S BD 1200506 Chapter5

BAB V
KANCINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi anu geus dijéntékeun dina bab
IV, analisis ragam basa Sunda Ciak dicindekkeun saperti ieu di handap.
1) Ragam basa Sunda Ciak mangrupa salah sahiji basa anu dipaké ku masarakat
Cibiuk pikeun alat komunikasi antar masarakat Cibiuk dina kahirupan
sapopoéna di jaman baheula. Ari jaman kiwari mah basa Sunda Ciak téh geus
jarang dipaké, lantaran masarakat Cibiuk geus lolobana teu wanoh kana basa
Ciak. Aya salah sahiji kalangan masarakat jaman ayeuna anu masih kénéh
ngagunakeun basa Ciak timimiti budak rumaja nepi ka kolotna, nya éta
masarakat anu miboga pakasaban dagang. Lantaran para pedagang
ngagunakeun basa Ciak dina komunikasina di pangumbaranana.
2) Asal muasal ayana ragam basa Sunda Ciak di Cibiuk téh lantaran ku ayana
para penjajah. Dina éta mangsa masarakat Cibiuk ngarasa teu aman dina
sagala laku lampah nu dilakukeun dina kahirupan sapopoéna, kaasup kana
komunikasi antar masakat. Nu jadi kasang tukang ayana rasa teu aman pikeun
masarakat Cibiuk téh nya éta ku lobana mata-mata ti para penjajah pikeun
numpas masarakat anu boga niat majuangkeun kamerdekaan atawa nu boga
niat pikeun ngalawan penjajah. Ku kituna masarakat Cibiuk hususna para

ulama boga inisiatif nyieun basa sandi anu digunakeun husus ku urang Cibiuk
pikeun komunikasi dina kahirupan sapopoéna.
3) Ari kagunaan basa Ciak di jaman harita salian ti pikeun komunikasi antar
warga masarakat Cibiuk dina ngalawan penjajah, basa Ciak ogé digunakeun
ku para padagang pikeun ngarusiahkeun téhnik atawa stratégi dagang urang
Cibiuk ka padagang Cina. Lantaran ti baheula masarakat Cibiuk lolobana
boga pakasaban dagang.
4) Ari Cara Menangkeun data panalungtikannana, panalungtik maké cara
ngayakeun babandingan antara basa lulugu jeung basa Ciak dina kahirupan
sapopoéna, dumasar kana istilah-istilah dina kahirupan sapopoé masarakatna.
Tina hasil analisis ragam basa Sunda Ciak dumasar kana istilah pancakaki
Tanti Nurkomalasari, 2016
RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

113

aya 20 kecap (5.6%), istilah gaganti jeung sesebutan aya 15 kecap (4,2%),
istilah kahirupan désa jeung masarakat aya 10 kecap (2,8%), istilah babagian
awak aya 22 kecap (6,1%), istilah imah jeung babagianna aya 13 kecap

(3,6%), istilah pakakas aya 33 kecap (9,2%), istilah kadaharan jeung inuman
aya 44 kecap (12,3%), istilah panyakit aya 13 kecap (3,6%), istilah pakasaban
aya 18 kecap (5,0%), istilah pakéan aya 6 kecap (1,7%), istilah tutuwuhan
jeung bungbuahan aya 31 kecap (8,6%), istilah sasatoan aya 28 kecap (7,8%),
istilah kaayaan jeung usum aya 13 kecap (3,6%), istilah budi parangi aya 28
kecap (7,8%), istilah kaulinan aya 3 kecap (0,8%), istilah pagawéan aya 35
kecap (9,7%), istilah pananya, panambah, panganteb, jeung panyambung aya
15 kecap (4,2%), istilah bilangan aya 12 kecap (3,4%).
5) Dina hasil panalungtikan, ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih di
Kacamatan Cibiuk téh aya 359 kecap tina 664 kecap Sunda lulugu anu
diujikeun ka masarakat. Tina hasil analisis kapanggih aya dua rupa wangun
kecap basa Ciak di Cibiuk nya éta:
a. Kecap Asal dina ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih dina hasil analisis téh
aya 206 (57,4%) kecap tina 359 kecap basa Sunda Ciak.
b. Kecap rékaan dina ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih dina hasil analisis
téh aya 153 (42,6%) kecap tina 359 kecap basa Sunda Ciak. Tina 153 kecap
anu kaasup kecap rékaan kapanggih aya 15 (9,8%) kecap anu kaasup kana
kecap rundayan, 4 (2,6 %) kecap kaasup kana kecap rajékan, 7 (4,6 %) kecap
anu kaasup kecap kantétatan, 2 (1,3 %) kecap wancahan, jeung aya 125
(81,7%) kecap anu kaasup kana kecap rékaan pamaseuk.

6) Dumasar kana hasil analisis pola parobahan kecap, kapanggih aya 110
(30,6%) kecap anu kaasup kana pola parobahan kecap asal dumasar kana 17
pola, 133 (37,1%) kecap anu kaasup kan pola parobahan kecap rékaan
dumasar kana 15 pola , jeung aya 116 (32,3%) kecap anu kaasup kana pola
ganti kecap.

5.2 Saran
Dumasar kana hasil analisis anu geus ditétélakeun aya sababaraha saran ti
panulis ka nu maca diantarana saperti ieu di handap.
Tanti Nurkomalasari, 2016
RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

114

1) Dina hasil panalungtikan anu geus laksanakeun ku panalungtik, nuduhkeun
yén basa Sunda Ciak téh geus jarang dipaké ku masarakat Cibiuk. ku kituna,
masarakat Sunda, hususna masarakat Cibiuk bisa ngamumulé basa Sunda
Ciak ku cara maké dina kahirupan sapopoé, ogé di ajarkeun ka budakna
sangkan pada nyaho kana éta basa. Malah mun bisa mah diajarkeun di sakola,

sangkan basa Sunda Ciak teu kalindih atawa leungit di mangsa di kahareupna.
2) Ieu panalungtikan ngan saukur nalungtik jeung ngabahas ngenaan asal-usul
basa ciak, kandaga kecap basa Sunda Ciak, sarta analisis wangun kecapna.
Ku kituna, kudu aya panalungtikan kahareupna sangkan pangaweruh ngenaan
basa Sunda Ciak bisa leuwih jeumbar jeung lengkep.

Tanti Nurkomalasari, 2016
RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu