S BD 1200506 Chapter3

(1)

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Dina ngalaksanakeun panalungtikan, perlu pisan ayana métodeu salaku léngkah-léngkah gawé panalungtikan. Lantaran éta métode bisa ngagampangkeun dina ngalaksanakeun panalungtikan sarta bisa nyingkahan ayana salah paham, salian ti éta éta métodeu ogé bisa méréskeun masalah.

Métodeu panalungtikan nya éta kumpulan aturan, kagiatan, sarta prosedur nu dipaké nalika panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif kalayan métodeu déskriptif. Nurutkeun Gunawan (2013, kc. 80) panalungtikan kuantitatif nya éta "sebuah metode penelitian yang digunakan dalam mengungkapkan permasalahan dalam kehidupan kerja organisasi pemerintah, swasta, kemasyarakatan, kepemudaan, perempuan, seni dan budaya, sehingga

dijadikan suatu kebijakan untuk dilaksanakan demi kesejahteraan bersama.

Ari nurutkeun Sugiyono dina (Gunawan, 2013, kc. 81) panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu digunakeun pikeun nalungtik kondisi objék alamiah. Dina ieu hal panalungtik mangrupa instrumén konci. Tujuan utama panalungtikan kualitatif nya éta sangkan pakta babari dipikapaham jeung mun bisa mah ngahasilkeun hipotésis anyar.

Nilik kana wangenan di luhur bisa di cindekkeun yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu miboga tujuan pikeun menangkeun pamahaman anu leuwih jero ngenaan masalah-masalah manusa jeung sosial, sarta panalungtikan dilakukeun dina latar anu alamiah lain hasil manipulasi variabel.

. Métodeu déskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun jeung méré intérprétasi kana objék saayana, kalawan henteu migawé kontrol jeung manipulasi variabel. Saluyu jeung pamadegan Azwar (2012, kc 7) yén métodeu deskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun sacara sistematik, jeung akurat. Ieu métodeu ogé ngainterpretasikeun objék saayana.

Nurutkeun Masyhuri jeung Zainudin (2008, kc. 35) Métodeu déskripsif nya éta métodeu panalungtikan nu miboga maksud penyandraan sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngenaan fakta-fakta sarta sifat-sifat populasi nu tangtu.

(2)

Panalungtikan deskripsi ogé sok disebut panalungtikan survei sarta miboga ciri-ciri: (1) méré gambaran kana fenomena, (2) ngajéntrékeun hubungan (korelasi), (3) nguji hipotésis anu diajukeun, (4) nyieun prédiksi kajadian, (5) méré harti

atawa ma’na kana hiji masalah anu ditalungtik. Jadi panalungtikan deskripsi miboga cakupan anu leuwih jembar.

Dumasar kana éta pamadegan, bisa dicindekkeun yén metodé déskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun jeung méré interprétasi kana objék saayana, sacara sistematis, faktual, jeung akurat kalawan henteu migawé control jeung manipulasi variabel. Jadi, tujuan dipakéna métodeu deskripsif dina ieu panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun gambaran ngenaan basa Sunda dialék Cibiuk (Ragam basa Ciak) anu aya di Kacamatan Cibiuk sacara ngéntép seureuh, faktual, jeung akurat.

Desain panalungtikan nya éta padoman atawa prosedur sarta téhnik dina perencanaan panalungtikan, gunana salaku panduan pikeun ngawangun strategi anu ngahasilkeun model panalungtikan. Dumasar kana pamarekan kualitatif kalawan métodeu deskriptif, desain panalungtikan nu digunakeun nyoko kana galur saperti ieu di handap.

(3)

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun Rumusan Masalah:

- Asal-usul ragam basa Sunda Ciak di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut - Kandaga kecap ragam basa Sunda Ciak - Adegan kecap ragam basa Sunda Ciak - Pola parobahan kecap ragam basa Sunda

Ciak

Ngumpulkeun Data - Téhnik wawancara, - Téhnik Obsérvasi, - Téhnik Angkét - Téhnik dokuméntasi

Instrumen: - wawancara - Kartu Data - Observasi - Kaméra

Analisis jeung Deskripsi data

- Ngadéskripsikeun asal-usul ragam basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk

- Kandaga kecap lulugu di pasing-pasing dumasar kelompok istilah

- Ngadéskripsikeun ragam basa Ciak dumasar kana pamarekan morfologi - Ngadéskripsikeun ragam basa Sunda

Ciak

(4)

3.2Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.2.1 Lokasi Panalungtikan

Kacamatan Cibiuk nu mangrupa salah sahiji ti 42 kacamatan nu aya di Kabupatén Garut. Ieu kacamatan mangrupa pamekaran ti Kacamatan Kadungora. Masarakat Cibiuk mayoritas nganut agama Islam, sarta miboga pakasaban tani, dagang, PNS, TNI, Polri jeung Swasta.

