3) Jembar Budayana (4) Rancagé Gawéna.
(1) Pengkuh Agamana;
Moral manusa ka Pangéran dilakukeun ku para palaku dina ieu carita nya éta suhud jeung getén. Carana ku ngalampahkeun sagala hal, ti mimiti tapa, neuleuman élmu agama, puasa, jeung kagiatan kaagamaan séjénna. Lian ti éta ogé maranéhna percaya kana takdir nu maha kawasa.
(2) Luhung Élmuna
Moral manusa ka alam bisa dicindekeun yén Kahirupan di alam dunya téh teu lana. Ieu pisan nu ngalantarankeun Arya Wangsagoparana nu milih ngagem Islam tinimbang agama Karuhunna. Éta mangrupa salah sahiji kasadaran manéhna kana waktu anu geus dipasinikeun ku pangéran. Lian ti éta aya ogé kasadaran manéhna kana rasa cinta, deudeuh, jeung kapangkatan anu geus sakuduna ku manéhna di pilampah enggoning nyumponan pangabutuh hirupna.
Moral manusa ka alam bisa dicindekkeun ku ayana alam lahir jeung alam batin, alam nyata jeung alam goib. Hal ieu pisan nu ngalantarankeun manusa kudu bisa silih hargaan. Mun seug manusa ngahargaan alam, alam gé moal ngalantarankeun hal anu matak pikuciwaeun, moal nyababkeun ayana bancang pakéwuh.
(3)
(3) Jembar Budayana
Moral manusa jeung manusa satemenna di témbongkeun ku ayana sikep silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Hal ieu nu bisa ngalantarankeun ayana sikep silih hargaan jeung papada manusa. Rasa ieu pisan nu nepi ka kiwari karandapan ku manusa dina enggoning nyumponan pangabutuh hirupna. Ku ayana rasa silih hargaan bakal ngabalukarkeun katingtriman nu tan wates wangen.
(4) Rancagé Gawéna
Moral manusa dina enggoning nyumponan kasugemaan lahir jeung batin, diantarana aya sawatara tabéat dina diri manusana sorangan, diantarana nya éta: karaharjaan, kasugemaan, kawaluyaan hirup, jeung kasajatian diri. Loba hal-hal anu dipilampah, enggoning nyumponan kasugemaan éta. Dina carita di luhur ka gambar ti mimiti ngayakeun tapa, nyantri, ngajalankeun solat jeung puasa, sarta ngababakan pikeun meunangkeun kaharharjaan hirup anu samistina.
5.2 Saran
Aya sawatara hal anu can kapaluruh dina ieu panalungtikeun. Ku lantaran kitu, pikeun saha waé anu kataji ku ieu panalungtikan disarankeun maluruh hal-hal ieu di handap.
1) Transformasi Wawacan “Sajarah Cikundul” kana Carita Pondok “Apun Gencay” kalayan ngagunakeun kritik sastra Feminisme.
2) Transformasi Wawacan “Sajarah Cikundul” kana Carita Pondok “Putri Jin” kalayan ngagunakeun kritik sastra Feminisme.
3) Pikeun ahli sastra, ulikan struktural, intertékstual, jeung etnopedagogi dina wawacan jeung carpon ieu leubeut pisan ku ajén-ajén atikan pikeun nambahan pangaweruh. Ku kituna, diperlukeun daya tapsir anu kuat pikeun nyangkem ma’na-ma’na anu dikandungna. Tapi tinangtu ieu ulikan téh masih héngkér, perlu ayana lajuning laku panalungtikan saterusna sangkan leuwih jembar.
4) Pikeun guru, sangkan leuwih ngajembaran kualitas éta pangaweruh, boh téorina boh aprésiasina;
(4)
206
5) Pikeun mahasiswa, panalungtikan ngeunaan struktural, intertékstual, jeung etnopedagogi ieu teu dipatalikeun sacara langsung jeung widang pangajaran. Ku kituna, perlu ayana lajuning laku kualitas panalungtikan saterusna.
(5)
DAPTAR PUSTAKA
Alwasilah, A. Chaedar spk. (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan pendidikan guru. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.
Ekadjati, Edi, Wahyu Wibisana, jeung Ade Kosmaya Anggawisastra. (1985).
Naskah Sunda Lama Kelompok Babad. Jakarta: Pusat Penelitian dan
Pengembangan Bahasa.
Iskandarwassid. (1992a). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Iskandarwassid. (1996b). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnéndés, Rétty. (2010). Teori Sastra. Bandung: UPI.
Koentjaraningrat. (1993). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Modern. Bandung:UPI
Lubis, Nabilah. (2001). Naskah, Teks, dan Metode Penlitian Filologi. Jakarta: Yayasan Media Alo Indonesia.
Luxemburg, Jan Van, Mieke Bal, jeung Willem G. Weststeijin. (1991). Tentang Sastra. Jakarta: Intermasa.
Luxemburg, Jan Van, Mieke Bal, jeung Willem G. Weststeijin. (1992). Pengantar Karya Sastra. Jakarta: Gramedia.
Muharam, Luki. (2014). Duriat Apun Gencay. [Online]. kapaluruh dina: http://sejarahtentangcianjur.blogspot.com/2014/05/duriat-apun-gencay.html. [didownliad di Bandung, 28 November 2014].