Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka Kawih

8 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI 3. Amanat ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak ………………………….. ………………………….. ………………………….. …………………………..

C. Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka Kawih

Wangun rumpaka kawih sarua jeung wangun sajak atawa puisi. Réa sajak atawa puisi nu geus dijadikeun rumpaka kawih. Rumpaka kawih aya ogé nu disusun dina wangun sisindiran. Geura tengetan deui ieu sempalan rumpaka kawih “És Lilin” di handap Itu saha dunungan nu nungtun munding digantélan geuning ku saputangan itu saha dunungan nu ginding teuing sihoréng mah aduh geuning jungjunan Sempalan rumpaka kawih di luhur téh diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang, padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi. Nilik kana wandana mah, sempalan rumpaka kawih di luhur téh kaasup kana paparikan. Pangna disebut paparikan lantaran padeukeut sora tungtung padalisan nu aya dina cangkang jeung eusi. Sora tungtung padalisan kahiji padeukeut sorana jeung sora tungtung padalisan katilu, sora tungtung padalisan kadua padeukeut jeung sora tungtung padalisan kaopat. Sora nu padeukuet kitu téh sok disebut murwakanti. Geura tengetan deui ieu sempalan rumpaka kawih di handap Itu saha dunungan nu nungtun munding digantélan geuning ku saputangan itu saha dunungan nu ginding teuing sihoréng mah aduh geuning jungjunan Sora tungtung padalisan kahiji ding padeukeut jeung sora tungtung padalisan katilu ing, kitu ogé sora tungtung padalisan kadua ngan padeukeut jeung sora tungtung padalisan kaopat nan. Sajaba ti conto di luhur aya rumpaka kawih séjénna anu diwangun ku sisindiran. } Cangkang } Eusi Padeukeut sora i ding jeung ing Padeukeut sora a ngan jeung nan 9 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Unsur penting séjénna anu kudu dipikanyaho ku didep dina rumpaka kawih nya éta pilihan kecap. Diksi atawa pilihan kecap dalit pisan patalina jeung unsur gaya basa, nya éta basa anu digunakeun ku nu ngarang sangkan bisa leuwih ngahudang imajinasi paregep atawa nu maca. Teu béda ti sajak atawa puisi, gaya basa anu sok kapanggih dina rumpaka kawih kayaning gaya basa babandingan nu istilah séjénna sok disebut metapora metapora. Métapora metaphor nya éta gaya basa babandingan atawa lalandian, ku jalan nyebut hiji barang, padahal anu dimaksud mah anu séjén lantaran dianggap boga pasipatan atawa ciri-ciri anu sarua. Dina harti jembar, métapora ngurung rupa-rupa gaya basa babandingan, kayaning lalandian, mijalma, ngasor, rarahulan, rautan, jeung sajabana Gaya basa lalandian sok dipaké pikeun ngaganti ngaran ku sesebutan. Aya sesebutan alus atawa pideudeuh héronimia jeung aya sesebutan goréng, ocon, atawa métonimia, contona: kecap Srikandi keur sesebutan ka awéwé wanian; Si Jalak Harupat idipaké keur sesebutan ka lalaki anu toh pati jiwa raga, cadu ngejat ti pakalangan atawa pangperangan; Wayang pangsisina dipaké keur sesebutan ocon banyol ka jalma anu jangkung gedé. Gaya basa mijalma personiikasai sok digunakeun pikeun nyebutkeun barang anu henteu nyawaan atawa sasatoan diupamakeun boga polah cara jalma, kayaning boga rasa sedih, susah, bungah, atawa ambek, contona: Gunung siga anu milu nguyung, lebak siga milu susah. Pucuk janur tingarulang, ngagupayan anu angkat; Lokomotip ngahégak lir seunggah nanjak; Bulan ngintip tina sela-sela méga. Gaya basa ngasor litotes sok dipaké pikeun ngébréhkeun hal nu sabalikna tina kanyataan, contona: Kuring mah teu boga duit sapésér-pésér acan padahal beunghar; Dahar gé ukur jeung uyah padahal deungeun sanguna sagala aya, jeung sajabana. Gaya basa rarahulan hiperbola sok dipaké pikeun nandeskeun, ngantebkeun, atawa nimbulkeun rasa nu kaleuleuwihi, contona: Amarahna nguntab-nguntab lir seuneu hurung. Ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat; Najan nepi ka ceurik getih oge, moal ditolih. Gaya basa rautan eupimisme dipaké pikeun ngalemesan maksud sangkan teu kasar katarimana ku nu maca atawa ngaregepkeun, contona: Ké, kuring rék ka cai heula maksudna rék kiih; Karunya, anakna téh geuning teu ningali maksudna lolong. 