INVÉNTARISASI DONGÉNG DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

(1)

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

DAPTAR GAMBAR TABÉL ... xv

DAPTAR LAMPIRAN ... xvi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.5 Anggapan Dasar ... 7

1.6 Wangenan Operasional ... 8

1.7 Métode Panalungtikan jeung Téhnik Panalungtikan ... 8


(2)

1.7.2 Téhnik Panalungtikan ... 9

1.8 Raraga Nulis ... 9

BAB II DONGÉNG, NGAREGEPKEUN, JEUNG BAHAN PANGAJARAN ... 10

2.1 Dongéng ... 10

2.1.1 Wangenan Dongéng ... 10

2.1.2 Sejarah Kamekaran Dongéng ... 11

2.1.3 Papasingan Dongéng ... 12

2.1.3.1 Dongéng Sato ... 13

2.1.3.2 Dongéng Mite ... 14

2.1.3.3 Dongéng Sasakala ... 14

2.1.3.4 Dongéng Legénda ... 14

2.1.3.5 Dongéng Parabel ... 15

2.1.3.6 Dongéng Sage ... 15

2.1.3.7 Dongéng Jurig ... 15

2.1.4 Struktur Dongéng ... 15

2.1.4.1 Tema ... 16

2.1.4.2 Alur ... 17

2.1.4.3 Palaku ... 18

2.1.4.4 Latar ... 20

2.1.4.5 Pamohalan ... 20

2.2 Ngaregepkeun ... 20


(3)

2.2.2 Ngaregepkeun jeung Kagiatan Mental ... 22

2.2.3 Ngaregepkeun jeung Kagiatan Komunikasi ... 22

2.2.4 Tujuan Ngaregepkeun ... 23

2.2.5 Papasingan Ngaregepkeun ... 24

2.2.5.1 Ngaregepkeun Eksténsif ... 25

2.2.5.2 Ngaregepkeun Inténsif ... 25

2.3 Bahan Pangajaran ...25

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 26

2.3.2 Mangpaat Bahan Ajar ... 26

2.3.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran Ngaregepkeun ... 27

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 28

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan ... 28

3.1.1 Métode Panalungtikan ... 28

3.1.2 Téhnik Panalungtikan ... 28

3.2 Instrumén Panalungtikan ... 29

3.3 Sumber Data ... 30

3.3.1 Wewengkon ... 30

3.3.1.1 Désa Nagrak Selatan... 30

3.3.1.2 Désa Kalaparéa ... 31

3.3.1.3 Désa Pawenang ... 31

3.3.1.4 Désa Cihanjawar ... 31

3.3.2 Informan ... 32


(4)

3.4 Tatahar ... 37

3.5 Ngumpulkeun Data ... 37

3.6 Ngolah Data ... 38

3.7 Nyusun Laporan ... 38

BAB IV INVÉNTARISASI DONGÉNG DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN AJAR NGAREGEPKEUN DI SMP ... 39

4.1 Deskripsi Dongéng di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi ... 39

4.1.1 Sasakala ...41

4.1.1.1 Sasakala Nagrak 1 ... 41

4.1.1.2 Sasakala Nagrak 2 ... 42

4.1.1.3 Sasakala Nagrak 3 ... 44

4.1.1.4 Sasakala Sordog ... 44

4.1.1.5 Sasakala Tanjakan Dérédéd ... 45

4.1.1.6 Sasakala Teluk Sigung ... 47

4.1.1.7 Sasakala Kancah Nangkub ... 48

4.1.1.8 Sasakala Guling Jawa ... 49

4.1.1.9 Sasakala Paragajén jeung Pasir Jeungjing ... 50

4.1.1.10 Sasakala Darmaga jeung Turbin ... 50

4.1.1.11 Sasakala Jalan Pahlawan ... 51

4.1.1.12 Sasakala Leuwi Éréng ... 51

4.1.1.13 Sasakala Pasir Kerud ...52


(5)

4.1.1.15 Sasakala Cibadak-Bungur Sarang ... 53

4.1.1.16 Sasakala Kalaparéa ... 54

4.1.1.17 Sasakala Pawenang ... 55

4.1.1.18 Sasakala Legok Tepus ... 56

4.1.1.19 Sasakala Curug Jajang ... 57

4.1.2 Mite ... 58

4.1.2.1 Pangcalikan ... 58

4.1.2.2 Kawung Awisan ... 60

4.1.2.3 Citra Bangsa jeung Tangsi Tentara ... 61

4.1.2.4 Kutawesi ... 61

4.1.2.5 Cigunung Geulis ... 62

4.1.2.6 Prasasti Kerajaan Pasundan ... 63

4.1.2.7 Kuta ... 64

4.1.3 Legénda ... 65

4.1.3.1 Mama Lurah Sakti Tara Baseuh Kahujanan ... 65

4.1.3.2 Mama Lurah Sakti Néwak Bangsat ... 66

4.1.3.3 Mama Lurah Sakti Ngubaran Panyakit Teluh ... 68

4.1.3.4 Mama Lurah Sakti Dilélér Bintang Oranye ... 70

4.1.3.5 Mama Lurah Béntang ... 72

4.1.4 Parabel ...74

4.1.4.1 Éyang Aput ... 74

4.1.4.2 Ama Sési ... 74


(6)

