PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DESA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATEN KUNINGAN PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP.
No. 561/FPBS?0251/2013
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DESA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATEN KUNINGAN
PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP
SKRIPSI
Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Olivia Sandy Nakahinda NIM 0902497
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
(2)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2013
PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DESA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATEN KUNINGAN
PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP
Oleh
Olivia Sandy Nakahinda
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Olivia Sandy Nakahinda 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
(3)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN
OLIVIA SANDY NAKAHINDA NIM 0902497
PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DESA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATEN KUNINGAN
PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001
Pangaping II,
Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd. NIP 195701011980021004
Kauninga ku
Ketua Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
(4)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
(5)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1
PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DÉSA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATÉN KUNINGAN
PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP 1)
OLIVIA SANDY NAKAHINDA 2) ABSTRAK
Penelitian yang berjudul ”Pupujian di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan pikeun Alternatif Bahan
Pangajaran Ngaregepkeun Pupujian di Kelas VII SMP” ini bertujuan untuk menginvéntarisai, menganalisis unsur-unsur sastranya, serta bisa dijadikan alternatif untuk bahan pembelajaran menyimak di kelas VII SMP. Mètode dalam penelitian ini menggunakan metode deskriptif dengan teknik wawancara, observasi, dan studi pustaka. Pupujian di Kampung Manis yang berhasil dikumpulkan berjumlah 48 pupujian. Pupujian tersebut diperoléh dari tiga narasumber yaitu dari ibu-ibu pengajian (1 orang), guru mengaji di TPA (Taman Pendidikan Agama) Nurul Faizin (2 orang). Dari 48 pupujian yang terkumpul, diambil 24 untuk dijadikan sebagai sampel. Sampel yang dipakai sampel bertujuan (purposive sample). Berdasarkan hasil analisis dapat diketahui bahwa
bentuk (wangun) pupujian yang ada di Kampung Manis dilihat dari jumlah bait
(pada), baris (padalisan), dan suku kata (engang) keadaannya tidak tetap. Jumlah
bait yang ditemukan mulai dari 2-14 bait, jumlah baris mulai dari 4-8 baris, dan jumlah suku kata mulai dari 4-16 suku kata.Bentuk pupujian berdasarkan sampel yang masuk dalam penelitian ini terdiri atas empat seuntai (kantétan opat), enam
seuntai (kantétan genep), serta untaian tak tentu (kantétan robah). Pupujian itu
juga dianalisis berdasarkan isi dan arti. Analisis arti ini mencakup arti lugas (harti saujratna), rasa, nada, dan itikad. Bahasa yang digunakan dalam pupujian di
Kampung Manis adalah bahasa Sunda dan campuran (Sunda-Arab). Dari hasil analisis, yang menggunakan bahasa Sunda berjumlah 14 pupujian, sedangkan yang memakai bahasa campuran (Sunda-Arab) berjumlah 10 pupujian. Fungsi pupujian di Kampung Manis yaitu untuk menunggu jemaah pengajian ibu-ibu, memanggil/menunggu jamaah sholat, membuka dan menutup belajar mengaji anak-anak serta menyampaikan pelajaran di TPA Nurul Faizin. Hasil penelitan ini dapat dimanfaatkan sebagai alternatif bahan pengajaran bahasa Sunda di SMP, tentu saja dengan mempertimbangkan kriteria memilih bahan pengajaran sesuai dengan kemampuan siswa.
Kata kunci : pupujian, bahan pangajaran, ngaregepkeun
__________________________________________________________________ 1) Skripsi di bawah bimbingan Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. dan Drs. H. Oleh
(6)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2
2) Mahasiswi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.
PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DÉSA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATÉN KUNINGAN
PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN PUPUJIAN DI KELAS VII SMP 1)
OLIVIA SANDY NAKAHINDA 2) ABSTRAC
Researsch entitled “Pupujian di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pupujian di Kelas VII SMP”, aims to inventory,
analyze the elements of literature, and can be used as an alternative to learning materials in class listening VII SMP. The methodology in this research using methods descriptive by interview, observation, library research. Pupujian in Kampung Manis collected totaled 48 pupujian. Pupujian was obtained from three sources, namely from mothers teaching (1 person) and teacher of TPA Nurul Faizin (2 people). Collected from 48 pupujian taken 24 to be used as samples. Aims samples used (purposive sample. Based on the analysis it can be seen that the shape (wangun) pupujian is in the Kampung Manis view of the temple (pada),
line (padalisan), and syllables (engang), his condition is not fixed. The amount of
temple were found from 2-14 stanzas, the number of rows ranging from 4-8 rows, and number of syllables ranging from 4-16 syllables. Pupujian based sample forms included in this research consists of four strand (kantetan opat), six strand
(kantétan genep), and indeterminate strands (kantétan robah), pupujian also
analyzed based on the content and meaning. The analysis includes straightforward meaning (harti saujratna), taste, tone and faith. The language used in the
Kampung Manis pupujian in Sundanese language and mixed (Sunda-Arab). The results of analysis using sundanese totaled 14 pupujian, while used mixed language (Sundanese-Arab) accounted 10 pupujian. Pupujian function in the Kampung Manis to wait mothers teaching congregation, calling / waiting pilgrims pray, opening and closing the children learn religious education and religious instruction delivered in TPA Nurul Faizin. The results of this research can be used as an alternative material Sundanese language teaching in junior high school, of course taking into account the criteria for selecting instructional materials based on student ability.
Keyword : pupujian, learning materials, listening.
__________________________________________________________________ 1) Skripsi di bawah bimbingan Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. dan Drs. H. Oleh
(7)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3
2) Mahasiswi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.
