Kecap Salancar Kecap Rékaan

Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 2.1 Wangun Kecap Sudaryat, spk., 2011, kc. 59

a. Kecap Salancar

Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anu sok disebut léksém salancar, tanpa parobahan nanaon Sudaryat, spk., 2011, kc. 59. Prosés ngawangun kecap salancar disebut ngarékamaya derivasi zero. Tina jumlah engangna aya rupa-rupa kecap salancar, di antarana: 1 kecap salancar saengang, contona: ah, dug, jung, jig, jrut. 2 kecap salancar dua engang, contona: ucing, diuk, korsi. 3 kecap salancar tilu engang, contona: awéwé, olohok, teureugeus. 4 kecap salancar opat engang, contona: barakatak. 5 kecap salancar lima engang, contona: bolokotondo.

b. Kecap Rékaan

1 Kecap Rundayan Numutkeun Sudaryat, spk. 2011, kc. 59 kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén afiks kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan disebut ngararangkénan afiksasi. Dumasar kana wanda rarangkénna, kecap rundayan bisa diwangun ku lima cara, nya éta ngararangkénan hareup préfiksasi, ngararangkénan tengah infiksasi, ngararangkénan tukang sufiksasi, ngararangkénan barung konfiksasi, jeung ngararangkénan bareng ambifiksasi. Contona: Kecap salancar Kecap rékaan Kecap rundayan Kecap rajékan Kecap kantétan Kecap wancahan Wangun Kecap Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu baca + di-  dibaca rarangkén hareup tulis + -in-  tinulis rarangkén tengah. 2 Kecap Rajékan Sudaryat, spk. 2011, kc. 60 nétélakeun yén kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu. Prosés ngawangun kecap rajékan disebut ngarajék réduplikasi. Aya rupa-rupa kecap rajékan salah sahijina rajékan dwilingga nu kaasup dwimurni nyebut dua kali wangun dasarna contona: ibu-ibu. 3 Kecap Kantétan Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun komposisi. Kecap kantétan boga dua ciri utama, nya éta adegan struktur jeung ciri harti sémantis. Contona: seuri konéng. 4 Kecap Wancahan Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah abréviasi. Contona: Kecap wancahan singgetan Sakola Dasar SD Kecap wancahan tingkesan déwék mah dékah. Cindekna, wangun kecap téh bisa dipasing-pasing dumasar kana morfém nu ngawangunna, aya nu disebut kecap salancar jeung kecap rékaan rundayan, rajékan, kantétan jeung wancahan.