4.1.4.4 Pa Jaham ... 76

4.1.5 Jurig ... 77

4.1.5.1 Ririwa ... 77

4.1.5.2 Jalan Pindah ... 79

4.1.5.3 Putri Tangkal Jéngkol ... 82

4.1.6 Sato ... 87

4.1.6.1 Monyét Mandahong ... 87

4.2 Analisis Unsur Dongéng di Kacamatan Nagrak ... 91

4.2.1 Dongéng “Sasakala Nagrak 1” ... 91

4.2.2 Dongéng “Sasakala Kancah Nangkub” ... 93

4.2.3 Dongéng “Sasakala Tanjakan Dérédéd” ... 94

4.2.4 Dongéng “Mama Lurah Sakti Néwak Bangsat” ... 96

4.2.5 Dongéng “Mama Lurah Sakti Ngubaran Panyakit Teluh” ...98

4.2.6 Dongéng “Mama Lurah Sakti Dilélér Bintang Oranye” ... 100

4.2.7 Dongéng “Mama Lurah Béntang” ... 102

4.2.8 Dongéng “Ahmad Jago Kawih” ... 104

4.2.9 Dongéng “Ririwa” ... 105

4.2.10 Dongéng “Monyét Mandahong” ... 107

4.3 Dongéng Pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP ... 109

4.3.1 Silabus Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng di SMP ... 113

4.3.2 Rencana Pangajaran Dongéng di SMP ... 114

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 121


(7)

5.2 Saran ... 122 DAPTAR PUSTAKA ... 124 LAMPIRAN


(8)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa anu rinéka warna tanpa wates, anu hésé ditangtukeun salila urang pipindahan ti hiji kelompok masarakat ka kelompok masarakat séjénna. Ari sababna, omongan téh mangrupa warisan historis éta kelompok tur produk nu lumangsung lila nu dipaké ku masarakatna. Omongan téh rinéka warna luyu jeung karancagéan nu bisa jadi katitén langsung tina agama, kapercayaan, adat kabiasaan, jeung seni masarakatna. Mun leumpang kaasup kana paripolah organis tur insting, ari basa mah lain, sabab kapanggih dina pungsi budaya manusa (Sudaryat, 2004: 5).

. Basa salaku pakakas komunikasi jeung salaku unsur kabudayaan hiji masarakat. Hal éta katitén tina perelean unsur-unsur universal kabudayaan anu tujuh, nyaéta: 1) sistem religi jeung upacara kaagamaan; 2) sistem organisasi jeung kamasarakatan; 3) sistem pangaweruh; 4) basa; 5) kasenian; 6) sistem pakasaban hirup; 7) sistem teknologi jeung pakakas (Koentjaraningrat, 1993: 2).

Salian ti minangka salah sahiji unsur kabudayaan, pungsi tina basa nu kacida pentingna pikeun kahirupan manusa nya éta pikeun ngedalkeun gagasan, emosi, kahayang, jeung sajabana ti éta. Basa ogé bisa dipaké pikeun ngedalkeun éksprési jiwa ngaliwatan karya sastra, sakaligus jadi alat atawa media dina karya sastra boh lisan boh tulisan.


(9)

Karya sastra atawa susastra téh mangrupa bagian tina seni, saluyu jeung nu ditétélakeun Sumarjo jeung Saini K.M, yén sastra lain ilmu tapi seni (1991:1). Saperti hasil seni, umumna karya sastra mibanda unsur kaéndahan anu ngawengku ajén éstétis, ajén moral jeung ajén konsépsional. Anu ahirna éta ajén téh bisa nimbulkeun rasa kagagas, kataji, éndah, resep, ni’mat tur rasa séjénna nu patalina jeung kasugemaan anu maca.

Sastra téh asalna tina basa sangsekerta anu hartina buku pangajaran; élmu pangweruh; naskah; buku-buku suci. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan, anu disebut sastra kiwari nya éta karya seni anu digelarkeunnana ngagunakeun alat basa boh lisan boh tulisan. Dumasar kana gunggungan perwujudanana sastra Sunda dibagi tilu, nya éta prosa, puisi, jeung drama. Ari nilik kana warnana nya éta dumasar kana periode mangsa/waktu gelarna, sastra Sunda diklasifikasikeun jadi dua nya éta (1) sastra Sunda heubeul jeung (2) sastra Sunda anyar (baca Isnendes, 2010: 88).