(8)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI LEMBAR PERNYATAAN
PANGJAJAP ... i
TAWIS NUHUN ... ii
ABSTRAK ... iv
DAPTAR EUSI ... v
DAPTAR TABÉL ... ix
DAPTAR BAGAN ... x
DAPTAR LAMPIRAN ... xi
DAPTAR SINGGETAN ... xii
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang ... 1
1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1 Tujuan Umun ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5Raraga Tulisan ... 6
BAB II Pupujian, Ngaregepkeun, jeung Bahan Pangajaran 2.1 Pupujian ... 7
2.1.1 Wangenan Pupujian ... 7
(9)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.3 Fungsi Puisi Pupujian ... 8
2.1.4 Papasingan Pupujian ... 9
2.1.4.1 Dumasar kana Wangun ... 9
2.1.4.2 Dumasar kana Eusi …... 11
2.1.4.3 Dumasar kana Harti ... 12
2.1.5 Basa Pupujian ... 13
2.2 Ngaregepkeun ... 14
2.2.1 Wangenan Ngaregepkeun ... 14
2.2.2 Tujuan Ngaregepkeun…... 14
2.2.3 Mangpaat Ngaregepkeun ... 15
2.2.4 Tahap-tahap Prosés Ngaregepkeun... 16
2.3 Bahan Pangajaran ... 17
2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 17
2.3.2 Peranan Bahan Pangajaran... 17
2.3.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 18
2.3.4 Fungsi Pangajaran Basa Sunda... 19
2.3.5 Tujuan Pangajaran Basa Sunda ... 20
2.3.6 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 20
2.3.7 Standar Kompeténsi Lulusan Basa jeung Sastra Sunda... 21
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Populasi, jeung Sampel ... 23
3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 23
3.1.2.1 Populasi ... 23
3.1.2.2 Sampel ... 23
3.2 Desain Panalungtikan ... 24
3.3 Métode Panalungtikan ... 24
3.4 Wangenan Operasional ... 25
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 26
(10)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.7 Léngkah-léngkah Garapan ... 30
BAB IV PUPUJIAN DI KAMPUNG MANIS DESA GARAWANGI KACAMATAN GARAWANGI KABUPATEN KUNINGAN 4.1 Pupujian anu Kapanggih di Kampung Manis ... 31
4.1.1 Déskripsi Kaayaan Pupujian di Kampung Manis ... 31
4.1.2 Judul Pupujian... 32
4.2 Wangun, Eusi, Harti, jeung Fungsi Pupujian di Kampung Manis ... 33
4.2.1 “Laillahaillallah” ... 34
4.2.2 “Miéling kana Maot” ... 37
4.2.3 “ Anak Adam” ... 42
4.2.4 “ Du’a Sasih Rajab” ... 45
4.2.5 “ Istighosah” ... 48
4.2.6 “Hikmah Solawat” ... 52
4.2.7 “Anak Sholéh” ... 55
4.2.8 “Yarobbibil Musthofa” ... 58
4.2.9 “Robbihyina Syakirin” ... 62
4.2.10 “Aqoid Iman” ... 66
4.2.11“Sifat Wajib, Mohal, jeung Wenang di Allah” ... 68
4.2.12 “Sifat Wajib, Mohal, jeung Wenang di Rasul” ... 72
4.2.13 “Nabi nu Wajib Dikanyahokeun”... 75
4.2.14 “Malaikat nu Wajib Dikanyahokeun” ... 79
4.2.15 ”Kitab Allah” ... 82
4.2.16 “Berjamaah Solat” ... 85
4.2.17 “Deudeuh Karunya Teuing” ... 87
4.2.18 “Du’a Niat Ngaos” ... 90
4.2.19 “Du’a Nutup Ngaos” ... 93
4.2.20 “Maulud Nabi” ... 96
4.2.21 “ Hukum Nun Paéh sareng Tanwin” ... 99
(11)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.2.23 “Rukun Iman” ... 106
4.2.24 “Rukun Saum” ... 109
4.2.25 Daptar Tabél Dumasar Hasil Analisis ... 111
4.2.26 Tafsiran Dumasar Hasil Analisis ... 141
4.3 Hasil Panalungtikan pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di Kelas VII SMP ... 141
4.3.1 Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pupujian ... 142
4.3.2 Silabus jeung RPP Ngaregepkeun Pupujian di Kelas VII SMP ... 143
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 150
5.2 Saran ... 152
DAPTAR PUSTAKA ... 153
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 155
(12)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1
BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah
Pangajaran basa Sunda di Sekolah Menengah Pertama (SMP) ngawengku
widang basa, sastra, jeung kaparigelan. Saluyu jeung Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No.5 Taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah, basa daérah diajarkeun dina atikan formal jeung non-formal di
Jawa Barat. Ruang lingkup Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda dumasar kana
Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar (SKKD) Pangajaran Basa jeung
Sastra Sunda nya éta komponén kamampuh ngagunakeun basa jeung sastra Sunda nu ngawengku opat aspék kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis.
Dina SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pangaweruh anu kudu ditepikeun ka siswa di jenjang SMP kelas VII diantarana ngaregepkeun pupujian. Pupujian bisa diriksa ngaliwatan atikan formal di sakola. Pikeun ngalumangsungkeun pangajaran ngaregepkeun pupujian di sakola, perlu dieuyeuban deui bahanna. Pupujian-pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, kacida merenahna upama diriksa, dianalisis, tur diajén kalumangsunganana, sabab pupujian téh mangrupa salasahiji budaya titinggal karuhun Sunda anu luhur pangajéna. Lian ti éta, pupujian téh euyeub pisan ku bahan lenyepaneun anu patali jeung kahirupan manusa.
Enggoning nyiapkeun bahan pangajaran tèh kudu dipilih heula. Salah sahiji carana nya èta ku jalan milih jeung nimbang-nimbang bahan pangajaran anu diluyukeun jeung tingkat kamampuh siswa, kamekaran siswa sarta luyu jeung SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, sabab bahan pangajaran téh gedè
(13)
2
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pangaruhna kana kahontal jeung henteuna tujuan pangajaran, lantaran mangrupa bagian tina prosès diajar.
Kamekaran budaya Sunda dina kahirupan manusa henteu leupas tina rupaning faktor anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang masarakat kana karya sastra. Ieu hal patali jeung kalungguhan sastra salaku karya seni. Karya seni téh mangrupa kréativitas manusa pikeun méré kasenangan jeung kani’matan éstétis pikeun nu ngaaprésiasi ogé pikeun nu nyiptakeunana. Dina ambahan anu leuwih lega, kalungguhan karya sastra téh nya éta salaku sarana pikeun nyumponan kapentingan, pikiran, jeung rasa manusa boh pikeun pribadi boh pikeun lingkunganana
Sacara umum nilik kana wangunna karya sastra kabagi jadi tilu bagian, nya éta prosa (wangun lancaran), puisi (wangun ugeran) jeung drama (wangun guneman). Ieu tilu wangun sastra gelar ngaliwatan (medium) lisan jeung tulisan. Kaayaan puisi Sunda téh réa rupana, aya anu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong puisi anyar (modern).
Isnéndés (2010:56) ) ngébréhkeun yén puisi Sunda dina mangsa heubeul aya anu ngawujud carita, hartina téksna dina wangun puisi, tapi eusina ngawujud, naratif (carita pantun, wawacan). Karya sastra anu teu ngawujud carita: mantra (rajah, singlar, asihan, jampé, jangjawokan, ajian), sisindiran (paparikan, rarakitan, wawangsalan), kakawihan, sa’ir (pupujian, sawér), pupuh (dangding, guguritan). Aya ogé puisi anyar diantarana sajak.
Pupujian gelarna bareng jeung asup sarta sumebarna agama Islam di jawa barat, kira-kira taun 1580, sabada karjaan Pajajaran runtag, terus taluk ka karajaan Islam (Koswara, 2007:79).
Dina hirup kumbuhna, pupujian mangrupa bagian tina sastra daérah anu kudu diriksa kaayaanana ngarah tetep bisa lumangsung henteu kasilih ku pangaruh anu séjén. Pupujian téh mangrupa warisan anu luhur ajénna titinggal para karuhun Sunda baheula, anu kiwari bisa dijadikeun bahan pikeun ngajembaran kabudayaan nasional. Tarékah pikeun ngariksa budaya daérah
(14)
3
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pangpangna anu mangrupa sastra lisan salasahijina nya éta ku cara diayakeun panalungtikan kana éta karya sastra, anu mangrupa panalungtikan ngeunaan pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun basa Sunda di SMP.
Pupujian dina kahirupan masarakat Sunda téh sumebar secara lisan. Biasana ayana pupujian téh dilingkungan pasantrén, saluyu jeung pamadegan Rusyana (Kartini spk., 1986:10) yén di pasantrén tempat lahirna puisi pupujian salaku média atikan pikeun nepikeun ajaran-ajaran agama jeung adab susila anu saluyu jeung ajaran Islam. Lian ti pasantrén aya oge di masigit jeung madrasah. Pupujian anu di masigit bisana dibaca atawa dinadomkeun dina waktu anu tangtu, upamana baé antara adan jeung komat jeung waktu aya pangaosan, sedengkeun di madrasah sami jeung di pasantrén, pupujian dinadomkeun dina waktu nepikeun pangajaran
Panalungtikan pupujian anu geus dilaksanakeun saméméhna anu dipatalikeun jeung pangajaran diantarana dina taun 2012 nya éta skripsi anu judulna Adegan Puisi Pupujian di Désa Cicadas Kabupatén Purwakarta pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP ku Rike Nurandini, Pupujian Di Kampung Cikulung Desa Cipenjo Kacamatan Cileungsi Kabupaten Bogor pikeun Bahan Pangajaran di SMP ku Dania Partika Dewi, Pupujian Di Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP ku Didin Soléhudin.
Ieu panalungtikan dilaksanakeun lantaran dina panalungtikan saméméhna teu acan aya anu nalungtik ngeunaan pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan. Tiap désa pasti rumpaka pupujiana aya anu béda, sok sanajan judulna sarua tapi kadang aya kekecapan anu dipakéna béda, tuluy cara nganadomkeuna ogé sakapeung béda.
Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan diayakeun pikeun ngainvéntarisasi sarta ngaguar wangun, eusi, harti jeung fungsi pupujian nu kapanggih di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan. Ieu hal mangrupa tarékah pikeun ngariksa sangkan budaya Sunda karuhun anu geus
(15)
4
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
diwariskeun ulah nepi ka teu dipikawanoh ku generasi Sunda kiwari sarta pikeun bahan pieunteungeun dina ngalakonan kahirupan.
Dumasar kana éta hal, prakprakan ieu panalungtikan museurkeun panitén kana puisi pupujian. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dijudulan “Pupujian di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pupujian di Kelas VII SMP”.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Pupujian di jaman kiwari geus mimiti kurang aprésiasi ti masyarakatna, ku kituna kudu diriksa sangkan teu kasilih ku pangaruh anu séjén, lian ti éta pupujian téh mangrupa salah sahiji budaya titinggal karuhun Sunda anu luhur pangajénna. Pupujian ogé aya dina SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sundanya éta pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di kelas VII SMP.
Dumasar kana kasang tukang saméméhna, karya sastra Sunda téh perlu diriksa salah sahijina pupujian anu patali jeung widang kaagamaan, atikan, jeung kahirupan sapopoé. Pupujian minangka salah sahiji bagian tina karya sastra anu perlu pisan ditalungtik. Ku kituna, ngarah ieu panalungtikan bisa museur, masalah nu rék diidéntifikasi, nya éta ngeunaan analisis wangun (jumlah padalisan, jumlah engang), eusi, harti (harti saujratna, rasa, nada, jeung itikad), jeung fungsi pupujian di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan.
1.2.2 Rumusan masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.
(16)
5
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
a. Pupujian naon waé anu kapanggih di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan?
b. Kumaha wangun, eusi, harti jeung fungi pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan? c. Luyu atawa henteu pupujian di Kampung Manis pikeun alternatif bahan
pangajaran ngaregepkeun pupujian di kelas VII SMP?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun:
a. Ngainvéntarisasi pupujian di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan;
b. Ngaguar wangun, eusi, harti jeung fungsi pupujian anu kapanggih di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan; sarta
c. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun pupujian di kelas VII SMP.
1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1Mangpaat Tioritis
(17)
6
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban khazanah kabudayaan, khususna budaya Sunda ngeunaan pupujian.
1.4.2 Mangpaat Praktis
a. Pikeun mikawanoh sakaligus nambahan pangaweruh kana karya sastra Sunda hususna anu mangrupa pupujian.
b. Bisa mikawanoh jeung ngainvéntarisasi pupujian nu aya di wewengkon sorangan.
c. Mangpaat pikeun pangajaran, bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran waktu ngajarkeun puisi pupujian di SMP, jadi teu salawasna nyokot bahan anu geus nyampak dina buku téks, tapi bisa méré conto lianna.
1.5 Raraga Tulisan
BAB I : Bubuka medar Kasang Tukang, Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah, Tujuan Panalungtikan, Mangpaat Panalungtikan, jeung Raraga Tulisan.
BAB II : Medar Pupujian, Ngaregepkeun, jeung Bahan Pangajaran.
BAB III : Métode Panalungtikan medar Lokasi Populasi jeung Sampel, Désain Panalungtikan, Métode jeung Téhnik Panalungtikan (Métode déskriptif, Téhnik nu digunakeun Studi Pustaka, Obsérvasi, Dokuméntasi, jeung Wawancara), Instrumén Panalungtikan, Léngkah-léngkah Garapan, jeung Wangenan Operasional.
BAB IV : Medar Déskripsi Kaayaan Pupujian di Kampung Manis, Judul jeung Analisis Pupujian di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan, Daptar Tabél Hasil Analisis Pupujian (wangun, eusi, harti, fungsi), Rékapitulasi Dumasar Hasil Analisis Pupujian, Tafsiran Dumasar Hasil Analisis Pupujian, Hasil
(18)
7
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Panalungtikan pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pupujian.
BAB V : Medar Kacindekan jeung Saran.
DAPTAR PUSTAKA
(19)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
23
BAB III
METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Populasi, jeung Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Kampung manis mangrupa salasahiji kampung nu aya di Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan. Kampung Manis sok disebut ogé Blok Karangkén. Kampung Manis ogé kabagi jadi lima RT nya éta RT 01-05. Wates-watesana Kampung Manis nya éta beulah kulon jeung kalér Désa Purwasri , beulah wétan Kampung Puhun, beulah kidul Kampung Kaliwon jeung Pahing.
Jumlah penduduk Kampung Manis dina taun 2012 nya éta aya 1185 jiwa, 615 jiwa lalaki jeung 572 awéwé. Jumlah kapala kulawargana aya 311. Pakasaban masarakat Kampung Manis lolobana buruh tani. Lian ti éta aya ogé anu jadi guru, pagawé kantor, ngojég, patukangan, padagang, sopir angkutan umum, jrrd.
3.1.2 Populasi
Populasi nya éta sajumlahing data anu baris ditalungtik sarta saeutikna mibanda sifat nu sarua. Arikunto (2010:173) nétélakeun “Populasi adalah keseluruhan subjék penelitian. Apabila seseorang ingin meneliti semua elemen yang ada dalam wilayah penelitian, maka penelitiannya meupakan penelitian populasi”.
Dumasar kana katerangan di luhur, populasi dina ieu panalungtikan nya éta sajumlahing puisi pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, jumlahna aya 48 judul pupujian.
3.1.3 Sampel
Arikunto (2010:174) nétélakeun sampel téh nya éta sabagian atawa wakil populasi nu ditalungtik. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (2008:1354) yén
(20)
24
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kelompok yang lebih besar (2) bagian kecil yang mewakili kelompok atau
keseluruhan yang lebih besar”
Ieu panalungtikan téh make purposive sample atawa sampel bertujuan,
hartina nu jadi sampel dipilih lantaran miboga tujuan anu tangtu nya éta nu dipilih téh gaeus ngawangku eusi pupujian, anu muji ka Alllah, ka Rasul, ménta syafaat ka Rasul, piwuruk ngajak tobat jeung ngalakonan amal soléh, sarta nepikeun pangajaran agama. Tina 48 pupujian anu kapanggih di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan, Garawangi Kabupatén, Kuningan, ditangtukeun 24 pupujian nu dijadikeun sampel.
3.2 Désain Panalungtikan
Desain panalungtikan dina ieu panalungtikan nya éta : Bagan 3.1
4
5
3.3 Métode Panalungtikan
Studi pustaka
Observasi
Wawancara
Ngumpulkeun data
Ngolah data
Data siap dijadikeun eusi panalungtikan skripsi
(21)
25
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Arikunto (2010:203) nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Metode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Surakhmad (1985: 139-140) nétélakeun métode déskriptif nya éta métode anu bisa ngungkulan masalah anu keur disanghareupan, biasana masalah-masalah anu aktual ku jalan nyusun atawa nyieun papasingan data, nganalisis data, napsirkeun data, jeung nyieun kacindekan. Tegesna métode anu ngagambarkeun jeung ngajéntrékeun kaayaan jeung kajadian anu keur disanghareupan. Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana bahan anu bisa dianalisis ku cara déskriptif. Dumasar kana métode nu ditétélakeun di luhur, ieu panalungtikan téh nganalisis wangun, eusi, harti, jeung fungsi puisi pupujian nu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan. Métode mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Tujuan ngagunakeun métode déskriptif dina ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa ngagambarkeun/ngadéskripsikeun wangun, eusi, harti, jeung fungsi pupujian nu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, sacara faktual, sitematis, jeung akurat.
3.4 Wangenan Operasional
1) Pupujian nya éta wangun puisi heubeul nu eusina muji-muji kaagungan
Pangéran, solawat ka Kangjeng Nabi, du’a, pépéling, piwuruk jeung
pangajaran dumasar kana ajaran agama Islam nu kedalna sok dilagukeun atawa dinadomkeun.
2) Bahan pangajaran téh komponen anu aya dina kagiatan diajar ngajar, mangrupa matéri anu baris ditepikeun waktu prosés diajar ngajar, anu kudu dikawasa ku siswa sangkan ngahontal tujuan pangajaran.
3) Ngaregepkeun téh nya éta hiji prosés ngadéngékeun omongan lisan kalawan enya-enya ku pinuh perhatian, pamahaman, aprésiasi, sarta interprétasi pikeun meunangkeun informasi, eusi atawa pesen, sarta bisa maham kana makna
(22)
26
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
komunikasi nu geus ditepikeun ku panyatur, sarta bisa méré réspon kana naon-naon anu ditepikeun ku panyatur.
4) Bahan pangajaran ngaregepkeun nya éta sajumlahing matéri anu dipaké waktu kagiatan diajar ngaregepkeun.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010:203), instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti nu leuwih taliti, lengkep, jeung sitematis, ku kituna leuwih gampang diolahna.
Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:
1) Pedoman wawancara anu eusina sajumlahing patalékan anu diasongkeun atawa ditanyakeun ka narasumber, pertanyaanana nya éta:
a. Naon waé judul Pupujian anu dipikauninga ku Bapa/Ibu? b. Kumaha rumpaka pupujianna?
c. Éta pupujian téh dinadomkeuna dimana, iraha sareng dina acara naon? 2) Alat rékaman sora (hp), jeung video (camera digital), digunakeun dina
ngumpulkeun data téks pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Grawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan. Anu dirékam téh teu sakabéh pupujian nu aya di daérah nu ditalungtik, tapi ukur sampel wungkul, sangkan kahareupna bisa waé dipaké pikeun média pangajaran waktu nepikeun matéri pupujian.
3) Alat foto (camera digital), digunakeun pikeun dokuméntasi waktu dinadomkeun pupujian nu aya di Kampung Manis, Désa Grawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan.
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik studi pustaka, dokuméntasi, observasi, jeung wawancara.
(23)
27
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1) Studi pustaka
Studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data jeung informasi ngeunaan pupujian tina buku anu aya patalina jeung subjek panalungtikan. Data anu geus kacangking bisa dijadikeun dasar dina ngalaksanakeun panalungtikan.
Dina ieu métode panalungtik nalungtik wanda-wanda tinulis pupujian anu aya dina buku pedoman ngajar di TPA Nurul Faizin, Kampung manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, pikeun dijadikeun sumber panalungtikan.
2) Obsérvasi
Obsérvasi nya éta prosés niténan jeung ngumpulkeun data-data anu diperlukeun dina panalungtikan. Téhnik obsérvasi dilakukeun sangkan aya gambaran anu nyata ngeunaan kaayaan pupujian di daérah anu keur ditalungik. Dina ieu hal, panalungtik bisa salaku panitén ku cara ilu biung langsung kana situasi nu keur ditalungtik.
Arikunto (2010:273) nétélakeun yén dina métode obsérvasi pikeun niténan kajadain anu kompléks anu bisa waé kajadiana pabareng, panalungtik disarankeun sangkan ngagunakeun alat bantu misalna, kaméra, video, tape jeung audio-tape recorder.
Dina ieu panalungtikan panalungtik ngagunakeun alat bantu sadap rékam sora jeung vidéo. Sadap rékam sora jeung vidéo mangrupa téhnik ngarékam jeung ngavidéo pupujian nu keur dinadomkeun ku nara sumber. Dina hal ieu pakakas anu digunakeun waktu ngarékam sora nya éta hp, sedengkeun waktu ngavidéo ngagunakeun camera digital. Waktu ngamimitian nganadomkeun pupujian, hp dideukeutkeun kana sumber sora (baham), sangkan sora tina hasil ngarékam bisa nyugemakeun..
Sadap rékam sora jeung vidéo dilakukeun ngaliwatan komunikasi langsung jeung ustadzah atawa guru ngaji di TPA Nurul Faizin, ibu-ibu pangaosan di masjid Baiturrohman sarta santri-santri TPA (Taman
(24)
28
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Prndidikan Agama) Nurul Faizin anu aya di Kampung Manis, Désa
Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan.
3) Wawancara
Wawancara jeung narasumber pikeun meunangkeun katerangan sacara lisan nu patali jeung panalungtikan ku cara ngajukeun patalékan-patalékan ka nara sumber.
