Kondisi Sosial Budaya Lokasi jeung Sumber Data .1 Lokasi Tempat Panalungtikan

35 Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2.2 Kondisi Sosial Budaya

Kondisi sosial jeung budaya di hiji wewengkon mangaruhan pisan kana ayana hiji adat tradisi nu aya di éta wewengkon. Kitu deui upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu aya di désa Talaga Wétan moal leupas tina pangaruh kaayaan masarakat di sabudeureunana. Kaayaan sosial budaya di désa Talaga Wétan diwincik ieu di handap. 1 Jumlah penduduk Jumlah penduduk Désa Talaga Wétan dumasar data bulan Désémber taun 2014 aya 5.547 urang, anu ngawengku lalaki 2.801 urang jeung awéwé 2.746 urang. Éta jumlah penduduk kabagi jadi 1.741 kepala keluarga . 2 Atikan Tabel 3.1 Atikan Masarakat Désa Talaga Wétan Tingkat Pendidikan Lalaki Awéwé 1 2 3 Umur 3-6 taun anu sakola di TKPlay group 306 urang 268 urang Umur 7-18 taun anu keur sakola 614 urang 613 urang Umur 18-56 taun anu teu tamat SD 4 urang 4 urang Tamat SD 290 urang 266 urang Umur 12-56 taun teu tamat SLTP 210 urang 205 urang Umur 18-56 taun teu tamat SLTA 351 urang 200 urang Tamat SLTA 530 urang 620 urang Tamat SLTA 475 urang 480 urang Tamat D-1 41 urang 21 urang Tamat D-2 10 urang 1 urang Tamat D-3 21 urang 25 urang Tamat S-1 52 urang 47 urang Tamat S-2 5 urang 2 urang Tamat S-3 - - Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013 36 Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dumasar tabel di luhur ngeunaan jenjang pendidikan masarakat désa Talaga Wétan, bisa katitén yén tingkat pendidikan masarakat Talaga geus kaitung maju, lantaran geus lobana masarakat anu namatkeun sakola tepi ka paguron luhur. Sanajan kitu teu saeutik ogé masarakat anu tingkat pendidikanna kurang, lantaran masih aya masarakat anu teu lulus SD, SLTP jeung SLTA. 3 Pakasaban Tabel 3.2 Pakasaban Masarakat Désa Talaga Wétan Jenis Pakasaban Lalaki Awéwé 1 2 3 Tani 484 urang - Buruh Tani 141 urang - PNS 71 urang 79 urang Montir 32 urang - TNI 3 urang - POLRI 3 urang - Pensiunan PNSTNIPOLRI 85 urang 50 urang Pengusaha kecilmenengah 35 urang - Pengusaha besar 1 urang - Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013 Sistem pakasaban masarakat désa Talaga Wétan dina taun 2013, bisa katitén yén lolobana masarakat désa Talaga Wétan miboga pakasaban tatani. Sanajan kitu loba ogé masarakat Talaga anu digawé jadi PNS, boh anu masih aktif boh anu geus pensiun. Salian ti éta, aya ogé masarakat anu miboga pakasaban salaku montir atawa tukang béngkel, jeung aya ogé anu usaha dagang. 4 Agama Agama anu aya di Indonesia kurang leuwih aya genep, nya éta Islam, Kristen, Katholik, Hindu, Budha, Konghucu jeung kapercayaan séjénna. Agama anu dianut ku masarakat désa Talaga Wétan ngan aya dua, nya éta Islam jeung Kristen. Anu nganut agama Islam nya éta lalaki 2.798 urang jeung awéwé 2.753 37 Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu urang. Sedengkeun anu nganut agama Kristen nya éta lalaki 19 urang, jeung awéwé 18 urang. Ki kituna katitén yén masarakat désa Talaga Wétan leuwih loba anu nganut agama Islam 5 Étnis Tabel 3.3 Étnis Masarakat Désa Talaga Wétan Étnis Lalaki Awéwé Batak 19 urang 18 urang Sunda 2.726 urang 2.751 urang Jawa 57 urang 42 urang Madura 3 urang 2 urang Makasar 1 urang - Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013 Provinsi Jawa Barat anu mangrupa tanah kalahiran salah sahiji étnis di Indonesia nya éta étnis Sunda. Ki kituna, ampir sakabéh étnis Sunda aya di Jawa Barat. Kitu deui di désa Talaga Wétan anu 99,9 na mangrupa étnis Sunda. Sanajan kitu, di désa Talaga Wétan aya étnis séjénna, nya éta Jawa, Batak, Madura jeung Makasar. Dumasar hal-hal ngeunaan sosial budaya di désa Talaga Wétan anu dipedar di luhur, tangtuna bakal mangaruhan pisan kana adat istiadat anu aya di éta wewengkon.

3.2.3 Sumber Data