Karya sastra Sunda nu heubeul dina wangun prosa nya éta dongéng. Dongéng mangrupa karya sastra Sunda heubeul wangun prosa anu sumebarna ngaliwatan lisan, salah sahiji ciri dongéng nya éta eusi caritana ngandung unsur pamohalan. Contona waé dina sababaraha dongéng anu jadi tokohna téh sato anu bisa ngomong, jalma sakti, jeung réa réa deui. Lian ti éta, dongéng ogé teu dipikanyaho saha nu ngarangna (anonim). Dina sababaraha dongéng urang bakal manggihan yén tokoh protagonisna pasti miboga ahir carita nu hadé, kitu ogé tokoh antagonis miboga ahir anu goréng. Hal ieu téh jadi bukti yén dina dongéng si pengarang anu anonim téa miboga tujuan pikeun ngabejaan masarakat/generasi


(10)

kahareupna mana hal alus nu kudu dipilampah jeung hal goréng nu kudu disingkahan. Hal éta nunjukeun yén dongéng mangrupa karya sastra Sunda heubeul anu euyeub ku ajén-inajén dina kahirupan sapopoé.

Dongéng sumebar lain di hiji wewengkon wungkul, unggal wewengkon di tatar Sunda bisa jadi mibanda réa-réa dongéng anu béda jeung wewengkon séjénna. Barudak kiwari anu geus kataji ku éra globalisasi tangtu leuwih apal kana dongéng-dongéng Eropa/luar negri kawas Cinderela, Putri Salju jeung réa-réa deui tibatan dongéng-dongéng nu aya di wewengkonna séwang-séwangan.

Dongéng ogé mangrupa salah sahiji sastra Sunda anu diajarkeun di sakola, hal ieu sangkan murid-murid wanoh kana sastra lokal anu hirup di tatar Sunda (Jawa Barat). Mikawanoh dongéng hartina mikawanoh sastra dina basa Sunda anu antukna mikawanoh budaya Sunda sarta nyaho ajén-inajén budaya anu nyangkaruk dina sastra Sunda.

Dongéng-dongéng anu jadi bahan pangajaran kiwari kacida lobana, éta dongéng téh hasil tina panalungtikan-panalungtikan séjén anu geus kungsi dilaksanakeun. Sabangsaning dongéng sasakala, dongéng sasatoan, jeung sajabana ti unggal wewengkon. Tapi hanjakalna, masih kénéh aya anu maké dongéng pikeun bahan ajar nu asal dongéngna téh lain ti wewengkonna sewang-sewangan. Hal éta nunjukeun masih loba kénéh dongéng ti unggal wewengkon anu acan kainvéntarisir.

Panalungtikan ngeunaan dongéng kawilang loba, aya anu dilaksanakeun ku mahasiswa pikeun ngaréngsékeun tugas ahirna, ogé aya nu dilaksanakeun ku


(11)

lembaga pamaréntahan pikeun kapentingan proyék pembinaan jeung pengembangan basa.

Sawatara panalungtikan ngeunaan dogéng anu dilaksanakeun ku mahasiswa nya éta: ”Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén” (Fatimah, 1997); “Invéntarisasi Carita Rayat di Cipunagara” (Héri Hérmawan, 2002); “Invéntarisasi Carita Rayat di Kacamatan Kadungora Kabupatén Garut” (Néni Rohaéni, 2004); “Struktur, Fungsi, jeung Unsur Budaya dina Dongéng-dongéng di Désa Rancakalong kabupatén Sumedang” (Lina Ratna Wati, 2006); “Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Lémbang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP”(Denny Indrayana Taufan, 2007); “Dongéng anu Sumebar di Kacamatan Kadudampit Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Bahasa Sunda di SMP” (Opih Latipah, 2007); jeung “Analisis Struktural Semiotik Dongéng-dongéng di Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” (Andi Sopandi, 2012). Salian ti éta aya panalungtikan anu dilaksanakeun ku lembaga pamaréntahan pikeun kapentingan proyék salasahijina nya éta Sastra Lisan Sunda

ku Yus Rusyana (1978).

Tina sakitu lobana panalungtikan ngeunaan dongéng, tangtu aya waé dongéng-dongéng anu acan kainvéntarisir. Ku ayana panalungtikan dongéng di wewengkon-wewengkon nu tacan kacatet, éta mangrupa tarékah dina ngeuyeuban pangaweruh sastra lisan utamana dongéng anu aya di tatar Sunda.