Wilayah nu aya di Kacamatan Cibiuk diwangun ku 5 désa anu miboga basa nu mandiri sarta has nu digunakeun pikeun komunikasi antar masarakatna. Lima desa anu aya di Cibiuk nya éta Desa Cipareuan, Desa Cibiuk Kidul, Desa Cibiuk Kaler, Desa Majasari jeung Desa Lingkung Pasir. Kacamatan Cibiuk téh miboga wates wilayah nya éta:

Beula wétan : Kacamatan Cibatu

Beula kalér : Kacamatan Balubur limbangan Beulah kidul : Kacamatan leuwigoong

Beulah kulon : Kacamatan Kadungora

Sacara géografisna, Kacamatan Cibiuk miboga luas wilayah ±2.078 Ha. Anu ngawengku 655 Ha wilayahna mangrupa sawah, 914 Ha mangrupa tegal/ kebon, 10 Ha mangrupa huma, 19 Ha mangrupa balong, 16 Ha mangrupa lahan tani, 241 Ha bangunan sarta 101 Ha mangrupa leuweung. Jumlah masarakatna dumasar kana hasil ngadata taun 2015 aya 33.361 jiwa, ngawengku 17.282 urang lalaki jeung 16.085 urang awéwé. Sedengkeun jumlah KK nya éta 8.328 KK.

Ieu lokasi téh dijadikeun tempat panalungtikan. Pangna ieu daérah dijadikeun tempat panalungtikan lantaran di Kacamatan Cibiuk aya basa anu has atawa husus dipaké ku masarakatna dina kahirupan sapopoé di jaman penjajahan, éta basa téh sok disebut basa Ciak.

3.2.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan mangrupa subjek data anu rék ditalungtik. (Arikunto, 2006, kc. 129). Sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngalewatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angka.

(5)

2) Tempat (place), nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métodeu obsérvasi.

3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data anu mangrupa tanda-tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa objek nu dipaké pikeun métodeu dokuméntasi.

Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Sumber data anu mangrupa jalma (person) nya éta masarakat di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut.

2) Sumber data anu mangrupa tempat (place), nya éta Kacamatan Cibiuk nu ngawengku lima désa.

3) Sumber data anu mangrupa kertas atawa dokumén (paper), nya éta dokumén-dokumén nu mangrupa catetan jeung rekaman ragam basa Sunda Ciak.

Tina éta sumber data, kecap-kecap nu dipaké téh aya dina kahirupan sapopoé masarakatna. Kandaga kecap dikumpulkeun dumasar kana (a) istilah pancakaki, (b) istilah gaganti jeung sesebutan, (c) istilah kahirupan jeung masarakat, (d) istilah babagian awak, (e) istilah imah jeung babagianna, (f) istilah pakakas, (g) istilah kadaharan jeung inuman, (h) istilah panyakit, (i) istilah pakasaban, (j) istilah pakéan, (k) istilah tutuwuhan jeung bungbuahan, (l) istilah sasatoan, (m) istilah kaayaan jeung usum, (n) istilah budi parangi, (o) istilah kaulinan, (p) istilah pagawéan, (q) kecap pananya, panyambung, panambah jeung panganteb, (r) istilah bilangan. Éta istilah nu dijadikeun bahan ulikan atawa sampel tina panalungtikan lantaran réa dipaké dina kahirupan sapopoé.

3.3Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumen Pangumpul Data

Pikeun ngumpulkeun data panalungtikan diperlukeun ogé instrumén panalungtikan pikeun ngarojong kana hasil panalungtikan. Instumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan téh leuwih gampang diolahna. Instrumen nu digunakeun

(6)

dina ieu panalungtikan nya éta: (1) padoman wawancara, (2) angkét, (3) padoman obsérvasi, jeung (4) kaméra.

