60
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI
B. Nyangkem Unsur Novel
Upama maca novel hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul,
point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsic nu aya novel.
Téma nya éta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku
kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéh
pangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.
Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu
kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sabab- akibat kajadian dina carita.alur nya éta konlik jeung klimaks. Dina galur
atawa alur téh aya nu disebut Konlik, nya éta interaksi antara dua karakter atawa leuwih, atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna.
Upama éta konlik geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks. Palaku nya éta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. Nilik Jenisna mah
aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku
nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna.
Latar nya éta lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian nu lumangsung dina hiji carita. latar téh aya dua rupa nya éta latar tempat
jeung latar waktu. Latar tempat mangrupa tempat di mana kajadian dina carita lumangsung sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha
kajadian dina carita lumangsung.
Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti ku saha dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya dua cara nu biasa
digunakeun dina iksi saperti novel, nya éta 1 caturan jalma katilu, nya éta pangarang aya diluareun carita, para palaku disebut ngaranna,
atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; 2 caturan jalma kahiji nya éta juru catur aya di jeo carita, sok jadi palaku carita,
ngagunakeun kecap sulur “kuring”.
Gaya basa nya éta cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang
mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah.
61
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI
Pancén 2
Tuliskeun ku hidep naon disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa
C. Neuleuman Unsur-unsur Novel