2.1.1.4 Warna Kecap

Dina leunjeuran kalimah, kecap bisa dipasing-pasing jadi rupa-rupa hal, anu ilaharna disebut warna kecap. Warna kecap mangrupa bagian kalimah atawa unsur Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sintaksis pangleutikna tur jadi tatapakan keur nangtukeun wangun frasa jeung klausa. Mun aya kecap barang, upamana, aya frasa barang jeung klausa barang Sudaryat, spk., 2011, kc. 64. Nurutkeun Chaer 2008, kc. 64 kecap téh bisa dipasing-pasing lantaran miboga karakter, ciri, atawa sipat nu béda. Sacara tradisional kecap-kecap dipasing-pasing dumasar kritéria semantik jeung kritéria fungsi. Kritéria semantik dipaké pikeun ngelompokkeun kelas verba, kelas nomina, jeung kelas ajektiva. Kritéria fungsi dipaké pikeun kelas preposisi, konjungsi jrrd. Warna kecap nya éta papasingan kecap dumasar kana sipat, fungsi, katut paripolahna dina kalimah Ramlan dina Hernawan, 2009, kc. 17. Sacara fungsional paripolah kalimah ngawengku: 1 Posisi wangun katatabasaan, boh anu mungkin boh nu nyata dina wangun katatabasaan nu leuwih jembar. Upamana baé; kecap pangantét préposisi nya éta kecap-kecap anu salilana aya di saheulaeun nomina dina tatarn frasa: di Bandung. 2 Kamungkinan bisa henteuna wangun katatabasaan séjén dina kontruksi frasa. Upamana baé: kecap barang nomina nya éta kecap nu bisa dibarengan atawa dipiheulaan ku kecap bilangan numera. 3 Kamungkinan wangun katatabasaan disubstitusian kukana wangun katatabasaan séjénna. Upamana waé: kecap sipat ajektiva nya éta kecap- kecap anu bisa ngaganti kalungguhan kecap baraseuh dina kalimah “Papakéanana baraseuh”. 4 Fungsi sintaksis, boh fungsi utama kayanig: jejer, caritaan, objek, panglengkep, katerangan, boh fungsi panambah kayaning: koordinatif, subordinatif, atributif, apositif. Upamana waé: sagala kecap anu bisa nyicingan fungsi jejer jeung caritaan, kagolong kana nomina. 5 Paradigma sintaksis kayaning: aktif-pasig, déklaratif, imperative. Upamana waé: sagala kecap anu dsarna bida diimperatifkeun kagolong kana vérba. 6 Infléksi. Upamana: kecap-kecap anu ngandung konfiks paN—an kagolong kana nomina, saperti pamoyanan, panyawahan, panaékan Kridalaksana dina Hernawan, 2009, kc. 42. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Umumna, tata basa Sunda nyieun papasingan warna kecap dumasar kana babagian warna kecap ti Aristoteles, papasingan warna kecapna téh sok disebut warna kecap tradisional. Ari salah sahiji sipat tata basa tradisional téh nya éta analisisna dumasar kana filsafat jeung harti. Di handap manngrupa papasingan warna kecap nurutkeun tata basa tradisional: Coolsma dina Hernawan 1904 ngabagi warna kecap jadi salapan golongan. 1 Kecap Pagawéan, contona: ngedeng, ceurik, diuk; 2 Kecap Barang, contona: jalma, sato, bibi, raja; 3 Kecap Bilangan, contona: hiji, dua, tilu, salapan; 4 Kecap Gaganti, anu ngawengku a kecap gaganti persona, b kecap gaganti milik, c kecap gaganti réplésif, d kecap gaganti panuduh, e kecap gaganti pananya, f kecap gaganti teu tangtu, jeung g kecap gaganti relative, contona: kuring, bapana, indit sorangan, ieu, naha, naon, nu anu ; 5 Kecap panambah, contona: di dieu, kamari, ayeuna; 6 Kecap pangantét, contona: di Bandung, ka cai; 7 Kecap panyambung, contona: malah, lamun, jeung; 8 Kecap panyeuluk, ngawengku: a tiruan rasa: wah, b tiruan sora kérésék, c kecap anteuran: jung nangtung; 9 Kecap panganteb, contona: nya mah, téa, ogé, téh. Ardiwinata dina Hernawan 1916 ngabagi warna kecap jadi dua golongan gedé, nya éta: 1 Kecap Utama Pokok anu ngawengku lima subgolongan. a Kecap Barang nya éta kecap anu nuduhkeun barang, contona: jelema, imah, batu, lalaki . b Kecap Pagawéan nya éta kecap anu nuduhkeun paripolah barang, contona: nulis, ngajar, nungtung . c Kecap sipat nya éta kecap anu nyirian barang, bisa ngajawab pananya kumaha, sarta nuduhkeun rupa, rasa, jeung bau, contona: beureum, pelem, pait, malarat . Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu d Kecap Gaganti nya éta kecap anu bisa dipaké ngaganti kecap séjén, ngawengku kecap gaganti jalma, kecap panuduh, kecap pananya, kecap gaganti teu tangtu, contona: kuring, itu, saha, saha-saha. e Kecap Bilangan nya éta kecap anu nuduhkeun jumlah barang, contona: hiji, dua, tilu, opat . 2 Kecap Pancén Partikel nya éta bagian-bagian kalimah anu lalauetik tapi ngalengkepan kasampurnaan kalimah. Kecap pancén aya opat rupa. a Kecap Panuduh Katerangan nya éta kecap anu ditambahkeun kana kecap séjén sarta ngabalukarkeun robahna harti, ngawengku katerangan tempat jeung waktu, contona: ti ditu, ka dinya, kamari, isukan. b Kecap Tatali nya éta kecap anu matalikeun kalimah katut babagianana, ngawengku kecap pangantét saperti: di, ka, ti jeung kecap panyambung saperti jeung atawa lamun. c Kecap Panyeluk nya éta kecap anu diseselkeun dina tengah-tengah kalimah, sok disebut ogé sora pangréwong. d Kecap Panganteb, contona: nya, pon, téh, mah, pisan, teuing, sotéh. Tisnawerdaya dina Hernawan 1975 dina bukuna Tatabasa Sunda ngabagi warna kecap jadi sapuluh golongan. 