1) Padoman Wawancara

Nurutkeun Setyadin (Gunawan, 2013, kc. 160), wawancara nya éta hiji paguneman (interaksi) yang diarahkeun kana masalah nu tangtu sarta mangrupa prosés tanya jawab sacara langsung nu dilakukeun ku dua urang jalma atawa leuwih. Interview sok disebut ogé wawancara atawa kuesioner lisan, nya éta dialog sacara langsung anu dilaksanakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun informasi ti informan (Arikunto, 2006, kc. 132). Nurutkeun Prawiraatmaja (1979, kc. 191) padoman wawancara anu baris digunakeun di antarana mangrupa patalékan-patalékan, saperti ieu di handap.

Tabél 3.1 Padoman Wawancara

Ruang Lingkup data

No Katégori Basa Kandaga

Kecap Dipikawanoh Dipaké

Kecap Séjén nu Dipaké

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

1 pancakaki

2 gaganti jeung sesebutan

3 kahirupan désa jeung masarakat 4 babagian awak

5 imah jeung babagianna 6 pakakas

7 kadaharan jeung inuman 8 panyakit

9 pakasaban 10 pagawéan

11 tutuwuhan jeung bungbuahan 12 sasatoan

13 kaayaan alam jeung usum 14 budi parangi

15 kaulinan 16 pagawéan

17 kecap pananya, panganteb, panyambung jeung panambah 18 bilangan

(7)

2) Angkét

Angkét nya éta sajumlahing pananya tinulis nu digunakeun pikeun nyangking informasi ti réspondén ngeunaan hal-hal anu dipikanyahona. Ku kituna, Nurutkeun Prawiraatmaja (1979, kc. 189) format kuésionér informan nu jadi titincakan dina panalungtikan diébréhkeun saperti ieu di handap.

KUESIONER INFORMAN

Kampung:……… Desa/ Keurahan:………

Kacamatan: Cibiuk Kabupatén: Garut

1) Ngaran :………..

2) Umur :……… taun

3) Jenis kelamin : L/P

4) Tempat Pinggumelar :……….

5) Pakasaban :………...

6) Atikan :………...

7) Status kulawarga : kawin/can kawin 8) Pangalaman cicing d luar daérah :

(1) Di mana :………

(2) Sabaraha lila :………

9) Aktivitas di luar daérah :……… 10) Basa nu di gunakeun sapopoé :

(1) di kulawarga :………

(2) di masarakat :………

(3) di pakasaban :………

(4) Nalika anjang-anjangan:……….

Wawancara Tanggal…………..2015 di………Jam……….

(8)

3) Padoman Obsérvasi

Nurutkeun Bungin (2012, kc. 118) obsérvasi mangrupa kamampuh hiji jalma pikeun ngagunakeun panalungtikanna ngaliwatan hasil pancaindra mata sarta dibantu ku pancaindra lianna.

Obsérvasi dilaksanakeun pikeun mikanyaho kekecapan nu biasa dipaké ku unggal masarakatna. Tujuanna sangkan panalungtik meunangkeun data nu leuwih lengkep ti informan ku cara nuliskeun kekecapan nu dianggap béda jeung masarakat séjénna.

4) Kaméra

Kaméra mangrupa salah sahiji alat pikeun ngadekuméntasikeun dina prosés panalungtikan, boh nu mangrupa foto boh nu mangrupa video atawa rekaman sora.

3.3.2 Téknik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nya éta téhnik wawancara, téhnik kuesioner, jeung téhnik obsérvasi.

a. Téhnik Wawancara

Nurutkeun Bungin (2012, kc. 111) wawancara nya éta prosés menangkeun katerangan pikeun tujuan panalungtikan ku cara tanya jawab sacara langsung antara nu ngawawancara jeung informan (jalma anu diwawancara). Wawancara téh mangrupa hiji cara anu dilakukeun pikeun ngumpulkeun data ku jalan méré patalékan-patalékan sacara langsung ka masarakat anu tangtu.

b. Téhnik Angkét atawa Kuesionér

Kuesioner nya éta téhnik ngumpulkeun data ngaliwatan patalékan-patalékan tinulis kalayan gemet, patali jeung tujuan, mangpaat, tiori jeung masalah inti dina panalungtikan.