Téhnik wawancara dilakukeun ngaliwatan komunikasi langsung jeung ustadzah atawa guru ngaji di TPA Nurul Faizin, ibu-ibu pangaosan masjid Baiturrohman anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan. Téhnik wawancara digunakeun sangkan meunang data ngeunaan pupujian. Dina ieu wawancara ngagunakeun format panalungtikan saperti kieu:
(25)
29
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu FORMAT WAWANCARA
Ngumpulkeun Data Puisi Pupujian di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan
No. Narasumber:
A. Idéntitas Narasumber
1. Wasta :
2. Jenis kelamin :
3. Umur :
4. Pakasaban :
5. Kalungguhan :
6. Padumukan :
B. Data Pupuijan
1. Judul Pupujian : 2. Rumpaka Pupujian : 3. Waktu dinadomkeun : (dimana, iraha, jeung dina acara naon)
(26)
30
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kuningan, Januari 2013 Nu nalungtik,
Olivia Sandy Nakahinda
3.7 Léngkah – Léngkah Garapan
Dina ieu panalungtikan rarancang garapanana ngawengku opat léngkah, nya éta:
a) Léngkah tatahar
Kagiatan anu dilaksanakeun dina léngkah tatahar nya éta: 1) Nangtukeun judul panalungtikan
2) Ngulik pustaka
3) Nyusun rarancang panalungtikan 4) Konsultasi ka dosén pangaping
5) Ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan b) Léngkah ngumpulkeun data
Kagiatan anu dilaksanakeun dina léngkah ngumpulkeun data nya éta: 1) Ngalaksanakeun observasi
2) Ngayakeun wawancara jeung narasumber 3) Ngadokuméntasi
4) Ngumpulkeun data anu aya patalina jeung panalungtikan c) Léngkah ngolah data
Sabada ngumpulkeun data, data anu geus dikumpulkeun téh satuluyna diolah dumasar kana téhnik-téhnik ngolahna.
Anapon kagiatan anu dilaksanakeun dina léngkah ngolah data nya éta: 1) Nyusun data
(27)
31
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Ngaanalisis data
3) Nyieun kacindekan tina data nu geus diolah 4) Konsultasi ka dosén pangaping
d) Léngkah nyusun laporan
Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan sanggeus data diolah jeung dianalisis. Sanggeus hasil panalungtikan diolah ahirna disusun kalawan ngéntép seureuh dina wangun skripsi anu saluyu jeung katangtuana.
(28)

150
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Pupujian mangrupa salah sahiji wangun karya sastra dina wangun puisi heubeul nu sumebarna sacara lisan. Pupujian masih aya kénéh dina kahirupan masarakat Sunda, utamana msarakat nu aya di lembur saperti pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, masih kénéh dipaké ku masarakatna, sok sanajan teu saramé baheula. Ieu hal bisa katitén atawa dibuktikeun ngaliwatan panalungtikan ngeunaan pupujian di éta Kampung.
Tina hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén pupujian anu kapanggih di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan aya 48 pupujian. Dina nangtukeun pupujian nu dianalisis dipilih ku cara sampel bertujuan (purposive sample) nu dianggap bisa ngawakilan tina skabéh pupujian,
nu ahirna pupujian nu dianalisis ngan 24 nu judulna nya éta “Laillahaillallah”, “Miéling Kana Maot”, “Anak Adam”, “Du’a Sasih Rajab”, “Istighosah”, “Hikmah Solawat”, “Anak Sholéh”, “Yarobbibil Musthofa”, “Robbihyina Syakirin”, “Aqoid Iman”, “Sifat Wajib, Mohal jeung Wenang di Allah”, “Sifat Wajib, Mohal jeung Wenang di Rasul”. “Nabi nu Wajib Dikanyahokeun”, “Malaikat nu Wajib Dikanyahokeun”, “Kitab Allah”, “Berjamaah Solat”. “Deudeuh Karunya Teuing”, “Du’a Niat Ngaos”, “Du’a Nutup Ngaos”, “Maulud Nabi”, “Hukum Nun Paéh sareng Tanwin”, “Rukun Islam”, “Rukun Iman”, “Rukun Saum”.
Analisis pupujian dumasar kana wangun nya éta jumlah pada pangsaeutikna diwangun ku 2 pada, jeung anu panglobana diwangun ku 14 pada. Jumlah padalisan diwangun ku 4 nepi ka 8 padalisan, tapi rata-rata diwangun ku opat padalisan (wangun kantétan opat), iwal pupujian ka sapuluh nu judulna
(29)
151
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Wajib, Mohal, jeung Wenang di Allah), ka-12 (Sifat Wajib, Mohal, jeung Wenang di Rasul), ka-13 (Nabi nu Wajib Dikanyahokeun), ka-14 (Malaikat nu Wajib Dikanyahokeun), kaasup kana wangun kantétan robah. Engang anu kapanggih ti
mimiti 4 nepi ka 16 engang.
Basa anu dipaké dina pupujian nya éta basa Sunda jeung campuran (Arab- Sunda). Pupujian di Kampung Manis anu maké basa Sunda nya éta aya 14 judul pupujian, jeung nu maké basa campuran (Arab-Sunda) aya 10 judul pupujian. Jadi lolobana pupujian di Kampung Manis maké basa Sunda.
Eusi pupujian anu diwincik nya éta, nu muji kaagungan Allah aya dua judul pupujian, solawat ka Rasulullah aya sajudul pupujian, du’a jeung tobat ka Allah aya lima judul, ménta safaat ka Rasulullah aya sajudul, nganaséhatan aya opat judul, méré pangajaran agama aya 11 pupujian. Sedengkeun analisis pupujian dumasar kana harti ngawengku kana analisis harti saujratna, rasa, nada jeung itikad.
Pupujian anu fungsina keur nungguan jamaah solat, aya dua judul. Nungguan jamaah pangaosan ibu-ibu aya 11 judul, ngamimitian ngaji barudak aya sajudul, nutup ngaji aya sajudul, Nungguan jamaah pangaosan ibu-ibu ogé ditepikeun waktu barudak nu ngaji diajar tauhid di TPA aya tilu judul. Nepikeun pangajaran agama di TPA aya 6 judul. Dina pupujian anu teu dianalisis aya 24 judul pupujian anu dipakéna waktu nepikeun pangajaran di TPA. Jadi jumlah pupujian lolobana dipaké waktu nepikeun pangajaran di TPA. Pupujian waktu nepikeun pangajaran agama di TPA biasana disebut nadoman.