1 Kecap barang nya éta kecap anu nuduhkeun aya buktina atawa dianggap aya, tur bisa dipaké ngajawab pananya naon, contona: cai, mobil, kadaék jeung kapinteran . 2 Kecap Sipat kaayaan nya éta keap paranti nerangkeun kaayaan atawa ciri barang, saperti hideung, bodo, pinter. 3 Kecap Pagawéan nya éta kecap nuduhkeun usikna atawa kalakuanana barang, bisa dipaké ngajawab “keur naon”, contona: meuncit, maca, mukakeun. 4 Kecap Gaganti sulur nya éta kecap paranti ngaganti ngaran barang jeung naon-naon nu dianggap barang, contona: kuring, manéhna, anjeun. 5 Kecap Bilangan nya éta kecap paranti nuduhkeun réana atawa jumlahna barang, contona: opat, sapuluh, sakitu. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 6 Kecap Panambah nya éta kecap anu sok ditambahkeun kana kecap pagawéan, bilangan, sipat, jeung kecap panambahan sorangan, contona: nulis gancang, saeutik pisan, teuas kacida, maca rusuh teuing. 7 Kecap Pangantét nya éta kecap anu gunana paranti ngantétkeun antara kecap- kecap, contona: dina méja, di pasar, ka sakola. 8 Kecap Panyambung nya éta kecap anu gunana pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap atawa omongan jeung omongan, contona: Maman jeung Umar, ti dinya, ku sabab . 9 Kecap Sandang nya éta kecap anu dipaké paranti ngabarengan kecap barang sarta nuduhkeun éta barang anu dicaritakeun téh geus tangtu henteuna, contona: hiji poé, nu éta, nu beureum téa, si manis. 10 Kecap Anteuran nya éta kecap pamuka rasa nepi ka omongan téh geus kacipta pikaresepeunana, contona: gék diuk, térékél naék, berebet lumpat. Sudaryat, spk. 2011, kc. 64 nétélakeun papasingan warna kecap ditangtukeun dumasar kana wangun, sipat, fungsi, sarta paripolahna dina leunjeuran kalimah atawa konstruksi sintaksis. Dumasar kana sipat, fungsi, sarta paripolahna dina leunjeuran kalmia, kecap dina basa Sunda bisa dipasing-pasing jadi dua warna, nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Warna kecap lulugu jeung kecap pancén miboga subwarna bisa jadi henteu sarua pisan, aya ciri hasna, ngan masih sagolong kénéh. Najan kitu, subwarna kecap mah réa sasaruaanana jeung puhu kecap. Lengkepna warna kecap dina basa Sunda bisa dibagankeun saperti di handap. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kecap Barang nomina Kecap Pagawéan vérba Kecap Lulugu Kecap Sipat adjéktiva Kecap Bilangan numéralia Warna Kecap Kecap Panambah advérbia Kecap Pancén Kecap Panyambung konjungsi Kecap Pangantét préposisi Kecap Panyeluk interjéksi Bagan 2.2 Warna Kecap Sudaryat, spk., 2011, kc. 64 Kecap lulugu utama nya éta warna kecap anu mibanda harti léksikal, sipatna peka alam, budaya, jeung tempat, sarta umumna bisa dirobah wangunna. Ari kecap pancén sarana, partikel nya éta warna kecap anu umumna jadi pakakas kalimah, ilaharna teu miboga harti léksikal, tapi harti gramatikal, sarta hésé dirobah wangunna Sudaryat, spk., 2011, kc. 64. Ari kecap pancén sarana, partikel nya éta warna kecap anu umumna jadi papakas kalimah, ilaharna teu miboga harti léksikal, tapi harti gramatikal, sarta dirobah wanguna. 2.1.1.5 Kecap Sulur 2.1.1.5.1 Wangenan Kecap Sulur Aya sawatara wangenan kecap sulur nurutkeun para ahli basa di antarana waé, nurutkeun Wirjosoedarmo 1984, kc. 176 kecap sulur nya éta kecap nu nyiluran hiji barang nu teu tangtu atawa umum. Sedengkeun nurutkeun Chaer 2008, kc. 87 nétélakeun yén kecap sulur téh pronomina anu disebut kecap gaganti, tugasna pikeun ngaganti kecap barang nu aya. Nurutkeun Danadibrata 2009, kc. 658 harti sulur téh nya éta jelema nu jadi gaganti jelema séjén, bisa disebut ogé wakil; nyuluran, ngawakilan, ngagantian. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2011, kc. 67 nétélakeun yén kecap sulur téh kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Lian ti éta, Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sudaryat ogé dina bukuna Pedaran Basa Sunda 2010, kc. 66 nétélakeun kecap sulur nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang jeung naon-naon nu diangap barang. Anu disuluranana disebut anteseden, boh aya méméh kecap sulurna anaforis boh aya sabada kecap sulurna kataforis. Sanajan réa pamadegan ngeunaan kecap sulur, cindekna mah kecap sulur mangrupa bagian tina kecap barang. Cindekna, wangenan kecap sulur nya éta kecap nu dipaké pikeun nyuluran naon-naon nu dianggap kecap barang.

2.1.1.5.2 Papasingan Kecap Sulur

Unsur-unsur gramatikal wacana téh nya éta kalimah, klausa, frasa, kecap, jeung morfém. Sudaryat dina bukuna Élmuning Basa 2004, kc. 22 nétélakeun yén dina adegan struktur basa kalibet ayana wangunan konstruksi jeung babagian konstituénsi tina unit-unit basa. Unit-unit basa téh pakait, boh ku cara datar linear, horizontal, sintagmatis boh ku cara tegak Vértikal, paradigmatik. Jaba ti éta, unit-unit basa téh ngawangun hubungan hiérarkial, nya éta unit basa panggedéna diwangun ku unit basa sahandapeunana. Sudaryat dina bukuna Makna dalam Wacana 2014, kc.153 ngébréhkeun yén “keutuhan wacana dapat diungkapkan dengan unsnur-unsur gramatikal, seperti: referensi, substitusi, ellipsis, paralelisme, dan konjungsi.” Référénsi mangrupa patalina antara kecap jeung acuanna. Kecap-kecap anu fungsina salaku pengacu disebut deiksis sedengkeun unsur-unsur nu diacuna disebut antésédén Sudaryat 2014, kc.153. Référénsi bisa diébréhkeun ku pronomina atawa kecap anu fungsina pikeun nyuluran kecap barang kecap gaganti. Aya sawatara ahli basa nu ngawincik kecap sulur di antarana waé: Wirjosoedarmo 1984, kc. 80 nétélakeun yén kecap sulur atawa pronomina nya éta kecap nu ngaganti barang atawa hiji hal nu dianggap barang. Kecap gagantina dibédakeun kana 8 golongan nya éta: 1 Kecap gaganti jalma 2 Kecap gaganti milik 3 Kecap gaganti panuduh 4 Kecap gaganti panyambung 5 Kecap gaganti pananya 6 Kecap gaganti teu tangtu 7 Kecap gaganti mendiri 8 Kecap gaganti gabung Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tamsyah, spk. 2010, kc. 73, kecap sulur dibédakeun jadi: 1 Kecap gaganti ngaran nya éta kecap anu dipaké pikeun ngagantingaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan, saperti di handap. a Kecap gaganti jalma kahiji: kuring, déwék, urang; b Gaganti jalma kadua: manéh, hidep, di dinya; c Gaganti jalma katilu: maranéh, aranjeun; d Kecap sesebutan: bapa, ema, emang, aki. 2 Kecap gaganti milik nya éta kecap gaganti jalma nu dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik anu … salian ti kecap gaganti jalmma jeung kecap sesebutan, dipaké rarangkén tukang-na, nu ngandung harti „nu manéhna‟. Conto katut larapna dina kalimah: a “Imah kuring di sisi jalan karéta api.” b “Kamari kuring nginjeum buku manéhna.” 3 Kecap panuduh dina basa Sunda bisa dibagi jadi: a Kecap panuduh dina wacana: ieu, éta, kitu, kieu; b Kecap panuduh luareun wacana: dieu, dinya, ditu. 4 Kecap pananya nya éta kecap nu dipaké pikeun ngaganti hal anu ditanyakeun atawa pikeun ngukuhan anu geus dikanyahona. a Naon nanyakeun barang, hal, sasatoan, jeung tutuwuhan; b Saha nanyakeun jelema, malaikat, pangéran; c Mana nanyakeun tempat atawa hal; d Iraha nanyakeun waktu; e Ku naon nanyakeun kalakuan jeung sabab-musabab hiji kajadian; f Naha nanyakeun kalakuan jeung sabab-musabab; g Kumaha nanyakeun kaayaan hiji hal; h Sabaraha nanyakeun jumlah jeung bilangan. Sudaryat dina bukuna Ulikan Wacana Basa Sunda 2010, kc. 37 ngawincik kecap sulur pronomina jadi lima bagian nya éta; 1 Kecap gaganti jalma nya éta kecap gaganti nu nuduhkeun jalma. Kecap gaganti jalma ngawengku: a Gaganti jalma I panyatur: abdi, kuring, urang; Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu b Gaganti jalma II pamiarsa: anjeun, salira, manéh; c Gaganti jalma II nu dicaritakeun: anjeunna, manéhna, inyana. 2 Kecap gaganti milik posésif nya éta gaganti anu nuduhkeun milik. Kecap gaganti milik umumna kecap gaganti jalma nu ditempatkeun ditukangeun kecap barang. Najan kitu, basa Sunda boga kecap gaganti milik husus kayaning: a Gaganti milik jalma I: pun anak, pun biang; b Gaganti milik jalma II: tuang putra, tuang ibu; c Gaganti milik jalma III: anakna, indungna. 3 Kecap gaganti panuduh démonstratif nya éta kecap anu dipaké nuduhkeun naon-naon nu aya jeroeun atawa luareun wacana. Kecap gaganti panauduh ngawengku: a Panuduh jeroeun wacana éndoforis: itu, éta, ieu, kitu, kieu, sakitu, sakieu, ku kituna; b Panuduh luareun wacana éksoforis: dieu, dinya, ditu. 4 Kecap gaganti pananya interogratif nya éta kecap anu gunana pikeun nyuluran naon-naon anu hayang dipikanyaho, anu dinyatakeun bisa mangrupa jalma, barang, pilihan, sabab, waktu, tempat, cara suasana. a Saha nanyakeun pangéran, malaikat, manusa; b Naon nanyakeun barang, tutuwuhan, sasatoan; c Mana nanyakeun tempat, hal, pilihan; d Iraha nanyakeun waktu; e Kumaha nanyakeun kaayaan atawa suasana; f Ku naon nanyakeun alesan, sabab atawa kalakuan; g Sabaraha nanyakeun jumlah. 5 Kecap gaganti nu teu tangtu nya éta kecap anu nuduhkeun naon-naon nu can tangtu. Contona: naon-naon, saha-saha, sakur, saniskara. Lian ti mangrupa unsur gramatika, kecap sulur ogé bisa kapanggih dina kapragmatisan wacana nya éta déiksis. Déiksis nya éta wangun basa nu miboga fungsi salaku panuduh hal atawa fungsi nu tangtu di luareun basa. Nurutkeun Lyons dina Sudaryat 2014, kc. 121 déiksis dipaké pikeun ngagambarkeun fungsi Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pronominal persona, kecap panuduh atawa demonstrativa, fungsi waktu, sawatara ciri gramatkal jeung léksikal séjéna anu matalikeun omongan, tempat, jeung waktu nalika komunikasi basa. Naon-naon anu disuluran atawa dituduhkeun ku déiksis disebut antésédén. Dumasar kana antésédénna, déiksis dibédakeun jadi lima jenis, nya éta: déiksis persona, déiksis temporal déiksis lokatif, déiksis wacana, jeung déiksis social Levinson dina Sudaryat, 2014, kc. 121. Sangkan leuwih jéntré di handap ieu aya bagan ngeunaan papasingan déiksis. Déiksis persona Déiksis temporal Éksoforis Déiksis lokatif Déiksis sosial Déiksis Déiksis anaforis Éndoforis Déiksis kataforis Bagan 2.3 Wanda Déiksis Sudaryat, 2010, kc. 11 Déiksis anu bisa dieusian atawa diasupan kecap sulur disebutna déiksis persona. Contona: kuring jeung manéhna uplek ngobrol bari nutur-nutur bujur budak, milihan buku Ma Inung Néwak Cahaya, 2011, kc. 15.

