Mangpaat Téoritis Mangpaat Praktis

6 Marlina Senja Utami, 2014 Analisis Folklor Toponimi di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajarah Lokal di SMAN 1 Pangkalan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 pikeun panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku alat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan masarakat Sunda, hususna dina sistem méré ngaran tempat nu aya di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang.

1.6 Raraga Tulisan

Skripsi ieu disusun jadi lima bab nu dipedar di handap ieu. 1 BAB I Bubuka Dina bab kahiji hal anu dipedar nya éta ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, métode panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. 2 BAB II Tatapakan Téori Dina bab kadua hal anu dipedar nya éta ngeunaan toponimi, folklor, sajarah lokal, jeung pangajaran maca. 3 BAB III Métode Panalungtikan Dina bab katilu hal anu dipedar nya éta métode panalungtikan nu ngawengku lokasi jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan 4 BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Bahasan Dina bab kaopat hal anu dipedar nya éta hasil panalungtikan jeung bahasan nu ngawengku deskripsi data jeung hasil analisis dumasar kana pola toponimi. 5 BAB V Panutup Dina bab kalima hal anu dipedar nya éta kacindekan jeung saran nu jadi panutup ieu skripsi. 24 Marlina Senja Utami, 2014 Analisis Folklor Toponimi di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajarah Lokal di SMAN 1 Pangkalan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data

3.1.1 Lokasi

Kabupatén Karawang mangrupa bagian tina wilayah Jawa Barat nu sacara astronomis aya dina kordinat 5 ⁰50’ nepi ka 7⁰51’ Lintang Selatan jeung 104 ⁰48’ nepi ka 108 ⁰48’ Bujur Timur Warliyah, 2007, kc. 3. Lokasi nu jadi tempat ieu panalungtikan nya éta Kacamatan Tegalwaru nu mangrupa salasahiji kacamatan di Kabupatén Karawang. Kacamatan Tegalwaru ieu jadi wates Kabupatén Karawang jeung Kabupatén Purwakarta ti beulah wétan. Wates Kacamatan Tegalwaru di beulah kalér nya éta Kacamatan Pangkalan, di beulah kidul jadi wates Kabupatén Karawang jeung Kabupatén Bogor jeung Kabupatén Cianjur, sarta di beulah kulon watesna nya éta Kacamatan Pangkalan. Kacamatan Tegalwaru téh ngawengku salapan désa, nya éta Cigunungsari, Cintalaksana, Cintalanggeng, Cintawargi, Cipurwasari, Kutalanggeng, Kutamaneuh, Mekarbuana jeung Wargasétra sarta mibanda 80 kampung. Gambar 3.1