Tina hasil panalungtikan ieu pupujian bisa dijadikeun wangun bahan pangajaran di SMP kelas VII lantaran matéri pupujian aya dina SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di kelas VII SMP. Eusi nu aya dina pupujian bisa ngadidik siswa dina ngahadéan aqidah jeung ahlak, lantaran ieu pupujian eusina ngeunaan piwuruk, élmu agama, muji ka Allah jeung ka Rasulna. Ieu pupujian bisa ningkatkeun ibadah siswa sarta basa anu dipaké dina pupujian basajan bisa gampang kacangkem ku murid.
(30)
152
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran
Ngayakeun panalungtikan dina karya sastra heubeul wangun pupujian pikeun panalungtik karasa pisan loba mangpaatna, diantarana bisa mikanyaho karya sastra wangun pupujian nu aya diwewengkon sorangan, jeung bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra Sunda. Salian ti éta eusi nu aya dina pupujian ogé miboga ajén nu luhur pisan sangkan bisa diamalkeun dina kahirupan sapopoé.
Dumasar kana éta hal aya sababaraha hal nu perlu ditepikeun diantarana, pikeun para siswa jeung mahasiswa kudu apal (diwanohkeun) kana karya sastra Sunda nu salasahijina nya éta pupujian. Sangkan maranéhna apal yén Sunda ogé beunghar ku karya sastrana, satuluyna bisa kagugah rasa pikeun ngariksa éta pupujian. Eusi dina pupujian ogé mangpaat pisan pikeun ngatur kahirupan sangkan leuwih hadé.
Pikeun para guru anu nyepeng studi basa Sunda, dina nepikeun pangajaran, hususna dina pangajaran sastra henteu kawatesanan ngan tina buku pakét waé tapi bisa dirojong ogé ku pangaweruh anu aya di masarakat, misalna nitah siswa néangan pupujian nu aya di lemburna masing-masing, sangkan murid leuwih motékar dina nambahan pangaweruh nu leuwih jembar.
Pikeun masarakat pupujian téh kudu tetep diriksa sangkan teu tumpur ku cara dipaké dina kahirupan sapopoé, misalna dina pupujian rék solat berjamaah, pangaosan ibu-ibu, ngajarkeun pangajaran agama, jeung waktu miéling poé kaagamaan misalna rajaban, mauludan, halal bil halal, jrrd.
(31)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
153
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda . Bandung: PT Kiblat Utama
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. JawaBarat
Faturrohman, P., jeung M. Sobry, S. (2010). Strategi Belajar Mengajar. Bandung:
PT. Refika Aditama
Husén, A. jeung Rahman. (1996). Perencanaan Pengajaran Bahasa. Jakarta:
Depdikbud
Iskandrwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV Geger sunten.
Iskandarwassid, jeung Dadang S. (2010). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung:
PT Remaja Rosdakarya
Isnendes, R. (2010). Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI
Kartini, T., Spk. (1986). Puisi Pupujian Dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat
Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Koswara, D. (2007). Racikan Sastra. Bandung : UPI
Majid, A. (2012). Perencanaan Pembelajaran. Bandung: PT Remaja Rosdakarya
Rosidi, A. (2011). Sawér Jeung Pupujian. Bandung: PT Kiblat Utama
Sugono, D. Dkk. (2008). Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa
Sudaryat, Y., Dede K., jeung Dingding H. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda.
(32)
154
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
154
Surakhmad, W. (1985). Pengantar Penelitian Ilmiah, Dasar Metode Teknik. Bandung
: Tarsito
Tarigan, H. G. (1986). Menyimak. Bandung: Angkasa Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.
(1)
31
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Ngaanalisis data
3) Nyieun kacindekan tina data nu geus diolah 4) Konsultasi ka dosén pangaping
d) Léngkah nyusun laporan
Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan sanggeus data diolah jeung dianalisis. Sanggeus hasil panalungtikan diolah ahirna disusun kalawan ngéntép seureuh dina wangun skripsi anu saluyu jeung katangtuana.
(2)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 150
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Pupujian mangrupa salah sahiji wangun karya sastra dina wangun puisi heubeul nu sumebarna sacara lisan. Pupujian masih aya kénéh dina kahirupan masarakat Sunda, utamana msarakat nu aya di lembur saperti pupujian anu aya di Kampung Manis, Désa Garawangi, Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, masih kénéh dipaké ku masarakatna, sok sanajan teu saramé baheula. Ieu hal bisa katitén atawa dibuktikeun ngaliwatan panalungtikan ngeunaan pupujian di éta Kampung.
Tina hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén pupujian anu kapanggih di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan aya 48 pupujian. Dina nangtukeun pupujian nu dianalisis dipilih ku cara sampel bertujuan (purposive sample) nu dianggap bisa ngawakilan tina skabéh pupujian, nu ahirna pupujian nu dianalisis ngan 24 nu judulna nya éta “Laillahaillallah”, “Miéling Kana Maot”, “Anak Adam”, “Du’a Sasih Rajab”, “Istighosah”, “Hikmah Solawat”, “Anak Sholéh”, “Yarobbibil Musthofa”, “Robbihyina Syakirin”, “Aqoid Iman”, “Sifat Wajib, Mohal jeung Wenang di Allah”, “Sifat Wajib, Mohal jeung Wenang di Rasul”. “Nabi nu Wajib Dikanyahokeun”, “Malaikat nu Wajib Dikanyahokeun”, “Kitab Allah”, “Berjamaah Solat”. “Deudeuh Karunya Teuing”, “Du’a Niat Ngaos”, “Du’a Nutup Ngaos”, “Maulud Nabi”, “Hukum Nun Paéh sareng Tanwin”, “Rukun Islam”, “Rukun Iman”, “Rukun Saum”.