2.1.1.5.3 Fungsi Kecap Sulur

Tiori ngeunaan fungsi jeung ma‟na kecap sulur téh kapanggih dina tiori Sudaryat dina bukuna Ulikan Wacana Basa Sunda. Nurutkeun Sudaryat 2010, kc. 37 Fungsi kecap sulur nya éta peran kecap sulur dina unsur gramatikal wacana. Unsur gramatikal wacana mangrupa salah sahiji unsur pikeun ngagumulungkeun adegan wacana. Jadi nu dimaksud fungsi kecap sulur dina wacana nya éta pikeun nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang jeung naon-naon nu dianggap barang anu kapanggih dina wacana. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Fungsi Kecap Gaganti Ngaran Fungsi kecap gaganti ngaran nya éta fungsi kecap sulur dina nyuluran atawa nuduhkeun jalma. Fungsi kecap gaganti ngaran jalma dibagi jadi sababaraha golongan saparti diébréhkeun di handap. a Kecap Gaganti Jalma Kahiji Fungsi kecap gaganti jalma kahiji nya éta pikeun nyuluran ngaran jalma kahiji nu nyarita atawa panyatur. Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama undak-usuk basa Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung kecap gaganti jalma kahiji jama. a Kecap gaganti jalma kahiji tunggal: kuring, déwék, urang, kami, di dieu, sorangan, abdi, sim kuring, kaula, aing; b Kecap gaganti jalma kahiji jama: urang, kuring saréréa, abdi sadayana, sim kuring saparakanca . b Kecap Gaganti Jalma Kadua Fungsi kecap gaganti jalma kadua nya éta pikeun nyuluran ngaran jalma kadua nu diajak nyarita atawa pamiarsa. Aya kecap gaganti jalma kadua tunggal jeung kecap gaganti jalma kadua jama. a Kecap gaganti jalma kadua tunggal: manéh, hidep, di dinya, anjeun; b Kecap gaganti jalma kadua jama: maranéh, aranjeun. c Kecap gagani Jalma Katilu Fungsi kecap gaganti jalma katilu nya éta pikeun nyuluran ngaran jalma katilu nu dicaritakeun. Kecap gaganti jalma katilu ogé dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama undak-usuk basa Sunda. Aya kecap gaganti jalma katilu tunggal jeung kecap gaganti jalma katilu jama. a Kecap gaganti jalma katilu tunggal: anjeuna, inyana, manéhna; b kecap gaganti jalma katilu jama: aranjeunna, arinyana, maranéhna. 2 Fungsi Kecap Gaganti Milik Fungsi kecap gaganti milik nya éta pikeun nyuluran milik jalma, sok dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a Kecap gaganti milik jalma kahiji, pikeun ngaganti milik jalma minangka panyatur, contona: pun anak, pun biang, pun bapa; b Kecap gaganti milik jalma kadua, pikeun ngaganti milik jalma minangka pamiarsa, contona: tuang putra, tuang ibu; c Kecap gaganti milik jalma katilu, pikeun ngaganti milik jalma minangka nu dicaritakeun, contona: budakna, bapana, indungna. 3 Fungsi Kecap Gaganti Panuduh Kecap gaganti panuduh miboga fungsi pikeun nyuluran nanaon anu dituduhkeun ku kecap barang. Fungsi gaganti panuduh wacana dibagi jadi dua nya éta: a Kecap gaganti panuduh éksoforis nya éta kecap anu nuduhkeun naon-naon nu aya luareun wacana, contona: dieu, dinya, ditu; b Kecap gaganti panuduh éndoforis nya éta kecap nu nuduhkeun naon-naon anu aya dijeroeun wacana. Ieu kecap gaganti téh aya dua kayaning: a Anaforis anu nudhkeun acuan saméméhna, contona: éta, kitu, anu b Kataforis anu nuduhkeun acuan sabadana, contona: ieu, kieu, sakieu. Sudaryat, spk. 2011, kc. 67 nétélakeun yén dumasar kana perenahna tina acuan Anaforis jeung Kataforis sarta jarak ti panyatur, nya éta deukeut proksimal, anggang semi-proksimal, jeung jauh distal, kecap panuduh bisa ditabélkeun kieu. Tabél 2.4 Proksimitas Kecap Panuduh Pernahna Acuan Jarak ti Panyatur Proksimal Semi-proksimal Distal Teu tangtu Anaforis éta itu, kitu, sakitu anu, saanu Katafosis ieu, kieu, sakieu Sudaryat, spk., 2011, kc. 68 4 Fungsi Kecap Gaganti Pananya Fungsi Kecap Gaganti Pananya nya éta nyuluran naon-naon anu hayang dipikanyaho ku panyatur atawa ngukuhan naon-naon anu dipikanyahona. Anu ditanyakeun téh bisa mangrupa jalma, barang, pilihan, sabab, waktu, tempat, cara, Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu alat, jeung panyarta Sudaryat, 2010, kc. 67. Contona: saha, naon, mana, ku naon, iraha, kumaha, sabaraha . 5 Fungsi Kecap Gaganti Nu Teu Tangtu Fungsi dina kecap gaganti nu teu tangtu nya éta pikeun nuduhkeun naon-naon nu can tangtu.

2.1.1.5.4 Ma’na Kecap Sulur

Tamsyah dina kamus lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda- Sunda 2010, kc. 572 méré wangenan harti atawa ma‟na téh nya éta maksud nu dikandung ku kecap, omongan, lambing. Samsuri dina Nurlatifah 2013, kc. 24 nétélakeun yén ma‟na kecap sulur nya éta harti gramatikal atawa harti anu kapanggih tina sagemblengna hubungan distribusi atawa wangun-wangun basa. Upamana dina kalimah aya kecap pun biang, fungsina salaku gaganti milik, ma‟nana nya éta gaganti milik jalma kahiji. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2011, kc. 67 ma‟na kecap sulur téh kagambar dina tabél di handap. Tabél 2.5 Ma‟na Kecap Sulur Gaganti Jalma Jalma Ma’na Tunggal Jama Kahiji Panyatur abdi, déwék, kuring, kula, kami, aing uarng, saréréa, urang saréréa, Kadua Pamiarsa anjeung, manéh, salira, silaing, hidep, andika, aranjeun, maranéh, sarilaing, arandika Katilu Nu dicaritekun anjeunna, inyana, manéhna, mantenna aranjeunna, ariyana, maranéhna, marantenna Sudaryat, spk., 2011, kc. 67 Tabél 2.6 Ma‟na Kecap Sulur Gaganti Panuduh Ma’na Jarak ti Panyatur Proksimal Semi-prosimal Distal Teu tangtu Umum ieu éta itu anu Tempat dieu dinya ditu Halcara kieu - kitu - Jumlah sakieu - sakitu saanu Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 2.7 Ma‟na Kecap Sulur Gaganti Milik Jalma Ma’na Kahiji Panyatur pun- Kadua Pamiarsa tuang- Katilu Nu dicaritakeun na- Sudaryat, 2010, kc. 38 Tabél 2.8 Ma‟na Kecap Sulur Gaganti Pananya No. Wujud Ma’na 1. saha nanyakeun pangéran, malaikat, manusa 2. naon nanyakeun barang, tutuwuhan, sasatoan 3. mana nanyakeun tempat atawa hal 4. ku naon nanyakeun kalakuan jeung sabab 5. iraha nanyakeun waktu 6. kumaha nanyakeun kaayaan 7. sabaraha nanyakeun jumlah jeung bilangan Sudaryat, 2010, kc. 67 Tabél 2.9 Ma‟na Kecap Sulur Gaganti Teu Tangtu No. Wujud Ma’na 1. saha-saha jalma 2. iraha-iraha waktu 3. sakur jumlah 4. dimamana tempat Sudaryat, 2010, kc. 67

2.1.1.6 Pangajaran Basa Sunda

1 Fungsi jeung Tujuan Pangajaran Basa Sunda Nilik kana kanyataan, basa Sunda di Jawa Barat téh mangrupa basa indung urang Sunda jeung bahan ajar di sakola-sakola. Éta basa indung téh dina pakumbuhan masih digunakeun kénéh salaku media komunikasi jeung papada panyaturna. Dina kalungguhanana, basa indung téh kiwari jadi puseur panitén dunya. Ieu hal téh teu leupas ku alpukahna UNESCO minangka salah sahiji badan PBB, malah geus netepkeun tanggal 21 Februari salaku Poé Basa Indung Internasional. Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran basa Sunda dumuk fungsi jeung maksudna atawa tujuanana. Fungsi pangajaran basa Sunda di antarana a ngabina makéna basa Sunda; b ngadadasaran jeung ngadeudeul Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pangajaran basa Indonesia; c nyebarkeun sastra katut budaya Sunda; d ngabina jeung ngabakukeun ragam basa Sunda Sudaryat, spk., 2007. Ari tujuan pangajaran basa Sunda di antarana sangkan siswa a ngajén jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda; b paham kana basa jeung sastra Sunda wangun, harti, jeung fungsi; sarta c mampuh make basa jeung sastra Sunda kalawan bener tur merenah Sudaryat, 2004, kc. 12. 2 Bahan Ajar Bahan ajar mangrupa salah sahiji komponén nu bisa ngarojong kana kahontalna tujuan pangajaran Haerudin jeung Kardana, 2013, kc. 77. Ku ayana bahan ajar dipiharep siswa bisa maham hiji kompetensi dasar kalawan ngéntép seureuh jeung sistematis nepi ka sacara akumulatif mampuh ngawasa sakabéh kompetensi sacara gembleng. Lian ti éta, Rahman 2011, kc. 30 nétélakeun yén bahan ajar dirumuskeun sabada jelas kagiatan anu bakal dilakonan boh ku guru, boh ku siswa. Bahan ajar diarahkeun pikeun ngahontal tujuan instruksional. 3 Nangtukeun jeung Milih Bahan Ajar a Prinsip Nyusun Bahan Ajar Sudaryat 2004, kc. 32 nétélakeun yén dina nyusun bahan ajar basa Sunda didadasaran ku opat prinsip, nya éta 1 prinsip spiral, 2 prinsip tématis, 3 prinsip kominikatif, jeung 4 prinsip gumulung intergratif. 1 Prinsip Meulit spiral dilaksanekeun ku cara nimbang-nimbang bahan dumasar kana hal-hal nu beuki undak, nya éta ti mimiti hal-hal: a nu deukeut ka nu jauh, b nu basajan ka nu ruwed, c nu heureut ka nu lega, d nu nembrak ka nu nyumput, e nu kauni ka nu nyamuni, f nu apal ka nu teu apal, g nu wewengkon ka nu lulugu, h nu regional ka nu nasional. 2 Prinsip Tématis dilaksankeun ku cara milih-milih bahan dumasar kana a téma, b bahan gembleng, c racikan rupining widang bahan, d sumaér fleksibel, e kamampuh dasar, sarta f karep minat jeung kabutuh siswa. 3 Prinsip Komunikasif dilaksanakeun dumasar kana prinsip yén basa téh mangrupa pakakas komunikasi. Ari komunikasi téh dina enas-enasna Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu mangrupa prosés panyatur nepikeun pesen rasa, pikiran, kahayang ka pamiarsa nepi ka jadi amanat ngaliwatan medium basa atawa pepeta. 4 Prinsip Gumulung nya éta ngadumaniskeun rupining bahan a kaweruh basa adegan basa, kandaga kecap, b kaparigelan basa maca, nulis, nyarita, ngaregepkeun, c kaparigelan sastra kaweruh, apresiasi, jeung ékspési. Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa diintergasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar basa boh bahan ajar sastra duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa. b Milih Bahan Ajar Cara milih bahan pangajaran téh pohara diperlukeunana lantaran pangajaran nu saéstuna moal bisa kalaksanakeun kalawan hadé lamun sakabéh bahan nu diajarkeun téh teu kawatesanan. Ku kituna, guru kudu bisa milah-milah bahan nu kudu diajarkeun luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Nurutkeun Nasution dina Haérudin, D Kardana 2013, kc. 77 bahan ajar kudu dipilih dumasar kana lima hal, nya éta a tujuan nu hayang kahontal, b dianggap mibanda ajén pikeun kahirupan manusa, c dianggap mibanda ajén minangka warisan entragan saméméhna, d aya gunana pikeun ngawasa hiji paélmuan, jeung e luyu jeung kabutuh katut minat murid. Kritéria nu di luhur bisa dilarapkeun kana sakabéh bahan pangajaran, tapi pikeun milih pangajaran basa, utamana nu patali jeung adegan basa tangtu diperlukeun kritéria husus. Ku kituna, Burhan dina Haérudin, D Kardana 2013, kc. 78 ngébréhkeun kritéria dina milih bahan pangajaran basa téh patali jeung hal-hal ieu di handap. 1 Adegan basa nu kudu diajarkeun 2 Lobana bahan pangajaran adegan basa nu kudu diajarkeun 3 Hal nu jadi dasar dina milih bahan pangajaran adegan basa Sanggeus milih bahan pangajaran, léngkah satuluyna nu kudu dipilampah ku guru nya éta nangtukeun lobana atawa legana ambahan bahan pangajaran. Dina nangtukeun lobana atawa legana bahan pangajaran téh kawilang perlu, malah Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sarua pentingna jeung milih bahan pangajaran, lantaran bakal jadi pituduh keur guru sangkan bahan pangajaran nu ditepikeun ka siswa téh katarima kalawan bener. Luyu jeung cara milih bahan pangajaran, aya sawatara hal anu perlu dititénan dina nangtukeun runtuyan bahan pangajaran adegan basa, nya éta: 1 Adegan basa kudu diajarkeun leuwih ti heula; 2 Jumlah bahan pangajaran adegan basa nu kudu dibikeun leuwih ti heula tinimbang bahan anu lianna. Husen jeung Rahman dina Nurlatifah 2013, kc. 28 nétélakeun yén kriteria milih bahan ajar di antarana ieu di handap. 1 Eusi bahan pangajaran kudu patula-patali jeung tujuan husus pangajaran, lantaran bahan téh mangrupa sarana pikeun ngahontal tujuan pangajaran. 2 Eusi bahan pangajaran kudu valid jeung réliable atawa bisa dipercaya. 3 Susunan bahan pangajaran kudu logis atawa bisa dipikaharti ku murid, ulah kaluar tina pedaran. 4 Eusi bahan pangajaran kudu bisa dipertanggungjawabkeun, boh dumasar élmuj jiwa diajar boh dumasar kamekaran jiwa. 5 Basa nu digunakeun dina bahan pangajaran kudu bener tur luyu jeung bahan nu rék ditepikeun. 6 Runtuyan kagiatan pangajaran kudu luyu jeung nu geus dirarancang nurutkeun ambahanana. 7 Bahan pangajaran kudu pikaresepeun. 8 Bahan pangajaran kudu mampuh ngarojong kamekaran mikir kritis siswa. 9 Ngagunakeun pamarekan nu bisangarangsang multi alat indra. Pamarekan nu digunakeun dina kagiatan diajar ngajar kudu mampuh ngahudang sagala kasadaran murid. 10 Mibanda nilai pemindahan transfer value, dina hakékatna nepikeun pangaweruh, sikep, jeung kaparigelan murid. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Ambahan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda Nurutkeun Sudaryat 2004, kc. 36 nétélakeun yén Bahan ajar matéri pokok basa jeung sastra Sunda ngawengku tilu widang utama, nya éta: a Pangaweruh basa, anu ngawengku: 1 Adegan sora: ucapan, éjahan; 2 Adegan kecap: wangun kecap, warna kecap; 3 Adegan kalimah: wangun, warna, fungsi, jeung wanda kalimah; 4 Kandaga kecap: warna harti, robahna harti, patali harti, kecap serepan, kecap ulikan istilah, pakeman basa, undak-usuk basa, jeung gaya basa. b Pangaweruh, aprésiasi, jeung éksprési sastra, anu ngawengku: 1 Puisi wangun ugeran: jangjawokan, sisindiran, kakawihan, pupujian, guguritan, jeung wawacan; 2 Prosa wangun lancaran: unsur, warna carita pantun, carita wayang, dongéng, carpon, novél; 3 Drama: unsur, warna purnadrama, gending karesmén; c Kaparigelan basa: macakeun, nuliskeun, nyaritakeun, tur ngaregepkeun. Lian ti éta, Nurutkeun Haérudin jeung Kardana 2013, kc. 82 ngébréhkeun dina nyusun bahan ajar basa Sunda didadasaran ku opat prinsip: prinsip spiral, prinsip tématis, prinsip komunikatif, jeung prinsip gumulung integratif. Konsép basa anu bisa dijadikeun matéri poko téh ngawengku 1 adegan sora basa: lafal, éjahan, engang; 2 adegan kecap: wangun kecap, warna kecap; 3 adegan kalimah: wangun kalimah, warna kalimah, fungsi kalimah, wanda kalimah; 4 kandaga kecap: warna harti, parobahan harti, tatali harti léksikal, kecap serepan, istilah, pakeman basa, gaya basa, tatakrama basa; 5 wacana: fiksi prosa narasi, puisi drama; non fiksi déskripsi, éksposisi, arguméntasi, pérsuasi. Pangajaran basa téh diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna basa, atawa kaparigelan basa. Dina nepikeun bahan kudu dumasar kana tinimbang 1 ambahan, 2 kagunaan praktis luyu jeung kabutuhan murid, 3 kasaluyuan satemapat bédana wangun basa jeung dialék, 4 kasaluyuan kamekaran jiwa murid umur, tahapan, jeung basa, sarta 5 alokasi waktu prinsip palamarta, bahan anu perlu meunang hancengan porsi anu saimbang tur luyu jeung waktuna Haérudin jeung Kardana, 2013, kc. 82. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ambahan bahan kabasaan nu ditétélakeun ku Haérudin jeung Kardana 2013, kc. 84 nya éta: 1 Lafal jeung éjahan: lafal vokalswara, konsonanwianjana, éjahan ngagunakeun aksara, nuliskeun kecap, ngagunakeun tanda kecap, pola engang sampakan, serepan; 2 Wangun kecap: kecap asal, kecap rundayan, kecap kantétan; 3 Warna kecap: kecap lulugu kecap barang jeung kecap lulur, kecap pagawéan, kecap sipat, kecap bilangan, kecap pancén kecap panuduh, kecap pangantét, kecap panyambung, kecap panyeluk; 4 Wangun kalimah: kalimah salancar jeung kalimah ngantét; 5 Warna kalimah: kalimah barang, kalimah pagawéan, kalimah sipat, kalimah bilangan, kalimah pangantét; 6 Wanda kalimah: kalimah aktif jeung pasif, kalimah réfléktif jeung résifrokatif, kalimah langsung jeung teu langsung, kalimah transitif jeung intransitive, kalimah sampurna jeung teu sampurna; 7 Fungsi kalimah: kalimah wawaran, kalimah pananya, kalimah paréntah, kalimah panyeluk; 8 Wacana: narasi, déskripsi, éksposisi, arguméntasi; 9 Warna harti: harti denotative jeung konotatif, harti léksikal jeung gramatikal; 10 Parobahan harti: ngalegaan jeung ngaheureutan, ngaluhuran jeung ngahandapan; 11 Hubungan harti: kecap sharti, kecap sabalikna, kecap sangaran; 12 Wanda kabeungharan kecap: keccap sampakan jeung serepan, keccap umum jeung kecap husus, kecap popular jeung istilah; 13 Ungkapan kecap: babasan, paribasa, ungkapan séjén; 14 Gaya basa: ngumpamakeun lalandian, mijalma, rautan, ngasor, rarahulan, kadalon, silib, ocon, raguaman, mindoan; sarta 15 Tatakrama basa: basa hormat, basa teu hormat. Cindekna, ambahan bahan ajar basa ngeunaan kecap sulur téh nyampak dina tiori boh nurutkeun Sudaryat boh nurutkeun Haérudin jeung Kardana. Hartina ieu panalungtikan ngeunaan kecap sulur téh bisa dipatalikeun jeung bahan ajar pikeun Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu SMP disaluyukeun jeung kurikulum nu dipaké jeung dumasar tinimbang nu geus ditétélakuen di luhur. 5 Pangajaran Kecap Sulur dina Kurikulum Hasan, spk. 2012, kc. 2 dina buku Kurikulum dan Pembelajaran ngébréhkeun yén kurikulum miboga opat diménsi harti salah sahijina nya éta harti kurikulum dipatalikeun jeung diménsi rancangan. Dina éta diménsi kurukulum téh mangrupa rancangan jeung cara ngaadministrasikeun tujuan, eusi, jeung bahan ajar, sarta cara digunakeun pikeun pedoman diayakeuna kagiatan diajar-ngajar anu gunana pikeun ngahontal tujuan pendidikan. Kurikulum mangrupa salah sahiji alat pikeun ngahontal tujuan pangajaran, ogé mangrupa cecekelan dina ngalaksanakeun pangajaran dina sakabéh jinis jeung jenjang pendidikan Arifin, 2011, kc. 1. Kurikulum kudu luyu jeung falsafah dasar nagara, nya éta Pancasila jeung UUD 1945. Salian ti éta, Arifin 2011, kc. 2 ogé nétélakeun yén kurikulum téh kudu miboga sipat dinamis, hartina kurikulum salawasna ngalaman parobahan luyu jeung mekarna jaman, élmu pangaweruh, téknologi, tingkat kecerdasan peserta didik, kultur, sistem nilai, jeung kabutuhan masarakat. Ku kituna, pihak-pihak nu kalibet kana tim pamekaran kurikulum kaasup guru kudu miboga wawasan anu lega jeung jero. Luyu jeung hal di luhur, kurikulum nu lumaku di Indonesia geus ngalaman sababaraha kali parobahan, di antarana kurikulum 1974, 1952, 1964, 1968, 1975, 1984, 1994, KBK 2004, KTSP 2006, sarta kurikulum 2013. Luyu jeung lumakuna kurikulum 2013, aya tilu kurikulum nu kudu dicumponan, nya éta Kurikulum Tingkat Nasional, Kurikulum Tingkat Daérah, jeung Kurikulum Tingkat Sakola. Kurikulum Tingkat Nasional disusun sarta lumaku sacara nasional. Kurikulum Tingkat Daérah disusun sarta lumaku di daérah dumasar Kurikulum Tingkat Nasional luyu jeung kawijakan daérah séwang-séwangan. Ari Kurikulum Tingkat Sakola disusun jeung lumaku dina unggal jengang sakola. Kalungguhan basa Sunda dina kurikulum 2013, kaasup kana Kurikulum Tingkat Daérah, nya éta muatan lokal. Salaku muatan lokal, ieu mata pelajaran téh miboga landasan yuridis nu ngébréhkeun pentingna pangajaran basa jeung sastra Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sunda diajarkeun di jenjang sakola dasar jeung menengah, nya éta Peraturan Gubernur Jawa Barat no. 69 taun 2013 Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 3. Minangka pangajaran basa jeung sastra, basa Sunda téh miboga prinsip anu gumulung integratif, nya éta ngadumaniskeun rupining bahan kaweruh basa adegan basa jeung kandaga kecap, kaparigelan basa maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun, sarta kaparigelan sastra kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési Sudaryat, 2004, kc. 35. Ku kituna, kecap sulur kaasup kana kaweruh basa nu kudu dicangking ku siswa ngaliwatan pangajaran carpon.

2.2 Panalungtikan Saméméhna