Kiwari di Kacamatan Nagrak anu geus mimiti kalindih ku proyék-proyék komersial, aya asumsi yén barudakna teu arapaleun kana dongéng-dongéng anu


(12)

aya di wewengkonna. Barudak téh apalna ngan kana dongéng-dongéng nu aya dina buku ajar atawa situs-situs web dina internét. Saenyana dongéng anu aya dina buku ajar jeung internet mah mangrupa dongéng-dongéng anu asalna lain ti wewengkon Sukabumi utamana lain ti Kacamatan Nagrak. Memang aya hiji buku ajar nu judulna Sagara Basa nu ngasupkeun dua dongeng nu judulna “Sasakala

Batu Kinyang” di kelas hiji semester hiji jeung “Putri Kadita” di kelas hiji semester dua nu jenisna mangrupa carita babad asal-usul Pajampangan. Éta buku téh hasil usaha MGMP Kabupatén Sukabumi nu ngawarnaan buku ajar ku pulas lokal. Sanajan kitu, dua dongeng can bisa ngarepresentasikeun Kabupatén Sukabumi bari sakitu lobana dongéng-dongéng nu bacacar di masarakat teu kapaliré.

Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan nu judulna “Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP” kudu dilaksanakeun, lantaran ti bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda di sakola ogé bisa dijadikeun tarékah pikeun ngamumulé sastra Sunda heubeul anu sumebar di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi nu kiwari beuki teu dipikawanoh baé boh ku barudak ngorana boh ku para kolotna.

1.2 Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Unggal masalah anu ditalungtik tangtu kudu diwatesanan sangkan éta masalah téh jéntré, babari nalungtikna, henteu jembar teuing, jeung teu nyimpang tina widang anu rék ditalungtik.


(13)

Dumasar kasang tukang masalah anu geus ditepikeun di luhur, ieu panalungtikan téh diwatesanan ku cara ngainvéntarisasi dongéng jeung ngaanalisis struktur dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesanmasalahtadi, nu

jadimasalahdinaieupanalungtikandirumuskandinakalimahpananyaieu di handap. 1) Dongéng naon baé anu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi? 2) Kumaha struktur dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén

Sukabumi?

3) Dongéng naon baé anu bisa dijadikeun bahan ajar ngaregepkeun?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta hayang nyangking gambaran luyu-henteuna dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak pikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan, nyaéta:

1) ngumpulkeun dongéng naon baé anu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi;

2) nganalisis struktur dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi;


(14)

3) nyusun bahan pangajaran ngaregepkeun tina dongéng anu kapanggih di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ayasababarahamangpaat nu dipiharepkuayanapanalungtikanieu, nya éta: 1) pikeun panalungtik, bisa nambahan pangweruh dina widang sastra Sunda; 2) pikeun guru bisa jadi pangdeudeul pikeun bahan ajar pangajaran basa jeung

sastra Sunda;

3) pikeun siswa sangkan bisa leuwih wanoh kana dongéngna di wewengkonna; 4) pikeun masarakat réa bisa nambahan pangaweruhna ngeunaan sastra Sunda,

hususna ngeunaan dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi, ogé sangkan masarakat bisa ilubiung dina ngamumulé sastra Sunda lisan.

1.5 Anggapan Dasar

Anggapan dasar nya éta bebeneran, téori, jeung pamanggih anu dijadikeun dadasar atawa cecekelan dina panalungtikan.

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:

1) dongéng mangrupa karya sastra heubeul nu masih kénéh sumebar di masarakat nu tangtu;

2) dongéng perlu dipikawanoh ku para siswa; 3) sawatara dongéng miboga ajén-inajén;


(15)

4) dongéng bisa dijadikeun média atikan ngaliwatan kagiatan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola.

1.6 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu nimbulkeun salah tapsir, baris dipedar istilah anu aya dina ieu judul panalungtikan.

1) Invéntarisasi dongéng nya éta pencatatan atawa dikumpulkeunana data dongéng.

2) Bahan pangajaran ngaregepkeun nya éta instrumén, média, atawa matéri anu digunakeun dina kagiatan diajar-ngajar ngaregepkeun.

Jadi anu dimaksud “Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP” dina ieu panalungtikan hartina ngumpulkeun dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

1.7 Métode Panalungtikan jeung Téhnik Panalungtikan 1.7.1 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeunpikeunngahontaltujuangumantung kana tujuanpanalungtikan, sipatmasalah nu digarap, sartaalternatif-alternatif séjén

nubisadipaké.Dumasar kana éta pamadegan, ieu panalungtikanngagunakeun métode déskriptif analitis. Kusababdina ieu panalungtikan mibogatujuan ngadeskripsikeun dongéng-dongéng nu kapanggih di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi tur hasil panalungtikanana mangrupa hasil tina analisis.


(16)

1.7.2 Téhnik Panalungtikan

Téhnik nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta, talaah pustaka, téhnik obsérvasi , jeung wawancara.

1.8 Raraga Nulis

Raraga nulis dina ieu skripsi, nya éta:

BAB I: Bubukan nu ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, wangenan operasional, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung raraga nulis. Dina ieu bab, eusina ngeunaan kontéks tina masalah anu baris ditalungtik. BAB II: Kajian Téori ngeunaan dongéng, ngaregepkeun jeung bahan ajar.