Analisis pupujian dumasar kana wangun nya éta jumlah pada pangsaeutikna diwangun ku 2 pada, jeung anu panglobana diwangun ku 14 pada. Jumlah padalisan diwangun ku 4 nepi ka 8 padalisan, tapi rata-rata diwangun ku opat padalisan (wangun kantétan opat), iwal pupujian ka sapuluh nu judulna Aqiod Iman diwangun ku genep padalisan (kantétan genep), pupujian ka-11 (Sifat
(3)
151
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Wajib, Mohal, jeung Wenang di Allah), ka-12 (Sifat Wajib, Mohal, jeung Wenang di Rasul), ka-13 (Nabi nu Wajib Dikanyahokeun), ka-14 (Malaikat nu Wajib Dikanyahokeun), kaasup kana wangun kantétan robah. Engang anu kapanggih ti mimiti 4 nepi ka 16 engang.
Basa anu dipaké dina pupujian nya éta basa Sunda jeung campuran (Arab- Sunda). Pupujian di Kampung Manis anu maké basa Sunda nya éta aya 14 judul pupujian, jeung nu maké basa campuran (Arab-Sunda) aya 10 judul pupujian. Jadi lolobana pupujian di Kampung Manis maké basa Sunda.
Eusi pupujian anu diwincik nya éta, nu muji kaagungan Allah aya dua judul pupujian, solawat ka Rasulullah aya sajudul pupujian, du’a jeung tobat ka Allah aya lima judul, ménta safaat ka Rasulullah aya sajudul, nganaséhatan aya opat judul, méré pangajaran agama aya 11 pupujian. Sedengkeun analisis pupujian dumasar kana harti ngawengku kana analisis harti saujratna, rasa, nada jeung itikad.
Pupujian anu fungsina keur nungguan jamaah solat, aya dua judul. Nungguan jamaah pangaosan ibu-ibu aya 11 judul, ngamimitian ngaji barudak aya sajudul, nutup ngaji aya sajudul, Nungguan jamaah pangaosan ibu-ibu ogé ditepikeun waktu barudak nu ngaji diajar tauhid di TPA aya tilu judul. Nepikeun pangajaran agama di TPA aya 6 judul. Dina pupujian anu teu dianalisis aya 24 judul pupujian anu dipakéna waktu nepikeun pangajaran di TPA. Jadi jumlah pupujian lolobana dipaké waktu nepikeun pangajaran di TPA. Pupujian waktu nepikeun pangajaran agama di TPA biasana disebut nadoman.
Tina hasil panalungtikan ieu pupujian bisa dijadikeun wangun bahan pangajaran di SMP kelas VII lantaran matéri pupujian aya dina SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di kelas VII SMP. Eusi nu aya dina pupujian bisa ngadidik siswa dina ngahadéan aqidah jeung ahlak, lantaran ieu pupujian eusina ngeunaan piwuruk, élmu agama, muji ka Allah jeung ka Rasulna. Ieu pupujian bisa ningkatkeun ibadah siswa sarta basa anu dipaké dina pupujian basajan bisa gampang kacangkem ku murid.
(4)
152
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran
Ngayakeun panalungtikan dina karya sastra heubeul wangun pupujian pikeun panalungtik karasa pisan loba mangpaatna, diantarana bisa mikanyaho karya sastra wangun pupujian nu aya diwewengkon sorangan, jeung bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra Sunda. Salian ti éta eusi nu aya dina pupujian ogé miboga ajén nu luhur pisan sangkan bisa diamalkeun dina kahirupan sapopoé.
Dumasar kana éta hal aya sababaraha hal nu perlu ditepikeun diantarana, pikeun para siswa jeung mahasiswa kudu apal (diwanohkeun) kana karya sastra Sunda nu salasahijina nya éta pupujian. Sangkan maranéhna apal yén Sunda ogé beunghar ku karya sastrana, satuluyna bisa kagugah rasa pikeun ngariksa éta pupujian. Eusi dina pupujian ogé mangpaat pisan pikeun ngatur kahirupan sangkan leuwih hadé.
Pikeun para guru anu nyepeng studi basa Sunda, dina nepikeun pangajaran, hususna dina pangajaran sastra henteu kawatesanan ngan tina buku pakét waé tapi bisa dirojong ogé ku pangaweruh anu aya di masarakat, misalna nitah siswa néangan pupujian nu aya di lemburna masing-masing, sangkan murid leuwih motékar dina nambahan pangaweruh nu leuwih jembar.
Pikeun masarakat pupujian téh kudu tetep diriksa sangkan teu tumpur ku cara dipaké dina kahirupan sapopoé, misalna dina pupujian rék solat berjamaah, pangaosan ibu-ibu, ngajarkeun pangajaran agama, jeung waktu miéling poé kaagamaan misalna rajaban, mauludan, halal bil halal, jrrd.
(5)
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 153
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda . Bandung: PT Kiblat Utama
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Jawa Barat
Faturrohman, P., jeung M. Sobry, S. (2010). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: PT. Refika Aditama
Husén, A. jeung Rahman. (1996). Perencanaan Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud
Iskandrwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV Geger sunten.
Iskandarwassid, jeung Dadang S. (2010). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya
Isnendes, R. (2010). Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI
Kartini, T., Spk. (1986). Puisi Pupujian Dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa
Koswara, D. (2007). Racikan Sastra. Bandung : UPI
Majid, A. (2012). Perencanaan Pembelajaran. Bandung: PT Remaja Rosdakarya Rosidi, A. (2011). Sawér Jeung Pupujian. Bandung: PT Kiblat Utama
Sugono, D. Dkk. (2008). Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa
Sudaryat, Y., Dede K., jeung Dingding H. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press
(6)
154
Rizka Amalia Dwiyanti, 2013
Analisis kesalahan penggunaan huruf kapital dan tanda baca dalam teks surat bahasa jerman mahasiswa semester iii jurusan pendidikan
Bahasa jerman fpbs upi
Universitas pendidikan indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 154
Surakhmad, W. (1985). Pengantar Penelitian Ilmiah, Dasar Metode Teknik. Bandung : Tarsito
Tarigan, H. G. (1986). Menyimak. Bandung: Angkasa Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI