Migi Isna Januar, 2014 Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota
Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB II KABUDAYAAN, UPACARA ADAT, TRADISI, JEUNG BAHAN
PANGAJARAN
Sacara gurat badag, dina ieu bab baris dipedar ngeunaan kabudayaan, upacara adat, tradisi ngaruat, sarta bahan pangajaran. Ku kituna, dina ieu bab baris
didéskripsikeun sababaraha tiori, di antarana: wangenan, unsur-unsur, pungsi, komponén, jeung ciri-ciri, sarta dibarung ku tiori-tiori séjénna salaku tambahan
tiori.
2.1 Kabudayaan
2.1.1 Wangenan Kabudayaan
Kecap budaya asalna tina basa sangsekerta, nyaéta buddhayah. Bentuk jamakna tina bud
hi nu hartina “budi” atawa “akal” Koenjaraningrat, 1984:9. Nurutkeun Ki Hajar Dewantara, kabudayaan mangrupa buah budi manusa.
Kluckhohn nétélakeun yén kabudayaan téh mangrupa maniféstasi jeung penjelmaan gawé jiwa manusa dina harti nu jembar Suparto, 2007:40.
2.1.2 Unsur-unsur jeung Wujud Kabudayaan
Nurutkeun Koentjaraningrat 2002:203, sacara universal kabudayaan manusa miboga tujuh unsur, nyaéta 1 basa; 2 sistem pangaweruh; 3 organisasi
sosial; 4 sistem pakakas jeung téhnologi; 5 sistem pakasaban; 6 sistem réligi; sarta 7 kasenian.
Malinowski Soekanto, 1998:192 nyebutkeun aya opat unsur poko kabudayaan, nyaéta:
1 sistem norma nu ngamungkinkeun ayana gawé bareng papada anggota masarakat pikeun adaptasi jeung lingkunganna;
2 organisasi ékonomi;
Migi Isna Januar, 2014 Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota
Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3 alat-alat jeung lembaga-lembaga atawa patugas-patugas pendidikan kulawarga mangrupa Lembaga Pendidikan nu utama; sarta
4 organisasi kakuatan politik. Koentjaraningrat 2002:186 nétélakeun paling saeutik aya tilu wujud
kabudayaan, nyaéta: 1 wujud kabudayaan salaku hiji kumpulan atawa ide-ide, pamadegan, ajén-ajén,
norma-norma, aturan, jeung sajabana; 2 wujud kabudayaan mangrupa hiji kumpulan aktifitas sarta paripolah manusa
nu miboga pola dina hirup kumbuhna di masarakat; sarta 3 salaku barang-barang tina hasil karya manusa.
Wujud kahiji nyaéta wujud idéal tina kabudayaan, sipatna abstrak, teu bisa dicabak atawa dipoto, ayana dina jero alam pikiran warga masarakat nu miboga
éta kabudayaan. Ayeuna éta kabudayaan ideal téh geus nyampak dina arsip, koléksi microfilm, computer, jeung sajabana.
Ide-ide jeung gagasan manusa loba nu hirup babarengan di masarakat, méré jiwa ka éta masarakat. Ieu gagasan-gagasan silih pakait jadi hiji sistem, teu
bisa misah séwang-séwangan. Para ahli Sosiologi jeung Antropologi loba nu nyebutkeun yén ieu sistem téh mangrupa sistem budaya. Dina istilah séjén bisa
disebutkeun yén wujud idéal tina kabudayaan ieu téh nyaéta adat istiadat. Wujud kadua tina kabudayaan nyaéta sistem pranata sosial, nu mangrupa
paripolah-paripolah manusa. Sistem sosial mibanda aktifitas-aktifitas, paripolah- paripolah manusa dina raraga campur gaul jeung sasama di masarakat. Paripolah-
paripolah masarakat ieu tangtuna dumasar adat tata-kalakuan. Ieu sistem sosial sipatna kongkrit, aya dina kahirupan sapopoé, bisa diobsérvasi, sarta bisa
didokuméntasikeun. Wujud katilu dina kabudayaan disebut wujud fisik, nyaéta barang-barang
hasil tina paripolah-paripolah manusa di masarakat. Sipatna pangkongkritna, bisa dicabak jeung didokuméntasikeun.
7
Migi Isna Januar, 2014 Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota
Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina wujud kabudayaan tadi teu bisa dipisahkeun, tapi silih pakait. Kabudayaan ideal, nyaéta adat-istiadat nu ngatur tingkah polah manusa dina hirup
kumbuh di masarakatna nu bisa ngahasilkeun barang-barang atawa karya nu kongkrit hasil tina pikiran-pikiran manusa tadi.
2.1.3 Sipat Kabudayaan