BAB III: Métode Panalungtikan, nu ngawengkumetodejeung téhnikpanalungtikan, instrumen panalungtikan, sumber data, sistematikanyusunskripsi, jeungjadwalkagiatanpanalungtikan.

BAB IV: Analisispanalungtikan, analisis unsur dongéng jeung dongéng pikeun bahan ajar ngaregepkeun.


(17)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métodé Panalungtikan

Métodé mangrupa hiji dasar pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan.

Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis, nya éta métode anu bisa ngungkulan pasualan anu aktual ku cara ngumpulkeun data, nglasifikasikeun data, nganalisis data tur nafsirkeun data.

Dumasar wangenan métodé di luhur, ieu panalungtikan téh baris ngadeskripsikeun jeung nganalisis dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

3.1.2 Téhnik Panalungtikan

Sangkan panalungtikan ngahasilkeun data anu diperlukeun, kudu dilengkepan ku téhnik anu tangtu. Dumasar éta hal, téhnik-téhnik anu dipaké dina panalungtikan, nya éta téhnik ieu di handap:

1) observasi, nya éta niténan langsung kalawan objéktif hiji kajadian atawa prosés. Téhnik observasi ngalakukeun pangamatan jeung nyatet langsung sacara sistematis kana gejala atawa fénoména anu ditalungtik (Mukhtar, 2009:88). Dina panalungtikan observasi bisa ngagunakeun alat bantu saperti kamera, video, tape, atawa tape recorder;


(18)

2) wawancara, nya éta téhnik meunangkeun informasi langsung ngaliwatan sababaraha informan ti nu mimiti dianggap bisa méré katerangan atawa jawaban kana patalékan-patalékan anu ditanyakeun (Mukhtar, 2009:89). Téhnik ieu digunakeun pikeun meunangkeun informasi ngeunaan dongéng di Kacamatan Nagrak ti para narasumber; jeung

3) talaah pustaka, nya éta digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung subjék panalungtikan anu keur ditalungtik.

3.2 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku nu nalungtik dina enggoning ngumpulkeun data, sarta gampang tur hasilna ogé leuwih hadé, dina harti leuwih gancang, lengkep jeung sistematis sangkan data leuwih gampang diolah (Arikunto, 2002:126).

Nu jadi instrumen dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara. Runtuyan patalékan-patalékan ngeunaan dongéng, tabel daftar patalékan dina wawancara:

Gambar 3.1: Tabél Daptar Patalékan dina Wawancara Ruang lingkup data

Data Informan Data dongéng

I II

1.1 ngaran narasumber 1.2 umur narasumber 1.3 alamat narasumber 1.4 pakasaban narasumber

2.1 papasingan dongéng 2.2 teks dongéng


(19)

3.3 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan kabagi tilu, nya éta sumber data anu mangrupa tempat/wewengkon panalungtikan, sumber data manusa/informan, jeung sumber data anu mangrupa dongéng anu bakal dianalisis.

3.3.1 Wewengkon

Kacamatan Nagrak diwangun ku sapuluh désa, anu ngawengku Désa Babakan Panjang, Désa Balékambang, Désa Cihanjawar, Désa Cisarua, Désa Darmareja, Désa Girijaya, Désa Kalaparéa, Désa Nagrak Selatan, Désa Nagrak Utara, jeung Désa Pawenang. Anu dijadikeun sumber data téh nya éta opat désa ti sapuluh désa anu aya di Kacamatan Nagrak, nya éta: Désa Nagrak Selatan, Désa Kalaparéa, Désa Pawenang, jeung Désa Cihanjawar.

Di handap aya profil désa anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan.

3.3.1.1 Désa Nagrak Selatan

Jumlah penduduk Désa Nagrak Selatan aya 6.767 urang, legana 250.000Ha anu kabagi jadi opat wilayah dusun, nya éta Nagrak Kaum, Nagrak Tengah, Nagrak Wétan, jeung Cikukulu. Tur jumlah RT jeung RW-na aya 34 RT jeung dalapan RW.

Désa Nagrak Selatan diwatesanan ku Désa Nagrak Utara di belah kalér, Désa Balekambang di belah kidul, Désa Babakan Panjang di belah wétan, jeung Désa Cisarua di belah kulon.


(20)

3.3.1.2 Désa Kalaparéa

Jumlah penduduk Désa Kalaparéa aya 8.435 urang, legana 638.080Ha anu kabagi jadi opat dusun, nya éta Nyenang, Bojong Honjé, Pasir Muncang, jeung Kalaparéa. Tur jumlah RT jeung RW-na aya 49 RT jeung 11 RW.

Désa Kalaparéa diwatesanan ku Kehutanan Gédé Barat di belah kalér, Désa Balekambang di belah kidul, Désa Darmareja di belah wétan, jeung Désa Babakan Panjang di belah kulon.