10 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Satuluyna pék ilo deui ieu rumpaka kawih di handap. Mun aya mah bari ngaregepkeun tape, video, MP 3 atawa wangun rékaman séjénna Bulan Batu Hiu Doel Sumbang Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu tinggal sapasi sésa purnama kamari Urang duaan anteng sosonoan suka bungah sagala rasa dibedah Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu tinggal sapasi sesa purnama kamari Ikrar janji sahidup samati moal hianat insya Allah moal pegat Dina ruang haté nu aya ukur salira dina ruang haté pasti ngan ukur salira Bulan di langit Batu Hiu Sesa purnama kamari bulan sapeupeuting nyaksi nya pangrusiah moal betus pasti Sumber: wisatapangandaran.com 11 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Dina rumpaka kawih di luhur aya kecap-kecap anu ngandung harti injeuman konotasi . Geura tengetan ku hidep ieu pedaranana di handap Ngupamakeun metafora Bulan nu ngagantung tinggal sapasi sésa purnama kamari sagala rasa dibedah dina ruang haté - nu ngagantung biasana maké tali atawa sabang- saning bungbuahan dina tangkalna - kecap sapasi biasana dipaké kana dahareun nu dipotongan. - kecap sésa dipaké keur dahareun teu béak atawa duit sésa balanja. - kecap bedah biasana dilarapkeun kana balong atawa tanggul - kecap ruang atawa rohangan sok dipaké pikeun nuduhkeun tem- pat atawa patempatan Mijalma personiikasi bulan sapeupeuting nyaksi - anu sok nyaksi; nyaksian; jadi saksi biasana jalma 12 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Pancén 3: Sanggeus hidep neuleuman pedaran di luhur, pigawé pancén ieu di handap 1 Sawalakeun jeung babaturan sakelompok pikeun maluruh cangkang jeung eusi unggal pada dina éta kawih. Geura imeutan heula conto cara nganalisisna ieu dina tabél di handap Sempalan rumpaka kawih “És Lilin” Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu padeukeut sorana Padalisan És lilin mah dunungan kalapa muda dibantun mah dunungan ka Sukajadi abdi isin dunungan samar kaduga sok sieun mah aduh henteu ngajadi 1 2 - - - - 3 4 Kecap a. muda dina padalisan ka-1 padeukeut sorana jeung kecap kaduga dina padalisan katilu, nya éta sora a Kecap b. sukajadi dina padalisan ka-2 padeukeut sorana jeung kecap ngajadi dina padalisan ka-4, nya éta sora i . Sempalan rumpaka kawih “És Lilin” Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu padeukeut sorana Padalisan És lilin mah ceuceu buatan Bandung dicandak mah geuning ka Cipaganti abdi isin jungjunan duh babaringung sok inggis mah aduh henteu ngajadi … … … … … … … … a. …. b. …. . Sempalan rumpaka kawih “És Lilin” Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu padeukeut sorana Padalisan És lilin mah ceuceu di kalapaan raosna mah geuningan kabina-bina abdi alim dunungan paduduaan sok sieun mah dibantun kamana-mana … … … … … … … … a. …. b. …. . Sempalan rumpaka kawih “És Lilin” Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu padeukeut sorana Padalisan Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir Ka kalér mah ka kalér katojo bulan Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir Moal palér duh da ku sabulan … … … … … … … … a. …. b. …. 13 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI 2 Ieu rumpaka kawih “Bubuy Bulan” di handap diwangun ku sisindiran. Pék paluruh ungkara mana waé dina unggal pada nu kaasup kana wangun cangkang jeung eusi kana tabél nu aya di handapeunana Bubuy Bulan Cipt. Beni Corda Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang panon poé, panon poé disasaté unggal bulan, unggal bulan abdi téang unggal poé, unggal poé ogé hadé Situ Cuburuy laukna hésé dipancing nyérédét haté ningali ngénclong caina tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing nyérédét haté ningali sorot socana Unggal bulan, unggal bulan abdi téang unggal poé, unggal poé ogé hadé Situ Ciburuy laukna hésé dipancing nyérédét haté ningali ngénclong caina Tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing nyérédét haté ningali sorot socana Unggal bulan, unggal bulan abdi téang unggal poé, unggal poé ogé hadé Sumber: htp:bp2.blogspot.com 14 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Pada Wangun Sisindiran Ungkara Katerangan Kahiji … … … … Cangkang: … Eusi: … Kadua … … … … Cangkang: … Eusi: … Kaopat … … … … Cangkang: … Eusi: … 3 Pék ayeuna paluruh ku hidep sora nu padeukeut unggal tungtung padalisan dina éta kawih “Bubuy Bulan” kana tabél ieu di handap Pada Padeukeut sora tungtung padalisan Ungkara Katerangan Kahiji Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang panon poé, panon poé disasaté unggal bulan, unggal bulan abdi téang unggal poé, unggal poé ogé hadé padeukeut sora tungtung unggal padalisan, contona: ang, té, ang, té a-é-a-é Kadua … … … … padeukeut sora tungtung unggal padalisan: ... Katilu Unggal bu lan , unggal bulan abdi téang … Padeukeut sora tungtung kecap unggal padalisan, contona: a-a-a-a-a … 15 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Kaopat … … … … Padeukeut sora tungtung unggal padalisan: … Kalima … … Padeukeut sora tungtung kecap unggal padalisan … … 4 Sawalakeun ku hidep gaya basa naon waé nu aya dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan” di luhur sarta tuliskeun dina tabél ieu di handap Rumpaka Pada Padalisan Gaya basa Katerangan Bubuy bulan 1 1 Sangray béntang 1 1 Panon poé disasaté 1 2 5 Pék paluruh kecap-kecap naon waé anu dibalikan deui dina éta rumpaka kawih “Bubuy Bulan” kana tabél ieu di handap Kacap nu dibalikan deui Pada Padalisan … … … … D. Nyusun Paraprase tina Rumpaka Kawih Tanda yén hidep paham eusi kawih di antarana bisa nyaritakeun deui ku basa sorangan. Rupa-rupa carana pikeun nyaritakeun deui eusi kawih téh, di antarana ku cara nyusun paraprase. Naon ari paraprase? Paraprase atawa paraprasa nya éta ngébréhkeun deui hiji wangun basa kana wangun basa séjénna, kalawan teu ngarobah hartina. Kagiatan nulis paraprase teu hésé. Nu basajan mah di antarana ku cara nambahan kecap-kecap kana rumpaka kawih ku kecap-kecap nu dianggap mampuh ngajelaskeun. Geura tengetan contona di handap. 16 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Wangun paraprasena: Hasil wangun paraprasena di luhur ku hidep bisa dirobah kawas ieu di handap. Pancén 4: Di handap aya rumpaka kawih nu judulna “Malati di Gunung Guntur” jeung “Sabilulungan”. Pék ku hidep jeung babaturan sakelompok caritakeun eusina ku cara paraprase atawa wangun prosa séjénna kawas conto di luhur. Malati di Gunung Guntur Seungitna sungkeman ati Bodas sésétraning rasa jadina dina mumunggang leuweung larangan kacaritakeun aya wanoja. Bakat ku geulis lir ibarat mekarna kembang malati éta wanoja téh ayana di Gunung Guntur pernahna di Garut Éta kembang téh seungitna sumeleber, nepi ka jadi sungkeman ati Warnana bodas nyacas jadi sésétraning rasa sakur nu ningali Éta kembang téh jadina persis dina mumunggang gunung Guntur Nu teu meunang kasaba ku manusa, dan cenah mah éta téh leuweung larangan. Kacaritakeun aya wanoja. Bakat ku geulis, éta kageulisanana téh diibaratkeun lir kembang malati nu keur mekar. Éta wanoja téh cicingna di Gunung Guntur. Ma’lum ka nu geulis. Kabéh jalma pada apal. Tapi teu sagawayah jalma lalaki bisa manggihan éta wanoja, sabab cicingna di mumunggang gunung Guntur, nu teu meunang kasaba ku manusa, da cenah mah éta téh leuweung larangan. 17 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Malati di Gunung Guntur Mang Koko Wahyu Wibisana Malati di Gunung Guntur Seungitna sungkeman ati Bodas sésétraning rasa jadina dina mumunggang leuweung larangan Malati di Gunung Guntur Hanjakal henteu dipetik Béja geus aya nu boga Ngahaja melak di dinya Para Guriang Ayeuna kuring geus jauh Malati sosoca gunung Boa geus aya nu metik duka ku saha Kamari jol aya béja Malati ratna mumunggang Pajar can aya nu metik, duka ku naon Malati di Gunung Guntur Ligar dina panineungan na panineungan Na saha nu baris metik Kuring mah da puguh jauh Biheung kadongkang Sumber: clipart 18 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Sabilulungan Sabilulungan dasar gotong royong Sabilulungan sipat silih rojong Sabilulungan “genteng ulah potong” Sabilulungan persatuan tembong patembong Tohaga - tohaga Rohaka - rohaka Teguh tangguh perbawa sabilulungan saihwan Sadia - sadia Sajiwa - sajiwa Segur singkil ngabasmi pasalingsingan pabentar Sabilulungan hirup sauyunan Sabilulungan silih pikaheman Sabilulungan tulung tinulungan Sabilulungan kukuh persatuan beungkeutan Santosa - santosa Samakta - samakta Teuneung ludeung ngajaring kawibawan k’amanan Saihwan - saihwan Sapaham - sapaham Nagri nanjung berekah sabilulungan Posted 22nd May 2010 by Kos Warnika Labels: Ganda Mekar

E. Ngalengkepan Rumpaka Kawih