(9)

c. Téhnik Obsérvasi

Nurutkeun Arikunto (Gunawan, 2013, kc. 143) obsérvasi mangrupa hiji téknik ngumpulkeun data anu dilakukeun ku cara ngayakeun panalungtikan sacara taliti, sarta nyatét sacasa sistematis. Tujuan obsérvasi nya éta ngarti kana ciri-ciri jeung luasna signifikansi dari interelasina elemen-elemen paripolah manusa kana fenomena sosial nu kompléks dina pola-pola kultur nu tangtu.

Obsérvasi dilaksanakeun sangkan boga gambaran anu nyata ngenaan kaayaan daérah anu keur ditalungtik ku jalan pengamatan jeung pencatatan. Téhnik obsérvasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan niténan sakabéh paripolah informan dina ngagunakeun basa Sunda nu dipaké dina Kahirupan sapopoé.

d. Téhnik Dokuméntasi

Dokuméntasi mangrupa salah sahiji cara pikeun ngadokuméntasikeun data nu dikumpulkeun dina wangun gambar, video atawa rekaman sora.

3.4Analisis Data

Gunawan (2013, kc. 209) nétélakeun yén “analisis data merupakan bagian sangat penting dalam penelitian karena dari analisis ini akan diperoleh temuan,

baik temuan substantif maupun formal. Dina hakékatna, analisis data nya éta hiji

kagiatan pikeun ngatur, ngurutkeun (nyusun), ngelompokkeun, méré tanda, jeung ngatégorikeun éta data sahingga menangkeun hasil dumasar fokus ayawa masalah anu hayang dijawab.

Dina ngolah data, digunakeun téhnik analisis tina kecap-kecap Basa Sunda Dialék Cibiuk (Ragam Basa Ciak) anu geus dikumpulkeun nalika wawancara. Anapon dihandap ieu aya léngkah-léngkah ngolah datana, nya éta:

a. Mariksa data anu geus dikumpulkeun; b. Nganalisa data dumasar kana kaayaan; c. Ngadéskripsikeun data;

d. Nganalisis ragam basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk kabupatén Garut; jeung

(1)

3.2Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

3.2.1 Lokasi Panalungtikan

Kacamatan Cibiuk nu mangrupa salah sahiji ti 42 kacamatan nu aya di Kabupatén Garut. Ieu kacamatan mangrupa pamekaran ti Kacamatan Kadungora. Masarakat Cibiuk mayoritas nganut agama Islam, sarta miboga pakasaban tani, dagang, PNS, TNI, Polri jeung Swasta.

Wilayah nu aya di Kacamatan Cibiuk diwangun ku 5 désa anu miboga basa nu mandiri sarta has nu digunakeun pikeun komunikasi antar masarakatna. Lima desa anu aya di Cibiuk nya éta Desa Cipareuan, Desa Cibiuk Kidul, Desa Cibiuk Kaler, Desa Majasari jeung Desa Lingkung Pasir. Kacamatan Cibiuk téh miboga wates wilayah nya éta:

Beula wétan : Kacamatan Cibatu

Beula kalér : Kacamatan Balubur limbangan Beulah kidul : Kacamatan leuwigoong

Beulah kulon : Kacamatan Kadungora

Sacara géografisna, Kacamatan Cibiuk miboga luas wilayah ±2.078 Ha. Anu ngawengku 655 Ha wilayahna mangrupa sawah, 914 Ha mangrupa tegal/ kebon, 10 Ha mangrupa huma, 19 Ha mangrupa balong, 16 Ha mangrupa lahan tani, 241 Ha bangunan sarta 101 Ha mangrupa leuweung. Jumlah masarakatna dumasar kana hasil ngadata taun 2015 aya 33.361 jiwa, ngawengku 17.282 urang lalaki jeung 16.085 urang awéwé. Sedengkeun jumlah KK nya éta 8.328 KK.

Ieu lokasi téh dijadikeun tempat panalungtikan. Pangna ieu daérah dijadikeun tempat panalungtikan lantaran di Kacamatan Cibiuk aya basa anu has atawa husus dipaké ku masarakatna dina kahirupan sapopoé di jaman penjajahan, éta basa téh sok disebut basa Ciak.

3.2.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan mangrupa subjek data anu rék ditalungtik. (Arikunto, 2006, kc. 129). Sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma

(person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngalewatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angka.

(2)

2) Tempat (place), nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métodeu obsérvasi.

3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data anu mangrupa tanda-tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa objek nu dipaké pikeun métodeu dokuméntasi.

Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Sumber data anu mangrupa jalma (person) nya éta masarakat di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut.

2) Sumber data anu mangrupa tempat (place), nya éta Kacamatan Cibiuk nu ngawengku lima désa.

3) Sumber data anu mangrupa kertas atawa dokumén (paper), nya éta dokumén-dokumén nu mangrupa catetan jeung rekaman ragam basa Sunda Ciak.

Tina éta sumber data, kecap-kecap nu dipaké téh aya dina kahirupan sapopoé masarakatna. Kandaga kecap dikumpulkeun dumasar kana (a) istilah pancakaki, (b) istilah gaganti jeung sesebutan, (c) istilah kahirupan jeung masarakat, (d) istilah babagian awak, (e) istilah imah jeung babagianna, (f) istilah pakakas, (g) istilah kadaharan jeung inuman, (h) istilah panyakit, (i) istilah pakasaban, (j) istilah pakéan, (k) istilah tutuwuhan jeung bungbuahan, (l) istilah sasatoan, (m) istilah kaayaan jeung usum, (n) istilah budi parangi, (o) istilah kaulinan, (p) istilah pagawéan, (q) kecap pananya, panyambung, panambah jeung panganteb, (r) istilah bilangan. Éta istilah nu dijadikeun bahan ulikan atawa sampel tina panalungtikan lantaran réa dipaké dina kahirupan sapopoé.

3.3Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumen Pangumpul Data

Pikeun ngumpulkeun data panalungtikan diperlukeun ogé instrumén panalungtikan pikeun ngarojong kana hasil panalungtikan. Instumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan téh leuwih gampang diolahna. Instrumen nu digunakeun

(3)

dina ieu panalungtikan nya éta: (1) padoman wawancara, (2) angkét, (3) padoman obsérvasi, jeung (4) kaméra.

1) Padoman Wawancara

Nurutkeun Setyadin (Gunawan, 2013, kc. 160), wawancara nya éta hiji paguneman (interaksi) yang diarahkeun kana masalah nu tangtu sarta mangrupa prosés tanya jawab sacara langsung nu dilakukeun ku dua urang jalma atawa leuwih. Interview sok disebut ogé wawancara atawa kuesioner lisan, nya éta dialog sacara langsung anu dilaksanakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun informasi ti informan (Arikunto, 2006, kc. 132). Nurutkeun Prawiraatmaja (1979, kc. 191) padoman wawancara anu baris digunakeun di antarana mangrupa patalékan-patalékan, saperti ieu di handap.

Tabél 3.1 Padoman Wawancara

Ruang Lingkup data

No Katégori Basa Kandaga

Kecap Dipikawanoh Dipaké

Kecap Séjén nu Dipaké

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

1 pancakaki

2 gaganti jeung sesebutan

3 kahirupan désa jeung masarakat 4 babagian awak

5 imah jeung babagianna 6 pakakas

7 kadaharan jeung inuman 8 panyakit

9 pakasaban 10 pagawéan

11 tutuwuhan jeung bungbuahan 12 sasatoan

13 kaayaan alam jeung usum 14 budi parangi

15 kaulinan 16 pagawéan

17 kecap pananya, panganteb, panyambung jeung panambah 18 bilangan

(4)

2) Angkét

Angkét nya éta sajumlahing pananya tinulis nu digunakeun pikeun nyangking informasi ti réspondén ngeunaan hal-hal anu dipikanyahona. Ku kituna, Nurutkeun Prawiraatmaja (1979, kc. 189) format kuésionér informan nu jadi titincakan dina panalungtikan diébréhkeun saperti ieu di handap.

KUESIONER INFORMAN

Kampung:……… Desa/ Keurahan:………

Kacamatan: Cibiuk Kabupatén: Garut

1) Ngaran :………..

2) Umur :……… taun

3) Jenis kelamin : L/P

4) Tempat Pinggumelar :……….

5) Pakasaban :………...

6) Atikan :………...

7) Status kulawarga : kawin/can kawin 8) Pangalaman cicing d luar daérah :

(1) Di mana :………

(2) Sabaraha lila :……… 9) Aktivitas di luar daérah :……… 10) Basa nu di gunakeun sapopoé :