3.3.1.3 Désa Pawenang

Jumlah penduduk Désa Pawenang aya 5.339 urang, legana 479.640Ha anu kabagi jadi tilu dusun, nya éta Pasir Huni, Panyindangan, jeung Cibodas. Tur jmlah RT jeung RW-na aya 44 RT jeung 11 RW.

Désa Pawenang diwatesanan ku Désa Cihanjawar di belah kalér, Désa Babakan Panjang di belah kidul, Kehutanan di belah wétan, jeung Desa Nagrak Utara di belah kulon.

3.3.1.4 Désa Cihanjawar

Jumlah Penduduk Désa Cihanjawar aya 5.106 urang, legana 934.900Ha anu kabagi jadi tilu dusun, nya éta Cihanjawar, Lemah Neundeut, jeung Panyusuhan. Tur RT jeung RW-na aya 25 RT jeung genep RW.

Désa Cihanjawar diwatesanan ku Desa Ginanjar di belah kalér, Desa Pawenang di belah kidul, Kehutanan di belah wétan, jeung Desa Nagrak Utara di belah kulon.


(21)

3.3.2 Informan

Dina ieu panaluntikan anu jadi sumber data manusa/ informan, lobana aya genep urang, opat urang lalaki jeung dua urang awéwé. Total dongéng anu kainvéntarisir aya 39.


(22)

(23)

(24)

(25)

(26)

Dina gambar tabél di luhur aya sababaraha wincikan anu ditalungtik ngeunaan data narasumber. Wincikan katerangan anu di maksud, nya éta nomer narasumber, ngaran, umur, pakasaban, alamat, lobana dongéng, judul dongéng jeung waktu mupu dongéng.

3.3.3 Dongéng

Dongéng jadi data dina ieu panalungtikan. Dongéng anu kainvéntarisir tina 30 poé di lapangan ti lima informan ti opat désa jumlahna aya 39 dongéng. Éta 39 dongéng téh jadi sumber analisis dina ieu panalungtikan. Tina éta 39 dongéng téh dipilih dongéng-dongéng anu refreséntatif pikeun bahan ajar anu bakal dianalisis strukturna.

3.4 Tatahar

Kagiatan tatahar nya éta: 1. nangtukeun judul panalungtikan; 2. ngulik pustaka;

3. nyusun rarancang panalungtikan; 4. konsultasi ka dosen pangaping; jeung 5. ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan.

3.5 Ngumpulkeun Data

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap ngumpulkeun data nya éta: 1. ngalaksanakeun obsérvasi;


(27)

3. ngumpulkeun atawa ngainvéntarisir data.

3.6 Ngolah Data

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap ngolah data nya éta: 1. néangan deui data anu geus dikumpulkeun;

2. data anu geus kakumpul tuluy dianalisis; jeung 3. nyieun kacindekan tina data anu geus diolah.

3.7 Nyusun Laporan

Ieu minangka tahap pamungkas, saenggeus data diolah sarta dianalisis tuluy dijieun laporan mangrupa skripsi. Laporan panalungtikan, baris disusun dumasar kana bab jeung sub bab anu disusun ku cara sistematis.


(28)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan didasaran tina ayana asumsi yén di Kacamatan Nagrak anu geus mimiti kalindih ku proyék-proyék komersil barudakna teu arapaleun kana dongéng-dongéng anu aya di kacamatan éta. Barudak téh apalna ngan kana dongéng-dongéng nu aya dina buku ajar atawa situs-situs web dina internét. Saenyana dongéng anu aya dina buku ajar jeung internet mah mangrupa dongéng-dongéng anu asalna lain ti wewengkon Sukabumi utamana lain ti Kacamatan Nagrak.

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta hayang nyangking gambaran luyu-henteuna dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak pikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP. Sedengkeun tujuan hususna nya éta, ngumpulkeun dongéng naon waé nu aya di Kacamatan Nagrak, nganalisis dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak, jeung nyusun bahan ajar ngaregepkeun tina dongéng anu kapanggih di Kacamatan Nagrak.

Dina ieu panalungtikan dilarapkeun téori ngeunaan dongéng, ngaregepkeun, jeung bahan ajar. Métodé anu digunakeunana nya éta métodé deskriptif analitis, sedengkeun téhniknanya éta observasi, wawancara, jeung talaah pustaka.

Dongéng anu kainvéntarisir ti opat désa di Kacamatan Nagrak téh jumlahna aya 39 dongéng, beunang mupu ti genep narasumber. Tina 39 dongéng


(29)

éta 19 diantarana kaasup kana dongéng sasakala, dongéng-dongeng séjénna lima dongéng kaasup kana legénda, tujuh dongéng kaasup kana mite, opat dongéngkaasup kana parabel, hiji dongéng kaasup kana dongéngsato, jeung tilu dongéng kaasup kana dongéngjurig. Jenis dongéng sasakala mangrupa jenis dongéng panglobana anu aya di Kacamatan Nagrak, disusul ku mite, legenda, parabel, jurig, jeung sato.

Tina 39 dongéng anu kainvéntarisir, aya sapuluh dongéng anu dianalisis. Sapuluh dongéng ieu dianggap luyu jeung kritéria pikeun dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun. Tina hasil analisis struktur, kapanggih yén dongéng-dongéng anu dianalisis sakabéhna miboga unsur karyasastra wangun prosa nya étatema, alur, palaku, latar, jeung unsur tambahan pamohalan. Téma dina dongéng nu dianalisis téh aya anu ngeunaan perjuangan, kasaktian hiji jalma, ogé ngeunaan kahirupan jaman baheula. Dongéng anu dianalisis ogé euyeub ku ajén-inajén kamanusaan, diantarana dina dongéng “Sasakala Ngaran Nagrak” aya amanat yén urang kudu mibanda rasa nasionalis bela ka negara jeung kudu pinter ambéh teu dijajah ku bangsa séjén.

Sapuluh dongéng anu dianalisis sakabéhna bisa dijadikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP hususna bahan ajar kaparigelan ngaregepkeun, umumna pikeun bahan ajar séjén saperti kaparigelan maca, jeung kaparigelan nyarita, sabab éta sapuluh dongéng nyumponan kritéria dongéng anu bisa dijadikeun bahan ajar saperti euyeub ku ajén kamanusaan, bahasa anu dipakéna alus, jeung réa-réa deui.


(30)

5.2 Saran

Ieu saran ditujukeun ka pihak-pihak dihandap ieu. 1. Pikeun Panalungtik

Kusabab dina ieu panalungtikan mah ngan saukur ngainvéntarisir jeung nganalisis strukturna wungkul, kahareupna kudu aya panalungtik anu nuluykeun ieu panalungtikan hususna dina widang pendidikan atawa kajian sastra anu leuwih jero jeung komprehénsif.

2. Pikeun Guru

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar bahasa Sunda. Guru ulah ngandelkeun teuing bahan ajar tina buku pakét. Komo upama dongéng anu diajarkeunana teu saluyu jeung wewengkon, éta kurang merenah dina hal ngaronjatkeun minat jeung kacinta siswa ka wewengkonna.

3. Pikeun Pamaréntah Sukabumi

Pamaréntah kudu merhatikeun hirup-huripna budaya Sunda, utamana sastra lisan dongéng nu hirup di wewengkon Sukabumi. Hal ieu mangrupa poténsi jeung kakayaan wewengkon Sukabumi nu patalina jeung karakteristik, ogé jati diri urang Sukabumi. Pamréntah ulah ukur maliré pangwangunan fisik jeung matérial, tapi ogé kudu merhatikeun, maliré, jeung mekarkeun kabeungharan batin masarakat Sukabumi.


(31)

Daptar Pustaka

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, James. 1994. Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Endraswara, Suwardi. 2009. Metodologi Penelitian Folklor. Yogyakarta: Media

Pressindo.

Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra. Bandng: Djatnika.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Isnendes, Chye, Retty. 2010. Kajian Sastra. Bandung: Daluang.

Koentjaraningrat. 1993. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Mukhtar. 2009. Bimbingan Skripsi, Tesis dan Artikel Ilmiah. Jakarta: Gaung

Persada.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1984. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.


(32)

Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Elmuning Basa Sunda. Bandung: Karya

Iptek.

Tamsah, Budi. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wibisana, dkk., Wahyu. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger

Sunten.

Widyamartaya, Al. dan Veronica Sudiati. 2000. Dasar-dasar Karya Ilmiah.

Jakarta: Grasindo. www.google.com


(1)

3. ngumpulkeun atawa ngainvéntarisir data.

3.6 Ngolah Data

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap ngolah data nya éta: 1. néangan deui data anu geus dikumpulkeun;

2. data anu geus kakumpul tuluy dianalisis; jeung 3. nyieun kacindekan tina data anu geus diolah.

3.7 Nyusun Laporan

Ieu minangka tahap pamungkas, saenggeus data diolah sarta dianalisis tuluy dijieun laporan mangrupa skripsi. Laporan panalungtikan, baris disusun dumasar kana bab jeung sub bab anu disusun ku cara sistematis.


(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan didasaran tina ayana asumsi yén di Kacamatan Nagrak anu geus mimiti kalindih ku proyék-proyék komersil barudakna teu arapaleun kana dongéng-dongéng anu aya di kacamatan éta. Barudak téh apalna ngan kana dongéng-dongéng nu aya dina buku ajar atawa situs-situs web dina internét. Saenyana dongéng anu aya dina buku ajar jeung internet mah mangrupa dongéng-dongéng anu asalna lain ti wewengkon Sukabumi utamana lain ti Kacamatan Nagrak.

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta hayang nyangking gambaran luyu-henteuna dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak pikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP. Sedengkeun tujuan hususna nya éta, ngumpulkeun dongéng naon waé nu aya di Kacamatan Nagrak, nganalisis dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak, jeung nyusun bahan ajar ngaregepkeun tina dongéng anu kapanggih di Kacamatan Nagrak.

Dina ieu panalungtikan dilarapkeun téori ngeunaan dongéng, ngaregepkeun, jeung bahan ajar. Métodé anu digunakeunana nya éta métodé deskriptif analitis, sedengkeun téhniknanya éta observasi, wawancara, jeung talaah pustaka.

Dongéng anu kainvéntarisir ti opat désa di Kacamatan Nagrak téh jumlahna aya 39 dongéng, beunang mupu ti genep narasumber. Tina 39 dongéng


(3)

éta 19 diantarana kaasup kana dongéng sasakala, dongéng-dongeng séjénna lima dongéng kaasup kana legénda, tujuh dongéng kaasup kana mite, opat dongéngkaasup kana parabel, hiji dongéng kaasup kana dongéngsato, jeung tilu dongéng kaasup kana dongéngjurig. Jenis dongéng sasakala mangrupa jenis dongéng panglobana anu aya di Kacamatan Nagrak, disusul ku mite, legenda, parabel, jurig, jeung sato.

Tina 39 dongéng anu kainvéntarisir, aya sapuluh dongéng anu dianalisis. Sapuluh dongéng ieu dianggap luyu jeung kritéria pikeun dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun. Tina hasil analisis struktur, kapanggih yén dongéng-dongéng anu dianalisis sakabéhna miboga unsur karyasastra wangun prosa nya étatema, alur, palaku, latar, jeung unsur tambahan pamohalan. Téma dina dongéng nu dianalisis téh aya anu ngeunaan perjuangan, kasaktian hiji jalma, ogé ngeunaan kahirupan jaman baheula. Dongéng anu dianalisis ogé euyeub ku ajén-inajén kamanusaan, diantarana dina dongéng “Sasakala Ngaran Nagrak” aya amanat yén urang kudu mibanda rasa nasionalis bela ka negara jeung kudu pinter ambéh teu dijajah ku bangsa séjén.

Sapuluh dongéng anu dianalisis sakabéhna bisa dijadikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP hususna bahan ajar kaparigelan ngaregepkeun, umumna pikeun bahan ajar séjén saperti kaparigelan maca, jeung kaparigelan nyarita, sabab éta sapuluh dongéng nyumponan kritéria dongéng anu bisa dijadikeun bahan ajar saperti euyeub ku ajén kamanusaan, bahasa anu dipakéna alus, jeung réa-réa deui.


(4)

5.2 Saran

Ieu saran ditujukeun ka pihak-pihak dihandap ieu. 1. Pikeun Panalungtik

Kusabab dina ieu panalungtikan mah ngan saukur ngainvéntarisir jeung nganalisis strukturna wungkul, kahareupna kudu aya panalungtik anu nuluykeun ieu panalungtikan hususna dina widang pendidikan atawa kajian sastra anu leuwih jero jeung komprehénsif.

2. Pikeun Guru

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar bahasa Sunda. Guru ulah ngandelkeun teuing bahan ajar tina buku pakét. Komo upama dongéng anu diajarkeunana teu saluyu jeung wewengkon, éta kurang merenah dina hal ngaronjatkeun minat jeung kacinta siswa ka wewengkonna.

3. Pikeun Pamaréntah Sukabumi

Pamaréntah kudu merhatikeun hirup-huripna budaya Sunda, utamana sastra lisan dongéng nu hirup di wewengkon Sukabumi. Hal ieu mangrupa poténsi jeung kakayaan wewengkon Sukabumi nu patalina jeung karakteristik, ogé jati diri urang Sukabumi. Pamréntah ulah ukur maliré pangwangunan fisik jeung matérial, tapi ogé kudu merhatikeun, maliré, jeung mekarkeun kabeungharan batin masarakat Sukabumi.


(5)

Daptar Pustaka

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Danandjaja, James. 1994. Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan

Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Endraswara, Suwardi. 2009. Metodologi Penelitian Folklor. Yogyakarta: Media Pressindo.

Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra. Bandng: Djatnika.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI. Isnendes, Chye, Retty. 2010. Kajian Sastra. Bandung: Daluang.

Koentjaraningrat. 1993. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Mukhtar. 2009. Bimbingan Skripsi, Tesis dan Artikel Ilmiah. Jakarta: Gaung Persada.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. Rusyana, Yus. 1984. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang. Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Jakarta: Ganaco.


(6)

Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Elmuning Basa Sunda. Bandung: Karya Iptek.

Tamsah, Budi. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wibisana, dkk., Wahyu. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Widyamartaya, Al. dan Veronica Sudiati. 2000. Dasar-dasar Karya Ilmiah. Jakarta: Grasindo.